2. Anggota Panglawungan 13, nuju dialajar geusan ningkatkeun ajén carita pondok.
Tempatna di bumina Ibu Hj. Ati Amiati, dibingbing ku Ceu Aam Amilia.
Tarékah Ningkatkeun Ajén
Mitra Manglé,
Rupa-rupa kaunggulan hiji produk, bakal gumantung
kana ajénna. Upama ajénna hadé, tangtu hasilna ogé bakal
hadé. Sabalikna upama hiji produk asal-asalan, hartina teu
merhatikeun ajén, tangtu hasilna ogé bakal nguciwakeun.
Kitu deui produk Majalah Manglé. Majalah nu unggal
minggu teu kendat-kendat medalkeun karya-karya
kasundaan, boh wangun fiksi atanapi non fiksi, mémang
pamundut sareng harepan kana sual ajen eusi, pangpangna kana karya fiksi carita pondok. Dina panitén pamaos
Manglé, cenah kadieunakeun, ajénna beuki turun, henteu
sapertos karya-karya pangarang kahot beunangna
Iskandarwassid, H.Usep Romli,HM, Alm. Duduh Durahman, Aam Amilia atanapi kénging Holisoh ME.
Mitra Manglé,
Ayana perhatosan ti para pamaos Manglé kana pamundut sareng harepanana, tangtos kanggo Ais Pangam-
pih Manglé mah kacida bingahna. Bingah, lantaran, geuning, pamaos satia Manglé sakitu mikadeudeuhna.
Minangka tarékah ningkatkeun ajén carita pondok
(Carpon), dina waktos kapengker, Manglé kantos
ngayakeun palatihan ngarang carpon nu nara sumberna
Ceu Aam Amilia. Atuh, sabada réngsé palatihan ogé,
alpukahna para pamilon, satuluyna ngadegkeun
‘panglawungan 13’. Kagiatanana jinek, nyaéta teras dialajar geusan ningkatkeun ajén karangan carita pondok.
Atuh pembingbingna ogé masih ku Ceu Aam Amilia.
Mitra Manglé,
Tarékah cara beungkeutan ‘panglawungan 13’ kitu,
sakumna Ais Pagampih Manglé nganuhunkeun pisan.
Mudah-mudahan ieu tarékah téh ageung mangpaatna
sareng tiasa mupus kahariwang para pamaos Manglé dina
sual ajén carita pondok ka payunna. Insya Alloh. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 18
KUNCÉN
Panto tajug ngarekét, muka lalaunan.
Kuring ngelolkeun sirah ka jero, aki-aki
limaan keur wiridan sarérés salat magrib, kacaangan lampu semprong nu
némbér luhureun palang dada. Lebah
paimbaran Si Abah nyanghareup ngalér
mupuhuan saréréa.
Teu lila, ngarudar sila. Kup-kop kana
kolor jurueun rohangan. Geblus kuring...
5
INOHONG
Mang Koko, ceuk Alona
PURUDING PURINGKAK
Carita ti Alam Gaib
Ki Kamal ......................................... 14
LAPORAN
Lembur Seni Narawita
Ngeuyeuban Wisata Budaya
......................................................... 46
BAHASAN
Ngalanglang Alam Rusdi Jeung
Misnem (6)
Budi Rahayu Tamsyah
......................................................... 42
CARITA PONDOK
S
ekarManglé
KUNCÉN
Émha Ubaidillah Bratalegawa ......... 18
TAN DA
Onnok Rahmawati ............................. 20
Dipahing Mandi!
Rizky Prasasti Anwari ......................... 22
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (183)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (22)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (tamat)
HD. Bastaman
............................................................. 48
4. JFK
T
ilar dunyana Presidén John
Fitzgerald Kennedy pas satengah abad (22 Nopémber
1963-2013). Di Amérika Serikat diayakeun peringatan husus. Presidén
Barack
Obama
maréntahkeun
sangkan bandéra dipasang satengah
tihang. Obama katut patinggi séjénna
ngahagalkeun ngayakeun jiarah
husus ka makamna JFK. Malah kira
dua bulan ka tukang, Obama
ngangkat Caroline jadi Duta Besar AS
di Jepang. Caroline téh hiji-hijina
putra JFK anu masih kénéh aya.
Lain ngan pamaréntah jeung rayat
AS wungkul anu miéling pupusna
JFK téh. Stasion televisi National
Geographic gé ngayakeun siaran
husus nepi ka dua rupa. Nu sarupa
rékaan tina éta kajadian di mana
digambarkeun kumaha pangna Lee
Harvey Oswald nékad némbak JFK
waktu arék kampanyeu di Dallas. Nu
sarupa deui rékaman jeung rékaan
lalampahan JFK ti mimiti ngora nepi
ka jadi presiden, tur hiji-hijina
Presidén AS dina jaman modéren anu
maot lantaran ditémbak.
Nepi ka ayeuna tacan kanyahoan
nu sabenerna saha jeung naon
sababna pangna JFK ditémbak. Sanajan Oswald angger jadi tokoh utama
dina éta kajadian, tapi teu kurang-kurang anu boga sangkaan yén Oswald
mah ngan dijadikeun wadal. Di
satukangeunana cenah aya konspirasi
anu leuwih badag jeung leuwih rumit.
Sangkaan kitu beuki leueih kaharti
lantaran apan Oswaldna sorangan
henteu kungsi nepi ka dipariksa di
pangadilan. Manéhna ditémbak ku
Jack Rubby waktu arék dibawa ka
Manglé 2453
pangadilan.
Tapi papadaning kitu ku saréréa
diaku, salila jadi Presidén, anu waktuna teu nepi ka jejeg opat taun, préstasi
Kennedy téh luar biasa. Aya dua
kajadian penting jeung kritis anu bisa
diréngsékeun ku JFK kalawan lulus
banglus.
Nu kahiji dipasangna rudal nuklir
Uni Soviet di Kuba. Kuba téh
anggangna ti AS ngan ukur 150 kilométer. Jadi mun di dinya aya nuklir
Uni Soviet, hartina AS teu aman.
Saméméhna, AS kungsi ngayakeun
upaya arék ngarurud Fidel Castro di
Havana. Tapi gagal. Lamun Castro
ngidinan Moskow masang rudal nuklir di nagarana téh kaharti, lantaran
kadaulatanana diancam ku Washington.
Khruschov anu harita keur jadi
PM di Moskow, keukeuh kana niatna.
Nyanghareupan
éta
masalah
sababaraha poé lilana JFK badami
jeung staf katut ahlina. Pingpinan
militér AS ngajukeun usul sangkan
éta kaayaan disanghareupan ku operasi militér. Tapi JFK teu satuju.
JFK téh kungsi jadi tentara (AL)
dina mangsa Perang Pasifik.
Ditempatkeun di pulo Solomon, kapal
torpédo anu dipingpin ku JFK ancur
ditabrak ku kapal perang Jepang. JFK
satékah polah nulungan anak buahna.
Méh saminggu lilana maranéhna
katalangsara di hiji pulo leutik anu
jauh ka mana ka mendi. Waktu pitulung datang, saréréa geus teu bisa
walakaya. Cenah tina éta kajadian
JFK bisa nyimpulkeun yén jalan
perang téh sabisa-bisa mah kudu dijauhan lantaran loba pisan matak
sangsarana.
Nu matak dina nyanghareupan
urusan rudal Uni Soviet di Kuba, JFK
keukeuh terus badami. Sanajan
prosésna rada ambay-ambayan, tapi
hasilna nyugemakeun. JFK ngamangpaatkeun adina Robert Kennedy anu
cerdas jeung paséhat dina urusan
hukum pikeun badami jeung Menlu
Uni Soviet Andrey Gromiko. Khruschov satuju rudalna ditarik deui.
Bérés éta, di nagarana sorangan
JFK nyanghareupan urusan anu méhméhan matak jadi bengkah ka
bangsana. Aya duaan mahasiswa kulit
hideung anu arék asup ka Universitas
Alabama. Tapi pingpinan universitas
teu daék narima, lantaran harita éta
universitas ngan diajangkeun pikeun
kulit putih. Cilakana, kawijakan
universitas anu rasialis saperti kitu
téh dideudeul ku Gubernur George
Wallace. Malah Wallace nepi ka
ngahagalkeun pidato dina gerbang
universitas. Salian ti éta manéhna ogé
ngagunakeun satpol (Garda Nasional)
pikeun nétélakeun yén kawijakanana
dideudeul ku sakumna warga Alabama.
Ningali galagat anu sakitu matak
pusingna, JFK saharita netepkeun
yén Garda Nasional aya dina wewenang presidén. Nyanghareupan kitu
mah Wallace gé teu bisa nolak.
Mun Obama bisa jadi Presidén AS
nepi ka dua rintakan, éta téh salasahiji
hasil tina gawé anu geus ditaratas ku
JFK leuwih ti satengah abad ka
tukang. JFK geus bisa ngabuktikeun,
sanajan kakawasaanana ngan sarébu
poé lilana, tapi hasil gawéna luar
biasa. AM
3
5. Plang Pa Jumhur di
BP3TKI Bandung
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Hatur nuhun sateuacanna. Ngalangkungan
ieu serat, Simkuring bade
usul ka pihak BP3TKI nu
kantorna di Jl. Soekarno
Hatta. Kaleresan simkuring kantos maos ketak
BP3TKI dina Mangle edisi
kapengker.
Aya
sababaraha usulan keur
BP3TKI. Kahiji, nyaeta
perkawis kabersihan kantor. Terus terang, kanggo
simkuring mah reueus lah
ku ayana BP3TKI, tos
ngabuktoskeun palayanan
ka para TKI asal Jawa
Barat atanapi kota Bandung. Namung nya kitu,
perkawis
kabersihan
asana
kirang
diperhatoskeun. Ku emutan
simkuring, naon lepatna
pami
ngalayanan
masarakat nu kasebatna
cacah, tapi lingkunganana
beresih. Nu kirang beresih
teh, kalebet oge diburuan
kantor. Komo pami ditingal di luar oge, asana
kumuh pisan. Mani asa
pantes
kantor
keur
ngalayanan TKI, jauh
pisan jeung kabersihan
kantor bank-bank. Tah,
ku kituna, simkuring usul
sangkan kantor palayanan
TKI di lembur Sunda mah
kudu beresih, malahan
kudu leuwih beresih,
berseka tinimbang kantor-kantor Bank.
Anu kadua, nyaeta
masalah plang nu ngajemblag, ngeunaan pentingna
kartu TKI. Upami lalar
liwat ka palebah samsat,
bari ngadago lampu hejo,
bareto mah atra pisan
poto Pa Jumhur Hidayat
4
atawa kekecapan eta
plang. Tapi ayeuna mah
geus teu kabaca deui.
Malahan potona oge geus
teu jelas. Nu janten
patarosan, ku naon plang
nu tos surem bet diantep
terus dipasang? Terus
terang pami plang TKI
katingalna surem, boaboa bener, yen nasib TKI
nu kiwari kadungsangdungsang, pada ngantepkeun.
Ku
kituna,
simkuring usul, pami
bade dipasang teras,
kedah saenggalna digentos ku nu jelas tur cekas.
Poto Pa Jumhurna jelas,
kekecapan plangna oge
jelas. Kituna teh, sangkan
masarakat ngarasa sugema pami lalar liwat ka
payuneun kantor di aya di
Kota Bandung.
Anu katilu, nyaeta
kana nasib TKI asal Jawa
Barat. Mudah-mudahan
pihak BP3TKI masing
sabar, masing leres-leres
malihan mudah-mudahan
nganteng kaihlasan dina
ngurus para TKI. Sanajan
aranjeunna SDM-na ratarata handap, tapi kahade
ulah nganggap handap.
Sakitu wae. Hatur
nuhun ka Mangle nu
parantos ngamuat serat
ieu.
Wassalam,
Ibu Eva
RT. 01 RW. 25 Desa
Cimekar Kecamatan
Cileunyi Kabupaten Bandung.
Presiden Teureuh
Sunda.
Simkuring
ngarasa
reueus,
sawatara
ka
tukang
Pa
Ahmad
Heryawan dina acara milangkala Paguyuban Pa-
Nyegah
Panyakit
dina Usum Ngijih
sundan,
keuhkeuhan
hayang wakil presiden RI
2014 teh teureuh Sunda.
Kahayang kitu, memang
teu salah jeung keur
simkuring oge panuju
pisan.
Ngan aya nu hanjelu,
nyaeta masalah kanyataan
perpolitikan di urang.
Buktina calon presiden
masih keneh ngandelkeun
ti kader partey. Hartina
Pa Heryawan, cek simkuring mah, kudu sagancangna
ngumpulkeun
tokoh-tokoh Sunda nu
alancrub
ti
partey.
Hartina, kudu ngabejakeun, husus di Jawa
Barat mah, kudu wani
nolak pangajak pangurus
partey tingkat pusat, iwal
lamun ngusulkeun wakil
presidenna ti Jawa Barat.
Tah,
upama
Pa
Heryawan kersa kitu, jigana kaharti kana kahayang Pa Heryawan
minangka gupernur Jawa
Barat teh. Sabalikna,
upama Pa Heryawan teu
mampuh ngumpulkeun
para tokoh partey asal
Jawa Barat atawa para
ketua partey wilayah Jawa
Barat, simkuring mah
cangcaya
tah
kana
obrolan Pa Gupernur
harita. Naha bisa? Kanggo
waleranana,
mangga
urang bandungan wae,
kumaha ketak pamingpin
Sunda dina politik Sunda.
Kitu deui ka para inohong
Sunda dina Sunda, kacida
hadena
upama
aya
kasadaran,
geusan
mateahkeun
deui,
harepan-harepan gupernur Jawa Barat.
Hatur nuhun Nyi
Mangle.
Damang Ais Pangampih Majalah Mangle?
Mudah-mudahan pami
daramang mah. Punten
simkuring ngiring nyerat
perkawis kaayaan Bandung pami usum ngijih.
Biasana pami usum
hujan teh, di sababaraha
daerah di Bandung sok
kabanjiran, saperti Cieunteung, Baleendah, jeung
sababaraha daerah sejenna. Balukarna panyakit
oge sok daratang.
Ku kituna, simkuring
umajak ka sadayana, masing tatan-tatan. Jigana hal
anu ieu nu tiasa ditarekahan ku urang mah.
Anapon nyegah banjir
mah, eta mah meureun
kawijakan pamarentah
satempat.
Lantaran
masalahna apan rambat
kamalena. Sapertina wae,
tiasa alatan teu bener
ngababenah daerah.
Ku kituna sakali deui,
hayu urang nyegah ti ayeuna panyakit keur usum
ngijih.
Carana?
Nya
simkuring oge meredih ka
pihak dinas kasehatan
satempat sing bisa turun
ka lokasi langganan banjir.
Sakitu wae ieu serat
kasanggakeun ka Mangle.
Dina kasempetan ieu oge
nganuhunkeun ka Ais
Pangampih
Mangle.
Mudah-mudahan teras
medal sareng apanjang
apunjung.
Yudi Miharja
Jatinangor
Dede
Baleendah Bandung
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Manglé 2453
6. Inohong
M
un batur nyarebut Mang
Koko téh ngaemangkeun,
pédah urang Sunda bari anu
diemangkeun téh gedé komarana, tapi
Yos R. Padmawinata mah nyebut
‘emang’ téh memang alona Mang Koko.
Pancakakina, aki Pa Yos téh lanceuk
ramana Mang Koko.
Taun 1947 - 1948, basa umur Pa Yos
6 atawa 7 taun, imahna sok dipaké
ngarereb warga sabab dianggap
pangamanna tina tinghariungna pélor
ku pihak Walanda ti daérah Kosangka
Saha anu teu apal ka Mang Koko,
seniman kahot anu gedé pangaruhna kana hirup huripna seni karawitan di tatar Sunda. Manglé ngahaja
nepungan Yos R. Padmawinata,
salah saurang alona Mang Koko anu
nyaritakeun kumaha kahirupan
Mang Koko ti jaman di Indihiang
Tasikmalaya tug nepi ka nganjrekna di Jalan Jurang, Bandung.
Yos R. Padmawinata
(poto. Eep NR)
Manglé 2453
(urut pabrik piring), anu ditujukeun ka
Gunung Camieuk minangka markasna
para TKR (Tentara Keamanan Rakyat).
Ngarerebna téh sok angger ti sabadana
magrib.
“Najan harita umur sim kuring 7
taunan, tapi moal hilap. Warga anu sok
ngadon ngarereb di rorompok paling
sakedik aya ari 10 kulawarga mah,”
ceuk Pa Yos (72 taun) di panganjrekanana, Babakan Desa RW I RT 07, Cibiru
Bandung.
Nurutkeun Pa Yos, imah Mang
Koko anu anggangna ti imahna kurang
ti 100 méter sarua cenah agréngna tapi
leuwih leutik. Pokona di Sindangsuka,
lembur Pa Yos jeung Mang Koko, imah
anu geus ditembok najan duduk
jandéla kakara 2 imah. Nu bapana Pa
Yos jeung nu Mang Koko.
Anu ngarumpul di imahna Pa Yos
téh lain ukur warga wungkul tapi kulawarga duduluran Pa Yos kaasup Mang
Koko jeung Mang Duleh. Nu kapikir
harita ku Pa Yos, horéng Mang Koko
saparakanca téh rék ngahibur warga ku
kasenian.
Unggal peuting ngahariring. Mang
Koko bagéan ngacapi, Mang Duléh
nabeuh suling, sedengkeun bapana Pa
Yos, Mang Ilil minangka tukang alok
jeung nabeuh kolotok munding.
“Duka sok dugi ka jam sabaraha
kituna téh. Tampolana mun sim kuring
lilir masih kadangu anu hahariringan.
Ngan sigana mah teu aya patokan jam
sabaraha réngséna,” ceuk Pa Yos.
Jadi Penyiar Radio
Sakanyaho Pa Yos, harita Mang
Koko téh boga gawé jadi penyiar radio.
Radio Kebangsaan ngaranna téh anu
minangka tempat siaranana dina
gedong rumpung urut keuna ku mortir
Walanda.
“Caket halteu setasion karéta api
Indihiang tempatna téh,” ceuk Pa Yos
deui.
Kabiasaan atawa pancén Mang
Koko mun keur siaran nyaéta
ngabéwarakeun ka masarakat kaayaan
waktu harita. Tapi teuing kumaha ceuk
Pa Yos, lila-lila béwara-béwara ti Mang
Koko téh dianggap propaganda anu
ngarugikeun keur pihak Walanda.
Antukna Radio Kebangsaan téh teu
meunang siaran deui ku Walanda keur
sateterusna.
Karesep Mang Koko lian ti kasenian, sakanyaho Pa Yos mah euweuh
deui; maénbal. Unggal aya maénbal,
geus pasti Mang Koko miluan. Tampatna matuh di lapang Alun-alun Indihiang hareupeun kaum anu nepi ka
ayeuna masih kénéh aya.
Jaman harita nurutkeun Pa Yos,
maénbal téh dianggap hiburan utama.
Nu ngahajakeun lalajo lain waé urang
Kampung Kaum, Sindang Lengo,
Sindangsuka, Ciropoh jeung Sukaménak anu padumukna lolobana
5
7. Mang Koko, lian ti ahli ngacapi ogé resep maénbal
baraya kénéh Mang Koko, tapi sok
datang ti jauhna. Pangpangna ti Tasik
kotana.
“Kamungkinan ieu mah, lahirna
lagu ciptaan Mang Koko “Maén Bal” gé
tina karesepna Mang Koko kana maénbal,” ceuk ieu bapa ti tilu anak pangsiunan perkebunan PT 12 Rancabali.
Nu masih kénéh inget ceuk Pa Yos,
dina lagu ‘Badminton” aya rumpaka
anu unina, ...nétna samping butut nu
mitoha...., éta gé bener cenah. Kaalaman pisan di lemburna mah kitu.
Sajarah Kanca Indihiang
Mang Ilil anu ngaran lengkepna
Mas Ilil Padmawinata bapana Pa Yos,
boga emang anu jadi TKR. Ku sabab
biluk ka TKR nya sok méré bantuan
saperti paré, palawija jeung bungbuahan anu ngahaja diteundeunna téh dina
para. Tinggal nyorolokkeun kenténg,
teuteundeunan nu ngahaja ditunda téh
geus gampang dibawana. Maksudna
supaya teu ngabahayakeun ka nu merena ku cara kitu téh. Ngahaja deuih disadiakeun tarajé keur naékna anu lamun
geus dicokot ku emang Mang Ilil téh
sok ditandaan ku ngaguratkeun tanda
dina tarajé. Ngan saratna anu naék
kana kenténg téh teu meunang make
sapatu supaya euweuh tapakna pangpangna urut sapatu tentara anu dipikahariwang
sieun
katangen
ku
mata-mata.
6
Tapi dina hiji waktu mah meureun
anu nyokot teunteundeunan téh lain
emangna Mang Ilil, tapi titahanana.
Nya naékna téh maké sapatu anu ceuk
Pa Yos mah katohyan ku Walanda hideung. Ku sabab kasieunan jeung terus
rasa, Mang Ilil ninggalkeun lembur.
Nya matuh di Cibunut, Bandung.
Teu pati lila, Mang Koko ogé datang
ka Bandung. Ngan basa tepung téh
ceuk Pa Yos Mang Koko geus boga
motor FIT (sapédah maké mesin anu
sok disebut ogé karéta mesin). Dina
jaman harita mah bisa disebutkeun
méwah karéta mesin saperti kitu téh.
Ukur sataun leuwih kulawarga
Mang Ilil ti Cibunut pindah deui ka
Gang Paréndéng di daérah Jalan
Pungkur jeung Jalan Pasundan.
Maksudna supaya tempatna bisa dipaké imah sakalian paragi dagang.
Keur di Gang Paréndéng remen pisan
kadatangan Mang Koko anu sakanyaho
Pa Yos mah Mang Koko téh harita
imahna geus di Jalan Jurang, Bandung.
Ku sabab Mang Duléh mah henteu
milu lunta ka Bandung, otomatis trio
Mang Koko, Mang Duléh katut Mang
Ilil kurang hiji. Nya teu bisa jalan
kasenian téh. Najan loba pamaén suling
anu alus, tapi kamungkinan dianggapna kurang sahaté jeung Mang Koko tur
Mang Ilil. Teuing panggih di mana hiji
waktu Mang Koko mawa Mang Endang
anu boga gawé di civil Ajdam, Jalan
Aceh. Mang Endang téh minangka
gaganti Mang Duléh pikeun niup suling. Ti harita remen latihan di Jalan
Jurang. Hasilna; Mang Koko, Mang Ilil
jeung Mang Endang bisa magelaran di
RRI Bandung anu harita mah tempatna
di taman anu aya di Jalan Cirebon
deukeut lapang Persib.
Tapi Pa Yos teu yakin, naha Mang
Koko saparakanca bisa magelaran di
RRI Bandung téh dipénta ku pihak RRI
atawa ngalamar sorangan? Anu sidik ti
harita ngaran Kanca Indihiang mimiti
aya.
“Rupina mah ku margi badé magelaran di tempat resmi kedah gaduh
nami grup, nya dinamian wé Kanca
Indihiang anu mungkin waé éta nami
téh tos direncanakeun ti jaman nuju di
Indihiang kénéh,” ceuk Pa Yos anu dina
umur 72 taun téh masih kaciri jagjag
waringkas.
Ti saprak remen maén di RRI Bandung, ngaran Kanca Indihiang beuki
sohor. Bisa kaciri keur kulawarga mah
mun Kanca Indihiang tas magelaran di
RRI. Pangpangna mun geus ngawihkeun lagu ‘Odading’, mulangna ka imah
tangtu mawa odading sacarangka areng
ti pabrik odading ceuk Pa Yos mah. Êta
téh tawis kasuka ti juragan odading ku
sabab lagu odading geus dihariringkeun.
Moal Poho
Teuing bakat ku remen manggung
peuting atawa memang geus aya panyakit saméméhna, Mang Ilil teu
damang. Tapi ceuk Pa Yos basa di Indihiang kénéh mah teu nanaon. Mang Ilil
dirawat di Sanatorium Dago. Salila dirawat di rumah sakit dugi ka Mang Ilil
Padmawinata teu menyat deui
ngantunkeun alam dunya taun 1953,
béayana ditangkes ku Mang Koko.
Pleng tara panggih jeung Mang
Koko, kaasup Kanca Indihiang gé anu
mimiti rada leslesan ku sabab salah
saurang pamaénna anu geus tilar
dunya. Ngan anu kadangu mah ceuk Pa
Yos, Mang Koko ngadegkeun Taman
Cangkurileung jeung ngaguruan di
SMKI.
Taun 1960 Pa Yos nganteur ibuna,
Nyi Mas Siti Salamah ka bumina Mang
Koko di Jalan Jurang. Tujuan utamana
mah nganuhunkeun ka Mang Koko anu
tos ngabéayaan carogéna ti kawit dirawat di rumah sakit tug ka mulasarana.
Anu katangen ku Pa Yos harita,
Manglé 2453
8. paroman Mang Koko béar marahmay.
Ka ibuna anu nyebutna Aceuk, Mang
Koko nyarita yen Aceuk ulah jadi emutan. Êta mah geus sakuduna ka nu jadi
dulur, ceuk Pa Yos anu nyaritakeunana
semu dareuda.
Ti béh ditu kénéh dina pandangan
Pa Yos, Mang Koko téh jalma bageur.
Tara kaciri atawa kadangu suntak sentak. Wallohu alam ari ka batur jeung ka
muridna mah. Kungsi Mang Koko
datang ka Gang Paréndéng. Ti dituna
mah sakalian nganjang bari laporan.
Tapi bari seuri. Majarkeun cenah
lanceuk awéwé Pa Yos anu katilu, anu
diajar ngacapi sok remen megatkeun
kawat-kawat kacapina. Ngan ukur kitu,
boro-boro kaciri aya ulat ambek.
Ti dinya pleng deui tara panggih.
Tepung deui téh basa Mas Ilil
Padmawinata
suargi
meunang
pangulem ti Mang Koko anu magelaran di bioskop Varia di Alun-alun
Bandung. Harita ondangan téh diwakilan ku Pa Yos jeung lanceuk
awéwé anu kadua.
Dina kasempetan éta, Pa Yos jeung
rakana téa diwanohkeun ka nu lalajo,
yen aranjeunna téh putra-putrana
Mang Ilil anu gedé yasana ka Mang
Koko. Malah pagelaran éta ogé ceuk
pangakuan Mang Koko harita, itungitung pangéling-ngéling kana yasana
Mang Ilil. Ku kituna Mang Koko ku anjeun harita masihan panghargaan ka
Mang Ilil suargi mangrupa sértipikat
anu ditarima ku Pa Yos katut rakana téa
ku kabagjaan anu pohara.
“Hanjakal éta sértipikat téh ayeuna
teu aya. Dipilarian ge weléh teu kapendak. Ku seringna ngalih rorompok
rupina ical téh,” ceuk Yos R. Padmawinata nutup wangkongan. (éép nr)
Mang Koko
Ti Indihiang
Ngamancanagara
Lalaguanana bruk-brak. Kiritikna
seukeut, tapi teu matak raheut.
Rumpakana basajan gampang kaharti
ku balarea. Ngan, naha enya sakapeung
mah lir ahli nujum?
Jenengan lengkepna Koko Koswara
(Indihiang, 10 April 1917 - 4 Oktober
1985). Komponis ti mimiti lagu-lagu
barudak nepi ka lagu dewasa jeung
umum, kalayan ciri hasna dina jentreng
kacapi, warna sora, jeung gaya lagulaguna.
Diajar ngacapi ti bubudak, sagigi-
Manglé 2453
Mang Koko Koswara; gedé pangaruhna kana seni karawitan di Tatar Sunda
reun tina karesepna kana lagu Hawaian. Dina taun 1946 ngadegkeun Kanca
Indihiang di Tasikmalaya, saterusna
dina taun 1950 pindah ka Bandung
ngagabung jeung Mang Duleh, Mang
Nandang, jeung Mang Endang. Taun
1950 ngadegkeun pakumpulan gamelan Munding Laya kalayan tukang
kendangna Mang Ijun, sindenna Bi
Acih.
Dina lalaguanana, boh di Kanca
Indihiang boh di Munding Laya, loba
nu mangrupa kiritik tapi dibarung
heureuy. Bedana, di Kanca Indihiang
mah lalaguan teh dipirig kacapi, di
Mundinglaya mah dipirig ku gamelan
salendro. Lagu-lagu Kanca Indihiang
nu sohor, antarana Badminton, Maen
Bal, Buruh Leutik, jeung Resepsi. Lagulagu Gamelan Mundinglaya nu popiler
antarana Subaya, Talatah, Maung
Lugay, jeung Sekar Catur.
Wawanohanana jeung Uyeng
Suwargana dina ahir taun 1940-an,
mangaruhan kana lalaguan barudak
ciptaanana. Dina taun 1950-an, Mang
Koko babarengan jeung Uyeng, nyieun
buku Resep Mamaos nu eusina lian ti
lalaguan teh oge kalimah-kalimah keur
barudak SD diajar maca.
Kalayan saran Daeng Sutisna
(rakana Uyeng), Mang Koko mimiti
nyanggi lalaguan keur barudak anu
leuwih
sitimatis.
Lalaguanana
diluyukeun jeung kamampuhan sora
barudak, nepi ka lahirna buku
Cangkurileung, tilu jilid (1954). Dina
taun 1956 medal buku Ganda Mekar
keur murid SGB (Sekolah Guru B).
Taun 1958 bareng jeung M.O. Kusman,
7
9. Mang Koko nyieun buku Taman Bincarung, nu eusina lalaguan kaulinan
barudak. Dina taun 1960, Mang Koko
jeung P. Nataprawira nyieun buku Seni
Swara Sunda nu eusina lagu-lagu
pupuh jeung panambihna.
Ku lantaran karep murid-muirdna
kana seni teh gede, sarta sumebarna
lalaguan barudak teh kawilang cukup,
atuh Taman Murangkalih nu ditaratas
ti taun 1949 teh dijadikeun Yayasan
Cangkurileung (6 Maret 1959) babarengan
jeung
Sunarya
(Mang
Yaya)Surtiamah, Nabidi, Engkos Sasmita, jeung Walio. Kagiatan saterusna
ngawangun cabang di sakola-sakola
dasar di daerah babarengan jeung guru
kasenian, kagiatanana diajar kawih
Sunda boh kurikuler boh ektrakurikuler.
Kagiatan
sejenna,
Taman
Cangkurileung jeung Taman Bincarung midang bagilir di RRI Bandung.
Sabulan opat kali kalayan masing-masing dua kali sewang.
Keur murid SMP, Mang Koko
ngadegkeun Taman Setia Putra
(1954). Dina sabulan, Mang Koko teh
siaran di RRI tujuh. Taman
Cangkurileung jeung Taman Bincarung opat kali, Mundinglaya, Ganda
Mekar, jeung Setia Purta masing-masing sakali.
Mang Koko lulusan Mulo Pasundan, taun 1937, saterusna digawe di
Bale Pamulangan Pasundan Bandung.
Sanggeus revolusi kamerdekaan inyana cekel gawe di Jawatan Penerangan Propinsi Jawa Barat, saterusna
dina taun 1961 pindah, jadi guru di
Mang Koko Ceuk Para Muridna
Eka Gandara
M
ang Koko téh seniman anu
deuheus jeung apal pisan
kana
pasualan
hirup
masarakat leutik. Ku kituna munasabah mun jejer nu diangkat dina
rumpaka-rumpaka lagu Mang Koko
loba ngagambarkeun pasualanpasualan nu aya di maarakat, di
antarana baé aya lagu “Jangkrik”,
“Hayam Jago”, jeung “Buruh Leutik’.
Malah remen merjuangkeun kahirupan masarakat golongan handap
saperti dina lagu “Buruh Leutik”.
“Mang Koko tara ngadamel lagu
ngeunaan cinta birahi. Cinta mang
8
Koko aya di indung, buruh leutik,
lingkung lembur, sarta cinta ka Nu
Maha Kawasa. Ku margi kitu, lagulagu Mang Koko téh mangrupa skétsa
masarakat leutik,” kitu ditétélakeun
ku salasaurang murid Mang Koko,
Eka Gandara, waktu ditepungan ku
Manglé di bumina anu aya di Komplék Sariwangi Bandung, sawatara
waktu nu kaliwat.
Ceuk Eka Gandara, Mang Koko
ogé aya kalana kawas ahli nujum.
Hal-hal anu ditembrakkeun dina
rumpaka laguna, bet kajadian dina
jaman ayeuna. Upamana baé dina
lagu “Batik” nu ditulis taun 50-an.
Dina éta lagu disebutkeun batik téh
bakal nganasional sarta ngamancanagara, kapan kajadian pisan dina
jaman ayeuna. Pon kitu deui dina lagu
“Buruh Leutik”. Pasualan-pasualan
anu ditepikeunana éstu aktual nepi
ka kiwari. Ogé dina lagu “Pelastik” nu
ditulis taun 80-an, nu masualkeun
nasib pangrajin tradisional saperti
tukang nganyam boboko, anu lahan
kahirupanana terus kadéséh ku
industri pelastik.
Mang Koko kakara ngagarap
atawa nganggit lagu-lagu cinta birahi
sabada gaul jeung rumpakana dipairan ku para sastrawan saperti
Ambu Iloh, Wahyu Wibisana, Dedy
Konservatori Karawaitan Indonesia di
Bandung. Malah ti taun 1966 nepi ka
1972, jadi direktur KOKAR.
Pindahna Mang Koko ka eta
sakola, mangaruhan kana lalaguanana. Kituna teh lantaran lalaguanana
leuwih dimekarkeun ngaliwtan kajian-kajian tiori, kaasup mimiti ngagarap pelog kalayan rupa-rupa
surupanana. Waktu Mang Koko, taun
1963 ngagarap aransemen tabeuh
dina gamelan salendro, masarakat teu
pati ngarasa loba robahna. Tapi,
waktu ngaaransemen tabeuhna dina
gamelan pelog, loba nu curinghak, aya
nu nyebutkeun kawas gamelan Bali
atawa Jawa atawa gamelan Beatle.
Hal nu kawas kitu teh karasa saperti
dina taun 1963 waktu Mang Koko
ngaaransemen lagu Pohon Beringin
Windyagiri, jeung sajabana. Mun
rumpaka geus nyampak, Mang Koko
tinggal nganggit laguna wungkul. Iwal
ti kahirupan batin masarakat leutik,
Nano S. (suargi)
dunya atikan ogé teu luput tina perhatian Mang Koko. Ketak Mang Koko
dina atikan diwujudkeun ku
ngadegkeun Taman Indra Bincarung
pikeun murid kelas 1 nepi ka kelas 3,
Taman Cangkurileung pikeun tingkat
nu saluhureunana, sarta Taman Setia
Putra pikeun tingkat SMP jeung SMA
lengkep jeung lagu-laguna. Malah
Mang Koko ogé laju nyiptakeun vocal
grup Sunda anu disebut layeutan
swara atawa rampak sekar.
Dina hal musik, Mang Koko oge
jadi salasaurang panaratas modérenisasi karawitan Sunda. Anjeunna
Manglé 2453
10. Pengayoman karya Saharjo SH (Mentri Kehakiman) nu dihaleuangkeun ku
Tati Saleh jeung Tajudin Nirwan.
Taun 1963, Mang Koko milu nata
karawitan dina Gending Karesmen.
Saterusna, dina taun 1964, ieu komponis teh ngagarap gending karesmen
nu judulna Si kabayan (karya Wahyu
Wibisana), Si Kabayan jeung Raja
Jimbul (1966, naskah Wahyu
Wibisana), Aki Nini Balangantrang
(1968, Naskah Wahyu Wibisana,
Pangeran Jayakarta (1970, Karya
RAF), Nyai Dasima (1972, dina basa
Indoensia, diropea tina Naskah SM
Ardan, nu diropea deui ku Epe Syafei
Ads). Ngagarap gending karesmen,
keur Mang Koko mah teu pati susah
da kungsi nyieun nu kawas kitu
samemehna ge, saperti Pahlawan
Samudera, Berekat Katitih Mahal,
Adu Asih, jeung sajabana. Mang Koko
make istilah drama suara keur wangun pintonan gending karesmen anu
parondok kawas kitu teh).
Saterusna, loba sastrawan atawa
pangarang nu ngirimkeun rumpaka
ka Mang Koko. Ku lantaran kitu oge
lalaguan Mang Koko teh aya robahna,
nu mimitna mah lalaguan teh kritik
sosial jeung heureuy saterusna mah
tembong deuih lagu-lagu romantis
saperti nu dipintokeun ku Ganda
Mekar.
Rumpaka munggran ti pangarang
nu disanggi ku Mang Koko teh Talatah
ti SAR (Siti Armilah), saterusna RAF,
Wahyu Wibisana, Agus Suriamiharja,
Dedi Windiagiri, Winarya Artadinata,
jeung sajabana. Lagu-lagu nu popiler,
di antarana Bulan, Samoja, Purnama,
Sariak Layung, Girimis Kasorenakeun,
Hariring nu Kungsi Nyanding, jeung
sajabana.
Sabada pangsiun, Mang Koko jadi
dosen luar biasa di ASTI Bandung, nu
ngajarkeun karawitan. Saterusana,
dina taun 1975-1983, inyana nyanggi
lalaguan kaagamam anu rumpakana
ti ti RAF, di antrana Ajilu, Hamdan,
jeung Pangdua. Lagu-lagu sangjian
Mang koko, sumebar di masarkat
ngaliwatan piringan hitam jeung
kaset boh nu dipidangeun ku Ganda
Mekar boh ku Munding Laya. Kagitan
mingpin grup jeung yayasan
diteruskeun ku Tatang Benyamin
jeung Ida Rosida, dua di antara dalapan putrana nu neruskeun tapak
lacak Mang Koko. *** (ensa)
mangrupa seniman anu pangheulana
nerapkeun tiori nu diciptakeun ku R.
Mahyar Kusuma Dinata, notasi dami-na-ti-la. Hal sarupa kitu pisan nu
ngalantarankeun Mang Koko bisa
nyieun komposisi atawa aransemén
gending. Alatan kitu, pantes pisan
lamun dina taun 1971 Mang Koko
dilélér
Anugrah Satyalencana
Kebudayaan minangka Pembaharu
Karawitan Sunda.
Eka Gandara ngémbohan, Mang
Koko éstu ngamangpaatkeun Sunda
sabeuleugeunjeurna. Matéri, lagu,
sarta alat musik Sunda diracik sarta
diramu
sacara
modéren
nu
ngalahirkeun Sekar Gending. Prinsip
Mang Koko mah modérenisasi Sunda,
lain ngabaratkeun Sunda.
“Ku margi kitu, lebar lamun urang
Sunda henteu miara karya-karya
Mang Koko, sarta jadi isnspirasi dina
kréatipitasna. Sim kuring kantos pendak sareng dalang kondang, Ki Narto
Sabdo, anjeunna ngaku yén Mang
Koko téh guru keur anjeunna mah,”
ceuk Eka.
putrana,Tatang Bunyamin.
“Mang Koko kelebet guru anu
disiplin tur dipikaajrih ku muridmuridna,” ceuk Eka Gandara.
Hal anu ditétélakeun ku Eka Gandara téh éstu dinyakeun ku murid
Mang Koko nu séjénna, Eson Sonjaya.
Ceuk Eson, ku lantaran disiplin atuh
waktu latihan jeung diajar ogé teu
meunang telat. Para muridna teu
weléh ajrih, béda jeung ka guru séjén
anu ukur wawuh biasa.
Eson Sonjaya kaasup salasaurang
murid Mang Koko di Konsevasi
Karawitan (Kokar) anu kiwari jadi
Sekolah Menengah Kejuruan 10 Bandung, bareng jeung Atik Sopandi,
Tadjudin Nirwan, Tati Saleh, jeung
Nanno S. Sabada sababaraha taun
sakola di Kokar, Eson kakara diajak
ka Ganda Mekar, milu aub kana gending karesmén Si Kabayan jeung Aki
Nini Balangantrang anu rumpakana
ditulis ku Wahyu Wibisana. Di Ganda
Mekar mah nu latihan téh lain
muridna ti Kokar wungkul, tapi jeung
para pangrawit anu diajak jadi anak
wayang nu ngadeudeul gending
karesmén.
“Unggal dinten Jumaah sok latihan di Jalan Ence Aziz. Harita Juru
kawihna Wawang, Anok Rukini,
Yetty, jeung Nining Sekarningsih.
Sedengkeun lalakina mah aya Tadjudin Niwan, sim kuring, Rahmat Sam,
jeung Dudung Abdul Sukur,” pokna,
ka Manglé.
Ku lantaran disiplin, Mang Koko
ngomat-ngomatan pisan dina organisasi mah ulah aya nu bobogohan.
Dina ayana ogé nu bobogohan sok
buru-buru ditanya rék jeung benerna
atawa ngan rék saulineun? Murid
Mang ogé ogé mimitina mah sok aya
anu teu disiplin. Nyanghareupan
murid samodél kitu, ku Mang Koko
sok diantep heula, sanggeus katémbong kamekaranana kakara dibéjaan
tur dibina.
Mang Koko ogé teu weléh méré
support ka murid-muridna anu
metakeun kréatipitas nyieun lagu.
Kecap-kecap anu ditepikeun ka
muridna téh lir kecap bapa ka anakna.
“Kana karya muridna Mang Koko
teu weléh nyebat saé, kituna téh bari
sautak-saeutik dibebener. Hal sarupa
kitu kaalaman ku sim kuring waktos
ngadamel lagu Pahlawan Toha, nu
mangrupi hiji-hijina lagu diserat ku
sim kuring. Ogé waktos ngadamel
lagu gending karesmén kanggo
TVRI,” ceuk Eson.
Eson ogé ngémbohan, yén harita
keur ngagelarkeun karya-karyana,
Ganda Mekar remen manggung di
sawatara Gedong Kasenian anu
sumebar di Bandung, saperti di
Taman Hiburan Cicadas, jeung
gedong kasenian anu kadieunakeun
jadi bioskop Varia. Malah keur
pagelaran gending karesmen Si
Kabayan, Aki Nini Balangantrang,
Pahlawan Samudra, jeung Pangeran
Jayakarta mah ngiderna téh ka unggal daérah.*** (dede)
Guru nu Disiplin tur
Dipikaajrih
Salian ti seniman, Mang Koko ogé
kaasup guru anu ngalahirkeun seniman-seniman motékar, di antarana
Nano S dina nganggit lagu, dina
kakawihan aya Ida Rosida, Tadjudin
Nirwan, jeung Eson Sonjaya,
sedengkeun kaahlian ngacapi mah
gubragna
ka
salasawios
Manglé 2453
9
11. Bagian
184
Peuting ka-215
Aki-aki bungaheun
pisan. Ceuk pikirna, geus
waktuna Komarujaman
manggih kasenangan
lantaran kasabaranana.
Mangbulan-bulan cicing
di éta tempat, baranggawé taya kacapé, ukur
nganti waktuna miang ka
nagri nu ditujuna.
“Sagala rupa harta nu
kapanggih, éta mah milik
hidep,” ceuk aki-aki.
Tapi, Komarujaman
mah teu hayang beunghar sosoranganan. Da,
ceuk haténa, kahadéan
éta aki-aki téh taya
papadana. Pantes upama
meunang kahadéan ti
manéhna. Ku lantaran
kitu, pok wéh Komarujaman nyarita, ngajangjikeun satengah
harta papanggihanana
keur aki-aki.
Nu ngajaga kebon téh
ukur mésem, teu sing
atoh. Ngan, cenah, mun
10
karep Komarujaman
kitu, teu jadi sual. Keur
dirina, teu sing butuh ku
harta lantaran hirupna
gé geus sakitu
kakolotanana.
Sanggeus asak
babadamian, Komarujaman ngajak aki-aki ka
guha téa. Enya wé, harta
banda di dinya téh
kacida lobana. Emas
sababaraha peti nu mun
diduitkeun gé duka
pisakumahaeun haregana.
Eta emas diakutan ditunda di nu suni.
Saterusna, aki-aki téh
nitah mupu bungbuahan
keur bawaeun Komarujaman neruskeun lalampahan. Maksudna, keur
nyamarkeun
babawananana. Malum,
apan emas nu rek
dibawana téh sakitu
lobana.
Kalayan nurut kana
papatah aki-aki,
Komarujaman metikan
buah zaetun jeung
waluh. Ngahaja, nu rék
dijual téh buah zaetun nu
diwadahan kana waluh.
Carana, waluh dikorowék dikaluarkeun
eusina, saterusna diasupan emas. Geus kitu,
bagian pangluhurna diasupan jaiutun
sababaraha siki. Geus
kitu mah, éta waluh téh
dibeungkeut rapih pisan.
Pipikiran Komarujaman bungangan, bungah lantaran bakal téréh
nepi ka nagrina. Ceuk
pikirna, meureun
pamajikanana mah Putri
Budur geus aya di
nagarana. Matak, dina
sajeroning nganti waktuna miang téh Komarujaman marahmay naker.
Luyu jeung omongan
si aki-aki, yén kapal nu
keur balabuh di éta tempat rék miang, ka kebon
tempat aki-aki gé aya nu
datang. Maksudna, taya
lian ngabéjaan
piinditeunana éta kapal.
Taksiran, aki-aki
saméméhna geus papadon sangkan ngabéjaan
heula sakalian mang-
mawakeun babawaan
jualeun ka nagri séjén.
Barang-barang
babawaan Komarujaman
diakutan kana kapal. Teu
cukup ku sakali, da
puguh loba téa.
Kabéhanana, waluh téh
lima puluh siki nu
sabenerna mah eusi
emas téa. Geus réngsé diakutan, kari Komarujaman nuturkeun.
Méméh miang,
Komarujaman téh teu
kendat-kendat
nganuhunkeun ka akiaki. Lain teu melang ka
kolot nu geus
ngarawatan manéhna,
cenah, ngan kapaksa
kudu gancang balik ka
nagri. Aki-aki ukur
mesém, nyaritana gé
haroshos naker da keur
gering.
Ti saprak balik ti basisir, aki-aki téh mémang
gering. Teu sing parna
katempona mah. Ngan,
waktu pas pisan
Komarujaman rék indit ti
éta tempat, aki-aki téh
teu bisa hudang-hudang
acan.
Waktu diguyah-
Manglé 2453
12. guyah, horéng aki-aki téh
oyag kabéh. Horéng, titis
tulis bagja diri, umur
mah gagaduhan. Nu
mikanyaah Komarujaman téh nepi ka
hanteuna.
Layon dipulasara. Dimandian, dibungkus,
saterusna dikubur. Geus
kitu mah, jung wéh
manéhna indit muru
palabuhan. Maksudna,
rék numpak kapal muru
nagri nu ditujuna. Geus
kacipta, pangeureunan
téh nagri Abnos, nu
saterusna bakal laju
muru deui nagri
séjén,lemah caina nu
geus lila ditinggalkeun.
Barang anjog ka
palabuhan, kapal téh
geus teu kasampak. Geus
lila ninggalkeun éta tempat. Layarna gé geus
celak-celak lantaran geus
kacida jauhna. Komarujaman sajongjongan mah
ngahuleng. Aya bagja teu
daulat. Tapi, teu sing
ngarasula, da yakin
manusa mah ukur darma
kahayang jeung ihtiar.
Sedih mah tangtu,
komo deui mun inget
kana permata nu kabawa
ku kapal téa. Apan, éta
barang téh keur dirina
mah kacida gedé
pangajénna. Matak nepi
ka kadungsang-dungsang
gé lanataran hayang
meunangkeun deui permata, bukti kaasihna ka
Putri Budur.
Gék Komarujaman
andiprek. Diuk nyawang
laut nu ngalamuk paul.
Geus kitu, jung nangtung, leumpang balik
deui ka kebon. Kituna
téh, sanggeus apal ti nu
ditanya di palabuhan yén
kapal pidangeun deui ka
dinya mah sataun deui
ka hareup. Kitu cenah,
nu matuh mah.
Kapaksa Komaru-
Manglé 2453
jaman téh cicing deui di
kebon. Ngan, sakalian wé
ngahaja nyéwa éta kebon
rék diurus sarta hasilna
jualeun keur kaperleuan
sapopoéana. Lian ti kitu,
apan aya simpenan
kénéh nu kudu dijaga
diriksa sangkan teu
kanyahoan ku pihak
séjén.
Sanggeus adu tawar
sual harega sewaan
kebon, Komarujaman
créng mikeun duit. Geus
kitu, manéhna néangan
batur duaan keur ngurus
éta kebon. Komarujaman
mah, ukur ngamandoran,
lanatran sagala rupa
pagawean mah ku nu
kuli tea.
Peuting ka-216
Upama kapal teu
ngadagoan, mémang
lain salah nangkodana.
Da, kitu jadwalna.
Malah, rada elat lantaran ngadagoan
Komaru jaman. Ngan,
waktu panung pang nu
ditunggu-tunggu
lebeng, kapaksa
ditinggal keun.
Kapal balayar cara
sasari. Ti éta palabuhan
nyuruwuk meuntas lautan. Nu baris dituju téh,
taya lian ti nagri Abnos.
Eta mah, tempat nu
pangdeukeutna ti
palabuhan pamiangan
téh. Saterusna, lalampahan dituluykeun ka
nagri-nagri Islam sejenna.
Lolobana nu balayar
téh sudagar. Nu ngahaja
dagang ti nagara ka nagara séjénna. Atuh,
tujuanana gé teu sarua,
da aya nu deukeut aya nu
jauh. Ku lantaran kitu,
dina saban palabuhan
nu kaliwatan, éta kapal
téh eureun heula.
Biasa aya nu turun di
dinya atawa nu naék. Nu
turun, saklian nurunkeun barang-barang
daganganana. Atuh nu
naék ogé naékeun
barang-barang dagangan
ti éta wewengkon. Kitu
jeung kitu wé saban
palabuhan téh. Cindekna
mah tukeur dagangan
rupa-rupa pangabutuh.
*** (Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 22 }
8
Isuk-isuk wanci pecat
sawed, kota Bandung
meujeuhna ngeunah hawana,
keur sedengna leungit tariris,
duméh hawa keur manasan.
Di hareupeun imah Agan
Sariningrat aya bendi keur
ngamuatkeun peti dieusi papakéan Agan, méh saayana nu
wareuteuh jeung emas-inten
mah. (nu baruruk dibagikeun
ka babu jeung koki). Anom
Belem ulak-ilik kana sumbu
asa roda bari nanjak ka Artayim, loporna: “Bener kuat
kikiping téh Jim? Moal potong
paké nanjak?”
Artayim: “Piraku Anom!
Unggal dinten dianggo
wungsal-wangsul LembangBandung bet ngadak-ngadak
potong téh, kumaha ari
Anom?”
Belem: “Éta cenah urut
neunggar pilar di Cihideung
téa, urang mah paur.”
“Ah Anom mah kitu-kitu
baé,” ceuk lopor Artayim dianggo mabur ka Jabal-Kap gé
kiat, Nom.”
Agan Sariningrat rék
minggat téh estuning antaré
pisan, da salaki keur di kantor.
Ka koki jeung babu dadakuna
rék ka ibu-ramana di Ujung-
12
berung, meuting tilu peuting,
pokna, jajapkeun ku Belem.
Magar téh da Aom gé geus
nyahoeun, geus bébéja.
Ngomong kitu singhoréng
miceun salasah, puguh-puguh
minggat ngulon, dadaku
nyaba ngétan.
Agan Sari sirahna ditergos
ku karémbong, nu témbong
téh ngan panonna baé, bisi
katara ku nu nganyahoankeun. Ingetanana geus
liwat Andir mah luar kota
kakara dibuka.
Dina jaman harita mah teu
anéh upama aya wanita
tumpak bendi atawa tumpak
kuda ditergos sarta maké topi
téh. Komo anu lumaku jauh
mah.
Geus sagala salsé,
sakeudeung gé geus ngaliwat
Andir kalawan salamet; Agan
Sari muka teregosna, ngaliglag
awas ku nu narénjo, haténa
plong baé asa bungangang
cara kuda leupas tina gedogan,
tumpak bendi digédéngeun ku
kabogoh. Perbawa
bungangangna haté, jeung
katarik ku téténjoan anu pohara matak waasna, panon gé
jadi balangah, leuwih awas ka
gunung-gunung nu jauh, ka
pasawahan nu ngaplak
satungtung deuleu di
anggangna, batan ka nu di sisi
jalan, da rasana moal aya nu
wawuh deui ieuh; poho, yén
pitiwaseun picilakaeun mah
tampolanana tara di nu negrak
nonggérak, sakapeung nyelap
atawa nyampépét di lebah nu
teu disangka-sangka.
Harita gé di warung Haji
Asik, jeroeun tingkeban aya
Gan Sole, paman Agan Sari,
kumetir kopi Cimahi keur ka
Bandungkeun, nyimpang
heula, sono ka sobat heubeul.
Kuda Gan Sole katut
pangiringna katarukang bari
ngabenerkeun beusi talapok
ka panday nu teu jauh, saburuan kénéh jeung Haji Asik,
Gan Sole mah ka jero diuahaéh bangun sono pisan ku
pribumi téh, batur bancul keur
leutik.
Sakumaha biasana warung
sisi jalan, ti sajeroeun tingkeban ka jalan mah sok awas,
tapi ti jalan ka satukangeun
tingkeban mah tara jol-bréh.
Gan Sole pohara kagéteunana nénjo Agan Sari
ngaréndéng jeung sinyoh dina
bendi. Geus calangap rék digeroan, kaburu inget, bisi lain,
bisi anu sakarupa baé, ma’lum
dina bendi keur maju rada
tarik, palangsiang nu lian,
urang anu salah panénjo.
Jeung piraku Sariningrat alo
Soleman, ménak santri nepi ka
bebendian jeung Walanda
paranakan ka luar kota, arék
nanaonan! Éta mah meureun
nyai-nyai nu sakarupa.
Bendi geus rada jauh, Gan
Sole nanya ka pribumi:
“Wawuh ka nu dina bendi,
Kang Haji?”
Haji Asik: “Titingalan pun
Akang mah bendi Anom Kopmayar nu cikal, saha téh
wastana: pelem, telem,
nilem?”
Gan Sole: “Belem?”
Haji Asik: “Tah éta ... hah,
hah, hah, ari urang Taif mah
apal téh kana: wa idha hadna
kamasaladis tao kadanaro,
hah, hah, hah, hah, apal kénéh
kana ngaran onta batan kana
ngaran sinyoh, hah, hah, hah,
ieu geura Gan, sampeu pelak
pun Akang pribados Si Lemproh wastana, dicocolkeun
kana gula kawung ...
dibandingkeun sareng kuéh
kapadino di Baraga nu teu aya
mah mending ieu, hah, hah,
hah, hah.”
Gan Sole kabawakeun ogé
berag ku pribumi anu sakecap
kadua hah, hah. Pok nanya
deui: “Ari éta awéwéna saha
Kang, teu wawuh?”
Barakatak deui Haji Asik
téh ngahahah, “Upami pun
Akang teu apal ti bubudak,
wantun nyebut rayungan ka
Agan téh, soca parantos sepuh
awas kénéh baé ari ka nu
monyas-monyas mah. Duka
atuh awéwéna mah teu
Manglé 2453
14. negeskeun, apal sotéh bendina
sareng kudana, da teu aya nu
bireuk sa-Priangan mah ka
bendi Kopmayar raja Lembang, ditarik ku kuda Sitni
(kuda Ustrali kaluaran Sidney,
harita sohor pisan) hideung
meles.”
“Teu samar-samar acan
kang Haji ka awéwéna?” ceuk
Gan Sole nyedek.
Barakatak Haji Asik téh,
sampeu dina sungutna mani
meh ngabura: “Ieu téh
kumaha awitna, bet pogot ka
nyai-nyai tuan katingal saliwat, palangsiang bobojodan
Kebonkalapa!”
Sabot kitu, kotoplak pangiring nungtun kuda meunang
ngabeusian, Gan Sole pamitan
ka nu boga imah, giritik duanana ka Bandungkeun, Gan
Sole tumpak Si Jobin,
pangiringna tumpak Si Depe,
kuda Kuningan, leutik tapi
bedas, ari nu tumpakna raridu
ku babawaan, jelema jangkung
kuru barangpaké singsarwa
merecet atuh bleg baé Don
Kisot dina buku Sepanyol
kuna, suku kuda téh nepi ka
jiga genep da suku nu tumpak
meh ngangsar.
Di Bandung teu tuluy ka
kabupaten nemonan panyaur
patih, tapi nyimpang ka Agan
Sari, kasampak suwung; ceuk
nu di imah magar tadi aya
lima panyepahan mah tumpak
bendi dijajapkeun ku Anom
Belem ka Ujungberung
ngadon kulem di ibu-ramana.
Gan Sule wantuning surti,
geus teg baé goreng sangka,
moal enya aya nu ka Ujungberung ka kulonkeun, moal
enya indit sakitu jauhna ka indung-bapa teu jeung salaki,
kalah milu ka deungeun-deungeun, ongkoh Usman gé bogaeun bendi, najan teu alus
cara nu Belem ogé, naha maké
bendi batur?
Teu loba carita, beretek
kuda dilumpatkeun ka kabupatén, di lawang kuta dirawat
ku pangiring.
Sanggeus diunjukkeun ka
patih, blus ka jero, bet aya
sakaut jeung jaksa, brek
kumetir Sule andeprok
tukangeun jaksa, cong nyembah sakumaha adat jaman
harita.
Patih: “Bagea Kumetir, nu
matak diala téh aya perlu, tapi
Manglé 2453
ayeuna mah kula keur kapalang, isukan baé isuk-isuk
pisan ka dieu deui. Ari bukubuku dibawa?”
Gan Sole: “Dawuh gamparan, sakumaha timbalan.
Sadayana buku sareng serat
ogé dibantun.”
Patih: “Heueuh, sukur,
tinggalkeun baé di dieu, tuh
dina erak itu dihijikeun jeung
pada buku Kumetir, gigireun
buku para Mantri, ulah
dibawa ka imah.”
Gan Sole pohara kageteunana, duméh saumur hirup
kakara nampa paréntah kitu,
kawas keur aya urusan gelap
pohara gedéna, maké saayana
buku kumetir jeung mantri
dipupul dikumpulkeun. Na
aya naon? Tapi teu panjang
dipikir, gengsor-gengsor
nyampeurkeun erak, soksok
buku-buku diteundeun, cong
nyembah, gengsor deui ka
panto, cong deui nyembah,
ngong sorana: “Tigas dawuh.”
Patih: “Heueuh, jung!
Isukan isuk-isuk, nya!”
Gan Sole: “Ngiringan!”
Kaluar ti kamar, blus ka
kamar mantri kabupaten, bet
nyampak para kumetir Bandung-Wetan jeung BandungKidul, malah aya mantri Jibja
jeung mantri Sujatma keur
tingdarekul dina meja Aom
Usman, ngariung nungku tilu.
Ari mantri kabupaten téh
priyayi rajin tur towéksa,
jalma lempeng-bener satarabasna, bubuhan beragama. Rasiah kabupatén téh
di dinya mah rekep batan
huntu gegep, lta batan huntu
kuya. Urusan patih maluruh
kasalahan Usman gé Ki Mantri
téh geus dibawa sarasiah, tapi
bisa pisan api-apina.
Geus munjungan geus
geus naon, cek Gan Sole: “Aya
naon ieu téh Alo Mantri? Kolot
mah rareuwas di saur
dikumpul-kumpul téh?”
Séréngéh mantri seuri:
“Aya pangaturan anyar ti
Batawi nu baris diembarkeun
sareng badé ngasongkeun podrah ka nu bukuna pangberesna.”
Gan Sole: “Euh kitu, sukur
atuh ari ngan sakitu mah, boro
Emang mah reuwas sieun
kababawa ku nu basilat.”
(Ngomong kitu téh Gan Sole
mah enyaan, da kawasna luar
biasa, teu milu basilat cara
karereanana nu lian).
Gan Sole: “Sanés kitu, Den
Mantri, Emang téh aya perlu
ka pun alo, Ki Usman, badé diajak wangsul heula sakedap,
moal lami, méméh tutup kantor ge wangsul deui.”
Najan mantri kabupaten
ngarenjag ku kagét, duméh
Usman nu keur diincer bet
kawas rék dibawa nyalingker,
tapi bisa pisan nyumputkeun
semu, pokna: “Saleresna mah
nuju teu kinten riweuhna,
malah padamelanana nuju
dibantuan ku Ayi Jibja sareng
Kang Sujatma. Nanging
mangga baé upami mung
sakedap mah.”
“Teu kedah unjukan heula
ka Juragan Patih?” ceuk Gang
Sole.
“Sawios diunjukkeun ku
abdi upami mariksakeun
mah,” walon mantri.
Gan Sole anu cek basa kaheureuyan mah teu terang di
hitut bau, yén Usman keur diarawaskeun, mokaha jeung
sahinasna pisan ngajak nyelang balik téh, samata-mata
rék nyidikkeun Gan Sari baé,
dibawa balik téh saperkara
ngarah tetela jeung laluasa, ka
duanana ngajaga bisi
gareuwah, sahenteuna
ngadenge pamajikan dipaling,
saha nu teu ambeik, kurang
bedas negeranana mah matak
ngageunjleungkeun dayeuh.
Tah bisi kitu, inggis Usman
kalap di kantor nu matak diajak balik téh.
Sajungna Usman jeung
Sole indit, mantri kabupaten
geuwat unjukan ka patih di
hareupeun sakaut jeung jaksa.
(Sihoréng araya di dinya téh
aya patalina jeung papayan
bab paehna Si Abdullah,
dumeh tingselenting beja
angin, samar-samar, yen
Usman jeung Sariningrat aya
patalina ka dinya.
Barang mantri kabupatén
geus kaluar deui, patih jeung
sakaut katut jaksa tingharéwos. Geus kitu sakaut
indit, arék masang matamata geusan ngukuntit
Usman tapi dipeupeujeuhkeun pisan, masing bisa halimunan, bisa nyumput di
caangna. Lamun aya tandatanda arek kabur ninggalkeun Bandung, dicerek gé
hadé. Mun ngalawan, hade
dipeupeuh, tapi lain dipahala
ngan supaya teu bisa gerak
baé. (hanca)
13
15. Modal Usaha Kaom Muslim
Ku Féndy Sy. Citrawarga
I
slam
miwarang
umatna
sangkan ngajalankeun pola
hirup nu saimbang, sineger tengah, antara milari bekel kanggo di
dunya sareng jaga di ahérat.
Salasahiji tarékah nyumponan
kaperyogian di dunya téh nyatana
milari napkah tina pirang-pirang
rijki mangrupi matéri anu tos
disadiakeun ku Alloh kanggo urang
sadayana.
Leres, rijki kanggo kaperyogian
tuangeun
sareng
leueuteun,
anggoan atanapi sandang, nya kitu
deui papan éta téh kedah dipilari,
moal sumping sorangan. Sangkan
kénging hasil nu mucekil, dina
ngalap rijki téh kedah soson-soson.
Nanging sanés kanggo ngudag
jungkiringna matéri wungkul, tapi
kedah dijejeran ogé ku papagon
agama anu saleres-leresna, malah
mandar teu matak jadi mamala
atanapi cilaka.
Dina emprona, sumanget kasab
milari sahuap-sakopeun téh pangpangna nu aranom sok kahalangan
ku sikep kedul, mumul, da nu jadi
udaganana asal bisa dahar beunang
paméré ti batur atawa baramaén
alias jajaluk nu kiwari geus jadi
masalah sosial di kota-kota galedé
siga Bandung nu matak rieut nu
ngurus nagara atawa pamaréntah.
Teu rék kitu kumaha da atuh nu
ngulayab di parapatan-parapatan
lampu setopan téh réréana barudak
andar-andar nu kuduna mah
sarakola, nonoman para rumaja nu
kuduna soson-soson gawé rancagé
anu pantes.
Sabagéan gedé maranéhna téh,
boa kabéh, barudak kaom muslim,
sirung harepan anu kuduna dicébor
14
ku atikan keur bekel hirup ka
hareupna. Atuh lamun téa mah
maranéhna terus kitu, rék kumaha
ka hareupna. Sedengkeun Islam
sakumaha nu diajarkeun ku Alloh
sareng RosulNa hakékatna mahing
baramaén,
hirup
gumantung
paméré batur bari mumul digawé.
Anging, tangtosna ka jalmi anu
leres-leres teu mampuh nyiar
kipayah alatan aya kakirangan.
Dina hal ieu Rosululloh saw.
ngadawuh dina hadis nu hartosna:
"Sahabat Abu Dzar r.a. sasauran
yén Rosululloh saw, parantos
ngadawuh: Ya Aba Dzar, teu aya
pamikiran anu leuwih nyongcolang
batan mikiran kaagungan Alloh,
taya sikep waro anu leuwih agung
tibatan ngariksa diri tina baramaén,
jeung teu aya hiji hal anu leuwih
mulya tibatan ahlak karimah." (Riwayat Ibnu Hibban)
Kitu dawuhan Rosululloh saw.
nu enas-enasna ngémutan ka urang
sadayana sangkan mibanda ahlak
nu pinuji. Anapon salasawios ciri
ahlak pinuji téh nyatana ngariksa
diri tina sikep mumul kasab, terus
ancrub kana barangpénta atawa
hirup gumantung ka nu séjén padahal manéhna mampuh kasab.
Teu cekap asal mucekil
Angot nu geus kurenan atawa
geus boga tanggung jawab geusan
nganapkahan kulawarga mah
kedah leres-leres némbongkeun
kadeudeuh jeung kanyaah anu sajati. Jalmi anu leres-leres tanggung
jawab ka kulawarga mangrupa
gambaran mumin nu mibanda
ahlak pinuji. Hal éta sakumaha anu
kaunggel dina dawuhan Rosululloh
saw. nu hartosna:
"Sahabat Abu Huraéroh r.a.
sasauran yén Rosululloh saw.
parantos ngadawuh: jalma-jalma
iman nu pangsampurna-sampurnana imanna nyaéta anu panghadéhadéna budi parangina. Jeung
panghadé-hadéna
di
antara
maranéh nyaéta anu panghadéhadéna ahlakna ka kulawarga." (HR
Abu Dawud sareng Tirmidzi)
Dina kasab, kanggo kaom muslim mah teu cekap ku ngukur asal
mucekil, asal raos dituangna, asal
ngeunah sorangan kajeun ladang
nu papalimpang sareng qanun
agama. Da apan Alloh SWT miwarang ka urang sadayana yén dina
nyumponan kaperyogian padaharan téh, boh tuangreun boh leueuteun, di sagédéngeun nu halal téh
kedah anu saé nu nyumponan sarat
kaséhatan, gizi, sareng sajabina,
ulah dapon waé. Geura urang
lenyepan pidawuhNa:
"Hé umat manusa, prak dahar
anu halal jeung alus tina naon-naon
anu aya di ieu bumi." (Al Quran
surat Al Baqarah ayat 168)
Dina ayat sanésna kauninga:
" Hé jalma-jalma nu ariman,
prak dalahar tina rijki anu alus anu
ku Kami geus dibikeun ka
maranéh." (QS Al Baqarah ayat 172)
Kanggo ibadah
Kanggo naon urang barangtuang, barangleueut? Naha sakadar
ngajagjagkeun awak? Nyinglar
kasakit,
atanapi
sangkan
ngaraoskeun
kangeunahan?
Tangtosna urang salaku muslim
mah sanés ukur kitu. Sumuhun,
saatos kenging kanimatan, awak
Manglé 2453
16. jagjag belejag, aya pancén nu utami
nyaéta kanggo babakti ka Gusti Nu
Maha Suci.
Ku kituna, milari napkah téh
kedah dinawaétuan kanggo ibadah
karana Allah, tiasa ngariksa diri
salaku muslim anu teu sakadar
kénging rijki nu mangrupi matéri
sapertos artos, tapi kedah dijejeran
hukum syara. Naha nu dipilampah
téh halal atanapi haram. Dina hal
ieu jungjunan urang, Nabi saw.
ngawawadian deui dina hadis nu
hartosna:
"Sahabat Abu Huraéroh r.a.
sasauran yén Rosululloh saw.
parantos ngadawuh: jaga bakal
datang ka umat manusa hiji
mangsa nalika maranéhna geus teu
maliré cara digawé (nyiar napkah),
naha haram atawa halal nu penting
meunang pangasilan." (Riwayat
Bukhari sareng Nasa-i)
Kitu amanat ti Rosululloh saw.
yén sakedahna kaom muslim gawé
rancagé, teu tigebrus kana nyiar
rijki nu asal baé, asal meunang
pangasilan keun baé meunang
nipu, meunang nyangsarakeun
batur, meunang ngagasab duit
rahayat ku jalan korupsi. Kanggo
urang mah cara kitu téh mutlak
kedah ditebihan.
Ku kituna, nalika urang milari
rijki atanapi ngajalankeun usaha
naon baé peryogi dijejeran ku
modal anu utama numutkeun pituduh Alloh sareng RosulNa.
Jaman kiwari, réa jalma anu muka
usaha ngaheulakeun modal matéri
mangrupa artos. Sumuhun, artos
anu jadi tanggelan, abong-abong nu
diuudagna gé matéri wungkul. Atuh
usaha téh tisuksuk tidungdung
adug lajer teu émut kana waktos
kanggo ibadah boh solatna boh sidkoh angot zakatna sok asal kenging
artos satelebug carék babasan téa
mah.
Padahal dina kanyataanana
seueur anu tihothat kasab siga kitu,
tapi teu matak nyugemakeun. Sok
sanaos enya kénging artos tapi
artosna téh henteu matak mawa
kana kamaslahatan boh keur dirina
boh kulawarga atuh angot kanggo
nu sanés.
Naon atuh modal utama usaha
kanggo kaom muslim? Sakumaha
Manglé 2453
nu tos disanggemkeun di luhur,
nyaéta kedah tunduk tumut kana
pidawuh Alloh sareng RosulNa,
tegesna ngajejeran usaha ku modal
iman sareng takwa. Usaha naon baé
tanpa dijejeran modal nu utama
ieu, pinasti baris ngadatangkeun
balai atawa siksa ti Alloh SWT alatan pagawéanana.
Alloh SWT ngadawuh dina Al
Quran nu hartosna: "Mun téa mah
pangeusi nagri-nagri ariman jeung
tarakwa, pinasti Kami baris
ngalimpahkeun ka maranéhanana
barokah ti langit jeung bumi, tapi
maranéhanana
ngabohongkeun
ayat-ayat Kami téa, ku kituna Kami
siksa maranéhna alatan pagawéanana."(Surat Al A'raaf ayat 96)
Janten, sarat rijki jadi barokah
téh mutlak kedah dijejeran ku
kaimanan sareng katakwaan. Ku
iman, sagala rupi padamelan bakal
lempeng aya dina jalan anu
sakuduna margi dina dirina ngancik kayakinan yén naon rupa anu
dipigawé téh aya dina panalingaan
Alloh SWT. Atuh dina prakna ogé
panceg dina aturan Alloh sareng
RosulNa, tigin tarapti teu asal
usaha, tegesna ngamalkeun ajéninajén katakwaan téa.
Sawangsulna upami ngaleupaskeun kaimanan sareng katakwaan,
siksa anu baris tumiba boh di
dunya sumawonna di ahérat jaga.
Hal éta tos kabuktoskeun jaman
kapungkur sakumaha dawuhan
Alloh SWT dina Al Qur'an nu
hartosna:
"Jeung kacida réana padumuk
nagri anu ku Kami geus dibinasakeun anu geus sarukan-sukan dina
kahirupan dunyana, tah éta tempat
panganjrekan maranéhna anu geus
teu dicaricingan deui sabada
maranéhna anging sabagéan leutik." (Al Qashash: 58)
Mageuhan silaturahmi
Kitu dawuhan Alloh SWT
ngeunaan jalma-jalma anu naréangan harta tapi digunakeun keur
sakadar poya-poya, sarukan-sukan
nganteur pangajak napsu anu taya
euih-euihna, nyatana kabinasaan.
Mun téa mah nu kitu peta téh para
pamingpin, maranéhna geus migawé kadoliman anu pangaruhna
bisa tumiba ka saha baé kaasup ka
rahayat anu teu tuah teu dosa.
Ku kituna mugia urang ditebihkeun tina paripolah kitu. Samalah,
tina kasab téh sajabi kanggo
nyumponan kaperyogian urang,
upami aya langkungna nya dianggo
sidkoh. Margi sidkoh téh bagéan
tina ginulurna barokah ti Alloh
sakumaha nu diterangkeun dina
hadis nu hartosna:
"Prak manéh digawé nepi ka
boga pangasilan pikeun nyukupan
kabutuh sorangan jeung pikeun
sidkoh." (HR Bukhari sareng Muslim)
Tina ieu katerangan katawis yén
urang kasab téh teu samata-mata
milari kauntungan matéri kanggo
diri pribadi, nanging kedah ngandung ajen ibadah anu didadasaran
ku iman sareng takwa, salasahijina
nya ku sidkoh téa nu mangpaatna
keur
mageuhan
beungkeutan
silaturahmi jeung dulur papada
muslim, malah jeung sakumna
umat manusa.
Tegesna mah antara milari bekel
kanggo di dunya sareng ahérat téh
kedah saimbang. Upami urang tohtohan milari bekel kanggo di dunya
nya kitu deui kanggo bekel jaga di
ahérat ogé kedah suhud.
Dina hadis qudsi diterangkeun
nu hartosna: "Geus jadi hak pikeun
jalma-jalma nu baroga akal
sangkan maranéhna ulah diririweuh anging ku tilu perkara:
Kahiji kudu sibuk nyiapkeun bekel
pikeun poé ahir. Kadua, kudu ihtiar
néangan kamaslahatan kahirupan
dunya. Jeung katilu kudu néangan
kanimatan hirup tina rijki anu
halal."
Mugia urang sadayana kalebet
insan anu mibanda tatapkan iman
sareng takwa anu wedel sangkan
nalika kasab téh tetep diaping dijaring ku pituduh Alloh sareng
RasulNa. Nya kitu deui anak incu
urang tiasa neraskeun tapak lacak
urang anu saé, malah mandar
maranéhna henteu jadi bangbaluh
batur nanging mibanda sumanget
anu enya-enya dina nyumponan
bekel hirupna di dunya nya kitu
deui milari bekel kanggo jaga di
ahérat. Aamiin.
***
15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Hukum Khamar keur Ubar
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat, aya patarosan
ngeunaan khamar anu di urang sok dianggé landong (ubar) atanapi dijadikeun
campuran bahan obat-obatan. Patarosana,
kumaha éta hukumna? sim kuring
nyuhunkeun pedaranana, kalayan sateuacana ngahaturkeun nuhun.
Hamba Alloh
Rajamandala
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana sagala
rupi perhatosanana. Khamar nyaéta hiji
banda mangrupa cai (cairan) anu dihasilkeun tina sisikian atawa buah-buahan, kalawan ngagunakeun katalisator
(enzim) keur ngala saripatina, terus dijadikeun bagian alkohol. Dina ajaran
Islam, khamar hukumna haram, boh
digunakeun keur obat-obatan atawana digunakeun keur salian ti obat-obatan.
Malahan bisa jadi khamar mangrupa salah
sahiji sabab sumber polah kajahatan.
Hukum khamar ieu disebut dina Alqur’an
Surat Al-Maidah ayat 90, anu unggelna:
“Hé, jalma-jalma anu ariman, saéstuna
khamar, judi, sasajén, ngadu nasib kaasup
polah syetan, mangka prak jarauhan ku
aranjeun supaya aranjeun meunang
kauntungan”. Anu jadi pasualan, naha
meunang hukumna dina ajaran Islam
saupama khamar dijadikeun obat-obatan,
utamina dina kaayaan kapaksa (darurat).
Dina hal ieu para ulama béda-béda pamadegan, tegesna aya anu ngaharamkeun
jeung aya ogé anu ngameunangkeun.
Pamadegan kahiji, mayoritas ulama
(jumhurul ulama) sapertos ulama ti réngréngan madzhab Hanafi, Maliki, Syafi’i,
sareng Hambali ngagaduhan pamadegan,
yén khamar hukumna haram sok sanajan
digunakeun pikeun obat-obatan. Dalilna
nyaéta Q.S. Al-Maidah ayat 90 (sakumaha
anu tos disebat di luhur). Dina ayat ieu
disebatkeun, yén hukum khamar mutlak
haram, boh digunakeun pikeun obatobatan (medis) atawana digunakeun
pikeun non medis. Pamadegan ieu dikuatan ku dalil Hadits anu sumberna ti Abu
16
Darda, anjeunna nyarioskeun, wiréh
Rosululloh SAW ngadawuh: “Saéstuna
Alloh nurunkeun panyakit sakaligus jeung
ubarna sarta ngajadikeun obat pikeun tiap
jinis panyakit, mangka prak aranjeun
uubar jeung poma ulah uubar ku barang
anu haram” (HR. Abu Dawud). Hadits
sanésna diriwayatkeun ku Imam Muslim,
sumberna ti Tariq bin Suwaid al-Jufri.
Anjeunna naroskeun ka Rosululloh SAW
perkawis khamar anu dijadikeun ubar. Lajeng Rosululloh SAW ngadawuh: “Saéstuna khamar lain mangrupa ubar, malahan
mangrupa panyakit”. Seueur deui Hadits
anu negeskeun, yén ngagunakeun khamar
sok sanajan pikeun ubar, hukumna haram.
Pamadegan kadua, nyaéta ngameunangkeun ngagunakeun khamar pikeun
ubar, atawa kapentingan medis. Pamadegan ieu mangrupa pilihan (alternatif) ti
réngréngan ulama madzhab Hanafi,
madzhab Syafi’i sareng sabagian ti
madzhab
Maliki.
Sok
sanajan
ngameunangkeun, tapi ngabogaan syarat
anu kudu kacumponan, nyaéta: Kahiji, panyakit anu diubaran ayana di bagian luar
awak; Kadua, ayana dugaan anu kuat yén
éta panyakit bakal cageur ngaliwatan
ngonsumsi khamar; Katilu, henteu aya
ubar salin ti khamar; Kaopat, kadar
khamar anu digunakeun sacukupna.
Katerangan anu dijadikeun dalil pamadegan ieu nyaéta Q.S. Al-An’am ayat 119 anu
unggelna: “Ku naon aranjeun henteu daék
ngadalahar sasatoan halal anu dipeuncit
kalawan nyebut asma Alloh, padahal saéstuna Alloh tos ngajelaskeun ka aranjeun
naon-naon anu diharamkeun ka aranjeun,
anging meunang ngadaharna (ngagunakeunana) dina kaayaan kapaksa. Saéstuna
manusa lolobana nyaliwangkeun manusa
lianna ku hawa nafsuna tanpa didasaran
ku élmuna. Saéstuna Gusti Alloh Pangéran
anu langkung uninga ka jalma-jalma anu
ngaleuleuwihan wates”.
Dalil séjénna nyaéta Hadits anu
diriwayatkeun ku Imam Bukhari. Hadits
ieu nyaritakeun yén dina hiji waktu
Rosululloh SAW kantos nyarankeun ka jama’ah anu datang ti daérah Arinah
saupama henteu kabeuratan (dina
kaayaan kapaksa) supaya maranéhna nginum cai susu atawa cai kiih onta. Pamadegan ieu ogé ngagunakeun kaidah fiqih anu
unggelna: “Saupama dua madorot kumpul
babarengan, mangka anu kudu diheulakeun madorot anu kadarna leuwih
leutik”. Sajabi ti kitu, pamadegan ieu ngagunakeun kiyas (analog), tegesna nyaruakeun khamar jeung barang-barang haram
lianna, saperti daging babi, bangké, getih
jeung sajabana. Sakumaha dijelaskeun
dina Q.S. Al-Maidah ayat 3 anu unggelna:
“Diharamkeun ka aranjeun bangké, getih,
daging babi, daging anu dijadikeun sasajén
pikeun nyembah salian ti Gusti Alloh,
sasatoan anu paéh kacekék, atawa
dibabuk, ….”. Barang-barang haram ieu
meunang digunakeun (dikonsumsi)
saupama dina kaayaan kapaksa (darurat).
Sakumaha disebutkeun dina kaidah fiqih:
“Kaayaan kapaksa (darurat) bisa ngameunangkeun perkara anu haram”. Namung
kiyas saperti ieu henteu tepat, lantaran
saeutik ulama anu ngameunangkeun
ngadahar bangké atawa daging babi, atawa
naon waé anu diharamkeun tapi dina
kaayaan kapaksa (darurat), lolobana
ulama dina kaayaan saperti kieu leuwih
hadé milih sabar, salila masih bisa nahan
kalawan henteu nepi ka ngorbankeun
nyawa.
Ulama sanésna anu ngameunangkeun
nyaéta Syaikh Abdullah Niasih Ulwan.
Anjeunna nyebatkeun meunang uubar
ngagunakeun khamar dina kaayaan kapaksa, kalayan aya ogé sarat-saratna,
nyaéta: Kahiji, ngabalukarkeun bahaya
anu kacida gedéna pikeun kaséhatan
saupama henteu ngagunakeun khamar;
Kadua, saupama henteu manggih obat anu
halal salian ti obat anu ngandung khamar;
Katilu, éta obat kudu dipariksa heula ku
tim dokter muslim anu tos meunang
kapercayaan ti masyarakat.
Dumasar kana pedaran di luhur tiasa
disimpulkeun, wiréh khamar hukumna
haram sok sanajan digunakeun pikeun
obat. Tapi meunang ogé digunakeun obat,
saupama dina kaayaan kapaksa. Mung
mayoritas ulama nganjurkeun leuwih hadé
milih sabar tibatan kudu uubar ku barang
anu haram nepi ka manggih ubar anu halal
pikeun ngubaranana, lantaran sakumaha
disebutkeun dina Hadits, wiréh Alloh henteu pati-pati nurunkeun panyakit anging
Alloh nurunkeun ogé ubarna.*** Wallohu
‘alam.
Manglé 2453
18. Dies Natalis Unpas ka 53
Manjangkeun Lalakon
14 Nopémber 1960, Universitas Pasundan (UNPAS) ngadeg, ieu paguron luhur
nu aya dina papayung Paguyuban Pasundan geus némbongkeun saabregan karya
jeung karsana, bari puguh katara jangelekna jeung karasa mangpaatna ku balarea. Lalampahanna ieu paguron luhur
swasta nu aya di Bandung, Jawa Barat teh
ngadeg geus leuwih ti satengah abad (53
taun), geus bukti ngahasilkeun insaninsan linuhung anu dibarengan ku
Luhung Elmuna, Pengkuh Agamana tur
Jembar Budayana. Dina umurna nu sakitu Unpas geus nganteng sarta manjangkeun lalakon dina widang atikan.
Unpas anu ayeuna aya dina kapamingpinan Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup Sp.,
M.Si., M. Kom., (rektor), kaasup paguron
luhur anu legok tapak genténg kadék,
Umurna ge geus kolot naker, da ngadegna gé 14 November 1960 (taun ieu
geus 53 taun). Ti waktu ka waktu, ieu universitas téh terus mekar, meunang pangbagéa ti masarakat boh masarakat Jawa
Barat-Indonesia hususna boh masarakat
dunya. Bukti, Unpas kaseundeuhan nu ti
mana nu ti mendi kaasup nu ti mancanagara. Nilik kana jumlah mahasiswana,
Unpas téh kaasup salah sahiji paguron
luhur swasta di Jawa Barat nu boga mahasiswa panglobana. Tangtu eta kapercaya masarakat ka Unpas teu leupas tina
sagudang alesan. Kanyataan kitu, matak
gedé haté keur sing saha waé, lantaran ku
gedé karep nyiar pangaweruh, hartina
boga kahayang nambahan kamampuhan.
“Lembaga atikan téh kedah ngajantenkeun alumnina jeung ngagaduhan kamampuhan akademik sareng tiasa nga
larapkeun élmuna di masarakat,” kitu
kasauran Réktor Universitas Pasundan
(Unpas) Bandung sawatara waktu ka
tukang dina acara ‘Sapeda Santay’ (Funbike).
Pupuhu panata calagara funbike
Unpas, Dr. T. Syubarsah, SH., S.Sos., Sp1., MM., netelakeun, ieu kagiatan mangrupa agenda rutin taunan dina raraga
ngareuah-reuah dies natalis Unpas. Ti
taun ka taun, ieu kagiatan meunang
pangrojong anu kacida gedena ti saba-
Manglé 2453
Rektor Unpas, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup Sp., M.Si., M. Kom., masrahkeun hadiah sapeda
ka salasaurang patandang funbike unpas
baraha pihak. Demi nu jadi tujuan digelarna eta kagiatan, saur ieu Wakil Rektor
II Unpas negeskeun, dina raraga ngantengkeun tatali batin sarta ngaraketkeun
tali kawargian kulawarga besar Unpas
hususna, kulawarga besar Paguyuban Pasundan umumna. Pangrojongna kana kagiatan dies natalis Unpas taun ieu, ceuk
T. Syubarsah deui, hiji buktos pangdeudeul ngantengna katineung jeung
kanyaahna masarakat ka Unpas.
Nu marilu sapeda santey harita estu
tembong sarugema naker. Sajaba ti
haratis, oge aya anu mareunang ‘door
prize’, saperti sapeda. televisi, jeung hadiah-hadiah sejenna nu matak kataji.***
Karyawan Paguyuban Pasundan, milu kagiatan ‘funbike’.
17
19. Kuncén
Carpon Émha Ubaidillah Bratalegawa
P
anto tajug ngarekét, muka lalaunan. Kuring ngelol
keun sirah ka jero,
aki-aki limaan keur wiridan
sarérés salat magrib, kacaangan lampu semprong nu némbér luhureun palang dada.
Lebah paimbaran Si Abah
nyanghareup ngalér mupuhuan saréréa.
Teu lila, ngarudar sila. Kupkop kana kolor jurueun rohangan. Geblus kuring ka jero.
Demi Si Abah kalah ngajurungkunung deuk nuturkeun
jamaahna ka luareun tajug. Si
Abah téh aki kuring, alias bapa
indung kuring. Teuing ti iraha
pada nelah abah, da indung gé
kitu ngaabahkeun.
“Deuk ka mana Bah?” kuring muntang kana pigeulangna.
“Deuk mupuhuan tahlil di
lebak. Henjung kituh geura
ngaji!” Si Abah tonggoy, jrut
kana golodog tajug, kituna bari
nyekés-nyekés panékér.
“Ngilu!” kuring ngagorowok.
“Pan waktuna ngaji manéh
mah?”
“Peré, Bah. Malem Jumaah
ayeuna téh!”
“Aéh heueuh. Pupulih heula
atuh ka indung manéh!” ceuk
Si Abah bari ngajengjen dina
batu nemprak handapeun
golodog.
“Awas mun teu didagoan!”
kuring ngaberetek bari
ngongkoyangkeun sarung. Teu
ieuh lila, pira kahalang tilu
imah. “Maaa, endeuk ngilu
tahlil ka Si Abah!”
Beretek balik deui teu merlukeun jawaban entong-henjigna. Pabeubeurang unggal
balik sakola, mun euweuh babaturan nu nyampeur, sok
ngadon ngaliher di tajug.
Resep ngalonyéng ngolég
sababaraha urang kolot paro
abad anu ngahaja dialajar tuturutan reujeung rarakatan
salat ka Si Abah. Cenah
18
maranéhna téh urang pawétanan Bandung, purah
mangkalan macul. Malah nu
saurang mah mekel munding
sagala. Matuhna di kebon awi
Haji Sambas, jalma pangbeungharna di lembur kuring.
Tapi mimindengna mah
marondok di tajug.
Teuing ti iraha Si Abah
matuh di tajug deuih. Pada
nyebut Abah kuncén Pasir
Pogor. Nu nyaho mah purah
beberesih di lahan pakuburan
umum tegal Pasir Pogor.
Hirup nyorangan da si ninina
geus sah ti dunya teuing jaman
mana. Cenah mah ti méméh
brol kuring. Selaeun pancén
nu poko, gawéna ruat-raut,
unyum-anyam, boh pihi-
hideun boh pibobokoeun, piayakaneun, jeung piaseupaneun. Malah aya kalana sok
dibekel ka saung kuburan.
Baréto mah méméh asup SD
kuring ku Si Abah mun ka
mana-mana sok diaakod. Ayeuna mah geus gedé éra ku
batur, katambah Si Abahna
geus sakitu kakolotanana.
“Ari Abah, naha maké diaranan Bah Kuncén?” ceuk
kuring dina hiji soré basa Si
Abah keur ngadeluk nganyam
hihid.
“Nyao teuing atuh. Meureun
pédah Abah sok pirajeunan
kurad-koréd di astana wé,”
walonna bari jongjon
ngarungkal-ringkel sebitan
awi.
“Hartina kuncén téh naon
atuh?” kuring nyoksrok jero
baning ku teu nyaho.
“Kuncén mah tina kecap
kuncian. Jelasna mah tukang
nyekel konci atawa juru kunci.
Di sawatara pajaratan Walanda atawa para ménak sok
dikeben ku pager beusi anu
kacida weweg. Gerbangna
merlukeun juru tugur anu maneuh tur matuh geusan mancén nyepeng koncina. Tah, nu
kitu téh disebutna kuncén.
Meunang gajih tur pangrojong
ti panguasa pédah sesebutanana jadi umum tur
pancénna ngarancabang teu
ieuh kaperhatikeun jeung teu
ieuh mikiran buruh!” Si Abah
ngaréng hap heula, jegoh-
Manglé 2453
20. jegoh batuk.
“Atuh Abah gé digajih ku
Walanda?” ceuk kuring palahak-polohok.
“Ja henteu atuh da lain
nguncénan kuburan ménak
jeung kuburan Walanda. Jaba
Walandana gé geus baralik
deui ka nagarana!”
Sawaréh mah, ngageleng jejeran Si Abah bieu téh jadi
padungdengan batin tur
kareueus anu nyongcolang.
Keur mah enya Si Abah téh
nya aki kuring nya guru munggaran nu ngawurukeun tuturutan, babacaan solawat, jeung
babacaan tahlil méméh kuring
dijajapkeun ka ustad kiduleun
lembur. Malah asa beukah
irung basa kuring ku ustad
sepuh dituduhkeun; tah budak
ieu incuna jalma sakti mandraguna. Panya téh heueuh, Si
Abah bisa hiber, jago gelut tur
bisa ngaleungit, horéng cenah
ahli ibadah tara pecat i’tikaf di
tempat pangsalatan. Émbohna
purah tutulung ka sasama.
Dilenyepan mah da enya
ongkoh kuncén tapi paneumbleuhan karerepet saréréa.
Memener nu misalah, nambaan nu hésé ngajuru, nyébor
budak harééng. Encan
mupuhuan hamin tepi ka luareun lembur. Jigana dua
puluh opat jam téh kaeusian.
Kungsi keur mondok maturan di tajug tengah peuting
keur jemplang-jempling, aya
anu ngagugudrag ménta dipangnambaankeun budakna
anu kasurupan dadakan. Enya
gé can denger bener, mungguhing lilinggeran mah geus
ngancik. Basa harénghéng
urang lembur, cenah di astana
Pasir Pogor sok kawénéhan
aya ririwa peuting-peuting,
nyarebutna teh jurig Cai lebak.
Aka Enjum susumpahan
ningali dikieuna, Bi Bacih
dadaék meduan, Ma Apung
nyakitu deui. Antukna érka
Tata ngeprik balad réngréngan
érté jeung hansip geusan
ngabuburak ririwa Pasir
Pogor.
Dua minggu ti harita. Kuring kungsi nyeri haté. Enya gé
pangawakan bebenjit. Teu
deuk kitu kumaha, horéng anu
disarangka ririwa Cilebak di
astana Pasir Pogor nya Si Abah
pisan. Pangna kekelemetan
Manglé 2453
peuting-peuting nyatana keur
mancén nadran sakaligus nyébor kuburan anu anyar dikaluat hirasan kulawargana.
Sababaraha taun ti harita, kasurung awak nu ngagedéan
ulin téh rada lampar teu pati
idek liher di tajug, nyahonyaho pabeubeurang érka, érté
jeung para hansip arambekambekan pédah geus saminggu lahan pakuburan
ngajejembrung euweuh nu
ngored. Si Abah kateumbleuhan pada ngomongkeun.
Nyeri haténa mah nataku.
Coba mun Si Abah kawas
kuncén di makom karamat,
pada ngarajénan, sung-song
udud jeung amplop eusi duit.
Nya kapeto kiyai nu masagi ku
pangarti. Nyaho makam karamat téh pédah wé kungsi diaakod ka makam peuntaseun
Citarum, cenah makam wali.
Teuing, asa inget asa henteu
barina gé da Si Abah nu
dokohna mah. Berengbeng
muru tajug. Gebeg. Si Abah
teu nyampak. Unggal juru
ngaleuya kokotor, bau mah
geus teu kacatur,
“Abah...abaaah, di mana?”
taya nu némbal.
Dirigdig ka lebak. Kira lima
welas léngkah ti tajug, maksud
deuk ka tampian. Gusti! Ngahelas liwat saking ngabandungan Si Abah keur ésod-ésod
an muru pancuran. Kolor
jeung kamprétna teuing ku
beyedug, kokotor galo jeung
taneuh garing.
“Abaaah!” kuring ngadingdiut bari teu bisa kukumaha. Rob wéh tatangga,
ngadon lalajo. Gusti! Tepi ka
taya nu nangénan mun geus
sababaraha poé Si Abah gering
ripuh. Ti harita, ku bapa kuring diperenahkeun di rohang
goah nu geus beunang
mémérés. Leuwih ti dua taun
mah guyang getih guyang
kokotor. Sakur nu sok jul-jol
ménta tamba lus-les teuing ka
mana. Atuh nu ngaranna pangurus asa tara kaparengan lolongok. Méh saban usik, Si
Abah ménta dirajel saawakawak. Nya kuring nu katempuhan ngagawéanana da ku
lanceuk disuntrung-suntrung,
“Tah bagéan silaing, urusan
puncat-pencét mah!” pokna
téh. Biur wéh kabur. Méh
saban waktu gegerungan bari
pok deui-pok deui, “Gustiiii,
mun pidamangeun bari maslahat, mangga geura damangkeun. Upami sawangsulna,
bari dina pangkon pangapunten Gusti, mangga geura pundut nyawa abdi lailaaha illa
anta subhanaka inni kuntu minazh-zholimin...!” Kitu jeung
kitu wé, “Engké mun Abah
geus rup ku padung, tah tasbé
jeung setambul wungkul keur
manéh!” kituna bari ngajungjungkeun tasbé butut ngan
mun kaiuhan jug hurung jigah
néon laju nunjuk kana galar,
kana qur’an leutik sahandapeun dus korék api.
Sakalieun ka cai lebak, jalan
ka astana Pasir Pogor mani
hayang sahing-hingeun ceurik.
Babakuna ku ningali wewengkon pakuburan nu teu kaurus
jiga sayang Si Garandong.
Sanggeus leuwih ti tilu puluh
taun sarta ngawelas taun di
pangumbaraan, kuncung-kuncung aya aki-aki, taya lian Aki
Tarsid, masih tatangga kénéh
kahalang sababaraha imah.
“Nyéta nembé kaémutan,
Jang. Dupi Ujang téh sanés ti
wewengkon Baraanta téa?”
pokna sanggeus sasalaman
laju andékak di téras hareup.
“Leres Ki. Wewengkon tapel
wates Soréang- Kutawaringin!” walon téh giak.
“Asa nyéngcélak dina lelembutan. Baréto keur jaman
mangkalan macul ka wewengkon dinya, aki téh sok
ngéndong di hiji tajug sisi jalan
kahalang susukan leutik.
Ngadon guguru unyumanyam, alip-alipan.
Diteruskeun diajar rarakatan
salat. Malah béh dituna diwaris wewesén paragi
memener pacul atawa linggis
mun kaparengan rompang
atawa bingkeng,” Aki Tarsid
ngenyot heula dangkawungna,
gentak nanya, “Kumaha tah
Ki, kataékan teu?”
“Nyéta henteu. Kaburu mulang ka dieu. Ana nimu béja
cenah Si Abah geus taya dikieuna,” laju ngarénghap, gurat
hanjeluna natrat, “Kungsi mapadonan ka aki téh; cenah
mun kami geus sah ti dunya,
ceuk sakali dina saumur ilaing
hayang dijarahan, mangdungakeun kasalematan
sakeur di alam kubur.”
Satékah polah pipikiran kuring diputerkeun ka tukang
tepi ka buburicakan kawasna
kagésrék ku atmosfir, “Tah
palih manaeun tajug, lembur
teh Ujang?” Aki Tarsid ngagerencem.
“Di dinya pisan Ki,” témpas
kuring bari nyodorkeun
ududeun, “Mung da tos teu
aya tajugna gé kagentos wangunan imah.”
Aki Tarsid unggut-unggutan, deuk pok dipiheulaan ku
kuring, “Sanés Ki, dupi abahabah anu diguruan ku aki téh
saha jenenganana?”
Aki Tarsid ngahuleng. Sirahna tanggah jiga milang
gundukan haseup di jomantara, “Ké ké lebeng Jang.
Malah sok ngangakod incuna
anu bangorna teu adeuh!”
cenah ngundeur panineungan,
imutna mancawura selaeun
huntu nu teuing saberiji deui.
Tikoro asa nyelek. Bleg rupa
Si Abah, allohumma ighfir laka
Ya Alloh, Abah! Rumasa sok
ngadoréksakeun. Sok ngabarungsinang mun aya paménta.
Ras kana titinggalna anu ayeuna teuing di mana, heu tasbé
jeung setambul. Meureun
aslina mah mihapé atikan
sangkan kuring teu tinggaleun
nasbé alias nyebat asma Mantenna. Laju satékah polah daék
leukeun neuleuman tur ngamalkeun eusining papagon
alqur’an alias setambul téa,
ighfir lahu Yalloh.
“Sanés Bah Edi jenenganana
téh. Lengkepna mah Abah Junaedi?”
“Tah éta pisan, Jang. Gening
Ujang ninga?” Aki Tarsid langsung némpas ngaenyakeun.
“Mun percanten mah, anjeunna téh pun aki. Sedeng
bebenjit bangor anu purah
dioongkléd téh nya abdi
pisan!”
“Kutan?” Aki Tarsid tangka
ngarangkul, “Alhamdulillah dilawungkeun. Meureun teu
kudu jarah ka ditu. Cekap wé
ka Ujang gé!” pokna deui.
Kuring unggeuk. Aya nu
nyangkrung dina juru panon.
Tegalluar, awal september 2013
Panglawungan 13
19
21. D Tanda
ikeresakeun
tepung deukeut basa anjeunna nga
langkung,
sabot kuring keur ngadaweung, nyérangkeun barudak di buruan. Basa kuring
keur nganjang ka lanceuk
awéwé panggedéna di Rajadésa. Anjeunna teu narah
nyimpang bari ukur na terlas gé kanjat kaburu debrol
najan teu sabraha.
“Tos kagungan bati
sabara hiji Lis ayeuna?”
“Tuh Kang, satilu-tilu
nuju cecekapna.” nunjuk ka
nu keur tingalacrit di jalan.
“Pacaraket nya.
Salangkung mah janten
katawis badé sapantar.”
“Muhun Kang, digeber
kejar targét, hé hé. Dupi
Akang tos sabaraha? Mana
atuh Tétéhna, teu ngiring ka
dieu?”
“Hé hé, mani ditargét.
Akang mah nuju ngantos
kénéh, Lis. Pun bojo muhun
teu ngiring ka dieu nuju aya
wagelan.”
Obrolan éta nu kainget
téh. Anjeunna rusuh keur
aya urusan. Diajak ka jero
ku Euceu gé teu keresaeun.
Meupejeuhanan nganjang
ka bumi sepuhna malah
ngajak harita kénéh. Meungpeung anjeunna keur
aya di dieu cenah. Teu taun
kali tepung. Duka gatra, teuing enya. Da peutingna badé
ngabujeung mulih deui ka
lembur matuhna di Majalengka. Dinuhunkeun wé.
Ngan lebah sanggup nohonan mah sami teu kaburuna
kuring gé. Isukna rék mulang deui ka lembur.
Babakuna mah teu purun
ongkoh.
Peuting di imah Euceu.
Sanggeus barudak talibra
saré, kuring jeung Euceu
uplek nguruskeun sagala
rupa. Ti mimiti masalah
poko, nyaéta badami arisan
kurban kulawarga jang taun
hareup, tuluy brus-bras ka
mana karep. Da jeung
lanceuk gé teu taun kali
20
Carpon Onnok Rahmawati
Manglé 2453
22. geus pada-pada rumah
tangga mah, boh kumpul
ngariung atawa silih anjangan kalayan tuluy ngéndong
téh, ari lain perkara penting
kayaning papait atawa mamanis mah.
Selang sekar jeung debrolan téh pikir mah inget waé
kana paguneman tadi beurang jeung nu nyimpang.
Panasaran. “ Euceu...
Euceu sok sering tepang
sareng istrina Kang
Dadang?”
“Kapungkur mah uhun.
Da ka darieuna sok aleutabring. Ayeuna mah langka.
Komo tas aya étaeun mah.”
“Étaeun naon?”
“Lah jadi nyiru rombéngeun. Elis mah tuda
langka ka dieu, moal apal.
Tos aya taunna teu hadé
jeung mitohana.”
“Mitohana? Teu hadé
jeung ibu ramana Kang
Dadang? Apan saurna
mantu istri kameumeut, nu
sakitu dipuja-pujana, si
geulis, si pinter si mawat.
Maenya teu hadé?”
“Ah, kateuing. Euceu gé
selenting ti batur. Iwal ti aya
nu pararenting wungkul
ngiring mulihna téh. Éta gé
sok sakolépatan. Di ditu baé
mun nganjang lami mah di
ibu ramana.”
“Pédah naon atuh Euceu?”
“Pédah gabug meureun.
Teu daék waé méré incu.
Cenah mah Dadangna dipiwarang ngawayuh ku
sepuhna téh ngarah boga turunan. Nya pamajikan mana
atuh nu rido lilah kitu waé
sing enya gé awak sorangan
boga kakurang.”
“Masya Alloh teuing. Ari
Kang Dadangna?”
“Ih, Dadangna mah
pengkuh. Jangeun nyangkirangan sagala rupana
ngarah bérés roés ka ditu-ka
dieu. Saheulaanan mah
meureun pamajikan bedang
arang nganjang ka mitohana
keun bé teu diopénan.
Kolot hayuh waé ninitah
néangan awéwé deui, teu diwaro. Tapi duka kétah wal-
Manglé 2453
lohu alam, saha nu terang.
Ngan nu kabandungan euceuk batur mah kitu.”
Kuring kudat-kudet kana
jingjingan. Néangan wadah
wedak nu aya eunteungan,
teu kapanggih.
“Ceu, aya kaca eunteung
alit teu?”
“Jang naeun atuh? Itu
kapan kaca caket meja
makan sakitu badagna.”
“Aéh enya.” Kojéngkang
kuring muru gedah nu
naplok di rohang makan.
Nagen meleng hareupna
kujur nu teu dipiceun
sasieur.
Kitu ujratna nya kitu témbongna. Srog beungeut
dideukeutkeun kana eunteung. Diteuteup lila.
“Ceu...!” ngagentraan
Euceu.
“Kumaha?”
“Istrina Kang Dadang
kacipta beuki geulis baé nya.
Komo asak urus hadé omé.”
“Ah, biasa wé kakurung ku
uumuran sakitu. Malahan
mah karunya basa lebaran
kamari gé tepung keur
musapahah raya, mani asa
beuki kuru. Paroman alum.
Raray nu tadina luis téh renung ku hunung, balas ngaheungheum sagala rasa wé
meureun jadi setrés.”
“Tapi pan rarayna teu aya
tandaan jiga Elis.”
“Elis téh sok ka mana
karep, Ngalemétan pikiran
bedan kitu. Ka dieu tong
ngaca waé, pamali.”
Eunteung angger diteuteup. Gambar diri sawaluri.
Mata anteb kana tanda
bodas nu ngelemeng dina
tengah-tengah pipi belah
kénca. Nu ceuk élmu puhitan sepuh Kang Dadang
mah cenah tanda kitu téh
matak teu mawa maunat
kana rumah tangga. Mun
boga anak bakal aya mamalana. Komo dijumlahjambléh jeung itungan wedal
katut nu séjénna.
Caritana téh kieu; alatan
kuring remen nganjang ka
Euceu di Rajadésa. Kuring
tepung jeung hiji lalaki
tatangga jauh Euceu. Saban
kuring ka Euceu jadi mindeng nganjang, sok api-api
waé boga urusan ka carogéna Euceu. Horéng téh
ngahélaran. Da teu lila téh
enya kitu, kumaha wé
petana ari nu naksir. Nu
ngajak wawanohan ditarima. Sarua boga pikir
kadua leutik. Dina dedempoan kuring keur kasép téh,
pinter, soméah. Tina wanoh,
mindah kana wanoh pisan.
Jadian wéh mun ceuk bahasa barudak ayeuna mah.
Ka ditu-dituna remen
nepungan lain ukur keur di
Euceu waé, tapi wantuneun
nyusul ka imah. Kuring geus
sawawa, Kang Dadang manjing rarabi. Kedal ka Ema, ka
Apa, maksad ngajak kuring
nepungan sepuhna.
Teu réa catur kolot mah,
ngempékkeun asal bener wé
paniatan enya-enya. Ngémutan téa mah kolot kuring
gé ka Kang Dadang téh, miwarang sing asak-asak nya
ngéjo bisi tutung tambagana.
“Da Elis mah sakitu ayana.
Jisimna, teu punjul rupa.
Teu pangabisa, kolotna gé
teu tahta teu harta,” saur
Apa téh.
Kuring ngiclik nyumponan pangajak beubeureuh.
Nganjangan calon mertua.
Ari pék téh, sadatangna ka
nu di tuju, alahmanan jadi
pasakitan. Ari jol, méméh
disodoran cai gé disampakkeun introgasi. Ti mana,
turunan saha? Ngarah
nyambung cenah, da kulawargi Kang Dadang mah
seuweu-siwina para ménak
turunan pangagung. Mani
ditataan ti udeg-udegna
mula. Teu kakantun medar
perkara repok jodo. Ka
tanda-tanda dina awak teu
sirikna dikotéktak. Terus
terang batin mah ti harita gé
geus teu mangga pulia.
Kaerong mun dipaju téh
pirengkeleun. Réa kacaturkeun sok aya mitoha
jeung minantu teu timutimu kaakuran. Komo ieu ti
anggalna geus kitu galagat.
Kacaturkeunana, acara
nganjang lekasan. Kuring
balik dina kaayaan geuneuk
émutan. Sababara poé ti
saprak tas dicandak nepangkeun téa, kurunyung Kang
Dadang ka imah. Nyandak
béwara. Hasilna téh cenah,
numutkeun itungan
sepuhna Kang Dadang, kuring jeung Kang Dadang réa
teu repokna. Harepan asih
peunggas sapada hartia. Ti
kuring nu teu éléh neukteuk
leukeur, bongan asa diteungteuingan pira ku tanda.
Teu aya ampun, teu méré
ombér, tina raheut haté kuring harita, ka Kang Dadang
nu rék milih pejah tina aturan kulawarga demi nyaahna ka kuring.
Geringna haté kaitung lila.
Nepi ka datang mangsana
meunang panglipur, tina
asih hiji lalaki nu katut kulawargana teu mandang sué
kana tanda na pipi kuring.
Komo undur waktu mindah
jaman réa ubar jeung
tehnolohi nu bisa ngilangkeun tanda. Najan kitu
salaki téh jeung nitah mah
kalah tausyiah ngeunaan
élmu tumarima kana nu tos
dipasihkeun ku Manten-Na.
Jeung enyana da si tanda téh
teu sagedé tampir ieuh. Mun
diukur gé tibang saséntian.
Ditilaman wedak gé liput.
Malah mimindengna mah
dilagar teu didempulan, teu
majar ngurangan nyaahna
salaki ka kuring. Malah euceukna téh, “Saé kitu Embu,
alami.”
Atuh jeung mitoha, teu
kanjat aya dongéng mertua
nyilibkeun minantuna alatan tanda. Najan kuring teu
nyandak mawat beurat beunghar, nanging berekah
hirup kaitung cukup bisa
dahar tiasa nganggé, budak
gé satilu-tilu lalucu kacida.
Kameumeut indung-bapana,
katut ti ditu-ti dieu, nini
jeung akina.***
Ciamis 1 Oktober 2013
21
23. Dipahing Mandi !
Carpon Rizky Prasasti Anwari
T
euing kumaha.
Da enya atuh
taya hiji-hiji
acan perusahaan asuransi
nu muka produk asuransi
kabagjaan. Jaminan
urang keur bungah.
Kapan sakabéh jalma gé
mikahayang bajga. Paheula-heula moro bagja.
Nyukcruk tapak-tapak
kabagjaan di jero pagawéan, di jero kaulinan,
di jero pasangan, di jero
naon-naon waé nu ngamungkinkeun méré kabagjaan. Naha saha atuh
di ieu dunya anu bisa
méré jaminan kabagjaan?
Gusti? Tapi cara gawé-Na
béda. Urang teu bisa
meuli polis atawa dokumén nu eusina perjanjian
antara urang jeung si
pihak asuransi. Urang teu
bisa méré premi deuih.
Atawa éta téa iuran nu
dibayar ku urang ka
pihak asuransi. Ka Gusti
mah ukur ku ngalaksanakeun paréntah-Na gé
pasti laksana bagja. Tapi
sakali deui, cara gawé-Na
béda jeung perusahaan
asuransi.
Enya meureun. Cara
mikir kuring salah.
Meureun moal aya jalma
nu bisa méré jaminan
kabagjaan. Meureun euweuh hiji jalma bisaeun
ngajamin kabagjaan
jalma lian. Ngajamin
kabungah dirina gé
meureun héséeun.
Tapi da teu salah ieuh,
idé asuransi kabagjaan gé
mangrupa hiji perkara nu
hadé. Loba jalma di ieu
dunya nu teu bagja kana
22
Manglé 2453
24. naon-naon waé nu
disanghareupan, utamana ka dirina sorangan.
Aya tukang béca nu kudu
angger seuri saban manéhna meunang panumpang lintuh; tur teu
meunang luhlah mun
pareng balik anakna
ménta sapatu anyar keur
ka sakola.
Kabagjaan téh gumantung kana diri sorangan.
Lamun kabagjaan dirina
teu bérés, mangka kabagjaan nu kumaha baé ogé
nu aya di ieu dunya moal
bisa nganteur manéhna
manggih bagja. Tah kumatak éta, asuransi
kabagjaan téh benerbener dipibutuhna. Jadi
mun kabagjaan leungit,
urang bisa ménta ganti
rugi.
Kitu deui manéhna.
Awéwé nu ti tatadi sasaréan gigireun kuring.
Awéwé nu ku kuring
dipikanyaah, nu ku kuring dipikareueus, sakaligus nu ku kuring dipika
cinta. Pungky. Kuduna
mah si Pungky gé boga
jaminan keur bagja.
Manéhna mampuh
nerangkeun filosofi cinta
ka ditu-ka dieu.
Sedengkeun kuring? Kuring sorangan can kungsi
medarkeun naon-naon
perkara cinta. Nu karasa
téh, kuring kacida mihaat
ka manéhna. Sabisa-bisa
kuring hayang tuluy babarengan. Duaan. Kuring
yakin, duaan jeung manéhna bakal hasil dina
gawé bareng ngabina
naon waé. Pon kitu deui
rumah tangga.
***
“Pras, aku mandi dulu
ya!” cék manéhna bari
hudang. Tuluy imut.
Sanggeus kuring unggeuk, manéhna leos muru
Manglé 2453
kamar mandi.
Si Pungky mun mandi
sok lila. Apal pisan tuda.
Sosobatan gé geus liwat ti
tilu taunan. Bari nungguan nu mandi, kuring
maca buku deui. Suku
disanghujarkeun kana
méja. Heuleut lima belas
menit manéhna kaluar ti
kamar mandi. Geus maké
baju genti. Geulis. Geura
pék tingali.
“Pras, kamu tahu kenapa aku lama mandinya?” manéhna muka
obrolan bari ngésétngését anduk kana buukna. Padahal hayang pisan
méré jawaban kilat siga
kieu, “Supaya awakna
beresih. Atawa supaya
engké teu mandi-mandi
deui.” Tapi kuring teu
némbal.
“Di saat mandi. Aku
hampir tidak mendengar
apa-apa. Selain suara air
dari keran. Bunyi sikat
gigi dan bunyi sabun
yang aku gunakan itu.
Aku nyaris tidak memikirkan apapun walau
hanya terhitung puluhan
menit. Aku damai. Aku
tenang sekali. Duniaku
menyempit. Yang aku
pikirkan hanya bersabun,
bersampo, menggosok
gigi, dan membilasnya.
Hitungan menit, Pras!
Tapi berarti banyak. ”
manéhna mairan deui.
Kuring neteup manéhna. Katémbong sedih.
Panonna reumbay cimata. Kuring nutupkeun
buku tuluy milih nangkeup manéhna, “Sudah
Pung. Sudah! Sampai
kapan kamu mengharapkan dia? Orang yang tak
pernah hadir di saat
kamu paling membutuhkan dukungan. Orang
yang mungkin memikirkan kamu sepersejuta
dari waktu kamu yang
kamu habiskan untuk
melamunkan dia! Orang
yang ga tahu kalau kamu
harus pergi berlama-lama
mandi hanya untuk tidak
memikirkannya!” témbal
kuring bari ngusapan
tonggongna.
“Kamu ga ngerti, Pras!
Ga ngerti!” manéhna
némpas, “Ini cinta sejati!
Mudah-mudahan suatu
saat nanti kamu mengerti!” cék manéhna bari
ngalepaskeun tangkeupan.
“Itu kebutaan sejati,
Pung. Sadar!” témbal
kuring nyeuneu.
***
Méh nincak sataun dina
saban poé kuring teu
dibarengan ku Pungky.
Sono. Sono paduduaan
jeung manéhna. Sono
gogonjakan jeung
manéhna. Komo ieu,
sono nungguan manéhna
mandi. Kapan enya,
manéhna nu ngusumkeun mandi lila téh. Tuh
tingali! Di sapanjang
jalan ayeuna mah loba
tempat mandi. Di dayeuh
ngajajar wangunan-wangunan anyar nu dijudulan “titik titik..restaurant
and bathroom” atawa
“titik titik… bathroom
and spa”.
Ramé waé deui tempatna gé. Pinuh. Payu
pisan ku anu rék néangan
kabagjaan. Ku nu rék
mopohokeun masalahmasalahna. Ku nu rék
ngilangkeun kacapé. Cara
si Pungky, baréto. Carana
mah bébas. Aya nu mandi
gujubar-gujubur waé. Aya
nu bari nyanyi. Aya nu
bari ceurik. Aya anu bari
gogoléran jeung réa-réa
deui. Asal teu liwat tina
waktu nyéwa. Hargana
béda-béda, kumaha lilana
nyéwa. Nu kuring apal
mah kieu: satengah jam
35 rébu, kamar mandi
biasa; 45 rébu, kamar
mandi plus TV, jeung 70
rébu kamar mandi VVIP.
Tok tok tok! Sora panto
diketrokan. Kuring muru
panto. Barang srog dibuka, “Pras! Bapa aya? Itu
loba nu démo!” cék Pa
Lurah guligah.
Ngomongna rusuh.
“Teu aya. Kunaon bet
darémo kitu Pa lurah?”
kuring panasaran.
“Itu, tukang miras, nu
boga pub, nu boga diskotik, nu boga bar, bandar
narkoba, ngararamuk!
Alatan éta, loba nu muka
tempat mandi.
Maranéhna jadi teu
parayu!” témbal Pa
Lurah. Teu semet dinya
masalahna. Loba laporan
ti masarakat, ti kolotkolot siswa, ti guru-guruna, ti bos kantor,
malahan Pa Presiden ogé
ngiring sasauran. Yén eta
tempat kudu ditutup,
sabab loba ngabalukarkeun masalah. Loba
barudak nu teu asup
sarakola ku lantaran
mandi. Loba barudak nu
kabeurangan indit sakola
lantaran mandina lila.
Loba pagawé-pagawé
kantor nu teu indit gawé
lantaran mandi. Loba pagawé kantor nu kabeurangan indit gawé lan
taran mandina lila. Pon
kitu deui para pejabat
daerah. Enya kitulah.
Isukna, bapa kuring
salaku Walikota nutup
tempat-tempat mandi di
dayeuh ku lantaran ngabalukarkeun masalah.
Tuluy aya aturan anyar di
unggal daérah: Dipahing
mandi! ***
Isola, 4 Nov 2013
*) Riky Prasati Anwari, mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa
Daerah FPBS UPI Bandung
23
25. Carita ti Alam Gaib
D
i hiji imah nu
nenggang jauh ka
tatangga.Harita
téh geus peuting,
geus réhé jeung
simpé. Tatangga gé meureun
talibra jeung karérék.
Pada nyebut ludeungan
pedah kuring sorangan di éta
imah téh. Malum di pangumbaraan. Betah teu betah ge
kapaksa, mun lain tugas mah
moal gé kitu. Keur saré téh,
nyah beunta hideng sorangan. Rét ka jura kamar,
lampu centir témbok, ngaleutikan. Peuting keneh tapi leungit pitunduheun. Kalah
panon nyileuk baé gular-giler
dipeureumkeun ogé henteu
daékeun reup.
Awak ngadadak leuleus.
Embun-embunan kekerenyudan. Angen nyeri jeung haté
sumeblak asa lalewang teu
puguh rasa. Meunang
sababaraha jongjongan
samar pipikiran.
Sora cihcir jeung kérélék
cai di pancuran nambahan
jemplingna peuting. Kalakay
dangdaunan di pipir imah
tingkérésék kagasir angin nu
maju nguIon.
Geblag-geblig di pipir imah
sada aya nu leumpang. Paling
kulit jantung cau murag, ceuk
haté memener jajantung nu
ngadadak ratug.
Hiuk angin anu moncor
tina bilik meneran embunembunan. Karasa nyecep
kana angen.
Hmshs ... irung ungasingus.
Salin aambeuan. Sareungit
kembang kananga diganti ku
meledingna bau menyan
24
Ku Ki Kamal
campur setenggi.
Reket, di gigireun awak
sada aya nu ngilu diuk. Bau
menyan beuki nyesek kana
irung, Tep ... lebah embunembunan sada aya nu ngusap
terus rasa kana haté. Ambekan bangblas asa lega. Ngan
tetempoan jadi ngalangkang
samar. Kerenyed indung suku
asa aya nu ngutek-ngutek.
Jeung leungeun ngangkat sorangan nangkeup harigu
tuluy ngusap beungeut.
Leng — ceuli jempling ku
dedengean. Ngahieng tapi teu
katorékan. Pikiran leungit
tapi sadar.
“Gus ...Gus ... Gus
Déngé aing rék nyarita”. Nu
ngagero ti mana boa mani
tembres.
Astagfirullah. Teu ditembalan da sieun sétan téa.
”Gus ... Gus ..., Gus!’’ Sora
datang deui mani écés. Kana
ceuli ti beulah kénca.
”Gus ... Gus ... Gus! Aing
mah lain jurig, lain dedemit.
Ulah geder ulah reuwas. Aing
rék talatah!” Sora datang
pegat-pegat. Kana haté tembres, nyeredet. Sidik sora
lalaki nu geus kolot.
"Agus ... Agus ... Agus! Aing
datang ka sia tunggal kénéh
sarundayan. Aing dulur sia!”
"Saha?” kuring némbalan
ngawani-wani manéh. Tapi
dina haté baé da genggerong
mah mentegeg asa aya nu
ngahalangan.
"Aing dulur sia !” jawabna
beulki écés aya dina jero
ceuli.
Kuring teu bisa nyora!
’’Lamun sia rék nyarita,
cukup na haté baé. Teu kudu
ku sungut, kabau-bau ciduh.
Aing ngadéngé jeung ngar ti
sakur ucapan (haté jelema
anu kumaha ogé. Lantaran di
alam aing mah ngucap téh
teu kudu ku létah. Nyora téh
teu kudu maké elak-elakan.
Hésé pisan kudu bisa linyok
bohong. Teu bisa ngabunian
anu saéstuna. Ngucap téh
bener taya anu dihiding-hiding. Da sungut téh anu bukti
mah ngan ukur dipaké nyumput jeung sambutut ngabunian ucap sajati”.
"Naha teu bisa némbongan?” kuring nyora jero haté.
"Aing bisa némbongan,
bisa ngawaruga séjén! Ayeuna teu némbongan lantaran
aing dicangcang digantung ku
tali sudi rék indit. Lamun sia
hayang neuleu aing eukeur
nyarita. Bisa, asal sia nunda
raga. Sabab raga téh ngahalangan téténjoan. Jeung raga
téh mawa beurat dina sagala
kahayang. Jelema anu bisa
nunda raga na pasti bisa
nyaho kaayaan alam anu dicicingan cara ku aing ayeuna.
Anu jagatna éstu lega narawangan. Henteu poék henteu
caang.
Lain ngampar henteu renjul. Henteu cara di jagat anu
ku sia dicicingan ayeuna.
Kahirupan di jagat aing mah
teu cara di jagat dunya.
Mungguh hirup anu ayeuna
téh kumaha keur hirup di
dunya. Jadi di dunya mah
jadi eunteungna hirup nu
engke kasampeur di alam
cara aing kiwari.
Pikeun jelema di dunya
keur hirup na hayang senang
ku laku sérong. Éta téh jadi
beubeurat hirup anu kiwari
kaalaman ku aing. Matakna
aing datang manggihan!
Hayang pang nyaritakeun ka
dulur aing anu masih harirup.
Hayang pangnalangankeun
kasusah anu jadi beubeurat
hirup di jagat aing kiwari.
Karasa leuwih sangsara
pikeun aing nandangan hirup
di jagat anu labas taya batas.
Aing téh ngagantung antara
langit jeung bumi henteu
antel teu bisa usik. Jadi
datangna sora aing nyarita ka
sia mah, ngan ukur ku rasa
anu dipihapakeun ka angin,
panualiksik sukma.
Di jagat aing. Sakur lacak ti
mimiti medal ka alam dunya
engké bisa ka tempo deui di
alam aing nu baris datang.
Kabéh, sakur nu kumelendang di jagat aing taya ngora
taya kolot. Langgeng baé henteu aya nu disebut kolot
atawa ngora anu nangtukeun
kalilaanana. Nyorang waktu.
Taya batas wiwilangan. Di
alam aing mah diukurna ku
lobana jeung robahna usik
sorangan baé. Ari waktu teu
cara di dunya, anu lilana
diukur ku srangenge. Anu ti
mimiti bijil nepi ka surup téh
disebut sapoé.
Urusan alam anu dicicingan ku aing ayeuna engké ogé
ku sia kaalaman. Ayeuna mah
déngékeun heula aing rék talatah. Pangnepikeun ka Si
Kodir anak aing".
“Ku naon atuh henteu langsung baé ka jelemana?”
“Matakna henteu langsung
ka jelemana. Ku lantaran raga
éta jelema henteu kuat nahan
geter, nampanan wirahma
Manglé 2453
26. sukma. Moal kuat ku geterna
rasa ti séjén jagat sabab henteu saeutik jelema anu di
paksa dipaké nepikeun
geterna rasa laju nunda ragana. Paéh téa ceuk nu hirup
di dunya mah. Da katarik ku
séot na sukma nu balik deui.
Atawa ka usir ku sukma ti
raga séjén.
Kumaha mun nyurup. Éta
téh di ukur ku kuatna raga
anu rék disurup. Tempotempo asupna sukma téh
ngan semet genggerongna
jeung anggena wungkul.
Pikeun anu teu kuat mah nya
sok gering da sukma éta raga
anu di surup téh ised jauh. Ari
mimiti asup na sukma téh
tina ingetan. Matak anu disurup téh kudu keur cuweuh ingetanana. Jelema anu ingetan
ana sok mindeng reureuh. Biasana sok kaeureunan ku
sukma anu nyaliara.
Ucapan Kiyai tétéla aya bédana. Ceuk Kiyai Sankoni
mah cenah. Lamun urang
Manglé 2453
geus di alam kubur téh bakal
dipariksa ku dua malaikat.
Nanya keun Nabi urang,
agama urang reu jeung Gusti
urang.
Ari buktina geuning teu ditanya teu ditakon, da maranéhanana geus nyarahoeun
ieuh. Nanyakeun amal urang
ogé geus henteu da aya catetanana. Ti mimiti medal ka
dunya jeung pindah alam ogé
tembong ku urang sorangan.
Ceuk Kiyai; Lamun urang
dipariksa di jero kubur téh,
biwir urang di konci. Anu
ngomong téh ngan anggahota
séjén baé. Ari buktina, geuning lain biwir, lain suku nu
ngomong téh.
Da ari geus kieu mah geus
teu boga biwir-biwir acan.
Ari ayana suku, leungeun,
sirah, panon, éta mah raraga
hirup keur di dunya. Anu jadi
taneuh mun diruang di sedong kubur. Dibabetkeun ka
laut nya ngahiji jeung cai laut.
Lamun di santok lauk nya
nyarelap jadi ceuhil, jadi daging, jadi tulang lauk anu ngahakanan.
Raga anu ayeuna mah, béda
jeung raga anu di dunya.
Ari anu nangtukeun raga
hirup cara aing kiwari.
Éta téh kumaha pamilih
keur hirup di dunya. Lamum
di dunya sok cukat-cokot teu
béda ti beurit, nya kawas beurit baé. Anu beuritna henteu
kawas beurit di dunya.
Sakabéh ngaran anu taya
bungkeuleukna di dunya. Ti
aing mah kadeuleu. Rengkak
polah sakur nu harirup di
dunya tetela kadeuleu natrat.
Malah neuleu Si Yoyoh mah
di Jakarta mani payu abong
alus rupa. Ladang surabina
geuning dipake nyieun
imahna. Keun baé da ragana
ieuh sakeudeung deui ogé
buruk ku nu meuli dijuligan.
Diasupan kulumud endog.
Keun engké karasaeun ku
manéhna sorangan.
Anu nyeri moal bisa di-
ubaran. Anging ngubaran ku
lampahna keur di dunya
kénéh. Ari geus ka alam aing
mah mun nyeri téh tinggal
ukel kasedih, sagala karasa.
Mun kasedih taya eureunna,
sagala kabungah taya wangenna taya watesna. Di
dunya mah apan bungah
jeung peurih téh silih genti,
anu pangmindengna nya
kapeurih baé. Tapi di alam
aing mah bungah jeung sedih
téh ngahiji teu silih genti.
Pangna aing datang ka sia.
Ku lantaran aya pangarepngarep ti alam dunya. Pangarep-ngarep anu ditunda ku
aing kénéh. Matak omat pisan
ka nu harirup di alam dunya,
ulah jalir ka na jangji. Ulah
boga hutang dibawa tilar.
Lantaran ari jangji jeung
hutang anu can kacumponan
mah diarep-arep kénéh ku nu
harirup di dunya.
Tah, ku kituna aing téh
hayang pangnyaritakeun ka Si
Kodir. Lantaran wasiat aing
henteu diwaro baé.
Kahiji barang amanah ulah
dijual. Kabéh barang geura
bikeunan ka ahlr warisna,
ulah hawek sorangan. Kapan
rayap dulurna. Kadua pangmayarkeun hutang ka Si
Saban lobana limalas pérak.
Jual be kebo aing nu sasiki,
sésana paké meuli lampu
masigit.
Katilu, Si Bungsu ulah sina
maceuh ka awéwé. Kaopat, Si
Entis poé Salasa geus balik
geus nyampeurkeun ka alam
aing. Tilelep di walungan Barito. Anakna geura teang di
Banjarmasin. Di Moh. Noor,
masjid jami no. 6. Tah sakitu
be ! Aing rék balik.”
Burinyay panon nempo nu
ngucilap. Ceuli katorékan.
Tonggong karasa panas jeung
angen nyeletit saliwat.
Embun-embunan ranyud.
Rieg awak asak bareurat
jeung kesang mani juuh di
sakujur. Tikoro halab- hab.
Hiuk angin ngageber awak
jeung nepakan seuseungit
kembang anu malahung.
Samar-samar lebah sorot centir tembong ngajorelat pakean
bodas dibakutet tambang. Les
teu témbong bareng jeung
leungitna seuseungitan.***
25