SlideShare a Scribd company logo
1 of 57
Download to read offline
Nataharkeun Léngkah Anyar

N

incak ahir taun, meujeuhna nitenan lengkah
ka tukang. Ngimeutan deui nu kungsi kasorang
sarta waléh daék narima pamanggih ti mana
waé jolna. Dipiharep, kapunjulan jeung kahengkeran
nu geus disorang téh jadi tatapakan geusan nataharkeun léngkah saterusna.

teur kalangenan, tapi deuih hoyong nyumponan
tangtunganana minangka media informasi basa Sunda
keur balaréa. Ku margi kitu, lian ti angger ngamuat
carpon, carita nyambung, sajak, lulucon sareng sajabina, ogé tetep ngamuat warta ogé ‘opini’ nu payus dipiwanoh balaréa.

Tumali jeung pakarepan kitu, Manglé gé gaduh
tekad tur karep, sangkan dina nepungan paramitra
téh, tetep janten bacaan nu aya pupurieunana.

Tumali sareng informasi, pihak Manglé gé baris
tetep satekah polah, ilu-biung ngawartakeun nu payus
dipiwanoh mitra-mitrana. Misalna waé, ngeureuyeuh
ngawartakeun nu tumali sareng kahirupan kanagaraan, kaasup sual-sual konomi, atikan, budaya, pultik,
sareng sajabana.

Carana, insya Alloh dina taun anyar mah, Mangle
gé robah wanda. Lian ti ngarah katempona leuwih
sieup, ogé eusina leuwih ‘nodel’ mamaras rasa mitramitrana.
Ais pangampih ieu majalah sadar pisan, Manglé téh
majalah ‘panglilipur’. Ngan, tangtos sanes ukur ngan-

Pakarepan kitu, tangtuna ogé peryogi pangrojong
balaréa. Da, ais pangampih gé sadar pisan, ieu majalah
tiasa medal keneh téh margi ku kanyaah mitra-mitrana. ***

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
18

Katiga Entak-Entakan
5
TAMU

Katiga entak-entakan. Jeung teuing ku
panjang deuih. Geus liwat tilu bulan.
Sawah gé robah jadi amparan tela.
Ngewag bareulah matak tiporos suku
budak. Walungan ngolétrak. Susukan
irigasi garing. Kakalén mah komo. Metet
runtah pamiceunan sagawayah.
“Geus meujeuhna salat ménta hujan!”
Kepala Desa Cikerung sababaraha kali
mikir. Terus ngagorowok ka hansip....

Hj. Ratna Inten SH;
Nuyun Tunanetra, Maca Qur’an Braille
PURIDING PURINGKAK

NU MANEUH

Budak nu Leungit
N. W. Galih ..................................... 24

Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ....................................... 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56

BAHASAN
NGALANGLANG ALAM RUSDI
JEUNG MISNEM (7)
Budi Rahayu Tamsyah
......................................................... 46

Potret : Reisyan

LAPORAN
Anugerah Budaya 2013
Ti Gupernur Jawa Barat
......................................................... 44

CARITA NYAMBUNG
IMPLIK-IMPLIK
Nu Ngalumbara di Tatar Sunda
......................................................... 46

CARITA PONDOK
Katiga Entak-Entakan
H.Usep Romli HM ............................ 18
Kulambu Sutra
Tety S Nataprawira ............................. 20
Ésih Jeung Duyéh
Yus R. Ismail ....................................... 22

Carita Sarebu Samalem (184)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (23)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Kang Ahér

M

eujeuhna lamun Kang
Ahér unggul di Jawa
Barat téh. Geus genep
taun mingpin Jabar, piraku masih
kénéh aya anu teu wawuh. Papadaning kitu sorana henteu géséh jauh
jeung nu séjén. Ahér 18,72%, Hidayat Nur Wahid 18,57%, Anis
Matta 17,02%, Tifatul Sembiring
10,7%, Nur Mahmudi Ismail
6,84%.
Partéy Keadilan Sejahtera
(PKS) naratas pola anyar dina
enggo ning nyéléksi saha-sahana
anu dianggap pantes pikeun jadi
calon presidén atawa calon wakil
presidén. Biasana apan sahasaha na anu bakal nyaprés téh
langsung ditunjuk ku partéy.
Partéy Golkar ayeuna netepkeun
Aburizal Bakri sina ngandidat téh
dumasar
kana
kaputusan
partéyna sorangan.
Basa anyaran réformasi Golkar
geus mokalan ngayakeun konvénsi. Harita anu kapilih téh
Wiranto, lain Akbar Tandjung anu
keur jeneng jadi ketua Golkar.
Sigana mah kadieunakeun rada
ginggiapeun inggis bisi ketuana
teu kapilih. Nu matak ti mimiti
Jusuf Kalla (2009) jeung taun
hareup nu pibakaleun sina nyaprés
téh langsung ditunjuk ku parpolna
sorangan. Saha deui lamun lain
ketua umumna.
Ari PKS carana béda. Ieu mah
ngayakeun
pemilihan
raya.
Sesebutanana mah sarua jeung nu
di Malaysia. Ngan di ditu mah nu
disebut pemilihan raya téh nya
pemilihan umum anu di urang.

Manglé 2454

Pemilihan raya nu diayakeun ku
PKS gé sed saeutik ti dinya. Caloncalon presidén ti PKS sina dipilih
ku kaderna di daérahna masingmasing. Alhasil pemilu leuleutikan,
lah. Meureun engkéna beubeunangan sorana bakal dikumpulkeun,
diitung sarta ahirna ditetepkeun nu
unggulna.
Tina ngaran-ngaran anu dipilih
di Jawa Barat téa, ngan aya duaan
anu keur mingpin di daérahna masing-masing,
nyaéta
Ahmad
Héryawan (Gubernur Jabar) jeung
Nur Mahmudi Ismail (Walikota
Dépok). Nu séjénna mah pangurus
parpol.
Majuna kapala daérah pikeun
ngandidat jadi calon presidén bisa
disebutkeun
totondén
anyar.
Saumur urang merdéka tacan
kungsi aya kapala daérah anu
kapilih jadi presidén. Soekarno,
Suharto, Habibie, Gus Dur, Mégawati jeung Yudhoyono, taya
saurang gé anu saméméhna jadi kapala daérah.
Majuna kapala daérah pikeun
nyalonkeun jadi presidén, sigana
perlu dirojong. Bisa jadi tacan
karuhan bisa kapilih dina taun
2014. Tapi pikeun ka hareupna soal
ieu téh katimbang penting.
Nu kungsi jadi kapala daérah,
gubernur upamana, pasti boga
pangalaman langsung kumaha hésé
capéna ngurus daérah. Maranéhna
bakal boga luang dina enggoning
netepkeun kawijakan anu patalina
langsung jeung pangabutuh di
masyarakat. Bakal béda jeung anu
kungsi jadi mentri, lantaran

lolobana ulukutek di satukangeun
méja.
Pangalaman ngurus téritorial
téh kacida perluna. Lamun
ngabédakeun antara pamaréntahan
Suharto jeung pamaréntahan SBY,
sigana nyokona téh dina pangalaman téritorial téa. Suharto beunang
disebutkeun lila bebelesekan ngurus di lapangan, sabalikna SBY mah
henteu kitu. Nu matak meujeuhna
lamun salila pamaréntahan SBY
tacan aya kawijakanana anu orisinal jieunan manéhna sarta ngakar
kana pangabutuh rayat. Dina urusan ieu mah SBY umumna semet
neruskeun hanca anu kungsi digarap ku presidén nu saméméhna.
Sedengkeun
kawijakan
SBY
lolobana
semet
nyumponan
pameredih global.
Dina perkara Kang Ahér téa,
katémbong najan unggul tapi sorana teu jauh jeung Hidayat Nur
Wahid. Padahal ku saréatna,
meujeuhna lamun jauh leuwih unggul téh, da apan hasil gawé Kang
Ahér di Jabar leuwih jelas batan
naon anu kungsi dipigawé ku Hidayat Nur Wahid. Lebah dieu, dina
enggoning kader PKS netepkeun
pamilihna téh sigana masih kénéh
kapangaruhan ku popularitas, lain
gawé anu konkrit.
Lamun engké anu sorana panglobana téh tokoh populér di tingkat
nasional, sigana bisa dimaklum.
Tapi perluna anu kungsi jadi kapala
daérah mingpin bangsa angger
kudu dipertahankeun. Pangalaman
di lapanganana anu bakal jadi
modalna téh. AM

3
Teu Karaos
Sampurasun!
Nyi Mangle, waktu teh teu
karasa. Asa kamari taun 2012
teh, ayeuna geus rek nincak
deui kana taun 2014. Meureunan, keur urang mah, kudu
tiasa nyandak hikmahna wae.
Lantaran, upama ti saban
taun ka taun, teu aya parobahan, meureunan cek agama
mah disebut rugi tea.
Tah, ieu mah minangka
pangemut-ngemut
bae.
Kumaha upama kamekaran
budaya Sunda? Naha aya kamajengan ti taun ka taun?
Atawa naon wae nu kacatet
dina taun 2013? Sanaos dina
Mangle henteu aya berendelan prestasi husus widang
kabudayaan, tapi keun wae.
Nu penting, karasana kudu
aya, kudu maju, kudu beda
jeung
ti
taun-taun
samemehna.
Memang ari prestasi budaya mah, lolobanana mah
sok kumaha diri pribadi sorangan bae. Pamarentah mah

saukur ngahaminan tawa
mere pangajen. Tah, ku kituna
saperti
anugerahanugerah nu dipasrahkeun
dina taun 2013 kamari, ka
para inohong, masing mangpaat, masing tiasa ditepakeun
ka generasi dina taun kahareupna.
Ieu rupina ku dipiharep
ku sumkuring mah, yen
kamekaran budaya Sunda
lain saukur napel dina pribadi-pribadi wungkul, tapi oge
kudu aya pangajen nu jadi
kareueus sarerea. Contona
wae, pangajen ti luar negeri, ti
nagara nu dipasrahkeun ka
urang Sunda, keur nyieun
gedong
Sunda
atawa
pangabutuh urang Sunda. Jigana
bakal
leuwih
dipikareueus.
Sakitu wae, mudah-mudahan Mangle mah teras nanjung ti taun ka taun.
Simkuring percaya, lantaran
ari Mangle mah geus kauji, ti
bareto keneh henteu pegat
medal, nepungan balarea di
mana wae ayana.

Sakitu wae, sakali deui
hatur nuhun.
Wassalam,
Zidni Ilham
Majalaya Bandung
Pepereconan
Sampurasun!
Ganti taun, sok aya
raramean. Kayaning perecon,
kembang api jeung kamonesan sejenna, mani ngahaja
diaya-ayakeun. Tah, keur
simkuring mah, nu karitu teh
asa teu perlu. Komo kana
perecon mah. Eta teh picilakaeun. Nu mareulina oge
apan lolobana mah barudak
leutik, nu sok tara tarapti.
Balukarna taun kamari oge
apan loba kajadian gara-gara
pepereconan teh.
Ku kituna, mungpung
ayeuna jauh keneh, kumaha
upama keur urang tatar
Sunda mah, pamarentah
satempat, saperti Gupernur
Jawa Barat, ulah ngidinan

raramean ku cara peperocanan. Malah kudu aya
larangan dagang perecon, nu
matak pibahayaeun balarea.
Kitu deui, dina nyanghareupan raramean, boh di
kota boh di kampung, biasa
sing meakkeun waragad nu
lain saeutik. Malah cenah nepi
ka miliyaran. Tah, keur
simkuring mah asa mubazir.
Komo deui, aya warta, cenah
pamarentah oge bet, ngancokkeun waragad keur mapag
taun anyar nu teu euleum-euleum. Padahal eta waragad,
lamun dipake keur mantuan
nu kakurangan atawa keur
mantuan bea siswa, kacida
hadena.
Tah, ku kituna, sakali deui
ka pihak pamarentah, masing
leres-leres nyanghareupan
taun anyar teh, ku kagiatan nu
edukatif,
nu
ngadidik
masarakat.
Sakitu hatur nuhun.
Arif Mujahid
Ti Cibiru Bandung

Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Rooji’un
Parantos mulih ka jati mulang ka Illahi Robbi Alloh Swt.

Dikdik Yusuf Affandie bin H. Djamhur Prawira Supena
(77 taun)
Ngantunkeun dinten Saptu, 9 November 2013, tabuh 17.00 WIB di Jalan
Parabon III No. 7 Terusan Kiara Condong (Pengkereun Samsat) Bandung.
Saterasna almarhum dikurebkeun dinten Minggu, 10 November 2013 di
Pamakaman Kulawarga di Jalan Moh. Toha (Jl. Cibiuk) Bandung.
Allohumagfirlahu warhamhu wa’afihi wa’fu anhu. Allohuma laa tahrimna
ajrohu wala taftina ba’dahu wagfirlana walahu. Mudah-mudahan almarhum ditampi Iman Islamna,
dicaangkeun di alam kuburna. Amin.
Bandung, November 2013,
Nu ngiring sungkawa,
1. Dra. Hj. Lies Suhaenah (bojo alm.) katut sakumna kulawarga Besar Alm. Dikdik Yusuf Affandie
(Palaputra, mantu, ogé cicit)
2. Sakumna Ais Pangampih Majalah Manglé

4

Manglé 2454
W

aktu Garut gunjang-ganjing balukar bupatina katohyan
metakeun
lakuning lampah codéka, kaum
wanoja kota inten kahudangkeun
sumangetna geusan milu tandang
ngagugubrag
kepala
daérah
sangkan mulang kana lakuning
lampah anu hadé anu diridoan ku
Alloh. Memang unggul , éta
pupuhu daérah tigubrag tina korsi
kakawasaanana. Sanajan kanyaho-

Manglé 2454

an bet ayeuna miluan tandang
kana pilihan Ketua DPD wawakil
ti Tatar Sunda, beu! Saha éta
wanoja anu maju makalangan téh?
Jenenganna
jadi ngorbit, Hj.
Diana Inten SH. Tetela Garut kota
inten boga Inten anu teuneung
ludeung turta taya kacapé babaktina ka masarakat Garut hususna.
Ditepungkeun ku Ny. Dewi
Pandji garwa jenderal pulisi Pandji
ti kota Bogor. Tetela Hajjah Inten

téh pribadi anu gampang conggah,
darehdeh soméah, akuan turta
gerecek resep ngawangkong jeung
gampang diajakan nyarita ka
mana baé, sumawonna kana urusan sosial jeung kawanitaan.
Istri Dokter Tito Apriyana téh
pituin urang Garut, ramana Haji
Ukon Sastrawidjaya, ibuna Hajjah
Dewi Ratna Ningsih. Carogéna Hj.
Inten, Mayor C.K.M Dr. H. Tito
Apriana Sp. B. Finaes. Hajjah

5
Dr. Tito, Hajjah Ratna Inten sareng Bapa Ukon Sastrawidjaya,
Ibu Hj. Dewi Ratna Ningsih

Hajjah Ratna Inten sareng mertua, IbuR. Kartika sareng Bapa R.Sunarto.

Sareng kanca mitra ti Ikatan Istri Dokter Indonesia cabang Garut (IIDI)

6

Diana Ratna Inten kacida nyaah
deudeuhna ka Garut kota inten,
warisan Ratu Inten Dewata. Numatak waktu dina hiji mangsa
Garut gunjang ganjing balukar Bupati katohyan lakuning lampahna
codéka, Nyonya Dr. Tito téh milu
tandang,
maju
ka
hareup
metakeun gerakan anti pelecehan
terhadap wanita lantaran Sang Bupati ngahandapkeun harkat darajat katut martabat wanoja.
Sakumaha luhur pangkat gedé
dunya, lalaki henteu boga hak kitu
peta, komo pangkat Bupati anu
wajib
nangtayungan
rayatna.
Mamaras
rasa Hajah Inten
kagores peurih, numatak milu gerakan ngagugubrag bupati. Nu
diperjuangkeun ku Hajjah Inten
saparakanca éstuning masalah
harkat darajat wanoja anu geus
digejretkeun ku pupuhu daérahna.
Nya ieu Inten wanoja peduli
Garut!
Hajjah Diana Ratna Inten
sarjana hukum lulusan Universitas
Parahiyangan Bandung téh dilahirkeun di Tasikmalaya 8 September 1959. Pendidikan ti SD
Halimun, SMPN 2 tepi ka SMAN
5 dilakonan di Bandung, tamat
sakola menengah sup ka Fak.
Hukum Unpar tug tepi ka ngagondol titel SH.
Ayeuna babakti jadi Manajer
H.R.D Mahesa Medical Center
ngarangkep jadi Pengacara.
Di Mahesa Merdical Centre
berjuang jeung carogena dina
widang kasehatan, dr. Tito téh Direkturna, Rumah Sakit mahesa
memang diadegkeun ku alpukahna
Dr. Tito jaler istri, sakulawarga
silih rojong silih deudeul. Dr. Tito
ogé anyar kénéh diistrenan jadi
Direktur Rumah Sakit TNI - AD
Guntur Garut.
Tokoh Organisasi
Hajjah Ratna Inten dikenal di
kalangan masarakat Garut sabab
aktip dina rupa-rupa organisasi
pangpangna sosial kamasaraktan.
Kulantaran istri dokter, Hajjah
Inten jadi Ketua Ikatan Istri Dokter Indonesia cabang Garut, kusabab carogena tentara, Hajjah
Inten ogé anggota Persit Kartika

Manglé 2454
Candra Kirana
Garut. Ketua
Paguyuban Wanoja peduli Garut,
anggota Pita Putih cabang Garut.
Dina
widang
sosial
kamasarakatan aktip di HIMPAUDI
(Himpunan PAUD) seluruh Indonesia cabang
Garut,
ngiring
ngokolakeun SLB/A, YKB Kab.
Garut. Nuyun para tunanetra maca
jeung neuleuman eusi Al Qaur’an
Braille . Teu kaliwat milu ngokolakeun Madrasah , Pasantren di Kab.
Garut. Urusan Kematian Ibu dan
Anak ogé henteu dikantunkeun ku
Hajjah Inten. Terus di Yayasan Thalasemia jeung Urusan Gizi Buruk.
Tétéla di Garut cukup loba anu
keuna ku Thalasemia, pangpangna
barudak, ayeuna loba anu dirawat
di RS. Dr.Slamet, Hajjah Inten milu
pakepuk mantuan ngungkulanana,
sabab waragad tatambana mahal
pisan, ari anu Thalasemia lolobana
anu teu mampuh.
Supaya masarakat paham kana
pentingna miara kasehatan, jeung
paraham kana hukum, Hajjah
Inten gawé bareng jeung para
mahasiswa
madesaan
méré
penyuluhan kasehatan
jeung
Hukum. Ngayakeun pelatihan kaparigelan oge keur ibu-ibu jeung rumaja. Tanpa pamrih Hajjah Inten
mantuan PAUD-PAUD, Madrasah
jeung Pasantren anu kaayaanana
geus ripuh tapi program ngajar
jeung diajarna alus muridna ogé
loba. Sarana
jeung prasarana
wawangunanana, jeung sagala rupa
kaperelunana kaasup tempat ulin
barudak diwangun anu pantes.
Waragadna méh kabéh ti Hajjah
Intan. Listrikna dipasang kitu deui
kapereluan séjéna keur sakola,
pokona sapuratina. Dumasar kana
gedéna kamelang Hajjah Inten ka
PAUD, istri dokter Tito dipercaya
jadi “Pemerhati” PAUD sa kabupaten Garut. Bantuanana henteu
aya pegatna sapanjang PAUD
merelukeun.
Babarengan jeung para Istri
dokter sejenna di IIDI Hajjah
Inten ogé ngabina
SLB/A sa
kabupaten Garut.
Hususna dina widang pembelajaran Al Qur’an Braille keur tunanetra sa Kabupaten Garut.
Nu pusatna di SLB, A. YKB.

Manglé 2454

Garut.
Ngadegkeun
pusat
pembelajaran Al Qur’an Braille
Raden Ayu Lasminingrat, dirojong
ku Diki Chandra jeung istrina ti
keur jaman jadi Wakil Bupati.
Hajjah Ratna Inten miharep para
tuna netra hususna, bisa maca Al
Qur’an saperti anu sejen-sejenna
lancar tur bener, pangpangna bisa
ngamalkeun eusining Al Qur’an
dina kahirupan sapopoé, henteu
alus macana wungkul. Tetela saur
Hjjah Inten, Qur’an Braille mikat
haté para tunanetra, dimana baé
maranéhna, matuh, ti lembur
singkur ogé daratang dina waktuna, maraca Al Qur’an braille enyaenya pisan. Maranéhna ngarasa
jadi Muslim anu bener-bener aya
gunana, lantaran henteu ngan
sakadar ngupingkeun wungkul,
ayeuna
mah bisa maca jeung
ngaregepkeun eusina.
Hajjah Inten ngarasa sugemaeun
pisan nyaksian kamajuan di kalangan tunanetra ieu. Tuanetra anu
tadina ngarasa poék lahir batin kiwari kabuka mata haténa, caang
narawangan
geusan neuleuman
élmu agama anu leuwih jero. Ibu
Hajjah
Inten
ogé
mekelan
pangabisa ka para tunanetra keur
hirupna
sapopoé,
nya
ngadatangkeun guru ti Bandung keur
ngalatih kaparigelanana.
Nu
hayang neruskeun pendidikan ka
sakola anu leuwih luhur dibéré
beasiswa. Keur tempat panyirurukanana, IIDI cabang Garut ngoméan asrama SLB-A sangkan
leuwih sehat, pantes turta betah dipaké panyirurukan. Para tunanetra
anu pareng gering atawa aya gangguan kasehatan, dirawat jeung ditambaanana di Mahesa Medical
Centre. Nu harayang diajar usaha
dibantuan keur modalna.
Sawelas Kali Pindah
Sabengbatan matak héran, na
iraha jeung kumaha carana Hajjah
Ratna Inten ngurus rumahtangga,
pangpangna
ngawulaan carogé
anu sakitu sibukna.
Teu aya masalah saurna,
sagalana bérés, asal urang tetep
sadar ulah tepika dijajah ku waktu,
tapi urang anu kedah pinter ngatur
waktu, kitu saurna. Hajjah inten ka-

gungan pembantu rumah tangga,
tapi pembantuna disakolakeun.
Har…kumaha atuh? Bagilir wé
saurna, waktuna pembantu sakola,
wayahna ibu kudu keresa pakepuk
ngurus rumah tangga, ti enggon,
bumi tepi ka dapur. Para pembantu dianggap kulawarga sorangan, tepika karawinna, rumah
tanggana diurus ditalingakeun ku
Hajjah Inten. Geus disakolakeun
ogé di bumi angger diatik kana
rupa-rupa élmu pangaweruh, teu
weleh diaping dibingbing.
Sapanjang rumah tangga Hajjah Ratna inten sawelas kali ngiring carogé pundah-pindah tempat
sakuliah Indonesia. Kuma téa kulawrga
militer.
Alhamdulillah
pokna, nambah wawasan, luang
pangalaman jeung kaweruh, nambah baraya deuih saurna téh. Saur
Crogena téh
“Dimana bumi dipijak disana
langit dijunjung”, dimana baé ogé
bumi Alloh.
Ngumbara dimana baé Hajjah
inten henteu tumamu, aktip
sakumaha biasa pangpangna anu
aya tumalina jeung sosial kamasarakatan. Waktu di Aceh Timur
Hajjah Inten kungsi jadi anggota
DPRD panganomna, tapi teu lila
aburu dicandak ka Jerman ku
carogena anu tugas diajar.
Dasarna asak atikan ti ibu
ramana kana hirup kumbuh anu
loba hal ilmiyah, Hajjah Inten jadi
manusa sosial anu pantes ditulad.
Tétéla Hajjah inten jeung H. Dr.
Tito dina sagala rupa hal sauyunan, bener-bener
ka cai jadi
saleuwi ka darat jadi salebak. Sadidintenna Hajjah Inten saperti
biasa dines ka Mahesa Medical Center, bada lohor ngalaksanakeun
pancen sosial kamasarakatan, bada
Asar kakara urusan rumah tangga,
tara aya anu kabolér. Waktu rada
salsé dianggo ngatik elmu pangaweruh ka para pembantu kaasup
supir, maparin bimbingan palajaran sakola, ngaroris maca Al
Qur’anna bisi aya anu kaliru, telik
pisan.
Dina waktu tadarusan
sasarengan kabéh pangeusi bumi
tadauran. Kitu lakuning lampah
Hajjah Ratna Inten sapopoena.
**HRS**

7
DI KIWARI MACA BIHARI (27)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)

Barangbang Semplak

W

ALI KOTA Bandung, Ridwan
Kamil, maréntahkeun malar
pagawé di lingkungan pemkot
Bandung katut barudak sakola di Bandung maraké pakéan adat Sunda saban
poé Rebo. Nu kudu diheulakeun téh
iketna heula. Saban poé Rebo kudu
maraké iket. Pakéanana, dipandeurikeun gé bisa. Lain paréntah atuh pingaraneunana téh da suratna gé
mangrupa “himbauan”. Tapi “himbauan” gé ari jolna ti dunungan mah nya
tangtu wé dianggap paréntah, instruksi.
Dina poé Rebo munggaran sabada Wali
kota Bandung ngaluarkeun surat paréntah téa, Wali Kota Bandung ngayakeun
rapat jeung para kepala dinas di
lingkungan Pémkot Bandung. Tétéla
enya, “himbauan” téh digarugu, dianggap paréntah. Sabagian gedé kepala
dinas nu hadir rapat, tangtu kepala
dinas lalaki, maraké iket. Ngan édas,
iketna téh rupa-rupa. Teu samodél. Nu
rupa-rupa teh lain baé modélna, tapi ogé
warnana. Ku lantaran kitu, harita kénéh
Wali Kota Bandung maréntahkeun ka
Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kota Bandung pikeun ngayakeun
sawala enggoning nangtukeun modél
iket jeung papakéan adat Sunda lianna
pakéeun saban poé Rebo téa.
Sawala diayakeun ku Disbudpar poé
Jumaah, 8 Novémber. Nu jaradi narasumber téh para ahli pakéan adat Sunda
katut disainer. Nu hadir dina éta sawala
gé jalma=jalma nu ngalarti kana papakéan adat Sunda anu mangrupa
bagian tina kabudayaan Sunda. Teu
wudu ramé diskusi téh. Sugri nu hayang
sangkan papakéan adat Sunda nu diparaké ku PNS di lingkungan Pemkot
Bandung jeung barudak sakola téh
merenah, tur luyu jeung ajén-inajén kasundaan, ngadadarkeun pamanggihna.

8

Pamanggih-pamanggih anu geus tangtu
rupa-rupa téa dirumuskeun ku hiji tim
anu ditangtukeun ku Dibudpar ti antara
nu haladir. Harepanana taya lian malar
rumusan téh sing jadi cecekelan, boh
pikeun PNS di lingkungan Pemkot Bandung boh pikeun barudak sakola di
Bandung. Tétéla teu gampang ngarumuskeun téh. Sawala deui waé. Ragot
deui waé.
Salah sahiji kacindekan Tim Perumus téh nyaéta perkara iket téa.
Dicindekkeun yén iket nu sawadina diparaké téh lain iket modél bihari tapi
iket modél kiwari. Tangtu wé kudu
puguh cecekelanana, da apan ngaranna
gé pakéan adat Sunda. Nu pentingna
mah palasipahna. Ulah méngpar tina
palasipah nu geus maneuh. Tim Perumus sapuk yén iket téh kudu nyoko
kana iket modél “barangbang semplak”.
Cindekna, modifikasi tina iket model
“barangbang semplak” nu kungsi jadi
salah sahiji pakaya pakéan adat Sunda.
Pangna kudu modifikasi, pangna henteu saujtratna, dumasar kana tinimbangan yén urang Sunda Kiwari kudu
kréatif. Tah nya kréativitas téa nu ngajurung laku malar modél apapakéan
Sunda bihari téh diropéa deui pikeun
pakéeun jaman kiwari. Malar luyu jeung
pajamanan kiwari, papakéan adat
Sunda téh tangtu wé kudu diropéa deui.
Aya pasaratan-pasaratan nu kudu
jadi cecekelan enggoning gagunakeun
deui papakéan adat Sunda dina mangsa
kiwari téh. Contona iket téa. Iket nu diparaké ayeuna téh sing ngahudang
kareueus kanu makéna. Malah iwal ti
matak reueus téh kudu matak nambahan wibawa deuih. Da ari matak reueus
jeung nambahan wibawa mah piraku
teuing teu daraék maké. Pasaratan
lianna nyaéta “fashionable”. Da apan

ayeuna mah papakéan téh kudu matak
pantes dipakéna. Kudu luyu jeung
kamekaran “fashion”. Ari iket apan
bagian tina “fashion” téa. Ku lantaran
kitu nya tangtu wé kudu “fashionable”.
Ari nu kacida pentingna mah
nyaéta, boh iket boh papakéan adat
Sunda lianna, ana dipaké dina jaman kiwari téh éstu henteu matak jadi gangguan kana produktivitas jeung
kréativitas nu makéna. Bisi wé modél
iket jeung papakéan adat Sunda lianna
nu diparaké téh hayoh kalah matak arateul saawak-awak. Baroroah bisa digawé, hayoh kalah matak gégétrét.
Anukna jadi matak cul kana gawé.
Iwal ti kitu, dipakéna iket jeung papakéan Sunda lianna téh sing mangrupa
léngkah munggaran, enggoning ngahudang kapanasaran pikeun neuleuman kabudayaan Sunda neu leuih jero.
Da ari iket jeung papakéan adat Sunda
lianna mah apan ngan sakadar orasésoris wungkul.
Lamun enya-enya
hayang nyunda, nya kudu ancrub
sagemblengna kana sagara kabudayaan
Sunda. Sangkan teu kamalangkem.
Ari lebah iket pakéeun barudak
sakola, asa teu kudu ieuh ditangtukeun
modélna. Keun wé sina malotékar. Mun
téa mah aya niat ngabagi iketna,
kawasna leuwih hadé mun barudak
sakola mah dibaragi bahan pikeun piiketeun. Sugan jeung sugan ngahudang
karancagéan malar barudak bisa
nyiptakeun modél anyar anu payus dipakéna pikeun Manusa Sunda Kiwari,
nu henteu ngan sakadar nyoréang ka
tukang, tapi ogé nyawang ka mangsa
datang.***
yayat.hendayana@gmail.com
Ketua Pengelola Akademi Budaya
Sunda Unpas

Manglé 2454
Rancagé
“Srie Sunarsasi”
Saksi Sajarah Enas Mabarti
Ku H.Usep Romli HM

D

ina hazanah sastra Sunda,
ngaran Enas Mabarti teu
pati dikenal . Meureun pedah
kurang manjang dina ngalahairkeun
tulisan-tulisan. Ti barang katingal
karyana
taun 1970-an,
ukur
sawatara taun kawilang peroduktip.
Sababaraha kali
ngumumkeun
tulisan dina majalah “Mangle”
tempatna munggaran nulis karya
basa Sunda. Saluareun ti eta, leuwih
sibuk ku ku kagiatan ngajar jeung
ngurus organisasi katut politik. Enas
mangrupa dosen nu naratas Sekolah
Tinggi Ilmu Sosial dan Ilmu Politik
(STISIP), nu kiwari jadi salah sahiji
fakultas di Universitas Garut
(UNIGA). Kungsi jadi anggota DPRD
Kab.Garut ti Fraksi Partai Persatuan
Pembangunan (PPP) tahun 19771987. Nyangking kalungguhan
Ketua Tanfidiyah Nahdlatul Ulama
Garut (1990-1999), jeung Ketua DPC
Partai Kebangkitan Bangsa (PKB)
Garut (1998-2003), sarta jadi
anggota DPRD Kab.Garut ti PKB
(1999-2004).
Tapi sababaraha karya tulisna,
kawilang aralus. Di antarana
“Gunem Rencep Sidem” (2003),
ranggeuyan prosa liris nus samemeh
dibukukeun, kungsi dimuat dina
Majalah “Mangle”. Atuh
buku
“Elmu Politik keur Warga NU”
(2003), kasinugrahan hadiah Lembaga Basa jeung Sastra Sunda
(LBSS), pikeun buku basa Sunda
widang elmu pangaweruh.
Ayeuna medal bukuna, novel
“Srie Sunarsasi” ti penerbit “Kiblat
Buku Utama” (2013), nu kungsi
dimuat mangrupa carita nyambung
dina Majalah “Mangle” taun.1974.
Novel “Srie Sunarsasi” nyaritakeun hiji mahasiswi. Dipikacinta ku
dosenna, Prof.Ahmad Ghazalie, nu
nandangan panyakit TBC. Srie

Manglé 2454

narima cinta sang professor dumasar niat hayang boga ajen hirup
ku cara mere mangpaat keur jalma
sejen.
Ukur
sakeudeung
nikah,Prof.Ahmad pupus. Tapi
kungsi ngawarisku buah hate, orok
awewe nu dingaranan Sulistiya nu
jadi puseur kadeudeuh, satengahing
lewang honcewang nyorang kahirupan nogencang. Hadena meunang
perhatian jeung panangtayunganti
Ibrahim
Musa,
babaturanana
safakultas.
Make kasangtukang kota Yogyakarta katut kahirupan kampus masa
pra Gestapu taun 1964-1965, Enas
geus
hasil
ngungkab
jeung
ngagambarkeun
kaayaan
kaharenghengan patelakna dua kubu :
komunis
jeung
anti-komunis.
Organisasi ektra universitas, nu jadi
gantar kakuatan parey politik dua
kubu, ngaraja di jero kampus. Ayaa
Himpunan Mahasiswa Islam (HMI),
nu keur nandangan muriang panas
tiris alatan rek dibubarkeun ku Pembesar Revolusi (Pembesrev) Presiden Sukarno, lantaran dianggap
“kontrev” (kontra revolusi). Ayaa
Central Gerakan Mahasiswa Indonesia (CGMI), andelan Partai Komunis
Indonesia(PKI) pikeun ngawasa mahasiswa. Aya Gerakan Mahasiswa
Nasional Indonesia (GMNI) “anak”
Partai Nasional Indonesia (PNI).
Ayaa Pergerakan Mahasiswa Islam
Indonesia (PMII), “anak” partai
Nahdlatul Ulama (NU). Jeung
sajabana.
Reuweuh-reuweuhperpolitikan
nasional, nu dikadalian ku PKI,
kalawan imeut dijalujur ku Enas,
dina leunjeuran carita cinta kapendem Ibrahim Musa, anggota
HMI nu jadi Ketua Generasi Muda
Islam (Gemuis), ka Srie, randa ngora
anak hiji, nu sarua aktivis mahasiswa

Islam. Srie nu “lindeuk japati”
ngalungboyongkeun
perasaan
Ibrahim Musa, nu sakapeung gede
hate, sakapeung ilang harepan,
satengahing sumanget nyanghareupan provokasi PKI.
Pikeun ngayakinkeun suasana,
Enas teu asa-asa nataan ngaran
jalma-jalma nu harita jeung engkecukup dipikawanoh ku balarea.
Kayaning Ahmad Tirtosudiro, salah
saurang nu ngadegkeun HMI, jendral TNI AD taun.1960an, kungsi jeneng Kepala Bulog dina awal Orde
Baru, jeung Rektor Unversitas Islam
Bandung, taun 1980-an. Tawang
Alun, nu mili ngadegkeun HMI,
Bedu Amang (kekentong
HMI
Yogya taun.1960an, kungsi nyanging
Kepala Bulog dina awalReformasi),
KH Ali Ma’sum, KH Warson Munawir (duanana pangasuh pasantren
Krapyak), jsb .
Di sagigireun ngidangkeun
kaendahan cinta dua jalma nu
kauger ku norma agama, novel “Srie
Sunarsasi” mibanda ajen dokumen
sajarah istimewa, nu langka kapalire
ku para sastrawan Sunda sejenna
danget ayeuna. Pangpangna nu
patali jeung kaayaan nagara nu
panas ngagolak balukar uru-ara
ideologi jeung politik nu ngamuara
kana tragedi “G-30-S”, September
1965. Alhasil, kakurangan-kakurangan di sawang tina jihat tehnis
nyarita jeung konflik kajiwaan para
tokoh caritana, bisa kataur ku
pedaran kasangtukang nu unik tur
tetep meunang perhatian nu teu
laas-laas ti jaman ka jaman, lantaran
langsung kaalaman ku Enas nu milu
ancrub di dinya. Peristiwa “G-30-S”
apan terus jadi bukur catur pinuh
misteri, nepi ka kiwari. Ngaliwatan
“Srie Sunarsasi” Enas Mabarti geus
sanggup jadi saksi sajarah.***

9
Bagian

185

G

alibna mun
waktuna kapal
anjog ka palabuhan sok pada
ngadeugdeug. Kituna téh,
lain ukur ku para padagang, tapi ogé ku
masarakat sabudeureunana. Lain rek barangbeuli lolobana mah, da
ukur lalajo wé.
Waktu kapal nu
sakuduna diiluan ku
Komarujaman anjog ka
Palabuhan Abnos, Putri
Budur nu masih kénéh
jadi Komarujaman titiron, ogé kabeneran
ngalanglang ka lebah
dinya. Eta pangeran téh,
masih kénéh nyekel
kakawasaan di éta nagara
kalayan dipikacinta ku
rahayatna.
Kitu téa mah, lantaran
paripolahna sopan santun. Teu ieuh nembongkeun pasipatan nu boga
kakawasaan. Ka nu leutik
nyaah ka sasama ngaharegaan, kitu deui ka
saluhureun tetep hormat

10

pisan. Kalakuanana kitu
ogé, lantaran éta putri
téh kudu satékah polah
nyumput buni di nu
caang, nyingkahan
kacurigaan jeung
kangewa pihak séjén.
Waktu Pangeran
Komarujaman mamalihan aya di palabuhan,
tangtu wé pada ngajénan.
Atuh, nahkoda gé gancang nyampeurkeun
kalayan sasalaman hormat pisan. Saterusna, éta
raja téh nanyakeun
babawaan éta kapal. Pok
wéh nangkoda téh nataan
barang-barang dagangan
nu aya dina kapalna.
Putri Budur kataji ku
buah zaetun. Lantaran di
nagrina mah arang pisan.
Kabeneran deuih éta
buah téh kacida hadé
ajénna, atuh tangtu wé
gampang mun rék dijual
deui gé.
Nangkoda nétélakeun,
cenah, éta zaétun téh
bogana tukang kebon nu
miskin. Ngan, teu milu

da tinggaleun. Ngadéngé
caritaan nangkoda kitu,
Putri Budur karunyaeun.
Atuh, meulina éta barang
gé leuwih mahal batan
sasari.
Buah zaetun diangkut
ka istana, ditempatkeun
di gudang nu biasa. Cul
wéh diantep lantaran can
waktuna dipaké. Malah,
harita mah acan kapariksa bener-bener.
Peutingna Putri
Budur nitah pagawé
karaton nyokot waluh nu
eusina zaétun téa. Teu
kungsi lila nu dititah téh
geus datang, mawa waluh
sasirah. Tutupna dibuka,
terus zaetun nu aya dijerona téh dikaluarkeun.
Teu kira-kira Putri
Budur ngajenghokna.
Lantaran, horéng zaétunna mah ngan saeutik
pisan ukur bagian
luhurna. Tangtu wé
hareugeueun téh lain
hanjelu, tapi bungah
kacida, lantaran manggihan emas nu sakitu
lobana.
Putri Budur nitah
pagawéna nyokot deui

waluh séjénna. Barang
dibuka, kitu deui baé.
Eusina, bener-bener
emas nu ajénna kacida
hadéna. Sanggeus kitu
mah, waluh téh sina
dipindahkeun kabéh ka
kamarna.
Taya nu apaleun kana
éta kajadian téh, lantaran
ukur kasaksian ku Putri
Budur jeung Hayati
Nufus. Nu séjén mah,
pagawéna, teu nyangka
aya kajadian kitu. Matak,
kaahéng kitu téh teu sing
ngaguyurkeun.
Nu matak leuwih
hélok, tina salah sahiji
waluh aya permata bogana Putri Budur téa. Ku
lantaran kitu, éta putri
téh beuki panasaran,
hayang apal tumalina éta
tukang kebon jeung permata téa. Ceuk pikirna,
mun dirina bisa tepung
jeung tukang kebon,
tangtu we bakal manggihan laratan salakina,
copélna bisa manggihan
béja-béjana waé mah.
Léng Putri Budur
ngahuleng. Mikiran
carana sangkan dirina

Manglé 2454
bisa papanggih jeung
tukang kebon téa.
Sanggeus lila mikir,
kakara kapanggih akalna.
Inyana, gancang nitah
nahkoda datang ka éta
tempat.
Nu diondang atoh
jeung bingung. Atohna,
apan diondang gegedén.
Ari bingung, asa teu
boga urusan séjén lian ti
jual beuli.
“Aya pikeresaeun
naon, sun?” ceuk
nangkoda.
“Lain, tadi mah kula
téh poho teu kungsi
naléngténg pihak nu
ngajual zaétun téa?”
“Kumaha kitu, gamparan? Naha éta zaétun
téh ajénna awon?”
“Lain perkara éta.
Keun waé rék hadé rék
goréng gé da geus
dibeuli,” pokna.
Saterusna, Putri
Budur cacarita, tangtu we
ukur nyieun dongéng.
Cenah, sawatara taun ka
tukang, éta tukang kebon
téh boga hutang ka dirina. Ku kituna, wayahna
cenah pangnyokotkeun
éta tukang kebon sina
nyanghareup ka
manéhna.
“Duh, apan tebih,
sun!”
“Enya apal kula gé.
Ngan, mending nurut
atawa mending kabéh
barang-barang nu geus
diturunkeun di palabuhan disita jadi milik nagara?” ceuk Putri Budur
ngancam.
Ngarasa taya piliheun,
nangkoda nyanggupan.
Peuting ka-217
Poé éta kénéh,
nangkoda kapal balik
marentahkeun awak
kapalna, Maksunda taya
lian ti nyumponan
parentah raja sangkan

Manglé 2454

éta kapal balik deui ka
nagri Majusi tempat
Komarujaman téa. Nya
daék teu daék, kapaksa
wé kudu nurut kana
sagala paréntah raja.
Kapal nyuruwuk, balik
deui kana urut tiheula.
Teu kacatur di jalanna,
kocap geus nepi deui wé
ka palabuhan panginditan. Warga heran sabab
tara-tara ti sasari, kapal
nu kakara ninggalkeun
éta tempat ngurunyung
deui.
Awak kapal dibarengan ku nangkoda,
gagancangan muru sisi
basisir. Hanjat ka darat,
nu saterusna muru kebon
nu diséwa Komarujaman.
Teu tata pasini deui,
nangkoda langsung gegedor kana panto gerbang
kebon.
Ngadéngé nu gegedor
sarta sora récok,

Komarujaman gancang
kaluar. Bréh nangkoda
diiringkeun ku para awak
kapal. Teu loba carita,
Komarujaman téh
dicerek, dibakutet,
dibabandan. Saterusna,
diiringkeun sina muru
kapal.
Sanggeus kapal
ngangkleung di lautan,
Komarujaman kakara
tumanya ka nangkoda.
Nu ditanya ngajawab
satarabasna. Cenah, dirina téh ngemban paréntah ti Raja Abnos pikeun
nangkep Komarujaman.
Pangna kitu, lantran bongan éta tukang kebon
téh lanca-linci luncat mulang hentu tigin kana
jangji ka raja. Cindekna,
teu mayar hutang luyu
jeung waktu nu geus dijangjikeun.
Ngadéngé caritaan
kitu, Komarujaman

sajongjongan mah
ngahuleng. Ceuk pikirna,
teu sing ngarasa boga
hutang, dalah patepung
jeung raja Abnos gé can
kungsi. Teg wéh, tangtu
éta nagkoda ukur akonakon, atawa memang bisa
jadi salah sasaran.
Najan keukeuh teu rumasa, Komarujaman teu
bisa majar kumaha. Kapaksa nurut kana kahayang nangkoda, da
mun ngalawan gé moal
aya hartina. Ceuk
pikirna, rék nuturkeun
nasibna wé, kumaha
behna!
Sanggeus sababara
poé ngangkleung di laut,
kapal anjog ka dermaga.
Nakhoda jeung awak
kapal séjénna tarurun.
Langsung muru istana,
ngadeuheus ka raja. ***
(Hanca)

11
Ku M.A. Salmun

{ 23 }

G

an Sole jeung Aom
Usman di imahna
keur cuhcih mariksa
koki jeung babu. Nu dipariksa lantaran sieun, duanana ge nyarita satarabasna,
malah bab Belem sok ngendong oge dicaritakeun sajalantrahna, teu aya nu
dikemu, kitu deui bab Lilis
nu sok pulang-anting. Henteu soteh dicaritakeun
omong-omonganana, da tara
ngabarandungan.
Ngahaok tanding Rahwana,
Usman ambek ka babu jeung
ka koki,
dicarekan ditutunjuk,
malah arek disepak,
disebutkeun jelema gelo
salingkuh,
teu baroga panarima,
nu asih dipulang sengit.
Hate Usman ngalentab
panas,
mun jongok mah Belem boa
dipeuncit,
tah geuning buktina kitu,
lalaki purah cidra,
manehna mah lalacuran
ngaler ngidul,
tapi mun bojo midua,
bet manehna panas peurih.

12

Bet hayang meunang sorangan,
na dimana ayana menak adil,
awak nganyenyeri batur,
tapi lamun sorangan,
meunang nyeri tuluy motah
arek ngamuk,
poho ka hate nu lian,
ku manehna dinyenyeri.
Bawaning ambek, Usman
nepika ngagidir, beungeutna
geuneuk kawas beusi atah
beuleum. Dina keur ambek
kitu, babu jeung koki ditundung dititah arindit sapajodogan, jaba dicarekan laklak
dasar. Ku Gan Sole dibere
temah wadi, yen eta teh salah,
sabab lamun eta dua badega
ngencar, mana teuing
sungutna matak tul-tel rasiah
nyebar sakota Bandung,
mending diandeg, diruruba
ambeh balem sungutna, da
rasiah geus bitu mah saha nu
wirang. Tapi wawadi kitu teu
didenge, da keur ambek tea.
Jaba ti kitu dibere jalan,
supaya geuwat unjukan harewos ka patih jeung sakaut,
mambrih nu minggat gancang
disusul ku pulisi, ulah ku
urang sorangan. Saperkara
meungpeung acan jauh,

kaduana memang kawajiban
itu, katiluna lamun disusul ku
urang tangtu itu ngalawan;
temahna lamun teu duanana
boa salah saurang aya nu
tiwas.
Tapi jalan anu sakitu
alusna teh weleh teu didenge,
babakuna bawaning ku keur
ambek tea. Ari dirarah ririh ku
Gan Sole kalah nyabut sekin,
arek newek bari ngaluarkeun
ucap nu sakitu garihalna.
Usman teh estuning geus
poho ditemah wadi, geus
kalap.
Gan Sole mah da teu niat
gelut, malah boga rasa nu asih
dipulang sengit, gejlig turun,
leos indit clak kana per, giritik
ka kabupaten ninggalkeun nu
kalap. Sadatang-datang geblus
bae ka kamar patih estuning
torojog tanpa larapan nepi ka
matak kaget.
Sanggeus rebu-rebu
sasadu, laksa-laksa tamada –
ma’lum ngadeuheus ka menak
jaman baheula—kakara paralak nyarita, ditetek ti barang
nenjo Belem sabendi jeung
Sari di lebah warung Haji Asik
tea nepi ka harita jongok di
hareupeun patih.
Patih olohok bengong asa
jaman budak dipangdongengkeun carita kahot; cacakan
lamun teu apal mah ka Gan
Sole yen jelema bener, lem-

peng, atawa bohong, patih teh
boa ambek da asa diheureuyan.
Lamun patih jaman kiwari
mah jaman geus aya telepon
tangtu ceg kana telepon, krining ka pulisi, krining ka
kawadanaan atawa kacamatan
nu bakal kaliwatan ku Belem,
supaya bendi eta, ditumpakan
ku eta dipegat, jelemana ditahan. Beres eta tuluy lapor ka
bupati. Tapi patih kabaheulaan mah da sejen deui jamanna, teu kitu.
Jung patih nangtung,
kikirab memeres lamban jas
tuluy bendo, pohara rinehna,
pok ngomong: “Urang unjukan ka pangawulaan. Hayu tuturkeun kula!”
Gandeuang patih ti kantor
nuju ka gedong leumpang anu
senang tea diiringkeun ku Gan
Sole. Upama patih ngalieuk,
poyongkod Gan Sole moyongkod, lamun diajak ngomong,
nembalanana teh bari ongkoongkoan cara nu keur mulung
jambu, masing teu bari dilieuk
oge. Ari jol ka gedong, teu cara
ayeuna, tok-tok-blus, alam
harita mah, wah, patih rek
manggihan bupati teh kudu
diunjukkeun heula ku jagalawang, ngadago heula disaur,
tuluy abus bari payakahpeyekeh payangkad-poyongkod. Ah, cindekna, ti jol nepi

Manglé 2454
ka jung balik deui teh diitung
jeung gengsor jueung acongaconganana Ki Kumetir, moal
kurang, leuwih mah pasti, ti
sajam, padahal jejerna carita
mah saeutik pisan: “Bojo
Usman dibawa kabur ku
Belem, disusul ku salakina.
Bisi silih paehan, hade geuwat
piheulaan ku pulisi.”
Putusan bupati, geuwat
bejaan sakaut sina ngatur
jalma nu baris ngudag, lamun
perlu parat ka Bogor, arasurusna jeung para panganggung di Cianjur, Sukabumi
jeung Bogor, masrahkeun ka
patih.
Heuleut dua jam ti harita,
burudul ti dayeuh Bandung
aleutan tujuh pulisi diluluguan
ku Agen Vleer –dumeh nu rek
ditangkepna Walanda–kaluar
ti kota Bandung ka kulonkeun.
Anggeus dua jam soteh
sakitanana mata-mata nu dipasang ku sakaut hareupeun
imah Sari tea, hariweusweus
pupulih, yen Usman katenjo
kaluar ti istal nungtun kuda
meunang nyelaan, dangdan
kaprajuritan. Harita teh nu di
kabupaten mah keur pating
galengsor, pating aracong
keneh, malah usman mah boa
geus liwat Cimahi, Gan Sole
kakara nepi kana “tigas
dawuh”.
Sakaut barang nampa laporan ti mata-mata oge gancang bae tatan-tatan nyalukan
Vleer sina mawa batur
genepan newak Usman nu
tetela boga niat nadasa Belem
atawa Sari atawa ... duanana,
tuluy Vleer sina nangkep
Belem katut Sari. Kudu disusul tepuis da sapoe ieu mah
moal leuwih jauh ti Cianjur
lepasna. Lantaran geus
sayaga, jol mantri kabupaten
ngemban timbalan pangawulaan teh atuh kari beretek, teu
make ukay-ukey ucang-acong
deui.
Ari ka Batawi teh jaman
harita mah biasana jalanna ka
Cianjur-Sukabumi moro
Bogor. Ti Bogor kana kareta
api. Jalan ngaliwatan ka
Purwakarta-Cikampek jarang
pisan diparake, saperkara
dumeh antara Dangdan jeung
Palered kasohor weritna, bejana maungna teu sieuneun

Manglé 2454

megatan jalan, turug-turug
antara Kedung Gede jeung
Bakasih sok rea begal, jadi
lamun teu perlu-perlu teuing
mah milih jalan teh kajeuhng
ngulon batan ngaler.
Salahna Sari dina petana
mingat, dumeh teu sabar
jeung make itungan, kajurung
ku geumpeur jeung sieun
katewak ku pulisi bab racun Si
Abdullah tea.
Ari nu matak disebut teu
sabar, dumeh teu ngadago
heula giliran Usman meuting
di nu kolot. Upama minggatna
tea Jumaah isuk-isuk,
pangterehna oge katangen
tangtu malem Senen atawa
Ahad pasosore, meureun
harita teh geus aya di Bogor.
Ari salahna itungan,
saperkara santek teuing
antarana, ngan ukur ganjor
pecat sawed ka lilngsir ngulon,
kira-kira 5 jam, ka dua teu ngitung kakuatan kuta. Kuda nu
tas dipake ti Limbangan
subuh-subuh ka Bandung, rek
disapoekeun ka Cianjur? Bisa
nepi ka Ciranjang asar bae ge
geus kaitung luar biasa
gancangna, narik bendi dimuatan ku tiluaan jaba
babawaan. Boga jangka 5 jam
teh disusul ku kuda tunggang
mah lebah Cipatat ge moal teu
kaudag.
Salahna nu katilu, nu
panggede-gedena salah, nya
eta ka badega dadaku rek ka
Ujungberung tumpak bendi

Belem. Padahal lamun ti
imahna tumpak per sewaan
nyorangan bari angkaribung
ku kikirim cara nu enya rek
deuheus ka klot, tangtu leuwih
rikip. Ti imah per sewaan teh
siga enya rek ka Ujungberung,
badega ge nenjoeun, malah
Agan –upamana tea—diraksukan sutra hejo, sinjang gambir
saketi, cenah meureun
pipokkeun bagega teh lamun
tea aya papariksaan. Geus teu
katarenjoeun ku babu koki,
benerna mah, per
pengkolkeun ka tempat meunang badami jeung Belem. Di
dieu ganti pakean, umpamana
baju beureum samping leres
kakara indit bareng. Di imah
teu naon-naon ninggalkeun
surat ge siga nu heueuh
ngadadak indit ka Ujungberung, kumaha bae dakuna
mah, sebutkeuin moal lila,
pageto ge balik deui, upamana, Lamun seug ku Sari diatur
kitu, najuan kabeurangnangkeun aya Gan Sole mapay
ka badega oge, pasti samar,
sabab ceuk badega teh: “Agan
tunggang per ka Ujungberung,
diraksukan disinjang gambir
saketi.”
Meureun ceuk Sole teh:
“Euh kasalahan atuh aing teh,
nu sabendi jeung Belem lebah
warung Haji Asik , dibaju
beureum disamping lereng
mah anu sakarupa sarimbag
bae eta mah, lain Sari alo aing
. Aing salah pangdeuleu, geus

kolot ieuh.”
Tapi, nya eta atuh, da Sari
mah lain Lilis bajingan
awewena atawa Piah buaya
bikangna. Teu timu jalan
demit teh, da ongkoh mingat
soteh awahing ku teu kuat
nahan gegebegan rasa,
boloampar inget kana aturan
beres.
Liwat Tagogapu rek
ngaberik tanjakan Gunung
Masigit, jalan teh pohara
taringgulna, baru pacampur
jeung gamping, matak jlagjlig-jlug cara dibeubeutbeubeutkeun. Biasana lebah
dinya, sakabeh tutumpakan,
jaba ti kuta, nu tarumpakna
sok tarurun kudana ditungtun
nepi ka liwat pasir gamping nu
eta; geus nepi ka nu rata
kakara tarumpak deui. Tapi
Anom Belem jeung Agan Sari,
sangkilang dibarejaan ku
mandor jalan jeung kuli-kuli,
aranjeucleu bae dina bendi,
anu sakitu unggal ngagejlug
ngarekek teh sora as anu rengat keur tadi isuk tea.
Dina hiji saat: “kerekek ...
beletok ... as potong dua,
bendi ngarampayak; uyuhan
kudana teu kabur ge, bubuhan
Artayim tanginas nyekel eles,
hadena keur teu lumpat, ukur
leumpang salengkahsalengkahm, nu tarumpakna
pating gulinting, untung teu
dadas teu bundas, teu ramed
teu bared ge.
(hanca)

13
Mahing Kufur, Nyegah Mamala
Ku Rihhadatul Aisy

P

idawuh Alloh SWT dina surat
Ar-Rum ayat 41, jentre pisan
nu unina kieu : “Doharul
fasadu fil barri wal bahri bimaa
kasabat aidinnas liyudiqohumma
ba’dolladziina ‘amilu la’alakum
yarzi’un.” Nu hartosna, “Karuksakan
di darat jeung di laut téh alatan pagawéan/leungeun manusa, anu
balukarna Allah nibankeun ka
maranéhna (wawales tina) sabagéan
anu ku maranéhna dilampahkeun,
supaya maranéhna babalik pikir.”
Ku kituna bisa dipastikeun, yen
upama jalma geus loba nu resep migawé kasuksakan, hartina kahirupan
eta jalma téh kudu siap-siap bakal
tepung bahla, meunang mamala. Migawe karuksakan hartina, memang
dirina teu narima kana hukum alam
atawa sunnatullah. Ku kituna, upama
kiwari timbul ayana banjir, urug, lini,
angin topan, peperangan, panyakit
AIDS, kadoliman, kama’siatan,
lobana nu ngaligeuh jeung sajabana,
dina seuseuhanana mah nya manusa
kénéh nu nyieunna. Nepi ka manusa
di alam kiwari geus jiga nu ngarasa
betah dina kama’siatan. Teu sieun ku
panyiksa Allah, nu padahal kitu peta
téh bakal moékan hirup manusia di
dunya kénéh. Geus puguh upama di
alam kubur mah, teu bisa nanawar
deui, teu aya lawang tobat deui.
Hartina, jalma nu di dunya lampahna ma’siat, nya di alam kuburna oge
bakal poék mongkléng, tur moal aya
nu nulungan.
Ku margi kitu, mungpung urang
masih aya jeung hirup di alam dunya
kénéh, hayu urang babalik pikir,
istigfar, nyuhunkeun pangampura
alias tobat ka Gusti Alloh. Rasulullah
SAW kantos ngémutan dina pi-

14

dawuhna, nu hartosna : “Prak geura
gura-giru migawé amal soléh sabab
baris kajadian rupa rupa fitnah (isuisu) lir gumplukan-gumplukan peuting nu poék mongkléng buta rajin.
Dina éta jaman, jalma-jalma téh
isuk-isuk ariman, ari soréna kalapir.
Maranéhna teh sok ngajual agamana
ku harta bandana (kaméwahan
dunya).” HR. Muslim
Margi kitu, upama jaman kiwari
jalma loba nu ati mungkir beungeut
nyanghareup, loba nu palsu, siga
hadé tapi henteu, siga nyaah tapi
henteu, écés éta téh balukar loba
jalma nu teu panceg dina kaimanan.
Balukarna deuih, loba jalma nu gindi
pikir belang bayah. Jalma-jalma loba
nu goreng haté, nu dolim, julig,
dengki jeung sajabana. Komo upama
hiji jalma geus asup kana dunya nu
kotor mah, rék kukumaha ogé, nu
jadi beubeunanganana ogé matak
kotor alias kiruh. Upama waé dina
jaman kiwari, mangsana maranggung deui kana politik, geuning loba
pisan jalma nu nyarumput tina
kajujuran. Wani ngajak kahadéan tur
ngajeblagkeun balihona sangkan
hayang kapilih jadi wakil rayat. Padahal dirina sorangan kabeuleum ku
kama’siatan. Geus puguh ari ukuran
lahir mah. Apan loba nu dijeblagkeun teh lain poto aslina, tapi geus
meunang ngaropea ku komputer.
Atuh nu tadina hideung oge bisa dibodasan. Tah, komo deui nu bisa
disumputkeun kayaning kajujuran.
Sok padahal jalma jujur, keur cekelan
muslim mah, sawadina jadi cekalan
hirupna. Man saliman muslimunna
millisanihi wayadihi. Jalma muslim
téh, nyaéta jalma nu salamet tina
lisanna jeung tina laku lampahna. Nu

jadi patarosan, naha atuh kiwari
jalma resep ngabarohong alias ngajauhan pasipatan jujur? Mangga
urang titenan pidawuh Kangjeng Rasulullah SAW nu negeskeun, yén
lampah ma’siat, lampah nu jauh tina
kaimanan, bakal kacida rugina.
Malah nu aya bakal tidungsuk
tidungdung néangan jalan nu teu
jelas. Maranéhna disasabkeun tina
jalan rido Allah, alatan hirupna
lamokot. Jalmana palinter, tapi pinter akal koja, pinter dina kagoréngan
atawa kajahatan. Kitu deui pidawuh
Rosul: “Bakal datang hiji jaman di
mana jelema-jelema teu kuat deui
néangan pakasaban kahirupannana
anging ku jalan ma’siat nepi ka waktu
harita jalma-jalma pada barohong
jeung murtad. Mangka di mana
kaayaan geus kitu aranjeun kudu hijrah.” Sahabat naros : “Kedah Hijrah
ka mana abdi téh?” Waler Nabi:
“Kudu Hijrah ka Allah kana alQur’an jeung kana Hadits.” (HR. AdDhilamy)
Kiwari geus loga jalma nu teu
jujur. Majarkeun lamun teu jujur
mah, moal bisa hirup. Lamun panyakit manusa geus kitu, jelas
kadoliman, panipuan bakal aya di
mana-mana. Aya pamingpin lain
ningalikeun tauladan, malah ningalikeun kabingungan, hubbud dunya,
parebut jabatan, teu bisa tegas mana
nu haram, mana nu halal. Alatan kitu
timbul kariceuwan dina sagala
widang. Geus puguh ari amanah
mah, nu ngampar-ngampar nu
nabeuh-nabeuh, nu beunghar beuki
beunghar nu seubeuh beuki seubeuh.
Sedeng ari nu miskin beuki
dikekeyek ku nu beunghar. Ku margi
kitu pantes kiamat sugro, adzab Allah

Manglé 2454
bakal ditibankeun ka manusa.
Lobana kajadian, lini, banjir atawa
halodo (hésé cai) jeung musibah di
mana-mana, hakékatna mah adzab ti
Allah, syaréatna lantaran manusa
resep nyieun karuksakan.
Lantaran kitu dina nyegah
datangna kadoliman, kamaksiatan,
jeung sajabana teu aya deui jalan
iwal urang uihkeun deui sagala pasualan kana papagon agama Allah.
“Dzaalikal kitabu la roiba fihi huddal
lil muttaqin.” Papagon nu teu aya
karaguan deui pikeun tujuan hirup
manusa takwa nu miseja bagja di
dunya, bagja di ahérat. Allah
ngadawuhan dina surat Ar-Rum ayat
44 : “Man kafaro fa’alaihi kufruhu,
waman ‘amila sooliha falima anfusihim yamhadun.” Hartosan : Sing
saha nu kupur, nya kupurna téh jadi
mamala pikeun dirina, jeung sing
saha anu ngalampahkeun amal
soléh, nya maranéhna sasadiaan
pikeun dirina (di sawarga).
Témbrés kacida, yen saha jalma
nu bakal rugi jeung saha jalma nu
bakal untung. Nyaeta nu kufur bakal
sasar, nu soleh bakal salamet. Komo
deui engke di aherat mah, moal aya
hiji perkara nu bakal pahili. Jelas
jeung narembongan tur nyaraksian,
mana jalma kufur, mana jalma soléh.
Upama Geus Datang Kiamat
Pidawuh Kangjeng Nabi Muhammad SAW : Satemenna di antara ciri
kiamat: Dimana geus leungit élmu,
maneuhnana kabodoan, diinumna
arak jeung maceuhna perjinahan.
(HR Bukhari ti Anas bin Malik)
Inna min asyr’athi ti antara ciri-ciri
ass’a’ati kaancuran atawa kiamatna
hiji komunitas atawa masarakat.
Ayyurfa’a al’ilmu dileungitkeunana
élmu, wa yatsbuta aljahlu sarta
dipikarespna kabodoan, wa yutsrobu
jeung diarinumna alkhomru arak
jeung sabangsana, wa yadhharu azzina jeung mahabuna perjinahan.
Aya dua rupa Ass’a’ah (kiamat) :
Kahiji, Kiamat Astronomis nyaéta
ancurna bumi jeung planét-planét
séjénna anu dijelaskeun dina
sababarha surat dina Al Quran anu
sok disebut Qiyamah Kubro. Waktu
ancurna alam jagat teu aya anu
dibéré nyaho kaabus Kangjeng Nabi
SAW katut Malaikat Jibril saperti

Manglé 2454

dina gunem catur dina hadits
Bukhori sarta dikuatan ku katerangan surat Luqman ayat pamungkas.
Kadua, Kiamat Sosial nyaéta ancurna
tatanan hubungan papada manusa.
Diantara ciri kiamat Sosiologis:
Kahiji, lamun hamba sahaya
ngalahirkeun dunungan. Hamba sahaya téh jalma anu gawé tihothat tapi
teu meunang pangajén ti jalma anu
dibélaanana. Indung anu tihothat
ngurus anu jadi anak malah anu jadi
anakna teu maliré ka nu jadi kolotna,
murid campelak ka nu jadi guru,
guru ngarogahala anu jadi murid, rahayat teu hormat ka pamingpin lantaran pamingpin gawéna nipu
rahayat. Sakabéhna ngagambarkeun
kiamat
(ancurna)
komunikasi
tatanan sosial. Kadua, Lamun budak
angon paluhur-luhur ngawangun
gedong. Honor budak angon mah
lamun jujur moal mungkin bisa
ngawangun gedong sigrong. Anu
ngaraning si Gayus pagawé nagri
golongan handap tapi gajihna alahbatan pengusaha lantaran manéhna
mah diangon ku dununganana
sangkan maling. Lamun pajak
dimanipulasi ku pagawéna nagara
bakal bangkrut. Katilu. lamun hiji
urusan dipasrahkeun ka nu lain
ahlina nya dagoan assa’ah (kaancuran). Kiwari loba pamingpin kajajadén lain boga élmu jeung ahlak tapi
lantaran boga duit keur nyogok anu
milih. Nalika jadi pamingpin téh lain
ngabéla rahayat tapi bibilintik jeung
ngagalaksak duit nagara kumaha
sangkan modalna balik deui anu jadi
korbanna mah geus tangtu rahayat
anu leutik.
Ku kituna, hayu urang riksa diri
deui. Boa-boa urang mikaresep jalan
salah. Boa-boa urang resep ninggalkeun ibadah. Upama nu dipakaresep
teh saperti kitu, mangka kudu
gacang-gancang tobat. Lantaran kiamat bakal ngadeukeutan. Sakumaha
dijéntrékeun, yen ciri kiamat
Sosisologis téh diantarana: a.
Leungitna élmu. Anu dimaksud lain
sagawayah élmu tapi élmu anu
pakait jeung kaimanan. Bisa jadi
leungitna élmu dilantarankeun ku
maraotna para ulama sarta hésé
néangan gantina, malahan para
putra ulamana ogé geus teu
kabitaeun jadi ulama sarta barudak

awéwéna ogé dikawinkeunanana lain
ka calon ulama tapi leuwih milih sarjana jeung pangusaha lain santri
calon ulama. Paguron luhur tiap taun
ngawisuda pikeun ngalahirkeun sarjana, tapi sarjana anu ulama hésé
ditéanganana. Tetempoan kaum
muslimin geus kapangaruhan ku budaya hédonestik anu nganggap harta
jeung matéri jadi udagan saperti dina
iklan susu ‘yang penting énak.
Lamun anu ngamumulé nurani
ummat geus leungit bakal kajadian
saperti langlayangan pegat bakal
hiber kumaha arah angin, ummat
bakal lésot jeung ruksak jadi korban
politik , dialeut-aleut sina démo
diadu jeung aparat keamanan padahal mah sagala pasualan bisa
diréngsékeun ku cara dialog. b.
Maneuhna kabodoan. Ciri kiamat
anu kadua dina hadits di luhur akibat
tina leungitna sumanget nyiar élmu
nya anu bakal mucunghul téh maneuhna kabodoan jalma geus teu
resep diajar tapi resepna téh hiburan,
seuseurian, nongton jeung balakécrakan. Lamun milih pamingpin
pasti milih anu deukeutna kana eusi
beuteung geus teu maliré kana kualitas laku lampah jeung ahlak, yang
penting énak. Ciri kiamat anu kadua
mah lamun otak geus teu jalan
pikeun ngaréngsékeun pasualan
ummat tapi ngaréngsékeunana ku
pendekatan sospol alias sosorongot
jeung popolotot nu ngakibatkeun
ancurna duduluran. c. Mahabuna
khomr, narkoba, ngaradu jeung
ngarinum arak. Kitu deui mahabuna
perjinahan. Geus teu éra deui kana
kama’siatan perjinahan. Saperti kiwari, geuningan manusa téh geus teu
baroga jati diri deui, malah kadieunakeun mah, beuki kalimpudan ku
alpukahna globalisasi. Teu éra deui
némbong-némbong orat, mahabuna
silih fitnah, teu era ngalakukeun korupsi, jeung sajabana. Tah, nu karitu
balukar leungitna kaimanan. Upama
jalma geus teu sieun deui kana mamala, lantaran resep migawé kama’siatan, mangka Alloh bakal
gancang nibankeun bebendonna.
Walakin kaddabu faahodna bimaa
kaanu yaqsibuun. Robbana dholamna anfusana wailam taghfirlana
watarhamna lanakunanna minal
khosirin. Amin ya Robbal ‘alamin.***

15
Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Wakaf
Patarosan:
Sakumaha seueur kajantenan,
yen di urang seueur taneuh wakaf
dugi ka aya nu dimasalahkeun. Kalebet aya nu ngawakafkeun masjid,
tapi tos puluhan taun, eta taneuh
wakaf jadi pacogregan. Nu jadi
patarosan, naon nu jadi masalahna
sareng nu leresna kumaha ari bade
wakaf teh? Hatur nuhun sateuacanna.
Wassalam,
Pa Susanto
ti Ciumbuleuit Bandung

Waleran:
Sami-sami
hatur
nuhun.
Perkawis wakaf numutkeun basa
asalna tina basa Arab, hartosna
nahan, eureun, atawa cicing.
Sedengkeun hartina numutkeun istilah dina hukum Islam nyaeta
ngeureunkeun atawa mungkas hak
milik hiji jalma kana mangrupa
barang saperti tanah pikeun
disodakohkeun manfaatna. Harti
lianna, wakaf nyaeta ngamangfaatkeun hiji barang anu dipimilik ku
hiji jalma bari dipasrahkan ka jalma
lianna (baturna) kalawan jangka
waktu anu tangtu atawa salilana.
Dina ajaran Islam, wakaf mangrupa
ibadah anu hukumna “sunat”.
Tujuanna pikeun ngadeukeutkeun
diri (taqarruban) ka Gusti Alloh Swt.
Anapon anu jadi katangtuanana
nyaeta sakumaha anu ditegeskeun
dina rukun jeung syarat wakaf.
Rukun wakaf aya opat, nyaeta:
Kahiji, aya jalma anu ngawakafkeun
(wakif); Kadua, aya barang anu diwakafkeun (mauquf); Katilu, aya
jalma anu narima eta wakaf (mauquf
‘alaih); Kaopat, kudu aya akad atawa
ikrar ti jalma anu ngawakafkeun

16

(shigah). Sedengkeun
syarat-syaratna nyaeta:

anu

jadi

1. Syarat-syarat
jalma
anu
ngawakafkeun: Kahiji, ngabogaan kana eta barang (harta)
sagemlengna; Kadua, akalna
sehat; Katilu, baligh (dewasa
atawa cukup umur); Kaopat,
nganyahokeun kana hukum tur
mampuh milampahna sacara
hukum.
2. Syarat-syarat barang anu diwakafkeun: Kahiji, kudu anu bisa
diala manfaatna dina jangka waktu
anu lila; Kadua, jeulas tur teges
jalma anu narimana; Katilu, digunakeun kalawan ngabogaan tujuan
anu hade luyu jeung ajaran-ajaran
Islam; Kaopat, ditangtukeun jinis
barangna, bentukna, tempatna,
jeung lobana. Kalima, barang anu
diwakafkeun kudu sagemlengna
dipimilik ku jalma anu ngawakafkeunna.
3. Syarat-syarat jalma anu narima
wakaf kudu ngabogaan akal
sehat;, baligh (dewasa atawa
cukup umur) tur nganyahokeun
kana hukum tur mampuh
milampahna sacara hukum.
4. Syarat shigah, nyaeta kudu jelas
jeung tegas. Wakaf bisa sah
saupama aya ijab qabul ti jalma
anu ngawakafkeun jeung jalma
anu narimana kalayan aya saksi
anu wijaksana.
Dumasar kana rukun jeung
syarat wakaf di luhur, mangka
katangtuan-katangtuan ngawengku:
Kahiji, wakaf henteu bisa di hak
milik ku hiji jalma, dijual-belikeun,
dihibahkeun, atawa diwariskeun.
Kadua, Barang anu diwakafkeun tos
teu bisa dihak milik deui ku jalma
anu ngawakafkeuna. Katilu, kudu
ngabogaan tujuan anu pasti, luyu

jeung ajaran Islam. Kaopat, harta
anu diwakafkeun bisa dikuasakeun
ka para pangawas anu ngabogaan
hak pikeun miara eta harta wkaf.
Kalima, harta wakaf bisa mangrupa
tanah atawa barang sejena anu bisa
dimanfaatkeun dina waktu anu lila,
henteu leungit manfaatna ku sakali
digunakeun.
Salajengna perkawis asal usul
ayana wakaf, para ahli hukum Islam
nyebatkeun yen wakaf anu sifatna
kaagamaan dimimitian (munggaran)
ku ngawangun wangunan Ka’bah di
Mekah anu ngarupakeun tempat
ibadah wiwitan. Anu ngawanguna
nyaeta sakabeh umat manusa anu
ayadi sabudeureunna. Hal ieu dumasar kana pidawuh Alloh dina alQuran: “Saestuna imah anu mimiti
diwangun pikeun tempat ibadah
umat manusa, nyaeta Baitulloh anu
aya di Mekkah, kalayan diberkahi tur
jadi pituduh pikeun sakabeh umat
manusa” (QS. Ali Imron: 96).
Malih disebatkeun dina sajarah,
yen di abad-abad kajayaan umat
Islam, wakaf dijadikeun salasahiji tihang kakuatan ekonomi umat Islam.
Sajabi ti kitu, di abad-abad kajayaan
umat Islam oge, harta wakaf teu
wungkul
digunakeun
pikeun
ngahirupan
jalma-jalma
fakir
miskin, tapi bisa dijadikeun modal
pikeun nanjeurkeun lembaga-lembaga atikan, ngawangun perpustakaan, ngagajih para guru sareng para
stafnya, beasiswa pikeun siswa jeung
mahasiswa anu milari elmu pangaweruh. Rumah sakit di tiap kota diwangun,
sagala
rupi
biaya
operasionalnya dibiayaan ku dana
wakaf. Ti ngawitan gajih dokter, para
perawat, dugi ka obat-obatan aya
dina tanggungan dana wakaf, nepi ka
rahayat leutik oge bisa narima
layanan kasehatan anu maksimal
jeung haratis***

Manglé 2454
Gunung Padang Ulah Digunasika

S

unda nguniang tandang
di pakalangan. Sunda kiwari
tanghi na jati diri.
Kumaha
larap
jeung prakna. Nya,
urang ayeuna nu
kudu
harudang
tandang makalangan. Ulah deuk culika, ulah deuk
ngagunasika.
Malah
mandar,
urang kudu napak
dina
tatapakan.
Nyaah ka lingkungan nya nyaah ka
diri. Nyaah jeung
wanoh ka lingkungan, tangtu nyaah
jeung wanoh ka diri
urangna sorangan.
Ku kituna, dina garapan
masingKetua Umum Paguyuban Pasundan bareng jeung H. Nanang Masoem, Acil-Sam-Jaka Bimbo ngaraleut ka kantor
Pengadilan Negeri Kab. Cianjur nyakseni sidang gelar perkara
masing
sareun
deuk saigel, rukun
gawe babarengan, ulah sok pakia-kia. alam jeung lingkungan, hususna kaaje- tuna nguniang tandang makalangan.
Urang kudu nyaah ka diri, deukeut gan Situs Gunung Padang, sangkan teu urang Sunda kiwari kudu teunung lujeung diri nyaah ka sasama. Hirup kudu digunasika ku jalma-jalma anu teu boga deung, kudu sabeungkeutan ngahiparok jeung aturan. Sing saha wae anu rasa mirasa jeung boga kapentingan jikeun kakuatan pikeun komara Sunda
ngagunasika jeung ngaruksak lingkung- keur dirina. Situs Gunung Padang misti jaga. Mun hoyong nanjeurna Sunda
an, eta jalma bakal kawalat. Nya bakal dimumule, lantaran eta situs mangrupa nguniang jeung tandang sarta tanghi na
gunung megalitik anu ngandung ajen jati diri, nya kudu némbongkeun sikep
ruksak jeung dirina.
Éta hal ditetelakeun ku Ketua Umum kalintang gedena pikeun urang Sunda. teuneung ludeung. Ulah sieun bebela
“Sunda kudu teuneung ludeung geu- dina bebeneran.
PB. Paguyuban Pasundan Prof. Dr. HM.
Sabada orasi di lapang Hypermart
Didi Turmudzi, M.Si., dina orasina gelar san nanjeurkeun bebeneran. Ulah
aksi budaya ‘Ngaraksa ngariksa Gunung sieun, ulah borangan. Ka sing saha wae Cianjur, harita rebuan simpatisan urang
Padang’ kamari ieu di Kabupaten Cian- anu ngaruksak jeung ngagunasika alam Sunda ngaleut ka kantor pangadilan
jur. Dina eta gelar aksi budaya, hadir Sunda kaasup eta jalma kawalat. Jalma negeri Cianjur pikeun nepikeun karep,
dina acara H. Nanang Masoem, Acil- anu teu ngabogaan rasa jeung mirasa. sangkan tilu urang, warga masarakat
Sam-Jaka Bimbo, Abah Ruskawan Sim kuring umajak ka anu ngariung Cianjur, anu harita nandangan bale(Ketua Cabang Paguyuban Pasundan), dina ieu riungan, poma kudu sareun- watangan, ku alatan ngabela bebeneren
tokoh kasepuhan kabuyutan Sunda, deuk saigel, saamparan sabaraya, hayu tina gunasikana jalma anu sakarep ingSundawani Wirabuana, Paku Pajajaran, urang raksa urang riksa, urang jaga sun ngaruksak situs gunung padang.
Harita, Tim pembela hokum ti Biro
sarta rebuan mahasiswa jeung simpti- kalanggengan alam Sunda,” kitu
san Urang Sunda. Gelarna eta acara, es- kasauran Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi Hukum Paguyuban Pasundan, miharep, sangkan anu tiluan tea ditangtuning nyacapkeun jeung maheutkeun tandes naker.
guhkeun perkara hukumanana. Nya
babarengan sakumna urang Sunda engSajeroning kitu Acil Bimbo nete- Alhamdulillah, hakim harita ngagoning ngaguarkeun kanyaah jeung
katineungna geusan ngaraksa ngariksa lakeun, ayeuna urang Sunda geus wak- bulkeun harepan.***

Manglé 2454

17
K

atiga entak-entakan. Jeung teuing ku panjang
deuih. Geus liwat
tilu bulan. Sawah
gé robah jadi amparan tela.
Ngewag bareulah matak
tiporos suku budak. Walungan
ngolétrak. Susukan irigasi garing. Kakalén mah komo. Metet
runtah pamiceunan sagawayah.
“Geus meujeuhna salat
ménta hujan!” Kepala Desa
Cikerung sababaraha kali
mikir. Terus ngagorowok ka
hansip jaga, “Susulan Amil.
Rapat penting kituh!”
Nu disusul teu talangké.
Malum nyampak di imah.
Geus dua poé ngeduk sumur
jeung ngoméan toren bocor
keur nampung cai sumur nu
geus empot-empotan.
“Kumaha Pa Kadés, aya pikersaeun naon?” pokna barang
anjog ka kamar gawé Kepala
Desa. Ari pipikiranana
ngalayang kana ondangan ti
kabupatén. Cara basa dua
bulan ka tukang disusulan
ngadadak. Horéng diajak buka
bareng ku bupati. Lumayan
balik téh, ngélék sarung weuteuh, kuéh kaléng, jeung amplop eusi duit saratus rebu.
Balaktiktrik balakacombrang,
beuteung muti ktrik berekat
meunang.
“Ieu Mang Amil, hujan acan
cur baé. Pan geus Oktober ayeuna téh. Halodo ti Maret
asana. Pan baheula mah,
datang Maret, ret hujan raat.
Datang Séptember, ber hujan
turun. Tos cekap salat istisqo
kawasna,” Kadés norostos.
Pipikiranana kumalayang
kana pajeg nu can katagih
kabéh. Alesan rayat, kaharti.
Bororaah keur mayar pajeg,
keur dahareun gé geus porot.
Ras deui kana kawajiban
ngayakeun béas raskin.
Sedengkeun jatah triwulan
tukang gé can kabayar ka
Dolog. Harita dijual ka bandar.
Duitna kaciwit ku itu ku ieu.
Can kasetorkeun da can aya
gantina. Mun ayeuna rayat
ngocéak butuh raskin, kumaha
nedunana. Aturan Dolog
sagolék pangkék pisan. Nu can
punah, teu bisa narima jatah.
“Nya mangga waé. Iraha?”

18

Carpon H.Usep Romli HM

Katiga Entak-Entakan
tanya Amil nu asa boga jalan
pikeun kapaké deui, lamun tas
istisqo langsung aya hujan.
Tangtu Kadés moal mopohokeun pikeun ngajenengkeun
deui jadi Amil periode kadua.
Éh, tapi apan taun ieu ge
Kadés béak mangsa baktina.
Mun nyalon deui, bisa kapilih
kénéh, bisa henteu. Ma’lum
réa saingan nu harayang jeneng. Papada baroga kakuatan. Tapi saha baé nu jeneng,
hasil istisqo ayeuna bisa dipaké modal rebut tawar
pikeun kalungguhan Amil nu
strategis jeung matak merekis.
“Urang énjing wé, Mang
Amil!” sora Kepala Desa muyarkeun lamunan Amil.
“Énjing?” Amil kerung,
”Kumaha da istisqo mah teu
tiasa didadak, Pa Kadés. Numutkeun kaol dina kitab,
kedah puasa heula tilu dinten.
Malah waktu prak salat istisqo
gé kedah puasa kénéh….”
“Alah…rudet….” Kepala

Désa gégétrét. Haténa bet
ngondéal. Keuheul ka halodo.
Hayang geura hujan. Hayang
geura normal deui tatanén.
Ambéh pajeg gancang lunas.
Ambéh teu kudu ngamprah
béas raskin nu moal disadonan da boga tunggakan setor.
Ras manéhna inget kana
surat ti kacamatan kamari.
Ngabéjaan rék aya bupati.
Gancang ngageroan Sékdés.
Nitah mawa surat éta. Song
surat. Gancang diilo. Enya wé
ngabejaan pagéto rék aya kunjungan kerja Bupati ka
wewengkon kagaringan .
“Jigana klop lamun Bupati
datang, di dieu keur istisqo.
Atawa boa Bupati bakal ngersakeun milu. Dihenteu-henteu gé santri. Boga gelar
akademik S.Ag.,“ Kadés semu
nyéréngéh.
“Kumaha pami pagéto,
Mang Amil, salat istisqo téh?”
Kepala Desa mencrong ka
Amil, “Kaleresan aya Pa Bu-

pati ka dieu…”
“Pa Bupati?” Amil malik
mencrong. Kasempetan. Saha
nu nyaho bupati katajieun,
heug baé ngarékoméndasikeun jadi ketua MUI tingkat
kacamatan atawa kabupatén.
“Ké, asana aya kaol salat istisqo teu puasa heula. Ké Mamang muka heula kitab atuh.
Urang putuskeun sonten….”
“Nyanggakeun. Pokona
urang istisqo pas aya bupati ka
dieu,” Kadés katémbong bungah. Mun pareng, engké bupati apaleun kaayaan gararing,
tapi ihtiar teu eureun-eureun.
Dalah ku cara nu luyu jeung
paréntah agama. Salat istisqo.
Sugan wé taun hareup, alokasi
anggaran dana désa, PNPM,
katut subsidi-subsidi séjénna,
nambahan ceuyah. Lumayan
aya bekel keur nyalon deui.
Kajeun teu kapilih deui ogé.
Tapi sugan wé kabiruyungan
kénéh.
Datang ka imah, Amil gan-

Manglé 2454
cang mukaan sababaraha
kitab nu aya patula-patalina
jeung salat. Goréhél dina
kitab “Zadul Ma’ad” susunan
Ibnul Qoyyim al Jauziyah, riwayat istisqo jaman Kangjeng
Nabi Saw. Harita Madinah
katibanan halodo panjang.
Kangjeng Nabi maréntahkeun para sohabat ka
mushola dina hiji poé nu ku
anjeunna geus ditangtoskeun.
“Teu disebut maréntahkeun puasa heula,” Amil
kerung mikiran kalimah ‘dina
poé nu geus ditangtukeun’.
Boa saméméhna Kangjeng
Nabi maréntahkeun heula
puasa. Terus dina poé nu ditangtukeun pikeun istisqo
sabada puasa tilu poé, maréntah ka mushola. ”Tapi da teu
tandes. Henteu qoth’I. Jadi
aya kamungkinan teu puasa
heula.”
Teu muka kitab-kitab
séjénna deui, sabab di dinya
mah réréana nyebutkeun rék
istisqo kudu puasa heula.
Jadi lamun rék istisqo pagéto,
meneran aya bupati, kudu
geus puasa ti ayeuna kénéh.
“Ahhhh, urang cekel wé
kaol Ibnu Qoyyim,” Amil
mancegkeun pamanggih.
Pagétona, geus kumpul di
tegalan. Teu jauh ti kantor kacamatan. Acan prak salat
sabab ngadagoan heula bupati datang. Karék pupujian
wé. Maca du’a Nabi Enuh.
Dipingpin ku guru madrasah
urang Désa Karanghonjé. Sorana rada rébék. Écés pisan
tina sonsistem nu terus
diomé-omé ku patugas Satpol
PP. Miceun gangguan sora
kékérésékan jeung ngahiung.
Ambéh engké kitu dina waktuna dipaké pidato ku bupati,
ngoncrang.
“Istaghfiru Robbakum,”
Jang Guru ngaleu, dituturkeun ku ‘huuunng’ sonsistem krodit. “Innahu kana
ghoffaro……..kkkkrrkkkkkrkk…kkrrrkkkkk……
yursilis sama-a….huuuunggg…….alaikum midroro…
…”
Kitu jeung kitu wé, nepi ka
salat dimimitian. Diimaman
ku Amil Désa Cikerung. Bupati jeung aparat kabupatén
milu ngamum. Ampir wé

Manglé 2454

dina rokaat kadua, keur maca
surat “Hal ataka haditsul
ghosiyah”, imam kapohoan
saayat. Ma’lum saumur hirup
ngimaman salat, karék aya
ma’mum pangkat bupati.
Hadéna kasilep ku hiung jeung
karasak-kérésék sonsimtem.
Mun henteu téh, lapur. Katohyan malaweung.
“Mugi-mugi Alloh ngaijabah
du’a urang sadaya dina istisqo
ieu. Ngalungsurkeun hujan nu
nyandak barokah, nyuburkeun
tatanén, nebihkeun kamalaratan sareng kasusah urang
sadayana, mahlukNa nu hina
dina…” Amil narjamahkeun
du’a ménta hujan nu dicontokeun ku Kangjeng Nabi Saw
“Allohumma asqina ghoysan
mughisan…”
Tilu poé kaliwat karék aya
ceudeum-ceudeum. Kepala
Désa jeung Amil bungah. Asa
diijabah najan kabuktian acan
cur ogé.
Sabalikna Gumara, nu kabéjakeun rék nyalon Kadés
Cikerung. Gégéjrét keuheul.
Saminggu deui rék hajat
badag. Ngarayakeun akad
nikah anakna nu cikal.
Sakalian rék dipaké pinton
tagog. Kampanye yén
manéhna rék tandang
makalangan marebutkeun kapamingpinan désa.
“Mun breg hujan dina waktuna, lapur, lapur…” Gumara
jalang-jéléng di tengah imah.
Pamajikanana nu keur
kaprak-keprek di dapur nyampeurkeun. Pok ngomong, “Bapana, pihak katering teu
beunang ditawar. Keur dua
rébu tatamu, keukeuh opat
puluh juta. Tah ieu menuna,”
song keretas sakebét. Ku Gumara ukur dirérét.
“Urus wé. Nu penting suksés. Ramé. Gebyar!”
“Hiburan mah teu acan
kalebet,” cék pamajikanana
deui.
“Enya sok utang-itung sing
imeut. Soal dana apan geus
disiapkeun dua ratus juta!”
Gumara rada nyengor.
Torojol Bahur, usung-ésang
kadeuheus.
“Aya info naon, Hur?” Gumara meubeutkeun awak kana
sofa. Nyokot udud sabatang.
Bahur ngecrékkeun zipo

kameumeut. Paméré Gumara
dua taun ka tukang. Ngahaja
dibabawa. Sina katémbongeun
yén manéhna tumarima pisan.
Gur hurung, dipaké nyeungeut
udud dununganana.
“Mangkukna salat istisqo di
kacamatan,” Bahur laporan.
“Aya bupati nanaon…”
“Heueuh urang gé nyaho!”
Gumara nyenghor, “Nu matak
carareudeum kieu. Paur keur
urang hajat, hujan ngayer.
Atawa saméméhna ogé, sarua
cilaka, jareblog. Geus bérés
hajat onaman kumadinya rék
dicicikeun ti langit gé sabodo!”
“Urang akalan ka Abah
Lahiam,” Bahur lir ngingetan.
Nyebut ngaran dukun tukang
nyarang hujan. Dukun lepus
nu ahli ngungkulan jeung nedunan sakur nu ménta pitulung ka manéhna.
“Aéh heueuh!” Gumara giak.
Nepak sirah, “Nuhun Hur diingetan. Wayahna indit ayeuna ka ditu. Hiras ti poé ieu
keur ngakalan ulah hujan nepi
ka hajat lekasan.”
“Siap, Bos,“ Bahur
nyakakak. Panonna mélétét
kana leungeun Gumara nu
keur ngodok saku. Nyokot duit
tilu lambar saratus rébuan.
Song ka Bahur.
“Béré sakitu heula. Mun
hasil, dijejegan sajuta kituh.
Yeuh, bisi motor eweuh
béngsinan,” Gumara ngasongkeun deui lima puluh
rébu. “Mahikeun nepi ka
minggu hareup.”
Bahur gancang indit. Duit
nu tilu ratus, dua ratus
dibebeskeun kana lokétna nu
geus sababaraha poé lépét
pisan. Nu saratus diajangkeun
keur Abah Lahiam. Duit lima
puluh gé nuturkeun kana
lokét. Keur béngsin mah nganjuk heula ka kios dua tak
Odang. Bayareun engké ari
meunang deui pérélék ti
dunungan. Duit sulupat-selepét ieu mah rék dipaké
masang nomer peuting isuk.
Sugan wé keuna. Sakalian rék
ménta pangnoongkeun ka
AbahLahiam, sabaraha nomer
nu rék kaluar engké.
Teu hésé muntangan. Geus
nampa duit saratus rébu ti
Bahur, poé éta kénéh Abah
Lahiam tatahar nyarang

hujan. Ayakan butut sahiji digantungkeun dina palipid juru
imah. Hiji deui, dikebulan
menyan pasangkeuneun di
juru imah Gumara engké dina
waktuna ngamimitian hajat.
Nu ngarep-ngarep hujan
turun, beuki marudah. Kadés
murang-maring. Lain pédah
hujan teu turun atawa istisqo
gagal. Nu jadi masalah,
kalungguhanana beuki
ngarasa kaancam. Tunggakan
béas raskin can kabayar.
Alokasi dana désa moal
ningkat da pajeg mandeg.
Atuh wibawana bakal kagusur
balukar kaayaan juwet kieu.
Kagaringan. Gagal panén. Panyéléwéngan raskin jeung sajabana, nu bisa dipaké parabot
kampanye ku calon-calon
séjén, pikeun nyerang dirina.
Pangpangna ku Gumara, nu
keur meujeuhna lubak-libuk
réa duit, jeung ngayakeun
hajat badag méstakeun kawinan anakna. Nu rék digunakeun keur kasempetan hadé
pikeun mikat perhatian jeung
kapercayaan balaréa.
Amil ogé ngan huleng-jentul. Rumasa salah maca kaol
Ibnul Qoyyim. Rumasa maksakeun istisqo méngpar tina
aturan syara. Tapi mun teu
kitu, meureun moal pareng
ngimaman bupati nu jadi
ma’mum.
“Lain teu diijabah, acan wé.
Geuning ceudeum-ceudeumna mah geus aya. Tangtu éta
hasil istisqo,” Amil ngupahan
sorangan. Pangupah-ngapéh
éta nu ditepikeun ka Kepala
Désa. Itung-itung meper
kageumpeurna. Ditambahan
ku paparah, “Urang mah
sakadar ihtiar, nu nangtukeun
anging Gusti Murbéng Alam.
Istisqo atos, soal curna hujan
urang sanggakeun ka Nu
Maha Kawasa.”
Tapi di piluaran sahéng. Sili
tanya, mana nu ijabah, du’a
salat istisqo nu dihadiran ku
bupati, atawa jangjawokan
nyarang hujan Abah Lahiam
nu ngalantarankeun pésta di
imah Gumara, ramé kabinabina? Dangdut, jaipongan,
jeung sajabana. Mulus banglus
teu kaganggu ku hujan. Nambahan angar katiga entak-entakan.***

19
Carpon Tety S Nataprawira

S

ekar leumpang
nyampeurkeun box
anakna. Kulambu
bulao ngora
ngarumbay nuruban ranjang leutik. Disingraykeun. Bréh katempo, buah
haténa keur saré ngageubra.
Diteuteup pipina nu montok
jeung beresih, semu beureum.
Bulu panonna centik. Na
tarangna buuk laleutik ngaroyom. Sekar imut. Simbut Popi
dibebener.
Luk tungkul. Tarang Popi
diambungan. Kulambuna ditutupkeun deui. Tina jandéla
aya angin nu nyalisir ngelabkeun tungtung kulambu.
Jandéla gancang ditutupkeun.
Bisi angin asup ka kamar.
Ulah, Popi ulah kaanginan.
Haté Ambu bakal gering
lamun Popi kaanginan.
Bari mérésan baju Popi,
Sekar diuk dina ranjang.Tadi
isuk-isuk salakina merenahkeun box Popi deukeut jandela, méh kapoyanan.
“Jandélana kedah dibukakeun,” pokna reueus.
Unggal poé Popi jadi rebutan duaan. Hayang ngagugulung, mun teu ras ingeteun
yén umur Popi kakara tilu

20

Kulambu Sutra

bulan.
“Nyaah kitu ka Popi?” Sekar
nanya. Asa sorangan nu
pangnyaahna téh geuning.
Sieun salakina mah teu nyaaheun.
”Naha bet naros kitu? Atuh
teu nyaah mah moal…” teu
kebat. Kaburu ku Sekar dituluykeun bari seuri.
”Moal manggaleuhkeun kulambu kanggo Popi nya,
Pop?” pokna ka orok nu ngan
ukur bisa ngabelényéh seuri.
Salakina neuteup.
Hararésé naker rék indit ka
kantor téh. Mun teu dijurung
mah sigana ngajentul wé
nungguan Popi.
”Mun teu dikulambuan reungitna ka lebet. Nyocoan,”
Sekar seuri leutik kayungyun,
rada nyindir ka salakina.
Kulambu, keur Sekar mapandékeun panghalang nu
ngagoda katengtreman
rumah-tanggana. Kungsi,
méh baé kulambuna nyingray. Tadi Sekar hayang ngaheureuyan salakina, tapi teu
wasa. Teu wasa ngedalkeun.

Na haténa aya nu nyaram.
Sekar ngarénghap alon. Paneuteupna seselendep kana
jeroeun kulambu néangan
Popi. Saréna tibra.
Lucu puguh Popi téh,
geulis. Siga saha? Sekar
ngalenyap. Teu pupuguh
haténa bet inget deui ka
dinya. Kana lalakon nu kungsi
ngendagkeun haté. Nyalisir
kawas angin janari. Tiis, tapi
peurih. Sok Sekar nunda buku
nu tadi dibaca, ditunda dina
kasur, basa katempo Popi
ngulisik. Bray nyingkabkeun
kulambu. Popi geus nyaring.
Ku Sekar diusap pipina. Belenyéh seuri. Sekar imut.
“Pinter!” pokna, “Popi teu
nangis. Pinter putra Ambu,
wareg bobona?” Sekar aléwoh. Asa teleb ngabasakeun
Ambu. Budak némbalan ku
basana, sorana ririh
“Hakeng, hakeng,” cenah,
belényéh deui seuri.
“Palay nénén, pipis?” gap
leungeunna kana bujur Popi,
pempersna geus pinuh.
“Gentos heula, nya?” Popi
diangkat. Sok dina ranjang
gedé, disalinan.
Popi ngaéh, lapareun. Tuda
tadi saréna jam salapan wanci
haneut moyan, sanggeus dimandian, sanggeus disusuan.
Méh jam satengah satu, karak

lilir, meujeuhna lapareun
pisan.
Ku Sekar dilahun, pék disusuan. Nyoso naker.
Sabot nyusuan, Sekar teu
petot-petot neuteup hihideung panon anakna. Sakapeung, mun keur neuteup
panon Popi, haténa sok tagiwur. Ngajorélat aya panon
Hana, nu kungsi
ngendagkeun haté salakina.
Geulis, lungguh. Panonna liuh
siga panon Popi ayeuna.
Mun inget ka Hana, haténa
sok nyérését. Kawas angin janari, teu karasa tapi matak
peurih kareureuhnakeun.
Hana, batur sakantorna.
Tilu taun, Sekar jeung
salakina ngarep-ngarep bagja,
nungguan hadirna jabang
bayi nu bakal ceurik meupeuskeun simpéna peuting.
Tilu taun Sekar narima
kalawan tawekal. Sanajan
haténa mindeng ceurik,
upama nempo teuteup salakina semu ngananaha. Naha
can sanggup jadi indung?
Naha? Paneuteup panutanana
nu baheula liuh, sok remen
kasipuh ku pangdakwa. Jadi
tiis, ngagerihan. Salakina jadi
tiis. Jadi ngantep manéhna
dina kanalangsa nu jero.
Padahal mah na waktu
sarupa kitu, taya deui kabagja
Sekar iwal ti panyombo,
kadeudeuh, jeung kanyaah ti
nu jadi salaki. Tapi karasa ku
manéhna, harita jadi hambar,
jadi tiis, combrék.
Sanajan lemes bari buni,
karasana ku Sekar mah, haté
salakina jadi anggang. Sok
hayang ngojayan jerona paneuteup asa lain keur manéhna. Sekar ngarti, salakina
nyumputkeun kakuciwa.
Sekar hayang ancrub, hayang
teuleum. Tapi teu wasa. Ras
ka dirina, sieun manggih
kanyataan nu peurih. Taya
tangan pangawasa mun kanyaah salakina ngolémbar.
Tapi éta sangkaan goréng
teh sok buru-buru dis-

Manglé 2454
ingkahkeun. Embung nangénan mun haté salakina endag
kaanginkeun. Ngolémbar ka
nu séjén. Sanajan ngarti naon
sababna. Da mun enya kitu,
Sekar rumasa can bisa méré
kasugemaan.
Karasa ku Sekar gé, poék,
taya béntang. Taya teuteup haneut tina panon panutan ati.
Teuteup deudeuh, bet karasa
peuray lalaunan. Jadi tiis combrék. Kasaput ku imut hambar. Hiji waktu Sekar hayang
neuleuman hate salakina. Tapi
salakina nyingkahan pananya.
Kalawan karasa, kageugeutna
lain kageugeut nu baheula.
”Anggur gé bobo, tong
seueur teuing ngémutan nu
lain-lain. Akang angger nyaah.
Moal rék ka mamana.”
Tapi haté Sekar, manan
tengtrem kalah cangcaya,
kalah beuki nalangsa.
”Kang..!” ngomongna
dareuda, ”Hapunten can
tiasa…..”
Teu kebat, kapegat ku
sumegruk. Karasa, sirahna
diusapan. Tapi usapna hambar, dadana motah, marudah.
Harita Sekar neuteup lalangit. Dina lalangit katémbong
aya orok nu lucu. Nu bakal
nyebut Ambu ka Sekar, jeung
Apa ka salakina. Bagja temen.
Haté Sekar diayun ku angenangen. Les, kasaréan.
Tengah peuting lilir, kacida
simpéna. Salakina taya di gigireunana. Tapi keur ngadeluk
na méja komputer. Ku Sekar
disérangkeun ti kamar, tina
panto nu méléngé.
Sakapeung salakina katempo malaweung. Neuteup ka
jauhna bangun taya pitunduheun. Nyanghareupan
komputer, keretas jeung bukubuku hareupeunana. Sekar
apal, salakina keur komunikasi jeung batur, céting. Pluk,
katangén aya nu murag.
Hayang ngojéngkang mangnyokotkeun, tapi sieun gareuwah. Sekar bati nalangsa.
Haténa gegeroan. Ngageroan
salakina, nu haténa teuing
keur kumaha.
Waktu salakina asup deui ka
kamar, Sekar api-api saré
tibra. Kadéngé salakina ngarénghap beurat. Goloyoh gigireunana. Karasa

Manglé 2454

ngeukeupan, pageuh.
Neueulkeun Sekar kana
dadana lalaunan bangun sieun
leupas. Alon pisan, antara
nyaring jeung henteu, Sekar
ngadéngé nu ngaharéwos.
”Hapunten Akang, bet wasa
miharep nu lian.” Sérését
haténa karasa peurih.
Geus tangtu salakina teu
nyangkaeun manéhna keur
nyaring. Na panonna karasa
aya nu haneut, baseuh. Sora
halon salakina bieu, kabawa
ka alam ngimpi.
Kulambu sutra kekelaban,
lir nu ngagupayan. Ngarimbunan ranjang leutik. Jeroeunana aya sarébu kabagja jeung
katrésna, ku Sekar disingraykeun. Kabéh impian baheula.
Baheula saméméh aya Popi.
Ayeuna Popi aya na lahunana,
lahunan indung, dina kawih
deudeuh Cianjuran, nu
salawasna mawa katengtrem
ati. Sirah Popi diusapan. Ngok
diambung. Seungit, seungit
orok nu beresih.
Mun kongang mah hayang
salawasna ngeukeuweuk Popi,
mamangku Popi. Sekar imut.
Kacipta deui basa Sekar
hayang némbongkeun testpack positip ka salakina.
Aya kabagja sején leuwih ti
ti éta, basa ngarasa aya nu usik
na kandungan. Gusti Nu
Agung! Sekar asa ngapung ka
langit katujuh. Jungjunan nu
dianti-anti kiwari ngageterkeun asih.
Bet teu kanyahoan ujugujug ter wéh ngageter. Panyangka Dédéh mah telat tilu
bulan téh biasa, da sok kitu.
Teu dipariksa ieuh, kawas nu
geus bosen ku kakuciwa
saperti saméméhna.
Horéng puputon téh datangna ngagareuwahkeun.
Sekar imut, hayang ngabéjaan
salakina ku geterna Si Utun
Inji mun usik deui, rék sina
pataréma.
Ngarah bagja. Cipanonna
diantep sina ngembeng.
Hayang geura Si Utun usik
deui.
”Kang,” pokna dareuda,
”Tah cepeng ” leungeun salakina diteueulkeun basa na beuteungna aya nu usik.
Teup panon pateuteup, bangun cangcaya. Manéhna

unggeuk. Na panon salakina
aya talaga nu ngembeng.
”Tadi uih diparios, ku
Bidan. Leres, énjing piwarang
di-USG ka dokter kandungan,”
Omongna dareuda.
”Alhamdulillah,” témbalna
ngagerendeng, lalaunan tapi
jero. Paneuteupna nyorotkeun
cahya bagja. Leungeunna
nangkeup Sekar.
”Hapunten,“ pokna. Sekar
ngalenyap. Naha? Hapunten?
Leungeun salakina ngusapan.
”Salami ieu Akang sering
ngantep,” ngaharewos.
Sekar teu wasa kedal
nanaon. Pangrasana teu
nyalahan.
”Pami dihapunten Akang nu
pangbagjana,” pokna.
Tuluy wakca. Haténa
kungsi baluweng, kaendagkeun ku harepan nu ngagoda.
Haté Sekar ngaleketey, peurih.
Tapi teu wasa ngabibisani. Teu
wasa némbal. Sabab kacida
peurihna, geuning.
”Rumasa, Akang kungsi
boga harepan séjén. Tapi teu
wasa wakca. Tapi ngan ukur
teu wasa mopohokeun, taya
leuwihna. Sabab apan Akang
gaduh Sekar.”
Reup Sekar peureum,
nahan rasa nu awor na
dadana. Peurih jeung ngenes.
Embung ngadéngé nu wakca
balaka, tapi haténa teu wasa
ngantep.
Nyah beunta, malik ka
salakina. Cipanonna tuhur.
Teu, teu wasa némbongkeun kapeurih ati. Pék nanya,
“Saha namina?”
Salakina keur neuteup
lalangit, ngaganjel sirahna ku
dua leungeun.
“Hana,“ témbalna.
Sekar ngarénghap, kolébat
Hana némbongan. Deudeuh
teuing. Panon nu liuh, Hana
nu bageur. Reup Sekar
peureum. Hampura Han.
Ceuceu terang, na panon
Hana nu liuh aya kadeudeuh
keur si Akang, salaki kuring.
Tapi kacinta Ceuceu teu wasa
maliré haté Hana.
Ulah, ulah micinta Akang,
sabab Ceuceu embung leungiteun katrésnana.
”Naha Akang teu sasauran ti
kapungkur, ari tos lami mah?”
Sekar nanya.

Salakina malik. nangkeup.
Teu némbalan. Sekar hayang
sumegruk. Tapi ditahan.
”Hapunten, Akang sieun
leungiteun. Ti ayeuna jangji,
moal sumoréang ka mamana.”
Haté Sekar ngaleketey.
Salakina mageuhan keukeupan. Ngarénghap saperti nu
ngaleupaskeun bangbaluhna.
Na kandunganana Sekar
karasa aya nu usik.
Gap leungeun salakina
dicekel. Tel diantelkeun.
Cipanon bagjana lalaunan
juuh.
Ti harita mun Sekar inget ka
Hana, sok gancang disinglarkeun. Sekar yakin. Ti
poé ka poé karasa kabagja
beuki minuhan dadana. Nu
kungsi karasa anggang téh,
ayeuna beuki geugeut.
Tepi ka waktuna, Popi lahir.
Séhat, montok, beresih. Hana.
Hana Popiani. Sekar milih
ngaran éta keur Popi.
Tapi salakina nyaram.
“Tos waé Popi,” pokna.
“Naha ulah nganggo Hana?”
ngaheureuyan, salakina ngabalieur.
Nyah Popi beunta. Sekar
imut. Belenyéh Popi seuri.
“Wareg nénénna?” Sirah
Popi diusapan.
“Hakeng, hakeng…” Ririh,
sora nu mawa katingtrim ati.
Angin asup tina panto
kamar. Karasa tiis, Sekar
ngalieuk ngawaskeun nu
anyar datang. Ngarérét kana
jam. Wayah balik ngantor. Teu
kadéngé gerung motorna.
Jongjon teuing ngurus Popi.
Tadi milu ngalenyap basa Popi
tibra. Lilir-lilir jam opat soré,
wanci ngelap atawa ngamandian.
”Karék gugah?” manéhna
nanya. Panto kamar ditutupkeun. Gék diuk dina sisi ranjang.
Sekar imut. Jung nangtung
mangku Popi, rék disarékeun
dina box, tas dimandian.
”Mbu, nyaah ka Popi?”
Salakina nanya. Sekar
ngarérét.
Teup pateuteup.
Kiwari aya tali kaasih nu
salawasna nganteng. Teu perlu
sieun leungiteun, sanajan kulambu sutra kungsi ngelab
kaanginkeun. ***

21
Carpon: Yus R. Ismail

Ésih jeung Duyéh
“Akang téh nyaah,” ceuk
Duyéh hiji soré. Hujan kakara raat. Tatangkalan rajeg
ngabigeug. Angin duka ka
mana. Sapanjang jalan
komplek Griya Surga Indah
aya ku simpé.
“Tapi modal Akang mah
saukur nyaah, ngan nyaah
jeung nyaah.”
Ésih ngarahuh. Bet aya
anu gumeter di jero kalbuna.
Basa sésa cihujan anu ngagantung dina pucuk plamboyan ngeclak, asa haténa
anu katinggang cai wening
téh, nyecep jeung seger. Basa
teuteupna amprok jeung
teutep Duyéh, aya ombak
anu ngagalura dina dada
Êsih. Ésih imut bari ngabalieur, bari yakin paneuteup Duyéh mah angger
manteng ka manéhna.
Biasana, lamun Êsih nangenan Duyéh neuteup siga
kitu, Êsih sok heureuy ku
pananya, “Geulis nya?”
“Enya, anjeun téh geulis,
Sih. Lantaran éta meureun
Akang teu bisa mopohokeun anjeun.”
Unggal mulang jalanjalan jeung Duyéh, di hareupeun eunteung di ka
marna, Ésih mindeng
ngagerendeng; enya kitu
aing téh geulis? Lain henteu
sukur ka Gusti, Ésih
ngarasa dirina biasa waé.
Enya éta ogé olah raga, ngurus awak, pangpangna
lebah pameunteu jeung
rambut, geus jadi kabutuhan. Tapi dirina asa henteu geulis siga Meida Safira
atawa Kimberly Ryder.
“Sih, geulisna istri mah
aya dina haté lalaki,” ceuk
Duyéh hiji waktu basa Ésih
nanyakeun, naon atuh kriteria lalaki bet bisa nganiléy
geulis jeung henteuna hiji
awéwé? “Keur Kang

22

Dadang, Ceu Nia pasti
panggeulisna. Keur Qais,
Laila téh panggeulisna.
Keur Asraf, Bunga téh
panggeulisna. Keur Duyéh,
pasti Ésih atuh panggeulisna.”
Duka iraha mimitina
ngaran Duyéh bet remen
ngalangkang dina pikiran
jeung haté Ésih. Da baheula
mah tara inget saeutik-eutik
acan. Buukna anu panjang,
ririaban lamun katebak
angin. Atawa imutna anu

mandiri béda ti anu séjén.
Atawa teuteupna anu matak
teu puguh cabak, can
kungsi kapikiran. Enya
Duyéh téh kawentar henteu
ngan di kampus. Duyéh
mah di kampus séjén, di
kota séjén, teu weléh réa
anu ngahiap-hiap. Apan
sakali maca sajak atawa
medar pangalamanana
ngarang carpon ogé, henteu
saeutik mahasiswi ngarariung harayang deukeut,
harayang wanoh. Lantaran

éta meureun Ésih ngarasa
kuméok méméh dipacok.
Manéhna mah apan mahasiswi biasa waé.
Henteu nyongcolang dina
widang matakuliah, ekstrakulikuler, atawa kasenian
anu loba ngirut rumaja
sapantaranana.
Tapi hiji soré Duyéh
datang ka tempat indekos
Ésih, nginjeum buku Sejarah Komunikasi. Perkara
nginjeum buku mah
anggeus lima menit ogé,
tapi Duyéh di tempat indekos Ésih aya kana dua
jamna. Saterusna mah
Duyéh mindeng nganjang,
ngajak jalan-jalan, nyelapkeun puisi cinta dina buku
Ésih, ngahaleuang lagu

Manglé 2454
cinta dipirig gitar. Enya,
Ésih gé ngaku, Duyéh téh
romantis, bageur, perhatian. Sakali mangsa mah
basa Duyéh nganjang
kabeneran Ésih tas wudu.
“Akang mah pangwaaswaasna ningali istri téh
sabada wudu. Cai masih
ngareclakan tina buuk
jeung pameunteuna. Istri
anu geulis téh nyaéta istri
anu rajin wudu ceuk Akang
mah. Hanjakal Akang mah
tas solat. Mun seug acan,
hayang teuing ngajaran
ngaimaman Êsih,” ceuk
Duyéh.
Ésih saukur imut, terus ka
kamarna arék solat.
“Di dieu waé solatna, Sih,
Akang hayang neuteup Êsih
nuju solat.”
Ésih ngajanteng sakedapan, ngararasakeun anu
nyaksrak dina dadana. Duh
Gusti, saleresna abdi téh
ngantosan kaayaan sapertos
kieu. Enya, rarasaan jeung
pangacianana mah Êsih téh
baluweng ku asmara. Tapi
pikiranana, kayakinanana,
Ésih tetep peng kuh. Êsih
cangcaya kana kedaling ucap
Duyéh. Henteu salah, Duyéh
téh romantis, bageur, kasép,
perhatian. Tapi apan Duyéh
mah kawawuhanana aya di
mana-mana. Wanoja anu
katarik ati kapentang asmara ku Duyéh sigana henteu
saurang dua urang. Naha
Duyéh ogé sarua romantisna, perhatianana, bageurna, ka unggal wanoja anu
deukeut jeung manéhna?
Pananya samodél kitu anu
henteu leungit tina pikiran
jeung kayakinan Ésih.
Nepi ka hiji soré, basa girimis mépés poé, Duyéh
ngucapkeun kalimah anu
moal leungit tina ingetan
Ésih.
“Lamun seug anjeun téh
masjid, Akang mah hayang
terus-terusan solat di
jerona,”ceuk Duyéh.
Ésih ngararasakeun angin
anu ngagilisir kana pipi

Manglé 2454

parat kana haténa.
**
“Naha atuh Akang téh bet
nyaah ka abdi?” ceuk Ésih
hiji soré. Girimis anu ninggang dangdaunan wirahmana matak waas. Duyéh
neuteup ka jauhna, ka
sapanjang jalan komplek
Griya Surga Indah. Tukang
bajigur anu tadi ngaliwat
ngiles di péngkolan.
“Urang mah moal kungsi
apal, Sih... iraha jeung di
mana rasa téh eunteupna.
Êta mah rusiah Pangéran.
Meureun enya ceuk Afrijal,
cinta téh hal panganéhna
dina hirup manusa. Lantaran éta, henteu samistina
kanyaah Akang ka Êsih
hantem ditatanyakeun. Da
cinta mah moal bisa ditarjamahkeun kana basa
urang.”
Ésih imut. Enya kitu? Tapi
naha ieu haté bet teu bisa diupahan. Unggal ningali
Duyéh ngobrol jeung Yeni,
Dian, Eli, Kim, Fatin, Méla,
Ratu, jeung wanoja lainna,
rasa cangcaya téh beuki témbong ayana. Naha timburu
kitu? Naha wajar timburu
jadi gemuk kacangcayaan?
Ésih henteu ngarti, naha
haténa bet cangcaya pikeun
narima Duyéh sagemblengna.
“Kudu ku naon atawa ku
cara kumaha atuh Akang
téh pikeun ngayakinkeun
anjeun, Sih?” ceuk Duyéh
sakali mangsa. Êsih henteu
ngajawab. Bet geter-geter
kanyaah anu aya dina
haténa, karembangan, basa
maca sababaraha lembar
sajak cinta, sajak cinta anu
dihususkeun keur manéhna. Tapi keur pikiranana
mah sajak téh henteu
cukup.
“Hiji mangsa, aya ku
hayang boga patamanan di
pipir imah, imah anu sederhana tapi resik. Lamun soré
di patamanan téa urang
bisa nyaksian panonpoé

surup. Lamun isuk-isuk
urang bisa nyerangkeun
barudak lalumpatan ngungudag kukupu anu eunteup dina kekembangan.
Urang téh kudu ngajarkeun
ka barudak, yen hirup henteu bisa dilakonan tanpa
cinta. Bet ku hayang macakeun sajak-sajak cinta, ngagalindengkeun lagu-lugu
asmara, jeung nyelapkeun
sagagang érmawar dina
rambut hiji wanoja, anu jadi
indung barudak téa. Sih,
naha kersa jadi wanoja dina
lamunan Akang?”
Ésih teu némbalan. Haténa mah enya geus kabandang ti saméméhna. Tapi
pikiranana, angger cangcaya. Sakanyahona, sajak téh
ngan ngadabrul wungkul.
Komo deui sajak cinta anu
hésé dibédakeun jeung
rayuan gombal. Amangna
ogé apan aya anu jadi panyajak. Mindeng demonstrasi di
jalan-jalan.
Hasilna?
Nyangsarakeun anak pamajikan ti imah kontrakan ka
imah kontrakan. Meureun
lantaran kacangcayaan éta
Êsih henteu ngedalkeun putusan anu pasti. Nepi ka hiji
mangsa mulang ka tempat
indekos Êsih dianteur ku
Kémod. Ti mimiti wawuh
Kémod mah geus ningalikeun hiji lalaki anu mapan.
Mapan téh gembleng salaku
lalaki jaman kiwari. Papakéanana perlénté, ka ditu
ka dieu momobilan, ngajak
jalan-jalan ka pertokoan,
balanja, nonton film, balikna
nyimpang ka dunkin, kfc,
atawa réstoran méwah.
Naha enya dina haté
awéwé, enya ogé dina
bagian leutikna, aya kayakinan yén rajakaya téh pondasi anu weweg pikeun
cinta? Ésih saenyana henteu yakin kana hal éta. Tapi
nalurina nungtun pikeun
milih jeung ngajalankeun-

ana. Ésih ngucap sukur
logikana masih waras, henteu ancur burakrakan ku
rasa anu henteu logis. Êsih
henteu bisa ngabadé Duyéh
bisa nengtremkeun tina
jihad matéri.
Naha enya, di jaman
sarwa téhnologi cara ayeuna, cinta taya hartina sama
sakali?
Basa Duyéh apaleun yén
Ésih geus nangtukeun pilihan, manéhna datang hiji
soré. Sababaraha lambar
puisi anu digulung dibikeun
ka Ésih sabada dibacakeun.
“Kudu kumaha deui ngucapkeunana, cinta ka anjeun téh geuning ngamalir
terus-terusan taya saatna,
nyébor katineung kana teuteup anjeun, rambut anjeun, cai anu ngagarenclang
nyarakclakan sabada anjeun abdas.”
Ngan sakitu anu diucapkeun ku Duyéh. Tapi
suasana soré girimis, ambekanana basa keur maca
sajak anu siga diatur, geter
sorana, leuwih ti sajuta
ucap. Basa lambaran sajak
téa dipasrahkeun, kembang
érmawar diselapkeun dina
buuk Êsih, terus amitan
nangtang girimis. Buukna
ririaban boborélakan ku ciwening, Ésih ngarasa aya
anu nyeuit dina dadana.
Nyeri jeung peurih.
**
“Kumaha carana ngaleungitkeun panineungan?”
tanya Ésih ka Dédah, sobat
kuliahna. Kampus pasosoré
aya ku simpé. Girimis
mépés poé anu tadi mentrang. Dédah nyeuleukeuteuk.
“Naha seuri? Naha Dédah
teu kungsi boga panineungan?”
“Pohokeun wé atuh Kang
Kémod mah. Masih ngantri
anu ngahéroan ka Ésih

Nyambung ka kaca 34
23
Budak nu Leungit
N. W. Galih

P

oé eta Si Arkan
balikna sorangan.
Inditna mah
duaan jeung Si
Obing, budakna
Bi Isom. Ari pangira Si
Arkan babaturanana téh
geus balik ti heula.
Dicelukan sababaraha kali
di gunung Sayur, taya nembalan. Geus kitu mah gedig
wé manéhna balik. Ongkoh
jukut dina tolombong geus
pinuh. Maranéhna indit ka
gunung Sayur téh ngadon
ngarit. Barang datang ka
lembur, gebru neundeun
tolombong dina kandang
dombana. Sanggeus diparaban sacukupna, koloyong ka
lmahna Bi Isom.
Dua puluh meter deui ka
imah Bi Isom, Arkan
gegeroan “Bing Obing! ku
naon euy ilaing ninggalkeun?!”.
Euweuh nu némbalan.
“Bing! Obing!” ceuk
Arkan deui. Geus nepi, gék
dina golodog. Kulutrak, sora
panto muka, lol sirah
indungna Arkan.
“Obing mana Bi?” Si
Arkan gasik nanya. “Tebat
ka lebak, ngurek ?”.
“Har? Ari manéh kapan
tadi ngarit jeung manéh.
Geus lila nya ilaing balik”.
“Karek jol Bi, kebat ka
dieu, da panyana téh Obing
geus balik ti heula.” Deg,
cenah karasana kana dada
Bi Isom. Palangsiang Si
Obing leungit! Pok wé
nanya ka Arkan, “Ke, ari

24

tadi ngaritna ti lebah mana
deuih? Mana lalila teuing?”.
“Rada jauh tadi mah, Ibi.
Hésé néangan jukut nu alus
téh. Malum keur usum kieu.
Halodo mah di mamana gé
hésé jukut nu hadé,” walon
Si Arkan.
“Na ti mana ngaritna?”
cek Bi Isom.
“Ti gunung Sayur?”
Ngan gebeg we Bi Isom
ngagebeg “Gunung Sayur,”
gerentesna.
“Gusti, mani jauh-jauh
teuing, Arkan! Sia mah can
nyaho nya gunung éta?
Kolot gé langka nincak gunung Sayur. Sanget kénéh
deuleu! Ari ieu maranéh,
budak satepak kénéh bet
wawanian. Lah kami mah
palangsiang Si Obing leungit, aya nu nyumputkeun
ku urang dinya! Gusti,
mangkaning anak ngan hijihijina. Da éta manéh nu
mamawa ka dinya téh!”
“Si Obing nu ngajak mah
Ibi. Resep meureun cenah
di gunung Sayur mah. Loba
jukutna jeung ngaremploh.
Pikabetaheun deuih, uing
mah sakadar nuturkeun
manéhna.”
“Lah komo geus nyebut
betah-betah kitu, palangsiang.” Ngan géwéwék we Bi
Isom ngajéréwét. Hing wéh
ceurik. Teu lila rob tatanggana ngadareukeutan.
Reuwaseun.
“Ku naon Bi Isom téh,
Arkan?” ceuk Bi Teja ka Si
Arkan.

“Mimitina mah nanyakeun Si Obing, da tadi téh
bareng ngarit ka gu nung
Sayur. Ari panyangka Uing,
manéhna geus balik ti
heula.”
“Ari ieu can nyampak di
imah nya?” ceuk Bi Teja.
“Puguh nu matak ceurik
gé.”
”Di ditu kénéh meureun.
Tungguan wé, mun wanci
Asar can mulang waé, urang
susul ku saréréa. Nya Mang
Tarju, enya henteu?” Bi Teja
ngalieuk ka lebah Mang
Tarju.
“Heueuh cék uing mah
kitu wé. Wanci Asar Si
Obing can mulang, wajib ku
urang lembur susul. Boa
teuing ayeuna di jalan
kénéh, atawa sumpang-simpang heula ka lembur
séjén,” ceuk Mang Tarju.
“Mamawa tolombong
wadah jukut nya?” ceuk Bi
Imik bari seuri. “Kawas nu
dagang ancleung nyah?”
Ger nu aya di dinya sareuri, kagugu ku polah Bi
Imik.
“Indungna keur sedih
euy, teu hadé tingcakakak!”
Aya saurang nu ngelingan.
“Aéh heueuh nya,” ceuk
Udin nu milu ngariung Bi
Isom. Jep wéh jarempé.
“Jadi kitu wé nya Mang
Tarju?” ceuk Udin deui.
“Naon téa?”
“Paitkeun rencana urang
engké. Mun Si Obing wanci
Asar can mulang kénéh,
urang wajib nyusul, bébéja

waé heula ka RT.
"Panuju!” saur manuk.
Waktu Asar nu didagodago ku in¬dungna jeung
ku pangeusi urang lembur
Cikahuripan, can jebul
kénéh waé. Timbul kacurigaan ti urang Cikahuripan.
Komo indungna mah geus
nyangka nu lain-lain. Boa Si
Obing téh moal mulang,
disumputkeun ku urang
ditu. Bi Isom kapaéhanana
gé aya sababaraha kalina.
Nu rék néangan kabéh
lalaki nu geus aya umuran.
Teu tinggal ti mawa bedog
jeung obor. Mawa bedog
keur ngajaga. Obor mah bisi
kapeutingan balik, atawa jol
ka nu dijugjug geus poék
mantén. Nu indit téh aya
duapuluh urangna. Ari ti
lembur Cikahuripan ka gunung Sayur teu jauh, ukur
dua kilometer, tapi da lain
nyorang jalan datar wungkul. Pungkal-péngkol, nanjak mudun loba nyorang
rerembet. Diantara rombongan nu leutik keneh téh
Si Arkan. Perelu keur tuduh
jalan. Nepi ka nu dituju kira
pukul lima. Kaayaan geus
paroék, cahaya panon poé
kahalangan ku tatangkalan
galede. Kapaksa beurang
kéneh gé obor diseungeut.
Teu sirikna unggal nu
legok disaksrak, diténjoan,
tapi Si Obing teu panggih.
Nya geus kitu mah mo henteu ngarendong di gunung,
peuting éta kénéh marulang
deui ka lembur. Nu milu di-

Manglé 2454
itung deui, jejeg euweuh nu
leungit. Ngadéngé nu baralik
ka lembur bari teu mawa nu
ditéangan, keur Bi Isom mah
kalah waé nambahan
kasedih.
’’Tong leutik hate Ibi,”
ceuk Mang Tarju, ”boa Si
Obing téh teu nanaon jagjag
kénéh. Aya keneh di ditu,
ngan tadi mah teu kapanggih sotéh diburu-buru
hayang balik, bisi amprok
jeung urang leuweung.
Barabé. Keun isuk da rék
ditéangan deui. Inditna rék
rebun-rebun pisan. Si Obing
moal teu kapahung, poho
deui jalan balik. Kapan di
gunung Sayur teh ngaritna
misah jeung Si Arkan di
leukeunan, Si Obing mah
rada ka beh tonggoh,
deukeut anu loba dapur
awina.”
“Teu diteangan ka lebah
dinya Bi Isom maksakeun
nanya, sorana gé peura balas
ceurik waé.
“Ih puguh wé ditéanganana mah. Tapi teu kapanggih
tolombong-tolombongna
acan,” ceuk Mang Tarju.

Manglé 2454

”Keun sugan isuk kapanggih.
Ayeu mah ulah loba nu
dipikiran.”
Tengah peuting sora nu
ngagero, Bi Isom. Sora
anakna. Gentak Bi Iso hudang.
“Maneh, Obing balik?”
ceuk Isom jung cengkat
ngadeukeutan panto dapur.
Di luar taya nu némbalan.
Ngan angin nu ngagelebug
nebak tatangkalan.,
“Ema, uing mah tong
diteangan. Geus betah di
ditu. Obing moal balik deui.
Ditéangan ge natambuh laku
... ceuk sora tan katingalan.
"Naha Obing embung
balik?” Isom mana kawas nu
ngomong sorangan.
”Da geus betah di ditu,
Ema.”
”Luas temen ninggalkeun
Ema cunggelik sorangan.”
’’Kapaksa Ema.”
Nu tas néangan anakna Bi
Isom di gunung Sayur geus
balik. Tapi Obin mah euweuh diantara manéhna. Nu
balik katénjo bangun nu
lalungsé pisan. Nu hantem
ditéangan téh teu kapangih.
Pagawéan asa tambuh.

Geus nyaho kitu mah, budakna Bi Isom téh disebut
hilang wéh. Poé éta dianggap
poé sadugna manehna maot.
Bi Isom teu bisa kukumaha, sok sanajan sedihna
nataku, ti dituna man tuda
budak ngan hiji-hijna, beunang hayang, kari-kari ayeuna ninggalkeun, sanggeus
tujuh taun salakina ninggalkeun ti heula, mulang ka
alam kalanggengan.
Sabulan ti harita, dina hiji
peuting Bi Isom ngimpi.
Anakna datang, papakean
singsarwa alus, kulitna
bodas beresih teu cara biasana, hideung balas kapanasan waé, ngala suluh
jeung ngarit.
“Hirup kénéh Ujang téh ?”
ceuk Bi Isom bari ngusapan
sirah anakna.
“Jagjag kénéh, Ema.
Kasep deuih ayeuna mah
uing téh. Geura isuk teang
...”
Rebun-rebun kénéh Bi
Isom geus hudang. Kebat
ngajugjug imahna RT.
Paralak ditepikeun eusi
impianana tadi peuting.
Ketua RT teu kaleked tuluy

nyokot kohkol awi, ditakol
dititirkeun. Teu lila geus
ngarumpul kolot di hareupeun imahna RT.
Pok Kokolot RT ngabéjakeun pamaksudanana.
Pangna ngumpulkeun
rebun-rebun téh. Wayahna
sakali deui urang néangan
jasadna budakna Bi Isom,
pédah peuting kaimpikeun
ku idungna, ceuk Kokolot RT
ka nu aya di hareupeunana.
Teu ngéngkékeun deui, diengké-engké mah kaburu
beurang mantén ongkoh, riungan bubar. Sawelas urang
nu indit ka gunung téh.
Anjog ka gunung geus
rada beurang. Mang Tarju
nu keur tonggoy gasruk,
handapeun dapuran awi
manehna nénjo nu keur
sujud nyangigirkeun tolombong wadah jukut. Mang
Tarju ngagebeg. Boa éta Si
Obing téh. Tapi, awakna
geus tinggal rorongkong!
Geus nyaho kitu mah kebat
manehna nyampeurkeun
baturna. Hariweusweus nyebutkeun geus manggihan
budak nu leungit tea.
Atuh rob baturna nu sapuluh urang deui, dibarengan
ku Mang Tarju muru papanggihanana. Enya we, Rorongkong nu kasampak téh.
Anéhna, teu kaambeu bau
bangké. Jeung deui rorongkong téh bisaan. Keur
sujud, leungeunna nu
katuhu nyekel tolombong.
Kersa ning Alloh Nu Maha
Kawasa!
Ti dinya mah duaan dititah mudun, ngabéjaan pulisi
désa. Ngabéjaan kayaan nu
sabenerna.
Ti harita budak nu ngarit
tara wani-wani deui ulin ka
gunung Sayur. Nasibna
sieun jiga Si Obing. Tong
boro barudak, dalah kolot gé
langka. Gunung ayur téh
sanget kénéh, loba pangeusi
anu teu katenjo ku panon
biasa. Walohualam.***

25
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454
Mangle 2454

More Related Content

What's hot (8)

Tosho shitsu de hon o yomimasu
Tosho shitsu de hon o yomimasuTosho shitsu de hon o yomimasu
Tosho shitsu de hon o yomimasu
 
Pidato peranan pemuda'
Pidato peranan pemuda'Pidato peranan pemuda'
Pidato peranan pemuda'
 
Role of youth in indian politics
Role of youth in indian politicsRole of youth in indian politics
Role of youth in indian politics
 
Asal mula tari linda
Asal mula tari lindaAsal mula tari linda
Asal mula tari linda
 
Cerita rakyat muna la moelu
Cerita rakyat muna  la moeluCerita rakyat muna  la moelu
Cerita rakyat muna la moelu
 
Kumpulan lagu muna
Kumpulan lagu munaKumpulan lagu muna
Kumpulan lagu muna
 
Youth in Indian Politics
Youth in Indian PoliticsYouth in Indian Politics
Youth in Indian Politics
 
Daftar rumah adat di indonesia
Daftar rumah adat di indonesiaDaftar rumah adat di indonesia
Daftar rumah adat di indonesia
 

Viewers also liked (19)

Mangle2480
Mangle2480Mangle2480
Mangle2480
 
Mangle 2468
Mangle 2468Mangle 2468
Mangle 2468
 
Mangle 2472
Mangle 2472Mangle 2472
Mangle 2472
 
Mangle 2474
Mangle 2474Mangle 2474
Mangle 2474
 
Mangle 2473
Mangle 2473Mangle 2473
Mangle 2473
 
Mangle 2455
Mangle 2455Mangle 2455
Mangle 2455
 
Mangle 2467
Mangle 2467Mangle 2467
Mangle 2467
 
Mangle 2471
Mangle 2471Mangle 2471
Mangle 2471
 
Mangle 2457
Mangle 2457Mangle 2457
Mangle 2457
 
Mangle2465
Mangle2465Mangle2465
Mangle2465
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
Mangle 2458
Mangle 2458Mangle 2458
Mangle 2458
 
Mangle 2462
Mangle 2462Mangle 2462
Mangle 2462
 
Mangle2463
Mangle2463Mangle2463
Mangle2463
 
Mangle_2460
Mangle_2460Mangle_2460
Mangle_2460
 
Mangle 2464
Mangle 2464Mangle 2464
Mangle 2464
 
Mangle 2453
Mangle 2453Mangle 2453
Mangle 2453
 
Mangle 2459
Mangle 2459Mangle 2459
Mangle 2459
 
Mangle 2466
Mangle 2466Mangle 2466
Mangle 2466
 

Similar to Mangle 2454

MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433mitra_sunda
 

Similar to Mangle 2454 (20)

Mangle 2452
Mangle 2452Mangle 2452
Mangle 2452
 
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
 
Mangle 2451
Mangle 2451Mangle 2451
Mangle 2451
 
Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441
 
Mangle 2478
Mangle 2478Mangle 2478
Mangle 2478
 
Mangle 2434
Mangle 2434Mangle 2434
Mangle 2434
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447
 
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
 
MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444MSWA - Mangle 2444
MSWA - Mangle 2444
 
Mangle 2449
Mangle 2449Mangle 2449
Mangle 2449
 
Mangle 2450
Mangle 2450Mangle 2450
Mangle 2450
 
MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443MSWA - Mangle 2443
MSWA - Mangle 2443
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
 
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
 
Mangle 2482
Mangle 2482Mangle 2482
Mangle 2482
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
 

Mangle 2454

  • 1.
  • 2. Nataharkeun Léngkah Anyar N incak ahir taun, meujeuhna nitenan lengkah ka tukang. Ngimeutan deui nu kungsi kasorang sarta waléh daék narima pamanggih ti mana waé jolna. Dipiharep, kapunjulan jeung kahengkeran nu geus disorang téh jadi tatapakan geusan nataharkeun léngkah saterusna. teur kalangenan, tapi deuih hoyong nyumponan tangtunganana minangka media informasi basa Sunda keur balaréa. Ku margi kitu, lian ti angger ngamuat carpon, carita nyambung, sajak, lulucon sareng sajabina, ogé tetep ngamuat warta ogé ‘opini’ nu payus dipiwanoh balaréa. Tumali jeung pakarepan kitu, Manglé gé gaduh tekad tur karep, sangkan dina nepungan paramitra téh, tetep janten bacaan nu aya pupurieunana. Tumali sareng informasi, pihak Manglé gé baris tetep satekah polah, ilu-biung ngawartakeun nu payus dipiwanoh mitra-mitrana. Misalna waé, ngeureuyeuh ngawartakeun nu tumali sareng kahirupan kanagaraan, kaasup sual-sual konomi, atikan, budaya, pultik, sareng sajabana. Carana, insya Alloh dina taun anyar mah, Mangle gé robah wanda. Lian ti ngarah katempona leuwih sieup, ogé eusina leuwih ‘nodel’ mamaras rasa mitramitrana. Ais pangampih ieu majalah sadar pisan, Manglé téh majalah ‘panglilipur’. Ngan, tangtos sanes ukur ngan- Pakarepan kitu, tangtuna ogé peryogi pangrojong balaréa. Da, ais pangampih gé sadar pisan, ieu majalah tiasa medal keneh téh margi ku kanyaah mitra-mitrana. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  • 3. 18 Katiga Entak-Entakan 5 TAMU Katiga entak-entakan. Jeung teuing ku panjang deuih. Geus liwat tilu bulan. Sawah gé robah jadi amparan tela. Ngewag bareulah matak tiporos suku budak. Walungan ngolétrak. Susukan irigasi garing. Kakalén mah komo. Metet runtah pamiceunan sagawayah. “Geus meujeuhna salat ménta hujan!” Kepala Desa Cikerung sababaraha kali mikir. Terus ngagorowok ka hansip.... Hj. Ratna Inten SH; Nuyun Tunanetra, Maca Qur’an Braille PURIDING PURINGKAK NU MANEUH Budak nu Leungit N. W. Galih ..................................... 24 Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Alit ....................................... 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 BAHASAN NGALANGLANG ALAM RUSDI JEUNG MISNEM (7) Budi Rahayu Tamsyah ......................................................... 46 Potret : Reisyan LAPORAN Anugerah Budaya 2013 Ti Gupernur Jawa Barat ......................................................... 44 CARITA NYAMBUNG IMPLIK-IMPLIK Nu Ngalumbara di Tatar Sunda ......................................................... 46 CARITA PONDOK Katiga Entak-Entakan H.Usep Romli HM ............................ 18 Kulambu Sutra Tety S Nataprawira ............................. 20 Ésih Jeung Duyéh Yus R. Ismail ....................................... 22 Carita Sarebu Samalem (184) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (23) M.A. Salmun ............................................................. 12
  • 4. Kang Ahér M eujeuhna lamun Kang Ahér unggul di Jawa Barat téh. Geus genep taun mingpin Jabar, piraku masih kénéh aya anu teu wawuh. Papadaning kitu sorana henteu géséh jauh jeung nu séjén. Ahér 18,72%, Hidayat Nur Wahid 18,57%, Anis Matta 17,02%, Tifatul Sembiring 10,7%, Nur Mahmudi Ismail 6,84%. Partéy Keadilan Sejahtera (PKS) naratas pola anyar dina enggo ning nyéléksi saha-sahana anu dianggap pantes pikeun jadi calon presidén atawa calon wakil presidén. Biasana apan sahasaha na anu bakal nyaprés téh langsung ditunjuk ku partéy. Partéy Golkar ayeuna netepkeun Aburizal Bakri sina ngandidat téh dumasar kana kaputusan partéyna sorangan. Basa anyaran réformasi Golkar geus mokalan ngayakeun konvénsi. Harita anu kapilih téh Wiranto, lain Akbar Tandjung anu keur jeneng jadi ketua Golkar. Sigana mah kadieunakeun rada ginggiapeun inggis bisi ketuana teu kapilih. Nu matak ti mimiti Jusuf Kalla (2009) jeung taun hareup nu pibakaleun sina nyaprés téh langsung ditunjuk ku parpolna sorangan. Saha deui lamun lain ketua umumna. Ari PKS carana béda. Ieu mah ngayakeun pemilihan raya. Sesebutanana mah sarua jeung nu di Malaysia. Ngan di ditu mah nu disebut pemilihan raya téh nya pemilihan umum anu di urang. Manglé 2454 Pemilihan raya nu diayakeun ku PKS gé sed saeutik ti dinya. Caloncalon presidén ti PKS sina dipilih ku kaderna di daérahna masingmasing. Alhasil pemilu leuleutikan, lah. Meureun engkéna beubeunangan sorana bakal dikumpulkeun, diitung sarta ahirna ditetepkeun nu unggulna. Tina ngaran-ngaran anu dipilih di Jawa Barat téa, ngan aya duaan anu keur mingpin di daérahna masing-masing, nyaéta Ahmad Héryawan (Gubernur Jabar) jeung Nur Mahmudi Ismail (Walikota Dépok). Nu séjénna mah pangurus parpol. Majuna kapala daérah pikeun ngandidat jadi calon presidén bisa disebutkeun totondén anyar. Saumur urang merdéka tacan kungsi aya kapala daérah anu kapilih jadi presidén. Soekarno, Suharto, Habibie, Gus Dur, Mégawati jeung Yudhoyono, taya saurang gé anu saméméhna jadi kapala daérah. Majuna kapala daérah pikeun nyalonkeun jadi presidén, sigana perlu dirojong. Bisa jadi tacan karuhan bisa kapilih dina taun 2014. Tapi pikeun ka hareupna soal ieu téh katimbang penting. Nu kungsi jadi kapala daérah, gubernur upamana, pasti boga pangalaman langsung kumaha hésé capéna ngurus daérah. Maranéhna bakal boga luang dina enggoning netepkeun kawijakan anu patalina langsung jeung pangabutuh di masyarakat. Bakal béda jeung anu kungsi jadi mentri, lantaran lolobana ulukutek di satukangeun méja. Pangalaman ngurus téritorial téh kacida perluna. Lamun ngabédakeun antara pamaréntahan Suharto jeung pamaréntahan SBY, sigana nyokona téh dina pangalaman téritorial téa. Suharto beunang disebutkeun lila bebelesekan ngurus di lapangan, sabalikna SBY mah henteu kitu. Nu matak meujeuhna lamun salila pamaréntahan SBY tacan aya kawijakanana anu orisinal jieunan manéhna sarta ngakar kana pangabutuh rayat. Dina urusan ieu mah SBY umumna semet neruskeun hanca anu kungsi digarap ku presidén nu saméméhna. Sedengkeun kawijakan SBY lolobana semet nyumponan pameredih global. Dina perkara Kang Ahér téa, katémbong najan unggul tapi sorana teu jauh jeung Hidayat Nur Wahid. Padahal ku saréatna, meujeuhna lamun jauh leuwih unggul téh, da apan hasil gawé Kang Ahér di Jabar leuwih jelas batan naon anu kungsi dipigawé ku Hidayat Nur Wahid. Lebah dieu, dina enggoning kader PKS netepkeun pamilihna téh sigana masih kénéh kapangaruhan ku popularitas, lain gawé anu konkrit. Lamun engké anu sorana panglobana téh tokoh populér di tingkat nasional, sigana bisa dimaklum. Tapi perluna anu kungsi jadi kapala daérah mingpin bangsa angger kudu dipertahankeun. Pangalaman di lapanganana anu bakal jadi modalna téh. AM 3
  • 5. Teu Karaos Sampurasun! Nyi Mangle, waktu teh teu karasa. Asa kamari taun 2012 teh, ayeuna geus rek nincak deui kana taun 2014. Meureunan, keur urang mah, kudu tiasa nyandak hikmahna wae. Lantaran, upama ti saban taun ka taun, teu aya parobahan, meureunan cek agama mah disebut rugi tea. Tah, ieu mah minangka pangemut-ngemut bae. Kumaha upama kamekaran budaya Sunda? Naha aya kamajengan ti taun ka taun? Atawa naon wae nu kacatet dina taun 2013? Sanaos dina Mangle henteu aya berendelan prestasi husus widang kabudayaan, tapi keun wae. Nu penting, karasana kudu aya, kudu maju, kudu beda jeung ti taun-taun samemehna. Memang ari prestasi budaya mah, lolobanana mah sok kumaha diri pribadi sorangan bae. Pamarentah mah saukur ngahaminan tawa mere pangajen. Tah, ku kituna saperti anugerahanugerah nu dipasrahkeun dina taun 2013 kamari, ka para inohong, masing mangpaat, masing tiasa ditepakeun ka generasi dina taun kahareupna. Ieu rupina ku dipiharep ku sumkuring mah, yen kamekaran budaya Sunda lain saukur napel dina pribadi-pribadi wungkul, tapi oge kudu aya pangajen nu jadi kareueus sarerea. Contona wae, pangajen ti luar negeri, ti nagara nu dipasrahkeun ka urang Sunda, keur nyieun gedong Sunda atawa pangabutuh urang Sunda. Jigana bakal leuwih dipikareueus. Sakitu wae, mudah-mudahan Mangle mah teras nanjung ti taun ka taun. Simkuring percaya, lantaran ari Mangle mah geus kauji, ti bareto keneh henteu pegat medal, nepungan balarea di mana wae ayana. Sakitu wae, sakali deui hatur nuhun. Wassalam, Zidni Ilham Majalaya Bandung Pepereconan Sampurasun! Ganti taun, sok aya raramean. Kayaning perecon, kembang api jeung kamonesan sejenna, mani ngahaja diaya-ayakeun. Tah, keur simkuring mah, nu karitu teh asa teu perlu. Komo kana perecon mah. Eta teh picilakaeun. Nu mareulina oge apan lolobana mah barudak leutik, nu sok tara tarapti. Balukarna taun kamari oge apan loba kajadian gara-gara pepereconan teh. Ku kituna, mungpung ayeuna jauh keneh, kumaha upama keur urang tatar Sunda mah, pamarentah satempat, saperti Gupernur Jawa Barat, ulah ngidinan raramean ku cara peperocanan. Malah kudu aya larangan dagang perecon, nu matak pibahayaeun balarea. Kitu deui, dina nyanghareupan raramean, boh di kota boh di kampung, biasa sing meakkeun waragad nu lain saeutik. Malah cenah nepi ka miliyaran. Tah, keur simkuring mah asa mubazir. Komo deui, aya warta, cenah pamarentah oge bet, ngancokkeun waragad keur mapag taun anyar nu teu euleum-euleum. Padahal eta waragad, lamun dipake keur mantuan nu kakurangan atawa keur mantuan bea siswa, kacida hadena. Tah, ku kituna, sakali deui ka pihak pamarentah, masing leres-leres nyanghareupan taun anyar teh, ku kagiatan nu edukatif, nu ngadidik masarakat. Sakitu hatur nuhun. Arif Mujahid Ti Cibiru Bandung Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Rooji’un Parantos mulih ka jati mulang ka Illahi Robbi Alloh Swt. Dikdik Yusuf Affandie bin H. Djamhur Prawira Supena (77 taun) Ngantunkeun dinten Saptu, 9 November 2013, tabuh 17.00 WIB di Jalan Parabon III No. 7 Terusan Kiara Condong (Pengkereun Samsat) Bandung. Saterasna almarhum dikurebkeun dinten Minggu, 10 November 2013 di Pamakaman Kulawarga di Jalan Moh. Toha (Jl. Cibiuk) Bandung. Allohumagfirlahu warhamhu wa’afihi wa’fu anhu. Allohuma laa tahrimna ajrohu wala taftina ba’dahu wagfirlana walahu. Mudah-mudahan almarhum ditampi Iman Islamna, dicaangkeun di alam kuburna. Amin. Bandung, November 2013, Nu ngiring sungkawa, 1. Dra. Hj. Lies Suhaenah (bojo alm.) katut sakumna kulawarga Besar Alm. Dikdik Yusuf Affandie (Palaputra, mantu, ogé cicit) 2. Sakumna Ais Pangampih Majalah Manglé 4 Manglé 2454
  • 6. W aktu Garut gunjang-ganjing balukar bupatina katohyan metakeun lakuning lampah codéka, kaum wanoja kota inten kahudangkeun sumangetna geusan milu tandang ngagugubrag kepala daérah sangkan mulang kana lakuning lampah anu hadé anu diridoan ku Alloh. Memang unggul , éta pupuhu daérah tigubrag tina korsi kakawasaanana. Sanajan kanyaho- Manglé 2454 an bet ayeuna miluan tandang kana pilihan Ketua DPD wawakil ti Tatar Sunda, beu! Saha éta wanoja anu maju makalangan téh? Jenenganna jadi ngorbit, Hj. Diana Inten SH. Tetela Garut kota inten boga Inten anu teuneung ludeung turta taya kacapé babaktina ka masarakat Garut hususna. Ditepungkeun ku Ny. Dewi Pandji garwa jenderal pulisi Pandji ti kota Bogor. Tetela Hajjah Inten téh pribadi anu gampang conggah, darehdeh soméah, akuan turta gerecek resep ngawangkong jeung gampang diajakan nyarita ka mana baé, sumawonna kana urusan sosial jeung kawanitaan. Istri Dokter Tito Apriyana téh pituin urang Garut, ramana Haji Ukon Sastrawidjaya, ibuna Hajjah Dewi Ratna Ningsih. Carogéna Hj. Inten, Mayor C.K.M Dr. H. Tito Apriana Sp. B. Finaes. Hajjah 5
  • 7. Dr. Tito, Hajjah Ratna Inten sareng Bapa Ukon Sastrawidjaya, Ibu Hj. Dewi Ratna Ningsih Hajjah Ratna Inten sareng mertua, IbuR. Kartika sareng Bapa R.Sunarto. Sareng kanca mitra ti Ikatan Istri Dokter Indonesia cabang Garut (IIDI) 6 Diana Ratna Inten kacida nyaah deudeuhna ka Garut kota inten, warisan Ratu Inten Dewata. Numatak waktu dina hiji mangsa Garut gunjang ganjing balukar Bupati katohyan lakuning lampahna codéka, Nyonya Dr. Tito téh milu tandang, maju ka hareup metakeun gerakan anti pelecehan terhadap wanita lantaran Sang Bupati ngahandapkeun harkat darajat katut martabat wanoja. Sakumaha luhur pangkat gedé dunya, lalaki henteu boga hak kitu peta, komo pangkat Bupati anu wajib nangtayungan rayatna. Mamaras rasa Hajah Inten kagores peurih, numatak milu gerakan ngagugubrag bupati. Nu diperjuangkeun ku Hajjah Inten saparakanca éstuning masalah harkat darajat wanoja anu geus digejretkeun ku pupuhu daérahna. Nya ieu Inten wanoja peduli Garut! Hajjah Diana Ratna Inten sarjana hukum lulusan Universitas Parahiyangan Bandung téh dilahirkeun di Tasikmalaya 8 September 1959. Pendidikan ti SD Halimun, SMPN 2 tepi ka SMAN 5 dilakonan di Bandung, tamat sakola menengah sup ka Fak. Hukum Unpar tug tepi ka ngagondol titel SH. Ayeuna babakti jadi Manajer H.R.D Mahesa Medical Center ngarangkep jadi Pengacara. Di Mahesa Merdical Centre berjuang jeung carogena dina widang kasehatan, dr. Tito téh Direkturna, Rumah Sakit mahesa memang diadegkeun ku alpukahna Dr. Tito jaler istri, sakulawarga silih rojong silih deudeul. Dr. Tito ogé anyar kénéh diistrenan jadi Direktur Rumah Sakit TNI - AD Guntur Garut. Tokoh Organisasi Hajjah Ratna Inten dikenal di kalangan masarakat Garut sabab aktip dina rupa-rupa organisasi pangpangna sosial kamasaraktan. Kulantaran istri dokter, Hajjah Inten jadi Ketua Ikatan Istri Dokter Indonesia cabang Garut, kusabab carogena tentara, Hajjah Inten ogé anggota Persit Kartika Manglé 2454
  • 8. Candra Kirana Garut. Ketua Paguyuban Wanoja peduli Garut, anggota Pita Putih cabang Garut. Dina widang sosial kamasarakatan aktip di HIMPAUDI (Himpunan PAUD) seluruh Indonesia cabang Garut, ngiring ngokolakeun SLB/A, YKB Kab. Garut. Nuyun para tunanetra maca jeung neuleuman eusi Al Qaur’an Braille . Teu kaliwat milu ngokolakeun Madrasah , Pasantren di Kab. Garut. Urusan Kematian Ibu dan Anak ogé henteu dikantunkeun ku Hajjah Inten. Terus di Yayasan Thalasemia jeung Urusan Gizi Buruk. Tétéla di Garut cukup loba anu keuna ku Thalasemia, pangpangna barudak, ayeuna loba anu dirawat di RS. Dr.Slamet, Hajjah Inten milu pakepuk mantuan ngungkulanana, sabab waragad tatambana mahal pisan, ari anu Thalasemia lolobana anu teu mampuh. Supaya masarakat paham kana pentingna miara kasehatan, jeung paraham kana hukum, Hajjah Inten gawé bareng jeung para mahasiswa madesaan méré penyuluhan kasehatan jeung Hukum. Ngayakeun pelatihan kaparigelan oge keur ibu-ibu jeung rumaja. Tanpa pamrih Hajjah Inten mantuan PAUD-PAUD, Madrasah jeung Pasantren anu kaayaanana geus ripuh tapi program ngajar jeung diajarna alus muridna ogé loba. Sarana jeung prasarana wawangunanana, jeung sagala rupa kaperelunana kaasup tempat ulin barudak diwangun anu pantes. Waragadna méh kabéh ti Hajjah Intan. Listrikna dipasang kitu deui kapereluan séjéna keur sakola, pokona sapuratina. Dumasar kana gedéna kamelang Hajjah Inten ka PAUD, istri dokter Tito dipercaya jadi “Pemerhati” PAUD sa kabupaten Garut. Bantuanana henteu aya pegatna sapanjang PAUD merelukeun. Babarengan jeung para Istri dokter sejenna di IIDI Hajjah Inten ogé ngabina SLB/A sa kabupaten Garut. Hususna dina widang pembelajaran Al Qur’an Braille keur tunanetra sa Kabupaten Garut. Nu pusatna di SLB, A. YKB. Manglé 2454 Garut. Ngadegkeun pusat pembelajaran Al Qur’an Braille Raden Ayu Lasminingrat, dirojong ku Diki Chandra jeung istrina ti keur jaman jadi Wakil Bupati. Hajjah Ratna Inten miharep para tuna netra hususna, bisa maca Al Qur’an saperti anu sejen-sejenna lancar tur bener, pangpangna bisa ngamalkeun eusining Al Qur’an dina kahirupan sapopoé, henteu alus macana wungkul. Tetela saur Hjjah Inten, Qur’an Braille mikat haté para tunanetra, dimana baé maranéhna, matuh, ti lembur singkur ogé daratang dina waktuna, maraca Al Qur’an braille enyaenya pisan. Maranéhna ngarasa jadi Muslim anu bener-bener aya gunana, lantaran henteu ngan sakadar ngupingkeun wungkul, ayeuna mah bisa maca jeung ngaregepkeun eusina. Hajjah Inten ngarasa sugemaeun pisan nyaksian kamajuan di kalangan tunanetra ieu. Tuanetra anu tadina ngarasa poék lahir batin kiwari kabuka mata haténa, caang narawangan geusan neuleuman élmu agama anu leuwih jero. Ibu Hajjah Inten ogé mekelan pangabisa ka para tunanetra keur hirupna sapopoé, nya ngadatangkeun guru ti Bandung keur ngalatih kaparigelanana. Nu hayang neruskeun pendidikan ka sakola anu leuwih luhur dibéré beasiswa. Keur tempat panyirurukanana, IIDI cabang Garut ngoméan asrama SLB-A sangkan leuwih sehat, pantes turta betah dipaké panyirurukan. Para tunanetra anu pareng gering atawa aya gangguan kasehatan, dirawat jeung ditambaanana di Mahesa Medical Centre. Nu harayang diajar usaha dibantuan keur modalna. Sawelas Kali Pindah Sabengbatan matak héran, na iraha jeung kumaha carana Hajjah Ratna Inten ngurus rumahtangga, pangpangna ngawulaan carogé anu sakitu sibukna. Teu aya masalah saurna, sagalana bérés, asal urang tetep sadar ulah tepika dijajah ku waktu, tapi urang anu kedah pinter ngatur waktu, kitu saurna. Hajjah inten ka- gungan pembantu rumah tangga, tapi pembantuna disakolakeun. Har…kumaha atuh? Bagilir wé saurna, waktuna pembantu sakola, wayahna ibu kudu keresa pakepuk ngurus rumah tangga, ti enggon, bumi tepi ka dapur. Para pembantu dianggap kulawarga sorangan, tepika karawinna, rumah tanggana diurus ditalingakeun ku Hajjah Inten. Geus disakolakeun ogé di bumi angger diatik kana rupa-rupa élmu pangaweruh, teu weleh diaping dibingbing. Sapanjang rumah tangga Hajjah Ratna inten sawelas kali ngiring carogé pundah-pindah tempat sakuliah Indonesia. Kuma téa kulawrga militer. Alhamdulillah pokna, nambah wawasan, luang pangalaman jeung kaweruh, nambah baraya deuih saurna téh. Saur Crogena téh “Dimana bumi dipijak disana langit dijunjung”, dimana baé ogé bumi Alloh. Ngumbara dimana baé Hajjah inten henteu tumamu, aktip sakumaha biasa pangpangna anu aya tumalina jeung sosial kamasarakatan. Waktu di Aceh Timur Hajjah Inten kungsi jadi anggota DPRD panganomna, tapi teu lila aburu dicandak ka Jerman ku carogena anu tugas diajar. Dasarna asak atikan ti ibu ramana kana hirup kumbuh anu loba hal ilmiyah, Hajjah Inten jadi manusa sosial anu pantes ditulad. Tétéla Hajjah inten jeung H. Dr. Tito dina sagala rupa hal sauyunan, bener-bener ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Sadidintenna Hajjah Inten saperti biasa dines ka Mahesa Medical Center, bada lohor ngalaksanakeun pancen sosial kamasarakatan, bada Asar kakara urusan rumah tangga, tara aya anu kabolér. Waktu rada salsé dianggo ngatik elmu pangaweruh ka para pembantu kaasup supir, maparin bimbingan palajaran sakola, ngaroris maca Al Qur’anna bisi aya anu kaliru, telik pisan. Dina waktu tadarusan sasarengan kabéh pangeusi bumi tadauran. Kitu lakuning lampah Hajjah Ratna Inten sapopoena. **HRS** 7
  • 9. DI KIWARI MACA BIHARI (27) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Barangbang Semplak W ALI KOTA Bandung, Ridwan Kamil, maréntahkeun malar pagawé di lingkungan pemkot Bandung katut barudak sakola di Bandung maraké pakéan adat Sunda saban poé Rebo. Nu kudu diheulakeun téh iketna heula. Saban poé Rebo kudu maraké iket. Pakéanana, dipandeurikeun gé bisa. Lain paréntah atuh pingaraneunana téh da suratna gé mangrupa “himbauan”. Tapi “himbauan” gé ari jolna ti dunungan mah nya tangtu wé dianggap paréntah, instruksi. Dina poé Rebo munggaran sabada Wali kota Bandung ngaluarkeun surat paréntah téa, Wali Kota Bandung ngayakeun rapat jeung para kepala dinas di lingkungan Pémkot Bandung. Tétéla enya, “himbauan” téh digarugu, dianggap paréntah. Sabagian gedé kepala dinas nu hadir rapat, tangtu kepala dinas lalaki, maraké iket. Ngan édas, iketna téh rupa-rupa. Teu samodél. Nu rupa-rupa teh lain baé modélna, tapi ogé warnana. Ku lantaran kitu, harita kénéh Wali Kota Bandung maréntahkeun ka Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kota Bandung pikeun ngayakeun sawala enggoning nangtukeun modél iket jeung papakéan adat Sunda lianna pakéeun saban poé Rebo téa. Sawala diayakeun ku Disbudpar poé Jumaah, 8 Novémber. Nu jaradi narasumber téh para ahli pakéan adat Sunda katut disainer. Nu hadir dina éta sawala gé jalma=jalma nu ngalarti kana papakéan adat Sunda anu mangrupa bagian tina kabudayaan Sunda. Teu wudu ramé diskusi téh. Sugri nu hayang sangkan papakéan adat Sunda nu diparaké ku PNS di lingkungan Pemkot Bandung jeung barudak sakola téh merenah, tur luyu jeung ajén-inajén kasundaan, ngadadarkeun pamanggihna. 8 Pamanggih-pamanggih anu geus tangtu rupa-rupa téa dirumuskeun ku hiji tim anu ditangtukeun ku Dibudpar ti antara nu haladir. Harepanana taya lian malar rumusan téh sing jadi cecekelan, boh pikeun PNS di lingkungan Pemkot Bandung boh pikeun barudak sakola di Bandung. Tétéla teu gampang ngarumuskeun téh. Sawala deui waé. Ragot deui waé. Salah sahiji kacindekan Tim Perumus téh nyaéta perkara iket téa. Dicindekkeun yén iket nu sawadina diparaké téh lain iket modél bihari tapi iket modél kiwari. Tangtu wé kudu puguh cecekelanana, da apan ngaranna gé pakéan adat Sunda. Nu pentingna mah palasipahna. Ulah méngpar tina palasipah nu geus maneuh. Tim Perumus sapuk yén iket téh kudu nyoko kana iket modél “barangbang semplak”. Cindekna, modifikasi tina iket model “barangbang semplak” nu kungsi jadi salah sahiji pakaya pakéan adat Sunda. Pangna kudu modifikasi, pangna henteu saujtratna, dumasar kana tinimbangan yén urang Sunda Kiwari kudu kréatif. Tah nya kréativitas téa nu ngajurung laku malar modél apapakéan Sunda bihari téh diropéa deui pikeun pakéeun jaman kiwari. Malar luyu jeung pajamanan kiwari, papakéan adat Sunda téh tangtu wé kudu diropéa deui. Aya pasaratan-pasaratan nu kudu jadi cecekelan enggoning gagunakeun deui papakéan adat Sunda dina mangsa kiwari téh. Contona iket téa. Iket nu diparaké ayeuna téh sing ngahudang kareueus kanu makéna. Malah iwal ti matak reueus téh kudu matak nambahan wibawa deuih. Da ari matak reueus jeung nambahan wibawa mah piraku teuing teu daraék maké. Pasaratan lianna nyaéta “fashionable”. Da apan ayeuna mah papakéan téh kudu matak pantes dipakéna. Kudu luyu jeung kamekaran “fashion”. Ari iket apan bagian tina “fashion” téa. Ku lantaran kitu nya tangtu wé kudu “fashionable”. Ari nu kacida pentingna mah nyaéta, boh iket boh papakéan adat Sunda lianna, ana dipaké dina jaman kiwari téh éstu henteu matak jadi gangguan kana produktivitas jeung kréativitas nu makéna. Bisi wé modél iket jeung papakéan adat Sunda lianna nu diparaké téh hayoh kalah matak arateul saawak-awak. Baroroah bisa digawé, hayoh kalah matak gégétrét. Anukna jadi matak cul kana gawé. Iwal ti kitu, dipakéna iket jeung papakéan Sunda lianna téh sing mangrupa léngkah munggaran, enggoning ngahudang kapanasaran pikeun neuleuman kabudayaan Sunda neu leuih jero. Da ari iket jeung papakéan adat Sunda lianna mah apan ngan sakadar orasésoris wungkul. Lamun enya-enya hayang nyunda, nya kudu ancrub sagemblengna kana sagara kabudayaan Sunda. Sangkan teu kamalangkem. Ari lebah iket pakéeun barudak sakola, asa teu kudu ieuh ditangtukeun modélna. Keun wé sina malotékar. Mun téa mah aya niat ngabagi iketna, kawasna leuwih hadé mun barudak sakola mah dibaragi bahan pikeun piiketeun. Sugan jeung sugan ngahudang karancagéan malar barudak bisa nyiptakeun modél anyar anu payus dipakéna pikeun Manusa Sunda Kiwari, nu henteu ngan sakadar nyoréang ka tukang, tapi ogé nyawang ka mangsa datang.*** yayat.hendayana@gmail.com Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas Manglé 2454
  • 10. Rancagé “Srie Sunarsasi” Saksi Sajarah Enas Mabarti Ku H.Usep Romli HM D ina hazanah sastra Sunda, ngaran Enas Mabarti teu pati dikenal . Meureun pedah kurang manjang dina ngalahairkeun tulisan-tulisan. Ti barang katingal karyana taun 1970-an, ukur sawatara taun kawilang peroduktip. Sababaraha kali ngumumkeun tulisan dina majalah “Mangle” tempatna munggaran nulis karya basa Sunda. Saluareun ti eta, leuwih sibuk ku ku kagiatan ngajar jeung ngurus organisasi katut politik. Enas mangrupa dosen nu naratas Sekolah Tinggi Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (STISIP), nu kiwari jadi salah sahiji fakultas di Universitas Garut (UNIGA). Kungsi jadi anggota DPRD Kab.Garut ti Fraksi Partai Persatuan Pembangunan (PPP) tahun 19771987. Nyangking kalungguhan Ketua Tanfidiyah Nahdlatul Ulama Garut (1990-1999), jeung Ketua DPC Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) Garut (1998-2003), sarta jadi anggota DPRD Kab.Garut ti PKB (1999-2004). Tapi sababaraha karya tulisna, kawilang aralus. Di antarana “Gunem Rencep Sidem” (2003), ranggeuyan prosa liris nus samemeh dibukukeun, kungsi dimuat dina Majalah “Mangle”. Atuh buku “Elmu Politik keur Warga NU” (2003), kasinugrahan hadiah Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), pikeun buku basa Sunda widang elmu pangaweruh. Ayeuna medal bukuna, novel “Srie Sunarsasi” ti penerbit “Kiblat Buku Utama” (2013), nu kungsi dimuat mangrupa carita nyambung dina Majalah “Mangle” taun.1974. Novel “Srie Sunarsasi” nyaritakeun hiji mahasiswi. Dipikacinta ku dosenna, Prof.Ahmad Ghazalie, nu nandangan panyakit TBC. Srie Manglé 2454 narima cinta sang professor dumasar niat hayang boga ajen hirup ku cara mere mangpaat keur jalma sejen. Ukur sakeudeung nikah,Prof.Ahmad pupus. Tapi kungsi ngawarisku buah hate, orok awewe nu dingaranan Sulistiya nu jadi puseur kadeudeuh, satengahing lewang honcewang nyorang kahirupan nogencang. Hadena meunang perhatian jeung panangtayunganti Ibrahim Musa, babaturanana safakultas. Make kasangtukang kota Yogyakarta katut kahirupan kampus masa pra Gestapu taun 1964-1965, Enas geus hasil ngungkab jeung ngagambarkeun kaayaan kaharenghengan patelakna dua kubu : komunis jeung anti-komunis. Organisasi ektra universitas, nu jadi gantar kakuatan parey politik dua kubu, ngaraja di jero kampus. Ayaa Himpunan Mahasiswa Islam (HMI), nu keur nandangan muriang panas tiris alatan rek dibubarkeun ku Pembesar Revolusi (Pembesrev) Presiden Sukarno, lantaran dianggap “kontrev” (kontra revolusi). Ayaa Central Gerakan Mahasiswa Indonesia (CGMI), andelan Partai Komunis Indonesia(PKI) pikeun ngawasa mahasiswa. Aya Gerakan Mahasiswa Nasional Indonesia (GMNI) “anak” Partai Nasional Indonesia (PNI). Ayaa Pergerakan Mahasiswa Islam Indonesia (PMII), “anak” partai Nahdlatul Ulama (NU). Jeung sajabana. Reuweuh-reuweuhperpolitikan nasional, nu dikadalian ku PKI, kalawan imeut dijalujur ku Enas, dina leunjeuran carita cinta kapendem Ibrahim Musa, anggota HMI nu jadi Ketua Generasi Muda Islam (Gemuis), ka Srie, randa ngora anak hiji, nu sarua aktivis mahasiswa Islam. Srie nu “lindeuk japati” ngalungboyongkeun perasaan Ibrahim Musa, nu sakapeung gede hate, sakapeung ilang harepan, satengahing sumanget nyanghareupan provokasi PKI. Pikeun ngayakinkeun suasana, Enas teu asa-asa nataan ngaran jalma-jalma nu harita jeung engkecukup dipikawanoh ku balarea. Kayaning Ahmad Tirtosudiro, salah saurang nu ngadegkeun HMI, jendral TNI AD taun.1960an, kungsi jeneng Kepala Bulog dina awal Orde Baru, jeung Rektor Unversitas Islam Bandung, taun 1980-an. Tawang Alun, nu mili ngadegkeun HMI, Bedu Amang (kekentong HMI Yogya taun.1960an, kungsi nyanging Kepala Bulog dina awalReformasi), KH Ali Ma’sum, KH Warson Munawir (duanana pangasuh pasantren Krapyak), jsb . Di sagigireun ngidangkeun kaendahan cinta dua jalma nu kauger ku norma agama, novel “Srie Sunarsasi” mibanda ajen dokumen sajarah istimewa, nu langka kapalire ku para sastrawan Sunda sejenna danget ayeuna. Pangpangna nu patali jeung kaayaan nagara nu panas ngagolak balukar uru-ara ideologi jeung politik nu ngamuara kana tragedi “G-30-S”, September 1965. Alhasil, kakurangan-kakurangan di sawang tina jihat tehnis nyarita jeung konflik kajiwaan para tokoh caritana, bisa kataur ku pedaran kasangtukang nu unik tur tetep meunang perhatian nu teu laas-laas ti jaman ka jaman, lantaran langsung kaalaman ku Enas nu milu ancrub di dinya. Peristiwa “G-30-S” apan terus jadi bukur catur pinuh misteri, nepi ka kiwari. Ngaliwatan “Srie Sunarsasi” Enas Mabarti geus sanggup jadi saksi sajarah.*** 9
  • 11. Bagian 185 G alibna mun waktuna kapal anjog ka palabuhan sok pada ngadeugdeug. Kituna téh, lain ukur ku para padagang, tapi ogé ku masarakat sabudeureunana. Lain rek barangbeuli lolobana mah, da ukur lalajo wé. Waktu kapal nu sakuduna diiluan ku Komarujaman anjog ka Palabuhan Abnos, Putri Budur nu masih kénéh jadi Komarujaman titiron, ogé kabeneran ngalanglang ka lebah dinya. Eta pangeran téh, masih kénéh nyekel kakawasaan di éta nagara kalayan dipikacinta ku rahayatna. Kitu téa mah, lantaran paripolahna sopan santun. Teu ieuh nembongkeun pasipatan nu boga kakawasaan. Ka nu leutik nyaah ka sasama ngaharegaan, kitu deui ka saluhureun tetep hormat 10 pisan. Kalakuanana kitu ogé, lantaran éta putri téh kudu satékah polah nyumput buni di nu caang, nyingkahan kacurigaan jeung kangewa pihak séjén. Waktu Pangeran Komarujaman mamalihan aya di palabuhan, tangtu wé pada ngajénan. Atuh, nahkoda gé gancang nyampeurkeun kalayan sasalaman hormat pisan. Saterusna, éta raja téh nanyakeun babawaan éta kapal. Pok wéh nangkoda téh nataan barang-barang dagangan nu aya dina kapalna. Putri Budur kataji ku buah zaetun. Lantaran di nagrina mah arang pisan. Kabeneran deuih éta buah téh kacida hadé ajénna, atuh tangtu wé gampang mun rék dijual deui gé. Nangkoda nétélakeun, cenah, éta zaétun téh bogana tukang kebon nu miskin. Ngan, teu milu da tinggaleun. Ngadéngé caritaan nangkoda kitu, Putri Budur karunyaeun. Atuh, meulina éta barang gé leuwih mahal batan sasari. Buah zaetun diangkut ka istana, ditempatkeun di gudang nu biasa. Cul wéh diantep lantaran can waktuna dipaké. Malah, harita mah acan kapariksa bener-bener. Peutingna Putri Budur nitah pagawé karaton nyokot waluh nu eusina zaétun téa. Teu kungsi lila nu dititah téh geus datang, mawa waluh sasirah. Tutupna dibuka, terus zaetun nu aya dijerona téh dikaluarkeun. Teu kira-kira Putri Budur ngajenghokna. Lantaran, horéng zaétunna mah ngan saeutik pisan ukur bagian luhurna. Tangtu wé hareugeueun téh lain hanjelu, tapi bungah kacida, lantaran manggihan emas nu sakitu lobana. Putri Budur nitah pagawéna nyokot deui waluh séjénna. Barang dibuka, kitu deui baé. Eusina, bener-bener emas nu ajénna kacida hadéna. Sanggeus kitu mah, waluh téh sina dipindahkeun kabéh ka kamarna. Taya nu apaleun kana éta kajadian téh, lantaran ukur kasaksian ku Putri Budur jeung Hayati Nufus. Nu séjén mah, pagawéna, teu nyangka aya kajadian kitu. Matak, kaahéng kitu téh teu sing ngaguyurkeun. Nu matak leuwih hélok, tina salah sahiji waluh aya permata bogana Putri Budur téa. Ku lantaran kitu, éta putri téh beuki panasaran, hayang apal tumalina éta tukang kebon jeung permata téa. Ceuk pikirna, mun dirina bisa tepung jeung tukang kebon, tangtu we bakal manggihan laratan salakina, copélna bisa manggihan béja-béjana waé mah. Léng Putri Budur ngahuleng. Mikiran carana sangkan dirina Manglé 2454
  • 12. bisa papanggih jeung tukang kebon téa. Sanggeus lila mikir, kakara kapanggih akalna. Inyana, gancang nitah nahkoda datang ka éta tempat. Nu diondang atoh jeung bingung. Atohna, apan diondang gegedén. Ari bingung, asa teu boga urusan séjén lian ti jual beuli. “Aya pikeresaeun naon, sun?” ceuk nangkoda. “Lain, tadi mah kula téh poho teu kungsi naléngténg pihak nu ngajual zaétun téa?” “Kumaha kitu, gamparan? Naha éta zaétun téh ajénna awon?” “Lain perkara éta. Keun waé rék hadé rék goréng gé da geus dibeuli,” pokna. Saterusna, Putri Budur cacarita, tangtu we ukur nyieun dongéng. Cenah, sawatara taun ka tukang, éta tukang kebon téh boga hutang ka dirina. Ku kituna, wayahna cenah pangnyokotkeun éta tukang kebon sina nyanghareup ka manéhna. “Duh, apan tebih, sun!” “Enya apal kula gé. Ngan, mending nurut atawa mending kabéh barang-barang nu geus diturunkeun di palabuhan disita jadi milik nagara?” ceuk Putri Budur ngancam. Ngarasa taya piliheun, nangkoda nyanggupan. Peuting ka-217 Poé éta kénéh, nangkoda kapal balik marentahkeun awak kapalna, Maksunda taya lian ti nyumponan parentah raja sangkan Manglé 2454 éta kapal balik deui ka nagri Majusi tempat Komarujaman téa. Nya daék teu daék, kapaksa wé kudu nurut kana sagala paréntah raja. Kapal nyuruwuk, balik deui kana urut tiheula. Teu kacatur di jalanna, kocap geus nepi deui wé ka palabuhan panginditan. Warga heran sabab tara-tara ti sasari, kapal nu kakara ninggalkeun éta tempat ngurunyung deui. Awak kapal dibarengan ku nangkoda, gagancangan muru sisi basisir. Hanjat ka darat, nu saterusna muru kebon nu diséwa Komarujaman. Teu tata pasini deui, nangkoda langsung gegedor kana panto gerbang kebon. Ngadéngé nu gegedor sarta sora récok, Komarujaman gancang kaluar. Bréh nangkoda diiringkeun ku para awak kapal. Teu loba carita, Komarujaman téh dicerek, dibakutet, dibabandan. Saterusna, diiringkeun sina muru kapal. Sanggeus kapal ngangkleung di lautan, Komarujaman kakara tumanya ka nangkoda. Nu ditanya ngajawab satarabasna. Cenah, dirina téh ngemban paréntah ti Raja Abnos pikeun nangkep Komarujaman. Pangna kitu, lantran bongan éta tukang kebon téh lanca-linci luncat mulang hentu tigin kana jangji ka raja. Cindekna, teu mayar hutang luyu jeung waktu nu geus dijangjikeun. Ngadéngé caritaan kitu, Komarujaman sajongjongan mah ngahuleng. Ceuk pikirna, teu sing ngarasa boga hutang, dalah patepung jeung raja Abnos gé can kungsi. Teg wéh, tangtu éta nagkoda ukur akonakon, atawa memang bisa jadi salah sasaran. Najan keukeuh teu rumasa, Komarujaman teu bisa majar kumaha. Kapaksa nurut kana kahayang nangkoda, da mun ngalawan gé moal aya hartina. Ceuk pikirna, rék nuturkeun nasibna wé, kumaha behna! Sanggeus sababara poé ngangkleung di laut, kapal anjog ka dermaga. Nakhoda jeung awak kapal séjénna tarurun. Langsung muru istana, ngadeuheus ka raja. *** (Hanca) 11
  • 13. Ku M.A. Salmun { 23 } G an Sole jeung Aom Usman di imahna keur cuhcih mariksa koki jeung babu. Nu dipariksa lantaran sieun, duanana ge nyarita satarabasna, malah bab Belem sok ngendong oge dicaritakeun sajalantrahna, teu aya nu dikemu, kitu deui bab Lilis nu sok pulang-anting. Henteu soteh dicaritakeun omong-omonganana, da tara ngabarandungan. Ngahaok tanding Rahwana, Usman ambek ka babu jeung ka koki, dicarekan ditutunjuk, malah arek disepak, disebutkeun jelema gelo salingkuh, teu baroga panarima, nu asih dipulang sengit. Hate Usman ngalentab panas, mun jongok mah Belem boa dipeuncit, tah geuning buktina kitu, lalaki purah cidra, manehna mah lalacuran ngaler ngidul, tapi mun bojo midua, bet manehna panas peurih. 12 Bet hayang meunang sorangan, na dimana ayana menak adil, awak nganyenyeri batur, tapi lamun sorangan, meunang nyeri tuluy motah arek ngamuk, poho ka hate nu lian, ku manehna dinyenyeri. Bawaning ambek, Usman nepika ngagidir, beungeutna geuneuk kawas beusi atah beuleum. Dina keur ambek kitu, babu jeung koki ditundung dititah arindit sapajodogan, jaba dicarekan laklak dasar. Ku Gan Sole dibere temah wadi, yen eta teh salah, sabab lamun eta dua badega ngencar, mana teuing sungutna matak tul-tel rasiah nyebar sakota Bandung, mending diandeg, diruruba ambeh balem sungutna, da rasiah geus bitu mah saha nu wirang. Tapi wawadi kitu teu didenge, da keur ambek tea. Jaba ti kitu dibere jalan, supaya geuwat unjukan harewos ka patih jeung sakaut, mambrih nu minggat gancang disusul ku pulisi, ulah ku urang sorangan. Saperkara meungpeung acan jauh, kaduana memang kawajiban itu, katiluna lamun disusul ku urang tangtu itu ngalawan; temahna lamun teu duanana boa salah saurang aya nu tiwas. Tapi jalan anu sakitu alusna teh weleh teu didenge, babakuna bawaning ku keur ambek tea. Ari dirarah ririh ku Gan Sole kalah nyabut sekin, arek newek bari ngaluarkeun ucap nu sakitu garihalna. Usman teh estuning geus poho ditemah wadi, geus kalap. Gan Sole mah da teu niat gelut, malah boga rasa nu asih dipulang sengit, gejlig turun, leos indit clak kana per, giritik ka kabupaten ninggalkeun nu kalap. Sadatang-datang geblus bae ka kamar patih estuning torojog tanpa larapan nepi ka matak kaget. Sanggeus rebu-rebu sasadu, laksa-laksa tamada – ma’lum ngadeuheus ka menak jaman baheula—kakara paralak nyarita, ditetek ti barang nenjo Belem sabendi jeung Sari di lebah warung Haji Asik tea nepi ka harita jongok di hareupeun patih. Patih olohok bengong asa jaman budak dipangdongengkeun carita kahot; cacakan lamun teu apal mah ka Gan Sole yen jelema bener, lem- peng, atawa bohong, patih teh boa ambek da asa diheureuyan. Lamun patih jaman kiwari mah jaman geus aya telepon tangtu ceg kana telepon, krining ka pulisi, krining ka kawadanaan atawa kacamatan nu bakal kaliwatan ku Belem, supaya bendi eta, ditumpakan ku eta dipegat, jelemana ditahan. Beres eta tuluy lapor ka bupati. Tapi patih kabaheulaan mah da sejen deui jamanna, teu kitu. Jung patih nangtung, kikirab memeres lamban jas tuluy bendo, pohara rinehna, pok ngomong: “Urang unjukan ka pangawulaan. Hayu tuturkeun kula!” Gandeuang patih ti kantor nuju ka gedong leumpang anu senang tea diiringkeun ku Gan Sole. Upama patih ngalieuk, poyongkod Gan Sole moyongkod, lamun diajak ngomong, nembalanana teh bari ongkoongkoan cara nu keur mulung jambu, masing teu bari dilieuk oge. Ari jol ka gedong, teu cara ayeuna, tok-tok-blus, alam harita mah, wah, patih rek manggihan bupati teh kudu diunjukkeun heula ku jagalawang, ngadago heula disaur, tuluy abus bari payakahpeyekeh payangkad-poyongkod. Ah, cindekna, ti jol nepi Manglé 2454
  • 14. ka jung balik deui teh diitung jeung gengsor jueung acongaconganana Ki Kumetir, moal kurang, leuwih mah pasti, ti sajam, padahal jejerna carita mah saeutik pisan: “Bojo Usman dibawa kabur ku Belem, disusul ku salakina. Bisi silih paehan, hade geuwat piheulaan ku pulisi.” Putusan bupati, geuwat bejaan sakaut sina ngatur jalma nu baris ngudag, lamun perlu parat ka Bogor, arasurusna jeung para panganggung di Cianjur, Sukabumi jeung Bogor, masrahkeun ka patih. Heuleut dua jam ti harita, burudul ti dayeuh Bandung aleutan tujuh pulisi diluluguan ku Agen Vleer –dumeh nu rek ditangkepna Walanda–kaluar ti kota Bandung ka kulonkeun. Anggeus dua jam soteh sakitanana mata-mata nu dipasang ku sakaut hareupeun imah Sari tea, hariweusweus pupulih, yen Usman katenjo kaluar ti istal nungtun kuda meunang nyelaan, dangdan kaprajuritan. Harita teh nu di kabupaten mah keur pating galengsor, pating aracong keneh, malah usman mah boa geus liwat Cimahi, Gan Sole kakara nepi kana “tigas dawuh”. Sakaut barang nampa laporan ti mata-mata oge gancang bae tatan-tatan nyalukan Vleer sina mawa batur genepan newak Usman nu tetela boga niat nadasa Belem atawa Sari atawa ... duanana, tuluy Vleer sina nangkep Belem katut Sari. Kudu disusul tepuis da sapoe ieu mah moal leuwih jauh ti Cianjur lepasna. Lantaran geus sayaga, jol mantri kabupaten ngemban timbalan pangawulaan teh atuh kari beretek, teu make ukay-ukey ucang-acong deui. Ari ka Batawi teh jaman harita mah biasana jalanna ka Cianjur-Sukabumi moro Bogor. Ti Bogor kana kareta api. Jalan ngaliwatan ka Purwakarta-Cikampek jarang pisan diparake, saperkara dumeh antara Dangdan jeung Palered kasohor weritna, bejana maungna teu sieuneun Manglé 2454 megatan jalan, turug-turug antara Kedung Gede jeung Bakasih sok rea begal, jadi lamun teu perlu-perlu teuing mah milih jalan teh kajeuhng ngulon batan ngaler. Salahna Sari dina petana mingat, dumeh teu sabar jeung make itungan, kajurung ku geumpeur jeung sieun katewak ku pulisi bab racun Si Abdullah tea. Ari nu matak disebut teu sabar, dumeh teu ngadago heula giliran Usman meuting di nu kolot. Upama minggatna tea Jumaah isuk-isuk, pangterehna oge katangen tangtu malem Senen atawa Ahad pasosore, meureun harita teh geus aya di Bogor. Ari salahna itungan, saperkara santek teuing antarana, ngan ukur ganjor pecat sawed ka lilngsir ngulon, kira-kira 5 jam, ka dua teu ngitung kakuatan kuta. Kuda nu tas dipake ti Limbangan subuh-subuh ka Bandung, rek disapoekeun ka Cianjur? Bisa nepi ka Ciranjang asar bae ge geus kaitung luar biasa gancangna, narik bendi dimuatan ku tiluaan jaba babawaan. Boga jangka 5 jam teh disusul ku kuda tunggang mah lebah Cipatat ge moal teu kaudag. Salahna nu katilu, nu panggede-gedena salah, nya eta ka badega dadaku rek ka Ujungberung tumpak bendi Belem. Padahal lamun ti imahna tumpak per sewaan nyorangan bari angkaribung ku kikirim cara nu enya rek deuheus ka klot, tangtu leuwih rikip. Ti imah per sewaan teh siga enya rek ka Ujungberung, badega ge nenjoeun, malah Agan –upamana tea—diraksukan sutra hejo, sinjang gambir saketi, cenah meureun pipokkeun bagega teh lamun tea aya papariksaan. Geus teu katarenjoeun ku babu koki, benerna mah, per pengkolkeun ka tempat meunang badami jeung Belem. Di dieu ganti pakean, umpamana baju beureum samping leres kakara indit bareng. Di imah teu naon-naon ninggalkeun surat ge siga nu heueuh ngadadak indit ka Ujungberung, kumaha bae dakuna mah, sebutkeuin moal lila, pageto ge balik deui, upamana, Lamun seug ku Sari diatur kitu, najuan kabeurangnangkeun aya Gan Sole mapay ka badega oge, pasti samar, sabab ceuk badega teh: “Agan tunggang per ka Ujungberung, diraksukan disinjang gambir saketi.” Meureun ceuk Sole teh: “Euh kasalahan atuh aing teh, nu sabendi jeung Belem lebah warung Haji Asik , dibaju beureum disamping lereng mah anu sakarupa sarimbag bae eta mah, lain Sari alo aing . Aing salah pangdeuleu, geus kolot ieuh.” Tapi, nya eta atuh, da Sari mah lain Lilis bajingan awewena atawa Piah buaya bikangna. Teu timu jalan demit teh, da ongkoh mingat soteh awahing ku teu kuat nahan gegebegan rasa, boloampar inget kana aturan beres. Liwat Tagogapu rek ngaberik tanjakan Gunung Masigit, jalan teh pohara taringgulna, baru pacampur jeung gamping, matak jlagjlig-jlug cara dibeubeutbeubeutkeun. Biasana lebah dinya, sakabeh tutumpakan, jaba ti kuta, nu tarumpakna sok tarurun kudana ditungtun nepi ka liwat pasir gamping nu eta; geus nepi ka nu rata kakara tarumpak deui. Tapi Anom Belem jeung Agan Sari, sangkilang dibarejaan ku mandor jalan jeung kuli-kuli, aranjeucleu bae dina bendi, anu sakitu unggal ngagejlug ngarekek teh sora as anu rengat keur tadi isuk tea. Dina hiji saat: “kerekek ... beletok ... as potong dua, bendi ngarampayak; uyuhan kudana teu kabur ge, bubuhan Artayim tanginas nyekel eles, hadena keur teu lumpat, ukur leumpang salengkahsalengkahm, nu tarumpakna pating gulinting, untung teu dadas teu bundas, teu ramed teu bared ge. (hanca) 13
  • 15. Mahing Kufur, Nyegah Mamala Ku Rihhadatul Aisy P idawuh Alloh SWT dina surat Ar-Rum ayat 41, jentre pisan nu unina kieu : “Doharul fasadu fil barri wal bahri bimaa kasabat aidinnas liyudiqohumma ba’dolladziina ‘amilu la’alakum yarzi’un.” Nu hartosna, “Karuksakan di darat jeung di laut téh alatan pagawéan/leungeun manusa, anu balukarna Allah nibankeun ka maranéhna (wawales tina) sabagéan anu ku maranéhna dilampahkeun, supaya maranéhna babalik pikir.” Ku kituna bisa dipastikeun, yen upama jalma geus loba nu resep migawé kasuksakan, hartina kahirupan eta jalma téh kudu siap-siap bakal tepung bahla, meunang mamala. Migawe karuksakan hartina, memang dirina teu narima kana hukum alam atawa sunnatullah. Ku kituna, upama kiwari timbul ayana banjir, urug, lini, angin topan, peperangan, panyakit AIDS, kadoliman, kama’siatan, lobana nu ngaligeuh jeung sajabana, dina seuseuhanana mah nya manusa kénéh nu nyieunna. Nepi ka manusa di alam kiwari geus jiga nu ngarasa betah dina kama’siatan. Teu sieun ku panyiksa Allah, nu padahal kitu peta téh bakal moékan hirup manusia di dunya kénéh. Geus puguh upama di alam kubur mah, teu bisa nanawar deui, teu aya lawang tobat deui. Hartina, jalma nu di dunya lampahna ma’siat, nya di alam kuburna oge bakal poék mongkléng, tur moal aya nu nulungan. Ku margi kitu, mungpung urang masih aya jeung hirup di alam dunya kénéh, hayu urang babalik pikir, istigfar, nyuhunkeun pangampura alias tobat ka Gusti Alloh. Rasulullah SAW kantos ngémutan dina pi- 14 dawuhna, nu hartosna : “Prak geura gura-giru migawé amal soléh sabab baris kajadian rupa rupa fitnah (isuisu) lir gumplukan-gumplukan peuting nu poék mongkléng buta rajin. Dina éta jaman, jalma-jalma téh isuk-isuk ariman, ari soréna kalapir. Maranéhna teh sok ngajual agamana ku harta bandana (kaméwahan dunya).” HR. Muslim Margi kitu, upama jaman kiwari jalma loba nu ati mungkir beungeut nyanghareup, loba nu palsu, siga hadé tapi henteu, siga nyaah tapi henteu, écés éta téh balukar loba jalma nu teu panceg dina kaimanan. Balukarna deuih, loba jalma nu gindi pikir belang bayah. Jalma-jalma loba nu goreng haté, nu dolim, julig, dengki jeung sajabana. Komo upama hiji jalma geus asup kana dunya nu kotor mah, rék kukumaha ogé, nu jadi beubeunanganana ogé matak kotor alias kiruh. Upama waé dina jaman kiwari, mangsana maranggung deui kana politik, geuning loba pisan jalma nu nyarumput tina kajujuran. Wani ngajak kahadéan tur ngajeblagkeun balihona sangkan hayang kapilih jadi wakil rayat. Padahal dirina sorangan kabeuleum ku kama’siatan. Geus puguh ari ukuran lahir mah. Apan loba nu dijeblagkeun teh lain poto aslina, tapi geus meunang ngaropea ku komputer. Atuh nu tadina hideung oge bisa dibodasan. Tah, komo deui nu bisa disumputkeun kayaning kajujuran. Sok padahal jalma jujur, keur cekelan muslim mah, sawadina jadi cekalan hirupna. Man saliman muslimunna millisanihi wayadihi. Jalma muslim téh, nyaéta jalma nu salamet tina lisanna jeung tina laku lampahna. Nu jadi patarosan, naha atuh kiwari jalma resep ngabarohong alias ngajauhan pasipatan jujur? Mangga urang titenan pidawuh Kangjeng Rasulullah SAW nu negeskeun, yén lampah ma’siat, lampah nu jauh tina kaimanan, bakal kacida rugina. Malah nu aya bakal tidungsuk tidungdung néangan jalan nu teu jelas. Maranéhna disasabkeun tina jalan rido Allah, alatan hirupna lamokot. Jalmana palinter, tapi pinter akal koja, pinter dina kagoréngan atawa kajahatan. Kitu deui pidawuh Rosul: “Bakal datang hiji jaman di mana jelema-jelema teu kuat deui néangan pakasaban kahirupannana anging ku jalan ma’siat nepi ka waktu harita jalma-jalma pada barohong jeung murtad. Mangka di mana kaayaan geus kitu aranjeun kudu hijrah.” Sahabat naros : “Kedah Hijrah ka mana abdi téh?” Waler Nabi: “Kudu Hijrah ka Allah kana alQur’an jeung kana Hadits.” (HR. AdDhilamy) Kiwari geus loga jalma nu teu jujur. Majarkeun lamun teu jujur mah, moal bisa hirup. Lamun panyakit manusa geus kitu, jelas kadoliman, panipuan bakal aya di mana-mana. Aya pamingpin lain ningalikeun tauladan, malah ningalikeun kabingungan, hubbud dunya, parebut jabatan, teu bisa tegas mana nu haram, mana nu halal. Alatan kitu timbul kariceuwan dina sagala widang. Geus puguh ari amanah mah, nu ngampar-ngampar nu nabeuh-nabeuh, nu beunghar beuki beunghar nu seubeuh beuki seubeuh. Sedeng ari nu miskin beuki dikekeyek ku nu beunghar. Ku margi kitu pantes kiamat sugro, adzab Allah Manglé 2454
  • 16. bakal ditibankeun ka manusa. Lobana kajadian, lini, banjir atawa halodo (hésé cai) jeung musibah di mana-mana, hakékatna mah adzab ti Allah, syaréatna lantaran manusa resep nyieun karuksakan. Lantaran kitu dina nyegah datangna kadoliman, kamaksiatan, jeung sajabana teu aya deui jalan iwal urang uihkeun deui sagala pasualan kana papagon agama Allah. “Dzaalikal kitabu la roiba fihi huddal lil muttaqin.” Papagon nu teu aya karaguan deui pikeun tujuan hirup manusa takwa nu miseja bagja di dunya, bagja di ahérat. Allah ngadawuhan dina surat Ar-Rum ayat 44 : “Man kafaro fa’alaihi kufruhu, waman ‘amila sooliha falima anfusihim yamhadun.” Hartosan : Sing saha nu kupur, nya kupurna téh jadi mamala pikeun dirina, jeung sing saha anu ngalampahkeun amal soléh, nya maranéhna sasadiaan pikeun dirina (di sawarga). Témbrés kacida, yen saha jalma nu bakal rugi jeung saha jalma nu bakal untung. Nyaeta nu kufur bakal sasar, nu soleh bakal salamet. Komo deui engke di aherat mah, moal aya hiji perkara nu bakal pahili. Jelas jeung narembongan tur nyaraksian, mana jalma kufur, mana jalma soléh. Upama Geus Datang Kiamat Pidawuh Kangjeng Nabi Muhammad SAW : Satemenna di antara ciri kiamat: Dimana geus leungit élmu, maneuhnana kabodoan, diinumna arak jeung maceuhna perjinahan. (HR Bukhari ti Anas bin Malik) Inna min asyr’athi ti antara ciri-ciri ass’a’ati kaancuran atawa kiamatna hiji komunitas atawa masarakat. Ayyurfa’a al’ilmu dileungitkeunana élmu, wa yatsbuta aljahlu sarta dipikarespna kabodoan, wa yutsrobu jeung diarinumna alkhomru arak jeung sabangsana, wa yadhharu azzina jeung mahabuna perjinahan. Aya dua rupa Ass’a’ah (kiamat) : Kahiji, Kiamat Astronomis nyaéta ancurna bumi jeung planét-planét séjénna anu dijelaskeun dina sababarha surat dina Al Quran anu sok disebut Qiyamah Kubro. Waktu ancurna alam jagat teu aya anu dibéré nyaho kaabus Kangjeng Nabi SAW katut Malaikat Jibril saperti Manglé 2454 dina gunem catur dina hadits Bukhori sarta dikuatan ku katerangan surat Luqman ayat pamungkas. Kadua, Kiamat Sosial nyaéta ancurna tatanan hubungan papada manusa. Diantara ciri kiamat Sosiologis: Kahiji, lamun hamba sahaya ngalahirkeun dunungan. Hamba sahaya téh jalma anu gawé tihothat tapi teu meunang pangajén ti jalma anu dibélaanana. Indung anu tihothat ngurus anu jadi anak malah anu jadi anakna teu maliré ka nu jadi kolotna, murid campelak ka nu jadi guru, guru ngarogahala anu jadi murid, rahayat teu hormat ka pamingpin lantaran pamingpin gawéna nipu rahayat. Sakabéhna ngagambarkeun kiamat (ancurna) komunikasi tatanan sosial. Kadua, Lamun budak angon paluhur-luhur ngawangun gedong. Honor budak angon mah lamun jujur moal mungkin bisa ngawangun gedong sigrong. Anu ngaraning si Gayus pagawé nagri golongan handap tapi gajihna alahbatan pengusaha lantaran manéhna mah diangon ku dununganana sangkan maling. Lamun pajak dimanipulasi ku pagawéna nagara bakal bangkrut. Katilu. lamun hiji urusan dipasrahkeun ka nu lain ahlina nya dagoan assa’ah (kaancuran). Kiwari loba pamingpin kajajadén lain boga élmu jeung ahlak tapi lantaran boga duit keur nyogok anu milih. Nalika jadi pamingpin téh lain ngabéla rahayat tapi bibilintik jeung ngagalaksak duit nagara kumaha sangkan modalna balik deui anu jadi korbanna mah geus tangtu rahayat anu leutik. Ku kituna, hayu urang riksa diri deui. Boa-boa urang mikaresep jalan salah. Boa-boa urang resep ninggalkeun ibadah. Upama nu dipakaresep teh saperti kitu, mangka kudu gacang-gancang tobat. Lantaran kiamat bakal ngadeukeutan. Sakumaha dijéntrékeun, yen ciri kiamat Sosisologis téh diantarana: a. Leungitna élmu. Anu dimaksud lain sagawayah élmu tapi élmu anu pakait jeung kaimanan. Bisa jadi leungitna élmu dilantarankeun ku maraotna para ulama sarta hésé néangan gantina, malahan para putra ulamana ogé geus teu kabitaeun jadi ulama sarta barudak awéwéna ogé dikawinkeunanana lain ka calon ulama tapi leuwih milih sarjana jeung pangusaha lain santri calon ulama. Paguron luhur tiap taun ngawisuda pikeun ngalahirkeun sarjana, tapi sarjana anu ulama hésé ditéanganana. Tetempoan kaum muslimin geus kapangaruhan ku budaya hédonestik anu nganggap harta jeung matéri jadi udagan saperti dina iklan susu ‘yang penting énak. Lamun anu ngamumulé nurani ummat geus leungit bakal kajadian saperti langlayangan pegat bakal hiber kumaha arah angin, ummat bakal lésot jeung ruksak jadi korban politik , dialeut-aleut sina démo diadu jeung aparat keamanan padahal mah sagala pasualan bisa diréngsékeun ku cara dialog. b. Maneuhna kabodoan. Ciri kiamat anu kadua dina hadits di luhur akibat tina leungitna sumanget nyiar élmu nya anu bakal mucunghul téh maneuhna kabodoan jalma geus teu resep diajar tapi resepna téh hiburan, seuseurian, nongton jeung balakécrakan. Lamun milih pamingpin pasti milih anu deukeutna kana eusi beuteung geus teu maliré kana kualitas laku lampah jeung ahlak, yang penting énak. Ciri kiamat anu kadua mah lamun otak geus teu jalan pikeun ngaréngsékeun pasualan ummat tapi ngaréngsékeunana ku pendekatan sospol alias sosorongot jeung popolotot nu ngakibatkeun ancurna duduluran. c. Mahabuna khomr, narkoba, ngaradu jeung ngarinum arak. Kitu deui mahabuna perjinahan. Geus teu éra deui kana kama’siatan perjinahan. Saperti kiwari, geuningan manusa téh geus teu baroga jati diri deui, malah kadieunakeun mah, beuki kalimpudan ku alpukahna globalisasi. Teu éra deui némbong-némbong orat, mahabuna silih fitnah, teu era ngalakukeun korupsi, jeung sajabana. Tah, nu karitu balukar leungitna kaimanan. Upama jalma geus teu sieun deui kana mamala, lantaran resep migawé kama’siatan, mangka Alloh bakal gancang nibankeun bebendonna. Walakin kaddabu faahodna bimaa kaanu yaqsibuun. Robbana dholamna anfusana wailam taghfirlana watarhamna lanakunanna minal khosirin. Amin ya Robbal ‘alamin.*** 15
  • 17. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS Wakaf Patarosan: Sakumaha seueur kajantenan, yen di urang seueur taneuh wakaf dugi ka aya nu dimasalahkeun. Kalebet aya nu ngawakafkeun masjid, tapi tos puluhan taun, eta taneuh wakaf jadi pacogregan. Nu jadi patarosan, naon nu jadi masalahna sareng nu leresna kumaha ari bade wakaf teh? Hatur nuhun sateuacanna. Wassalam, Pa Susanto ti Ciumbuleuit Bandung Waleran: Sami-sami hatur nuhun. Perkawis wakaf numutkeun basa asalna tina basa Arab, hartosna nahan, eureun, atawa cicing. Sedengkeun hartina numutkeun istilah dina hukum Islam nyaeta ngeureunkeun atawa mungkas hak milik hiji jalma kana mangrupa barang saperti tanah pikeun disodakohkeun manfaatna. Harti lianna, wakaf nyaeta ngamangfaatkeun hiji barang anu dipimilik ku hiji jalma bari dipasrahkan ka jalma lianna (baturna) kalawan jangka waktu anu tangtu atawa salilana. Dina ajaran Islam, wakaf mangrupa ibadah anu hukumna “sunat”. Tujuanna pikeun ngadeukeutkeun diri (taqarruban) ka Gusti Alloh Swt. Anapon anu jadi katangtuanana nyaeta sakumaha anu ditegeskeun dina rukun jeung syarat wakaf. Rukun wakaf aya opat, nyaeta: Kahiji, aya jalma anu ngawakafkeun (wakif); Kadua, aya barang anu diwakafkeun (mauquf); Katilu, aya jalma anu narima eta wakaf (mauquf ‘alaih); Kaopat, kudu aya akad atawa ikrar ti jalma anu ngawakafkeun 16 (shigah). Sedengkeun syarat-syaratna nyaeta: anu jadi 1. Syarat-syarat jalma anu ngawakafkeun: Kahiji, ngabogaan kana eta barang (harta) sagemlengna; Kadua, akalna sehat; Katilu, baligh (dewasa atawa cukup umur); Kaopat, nganyahokeun kana hukum tur mampuh milampahna sacara hukum. 2. Syarat-syarat barang anu diwakafkeun: Kahiji, kudu anu bisa diala manfaatna dina jangka waktu anu lila; Kadua, jeulas tur teges jalma anu narimana; Katilu, digunakeun kalawan ngabogaan tujuan anu hade luyu jeung ajaran-ajaran Islam; Kaopat, ditangtukeun jinis barangna, bentukna, tempatna, jeung lobana. Kalima, barang anu diwakafkeun kudu sagemlengna dipimilik ku jalma anu ngawakafkeunna. 3. Syarat-syarat jalma anu narima wakaf kudu ngabogaan akal sehat;, baligh (dewasa atawa cukup umur) tur nganyahokeun kana hukum tur mampuh milampahna sacara hukum. 4. Syarat shigah, nyaeta kudu jelas jeung tegas. Wakaf bisa sah saupama aya ijab qabul ti jalma anu ngawakafkeun jeung jalma anu narimana kalayan aya saksi anu wijaksana. Dumasar kana rukun jeung syarat wakaf di luhur, mangka katangtuan-katangtuan ngawengku: Kahiji, wakaf henteu bisa di hak milik ku hiji jalma, dijual-belikeun, dihibahkeun, atawa diwariskeun. Kadua, Barang anu diwakafkeun tos teu bisa dihak milik deui ku jalma anu ngawakafkeuna. Katilu, kudu ngabogaan tujuan anu pasti, luyu jeung ajaran Islam. Kaopat, harta anu diwakafkeun bisa dikuasakeun ka para pangawas anu ngabogaan hak pikeun miara eta harta wkaf. Kalima, harta wakaf bisa mangrupa tanah atawa barang sejena anu bisa dimanfaatkeun dina waktu anu lila, henteu leungit manfaatna ku sakali digunakeun. Salajengna perkawis asal usul ayana wakaf, para ahli hukum Islam nyebatkeun yen wakaf anu sifatna kaagamaan dimimitian (munggaran) ku ngawangun wangunan Ka’bah di Mekah anu ngarupakeun tempat ibadah wiwitan. Anu ngawanguna nyaeta sakabeh umat manusa anu ayadi sabudeureunna. Hal ieu dumasar kana pidawuh Alloh dina alQuran: “Saestuna imah anu mimiti diwangun pikeun tempat ibadah umat manusa, nyaeta Baitulloh anu aya di Mekkah, kalayan diberkahi tur jadi pituduh pikeun sakabeh umat manusa” (QS. Ali Imron: 96). Malih disebatkeun dina sajarah, yen di abad-abad kajayaan umat Islam, wakaf dijadikeun salasahiji tihang kakuatan ekonomi umat Islam. Sajabi ti kitu, di abad-abad kajayaan umat Islam oge, harta wakaf teu wungkul digunakeun pikeun ngahirupan jalma-jalma fakir miskin, tapi bisa dijadikeun modal pikeun nanjeurkeun lembaga-lembaga atikan, ngawangun perpustakaan, ngagajih para guru sareng para stafnya, beasiswa pikeun siswa jeung mahasiswa anu milari elmu pangaweruh. Rumah sakit di tiap kota diwangun, sagala rupi biaya operasionalnya dibiayaan ku dana wakaf. Ti ngawitan gajih dokter, para perawat, dugi ka obat-obatan aya dina tanggungan dana wakaf, nepi ka rahayat leutik oge bisa narima layanan kasehatan anu maksimal jeung haratis*** Manglé 2454
  • 18. Gunung Padang Ulah Digunasika S unda nguniang tandang di pakalangan. Sunda kiwari tanghi na jati diri. Kumaha larap jeung prakna. Nya, urang ayeuna nu kudu harudang tandang makalangan. Ulah deuk culika, ulah deuk ngagunasika. Malah mandar, urang kudu napak dina tatapakan. Nyaah ka lingkungan nya nyaah ka diri. Nyaah jeung wanoh ka lingkungan, tangtu nyaah jeung wanoh ka diri urangna sorangan. Ku kituna, dina garapan masingKetua Umum Paguyuban Pasundan bareng jeung H. Nanang Masoem, Acil-Sam-Jaka Bimbo ngaraleut ka kantor Pengadilan Negeri Kab. Cianjur nyakseni sidang gelar perkara masing sareun deuk saigel, rukun gawe babarengan, ulah sok pakia-kia. alam jeung lingkungan, hususna kaaje- tuna nguniang tandang makalangan. Urang kudu nyaah ka diri, deukeut gan Situs Gunung Padang, sangkan teu urang Sunda kiwari kudu teunung lujeung diri nyaah ka sasama. Hirup kudu digunasika ku jalma-jalma anu teu boga deung, kudu sabeungkeutan ngahiparok jeung aturan. Sing saha wae anu rasa mirasa jeung boga kapentingan jikeun kakuatan pikeun komara Sunda ngagunasika jeung ngaruksak lingkung- keur dirina. Situs Gunung Padang misti jaga. Mun hoyong nanjeurna Sunda an, eta jalma bakal kawalat. Nya bakal dimumule, lantaran eta situs mangrupa nguniang jeung tandang sarta tanghi na gunung megalitik anu ngandung ajen jati diri, nya kudu némbongkeun sikep ruksak jeung dirina. Éta hal ditetelakeun ku Ketua Umum kalintang gedena pikeun urang Sunda. teuneung ludeung. Ulah sieun bebela “Sunda kudu teuneung ludeung geu- dina bebeneran. PB. Paguyuban Pasundan Prof. Dr. HM. Sabada orasi di lapang Hypermart Didi Turmudzi, M.Si., dina orasina gelar san nanjeurkeun bebeneran. Ulah aksi budaya ‘Ngaraksa ngariksa Gunung sieun, ulah borangan. Ka sing saha wae Cianjur, harita rebuan simpatisan urang Padang’ kamari ieu di Kabupaten Cian- anu ngaruksak jeung ngagunasika alam Sunda ngaleut ka kantor pangadilan jur. Dina eta gelar aksi budaya, hadir Sunda kaasup eta jalma kawalat. Jalma negeri Cianjur pikeun nepikeun karep, dina acara H. Nanang Masoem, Acil- anu teu ngabogaan rasa jeung mirasa. sangkan tilu urang, warga masarakat Sam-Jaka Bimbo, Abah Ruskawan Sim kuring umajak ka anu ngariung Cianjur, anu harita nandangan bale(Ketua Cabang Paguyuban Pasundan), dina ieu riungan, poma kudu sareun- watangan, ku alatan ngabela bebeneren tokoh kasepuhan kabuyutan Sunda, deuk saigel, saamparan sabaraya, hayu tina gunasikana jalma anu sakarep ingSundawani Wirabuana, Paku Pajajaran, urang raksa urang riksa, urang jaga sun ngaruksak situs gunung padang. Harita, Tim pembela hokum ti Biro sarta rebuan mahasiswa jeung simpti- kalanggengan alam Sunda,” kitu san Urang Sunda. Gelarna eta acara, es- kasauran Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi Hukum Paguyuban Pasundan, miharep, sangkan anu tiluan tea ditangtuning nyacapkeun jeung maheutkeun tandes naker. guhkeun perkara hukumanana. Nya babarengan sakumna urang Sunda engSajeroning kitu Acil Bimbo nete- Alhamdulillah, hakim harita ngagoning ngaguarkeun kanyaah jeung katineungna geusan ngaraksa ngariksa lakeun, ayeuna urang Sunda geus wak- bulkeun harepan.*** Manglé 2454 17
  • 19. K atiga entak-entakan. Jeung teuing ku panjang deuih. Geus liwat tilu bulan. Sawah gé robah jadi amparan tela. Ngewag bareulah matak tiporos suku budak. Walungan ngolétrak. Susukan irigasi garing. Kakalén mah komo. Metet runtah pamiceunan sagawayah. “Geus meujeuhna salat ménta hujan!” Kepala Desa Cikerung sababaraha kali mikir. Terus ngagorowok ka hansip jaga, “Susulan Amil. Rapat penting kituh!” Nu disusul teu talangké. Malum nyampak di imah. Geus dua poé ngeduk sumur jeung ngoméan toren bocor keur nampung cai sumur nu geus empot-empotan. “Kumaha Pa Kadés, aya pikersaeun naon?” pokna barang anjog ka kamar gawé Kepala Desa. Ari pipikiranana ngalayang kana ondangan ti kabupatén. Cara basa dua bulan ka tukang disusulan ngadadak. Horéng diajak buka bareng ku bupati. Lumayan balik téh, ngélék sarung weuteuh, kuéh kaléng, jeung amplop eusi duit saratus rebu. Balaktiktrik balakacombrang, beuteung muti ktrik berekat meunang. “Ieu Mang Amil, hujan acan cur baé. Pan geus Oktober ayeuna téh. Halodo ti Maret asana. Pan baheula mah, datang Maret, ret hujan raat. Datang Séptember, ber hujan turun. Tos cekap salat istisqo kawasna,” Kadés norostos. Pipikiranana kumalayang kana pajeg nu can katagih kabéh. Alesan rayat, kaharti. Bororaah keur mayar pajeg, keur dahareun gé geus porot. Ras deui kana kawajiban ngayakeun béas raskin. Sedengkeun jatah triwulan tukang gé can kabayar ka Dolog. Harita dijual ka bandar. Duitna kaciwit ku itu ku ieu. Can kasetorkeun da can aya gantina. Mun ayeuna rayat ngocéak butuh raskin, kumaha nedunana. Aturan Dolog sagolék pangkék pisan. Nu can punah, teu bisa narima jatah. “Nya mangga waé. Iraha?” 18 Carpon H.Usep Romli HM Katiga Entak-Entakan tanya Amil nu asa boga jalan pikeun kapaké deui, lamun tas istisqo langsung aya hujan. Tangtu Kadés moal mopohokeun pikeun ngajenengkeun deui jadi Amil periode kadua. Éh, tapi apan taun ieu ge Kadés béak mangsa baktina. Mun nyalon deui, bisa kapilih kénéh, bisa henteu. Ma’lum réa saingan nu harayang jeneng. Papada baroga kakuatan. Tapi saha baé nu jeneng, hasil istisqo ayeuna bisa dipaké modal rebut tawar pikeun kalungguhan Amil nu strategis jeung matak merekis. “Urang énjing wé, Mang Amil!” sora Kepala Desa muyarkeun lamunan Amil. “Énjing?” Amil kerung, ”Kumaha da istisqo mah teu tiasa didadak, Pa Kadés. Numutkeun kaol dina kitab, kedah puasa heula tilu dinten. Malah waktu prak salat istisqo gé kedah puasa kénéh….” “Alah…rudet….” Kepala Désa gégétrét. Haténa bet ngondéal. Keuheul ka halodo. Hayang geura hujan. Hayang geura normal deui tatanén. Ambéh pajeg gancang lunas. Ambéh teu kudu ngamprah béas raskin nu moal disadonan da boga tunggakan setor. Ras manéhna inget kana surat ti kacamatan kamari. Ngabéjaan rék aya bupati. Gancang ngageroan Sékdés. Nitah mawa surat éta. Song surat. Gancang diilo. Enya wé ngabejaan pagéto rék aya kunjungan kerja Bupati ka wewengkon kagaringan . “Jigana klop lamun Bupati datang, di dieu keur istisqo. Atawa boa Bupati bakal ngersakeun milu. Dihenteu-henteu gé santri. Boga gelar akademik S.Ag.,“ Kadés semu nyéréngéh. “Kumaha pami pagéto, Mang Amil, salat istisqo téh?” Kepala Desa mencrong ka Amil, “Kaleresan aya Pa Bu- pati ka dieu…” “Pa Bupati?” Amil malik mencrong. Kasempetan. Saha nu nyaho bupati katajieun, heug baé ngarékoméndasikeun jadi ketua MUI tingkat kacamatan atawa kabupatén. “Ké, asana aya kaol salat istisqo teu puasa heula. Ké Mamang muka heula kitab atuh. Urang putuskeun sonten….” “Nyanggakeun. Pokona urang istisqo pas aya bupati ka dieu,” Kadés katémbong bungah. Mun pareng, engké bupati apaleun kaayaan gararing, tapi ihtiar teu eureun-eureun. Dalah ku cara nu luyu jeung paréntah agama. Salat istisqo. Sugan wé taun hareup, alokasi anggaran dana désa, PNPM, katut subsidi-subsidi séjénna, nambahan ceuyah. Lumayan aya bekel keur nyalon deui. Kajeun teu kapilih deui ogé. Tapi sugan wé kabiruyungan kénéh. Datang ka imah, Amil gan- Manglé 2454
  • 20. cang mukaan sababaraha kitab nu aya patula-patalina jeung salat. Goréhél dina kitab “Zadul Ma’ad” susunan Ibnul Qoyyim al Jauziyah, riwayat istisqo jaman Kangjeng Nabi Saw. Harita Madinah katibanan halodo panjang. Kangjeng Nabi maréntahkeun para sohabat ka mushola dina hiji poé nu ku anjeunna geus ditangtoskeun. “Teu disebut maréntahkeun puasa heula,” Amil kerung mikiran kalimah ‘dina poé nu geus ditangtukeun’. Boa saméméhna Kangjeng Nabi maréntahkeun heula puasa. Terus dina poé nu ditangtukeun pikeun istisqo sabada puasa tilu poé, maréntah ka mushola. ”Tapi da teu tandes. Henteu qoth’I. Jadi aya kamungkinan teu puasa heula.” Teu muka kitab-kitab séjénna deui, sabab di dinya mah réréana nyebutkeun rék istisqo kudu puasa heula. Jadi lamun rék istisqo pagéto, meneran aya bupati, kudu geus puasa ti ayeuna kénéh. “Ahhhh, urang cekel wé kaol Ibnu Qoyyim,” Amil mancegkeun pamanggih. Pagétona, geus kumpul di tegalan. Teu jauh ti kantor kacamatan. Acan prak salat sabab ngadagoan heula bupati datang. Karék pupujian wé. Maca du’a Nabi Enuh. Dipingpin ku guru madrasah urang Désa Karanghonjé. Sorana rada rébék. Écés pisan tina sonsistem nu terus diomé-omé ku patugas Satpol PP. Miceun gangguan sora kékérésékan jeung ngahiung. Ambéh engké kitu dina waktuna dipaké pidato ku bupati, ngoncrang. “Istaghfiru Robbakum,” Jang Guru ngaleu, dituturkeun ku ‘huuunng’ sonsistem krodit. “Innahu kana ghoffaro……..kkkkrrkkkkkrkk…kkrrrkkkkk…… yursilis sama-a….huuuunggg…….alaikum midroro… …” Kitu jeung kitu wé, nepi ka salat dimimitian. Diimaman ku Amil Désa Cikerung. Bupati jeung aparat kabupatén milu ngamum. Ampir wé Manglé 2454 dina rokaat kadua, keur maca surat “Hal ataka haditsul ghosiyah”, imam kapohoan saayat. Ma’lum saumur hirup ngimaman salat, karék aya ma’mum pangkat bupati. Hadéna kasilep ku hiung jeung karasak-kérésék sonsimtem. Mun henteu téh, lapur. Katohyan malaweung. “Mugi-mugi Alloh ngaijabah du’a urang sadaya dina istisqo ieu. Ngalungsurkeun hujan nu nyandak barokah, nyuburkeun tatanén, nebihkeun kamalaratan sareng kasusah urang sadayana, mahlukNa nu hina dina…” Amil narjamahkeun du’a ménta hujan nu dicontokeun ku Kangjeng Nabi Saw “Allohumma asqina ghoysan mughisan…” Tilu poé kaliwat karék aya ceudeum-ceudeum. Kepala Désa jeung Amil bungah. Asa diijabah najan kabuktian acan cur ogé. Sabalikna Gumara, nu kabéjakeun rék nyalon Kadés Cikerung. Gégéjrét keuheul. Saminggu deui rék hajat badag. Ngarayakeun akad nikah anakna nu cikal. Sakalian rék dipaké pinton tagog. Kampanye yén manéhna rék tandang makalangan marebutkeun kapamingpinan désa. “Mun breg hujan dina waktuna, lapur, lapur…” Gumara jalang-jéléng di tengah imah. Pamajikanana nu keur kaprak-keprek di dapur nyampeurkeun. Pok ngomong, “Bapana, pihak katering teu beunang ditawar. Keur dua rébu tatamu, keukeuh opat puluh juta. Tah ieu menuna,” song keretas sakebét. Ku Gumara ukur dirérét. “Urus wé. Nu penting suksés. Ramé. Gebyar!” “Hiburan mah teu acan kalebet,” cék pamajikanana deui. “Enya sok utang-itung sing imeut. Soal dana apan geus disiapkeun dua ratus juta!” Gumara rada nyengor. Torojol Bahur, usung-ésang kadeuheus. “Aya info naon, Hur?” Gumara meubeutkeun awak kana sofa. Nyokot udud sabatang. Bahur ngecrékkeun zipo kameumeut. Paméré Gumara dua taun ka tukang. Ngahaja dibabawa. Sina katémbongeun yén manéhna tumarima pisan. Gur hurung, dipaké nyeungeut udud dununganana. “Mangkukna salat istisqo di kacamatan,” Bahur laporan. “Aya bupati nanaon…” “Heueuh urang gé nyaho!” Gumara nyenghor, “Nu matak carareudeum kieu. Paur keur urang hajat, hujan ngayer. Atawa saméméhna ogé, sarua cilaka, jareblog. Geus bérés hajat onaman kumadinya rék dicicikeun ti langit gé sabodo!” “Urang akalan ka Abah Lahiam,” Bahur lir ngingetan. Nyebut ngaran dukun tukang nyarang hujan. Dukun lepus nu ahli ngungkulan jeung nedunan sakur nu ménta pitulung ka manéhna. “Aéh heueuh!” Gumara giak. Nepak sirah, “Nuhun Hur diingetan. Wayahna indit ayeuna ka ditu. Hiras ti poé ieu keur ngakalan ulah hujan nepi ka hajat lekasan.” “Siap, Bos,“ Bahur nyakakak. Panonna mélétét kana leungeun Gumara nu keur ngodok saku. Nyokot duit tilu lambar saratus rébuan. Song ka Bahur. “Béré sakitu heula. Mun hasil, dijejegan sajuta kituh. Yeuh, bisi motor eweuh béngsinan,” Gumara ngasongkeun deui lima puluh rébu. “Mahikeun nepi ka minggu hareup.” Bahur gancang indit. Duit nu tilu ratus, dua ratus dibebeskeun kana lokétna nu geus sababaraha poé lépét pisan. Nu saratus diajangkeun keur Abah Lahiam. Duit lima puluh gé nuturkeun kana lokét. Keur béngsin mah nganjuk heula ka kios dua tak Odang. Bayareun engké ari meunang deui pérélék ti dunungan. Duit sulupat-selepét ieu mah rék dipaké masang nomer peuting isuk. Sugan wé keuna. Sakalian rék ménta pangnoongkeun ka AbahLahiam, sabaraha nomer nu rék kaluar engké. Teu hésé muntangan. Geus nampa duit saratus rébu ti Bahur, poé éta kénéh Abah Lahiam tatahar nyarang hujan. Ayakan butut sahiji digantungkeun dina palipid juru imah. Hiji deui, dikebulan menyan pasangkeuneun di juru imah Gumara engké dina waktuna ngamimitian hajat. Nu ngarep-ngarep hujan turun, beuki marudah. Kadés murang-maring. Lain pédah hujan teu turun atawa istisqo gagal. Nu jadi masalah, kalungguhanana beuki ngarasa kaancam. Tunggakan béas raskin can kabayar. Alokasi dana désa moal ningkat da pajeg mandeg. Atuh wibawana bakal kagusur balukar kaayaan juwet kieu. Kagaringan. Gagal panén. Panyéléwéngan raskin jeung sajabana, nu bisa dipaké parabot kampanye ku calon-calon séjén, pikeun nyerang dirina. Pangpangna ku Gumara, nu keur meujeuhna lubak-libuk réa duit, jeung ngayakeun hajat badag méstakeun kawinan anakna. Nu rék digunakeun keur kasempetan hadé pikeun mikat perhatian jeung kapercayaan balaréa. Amil ogé ngan huleng-jentul. Rumasa salah maca kaol Ibnul Qoyyim. Rumasa maksakeun istisqo méngpar tina aturan syara. Tapi mun teu kitu, meureun moal pareng ngimaman bupati nu jadi ma’mum. “Lain teu diijabah, acan wé. Geuning ceudeum-ceudeumna mah geus aya. Tangtu éta hasil istisqo,” Amil ngupahan sorangan. Pangupah-ngapéh éta nu ditepikeun ka Kepala Désa. Itung-itung meper kageumpeurna. Ditambahan ku paparah, “Urang mah sakadar ihtiar, nu nangtukeun anging Gusti Murbéng Alam. Istisqo atos, soal curna hujan urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa.” Tapi di piluaran sahéng. Sili tanya, mana nu ijabah, du’a salat istisqo nu dihadiran ku bupati, atawa jangjawokan nyarang hujan Abah Lahiam nu ngalantarankeun pésta di imah Gumara, ramé kabinabina? Dangdut, jaipongan, jeung sajabana. Mulus banglus teu kaganggu ku hujan. Nambahan angar katiga entak-entakan.*** 19
  • 21. Carpon Tety S Nataprawira S ekar leumpang nyampeurkeun box anakna. Kulambu bulao ngora ngarumbay nuruban ranjang leutik. Disingraykeun. Bréh katempo, buah haténa keur saré ngageubra. Diteuteup pipina nu montok jeung beresih, semu beureum. Bulu panonna centik. Na tarangna buuk laleutik ngaroyom. Sekar imut. Simbut Popi dibebener. Luk tungkul. Tarang Popi diambungan. Kulambuna ditutupkeun deui. Tina jandéla aya angin nu nyalisir ngelabkeun tungtung kulambu. Jandéla gancang ditutupkeun. Bisi angin asup ka kamar. Ulah, Popi ulah kaanginan. Haté Ambu bakal gering lamun Popi kaanginan. Bari mérésan baju Popi, Sekar diuk dina ranjang.Tadi isuk-isuk salakina merenahkeun box Popi deukeut jandela, méh kapoyanan. “Jandélana kedah dibukakeun,” pokna reueus. Unggal poé Popi jadi rebutan duaan. Hayang ngagugulung, mun teu ras ingeteun yén umur Popi kakara tilu 20 Kulambu Sutra bulan. “Nyaah kitu ka Popi?” Sekar nanya. Asa sorangan nu pangnyaahna téh geuning. Sieun salakina mah teu nyaaheun. ”Naha bet naros kitu? Atuh teu nyaah mah moal…” teu kebat. Kaburu ku Sekar dituluykeun bari seuri. ”Moal manggaleuhkeun kulambu kanggo Popi nya, Pop?” pokna ka orok nu ngan ukur bisa ngabelényéh seuri. Salakina neuteup. Hararésé naker rék indit ka kantor téh. Mun teu dijurung mah sigana ngajentul wé nungguan Popi. ”Mun teu dikulambuan reungitna ka lebet. Nyocoan,” Sekar seuri leutik kayungyun, rada nyindir ka salakina. Kulambu, keur Sekar mapandékeun panghalang nu ngagoda katengtreman rumah-tanggana. Kungsi, méh baé kulambuna nyingray. Tadi Sekar hayang ngaheureuyan salakina, tapi teu wasa. Teu wasa ngedalkeun. Na haténa aya nu nyaram. Sekar ngarénghap alon. Paneuteupna seselendep kana jeroeun kulambu néangan Popi. Saréna tibra. Lucu puguh Popi téh, geulis. Siga saha? Sekar ngalenyap. Teu pupuguh haténa bet inget deui ka dinya. Kana lalakon nu kungsi ngendagkeun haté. Nyalisir kawas angin janari. Tiis, tapi peurih. Sok Sekar nunda buku nu tadi dibaca, ditunda dina kasur, basa katempo Popi ngulisik. Bray nyingkabkeun kulambu. Popi geus nyaring. Ku Sekar diusap pipina. Belenyéh seuri. Sekar imut. “Pinter!” pokna, “Popi teu nangis. Pinter putra Ambu, wareg bobona?” Sekar aléwoh. Asa teleb ngabasakeun Ambu. Budak némbalan ku basana, sorana ririh “Hakeng, hakeng,” cenah, belényéh deui seuri. “Palay nénén, pipis?” gap leungeunna kana bujur Popi, pempersna geus pinuh. “Gentos heula, nya?” Popi diangkat. Sok dina ranjang gedé, disalinan. Popi ngaéh, lapareun. Tuda tadi saréna jam salapan wanci haneut moyan, sanggeus dimandian, sanggeus disusuan. Méh jam satengah satu, karak lilir, meujeuhna lapareun pisan. Ku Sekar dilahun, pék disusuan. Nyoso naker. Sabot nyusuan, Sekar teu petot-petot neuteup hihideung panon anakna. Sakapeung, mun keur neuteup panon Popi, haténa sok tagiwur. Ngajorélat aya panon Hana, nu kungsi ngendagkeun haté salakina. Geulis, lungguh. Panonna liuh siga panon Popi ayeuna. Mun inget ka Hana, haténa sok nyérését. Kawas angin janari, teu karasa tapi matak peurih kareureuhnakeun. Hana, batur sakantorna. Tilu taun, Sekar jeung salakina ngarep-ngarep bagja, nungguan hadirna jabang bayi nu bakal ceurik meupeuskeun simpéna peuting. Tilu taun Sekar narima kalawan tawekal. Sanajan haténa mindeng ceurik, upama nempo teuteup salakina semu ngananaha. Naha can sanggup jadi indung? Naha? Paneuteup panutanana nu baheula liuh, sok remen kasipuh ku pangdakwa. Jadi tiis, ngagerihan. Salakina jadi tiis. Jadi ngantep manéhna dina kanalangsa nu jero. Padahal mah na waktu sarupa kitu, taya deui kabagja Sekar iwal ti panyombo, kadeudeuh, jeung kanyaah ti nu jadi salaki. Tapi karasa ku manéhna, harita jadi hambar, jadi tiis, combrék. Sanajan lemes bari buni, karasana ku Sekar mah, haté salakina jadi anggang. Sok hayang ngojayan jerona paneuteup asa lain keur manéhna. Sekar ngarti, salakina nyumputkeun kakuciwa. Sekar hayang ancrub, hayang teuleum. Tapi teu wasa. Ras ka dirina, sieun manggih kanyataan nu peurih. Taya tangan pangawasa mun kanyaah salakina ngolémbar. Tapi éta sangkaan goréng teh sok buru-buru dis- Manglé 2454
  • 22. ingkahkeun. Embung nangénan mun haté salakina endag kaanginkeun. Ngolémbar ka nu séjén. Sanajan ngarti naon sababna. Da mun enya kitu, Sekar rumasa can bisa méré kasugemaan. Karasa ku Sekar gé, poék, taya béntang. Taya teuteup haneut tina panon panutan ati. Teuteup deudeuh, bet karasa peuray lalaunan. Jadi tiis combrék. Kasaput ku imut hambar. Hiji waktu Sekar hayang neuleuman hate salakina. Tapi salakina nyingkahan pananya. Kalawan karasa, kageugeutna lain kageugeut nu baheula. ”Anggur gé bobo, tong seueur teuing ngémutan nu lain-lain. Akang angger nyaah. Moal rék ka mamana.” Tapi haté Sekar, manan tengtrem kalah cangcaya, kalah beuki nalangsa. ”Kang..!” ngomongna dareuda, ”Hapunten can tiasa…..” Teu kebat, kapegat ku sumegruk. Karasa, sirahna diusapan. Tapi usapna hambar, dadana motah, marudah. Harita Sekar neuteup lalangit. Dina lalangit katémbong aya orok nu lucu. Nu bakal nyebut Ambu ka Sekar, jeung Apa ka salakina. Bagja temen. Haté Sekar diayun ku angenangen. Les, kasaréan. Tengah peuting lilir, kacida simpéna. Salakina taya di gigireunana. Tapi keur ngadeluk na méja komputer. Ku Sekar disérangkeun ti kamar, tina panto nu méléngé. Sakapeung salakina katempo malaweung. Neuteup ka jauhna bangun taya pitunduheun. Nyanghareupan komputer, keretas jeung bukubuku hareupeunana. Sekar apal, salakina keur komunikasi jeung batur, céting. Pluk, katangén aya nu murag. Hayang ngojéngkang mangnyokotkeun, tapi sieun gareuwah. Sekar bati nalangsa. Haténa gegeroan. Ngageroan salakina, nu haténa teuing keur kumaha. Waktu salakina asup deui ka kamar, Sekar api-api saré tibra. Kadéngé salakina ngarénghap beurat. Goloyoh gigireunana. Karasa Manglé 2454 ngeukeupan, pageuh. Neueulkeun Sekar kana dadana lalaunan bangun sieun leupas. Alon pisan, antara nyaring jeung henteu, Sekar ngadéngé nu ngaharéwos. ”Hapunten Akang, bet wasa miharep nu lian.” Sérését haténa karasa peurih. Geus tangtu salakina teu nyangkaeun manéhna keur nyaring. Na panonna karasa aya nu haneut, baseuh. Sora halon salakina bieu, kabawa ka alam ngimpi. Kulambu sutra kekelaban, lir nu ngagupayan. Ngarimbunan ranjang leutik. Jeroeunana aya sarébu kabagja jeung katrésna, ku Sekar disingraykeun. Kabéh impian baheula. Baheula saméméh aya Popi. Ayeuna Popi aya na lahunana, lahunan indung, dina kawih deudeuh Cianjuran, nu salawasna mawa katengtrem ati. Sirah Popi diusapan. Ngok diambung. Seungit, seungit orok nu beresih. Mun kongang mah hayang salawasna ngeukeuweuk Popi, mamangku Popi. Sekar imut. Kacipta deui basa Sekar hayang némbongkeun testpack positip ka salakina. Aya kabagja sején leuwih ti ti éta, basa ngarasa aya nu usik na kandungan. Gusti Nu Agung! Sekar asa ngapung ka langit katujuh. Jungjunan nu dianti-anti kiwari ngageterkeun asih. Bet teu kanyahoan ujugujug ter wéh ngageter. Panyangka Dédéh mah telat tilu bulan téh biasa, da sok kitu. Teu dipariksa ieuh, kawas nu geus bosen ku kakuciwa saperti saméméhna. Horéng puputon téh datangna ngagareuwahkeun. Sekar imut, hayang ngabéjaan salakina ku geterna Si Utun Inji mun usik deui, rék sina pataréma. Ngarah bagja. Cipanonna diantep sina ngembeng. Hayang geura Si Utun usik deui. ”Kang,” pokna dareuda, ”Tah cepeng ” leungeun salakina diteueulkeun basa na beuteungna aya nu usik. Teup panon pateuteup, bangun cangcaya. Manéhna unggeuk. Na panon salakina aya talaga nu ngembeng. ”Tadi uih diparios, ku Bidan. Leres, énjing piwarang di-USG ka dokter kandungan,” Omongna dareuda. ”Alhamdulillah,” témbalna ngagerendeng, lalaunan tapi jero. Paneuteupna nyorotkeun cahya bagja. Leungeunna nangkeup Sekar. ”Hapunten,“ pokna. Sekar ngalenyap. Naha? Hapunten? Leungeun salakina ngusapan. ”Salami ieu Akang sering ngantep,” ngaharewos. Sekar teu wasa kedal nanaon. Pangrasana teu nyalahan. ”Pami dihapunten Akang nu pangbagjana,” pokna. Tuluy wakca. Haténa kungsi baluweng, kaendagkeun ku harepan nu ngagoda. Haté Sekar ngaleketey, peurih. Tapi teu wasa ngabibisani. Teu wasa némbal. Sabab kacida peurihna, geuning. ”Rumasa, Akang kungsi boga harepan séjén. Tapi teu wasa wakca. Tapi ngan ukur teu wasa mopohokeun, taya leuwihna. Sabab apan Akang gaduh Sekar.” Reup Sekar peureum, nahan rasa nu awor na dadana. Peurih jeung ngenes. Embung ngadéngé nu wakca balaka, tapi haténa teu wasa ngantep. Nyah beunta, malik ka salakina. Cipanonna tuhur. Teu, teu wasa némbongkeun kapeurih ati. Pék nanya, “Saha namina?” Salakina keur neuteup lalangit, ngaganjel sirahna ku dua leungeun. “Hana,“ témbalna. Sekar ngarénghap, kolébat Hana némbongan. Deudeuh teuing. Panon nu liuh, Hana nu bageur. Reup Sekar peureum. Hampura Han. Ceuceu terang, na panon Hana nu liuh aya kadeudeuh keur si Akang, salaki kuring. Tapi kacinta Ceuceu teu wasa maliré haté Hana. Ulah, ulah micinta Akang, sabab Ceuceu embung leungiteun katrésnana. ”Naha Akang teu sasauran ti kapungkur, ari tos lami mah?” Sekar nanya. Salakina malik. nangkeup. Teu némbalan. Sekar hayang sumegruk. Tapi ditahan. ”Hapunten, Akang sieun leungiteun. Ti ayeuna jangji, moal sumoréang ka mamana.” Haté Sekar ngaleketey. Salakina mageuhan keukeupan. Ngarénghap saperti nu ngaleupaskeun bangbaluhna. Na kandunganana Sekar karasa aya nu usik. Gap leungeun salakina dicekel. Tel diantelkeun. Cipanon bagjana lalaunan juuh. Ti harita mun Sekar inget ka Hana, sok gancang disinglarkeun. Sekar yakin. Ti poé ka poé karasa kabagja beuki minuhan dadana. Nu kungsi karasa anggang téh, ayeuna beuki geugeut. Tepi ka waktuna, Popi lahir. Séhat, montok, beresih. Hana. Hana Popiani. Sekar milih ngaran éta keur Popi. Tapi salakina nyaram. “Tos waé Popi,” pokna. “Naha ulah nganggo Hana?” ngaheureuyan, salakina ngabalieur. Nyah Popi beunta. Sekar imut. Belenyéh Popi seuri. “Wareg nénénna?” Sirah Popi diusapan. “Hakeng, hakeng…” Ririh, sora nu mawa katingtrim ati. Angin asup tina panto kamar. Karasa tiis, Sekar ngalieuk ngawaskeun nu anyar datang. Ngarérét kana jam. Wayah balik ngantor. Teu kadéngé gerung motorna. Jongjon teuing ngurus Popi. Tadi milu ngalenyap basa Popi tibra. Lilir-lilir jam opat soré, wanci ngelap atawa ngamandian. ”Karék gugah?” manéhna nanya. Panto kamar ditutupkeun. Gék diuk dina sisi ranjang. Sekar imut. Jung nangtung mangku Popi, rék disarékeun dina box, tas dimandian. ”Mbu, nyaah ka Popi?” Salakina nanya. Sekar ngarérét. Teup pateuteup. Kiwari aya tali kaasih nu salawasna nganteng. Teu perlu sieun leungiteun, sanajan kulambu sutra kungsi ngelab kaanginkeun. *** 21
  • 23. Carpon: Yus R. Ismail Ésih jeung Duyéh “Akang téh nyaah,” ceuk Duyéh hiji soré. Hujan kakara raat. Tatangkalan rajeg ngabigeug. Angin duka ka mana. Sapanjang jalan komplek Griya Surga Indah aya ku simpé. “Tapi modal Akang mah saukur nyaah, ngan nyaah jeung nyaah.” Ésih ngarahuh. Bet aya anu gumeter di jero kalbuna. Basa sésa cihujan anu ngagantung dina pucuk plamboyan ngeclak, asa haténa anu katinggang cai wening téh, nyecep jeung seger. Basa teuteupna amprok jeung teutep Duyéh, aya ombak anu ngagalura dina dada Êsih. Ésih imut bari ngabalieur, bari yakin paneuteup Duyéh mah angger manteng ka manéhna. Biasana, lamun Êsih nangenan Duyéh neuteup siga kitu, Êsih sok heureuy ku pananya, “Geulis nya?” “Enya, anjeun téh geulis, Sih. Lantaran éta meureun Akang teu bisa mopohokeun anjeun.” Unggal mulang jalanjalan jeung Duyéh, di hareupeun eunteung di ka marna, Ésih mindeng ngagerendeng; enya kitu aing téh geulis? Lain henteu sukur ka Gusti, Ésih ngarasa dirina biasa waé. Enya éta ogé olah raga, ngurus awak, pangpangna lebah pameunteu jeung rambut, geus jadi kabutuhan. Tapi dirina asa henteu geulis siga Meida Safira atawa Kimberly Ryder. “Sih, geulisna istri mah aya dina haté lalaki,” ceuk Duyéh hiji waktu basa Ésih nanyakeun, naon atuh kriteria lalaki bet bisa nganiléy geulis jeung henteuna hiji awéwé? “Keur Kang 22 Dadang, Ceu Nia pasti panggeulisna. Keur Qais, Laila téh panggeulisna. Keur Asraf, Bunga téh panggeulisna. Keur Duyéh, pasti Ésih atuh panggeulisna.” Duka iraha mimitina ngaran Duyéh bet remen ngalangkang dina pikiran jeung haté Ésih. Da baheula mah tara inget saeutik-eutik acan. Buukna anu panjang, ririaban lamun katebak angin. Atawa imutna anu mandiri béda ti anu séjén. Atawa teuteupna anu matak teu puguh cabak, can kungsi kapikiran. Enya Duyéh téh kawentar henteu ngan di kampus. Duyéh mah di kampus séjén, di kota séjén, teu weléh réa anu ngahiap-hiap. Apan sakali maca sajak atawa medar pangalamanana ngarang carpon ogé, henteu saeutik mahasiswi ngarariung harayang deukeut, harayang wanoh. Lantaran éta meureun Ésih ngarasa kuméok méméh dipacok. Manéhna mah apan mahasiswi biasa waé. Henteu nyongcolang dina widang matakuliah, ekstrakulikuler, atawa kasenian anu loba ngirut rumaja sapantaranana. Tapi hiji soré Duyéh datang ka tempat indekos Ésih, nginjeum buku Sejarah Komunikasi. Perkara nginjeum buku mah anggeus lima menit ogé, tapi Duyéh di tempat indekos Ésih aya kana dua jamna. Saterusna mah Duyéh mindeng nganjang, ngajak jalan-jalan, nyelapkeun puisi cinta dina buku Ésih, ngahaleuang lagu Manglé 2454
  • 24. cinta dipirig gitar. Enya, Ésih gé ngaku, Duyéh téh romantis, bageur, perhatian. Sakali mangsa mah basa Duyéh nganjang kabeneran Ésih tas wudu. “Akang mah pangwaaswaasna ningali istri téh sabada wudu. Cai masih ngareclakan tina buuk jeung pameunteuna. Istri anu geulis téh nyaéta istri anu rajin wudu ceuk Akang mah. Hanjakal Akang mah tas solat. Mun seug acan, hayang teuing ngajaran ngaimaman Êsih,” ceuk Duyéh. Ésih saukur imut, terus ka kamarna arék solat. “Di dieu waé solatna, Sih, Akang hayang neuteup Êsih nuju solat.” Ésih ngajanteng sakedapan, ngararasakeun anu nyaksrak dina dadana. Duh Gusti, saleresna abdi téh ngantosan kaayaan sapertos kieu. Enya, rarasaan jeung pangacianana mah Êsih téh baluweng ku asmara. Tapi pikiranana, kayakinanana, Ésih tetep peng kuh. Êsih cangcaya kana kedaling ucap Duyéh. Henteu salah, Duyéh téh romantis, bageur, kasép, perhatian. Tapi apan Duyéh mah kawawuhanana aya di mana-mana. Wanoja anu katarik ati kapentang asmara ku Duyéh sigana henteu saurang dua urang. Naha Duyéh ogé sarua romantisna, perhatianana, bageurna, ka unggal wanoja anu deukeut jeung manéhna? Pananya samodél kitu anu henteu leungit tina pikiran jeung kayakinan Ésih. Nepi ka hiji soré, basa girimis mépés poé, Duyéh ngucapkeun kalimah anu moal leungit tina ingetan Ésih. “Lamun seug anjeun téh masjid, Akang mah hayang terus-terusan solat di jerona,”ceuk Duyéh. Ésih ngararasakeun angin anu ngagilisir kana pipi Manglé 2454 parat kana haténa. ** “Naha atuh Akang téh bet nyaah ka abdi?” ceuk Ésih hiji soré. Girimis anu ninggang dangdaunan wirahmana matak waas. Duyéh neuteup ka jauhna, ka sapanjang jalan komplek Griya Surga Indah. Tukang bajigur anu tadi ngaliwat ngiles di péngkolan. “Urang mah moal kungsi apal, Sih... iraha jeung di mana rasa téh eunteupna. Êta mah rusiah Pangéran. Meureun enya ceuk Afrijal, cinta téh hal panganéhna dina hirup manusa. Lantaran éta, henteu samistina kanyaah Akang ka Êsih hantem ditatanyakeun. Da cinta mah moal bisa ditarjamahkeun kana basa urang.” Ésih imut. Enya kitu? Tapi naha ieu haté bet teu bisa diupahan. Unggal ningali Duyéh ngobrol jeung Yeni, Dian, Eli, Kim, Fatin, Méla, Ratu, jeung wanoja lainna, rasa cangcaya téh beuki témbong ayana. Naha timburu kitu? Naha wajar timburu jadi gemuk kacangcayaan? Ésih henteu ngarti, naha haténa bet cangcaya pikeun narima Duyéh sagemblengna. “Kudu ku naon atawa ku cara kumaha atuh Akang téh pikeun ngayakinkeun anjeun, Sih?” ceuk Duyéh sakali mangsa. Êsih henteu ngajawab. Bet geter-geter kanyaah anu aya dina haténa, karembangan, basa maca sababaraha lembar sajak cinta, sajak cinta anu dihususkeun keur manéhna. Tapi keur pikiranana mah sajak téh henteu cukup. “Hiji mangsa, aya ku hayang boga patamanan di pipir imah, imah anu sederhana tapi resik. Lamun soré di patamanan téa urang bisa nyaksian panonpoé surup. Lamun isuk-isuk urang bisa nyerangkeun barudak lalumpatan ngungudag kukupu anu eunteup dina kekembangan. Urang téh kudu ngajarkeun ka barudak, yen hirup henteu bisa dilakonan tanpa cinta. Bet ku hayang macakeun sajak-sajak cinta, ngagalindengkeun lagu-lugu asmara, jeung nyelapkeun sagagang érmawar dina rambut hiji wanoja, anu jadi indung barudak téa. Sih, naha kersa jadi wanoja dina lamunan Akang?” Ésih teu némbalan. Haténa mah enya geus kabandang ti saméméhna. Tapi pikiranana, angger cangcaya. Sakanyahona, sajak téh ngan ngadabrul wungkul. Komo deui sajak cinta anu hésé dibédakeun jeung rayuan gombal. Amangna ogé apan aya anu jadi panyajak. Mindeng demonstrasi di jalan-jalan. Hasilna? Nyangsarakeun anak pamajikan ti imah kontrakan ka imah kontrakan. Meureun lantaran kacangcayaan éta Êsih henteu ngedalkeun putusan anu pasti. Nepi ka hiji mangsa mulang ka tempat indekos Êsih dianteur ku Kémod. Ti mimiti wawuh Kémod mah geus ningalikeun hiji lalaki anu mapan. Mapan téh gembleng salaku lalaki jaman kiwari. Papakéanana perlénté, ka ditu ka dieu momobilan, ngajak jalan-jalan ka pertokoan, balanja, nonton film, balikna nyimpang ka dunkin, kfc, atawa réstoran méwah. Naha enya dina haté awéwé, enya ogé dina bagian leutikna, aya kayakinan yén rajakaya téh pondasi anu weweg pikeun cinta? Ésih saenyana henteu yakin kana hal éta. Tapi nalurina nungtun pikeun milih jeung ngajalankeun- ana. Ésih ngucap sukur logikana masih waras, henteu ancur burakrakan ku rasa anu henteu logis. Êsih henteu bisa ngabadé Duyéh bisa nengtremkeun tina jihad matéri. Naha enya, di jaman sarwa téhnologi cara ayeuna, cinta taya hartina sama sakali? Basa Duyéh apaleun yén Ésih geus nangtukeun pilihan, manéhna datang hiji soré. Sababaraha lambar puisi anu digulung dibikeun ka Ésih sabada dibacakeun. “Kudu kumaha deui ngucapkeunana, cinta ka anjeun téh geuning ngamalir terus-terusan taya saatna, nyébor katineung kana teuteup anjeun, rambut anjeun, cai anu ngagarenclang nyarakclakan sabada anjeun abdas.” Ngan sakitu anu diucapkeun ku Duyéh. Tapi suasana soré girimis, ambekanana basa keur maca sajak anu siga diatur, geter sorana, leuwih ti sajuta ucap. Basa lambaran sajak téa dipasrahkeun, kembang érmawar diselapkeun dina buuk Êsih, terus amitan nangtang girimis. Buukna ririaban boborélakan ku ciwening, Ésih ngarasa aya anu nyeuit dina dadana. Nyeri jeung peurih. ** “Kumaha carana ngaleungitkeun panineungan?” tanya Ésih ka Dédah, sobat kuliahna. Kampus pasosoré aya ku simpé. Girimis mépés poé anu tadi mentrang. Dédah nyeuleukeuteuk. “Naha seuri? Naha Dédah teu kungsi boga panineungan?” “Pohokeun wé atuh Kang Kémod mah. Masih ngantri anu ngahéroan ka Ésih Nyambung ka kaca 34 23
  • 25. Budak nu Leungit N. W. Galih P oé eta Si Arkan balikna sorangan. Inditna mah duaan jeung Si Obing, budakna Bi Isom. Ari pangira Si Arkan babaturanana téh geus balik ti heula. Dicelukan sababaraha kali di gunung Sayur, taya nembalan. Geus kitu mah gedig wé manéhna balik. Ongkoh jukut dina tolombong geus pinuh. Maranéhna indit ka gunung Sayur téh ngadon ngarit. Barang datang ka lembur, gebru neundeun tolombong dina kandang dombana. Sanggeus diparaban sacukupna, koloyong ka lmahna Bi Isom. Dua puluh meter deui ka imah Bi Isom, Arkan gegeroan “Bing Obing! ku naon euy ilaing ninggalkeun?!”. Euweuh nu némbalan. “Bing! Obing!” ceuk Arkan deui. Geus nepi, gék dina golodog. Kulutrak, sora panto muka, lol sirah indungna Arkan. “Obing mana Bi?” Si Arkan gasik nanya. “Tebat ka lebak, ngurek ?”. “Har? Ari manéh kapan tadi ngarit jeung manéh. Geus lila nya ilaing balik”. “Karek jol Bi, kebat ka dieu, da panyana téh Obing geus balik ti heula.” Deg, cenah karasana kana dada Bi Isom. Palangsiang Si Obing leungit! Pok wé nanya ka Arkan, “Ke, ari 24 tadi ngaritna ti lebah mana deuih? Mana lalila teuing?”. “Rada jauh tadi mah, Ibi. Hésé néangan jukut nu alus téh. Malum keur usum kieu. Halodo mah di mamana gé hésé jukut nu hadé,” walon Si Arkan. “Na ti mana ngaritna?” cek Bi Isom. “Ti gunung Sayur?” Ngan gebeg we Bi Isom ngagebeg “Gunung Sayur,” gerentesna. “Gusti, mani jauh-jauh teuing, Arkan! Sia mah can nyaho nya gunung éta? Kolot gé langka nincak gunung Sayur. Sanget kénéh deuleu! Ari ieu maranéh, budak satepak kénéh bet wawanian. Lah kami mah palangsiang Si Obing leungit, aya nu nyumputkeun ku urang dinya! Gusti, mangkaning anak ngan hijihijina. Da éta manéh nu mamawa ka dinya téh!” “Si Obing nu ngajak mah Ibi. Resep meureun cenah di gunung Sayur mah. Loba jukutna jeung ngaremploh. Pikabetaheun deuih, uing mah sakadar nuturkeun manéhna.” “Lah komo geus nyebut betah-betah kitu, palangsiang.” Ngan géwéwék we Bi Isom ngajéréwét. Hing wéh ceurik. Teu lila rob tatanggana ngadareukeutan. Reuwaseun. “Ku naon Bi Isom téh, Arkan?” ceuk Bi Teja ka Si Arkan. “Mimitina mah nanyakeun Si Obing, da tadi téh bareng ngarit ka gu nung Sayur. Ari panyangka Uing, manéhna geus balik ti heula.” “Ari ieu can nyampak di imah nya?” ceuk Bi Teja. “Puguh nu matak ceurik gé.” ”Di ditu kénéh meureun. Tungguan wé, mun wanci Asar can mulang waé, urang susul ku saréréa. Nya Mang Tarju, enya henteu?” Bi Teja ngalieuk ka lebah Mang Tarju. “Heueuh cék uing mah kitu wé. Wanci Asar Si Obing can mulang, wajib ku urang lembur susul. Boa teuing ayeuna di jalan kénéh, atawa sumpang-simpang heula ka lembur séjén,” ceuk Mang Tarju. “Mamawa tolombong wadah jukut nya?” ceuk Bi Imik bari seuri. “Kawas nu dagang ancleung nyah?” Ger nu aya di dinya sareuri, kagugu ku polah Bi Imik. “Indungna keur sedih euy, teu hadé tingcakakak!” Aya saurang nu ngelingan. “Aéh heueuh nya,” ceuk Udin nu milu ngariung Bi Isom. Jep wéh jarempé. “Jadi kitu wé nya Mang Tarju?” ceuk Udin deui. “Naon téa?” “Paitkeun rencana urang engké. Mun Si Obing wanci Asar can mulang kénéh, urang wajib nyusul, bébéja waé heula ka RT. "Panuju!” saur manuk. Waktu Asar nu didagodago ku in¬dungna jeung ku pangeusi urang lembur Cikahuripan, can jebul kénéh waé. Timbul kacurigaan ti urang Cikahuripan. Komo indungna mah geus nyangka nu lain-lain. Boa Si Obing téh moal mulang, disumputkeun ku urang ditu. Bi Isom kapaéhanana gé aya sababaraha kalina. Nu rék néangan kabéh lalaki nu geus aya umuran. Teu tinggal ti mawa bedog jeung obor. Mawa bedog keur ngajaga. Obor mah bisi kapeutingan balik, atawa jol ka nu dijugjug geus poék mantén. Nu indit téh aya duapuluh urangna. Ari ti lembur Cikahuripan ka gunung Sayur teu jauh, ukur dua kilometer, tapi da lain nyorang jalan datar wungkul. Pungkal-péngkol, nanjak mudun loba nyorang rerembet. Diantara rombongan nu leutik keneh téh Si Arkan. Perelu keur tuduh jalan. Nepi ka nu dituju kira pukul lima. Kaayaan geus paroék, cahaya panon poé kahalangan ku tatangkalan galede. Kapaksa beurang kéneh gé obor diseungeut. Teu sirikna unggal nu legok disaksrak, diténjoan, tapi Si Obing teu panggih. Nya geus kitu mah mo henteu ngarendong di gunung, peuting éta kénéh marulang deui ka lembur. Nu milu di- Manglé 2454
  • 26. itung deui, jejeg euweuh nu leungit. Ngadéngé nu baralik ka lembur bari teu mawa nu ditéangan, keur Bi Isom mah kalah waé nambahan kasedih. ’’Tong leutik hate Ibi,” ceuk Mang Tarju, ”boa Si Obing téh teu nanaon jagjag kénéh. Aya keneh di ditu, ngan tadi mah teu kapanggih sotéh diburu-buru hayang balik, bisi amprok jeung urang leuweung. Barabé. Keun isuk da rék ditéangan deui. Inditna rék rebun-rebun pisan. Si Obing moal teu kapahung, poho deui jalan balik. Kapan di gunung Sayur teh ngaritna misah jeung Si Arkan di leukeunan, Si Obing mah rada ka beh tonggoh, deukeut anu loba dapur awina.” “Teu diteangan ka lebah dinya Bi Isom maksakeun nanya, sorana gé peura balas ceurik waé. “Ih puguh wé ditéanganana mah. Tapi teu kapanggih tolombong-tolombongna acan,” ceuk Mang Tarju. Manglé 2454 ”Keun sugan isuk kapanggih. Ayeu mah ulah loba nu dipikiran.” Tengah peuting sora nu ngagero, Bi Isom. Sora anakna. Gentak Bi Iso hudang. “Maneh, Obing balik?” ceuk Isom jung cengkat ngadeukeutan panto dapur. Di luar taya nu némbalan. Ngan angin nu ngagelebug nebak tatangkalan., “Ema, uing mah tong diteangan. Geus betah di ditu. Obing moal balik deui. Ditéangan ge natambuh laku ... ceuk sora tan katingalan. "Naha Obing embung balik?” Isom mana kawas nu ngomong sorangan. ”Da geus betah di ditu, Ema.” ”Luas temen ninggalkeun Ema cunggelik sorangan.” ’’Kapaksa Ema.” Nu tas néangan anakna Bi Isom di gunung Sayur geus balik. Tapi Obin mah euweuh diantara manéhna. Nu balik katénjo bangun nu lalungsé pisan. Nu hantem ditéangan téh teu kapangih. Pagawéan asa tambuh. Geus nyaho kitu mah, budakna Bi Isom téh disebut hilang wéh. Poé éta dianggap poé sadugna manehna maot. Bi Isom teu bisa kukumaha, sok sanajan sedihna nataku, ti dituna man tuda budak ngan hiji-hijna, beunang hayang, kari-kari ayeuna ninggalkeun, sanggeus tujuh taun salakina ninggalkeun ti heula, mulang ka alam kalanggengan. Sabulan ti harita, dina hiji peuting Bi Isom ngimpi. Anakna datang, papakean singsarwa alus, kulitna bodas beresih teu cara biasana, hideung balas kapanasan waé, ngala suluh jeung ngarit. “Hirup kénéh Ujang téh ?” ceuk Bi Isom bari ngusapan sirah anakna. “Jagjag kénéh, Ema. Kasep deuih ayeuna mah uing téh. Geura isuk teang ...” Rebun-rebun kénéh Bi Isom geus hudang. Kebat ngajugjug imahna RT. Paralak ditepikeun eusi impianana tadi peuting. Ketua RT teu kaleked tuluy nyokot kohkol awi, ditakol dititirkeun. Teu lila geus ngarumpul kolot di hareupeun imahna RT. Pok Kokolot RT ngabéjakeun pamaksudanana. Pangna ngumpulkeun rebun-rebun téh. Wayahna sakali deui urang néangan jasadna budakna Bi Isom, pédah peuting kaimpikeun ku idungna, ceuk Kokolot RT ka nu aya di hareupeunana. Teu ngéngkékeun deui, diengké-engké mah kaburu beurang mantén ongkoh, riungan bubar. Sawelas urang nu indit ka gunung téh. Anjog ka gunung geus rada beurang. Mang Tarju nu keur tonggoy gasruk, handapeun dapuran awi manehna nénjo nu keur sujud nyangigirkeun tolombong wadah jukut. Mang Tarju ngagebeg. Boa éta Si Obing téh. Tapi, awakna geus tinggal rorongkong! Geus nyaho kitu mah kebat manehna nyampeurkeun baturna. Hariweusweus nyebutkeun geus manggihan budak nu leungit tea. Atuh rob baturna nu sapuluh urang deui, dibarengan ku Mang Tarju muru papanggihanana. Enya we, Rorongkong nu kasampak téh. Anéhna, teu kaambeu bau bangké. Jeung deui rorongkong téh bisaan. Keur sujud, leungeunna nu katuhu nyekel tolombong. Kersa ning Alloh Nu Maha Kawasa! Ti dinya mah duaan dititah mudun, ngabéjaan pulisi désa. Ngabéjaan kayaan nu sabenerna. Ti harita budak nu ngarit tara wani-wani deui ulin ka gunung Sayur. Nasibna sieun jiga Si Obing. Tong boro barudak, dalah kolot gé langka. Gunung ayur téh sanget kénéh, loba pangeusi anu teu katenjo ku panon biasa. Walohualam.*** 25