2. Butuh Lalakon, Panghudang Harepan
J
adi warga nagara, butuh kareueus. Butuh pangajén pihak séjén, boh ti bangsa sorangan boh ti
bangsa deungeun. Pangajén kawas kitu, bisa jadi
panghudang kareueus ka lemah cai jeung bangsa sorangan. Saterusna, éta kareueus téh, bisa jadi modal
kamajuan keur bangsa jeung nagara.
Dina pacaturan kahirupan, urang remen nyaksian,
aya bangsa punjul jeung sabalikna. Tapi, kapunjulan
kitu bisa waé robah luyu jeung manusana, pangpangna
mah generasi ngorana. Nilik ka dinya, urang gé payus
gedé haté, lantaran kamampuhan barudak kiwari teu
eleh ku barudak bangsa séjén.
Kapunjulan barudak kiwari, tembong dina ruparupa widang. Enya, apan nu makalangan di luar nagri,
saperti dina olimpiade sain, remen kapeto jadi jawara
tingkat internasiona. Kitu deui nu miluan lomba
nyieun robot, sababaraha kali barudak/nonoman
urang ge jadi juara!
Potensi kitu, kudu kariksa jeung kajaga. Ulah nepi
ka kamampuhanana teu bisa mekar atawa teu kamangpaatkeun di nagri sorangan. Hartina, sakur potensi
anu nyampak kudu boga tempat keur ngipuk sarta miarana, oge ahirna boga ‘rohangan’ keur nempatkeunana.
Mitra, saban 28 Oktober aweuhan seumanget
nonoman ngoncrang deui. Digedurkeun dina mileling
“Sumpah Pemuda”. Nya tumali sareng éta, dina
nomer ieu Manglé nglongan pamanggih Dr. H. Sundawa Bachtiar, M.Si., manten aktipis pamuda nu kiwari mupuhuan Gelanggang Generasi Muda (GGM)
Bandung. Nu dipalar, dina sumpegna ngabandungan
rupa-rupa kajadian kiwari, ku nitenan karep jeung kahayang para nonoman mah, enyay-enyay harepan téh
teu burung tembong. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 18
Ukur Ciciptan
5
TAMU
Abong pangsiunan nu teu boga cabak,
sapopoé téh ukur langlang-lingling teu
puguh laku. Enya kuring, kalah der
nunutur indung suku. Aéh kétang henteu ari teu puguh laku teuing mah. Aya
nu dijugjug. Rék ka Cianjur nepungan
babaturan sugan baé boga palakiah pagawéan keur nu pangsiun. Naon baé lah.
Dr. H. Sundawa Bachtiar,M.Si;
Léngkah Pamuda, Butuh Conto nu Tiheula
BAHASAN
NU MANEUH
Budi Rahayu Tamsyah
Ngalanglang Alam Rusdi Jeung Misnem
(1)
........................................................... 8
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ....................................... 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
PURIDING PURINGKAK
Nu Dicidung Beureum
Solihin ............................................. 24
Potret : Reisyan
IMPLIK-IMPLIK
S
ekarManglé
KARIN
Panata Rias & Raksukan: Sanggar
Ayu Busana (Galery Rias Pengantin)
Komplek Neglasari Jl. Neglarasa
No. 9 Ujung Berung – Bandung
Telp. 022 – 70432343
HP: 08122395408
Hanjeli Wangi
Bisa Dipake Gaganti “Nasi”
......................................................... 46
CARITA NYAMBUNG
UNAK-ANIK
Geregetna Rita Tila ......................... 44
CARITA PONDOK
Ukur Ciciptan
Féndy Sy. Citrawarga ....................... 18
Nyekar
Ihwan ............................................... 20
Cikopi Taun Hareup
Barkatun Purwasrikandi ................... 22
Carita Sarebu Samalem (179)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (17)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (1)
HD. Bastaman
............................................................. 48
4. Inferno
A
nyaran ngéndong di jero
tahanan KPK, nu dipénta ku
Andi Mallarangeng téh
buku nu judulna Inferno. Éta téh
judul novélna Dan Brown, minangka runtuyan tina novel-novel
saméméhna, babakuna The Da
Vinci Code jeung Angel and
Demon. Tokoh utamana ogé
angger éta, Robert Langdon, profésor anu ahli dina urusan simbo logi. Langdon bisa nafsirkeun
simbul-simbul atawa lambang anu
parenting, babakuna nu aya
patalina jeung geréja Katolik katut
sagala rupa organisasina, utamana
anu nyamunina, kayaning Opus
Dei.
Naha salila di jero tahanan KPK
Andi gé rék nyurahan deui simbulsimbul atawa lambang nu aya dina
pulitik di nagara urang? Apan
kabéh parpol nu aya di urang gé
baroga lambangna sorangan. Hulu
banténg lambangna PDIP. Tangkal
caringin lambangna partéy Golkar.
Ka'bah lambangna PPP. Bulan bintang lambangna PBB. Tangtu
kabéhanana gé henteu sambarangan, tapi aya harti jeung
maksudna. Ari partéy Démokrat,
di mana Andi salila ieu icikibung,
lambangna téh sarua jeung mobil
Mercedes Benz. Lamun parpol nu
séjén maké lambangna téh tina nu
geus populér tur aya di urang,
naha ari Partéy Démokrat lambangna bet niron kana mobil buatan Jérman?
Keun éta mah urang pasrah keun ka Andi Mallarangeng baé.
Ngan ku maca Inférno sigana
Manglé 2448
Andi bakal kaubaran kanyeri
haténa. Lain suudon, ieu mah
ngan babala gonjangan baé. Da
apan geus aya ti baheulana anu
arasup ka jero tahanan di dituna
téh sok getol maraca buku. Komo
anu kasebutna tahanan pulitik
mah.
Bung Karno upamana. Buku
anu dibacana téh loba pisan. Sing
saha anu kungsi maca Di Bawah
Bendera Revolusi, Indonesia
Menggugat atawa Sarinah, bakal
boga kasimpulan yén naon-naon
anu jadi pikiran Bung Karno harita
sumberna ti mana mendi. Malah
apan Pancasila gé kapanggihna téh
sabada Bung Karno macaan ruparupa sumber nu aya dina diri
bangsana, boh anu tinulis boh anu
jadi kabiasaan sapopoé.
Kitu deui anu jadi kabiasaan
Bung Hatta, Sutan Syahrir, Tan
Malaka katut pamingpin bangsa
mangsa harita. Di antara anu geus
kaparengkeun jadi presidén di
urang ngan Pa Harto jeung Mégawati anu teu kungsi kabéjakeun
resep maca téh. Pa Harto cenah
panganggona kana kejawén, anu
ampir taya patula-patalina jeung
buku da museurna kana nglakoni,
ngadon tapa di tempat-tempat anu
husus. Duka tah Mégawati, kana
naon baé pangaresepna.
Di urang gé Kang Tjétjé (H.
Padmadinata) apan sok aléwoh
pajar cenah salila di jero bui téh
loba pisan maca buku. Kungsi dua
rintakan THP dijebloskeun ka jero
buina téh. Geus puguheun dina
jaman Bung Karno, dalah dina
mangsana Pa Harto ngalalakon gé,
kabagéan hancenganana. Padahal
THP téh kaasup salasaurang anu
milu naratas ngadegna Golkar.
Geus kitu lumrahna mungguh dina
pulitik mah.
Tapi ké heula. Bung Karno,
Bung Hatta jeung Syahrir dijebloskeunana ka jero bui, malah nepi ka
dibuangna téh, urusanana jeung
pulitik. Kitu deui THP. Ari Andi
Mallarangeng mah apan béda. Anu
meulit kana bitisna nepi ka tijengkang téh lain urusan pulitik
tapi perkara korupsi.
Ti saprak runtagna Suharto,
ampir geus tara aya deui anu dibui
lantaran pulitik. Éta hiji bukti yén
di urang nu ngaranna démokrasi
geus merenah. Kitu soténan ceuk
maranéhna. Ngan anu pasti, nu
arasup bui alatan tina korupsi
mani jol deui jol deui. Malah siga
anu moal aya béakna. Ti mamana
deuih anu kapanggihna téh. Nu ti
pamaréntahan, anu ti parlemén,
kitu deui hakim jeung jaksa katut
pulisi. Atuh anu ti perguruan
tinggi gé teu tinggaleun. Malah aya
anu nepi ka pokna pisan, najan
bari garanyam-gerenyem, pajar
cenah méh saréréa korupsi di
urang téh. Anu ngabédakeunana
ngan antara nu geus kapanggih
jeung anu can kapanggih.
Horéng geuning dina korupsi
gé aya lambang-lambangna. Nu
disebut apel washington jeung apel
malang téh aya bédana. Kitu deui
nu disebutna emas. Paingan Andi
Mallarangeng resep macaan novelna Dan Brown. AM
3
5. Hayu Urang Hijrah
keur Ngabebenah Diri
Assalamu'alaikum
Wr.
Wb
Sampurasun!
Damang Ais Pangampih
Manglé? Kiwari teu saeutik
jalma nu resep migawé kamaksiatan, kajahatan jeung
kamungkaran. Hiji tanda
pikeun umat manusa pikeun
hirup leuwih ngadeukeutkeun ka Gusti Nu Mahasuci.
Sabab, lobana manusa nu
geus teu maliré deui kana
aturan nu geus digariskeun
ku Gusti Nu Mahasuci mangrupa cicirén yén dunya geus
kolot.
Sapertina mahabuna korupsi, leungitna sangsi moral
nu ngalakukeun dosa, di
urang geus biasa. Kondisi
masarakat nu samodél kitu
téh, sabenerna mah geus ti
anggalna kénéh digambarkeun ku Rosululloh SAW.
"Bakal datang hiji jaman di
mana jelema-jelema teu kuat
deui néangan pakasaban
kahirupannana anging ku
jalan ma'siat nepi ka waktu
harita jalma-jalma pada
ngabarohong jeung murtad.
Mangka di mana kaayaan
geus kitu aranjeun kudu hijrah," kitu dawuh Rosulullah
SAW.
Ku kituna, simkuring
umajak dina mayunan taun
anyar Hijrah, hayu urang
bebenah diri hayu urang hijrah. Ka kudu hijrahna téh?
Saur Rosululloh: Kudu hijrah
kana jalan Alloh. Al-Qur'an
jeung Al-Hadits kudu jadi pituduh, cecekelan pikeun jadi
kompas kahirupan. Insya
Alloh, ku jalan kitu, urang
tiasa hirup dina jalan nu
dipikarido ku Gusti Nu
Mahasuci.
Kaayaan jaman kiwari,
diaku atawa henteu, mémang
kacida paurna. Geus loba
jelema nu teu bisa ngabédakeun mana nu halal, mana
nu haram. Paingan saur Ro-
4
sululloh SAW: "Bakal datang
hiji jaman di mana manusa
henteu merhatiken deui
sumber
kahirupan
maranéhna, naha tina sumber nu halal atawa tina sumber nu haram."
(HR.
Bukhari)
Lamun kitu gambaran
téh geus ngabukti dina
mangsa kiwari, tinangtu
urang kudu gura-giru tobat,
bari terus hijrah kana jalan
Alloh. Insya Alloh upama
dina diri urang nerap
patékadan kitu, gogoda nu
bakal datang bakal gancang
disingkahan. Rupina cek
simkuring mah ieu téh kalintang pentingna keur nyingkahan mahabuna paripolah
dosa nu beuki dieu beuki
babari narémbongan.
Sakitu, hatur nuhun
sakali deui ka Ais Pangampih
Mangle.
Wassalamu'alaikum Wr.
Wb.
Hakim Najmudin
Ti Cipasung
Tasikmalaya
Jalan Heureut
Sampurasun!
Nyi Manglé, punten ngiring nyerat. Nyi, di Bandung
mah jalan téh heureut laleutik. Atuh wajar upama sok
macét. Tah cek simkuring
jalan heureut téh mémang di
urang aya masalah, pangpangna teu aya kajelasan
nataharkeun tata ruang kota.
Contona waé pangaruh tina
cara melak tatangkalan. Aya
masarakat nu hayang jalan
téh gedé, tapi ogé aya
masarakat nu ulah nuaran
tatangkalan di jalan-jalan di
Kota Bandung. Tah, salila teu
di bukbak éta tatangkalan
mémang jalan di kota Bandung bakal kitu. Tapi lain
hartina simkuring ngajak
ulah aya tatangkalan, tapi
pihak dinas Tata Ruang kudu
ngamimitian deui nga-
rumuskeun jalan gedé, tapi
tatangkalan angger aya.
Sakitu waé, hatur nuhun
Nyi Manglé.
Aep Hendriyana
Gumuruh Bandung
Ngamumulé Budaya
Sunda
Sampurasun!
Cek simkuring Budaya
Sunda kacida pentingna. Di
antarana pentingna ngamumulé basa Sunda, nyaéta
keur nguatan masalah ahlak.
Adab sopan santun, soméah
hadé ka sémah, apan di
Sunda mah kalintang dipupustina. Jelas diajarkeun ti
baheula mula. Sepuh urang
ngajarkeun budi pekerti.
Hadé ka sasama, hormat ka
guru, hormat kasaluhureun,
éta téh diajarkeun ku sepuhsepuh urang. Sepuh ngajarkeun ogé ku basa Sunda nu
nyerep nu moal poho nepi ka
iraha waé ogé. Jeung deui
sanajan apal nu karitu téh
lebah dituna mah tina ajaran
Islam, tapi sepuh téh henteu
kudu ngaluarkeun dalil, tapi
cukup ku basa nu matak
pikabetaheun.
Ieu nu diantarana cek
simkuring ngamumulé budaya Sunda téh kalintang
pentingna, nyaéta mageran
manusa tina urusan ahlak.
Atuh kantenan dina sual
séjén nu leuwih luhur jeung
jembar mah, nya budaya téh
bisa mageuhan silaturahmi.
Geuning seueur wargi-wargi
nu tarebih, cenah caketna téh
lantaran sami-sami urang
Sunda. Atawa upama tepung
jeung batur di luar Jawa
Barat, heg apal manéhna
maké basa Sunda, asa jadi
dulur. Tah, éta meureun
karasa pentingna budaya
Sunda téh.
Ku kituna, ka saha waé,
hususna ka pamaréntah
Jawa Barat, ulah mangmang
nanjeurkeun budaya Sunda
téh. Lantaran geuning sakitu
ageung mangpaatna.
Rupina sakieu waé, ieu
mah étang-étang ngajak ka
diri waé. Hatur nuhun Manglé.
Wassalam,
Pun Rizki
Ti Cileunyi Bandung
NGALERESKEUN
Dina édisi 2447 kaca 8 aya kalepatan
nyerat judul. Kaserat : Nguatan Seni
Tradisi Mahing Jati Kasilih ku Junti.
Kedahna : H. Mohamad Surya;
Silaturahmi sareng Warga Pasundan di Melbourne.
Kantenan, kalepatan ieu kalintang
matak ngagangguna ka pamaos Majalah
Manglé. Ku kituna, Ais Pangampih
Manglé neda tawakufna, hususna ka
Bapa H. Mohamad Surya, umumna ka
pamaos sadayana. Mudah-mudahan kapayunna henteu kajantenana deui.
Redaksi
Manglé 2448
6. Dr. H. Sundawa Bachtiar,M.Si.;
Léngkah Pamuda
Butuh Conto nu Tiheula
Pamuda butuh conto. Kitu
deui dina léngkah-léngkahna.
Ngan, saha tuladeun téh? Dr.
H. Sundawa Bachtiar, M.Si.,
medar pamanggihna.
***
N
u hirup kiwari moal tuna tina
kahirupan bihari. Kitu deui pamuda, butuh conto atawa tuladan. “Pangpangna nu tumali sareng
moral,” ceuk Dr. H. Sundawa Bachtiar,
M.Si., aktipis pamuda manten nu ayeuna icikibung dina kapamudaan.
Inyana yakin, pamuda boga karep
jeung kahayang. Atuh, kasempetan
keur leuwih maju batan generasi
saméméhna, ngabulungbung. “Tapi,
tetep kudu aya kareueus ka dirina
jeung ka bangsana,” pokna.
Upama H. Sundawa nyarita kitu,
mémang cenah, kanyataan nu remen
kasaksén kiwari. Teu jarang nonoman
téh kawas nu laas kanyaahna ka bangsa
jeung nagarana. Contona, cenah, inyana dina hiji mangsa kungsi papanggih
jeung sala saurang nonoman. Nilik
kana rurupaanana jeung dedeganana,
bréh wé tangtu ti Asia, ti sélér Malayu.
Mémang,
enya,
manéhna
téh
ngakukeunana mah urang Malaysia,
padahal sabenerna mah urang Indonesia.
H. Sundawa harita panasaran, nya
nanyakeun alesanana, pangna leuwih
reueus ngaku jadi bangsa deungeun
batan bangsa sorangan. Pokna téh.
Era pajabatna loba nu korupsi!
ajénan, tangtosna gé bakal timbul
kareueus ka lemah caina sorangan,”
ceuk ieu Doktor Kebijakan Publik lulusan Universitas Pasundan (Unpas),
Bandung téh.
Kareueus jadi warga nagara, ceuk
inyana mah, bisa jadi modal kamajuan
keur bangsa jeung nagara. Apan, bukti
mun warga nagara teu reueus ka
bangsa sorangan, moal boga kanyaah
ka lemah caina. Saperti, nu remen kacatur kiwari, bangsa urang téh loba nu
hébat di nagri deungeun. Tapi, naha
embung babakti di lemah caina sorangan? “Margi ngarasa kurang diajénan
di lembur sorangan mah,” pokna semu
hanjelu.
Nyaritakeun
nonoman, hartina
nyaritakeun
kaayaan bangsa kiwari jeung mangsa
nu bakal datang.
Atuda ti dinya
huluwotanna kamajuan
bangsa
mah. Ngan, tangtu
cenah,
dina
nataharkeunana gé
kudu bener-bener
daria. “Lian ti
maparin
conto
hadé, ogé kudu jinek cara nataharkeunana,” ceuk ieu kepala UPT Gelangang
Generasi Muda (GGM) kota Bandung
téh.
Upama nonoman bisa mekar sahadé-hadéna, ceuk H. Sundawa
Bachtiar, lain pamohalan mun kamajuan urang bisa satata jeung deungeundeungeun. “Tingal wé poténsi
murangkalih ayeuna, apan seueur nu
unggul,” pokna.
Kapunjulan barudak kiwari, témbong dina rupa-rupa widang. Enya,
apan nu makalangan di luar nagri,
saperti dina olimpiade sain, barudak
téh remen kapeto jadi jawara tingkat
internasional. Kitu deui nu
miluan lomba nyieun robot,
sababaraha kali barudak/nonoman di urang gé jadi
juara!
Poténsi kitu, ceuk H.
Sundawa, kudu kariksa
jeung kajaga. “Ulah nepi ka
kamampuhanana teu
bisa mekar atawa teu
kamangpaatkeun di
nagri
sorangan,”
pokna.
Geusan ngajaga
jeung ngariksa ka-
Ngahudangkeun Kareueus
Jadi warga nagara, butuh
kareueus. Butuh pangajén ti
pihak séjén. “Upama ngaraos di-
Manglé 2448
5
7. Ngajar téh, ngarah tetep daék diajar
mampuhan kawas kitu, pihak
pamaréntah gé, kudu bener-bener
daria ngarojongna. “Saha waé nu boga
kamampuhan kudu dirojong sahadéhadéna,” ceuk ieu aktipis pamuda
manten teureuh Sumedang téh.
Maksud H. Sundawa, mun ceuk
kekecapan kolot téa mah, ulah cueut ka
nu hideung ulah ponténg ka nu konéng,
tapi saha waé nu boga kapunjulan dina
widang naon waé, kudu meunang
panalinga jeung pangrojong ti
pamaréntah, kaasup sual keur
waragadna.
Mindeng ilubiung dina kapamudaan, H. Sundawa sadar pisan, tarékah
ngaronjatkeun ajén nonoman, kudu
dibarung ku sayagina lingkungan anu
hadé. Komo deui dina sarwa bruk-brak,
apan naon waé gé boh hadéna boh
goréngna bisa kasaksén ku saha baé.
Atuh,
kajadian-kajadian
saperti
palanggaran-palanggaran hukum nu
‘dipidangkeun’ dina média masa gé,
baris mangaruhan kana pasipatan
barudak atawa nonoman.
Nataharkeun mangsa ka hareup,
hartina mekelan nonoman ti ayeuna.
Tangtu loba nu kudu dibekelan sarta
rupa-rupa bekelna deuih, da kahayang
jeung karep para nonoman téh ruparupa. Tah, di GGM gé kari milih, barudak bisa diajar jeung ngasah
pangabisana dina rupa-rupa widang,
olahraga, seni, jeung organisasi. Kagiatan éta gelanggang, apan rupa-rupa
naker, aya kana 32 rupana. Atuh, ieu
tempat nu perenahna di Jalan
Merdéka, Bandung téh teu weleh
haneuteun!
Nataharkeun nonoman, ogé kaasup
dina widang pulitik. Tah, ieu widang gé
jadi garapan utama keur GGM mah.
Malah, ceuk H. Sundawa Bachtiar,
pihakna rék ngayakeun saraséhan nu
jejerna “Menangkan Kaum Muda:
Banggakan Indonesia Menyongsong
Fajar Kebaharuan Nasional Indonesia”.
Jejer éta miang tina patékadan ais
pangampih GGM Bandung, geusan
mapag pajar anyar nasionalisme atawa
neonasionalisme. Hartina, kudu aya
léngkah nyata dina ngahontalna.
Kumaha carana? “Tiasa ku cara ngarojong nonoman.
Pilihan umum anggota DRP, DPD,
jeung DPRD Propinsi/Kabupaten/Kota
di lemah cai, moal lila deui. Itung-itungan waktuna gé ukur bubulanan deui.
Sareng garwana Hj. Irma Suryani
6
Manglé 2448
8. Nu bakal tarung atawa makalangan
dina pilihan umum, sawadina nataharkeun dirina sangkan meunang kapercayaan ti masarakat. Dina mangsa
pilihan umum ngandelkeun kapunjulan pribadi, lain gambar, sakuduna, éta
pribadi-pribadi téh boga kapunjulan.
“Hartina, para nonoman téh kudu
mekelan dirina sangkan boga
kamampuhan nu cukup geusan milu
ngurus ngatur ieu nagara,” pokna semu
neundeun pangharepan.
Dina saréséhan téa, nu jadi narasumber téh ahli-ahli dina widangna.
Intina, sangkan para nonoman mampuh ngalaksanakeun pancénna, lain
ukur bisa ngurus ngatur nagara, tapi
deui boga moral anu hadé geusan kamaslahatan masarakat.
Miang tina Harepan
Upama H. Sundawa Bachtiar gedé
katineungna ka nonoman, mémang ti
dinya akar pamianganana. Keur ngora,
keur
meujeuhna
belekesenteng,
karesepna téh ruang-riung dina organisasi. Atuh, komo deui sanggeus jadi
mahasiswa, lian ti aktif di kampus ogé
di luar, di antarana di GGM Kota Bandung.
Di dieu, para nonoman bisa mekelan pangaweruh jeung kaludeungna.
Apan, di dinya mah tempatna
karancagéan. Naon waé pakarepan,
kaasup nu resep kana pulitik, bisa kasorang.
GGM kota Bandung, Dr. Sundawa
nandeskeun, baris jadi “Kawah candradimuka” keur para nonoman geusan
ngamalirkeun kamampuhanana, dina
rupa-rupa widang, di antarana, widang
seni, olah raga, organisasi jeung widang
pulitik. Salian ti eta, GGM ge baris jadi
tempat pangimpungan balarea.
H. Sundawa gé kitu, harita téh aktip
dina rupa-rupa widang, kaasup resep
diajar gulat. “Kantun milih sakaresep,
nu resep kana gulat tiasa latihan gulat,”
pokna nyoréang mangsa ka tukang.
Tina ancrub kana olah raga kitu,
bet jorojoy hayang milu ngokolakeun
persatuan gulat. Malah, ahirna mah
kapeto jadi Ketua PGSI Kota Bandung.
Dina widang pulitik, apan kungsi
ancrub dina MKGR. Di dinya, inyana
gé meunang luang jeung pamanggihna
dina ngurus organisasi. “Ngalangkungan organisasi, tiasa mekarkeun kamampuhan masing-masing, kalebet
engkéna mah tiasa dianggo dina puli-
Manglé 2448
Sareng kulawarga
tik,” ceuk ieu carogé Hj. Irma Suryani
téh.
Aktip di GGM, saterusna mah milu
icikibung di dinya. Ula-ilu nguruskeun
rupa-rupa kagiatan. Antukna, bet aya
nu nawaran sangkan milu ngokolakeun
éta gelanggang. “Saterasna mah janten
padamel GGM,” ceuk ieu rama Restu
jeung Riksa teh. Nu cikal murid SMA di
Bandung, ari nu kadua mah, di SMP
kénéh.
Sapopoé idek-liher dina organisasi,
keur inyana mah, gedé pangaruhna. Ku
lantaran kitu, dirina gé boga karep,
hayang nyiar élmu saluhur-luhurna.
Atuh, dina lolongkrang kariweuhanana, bisa kénéh maksakeun sakola.
Blus wéh ka Unpas. Malah, ahirna
mah, ngahontal gerar Doktor.
Disertasina gé tumali jeung organisasi.
Remen ririungan jeung para nonoman, keur H. Sundawa mah gedé
mangpaatna. “Nu penting mah boga
karep kalayan wani ngalaksanakeunana,” pokna. Atuh, cenah, mémang
kuduna wani ngawujudkeun impian.
“Sakur nu diimpikeun, lain pamohalan,
bisa kahontal,” pokna.
H. Sundawa Bachtiar, pituin urang
Wado, Sumedang. Upama ahirna nanjung di Bandung, mémang pangjurung
indung pituah bapa. Daék rajin ngalap
élmu. Saperti dina haleuang indung,
geura-gedé geura jangkung geura
sakola ka Bandung. Ceuk pikirna, ngahontal udagan, bisa ku elmu, kalayan
saméméhna kudu buleud patékadan.
Hasilna, karasa, nyuprih élmu di
Pascasarjana gé ukur dua puluh bulan.
Atuh, ngahontal gelar doctor, di S-3
méakeun waktu tilu puluh bulan.
Boga pangaweruh, sageuy keur
sadirieun. Atuh, inyana gé masih kénéh
nyéngsarkeun waktu ngajar di STIA
Bagasasi-Bandung,
almamaterna
méméh neruskeun di Unpas. Cenah,
ngajar téh, ngarah tetep daék diajar!
Cekel gawé ngaluluguan kagiatan
GGM, keur dirina mah, pas jeung
lelembutanana. Matak, betah di kantor
gé, da loba kagiatan.
Ngalaksanakeun pancén gawé,
sarua jeung ngalaksanakeun amanah.
Cenah, lain ukur pancén gawé manusa,
tapi tugas dina ngalaksanakeun pancén
hirup. Mun di dinya meunang
pancénna, nya kari prakna ngalaksanakeunana. “Jabatan mah ditinggalkeun
jeung ninggalkeun; mun teu ditinggalkeun, tangtu ninggalkeun, moal
lana sapapanjangna,” pokna. *** (Tim
Mangle)
7
9. Budi Rahayu Tamsyah
NgalanglangAlamRusdijeungMisnem
(1)
Rusdi jeung Misnem
T
aun 1970-an, masih kénéh sok
ngadéngé babasan “Euweuh dina
buku Rusdina” téh. Anu maksudna, euweuh ti dituna, euweuh dina
aturanana; henteu umum atawa henteu
ilahar. “Euweuh dina buku Rusdina
awéwé kudu maranan ka lalaki mah.”
atawa “Euweuh dina buku Rusdina
kaluaran SD hayang jadi caleg mah.” Kiwari mah, geus carang, mun teu disebutkeun geus euweuh ogé éta babasan
téh.
Bisa jadi jaman harita mah masih
kénéh aya anu ngalaman maké buku
Rusdi jeung Misnem pikeun bacaan di
sakolana. Copélna kungsi ngadéngé
dongéngna ti nini-akina, sanajan ngan
saukur dédéngé tara ogé. Jaman harita,
enya tahun 1970-an, buku bacaan basa
Sunda di SD téh geus maké buku Umi
jeung Udi, diteruskeun kana Taman
Pamekar, anu tokohna Aman, Adé, jeung
Isah anak mantri pasar urang Cicaléngka.
Ayeuna mah komo, ngaranna ogé, enya
ngaran Rusdi geus carang dipaké ku
urang Sunda téh. Komo Misnem mah,
8
asa jauh tangéh kana ngaran urang
Sunda.
Rusdi jeung MIsnem téh buku carita
anu “diajam pikeun ngalajengkeun bacaan di sakola handap sareng di sakolasakola, maksadna pikeun diajar maos”,
kitu ceuk bubuka nu ngarangna. Ari anu
diutamakeunana, saperti nu kauni dina
bubukana “Laguna sareng pok-pokanana
dina waktos nganggo ieu buku, peryogi
dianggap nomer hiji”. Lamun ngagunakeun basa jaman kiwari mah meureun,
anu dipentingkeun téh lentong jeung
wirahmana. Lentong jeung wirahma, mémang hal anu kacida pentingna − ceuk
sakaol − dina basa Sunda mah, pikeun
ngabédakeun basa Sunda jeung basabasa lianna. Salian ti kecap-kecapna téh.
Lentong jeung wirahma basa dina
paguneman, anu matak ceuk pangarang
dina panganteurna “aya sababaraha
pasal anu ku guru kénging didamel
paguneman”. Ari eusina kawilang euyeub, da cenah gé “aya nu kénging nukil
tina élmu kajadian, élmu pepelakan,
élmu sasatoan, sareng élmu bumi”.
Sabada dibaca sagemblengna, opat
jilidanana (Rusdi jeung MIsnem téh aya
opat jilid), henteu méncog tina
panganteurna. Jadi, henteu ngan saukur
nyaritakeun urang kampung bau lisung
nu jauh ka bedug, henteu ngan saukur
panineungan nyaritakeun sawah, kebon,
walungan, gunung, jeung (ngan)
sabudeureun sawah anu subur mahmur
héjo ngémploh. Asa henteu loba bacaan
anu nyaritakeun jaman baheulaning baheula téh, ari lain dongéng mah.
Umumna bacaan anu nyaritakeun
kaayaan anu luyu jeung jamanna.
Ceuk ukuran jamanna mah, Rusdi
jeung MIsnem téh, ngajak barudak
sangkan lampar, sangkan jembar
panalar; ulah loba teuing ulin jeung
rarasaan, tibelat ka lembur sorangan nu
geus kasorang, nyawang alam éndah
Parahiyangan. Apan dipungkasna ogé ku
pupuh Kinanti, anu nyaritakeun papisahna Rusdi jeung indung-bapa katut adina.
Papisah di Statsion Bandung, sabab
Rusdi kudu nuluykeun sakola di Bandung, ari indung-bapana katut adina
kudu balik deui ka lemburna. Cenah
pupuh anu kacida populérna, dina
mangsana mah. Tamba kawaranan,
urang cutat sababaraha pada pupuhna:
KINANTI
Rusdi ku Ramlan ditungtun,
dikaléng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan, paman, jeung bibi,
dipapalér dibubungah,
ulah nyantél ka nu balik.
Ti statsion tarurun,
ngaréndéng anu prihatin,
nu ketir katinggal mulang,
nu sedih katilar mulih,
Jang Rusdi wungkul nalangsa,
sajalan-jalan ngan ceurik.
Di imah geus darariuk,
Rusdi nyanghareupan bibi,
bari ngadaweung ka wétan,
nginget-nginget ka nu balik,
Manglé 2448
10. sono ka indung bapana,
ka Misnem pon kitu deui.
Rusdi jeung MIsnem (aslina: Roesdi
djeung Misnem) disusun ku A.C. Deenik
jeung Rd. Djajadiredja. Diterbitkeun ku
Rijswijk: Blankwaardt en Schoonhoven,
tanpa taun. Aya nu nyebutkeun terbitna
taun 1930-an. Aya ogé anu nyebutkeun
taun 1913, dumasar kana katalog nu aya
di Perpustakaan Nasional.
Aya anu nyebutkeun, antara taun
1913 – 1930 suasanana moal pati jauh
géséhna. Komo deui ieu di jaman normal,
jaman anu can digurujag ku arus informasi ti madhab papat saperti kiwari. Bisa
jadi di wewengkon séjén mah, enya kituna téh. Tapi henteu kitu ari di Dayeuh
Bandung mah. Antara taun sakitu téh
keur meujeuhna ngahangkeutkeun pangwangunan, dumasar kana rencana pamaréntah
jajahan
anu
hayang
mindahkeun puseur dayeuh pamaréntahanana ti Batavia ka Bandung.
Loba gedong anu kiwari dianggap
warisan sajarah di Bandung, anu diadegkeun dina mangsa-mangsa éta.
Gedong Saté upamana, anu di jaman
Walanda disebut Gouvernements Bedrijven (GB), diadegkeun taun 1920 – 1924.
Arsitekna Eh de Roo jeung G. Hendriks,
ngalibetkeun teu kurang ti 2000 pagawé,
di antarana 150 urang bangsa Cina ti
Kanton, ahli ukir batu jeung kai. Ari
tukang batu, kuli aduk, jeung juru
ledénna, pituin urang Bandung ti Kampung Sékéloa, Kampung Coblong Dago,
Kampung Gandok, jeung Kampung
Cibaréngkok. Tim pangwangunan
Dayeuh Bandung, anu saméméhna
ngadegkeun Gedong Sirap (Kampus ITB)
jeung Gedong Papak (Gedong Balékota).
Kitu deui Gedong Gebeo (PLN ayeuna), Gedong Merdéka, Kantor Pos Bandung, Museum Géologi, jeung Gedong
Javansche Bank (BI ayeuna). Kaasup
Gedong Sabau jeung Gedong Jaarbeurs,
anu kiwari dipaké ku Kodam III Siliwangi; diadegkeunana téh mangsa
harita. Teu ngan saukur ngawangun
gedong sigrong, Dayeuh Bandung ogé diwuwuhan ku taman-taman kota anu
mangrupa “ruang terbuka hijau”.
Salasahijina Pieters Park, taman hareupeun balékota kiwari, anu henteu jauh ti
padumukan paman Rusdi di Banceuy.
Hartina, lamun ngan saukur hayang
lalajo soldadu baris bari ngadrambén
mah, teu kudu jauh-jauh ka Cikudapateuh. Taun 1930-an mah, di dinya ogé
sok dipaké apél soldadu.
Taun sabaraha atuh terbitna buku
Roesdi djeung Misnem téh?
Upama terbit taun 1913, jelas éta
Manglé 2448
mah, statsion tempat Rusdi sakulawarga
munggaran tumpak karéta api téh, di
Statsion Cicaléngka. Ari sababna jalur
karéta api Bandung – Cicaléngka geus
dibuka taun 1884. Tapi lamun diterbitkeunana taun 1930-an, bisa jadi Rusdi téh
tumpak Si Gomar ti Majalaya, anu leuwih
deukeut ka lemburna di sisi Walungan
Cigedé, walungan anu ngamuhara ka
Citarum di Majalaya. Jalur kareta api
Bandung – Soréang dibuka taun 1921;
Jalur Bandung –Soréang – Dayeuhkolot
dibuka taun 1923, anu diteruskeun ka Ci-
basajan paranti komidi (sandiwara).
Taun 1907 di juru Alun-alun Bandung, aya dua gedong gambar idup,
nyaéta Oranje Electro Bioscope jeung
De Crown. Lain mangrupa gedong, tapi
sarupa ténda semi permanén, teu
dibangkuan deuih; nu lalajo dariuk
ngalampar samak. Émprak bari
tingsaruit dina waktu gambar idup
mimiti némbongan dina layar bodas.
Teu béda ti urang lembur lalajo bioskop
misbar jaman Orde Baru. Ayeuna mah
geus kawilang langka nya rombongan
Kondektur mariksa karcis Rusdi
widéy taun 1924. Jalur kareta api hinterland Bandung, anu ayeuna mah ngan
kari waasna. Rusdi atawa Ramlan, henteu nyabit-nyabit soal Si Gomar, padahal
Si Gomar téh apan kacida populérna
harita mah. Loba urang pasisian
ngahajakeun dariuk lebah piadeuk
(viaduct), lalajo Si Gomar langsir. Bari
marurak timbel kituna téh.
Lamun maca lalampahan Rusdi
sakulawarga ka statsion anu kaitung
jauh, indit dur subuh datang pabeubeurang, kawasna anu dijugjugna téh Statsion Cicaléngka. Éta baé ceuk Ramlan, ti
dinya téh maranéhna kudu ngadagoan
karéta api anu ka kulon, anu rék ka Bandungkeun. Tangtuna baé karéta api ti
wétan, karéta anu ti Statsion Warung
Bandrék (Cibatu). Lain karéta api anu ti
kidul, anu ti Ciwidéy. Upama nilik ka
dinya, bisa jadi tah buku Roesdi djeung
Misnem diterbitkeunana téh taun 1913.
Komo upama nengetan kana
suasana basa Rusdi sakulawarga lalajo
“gambar idup” (pilem ayeuna mah). Can
di gedong anu sigrong, tapi di gedong
pilem misbar anu nguriling ka pilemburan téh. Tong boroning kitu, gedong
bioskop ogé, loba anu robah fungsi
atawa diruntagkeun dijadikeun wangunan anyar. Ngan di Bandung meureun
di Jawa Barat mah anu masih kénéh aya
bioskop téh. Ari di kota-kota séjénna
mah, geus euweuh di kieuna bioskop
téh, geus almarhum. Kadéséh ku telepisi
jeung pidéo bajakan.
Kakara taun 1908, di Bandung
muncul bioskop “kelas atas” sarta permanén nyaéta Elita Biograph. Nu lalajo
dariuk dina bangku sarta dikelas-kelas:
kelas 1, kelas 2, jeung kelas 3. Ari keur
bangsa urang mah, kelas 3 téh kaasup
méwah atuh. Da tampolana aya anu
lalajo di tukangeun layar, nepi ka gambar
pilemna téh katénjona tibalik. Malah aya
bioskop anu henteu kaci katincak ku
pribumi, saperti Biskop Majestic di Jalan
Braga. Maké pelang basa Walanda, anu
pihartieunana: “Anjing jeung pribumi dilarang asup”. Sabelas dua belas lah jeung
politik apartheid di Afrika Kidul mah.
(hanca)
9
11. Bagian
179
Peuting ka-206
Syahrazad neruskeun
lalakonna....
Kalayan ati-ati,
Komarujaman ngarangsod kana dahan nu leuwih
luhur. Maksudna mah
ngadeukeutan éta manuk,
sarta sakalian rék
motongkeun pangpung
keur maléngpéng éta
manuk. Ari manuk, bangun nu teu kagareuwahkeun mimitina
mah.
Ngan kakara gé
Komarujaman
ngarongkong motongkeun pangpung, nu
angkanana mah rék dipalengpengkeun ka éta
manuk, geleber wéh
manuk téh hiber. Atuh,
komarumajan gé gancang
turun deui.
Manuk téh hiberna teu
jauh, ukur pindah
tangkal. Cineten dina
dahan nu pangluhurna.
Komrujaman ngadeukeutan éta tangkal. Ngan, teu
10
wak naék da karasana téh
capé naker. Leuleus satulang sandi, balukar
lulumpatan jeung tatanggahan.
Manéhna luak-leuk.
Gebeg ngagebeg horéng
geus jauh naker ti tempat
asalna téh. Lian ti kitu, nu
matak héran téh, lantaran
manéhna asa teu puguh
rarasaan. Teu bisa
nangtukeun kaler kidul,
kulon wetan. Hartina,
manéhna téh linglung
jeung kalangsu. Atuh, teu
apaleun, di mana tempatna kemah nu ditinggalkeun ku manehna téh.
Ku lantaran kacida
capéna jeung deuih éta
manuk gé reureuh dina
dahan tangkal kai di
luhur, Komarujaman gé
antukna mah cicing di
dinya. Diuk nyarandé
kana tangkal kai. Bakating ku tunduh, reup
peureum tibra naker.
Isukna, manéha hudang. Rét ka luhur,
manuk aya kénéh dina
tempatna bari rarat-reret
ka handap, siga nu keur
nitenan dirina. Geus kitu,
éta manuk téh hiber deui,
ngajauhan éta tempat.
Komarujaman beuki
panasaran. Manuk
dituturkeun. Ngan, da
lungsé kénéh, ukur bisa
nuturkeun bari leumpang.
Ngan, da manuk gé hiberna téh teu gancang kawas
kamari, mun jelema mah
éta sato téh ukur
leumpang, teu lumpat
nyerepet cara
saméméhna.
Teu karasa, horeng
nutur-nutur manuk téh
geus lila naker, geus aya
kana sababaraha poéna.
Geus loba tempat nu disorang, leuweung tegalan,
walungan, jeung sajabana. Ahirna, lalampahan
éta lalaki nutur-nutur téh
ajog ka pakampungan, nu
saterusna nepi ka tapel
wates kota.
Ku lantaran loba
wawangunan, Komarujaman teu bisa nuturkeun
éta manuk, Geus kitu
mah,éta sato téh ilang
tina paniten Komaru-
jaman.
Anjog ka sisi dayeuh,
komarujaman beberesih
heula di walungan. Geus
kitu mah, muru gapura
lawang ka kota. Najan
loba jalma, taya saurang
ogé nu dipiwanoh ku dirina, nya kitu deui nu séjén,
taya nu wawuheun ka
Komarujaman.
Eta kota sisi basisir.
Tetempoan, ti lebah dinya
mah upluk-aplak, satungtung deuleu. Nu tembong
di jauhna, ukur patingborélakna, cahaya tina
layar kapal nu kasorot ku
panon poé. Komarujaman, reureuh
sajongjongan, nangunjar
dina kikisik.
Geus leungit kacapé,
inyana nangtung deui.
Teu jauh ti dinya,
katempo aya taman lega
naker. Nya,manéhna téh
maksakeun manéh
leumpang teu sirikna
ngarayap ka lebah panto
taman. Kasampak, aki-aki
nu ngajaga éta tempat
keur sila bari melenyun
udud.
Syahrajad eureun
Manglé 2448
12. ngadongengna. Saperti
biasa, jangji rék
neruskeun éta lalakon
dina peuting engkéna.
Nya, tangtu cenah, upama
raja masih kénéh ngidinan inyana ngadongeng
deui. Raja nu beuki lila
beuki pogot kana dongéng
éta putri, tangtu wé ngidinan.
Peuting ka-207
Syahrazad neruskeun
lalakonna. Masih kénéh
ngadongéngkeun lalampahan Komarujaman nu
kadungsang-dungsang.
Komaurjaman uluk
salam. Ngadéngé kekecapan semahna kitu, aki-aki
téh kagéteun naker. Gancang nangtung sarta ngajak ki semah buru-buru
ka jero. Muru tempat nu
kacida nyingkurna, bangun nu sieun kanyahoan
ku nu lian.
Najan panasaran,
Komarujaman tacan wani
nanyakeun. Ukur nuturkeun wé. Geus nepi ka nu
dituju, guk-gék dina
babaléan tempat éta akiaki reureuh. Teu kudu
tetelepék sémah téh, lantaran pribumi sorangan
nu leuwih tiheula
nétélakeun paripolahna.
Cenah, untung
Komarujaman bisa nepi
ka éta tempat. Lantaran,
mun kayakinan agama ki
semah kanyahoan ku nu
séjén, nu umumna urang
dinya mah ngagem
agama majusi, tangtu wé
cilaka, bisa-bisa dipateni.
Ngadéngé caritaan
pribumi kitu, Komarujaman kakara ngarti.
Waktu pribumi
nanyakeun pamaksudanana, barabat wéh
Komarujaman téh
nyaritakeun pangna dirina anjog ka dinya.
Intina mah, lain lantaran
Manglé 2448
boga maksud, tapi kapaksa lantaran kalangsu.
Atuh, maksudna gé,
hayang geura mulang
deui ka nagrina.
“Duh, kumaha atuh,
da ti dieu mah lalampahan sorangeun hidep téh
kacida jauhna,” ceuk akiaki.
Saterusna, nu ngajaga
kebon nétélakeun. Cenah,
anggangna nagri sorangeun Komarujaman téh,
moal kurang ti opat puluh
poé jalan laut. Eta téh,
lalampahan nu
pangdeukeutna ti dinya,
ka nagri-nagri Muslim.
Ngan, upama hayang nepi
ka nagri sorangeun nu
bakal jadi tujuan
Komarujaman mah, nagri
nu dirajaan ku Syahraman, kudu nyorang deui
lalampahan nu leuwih
lila.
Ngadéngé caritaan panunggu kebon kitu,
Komarujaman teu bisa
majar kumaha. Kapaksa
kudu nyorang pangalaman nu kawas kitu. Ceuk
pikirna, meureun geus
kitu kuduna, misti nyorang lalakon papisah deui
jeung jalma-jalma nu
dipicintana.
Jauhna sorangeun,
katambah deuih ku
langkana kapal nu balayar
ti éta nagri ka nagri séjén.
Kudu ngadagoan mangbulan-bulan cenah,
lanataran éta kapal
kakara sawatara poé
ninggalkeun eta tempat.
Nya, Komarujaman ge
ukur tumamprak, kajeun
rék nungguan heula di
mana waé panganjrekanana mah.
“Ih, ulah kaluar ti
deiu, bisi cilaka!” ceuk
tukang kebon.
“Nya kedah di mana
atuh?”
“Geus wé di dieu! Kitu
ogé kudu ati-ati bisi
kanyahoan ku nu séjén.”
“Hatur nuhun atuh ari
kitu mah,” ceuk Komarujaman semu bungah.
Saterusna, aki-aki téh
cacarita. Cenah, saheulaanan, kudu tetep
renggenek di éta tempat.
Kudu nyamuni di tempat
nu teu kagiridig ku nu
lian. Atuh, Komarujaman
gé atoheun pisan, sabab
boga pamtuhan nu najan
basajan, teu burung
matak betah. Tempatna
téh saung, ayana dina tengah-tengah patamanan.
***
(Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 17 }
6
Kawas geus babagian
jelema, lamun keur dibéré
naas, ana béntangna keur
surem, sok sagala sarwa
salah, nété semplak nincak
semplak, muru luput moro
lepot, cara Aom Usman. Ari
Nyi Piah –abong cacah dianggap murah— ti baréto gé
sasat dikoncer-dikencar,
dikumaha-karepkeun, tapi
ka Agan Sari, mungguhna
mah dikemitan, maké sok
nitah ngéndong ka Si Abdullah, geusan “nalingakeun” agan. Babakuna
curiga, duméh sok aya Lilis
larbus ka imah, mangkaning Lilis téh geus jadi
pangupatan sadayeuh Bandung, henteu sotéh jalma
nyarahoeun ka imah
“bunianana”, da ari pamatuhan nu heueuh mah
Lilis téh itu tuh sisi gang
heureut deukeut susukan,
nu ditepasna maké lantéra
burem.
Tapi Lilis gé atuh lain
murid Nyi Dampi, teu awas
ka Si Abdullah jeung
12
badéga-badéga mah. Ari
badéga téa, ongkoh
kabiasaanana lewih ku
dunungan awéwé batan ku
dunungan lalaki. Ninggang
di Si Abdullah, teu béda ti
anjing jarian, dapon
seubeuh ku geugeuleuh,
asal buncir ku seredan,
bangusna geus moal weat
babaung sumawonna
ngégél. Ku sabab éta taya
lian jaba ti kudu beuneur
ngeupeulanana, pageuh
miseubeuhanana, wayahna
Anom Belem udulan ringgit, asal belem. Babu jeung
koki, ari ngeupeul gambar
tuan dina pérak (duit ringgit jeung rupia tina pérak,
baheula mah gambar raja
Walanda) kitu mah,
sakalina mani dua atuh
biwirna gé rapet alahbatan
dilampat. Ari Si Abdullah,
puguh baé asa nokang, ti
ditu nguyupna, ti dieu
ngeupeulna, atuh gemuh,
nyocol deui, nyocol deui.
Komo ieu mah, rupia Aom
Usman ditumpangan ku
ringgit Anom Belem, puguh
baé Agan Sari téh buni.
Ana dipénta laporan ku
Aom Usman, Si Abdullah
téh méméh ngomong gé
geus sumpah heula. Cindekna mah Usman téh kawaskawas keur nungtutan
nandang wawales dosadosana.
Ari kilir di Nyi Piah,
mantepna Nyi Piah téh
ayeuna mah béda ti nu
enggeus-enggeus, éstuning
puraga tamba kadengda téh
saenyana, ngan henteu baé
bari jeung kurawed haseum
baeud cakeutreuk. Upamana Aom ngarenghik,
jawabna téh jiga geus sadia
pijawabeun méméh pertanyaan dikedalkeun. Da
éta baé, bawaning ku api
lain Nyi Piah téh tampolanana dikilir tilu poé tilu
peuting téh ku salakina teu
katoél-toél acan, sok aya
baé awadna, kitu téa, kieu
téa.
Anu pangsebelna ka
Aom, éta tah si Roda, leuh,
na aya ku matak ijid,
pepetaanana téh kurang
saeutik baé ti pacalang ka
sakitan, rindat jeung dilakna téh yéy, mani hayang
nyokél tah matana nu jiga
bolor hingkik téh!
Hiji mangsa, bawaning
ku teu kawawa, Usman
nyarita ka Nyi Piah, pokna:
“Nyai, cing atuh ka Akang
téh ulah cara ka sakitan,
mani sirikna henteu nepi ka
unggal réngkak dikikintil,
da Akang gé moal jalir kilir
téh. Ieu mah kumaha, unggal poé Kemis pabuburit,
geus dinutrung di warung
hareupeun imah peuntaseun jalan, pura-pura
ngadon ngopi, sihoréng
ngintip akang bisi teu turun
atawa bisi turun tuluy
ngaléos. Di imah aya aturan
ka jamban didéhéman ti
luar. Diuk di tepas ditempo,
pura-pura menerkeun
pager téa, ngocorkeun kamalir téa, atawa naon baé.
Akang téh asa teu ngeunah
kitu-kitu teuing mah. Cing
ku Nyai carek.
Ceuleukeuteuk Nyi
Rapiah seuri, jajawabanana
éstuning niruk jajantung:
“Naha gamparan bet sapertos sanes pameget? Kawantun téh mung ka istri
héngkér pantaran abdi. Ari
sumuhun mah kagungan
wawanen, pilkadar gé pun
Roda, cacah-rucah sumah
murah, tampiling baé
kainyah gampleng-gampleng; bet nganggo istori ka
Manglé 2448
14. abdi.”
Diucapkeun kitu téh
Usman mani reup geuneuk
ray pias, aya éra aya nyeri,
ari rék gerak teu wani, da
rumasa geus katiir mamatih. Kawasna dina laki-rabi
mah lalaki kitu anu asup
kana paribasa “Ngawula ka
bujur” téh; talunganan
lalaki “nyalindung ka
gelung” ngajual manéh gé
boga gégéleun.
Teu matak héran upama
dina waktu kabéhdieunakeun, sarap Aom Usman
pohaga kagangguna, nya
kakeupeul galeuh ku Nyi
Rapiah, nya cangcayacuriga ka Agan Sari, nya sok
dililieur ku Si Abdullah, nya
dédéngéan di kantor teu
ngarareunah, (duméh patih
sok sindir-sampir bab
angka dina buku), nya mikiran hutang raweuy ka sisi
ka gigir urut pawit ngadu.
Haté Usman éstuning sering gegebegan rérénjagan.
Keur kitu téh ger sadayeuh Bandung éar nyebar
béja yén aya urut parantéan, batur Ujang Kusén
balik ti Surabaya, mawa
amanat Ujang Kusén balik
ti Surabaya, mawa amanat
Ujang Kusén ka baraya
jeung sobatna, jeung magar
hukuman Ujang Kusén
dikurangan, moal kungsi
béak taun gé bisa balik.
Ari ngagebegna Usman,
duméh disingsieunan ku
Nyi Rapiah, magar téh:
“Parantos wangsul deui pun
Kusén mah gamparan
kedah atos-atos, margi moal
teu ngarah pati, hoyong
mulangkeun kanyeri.
Mangkaning jalma sésa
parantéan mah osok
tétékadan luluasan, tara
lebar ku nyawa.”
Uyuhan Usman henteu
ngagerebeg gélo
sapadamayan ogé, sakitu
sarapna jeung batina geus
rosa ogé “di goda” ngéncangatuhu. Tapi sidir tur
tetela, Usman téh boh jasmani boh rohani, boh jasad
Manglé 2448
boh galeuh, katara ngareunteut, jiga nu kari ngadago
mangsana ngagigihan baé.
Anu baréto gandang
pertentang, nembres mencenges téh mimiti surem,
arek maju kana ceudeum
tanding béntang
ngadeukeutan balébat.
Pamajikan duanana, nu
kolot nu ngora bet garanti
adat. Nyi Rapiah hayang
ngarasa puas, nya mulangkeun paneungteuinganan
menak sakawenang-wenang, nya naur kapanas ka
maru; ari nu ngora duméh
asa disapirakeun jeung asa
dirurud kalungguhan ku
cacah pantaran Nyi Rapiah.
Ceuk pikirna: “Naha salaki
téh maké kudu sujud ka Si
Piah bari neler-neler aing?”
Teu kapikir, yén dina
urusan salaki ka pamajikan
mah teu aya kelas ningrat,
teu aya kelas marhaén. Ka
pamajikan nu nomer
sabaraha baé gé salaki téh
kudu sarua, kudu adil.
Panasna Agan Sari ku
Nyi Piah, teu kalis ku boga
kasukaan ka Belem, unggal
kaseuti sok séwot, pikirna
teu weléh ngageremet
hayang ngajerum atawa mi-
wurungan maruna. Rasana
kekeuh asa diluncak dikutiplak, weléh teu daék sadrah
yén tanjakan Nyi Rapiah
téh éstu munasabah, teu
leuwih tina takeran.
Batur pakumaha anu
beunang dibawa sarasiah,
ngan Lilis, tapi lamun
dikumahaan hayang ngajerum Nyi Piah mah sok
gogodeg malah gegebes,
basana: “Euceu mah bureng, teu aya katerangan
bab éta mah.”
Kawasna bawaning ku
geus teu kawawa, dina hiji
mangsa mah ngumaha téh
ka Si Abdullah. Nu
dikumahaan jelema pondok-heureut jeung telenges,
tegaan, jajawabanana teu
jauh ti algojo pokna:
“Wah, hésé-hésé teuing
mah dibaruang kainyah,
gelekgek, piraku teu ngajongkéng!”
Agan sari, enya gé
panas-peurih ku maru, ari
ngadéngé omongan Si Abdullah sakitu kasarna mah
mani ngarenjag jeung
ngabirigidig: “Astagfirullah!” ceuk Agan, “gélo sia
Abdullah?”
Dasar jelema geus
rungkad imanna, Si Abdullah téh kalah nyéréngéh:
“Da teu kedah Agan ku anjeun nu ngabaruangna.
Kanggo naon Agan ngukut
Si Abdullah, masihan
dahar-leueut, ari teu
diandelkeun kitu-kitu acan
mah.”
Sari acan leler kagétna,
malah kalah ngeleper saluar
awak, asa tas nénjo nu digandung. Regot nginum
heula, ngusap beungeut,
tuluy peureum.
Abong enya keur kausap
sétan, lain tuluy nyingkah,
kalah nanya: “Kumaha
lamun kanyahoan?
Meureun jadi urusan
pulisi.”
Abdullah: “Perkawis
gampil éta mah asal Agan
luar mamanahan. Upama
téa kapeletik –nanging
asana mah moal— sagala
rupi baris diangken pokal
sarta karep abdi. Ceuk abdi
ka pulisi: “Mémang kuring
kanyenyerian ku Si Piah.
Baréto mah diiwat dipaling
sotéh diamprokkeun ka
Aom, ngarah abdi gaduh
panyalindungan, dupi
buktina, bujeng-bujeng
kenging disalindungan,
abdi nembe nece ogé, ka
pakaranganana, parantos
gantawang ti panto: “Nyingkir sia, si gelo, Si gerejud, Si
Baragajul!” Saha nu teu
nyeri cobi ku Agan galih.
Moal Gan, moal katungtik
upami abdi nu ngalampahkeunana. Duka upami nu
sanés?”
Sari: “Teu nyaho atuh!
Ari si Piah kudu paéh mah
haté kami asa-asa. Rék
dipikiran baé heula, isukan
urang badami deui. Tapi
kumaha jangjina?”
Abdullah: “Lah, Gan,
abdi mah jelema murah.
Aya artos salawé pérak baé
gé jalan!”
Sari: “Heueuh, kumaha
isukan baé, rék dipikiran
heula. Isukan, rada beurang
manéh ka dieu deui, nya.”
(hanca)
13
15. Mapag 1 Muharram 1435 H,
Nguatan Kayakinan Nanjeurkeun Kasoléhan
KuRihhadatulAisy
S
akumna manusa di ieu alam
dunya, moal aya saurang ogé nu
kumawasa iwal ti kawasana
Gusti Alloh Swt. Hiji conto nu pangleutikna, teu aya jalma nu mampuh,
boh sadetik boh dua detik nu bisa
ngatur masalah umur hirup manusa.
Sapinter-pinterna jalma, sakuat-kuatna éta jalma, ahirna mah bakal tinemu
jeung ajal, nu jadi ciri ahirna manusa
ngawasa nafsuna. Nu aya tinggal mertanggungjawabanana
dipayuneun
Gusti nu Maha Kawasa. Ieu bukti, yén
manusa mah kawatesanan.
Lantaran kawatesanan kitu,
bawirasa atuh manusa téh kudu
ngarasa rumasa. Rumasa urang hirup
téh moal salila kieu. Nu tadina jalma
sok sombong, adigung lantaran
ngarasa
pangbisana,
ngarasa
pangpinterna, ahirna hiji waktu bakal
eureun, malahan bakal dibalikkeun
kana kaayaan nu teu aya hargana,
ngahiji jeung taneuh nu sarua jeung
mahluk séjénna. Kaayaan manusa
kawas kitu, museurna mah lantaran
manusa teu rumasa kana dirina tina
kawatesanan hirup di dunya.
Dawuhan Gusti Alloh Swt, dina surat
Al-Hasyr ayat 19, ditétélakeun : Walaa
takuunuu kalladziinan suulloha
faansaahum anfusahum ulaaika
humul faasiquun. Nu hartosna,
“Jeung poma maranéh ulah kawas
jalma-jalma anu poho ka Alloh, tuluy
Anjeunna ngajadikeun maranéhna
poho ka dirina, maranéhna téh jalmajalma nu parasék.”
Témbrés, ieu téh ugeran tina papagon agama nu ngagambarkeun ruparupa paripolah manusa di alam
dunya. Keuna ku paribasa ati mungkir
beungeut nyanghareup. Loba manusa
nu patojaiyah antara ucapan jeung
paripolah. Ulah jauh-jauh néangan
14
conto mah, kadieunakeun apan loba
nu kararitu. Nu tigebrus lantaran
babari kalimpudan syaiton. Dina surat
As-Sajdah ayat 22, nu kieu unggelna :
Waman adhlamu mimman dukkiro
bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo
'anha, innaa minal mujrimiina
mintaqimuun. "Jeung naha lain taya
anu leuwih dolim batan jalma-jalma
anu diwawadian ku ayat-ayat
Pangéranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal
ngabales jalma-jalma anu jarahat."
Margi kitu, geus meujeuhna dina
pangéling-éling Muharram 1434 H,
umat Islam henteu saukur ngareuahreuah ku pintonan Islami tapi aya nu
leuwih penting nyaéta umat Islam
kudu caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket. Dina harti umat
Islam kudu pageuh kayakinan, mampuh ngabebenah diri tur nanjeurkeun
Islam nu rohmatal lil’alamin.
Nu Tigebrus Gancang Hudang
Sakumaha numutkeun sajarah
Islam, seueur kajantenan dina bulan
Muharram nu mageuhan kalungguhan Islam. Bulan Muharram disebut ogé bulan sajarah, lantaran
umat Islam dipiharep ulah poho kana
sumanget kaislamanana. Boh dina
milampahkeun ibadah mahdohna boh
dina milampah ibadah goer mahdohna.
Pangpangna dina mitembeyanan
hijrah. Hijrah lain waé mulangkeun
panineungan kana kajadian baheula
nalika kanjeng Rosul pindah ti Mekah
ka Madinah tapi ogé ngingetan ka
sakumna urang kumaha sangkan bisa
niru naratas jalan anjeunna pikeun
ngahontal harkat diri jeung martabat
kamanusaan anu luhung. Hartina
umat Islam kudu leuwih hadé. Atuh
nu tigebrus gancang kudu wani hudang.
Dina enas-enasna mah hijrah téh
jadi silib tina perjuangan anu kaala
hasilna kapetik buahna. Cacak upami
Nabi kurung batokeun tetep dumuk di
lemburna sorangan Mekah, tanwandé
Islam tacan karuhan bisa sumebar ka
jauhna malah boa Nabi jeung para
sohabatna ogé tumpur manten
dikakaya ku urang Mekah.
Aya sababaraha nu bisa dipetik ku
urang dina sumanget taun baru Islam
atanapi taun anyar hijriyah, diantarana :
Kahiji, urang sadar yén umur
urang bakal ngurangan. Padahal boa
teuing investasi amal urang engké diahérat bakal kacatet ku Malaikat
Rokib. Buktina geuning loba kénéh
jalma nu kufur kana nikmat Alloh,
atawa teu sabanding antara syukur ka
Alloh sareng nikmat Alloh diturunkeun ka umatna.
Kadua, tanggal 1 Muharram, urang
tiasa nyaksian hiji parobahan waktu,
alam geus ngagésér, munculna bulan
sabit taun baru ti beulah kulon. Ti
dinya, urang nyaksian dina ngalalakon
hirup urang sorangan, sajalan sairama
sareng rotasi alam ieu. Alloh SWT nu
nyiptakeun sadayana mahluk di alam
jagat raya ieu, salamina ngajarkeun
pikeun merhatikeun kaagungan
Mantenna. Sahingga dina ngalaksanakan ibadah ka Alloh, urang ogé kedah
merhatikeun waktu nu sajalan sareng
muterna tata surya. Contona waé dina
ngadegkeun solat atawa waktuna
zakat, waktu puasa atawa ibadah
sanésna, éstuning ibadah éta saluyu
sareng waktu. Contona waé, sacara
hukum moal sah solat Magrib dina
waktu subuh. Kitu deui puasa Roma-
Manglé 2448
16. don, Rosululloh SAW ngajarkeun supaya ngamimitian puasa saatosna
nempo bulan tanggal hiji Romadon,
kitu deui lebaranana saatosna cunduk
kana waktu ahir Romadon.
Kitu deui dina ibadah haji, Alloh
ngajarkeun sangkan dilaksanakeun
dina bulan-bulan nu geus ditangtukeun. Dawuhan Alloh : Alhajju asyhurum ma'luumatun faman farodo
fihinnal hajja fala rofasa wala fusuuqo
wala jidala fil hajji. Nu hartosna : Ari
usum haji téh sawatara bulan anu
geus ditangtukeun. Sing saha anu keur
ngalakonan ibadah haji dina bulanbulan éta henteu meunang pisan
rafats, jeung teu meunang pisan
fusuq, jeung teu meunang paséa paheuras-heuras genggerongan sabot
ngalakonan ibadah haji. (QS. AlBaqoroh: 197)
Bulan Muharram ogé ngabogaan
kautamaan-kautamaan. Salah sahijina sakumaha pidawuh Rosululloh nu
hartosna : "Puasa nu paling utama
sagedengeun puasa Romadon nyaéta
puasa dina bulan Muharram,
sedengkeun solat nu paling afdol
sagedengeun solat fardu téh nyaéta
solat ti peuting." (HR Muslim).
Nu dimaksud bulan Muharram nu
dianjurkeun sakumaha hadis, nyaéta
poénan kasapuluh, atawa nu diistilahkeun 'Assyuura. Dina hiji hadis diuningakeun, Aisyah, kantos ditaros
perkara puasa 'Assyuura, Aisyah ngajawab, "Kuring tacan kantos ningal
Rosululloh SAW. puasa dina hiji poé
nu bener-bener miharep fadilah tina
poé-poé séjénna, iwal puasa dina poé
kasapuluh bulan Muharram." (HR
Muslim).
Hadis séjén, nu diriwayatkeun ku
HR. Ahmad sanadna Ibnu Abbas r.a.
ogé ngajéntrékeun, Rosululloh SAW.
ngadawuh, "Prak puasa dina poé 'AaSyuura jeung bédakeun éta puasa
jeung kaum Yahudi. Prak puasa téh
sapoé saméméh 'Assyuura jeung
sapoé sabadana." (HR Ahmad).
Bulan Muharram, sakumaha dicarioskeun ku Abu Qatadah, Rosululloh SAW. ngadawuh, "Puasa
'Assyuura mupus dosa sataun, sedeng
puasa Arafah mupus dosa dua taun."
(HR Muslim, Tirmidzi, Abu Daud).
Kitu deui dina tarikh tasry,
disebutkeun hukum Puasa Muharram
asalna mah wajib. Hukumna jadi
sunat, saparantosna lungsur ayat
Manglé 2448
Puasa Romadon. Aisyah R.A. nyebatkeun, "Rosululloh SAW. maréntahkeun sangkan puasa 'aasyuura
sateuacan turunna paréntah Puasa
Romadon." (HR Bukhari, Muslim,
Tirmidzi).
Amalan di Bulan Muharram
Bulan Muharram nu dijadikeun
itungan mimiti bulan hijriah, mibanda
amalan sunah, di antara waé.
1. Puasa Sunah Bulan Muharram
Puasa
dina
poé
'Assyura,
sakumaha hadis ti Ibnu Abbas RA.
nyarioskeun, yén Rosululloh SAW
sumping ka Madinah teras ningal
urang Yahudi puasa dina poénan éta.
Nalika ditaroskeun perkara puasa
urang Yahudi, Rosululloh SAW
ngadawuh, "Dina poé éta, Alloh SWT
nakdirkeun meunangna perang Nabi
Musa jeung Bani Israil ngelehkeun
Fir'aun. Urang puasa ogé pikeun ngahormat kajadianana." Rosululloh ogé
ngadawuh deui, "Kaum muslimin
leuwih hak ka Nabi Musa tinimang
maranéhna (urang Yahudi)" Mangka
Rosululloh maréntahkeun sangkan
puasa dina poénan éta. (HR Bukhari
dan Muslim).
2. Nurunkeun Hahargaan
Aya salah sahiji hadis sanajan
masih ikhtilaf ulama nu ngajelaskeun
masalah amalan dina tanggal 10 bulan
Muharram. Diriwayatkeun ku AthThabarni sareng Al-Baihaqi. "Jalma
nu nurunkeun babalanjaan dina poé
Assyura', mangka Alloh SWT bakal
ngaluaskeun rejekina salila satahun".
3. Muhasabatunnafsi
Dawuhan Alloh : Falaa tadlimuu
fiihinna angfusakum, hartosna ku
kituna poma maranéh ulah nganiaya
diri pribadi dina éta bulan.
Dina bulan Muharram, sakuduna
kaum muslimin ngajadikeun bulan
'Assyura téh, bulan karohmatan
jeung bulan bangkitna amal soléh. Ti
mimiti kasoléhan diri urang nepi kasoléhan sangkan jadi mangpaat
balaréa. Quu angfusakum wa
ahlikum naaro. Prak jaga diri katut
keluarga maranéh tina seuneu
naraka. Diri jeung kulawarga kudu
dijaga téh maksudna dijaga ku pisik,
tapi mungguhing inget ka Alloh,
nyatana ngajaga tina perkara nu
bakal ngaruntagkeun kayakinan ka
Alloh.
4. Jihad Fisabilillah
Sakumaha dawuhan Alloh di luhur
tadi, waqootilul musyrikiina kaaffatan
kamaa yuqootiluunakum kaaffatan,
wa'lamuu annAllaha ma'al muttaqiin.
Hartosna : Jeung prak geura perangan
kaom musyrikin sakumna cara
maranéhna merangan maranéh
sakumna. Jeung sing nyaho, yén Alloh
téh nyarengan jalma-jalma anu takwa.
Kaum muslimin dina perjoangan
nanjeurkeun bebeneran pasti aya
halangan harunganana. Pahlawan
atau mujahid nu merangan kadoliman
lain manéhna nu tutunjuk di gedong
nu méwah, sarwa cukup ku bekel,
jabatan nu énténg, tapi pejoang, mujahid nu ihlas ngorbankeun sukuna
nincak taneuh, ihlas sok sanajan aya
dina kahinaan atawa berjoang nu ihlas
ngorbankeun dirina pikeun ngajaga
agama Alloh.
Hal ieu sakumaha kaum anshor
sareng kaum muhajirin geus contoan,
kumaha ihlasna dina pangorbanan
sangkan tetep aya dina ukhuwah Islamiyah nu sajati. Kacatet dina sajarah
Islam Rosululloh Muhammad SAW
ngempelkeun golongan Anshor
sareng Muhajirin, Rosul ngadawuh:
Likullisy naeni ma haya fillohi waihwaeni ihwaeni (Sok aranjeun duduluran dina agama Alloh dua urang dua
urang).
Ku kituna, kasauran Alloh di
luhur, merangan kamusyrikan, geuning hiji kawajiban kaum muslimin.
Ngan nu béda téh cara meranganana.
Upama ningal kana sajarah bulan
Muharram, teu bentén sakumaha
Nabi Musa merangan Fir'aun. Fir'aun
nu ngaku Alloh, raja pangawasa langit
bumi lain édél-édél merangan kaum
Nabi Musa nepi ka séréd ka sisi laut.
Perjoangan Nabi Musa cekel pageuh
ka Alloh, Fir'aum jeung kaumna tigebrus ka laut.
Margi kitu, hayu urang tanjeurkeun deui kahadéan, kuatan deui
kayakinan. Robbana hablana min
ajwajina wadurriyatina qurrota áyuni
wajalna lil muttaqina imama. Robbana aatina fidunya hasanah wafil
akhiroti hasanah wakina adabannar.
Mudah-mudahan urang salamina aya
dina pangtayungan Alloh Swt.
Amin.***
15
17. DI KIWARI MACA BIHARI (24)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)
Padarubak Sisi Samping
K
EUR usumna kitu ayeuna téh,
keur usum padarubak sisi samping. Keur papada silih ma’lum.
Nu salah tara ieuh digareuwahkeun, da
rumasa soranganna gé teu hadé. Paling
copél nu teu hadé téh babaturanana, papada salembaga. Antukna nya silih
ma’lum, teeste, “tahu sama tahu”. Beuki
dieu beuki éebréh yén nu milampah gawé
curaling téh horéng lain ngan saukur di
hiji lembaga. Kum sakabéhna. Tilu lembaga anu dipercaya baris nanjeurkeun
demokrasi, nepi ka cék téori mah apan
disebutna gé pilar-pilar démokrasi, kalah
sarua teu reugeujeugna.
Cék Montesquieu, anu didadasaran
ku konsép pikiran John Locke, tilu pilar
démokrasi téh diwangun ku legislatif,
éksékutif, sarta yudikatif. Ari legislatif,
pancénna téh nyieunan undang-undang.
Pikeun dijalankeun ku éksékutif. Anu
ngawas naha éta undang-undang jieunan
legislatif téh diajalankeun kalawan bener
atawa henteu ku éksékutif, dipercayakeun ka yudikatif. Ari ukuran bener
henteuna ngajalankeun undang-undang
téh nya programna, anu dumasar kana
éta undang-undang téa. Ari nu disebut
program nya taya lian ti ihtiar, kumaha
carana sangkan sakumna rahayat raharja. Tapi tangtuna gé nu ditalingkeun
téh lain ngan saukur program wungkul,
da program mah bisa dijieun dihadéhadé. Nu ditalingakeun téh kumaha ngajalankeun program nu geus dijieun
dihadé-hadé téa. Naha ngajalankeun
program téh enya-enya pikeun kapentingan rahayat, atawa rahayat mah ngan
saukur dipaké taméng?
Apan geus hadé konsépna mah. Tug
apan éta konsép téh dipaké cecekelan di
nagara urang enggoning ngajalankeun
démokrasi gé. Apan kitu ngabagi
kakawasaan di urang gé. Aya lembaga anu
ngajalankeun pancén legislatif, aya nu
ngalaksankeun pancén éksékutif, jeung
16
aya nu anu ngalaksanakeun kakawasaan
yudikatif. Da mémang kitu cék “Trias
Politica” beunang mikiran Montesquieu
gé. Éta tilu lembaga téh teu kaci pacorok
kokod. Pangna kitu, tangtuna gé malar
teu kararagok enggoning ngalaksanakeun
kawajiban pikeun nalingakeun lembagalembaga lianna téa.
Ngan édas, horéng teu luyu jeung
konsép lebah prak-prakanana mah.
Pangna éta tilu pilar démokrasi téa dipapancénan pikeun silih talingakeun téh,
nya tangtu baé ari enas-enasna mah
pikeun kapentingan rahayat. Tapi ari dina
prak-prakanana apan éta pilar-pilar
démokrasi téh euweuh hiji ogé anu digawé pikeun kapentingan rahayat. Nu
puguh mah digarawéna téh ngan pikeun
kapentingan maranéhna sorangan,
maranéhna nu nyangking kakawasaan di
lembaga-lembaga anu mangrupa pilarpilar démokrasi téa. Geus katangén ti béh
ditu mula yén éta pilar-pilar démokrasi
téh piparaké nyayang para koruptor. Di
legislatif réa nu korupsi, di éksékutif nya
kitu kénéh. Katurug-turug di yudikatif gé
mahabu. Ku sabab tiluanana sarua, nya
antukna silih ma’lum, padarubak sisi
samping.
Ku lantaran geus kabuktian yén éta
tilu pilar démokrasi téh mangrupa lembaga-lembaga korup, atuh kacida pisan
benerna nu baroga pamadegan yén
paham démokrasi di urang téh geus
robah. Lain “Trias Politica”, tapi “Trias
Korptica”. Nu nyarangking kakawasaan
di éta tilu lembaga démokrasi téh teu ieuh
mikiran rahayat, tapi mikiran dirina sorangan, mikiraan kumaha carana ngamangpaatkeun kalungguhan pikeun nyiar
kauntungan. Lebah ngalaksanakeun talajak curalingna gé kawas nu euweuh
kasieun. Korupsi téh henteu susulumputan, tapi éstuning terang-terangan.
Sogok-sogokan geus jadi pagawéan nu
ilahar. Sogok-sogokan teu kudu lumang-
sung handapeun méja sangkan teu
katangén ku nu lian, tapi dilaksanekun
dina méja. Pék téh teuing katangén ku nu
lian gé da sarua ieuh sok narima panyogok.
Sawatara waktu ka tukang, ku
alpukahna salah sahiji majalah di Bandung, lumangsung diskusi anu jejerna
ngeunaan ngawaung Indonesia nu kuat
jeung mandiri dinta taun 2045.
Ditetepkeunana taun 2045 téh ku lantaran dina taun éta umur nagara urang
téh panceg saratus taun. Lamun diitung
ti ayeuna, nepi ka umur saabad téh
apan ngan kari 32 taun kurang. Tug teu
mantra-mantra kahirupan di urang téh
bakal aya robahna. Démokrasi nu kiwari dipanglimakeun, éstu teu kaciri
pisan bakal pihadéeun. Paham
démokrasi nu sawadina dijungjung
luhur anggur kalah teu dipaliré. Nya
kitu, “Trias Politica” geus dirarobah ku
nu nyangking kakawasaan jadi “Trias
Koruptica”.
Nu
nyarangking
kakawasaan, geus nepi kana sikep
padarubak sisi samping. Padahal cirina
urang mandiri téh, cék Bung Karno
mah nyaéta saupama urang geus
mibanda kadaulatan dina widang politik, berdikari dina widang ékonomi,
turta mibanda jatidiri dina widang
kabudayaan. Éta ciri-ciri kamandirian
téh teu mantra-mantra kacangking.
Dina widang pulitik apan urang téh teu
mibanda kadaulatan. Dina widang
ékonomi geus tétéla teu berdikari. Pon
kitu deui dina widang kabudayaan,
jajauheun kana mibanda jatidiri. Nu
jadi eunteung téh kalah kabudayaan nu
jolna ti nagara deungeun. Indonésia
Taun 2045 anu Kuat tur Mandiri, asa
moal pikahontaleun upama masih
kénéh keiu waé mah.***
Nu nulis Ketua Pengelola Akademi
Budaya Sunda (ABS) Unpas
Manglé 2448
18. Karancagéan Pamuda
Perlu Conto jeung Dipernahkeun
P
amuda perelu conto-conto tuladeun ti generasi saheulaeunana
anu napak dina kahirupan bihari.
Utamana, patali jeung laku lampah hirup
sapopoé. Lebah dieu, atikan moral
mangrupa hal utama nu baris ngawangun tangtungan jeung ajen moral katut
lakulampah barudak/nonoman geusan
nembongkeun jati dirina.
Eta hal ditétélakeun M. Budiana, S.Ip.,
M.Si., Ketua Bidang Pemuda dan Olahraga Paguyuban Pasundan nu ogé Wakil
Dekan II FISIP Unpas Bandung dina
acara dialoh interaktif nu disiarkeun ku
TVRI Jawa Barat poe Rebo peuting (23
Oktober 2013), anu jejerna “Memaknai
Hari Sumpah Pemuda”.
Budiana nétélakeun, pamuda minangka pondasi geusan ngawewegan ajegna
ieu nagara kesatuan republic Indonesia
(NKRI), minangka pilar atawa bénténg
pangharepan pikeun ngawujudna pangwangunan dina rupa-rupa séktor. Pamuda Indonesi pinunjul, tangtu dina
dirina geus kawangun sumanget kacintana ka lemah cai ku karep jeung kahayangna pribadi. Atuh ku kituna para
nonoman téh teu pamohalan boga karep
jeung kasempetan keur leuwih maju
batan generasi saméméhna.
Mun Budiana nyarita kitu, mémang
cenah, kanyataan nu remen kasaksén kiwari, jiga nu némbongkeun laasna
kanyaah para pamuda ka bangsa jeung
ka nagarana. Naon nu jadi margalantaranna? Nya, diantarana, pamaréntah
nu boga pancén ngaakomodir ngeunaan
hal-hal kapamudaan (ti mimiti kementrian kapamudaan jeung olahraga, pon
kitu deui tingkat propinsi di saban kabupaten jeung kota nu tugas poko jeung
pungsina ngalaksanakeun pancén garapanana, acan optimal. Sok wae imeutan,
apan palebah ngamalirkeun garapanana,
acan imbang, déngdék kénéh kana garapan anu sipatna lahiriah, acan sabanding
jeung kagiatan-kagiatan anu sipatna
ukhrowiyah. Padahal hadéna mah ngaheulakeun kagiatan-kagiatan anu ngawewegan sumanget kabangsaan jeung
karakter buildingna. “Sim kuring nepi ka
poé ieu optimis, nonoman Sunda
Manglé 2448
M. Budiana, S.Ip., M.Si., (tengah) dina acara Talkshow di TVRI Jabar poe Rebo sore
sawatara waktu ka tukang.
hususna, Indonesia umumna, lian ti
widang olahraga, boga kaparigelan
jeung kapunjulan dina widang-widang
séjénna. Tah, nu kudu jadi perhatian
ayeuna, kumaha carana sangkan eksistensi/jati dirina para nonoman diaku ku
balaréa. Nya tangtu lebah dieu perelu
dariana ngayakeun atikan. Salasahiji
carana, nya tangtu kudu diwadahan
sarta ngamalirkeun bakat nonoman
unggul tur punjul dina rupaning widang
anu baris jadi kareueus bangsa katut nagara,” kitu harepan Budiana. Gedurna
sumanget Sumpah Pemuda, mangrupa
puncak tina gedur sumanget para pamuda keur ngabuleudkeun tekad ngarebut kamerdékaan. Tah kiwari sabada 85
taun, naon waé atuh ketak para pamuda
téh? Naha geus bener-bener geus ngeusian kamerdékaan ku gawé nu barokah,
ngaraharjakeun balaréa rayat Indonesia.
Geuning dédéngéan téh unggal poé,
ngan didedetan ku nu dicangkalak, dikerewed lantaran korupsi, ngagerejud
kana barang nagara. Bunda Putri hayoh
jadi carita. Na euweuh deui anu leuwih
produktif. Tapi kétang aya nu rada
pikareueuseuns ti pamuda urang kiwari
téh, saperti PSSI U-19, nu bisa unggul di
tingkat Asia, anu geus boga tiket ka piala
Asia di Myanmar taun 2014. Kitu deui
dina widang sain (Iptek) nu geus boga
prestasi ngadunya. Dina widang seni
jeung budaya ogé apan geus diaku ku
tingkat dunya. Sugan prestasi-prestasi
séjénna ogé nuturkeun. “Nepi ka poé ieu
kuring tetep optimis yén para pamuda
Indonesia unggul,” ceuk Budiana nandeskeun.
Nyaritakeun nonoman, hartina nyaritakeun kaayaan bangsa kiwari jeung
mangsa nu bakal datang. Atuda ti dinya
huluwotanna kamajuan bangsa mah.
Ngan, tangtu cenah, dina nataharkeunana gé kudu bener-bener daria. “Lian ti
maparin conto hadé, ogé kudu jinek cara
nataharkeunana,” ceuk ieu kandidat doctor bidang élmu pulitik jeung pamaréntahan UNPAD. Upama nonoman bisa
mekar sahadé-hadéna, ceuk Budiana,
lain pamohalan mun kamajuan urang
bisa satata jeung nagara deungeun. “Tingal wé poténsi murangkalih ayeuna,
apan seueur nu unggul,” pokna.***
17
19. Ukur Ciciptan
Carpon Féndy Sy. Citrawarga
A
bong pangsiunan nu teu
boga cabak,
sapopoé téh
ukur langlanglingling teu puguh laku.
Enya kuring, kalah der
nunutur indung suku. Aéh
kétang henteu ari teu
puguh laku teuing mah.
Aya nu dijugjug. Rék ka
Cianjur nepungan babaturan sugan baé boga palakiah pagawéan keur nu
pangsiun. Naon baé lah.
Ti imah ngajugjug ka
jalan Terusan Pasirkoja,
lawang Tol Cipularang.
Kana angkot Cimahi.
Ngajanteng sisi jalan nu
ka lawang tol. Panon eunteup kana pirang-pirang
kandaraan nu keur macét.
18
Enya macét dihaja; da
apan aya lampu setopan.
Sora kelakson mani récét
hayang paheula-heula
maju. Motor susuruduk
badis begu bayangan néangan jalan lowong, mesinna digaur-gaur nanding
ajag babaung. Zebracross
nu ngajedig kelir apu nu
kuduna peré keur nu mareuntas jelema geus dirungkupan gilinding. Atuh
nu rék meuntas téh agagagagan, teu walakaya.
Nu ngarasong dagangan,
nu ngelapan kaca mobil,
nu ngamén, nu namprak,
teu éléh ketak ku gaur
mesin kandaraan.
Maranéhna sumanget
ngala duit bari ngoprot
késang di lampu setopan.
Leuh, enyaan hirup di kota
keur jalma leutik mah
matak balangsak. Cacak
étah barudak ngora anu
rosa tanaga, anu gedé
kénéh harepan geusan
nyorang mangsa datang.
Atuh angot kolot kawas
kuring nu ngaligeuh teu
boga cabak matuh.
Rentang-rentang ti béh
wétan katangén beus
trayék Sukabumi. Cindeten
kapegat macét lampu
beureum. Lila da puguh
patalimarga lebah dinya
mah rabul ti ditu ti dieu, ti
madhab papat. Teu anéh
mun macétna lila. Teu
anéh ogé mun nu daragang
ngasong nya kitu deui nu
ngamén, nu jajaluk, baretaheun. Nu matak, najan
dibuburak ogé jol deui-jol
deui.
Alhamdulillah beus téh
teu burung ngageuleuyeung meuntas Jalan Bypass. Reg eureun. Nu rék
tarumpak, kaasup kuring
gasik muru panto beus nu
geus muka. Pasesedek
jeung nu rék ngarasong.
Clé kana beus. Ngarénghap sakedapan. Panon
ngulincer néangan korsi
kosong. Geus padangadiukan. Abong poé Saptu,
mangsa weekénd, poé peré.
Alhamdulillah di béh
tengah katangén aya jok
lowong kénéh, karék didiukan ku awéwé nu katénjo maké cindung kelir
bodas. Rumégag pédah
kuring rumasa jalu asli, itu
awéwé murni. Ari enggeus
di mana deui da jok séjén
geus padangadiukan? Nya
langgéor baé kuring muru
éta jok. Clé bujur diteundeutkeun kana jok empuk.
Manéhna, enya awéwé
nu dijilbab bodas téa, bangun teu riuk-riuk dideukeutan ku kuring téh.
Kuring deuih bet poho teu
ngedalkeun punten-punten
acan katarik bawaning
atoh meunang jok kosong.
Rék dikedalkeun ayeuna,
piraku deui, érék gé tadi
tibarang clé kaciri ngaragangan ka batur. Baé ah
moal kitu-kieu sugan.
Geleser beus miang.
Ngeyeted kénéh ngantri
meuli karcis tol. Nu tas
daragang ngasong jlungjleng tarurun muru beus
tukangeunana. Ngemplong, teu eungap teuing.
Reg beus eureun, supir
nampanan karcis. Kuring
nyelang ngarérét ka nu
geulis gigireun. Daék
samedin, geulis, manis!
Ngan can wani nékad neuteup sabeuleugeunjeuran
mah, kuriak dijebian.
Leuh, tada teuing!
Rérés ngarcis mah beus
Manglé 2448
20. enyaan lugay, ngadius
sabada ku supir digas.
Bangun ngahaja tanagana sina bedas, siga kuda
nu keur narik délman
dipecut sataker kebek ku
kusirna.
Di jero beus karasa nyecep tiis. Perbawa AC. Teu
kudu muka kaca. Padahal
sok mecak tumpak beus
bari muka kaca jandéla
mobil téh. Kajaba téténjoan di luar nu siga lulumpatan téh katangén
cékas, angin ogé nyewuk ti
luar ngageberan awak,
matak wareg. Awahing
gedé teuing mah gelebug
angin téh kolu ditampik,
kaca ditutupkeun deui.
Geus karasa hareudang
deui, dibuka deui. Ih, sok
teu puguh nya!
Tapi, nu di gigireun mah,
enya awéwé nu ditiung
bodas bari modis téa, geus
puguh awéwéna, jinek
geulisna, jéntré manisna.
Ku kituna, haté ogé puguh
ngalanglangna dina wirahma...panasaran. Panasaran
hayang sidik, panasaran
hayang ngawangkong,
panasaran hayang,,,ah cunihin ieu kuring!
Teuing keur naon manéhna. Maksud téh keur
mikiran naon da bangun
ngajubleg. Puguh baé kuring beuki marojéngja.
Kapanasaran wuwuh
motah jeroeun dada lir motahna gilinding beus nu
muih di jalan tol nu ngan
sajorélat geus tepi ka
lawang Tol Padalarang.
Bisi jadi bisul, kapanasaran dibudalkeun ngaliwatan panénjo. To the
point kana sabeuleugeunjeuran awakna ti luhur tepi
ka handap. Gebeg, teu
pangling, teu sangli,
manéhna Rani.
"Rani?" tanya téh méh
wé ngocéak.
"Éh, ningan Pa Aga?"
malik nanya, gelenyu imut.
Manglé 2448
Angger manis miyuni
kareueut peueut. Teu
robah, siga imut baheula
basa babarengan sakulahsakolih di pagawéan.
"Badé angkat ka mana?"
cékéng, awak dibalikkeun
ka kénca bari deui-deui
neuteup manéhna.
"Badé ngawulang," témbalna.
Aéh enya apan ti heula
manéhna geus nyarita
cenah sok nyambi ngadosénan di salasahiji
paguron luhur di Cianjur,
teuing paguron naon.
"Oh...nyalira nyah?"
"Pan duaan sareng Pa
Aga." Gelenyu deui imut.
Ngan ditéma ku pananya.
"Angkat ka mana Pa
Aga?"
"Ka Cianjur."
"Nyalira nyah?"
"Pan duaan sareng
Rani."
Angger da kitu ti baréto
gé sok siligonjak. Geulis,
manis, pinter, jeung
soméah Rani mah. Harita
mah basa babarengan
gawé manéhna lalagasan
kénéh. Teuing ayeuna da
geus aya lima taunna kuring pangsiun téh. Enggeus
meureun. Teuing kétang.
Teu hayang ngaguliksek,
najan haté leutik mah
nitah, kuriak disangka nyilidik da rumasa keur
babarengan gawé mah aya
haté kadua leutik malah
sok cunihin, ngocal-ngocal
rék dijadikeun nu ngora.
"Nya Ran?"
"Naon téa Pa Aga?"
"Muhun janten nu
anom?"
"Yéy!"
"Naha?"
"Ah, yéy wé!"
Teu puguh. Geus kajudi
manéhna ngajaga iméj.
Basa barudak ngora papantaran Rani anu nya
kasép nya pinter, ceuk basa
légégna mah profésional
muda nganjing cai ka Rani,
kuring ngajaga géngsi, apiapi teu beuki nu geulis,
padahal haté mah mentegeg, tikoro ngagendok.
"Hahaha...watir uy!"
ceuk Rasta, batur gawé,
ngagakgak basa kuring balaka ditampik sapajodogan.
"Ah siah lain kadua nulungan. Boga kénéh
peperenian lin?"
"Euweuh, béak," pokna
basa dipénta peperenian
asihan paragi mélét awéwé.
Cenah geus dijual jaar ka
nu butuheun.
"Barina gé geus teu usum
haré géné mélét awéwé ku
nu kitu patut. Tah ku nu
kieu, ayeuna mah," cenah
bari ngadukeun curuk
jeung jempol.
Beus majuna beuki luakléok kawantu jalan nurugtug bari pungkal-péngkol
pangpangna lebah Citatah.
Atuh awak kuring mindeng
diadu jeung Rani. Ih, na
nya ieu si cunihin mani
taya euih-euihna.
Inget, basa kuring pamitan eureun tina gawé,
cékéng ka Rani ulah rék
miceun, malah urang gawé
bareng nyieun garapan
usaha susuganan
tinekanan.
"Insyaalloh, moal hilap
ka Pa Aga mah. Pa Aga gé
tong lali ka abdi, aya karerepet mah telepon baé,"
pokna.
Puguh baé kuring atoh.
Ngan harita mah bubuhan
boga kénéh duit badag,
caritaan Rani téh teu pati
dipaliré, sasatna asup tina
ceuli katuhu bijil tina ceuli
kénca. Pleng, wéh!
Duit ladang pangsiun
anu digebrokeun mani
amis kacida. Sakotéap teuing ka mana.
Ari sapopoé kudu
barangdahar, malah boga
kénéh nu sakola. Karasa
aya rungkang-rungkang
kahirupan anu jadi ruruhit
ati bangbaluh kalbu.
Kakara inget deui kana caritaan Rani. Enya rék
dipuntangan sugan baé
manéhna ingeteun kénéh
kana caritaanana, rék minangsaraya naon baé anu
bisa dipigawé dapon aya
pangasilan boh jeung
manéhna boh jeung nu
séjén ngaliwatan manéhna.
Ayeuna, kabeneran
patepung di dieu, enya
dina beus nu sajurusan ka
Cianjur. Atuh puguh baé
asa dibalédog congcot, asa
mobok manggih gorowong,
rék meuntas manggihan
cukang. Enya, rék dikedalkeun ayeuna da iraha
deui atuh.
"Ran?"
Karasa omongan téh
rada harus perbawa atoh.
Rani kalah ngabigeu, ngajubleg. Nénjo kitu kuring
bati kerung. Asa kaduhung
tepung, hanjakal patanya.
Aya nu ngajeletit nurih ati,
karasa gudawang na dada.
Beus geus anjog ka Cianjur. Kuring nguniang seja
turun. Rani ngabigeu
kénéh, imutna ngiles, béar
marahmayna ilang.
Lebah lawang, kondéktur
nalék.
"Ari bapa tadi
ngawangkong sareng saha
mani uplek?"
"Itu sareng istri tilas
réréncangan damel."
"Na da teu aya sasaha?"
"Nu bener?"
Rét kuring ngarérét ka
jok urut diuk. Gebeg, enya
wé euweuh sasaha.
Awahing éra, kuring
ngeureunkeun beus, jrut
turun tuturubun.
Leumpang nuturkeun indung suku teu puguh
jugjugeun.
Sabot ngaléngkah, inget
deui kana lalampahan
cikénéh dina beus. Horéng
awéwé geulis nu disangka
Rani téh ukur ciciptan.
Rani nu asli teuing di
mendi. ***
19
21. Carpon Ihwan
“Asalamualikum.....!.”
ngadéngé sora anu geus
teu bireuk deui, kuring
gancang cengkat nyampeurkeun bari némbalan
ka nu boga éta sora.
Bener, kasampak si
Téteh jeung indungna
dibarengan ku hiji lalaki
20
Nyekar
ngora, keur caringogo bari
nyegruk. Mun wasa mah
kuring téh hayang ngarangkul ka ka si Tétéh
jeung indungna bakat ku
sono. Ari ka lalaki ngora
anu nagog gigireun si
Tétéh mah kuring téh
weléh teu nyaho saha-sa-
hana.
Bari nungguan leler tina
ceurikna, kuring teu lésot
neuteup anteb ka si Tétéh
jeung ka indungna. Teu
karasa kuring ngagerentes, “Tétéh kembang
haté ayah, geuning anjeun
téh geus parawan, geus
meujeuhna mun nyandingkeun lalaki anu pantes
keur hidep.”
Lamunan kalah nyelang
ka jaman katukang.
“Geus sabaraha lilana
nya kuring dipisahkeun ti
maranéhna? Asa cikénéh
urang tiluan hirup babaManglé 2448
22. rengan sagulung-sagalang, sasuhunan silihsimbeuh ku kadeudeuh.
Silihsawér ku kanyaah.
Bet kiwari ngan kari
waasna.”
Sabada leler tina
ceurikna, pok si Tétéh
jeung indungna sanduksanduk ménta dihampura
lantaran geus rada laér
teu nepungan ka kuring.
Si Tétéh nyambung carita
ngedalkeun pamaksudanan rék ménta ijin ka
kuring. Manéhna rék
ngadahup jeung lalaki anu
aya di gigireunana téa.
Poé Minggu, cenah. Enya,
minggu hareup.
Ngadéngé kedal ucap ti
si Tétéh sorangan, haté
kuring bungah taya papadana. Kabungah anu
Manglé 2448
nyangkaruk dina haté
ngan saukur kedal jadi
cipanon. Bari neuteup
embun-embunan si Tétéh
kuring muji sukur sarta
nga du`a ka Nu Kawasa,
“Alhamdulilah Gusti.
Anjeun geus ngamprokkeun si Tétéh jeung jodona. Muga-muga lalaki anu
bakal jadi jodona téh sing
nyaaheun. Sing mituhu
kana kawajibanana. Emh,
dido’akeun ku ayah, hidep
téh sing panjang umur.
Séhat rohanina sehat jasmanina. Gedé milikna.
Loba rejekina. Dipaparin
turunan nu saroleh.”
Sabada bérés ngadaro’a
si Tétéh jeung indungna
paramit ka kuring. Mun
kongang mah kuring téh
hayang ngandeg heula
bakat ku sono kénéh. Teu
lila tiluanana cararengkat
tuluy laleumpang pairingiring ka wétankeun. Ari
kuring ngan bisa nganteurkeun maranéhna ku
paneuteup nepi ka tungtung gapura astana.
Sanggeus tiluanana leungit tina paneuteup, bari
rada hareneg kuring balik
deu ka tempat asal. Tuluy
ngedeng deui cara tadi.
Bari hulang-huleng kuring mimiti uleng mulangkeun deui pangla
munan ka mangsamangsa katukang.
Teu nyangka saeutik
ogé lamun kuring bakal
ngalaman gering ripuh
bari jeung lila. Harita téh
keur meumeujeuhna loba
pangabutuh. Ku lilana panyakit anu ngancik dina
awak, kuring téh dikaluarkeun ti pagawéan.
Tatamba mah geus béak
déngkak. Ber ka mana ber
ka mana. Nu jauh dijugjug
nu anggang ditéang da
hayang cageur sabihari.
Ari inditna ka ditu-ka dieu
téh ngandelkeun tanaga
awéwé, diaanteur ku pa-
majikan. Kangaranan
tatamba téa, batan cageur
kalah ka beuki ripuh.
Tepi ka dina hiji poé
mah geus nepi kana
pastina, titis tulis ti Nu
Kawasa kuring kudu
ngalaman raga paturay
jeung nyawa. Ti semet
harita kuring kudu papisah jeung jelema-jelema
nu dipikanyaah tug nepi
kiwari.
Teu karasa nyéréléna
waktu téh. Asa karék kamari si Tétéh jeung indungna néang ka dieu.
Geuning geus saminggu ti
harita téh. Poé ieu pisan
waktu anu geus dipaheutkeun ku si Tétéh téh rék
ngadahup ka lalaki anu
jadi pilihanana téa.
Adan subuh geus kadéngé ngalanglaung di
tajug nu aya kiduleun astana. Tanda panyaur keur
jalma muslim pikeun
ngalaksanakeun salat
subuh salaku ingsun anu
taat kana paréntah Gusti.
Indit ti pajaratan ngahaja subuh-subuh ambéh
bisa niténan jeung hayang
nyaho kumaha kaayaan di
imah kiwari. Pangpangna
hayang nyaksian si Tétéh
dina waktu diwalimahan.
Wanci carangcang tihang kuring geus indit
kawétankeun. Nu dijugjug
imah kuring baheula keur
waktu jumeneng kénéh.
Teu sabaraha lila kuring
geus nepi ka nu dijugjug.
Kaayaan di imah taya nu
robah, sarua cara baheula
kénéh. Ngan nu béda téh
rada beresih, bubuhan
anyar ngecét. Bau cét
masih kaambeu kénéh.
Bari nungguan waktuna
diwalimahan, kuring
ngarasa panasaran
hayang ningali si Tétéh
keur didangdanan. Tuluy
kuring asup ka kamarna.
Kasampak si Tétéh keur
didangdanan ku awéwé
tengah tuwuh, duaan.
Ningali si Tétéh dikabayaan brukat bodas
maké samping réréng dilamban, ari buukna digelung maké siger jeung
kembang goyang dipapaés
ku manglé kembang
sedep malem. Mani asa
payus jeung pangadegna
anu jangkung leutik. Teu
sadar kuring ngagerentes,
“Geulis geuning hidep téh
Tétéh. Muga-muga
kageulisan hidep téh sing
parat nepi kana haté,
ucap, jeung lampah hidep.
Tandaning jalma anu
soléhah.”
Nitih wanci ninggang
mangsa. Geus cunduk
kana waktuna, si Tétéh
geus diréndéngkeun
hareupeun lebé jeung
Uwana nu rék ngawalian,
gaganti kuring. Dina waktuna ijab kabul, haté kuring asa ngarakacak.
Sedih jeung bagja taya papadana bari ngagerentes,
“Tétéh anak ayah... kembang haté, anu dipikadeudeuh ti bubudak nepi ka
kiwari. Kuduna mah ayah
nu ngawalian hidep téh.
Tapi kumaha da alam
urang geus béda. Sok
sanajan alam urang geus
béda tapi du`a ti ayah
keur hidep moal aya pegatna. Du`a ti ayah mugamuga rumah tangga hidep
mulus rahayu berkah
salamet. Sing aya dina
panangtayungan jeung ridona Gusti. Sing dibeungharkeun hartana, di
beungharkeun haténa. Dipaparin turunan anu saroléh. Muga-muga jaga
urang bisa riung mungpulung deui di kalanggengan.”
Sabada réngsé dirapalan, kuring tuluy ngised
ngajauhan tina riungan.
Tuluy kuring indit deui ka
tempat asal; tempat kuring nugguan poé ahir. ***
21
23. Cikopi Taun Hareup
Carpon Barkatun Purwasrikandi
S
ok cikopi dina
méja, deukeut
speaker komputer. Layar email dina
monitor can dikaluarkeun.
Puguh gé kolom jawabanna
can dieusian. Kalah rét ka
luareun jandéla, nu
hordéngna ngahaja can ditutupan. Da puguh méja
gawé téh ngahaja diperenahkeun deukeut jandéla
pisan. Tina jandéla ieu kur-
22
ing bisa ningali rapangna
kiceup béntang. Tina
jandéla ieu kuring bisa
neuteup moncorongna
bulan. Tina jandéla ieu ogé
kuring bisa ngumbar
carita-carita anu geus dilakonan.
Sabot pikiran pulang
anting ka mangsa kaliwat,
layar hp hurung. Nyalahan
tina panyangka, nu ngaSMS téh lain Kang Purwa.
Padahal sasarina mah mun
manéhna keur ninggalkeun
kuring ka luar kota, wayah
kieu sok ngingetan
sangkan geura saré, jeung
tong loba teuing ngopi.
Dina layar hp atra katingali nu ngirimna, Jafar.
Teu ieuh buru-buru
dibuka, kalah regot kana
cikopi. Karasa haneut
ngageleser kana tikoro. Rét
kana monitor, rét kana hp.
Antukna SMS dibaca,
masih ngeunaan hal éta.
Tong boro ditanya dina
SMS, dalah kapan ieu gé email anu saminggu ka
tukang can ieuh bisa
dibales.
Pa Jafar téh nu boga
karep hayang ngajak kuring digawé jeung manéhna
muka usaha kopi. Cenah
taun hareup rék muka deui
cabang di Bandung.
Manéhna salah sahiji méntor kuring basa sataun kaliwat kuring boga
kasempetan miluan pelatihan barista di Jakarta.
Ngarénghap panjang.
Karasa beurat nakeranan.
Gawé di coffeeshop, sok
komo jadi baristana mah
kapan impian kuring ti baheula. Mimiti wanoh kana
kopi téh ti keur budak
kénéh. Lamun pareng ka
imah Abah di Cibeber Ciwidéy, sok pipilueun
hayang milu digawé ka
kebon kopi. Da harita Abah
masih kénéh jadi pagawé di
perkebunan. Sok resep
lamun geus eundeuk-eundeukan bari ngolomoh siki
kopi anu keur meuhpeuy
beureum téh, semu amis.
Nincak bangku kuliah,
sosobatan jeung Sisil, anak
salah sahiji barista sénior
di Bandung. Pangaweruh
ngeunaan kopi beuki lila
beuki nambahan. Jorojoy
hayang jadi barista.
Méh lima taun nyuprih
élmu di paguron luhur
widang disain interior.
Nepi ka diamprokkeun
jeung Kang Purwa, salaki
kuring ayeuna. Geus nincak taun kadua ngambah
sagara rumah tangga,
masih kénéh galituk
paduduaan di imah téh.
Lain teu hayang boga
anak cara batur, ngan kuring jeung salaki boga
targét. Hayang boga anak
téh di taun katilu rumah
tangga. Asal umur sorangan teu meuntas ti tilu puluh
wé ceuk pikir téh. Sanggeus
Manglé 2448
24. gawé jeung diajar rumah
tangga, cita-cita jadi barista
geus méh kapopohokeun.
Tapi ari karesep meulian
kopi jeung ngopi di kapékapé mah masih kénéh dilakonan, sanajan alatan éta
hal sok remen paséa jeung
Kang Purwa.
“Nanaonan atuh ngalelebar artos dugi ka puluhpuluh rébu kanggo cikopi
wungkul? Mending kanggo
bekel…”
Inget kénéh, basa harita
kuring meredih hayang dibaturan ka Starbucks.
Puguh gé enya kitu téa
mah, duit pangaji opat
puluh rébu ku kuring sok
dianggap teu pira. Ceuk
Kang Purwa mah cenah
kudu bisa rikrik gemi, ulah
abong aya, ulah abong
cukup. Tapi, reueus ogé ka
salaki téh, tara ngawowoy
sakur kahayang pamajikan.
Karasa merenahna, iraha
kudu ngaenyakeun, iraha
kudu ngulahkeun. Ngan,
perkara pangajak ti Pa
Jafar mah, basa ditepikeun
téh manéhna teu langsung
méré jawaban,
“Sok, émut-émut deui
wé…” sakitu-kituna.
Saméméh indit ka
Surabaya, kuring ménta
deui jawaban. Alesanna
rada kaharti.
“Fi, sok geura ngémutna
sanés ukur ngungudag
impian. Akang terang citacita Ofi téh ti kapungkur
palay janten barista. Tapi,
urang ayeuna ngémutkeun
ka payunna. Taun payun,
Ofi bakal nampi jabatan
anyar di kantor nu langkung luhur, pan pengajuanna tos diasésé sanés?
Teras, taun payun ogé pan
urang téh hoyong gaduh
jimat. Sok nya, diémutan
deui…”
Hhhh… diémutan diémutan, saban poé gé diémutan. Da atuh naha harita
kuring bet diijinan milu
sawatara pelatihan? Kapan
Manglé 2448
nepi ka hayang meunang
sértifikat pelatihan barista
téh, méh béak séép kana
tujuh jutana. Naha éta téh
lain hartina ngarojong?
Naha deuih kuring gé teu ti
baheula mutuskeun jadi
barista téh, saméméh
panggih jeung Kang
Purwa?
Kétang, anu jelas-jelas
teu ngarojong mah Ibu.
Pajar keur naon sakola
luhur-luhur ari ukur jadi
tukang ninyuh cikopi mah.
Harita Ibu nyarék
bébéakan basa kuring boga
niat rék digawé di tempatna Sisil.
Regot cikopi nu méh tiis.
Leungeun ngopépang di
dunya maya. Nyaliksik
wébna Kopiana Caffe, kapé
Pa Jafar. Témbong artikelartikel meunang nu bogana, ti mimiti resép-resép
inovatif nepi ka sakur pangaweruh ngeunaan kopi
di luar nagri.
Resép-resépna mémang
teu jauh tina olahan arabika Brasil jeung Irlandia.
Lamun téa ogé maké robusta, pasti moal jauh ti
Vietnam salaku nagara nu
ngahasilkeun kopi
panggedéna kadua saalam
dunya. Matak pantes, kaharti, upama idéalismena
kawilang luhur. Pangna
bisa nyebutkeu kitu téh,
manéhna tara sagawayah
maké kopi keur di kapékapéna. Nu dipaké ukur
kopi-kopi anu mémang
kualitasna geus kacida
hadé ceuk ukuranana.
Nu rada teu kaharti téh
naha Pa Jafar tara maké
kopi-kopi local? Kapan
kopi-kopi Indonésia kayaning kopi Waména ti Papua,
kopi Lanang ti Jawa, atawa
kopi Kintamani ti Bali ogé
kawilang boga ngaran di
pasar dunya. Atawa kopikopi Sumatra anu mémang
kualitasna geus dianggap
hadé. Kopi Java jeung
Toraja ogé kapan teu éléh.
Sanajan aya resép kopi
Luwak, tapi lain prioritas.
Padahal kapan kopi luwak
téh kopi anu pangmahalna,
lin? Teu ngarti.
Lian ti éta, anu rada teu
kahartina téh naha bet kuring deuih anu digugujeg
gawé di tempatna? Kapan
kuring mah kakara
sababaraha kali milu
pelatihanana ogé. Bari lain
tingkat internasional. Nya
ari diajar ka Sisil mah méh
unggal minggu baheula gé.
Tapi nya saukur resep.
Ceuk pikir, pamohalan
lamun pa Jafar teu bogaeun kawawuhan barista
anu jauh leuwih alus jeung
leuwih loba pangalamanana batan kuring. Rét
kana cangkir anu masih
satia nungguan di sisi
speaker. Rét kana jam nu
ngagantung dina témbok,
jarum panjangna geus kana
angka tujuh ngaleuwihan
tina jarum pondok anu
masih kénéh dina angka
sabelas.Jung nangtung,
goloyong kana kasur
ngadon ngabebengkang
neuteup lalangit kamar.
Pipikiran beuki ngacacang,
panyangka bet jadi goréng.
Ras ka Kang Purwa, lalaki
sabar anu tegas nyokot kaputusan. Inget ka Ibu jeung
Apa anu geus talété
nananyakeun incu. Inget
ogé kana sakur daptar
impian anu salah sahijina
keur disanghareupan.
Kasempetan. Ieu téh
kasempetan anu hamo
datang mindo.
Teuteup dipangpéngkeun
kana erak buku di juru
kamar. Tilu undakan mah
eusina buku-buku ngeunaan kopi. Sésana, novelnovél jeung
antologi-antologi sajak
katut carpon. Erak kaca gigireunna pinuh ku cangkircangkir kopi, meunang
ngagundukkeun ti keur kuliah mula. Nu panganyarna, saminggu ka tukang
meunang Kang Purwa
oléh-oléh ti Makassar.
Cengkat, muru deui méja
gawé. Monitor diteuteup
piligenti jeung pigura poto
sisi speaker. Poto ukuran
kartu pos, poto panganténan dua taun kaliwat. Bati
rumahuh. Punduk disangkéh ku dua leungeun. Legeday, awak kana jok korsi.
Neuteup deui lalangit. Cét
bodas anu dicaangan ku
lampu néon, katara mingkin nyacas. Témbong
manglaksa harepan jeung
kanyataan anu kudu disorang. Aya kahariwang,
najan ukur semet kasieun.
Pisin cangkir digusur
lalaunan, salila-lila cangkir
dikeukeuweuk. Eusina kari
saparapat deui. Mongkléng. Puguh gé béda, poékna langit di luar jandéla
jeung poékna pulas cikopi
‘na cangkir kuring. Poékna
peureum kuring. Nyah beunta, eusi cangkir diteuleuman. Mingkin jero, ming
kin jero. Nepi ka dasarna,
kacapa aya hampasna.
Hampas kopi bawa Kang
Purwa ti Pangaléngan.
Lain, lain hampas kopi
Brasil, Irlandia atawa Vietnam. Hampas cikopi nu teu
pati lemes. Hampas Cikopi
nu ninggalkeun rasa anu
béda. Rasa tengtrem anu
teu ilahar. Létah ngararasakeun ayana semu haseum, kanikmatan anu
béda, najan cikopi geus
nyecep. Tiis jeung haseumna sésa cikopi, jadi kaputusan pangharepan taun
hareup. Cag cangkir ditunda. Gep kana mouse,
klik log-out. Klik shut
down. Komputer dipareuman. Gep kana hapé,
ramo-ramo ngetik és ém és.
Wilujeng wengi, diantos ku
sacangkir sono. Témbong
kalimah dina layar, pesan
terkirim.***
Cidadap Hilir, Pangawungan 13
23
25. Nu Dicidung Beureum
Ku Solihin
S
anajan pagawéan
kantor ngahunyud,
kuring merlukeun
indit. Pédah wé
cenah nu nyunatan
di pengkolan téh nanggap
wayang. Barang langka nu
nanggap wayang jaman
ayeuna mah. Ongkoh karesep ti bubudak. Ka indung
budak mah pupulih rék ka
babaturan ngadon catur.
Bébéja lalajo wayang mah
kuriak henteu diidinan.
Hara-haraeun nu nanggap
wayang téh bet malem Jumaah. Teuing pédah ngaruat
teuing pédah meunang ngitung waé meureun. Teu poho
nyakuan duit, bisi aya nanaon. Can pati loba nu lalajo
téh, da wayangna gé can
prung. Kuring seselendep
néangan tempat diuk. Gék
waé dina korsi nu tukang.
Teu kungsi lila jul-jol nu
lalajo.
Beuki peuting nu lalajo
mimiti moyég. Kawasna
hayang pada awas, marindahkeun pangdiukanana ka
hareup. Teu karasa diuk téh
bet jadi pangsisina.
Panonn neuteup kana
wayang-wayang nu diigelkeun. Lalakonna teu wudu
ramé. Lalakon Cuminalaya.
Pinter naker dalang ngigelkeun wayang, mani hirup.
Jleg waé jelema enyaan. Teu
kanyahoan aya nu nyedekkeun ti gigireun. Dilieuk téh
mojang. Haté degdegan.
24
Bray beungeut indung
budak. Nya gendut, nya
bebeng. Ari ieu nu anyar
datang, mani lenjang.
Disamping latar bodas,
kabaya semu beureum.
Puguh, panon lalaki mana nu
teu ngacleng, nenjo barang
kieu.
“Ngiring nyalik,” cenah
semu ngirung. Kuring
ngised. Beungeutna ditutupan ku cindungna. Bulao cindungna téh. Seleksek bau nu
teu pararuguh. Moal salah
budak nu ditukang hitut.
Barudak téa sok resep nyieun
onar di nu ramé.
Hadéna nu diuk gigireun
cengkat. Teuing rék balik,
teuing rék ka cai. Geuwat wé
diandih. Si Lenjang dibéré
tempat urut kuring. Dihaja
sina di sisi, ngarah henteu dihéroan batur.
“Nyalira?” ceuk kuring.
“Uhun,” cenah méh teu
kadéngé.
“Dimana bumi?”
“Nyaket,” témbalna.
Éraeun kawasna, beungeutna téh teu weléh ditutupan ku cidungna. Cidung
bulao, bangun lemes nutupan sirahna.
Gap téh leungeunna kana
leungeun kuring. Cep tiis.
Meureun perbawa tiisna
peuting. Rét téh, mani bodas
ngeplak, leungeunna téh.
Jauh wé jeung leungeun nu
di imah. Keur sasanggaleun
téh, cakeutreuk deuih. Loba
teuing nyeuseuh jeung
kukumbah meureun.
Karunya kituna mah. Tapi
keun baé, da heurey ieuh.
Teu jeung haté jikan, sing
percaya.
Leungeun nu laléncop,
beuki “mahabu”, ngarames
leungeun kuring. Haté beuki
ratug tutunggulan.
Panon taki-taki nénjo sakurilingna, rancingeus, bisi
aya nu nangenan.
Duh, leungeun sakieu lemesna. Sok komo deui beungeutna. Sok komo deui
pipina. Tada teuing ngageleserna lamun dirampa. Mun
teu réa jelema mah geus
kumaha boa.
“Nyalira?” ceuk kuring
taya picaritaeun.
“Sareng Apa, ngan dikantun,” témbalna. Béntés ayeuna mah nyaritana, da cidung
na henteu dicékel. Ku hayang
mukakeun cindung bulao
téh. Hayang neuteup beungeutna. Hayang ngaragap pipina. Hayang ngambung,
hayang sagala rupa wé.
“Engke uih sareng saha?”
cék kuring.
“Nyalira,” témbalna, sada
ngirung deui.
“Kersa dijajap?”
“Ngga,” témbalna pondok.
Lucu ku timpuhna. Teu
weléh tungkul. Boro-boro
neuteup beungeut. Ari nilik
lampahna mah tetela awéwé
timpuh. Tapi maenya awéwé
lungguh maké wani-wani
lalajo wayang ti peuting
sosoranganan deuih. Boaboa awéwé bangor. Tapi
kapan cenah tadi gé manehna téh lalajo jeung bapana, ngan ditinggalkeun.
Leungiteun bapana meureun. Pantesna téh sieuneun,
matak muntangan ka kuring
gé. Sieuneun aya nu ngaheureuyan. Karunya ku kituna
mah. Hartina manéhna lain
awéwé bangor. Kudu ditangtayungan anggur. Lengeunna
angger caméwék, sakitu ku
kuring hantem diramesan.
Gamelan eureun ngadadak. Si Udawala dicabut tina
gebog, terus kawas nu pidato, méré béwara.
“Ka sadayana para pamiarsa. Ku margi niatna gé nu
kagungan hajat téh badé
ngaruat, ku kituna sim kuring bada ngawartoskeun kapamalian. Upami badé
mulih-mulih, upami badé
teras-teras. Margi ayeuna
parantos tabuh dua belas
wengi. Larangan nu ngaruat,
mulih ka pameng. Bilih mendak bancang pakéwuh di
jalan.”
Anggeus Udawala
biantara, sahéng ku sora
jelema. Aya nu obyag rék
baralik. Aya nu kalah
memener tempat diuk. Ari
kuring? Tadina mah rék
balik méméh jam dua welas.
Tapi piraku ucing ninggalkeun paisan lauk kitu waé.
Lebar temen, mojang sakieu
Manglé 2448
26. lenjangna ditinggalkeun nyorangan di panglalajoan.
Mangka mani sakitu geugeutna. Sakitu tipepereketna
muntangan. Kawas nu sieun
ditinggalkeun.
“Badé mulih?” cék kuring.
Kalah gideug, bari angger
tungkul. Enyaan budak lungguh. Henteu wani nénjo beungeut-beungeut acan.
Bangunna mah ieu parawan
téh teu meunang pisan lunta.
Kawasna lalajona gé kabur
sieuneun henteu meunang ku
indung bapana.
“Nonton waé teras?” ceuk
kuring. Manéhna unggeuk.
Leungeun beuki rosa silih
rames. Tapi leungeunna
angger tiis. Padahal kuring
mah geus samar koléséh.
Hayang kedewek, mun kana
dahareun mah.
Rada ngarandeg nyekel
leungeunna basa lengeun
kuring karasa baseuh.
Dirérét, lenyap haté ngalenyap, téténjoan téh getih.
Leungeun kuring aya getihan.
Teu karasa, geuwat dibetot.
Tapi teusing, geuning leungeun kuring téh garing. Gap
deui hideng nyekel leungeun
mojang lenjang, nu beuki
tungkul waé.
Geus peuting mah jelema
loba nu nundutan. Ayeuna
mah leungeun téh wani
nyampay dina taktakna.
Tungtung ramo hideng nyorosod kana dadana.
Nu dicékel nyikikik. Atoheun. Irung antel kana cindung bulao, hayang nyium
pipina. Seleksek bau teu ngeunah. Moal salah budak nu
diharudum sarung, tah nu
hitut téh. Tina sarungna gé
geus katara, jolna ti dinya
ambeuan teu ngeunah téh.
Galura rasa méh teu kabendung basa leungeun
mimiti nyekel cangkengna.
Hideng “beroperasi”, ka
sakuriling tatanggana
cangkeng. Manéhna cicing
waé, henteu obah.
Manglé 2448
Budak nu dihareupeun
mimiti tinggaloler dina korsi.
Bray wé tetenjoan rada
caang. Da petromak henteu
kahalangan ku sirah maranéhna. Kuring ngagebeg.
Cidung bulau téh bet asa
semu beureum. Kawas aya
getih nu maseuhan ka dinya.
Tapi kuring geuwat ngiceup
sababaraha kali.
Euweuh geuning. Téténjoan kuring waé meureun nu
mimiti lieur. Rieut ku dua ku
tilu. Rieut duméh biasana
wayah kieu téh geus ngimpi
dua iangan, ieu bolotot kénéh. Rieut ku galurana rasa
anu beuki naék, nyedek ka
luhur. Ditelek-telek. Teu
singna getihan, cindung téh
angger bulao.
“Uih, yu, ah,” cék kuring
mimiti sesek.
“Ngga...” cenah ngaharéwos.
Manéhna cengkat. Kuring
ngaleng. Cidungna dicékel.
Nuruban beungeutna. Ah, Si
Lucu, Si Lungguh.
Leumpang antaré. Ongkoh
ku kuring diajak lalaunan.
Basa diajak muter ngaliwatan
masjid, manéhna gideung.
“Naha?” ceuk kuring.
“Sieun,” tembalna alon.
“Sieun ku saha?”
“Sieun pependak sareng
Apa, sok netepan di dinya,”
pokna.
Bener cék sangkaan, pasti
manéhna téh budak parawan
anu dipingit pisan, henteu
meunang liar. Lantaran
manéhna embung diajak
jalan ka dinya kapaksa
dibawa lempeng.
“Di mana bumi téh?”
“Caket jambatan,” témbalna.
Caket jambatan. Naha da
deukeut jambatan mah taya
imah. Moal kitu anu béh
dieueunana. Da piraku
deukeuteun jambatan pisan
mah. Henteu panjang tatanya. Paduli rék dimamana
imahna gé. Moal papanjan-
gan wawuh ieuh. Sieun ku indung barudak. Nu penting
mah peuting ieu kuring bisa
reureujeungan jeung manéhna. Hareupeun hiji imah,
jegog anjing ngagogog. Terus
ngagogogan. Sakitu geus
diusir téh, keukeuh waé ngagogogan. Bet tatalépa ka anjing-anjing nu séjén. Babaung
matak keueung. Tapi Si Lenjang henteu bangun sieuneun. Antaré waé leumpang
gigireun kuring. Wanian, Si
Geulis téh.
Tapi anjing beuki ragég.
Babaung pikakeueungeun.
Haté ratug tutunggulan.
Hayang geura gep, hayang
geura gep.
“Tebih kénéh bumi téh?”
ceuk kuring.
“Nyaket, nyakedik deui.”
cenah. Sidik ngirung. Boa
cindungna ditutup waé téh,
irungna songhék. Atawa
suing kitu. Panasaran.
Kerewek dicékel taktakna.
Beungeutna didangheuakkeun. Panon nelek-nelek.
Gaok waé kuring ngagoak.
Becir lumpat notog-notogkeun manéh. Beungeut rénghat. Panonna bolong dua
nana. Tina sela-sela nu rengat téh ngucur getih. Jurig!
Kuring lumpat. Ti kajauhan
kadéngé hawar-hawar sora
manéhna.
“Akang... Akang...” cenah.
Kuring teu wani ngalieuk. Beungeutna ngalangkang deui.
Rorongkong rengat, pinuh ku
getih. Ayat-ayat Quran
ngadadak paroho deui. Ayat
Qursi anu biasana apal
ngagolontang, ngadadak
poho mimitina-mimitina
acan. Basa katénjo aya nu
tumpak kareta mesin teu antaparah gajleng waé kuring
asup kana boncéngan.
“Kang, tulungan kuring, diudag-udag jurig,” cék kuring
haruhah-haréhoh. Hadxna
bageur, manéhna ngaboséh
tarik. Geus jauh kakara kuring wani ngalieuk.
Nu Akang-akangan
kadéngé hawar-hawar. Tapi
basa dilieuk, taya sasaha.
Bulu punduk carengkat. Teu
wani beunta. Peureum, bari
nyuuh kana tonggong nu
ngaboséh.
“Dimana aya jurig?” cék
manéhna.
“Awéwé, Kang, bareng
lalajo wayang.”
“Awéwé lenjang, kulitna
bodas?”
“Enya,” cék kuring.
“Éta mah atuh, Neng
Parini. Nu maot maéhan
manéh alatan bogoh ka salaki
batur. Ngaragragkeun manéh
ti loténg imahna. Karunya
teuing...”
“Geuning Akang uninga?”
“Puguh wé, da urut kabogoh Akang,” témbalna.
Bari can nyaho gé kolot budakna, kuring hideng
ngaakangkeun. Keun waé
panghormat ieuh, nyebut
Akang sotéh.
“Semet dieu wé, nya. Rék
méngkol.”
Rey bulu punduk cengkat.
Atuda dieureunkeun téh
deukeut dapuran awi pisan.
Sieun Neng Parini ngudak
deui.
“Ari Akang badé ka mana?”
cék kuring.
“Nyampeur Parini,” cenah.
Rét ngalieuk. Goak deui kuring ngagoak. Beungeutna
rata taya nanaonan. Les kuring kapaéhan.
Inget-inget geus aya di
imah. Pada nyeuceuhan. Indung budak ceurik gigireun.
Alhamdulillah, kuring
salamet. Unggal malem Juma’ah, di RT kuring réréongan, nahlilkeun Néng Parini.
Muga-muga sing sampurna,
arwahna di tampi ku Gusti
Nu Maha Suci. Ulah marakayangan deui. Horéng cenah
Neng Parini téh bobogohan
jeung guruna nu geus boga
pamajikan. Maranéhna milih
paéh babarengan batan henteu laksana. Abong dunya.***
25
27. Putra nu Toyyibah,
Barokah ka Balaréa
Ku Hadé Rustandi
dina rumah tanggana. Malah tatangga sabudeureun
nana ogé kabeleteran. Sabab anak
(turunan) nu thoyyib di dirina nyampak tuladan.
Hal ieu teu béda
jeung tangkal kawung. Sabab sakujur tangkal kawung
ngadung faédah.
Heug geura urang
tataan hiji-hiji.
panasan atawa katiisan. Tara bobo
kayu bogor teu cengengan.
Tipung Kawung
Dina jero tangkal kawung aya tipung
nu dikandung. Mun garing merewul.
Éta tipung ngadung aci. Ieu tipung sok
dijieun kadaharan. Carana tipung
kawung diwadahan baskom atawa
naon baé nu rékép. Geus kitu dibanjuran cai asak ngagolak. Sanggeus tiis
jadi kadaharan. Keur urang Rajagaluh
ieu kadaharan sok disebut “aci oyag”.
Mangpaatna keur ubar lapar saha baé.
Teu budak teu kolot, nini-aki nu
arompong ogé moal nolak.
Akar Kawung
Mangpaat akar
kawung keur nguba
ran panyakit batu
ginjal ogé kencing
manis atawa jinis
batu nu ngancik
dina kandung kemih.
Carana sapuluh
teukteuk akar kaBuah kawung ruruntuyan, kapuluk ku balarea
wung ukuran panjang 15 cm, digodog
“Nun Gusti Pangéran abdi mugi
Gusti maparin anak (turunan) ka abdi dina panci dua liter nepi ka ngagolak.
langsung ti Gusti nu thoyyib (alus). Lamun geus ngagolak kari nyait. Tuluy
Sayaktosna Gusti Maha Ngadangu ka diinuman; sakali nginum sapertilu
nu nuhunkeun.” [QS. Ali Imran (3):38] gelas. Sapoé tilu kali nginum. Insya
Allah batu tina ginjel atawa tina kanllah maha murah, Allah ogé dung kemih barijil; tampolanana ngoMaha Asih. Allah nedunan cor siga cai béas, lantaran cikiih warna
paménta jalma nu miharep bodas. Ku sabab kitu akar kawung
dikiriman pangabutuhna. Diantarana mangpaat pisan.
nu hayang boga rundayan nu thoyyib
Tangkal Kawung (bogor)
(alus). Alus sagala-galana. Alus wanda
Warnana hideung. Kaasup goréng
hadé rupa; kagolong cageur, bageur,
patut. Tapi nilik mangpaat nu luar
bener, jeung pinter.
biasa. Ieu kayu anti baseuh. Anti
Lamun baé paménta hiji kulawarga
ditedunan bakal kasawang kabagjaan rinyuh, tara melengkung pedah ka-
A
26
Kawul Kawung
Ieu hiji bulu kawas kapas. Ngan seratna henteu liat. Ieu bulu téh narapel
dina balukang kawung. Baheula mah
dimangpaatkeun keur nyeungeut seuneu tina panékér gocrak. Nyaéta
panékér tina batu seukeut digésékkeun
kana awi tamiang garing sok ngaluarkeun burinyayna seuneu nu dideukeutkeun kana kawul nu ditapelkeun
kana batu nu dipaké ngagésékkeun. Ieu
téh saméméh aya panékér nu maké
batu panékér jeung sumbu tina kapas
maké minyak tanah.
Harupat Kawung
Harupat téh sabangsa nyéré nu narapel kana tangkal tina balukang. Rupana
hideung meles tapi regas. Lamun kacugak ku jarupat sok karasa panas tur
ateul. Bisa jadi ngandung racun. Jaman
baheula mah sok dijieun paser (sabangsa panah nu palebah tungtungna
dibulen ku kapas jeung tungtung hareupna diseukeutan saperti congo pulpén
atawa panah) tuluy diasupkeun kana
tulup tina tamiang. Atawa nyieun
penah (alat nulis) tina harupat nu
Manglé 2448