2. 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL
PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana
Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang
R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA-
RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-
marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky
M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
S
umanget hayang boga pamingpin ti seler sora-
ngan, tembong di mana-mana, saperti ayana
rupa-rupa sawala. Dina mapag pilpres ge kitu, teu
weleh loba sora nu miharep urang Sunda jadi presiden
atawa wawakilna. Kahayang kitu, wajar da Indonesia
teh milik sakumna bangsa.
Kahayang boga pamingpin ti Sunda gé, ulah ukur
ngageder lima taun sakali, mangsana pilihan legislatif
jeung présiden. Lian ti kitu, ulah ukur matok kana
pupuhu pamarentahan di tingakt puseur wungkul
deuih. Da, rupa-rupa widang jeung tingkatan gé butuh
pamingpin.
Nu leuwih penting deui nataharkeunanana. Urang
Sunda gé kudu loba nu jadi pingpinan partey pulitik.
Cara kitu téh, salasahiji jalan keur nempatan kapaming-
pinan pamarentahan. Da, kitu ilaharna, nu ‘diaben-
keun’ piliheun rahayat gé, inohong atawa pingpinan
partéy pulitik.
Miharep Sunda jadi pamingpin nasional, teu weléh
aya sugan, tapi lain susuganan. Hartina, mapag mangsa
datang teh kudu ditataharkeun jeung diihtiaran ti ayeu-
na. Patekadan kalayan dibaladah ku lengkah-lengkah
nyata, leuwih hade batan ukur humandeuar mikiran
saayeunaeun.
Mun ayeuna ngarasa kasilih, kudu jadi kapeurih.
Kasadaran ngarasa boga kahengkeran, sawadina jadi
tanaga nguatan tarekah. Rupa-rupa kalemahan, kudu
jadi tatapakan robahna pasipatan jeung paripolah.
Tumali jeung nataharkeun kapamingpinan, Mangle
nomer ieu ngolongan pamanggih Prof. Dr. Karim
Suryadi, M.Si., Dekan FIPS Universitas Pendidikan
Indonesia (UPI) Bandung. Ieu guru besar di eta kampus
téh beuki dieu beuki remen ditanggap dina sawala-
sawala tingkat nasional. Remen makalangan di Batawi
jadi nara sumber dina tv-tv swasta nasional.
***
Tatahar ti Ayeuna
LLawangSakéténg
3. Sunda Ukur Diarah Sorana
........................................................... 8
BANDUNG - BANDUNG
Sarana Transportasi
Ngarojong Kahirupan Wisata
di Kota Bandung
......................................................... 10
KOLOM
Bedo Jadi Profesor
H. Asep Sjamsul Bachri
......................................................... 41
IMPLIK - IMPLIK
Nu Leungit di Gunung Masigit
......................................................... 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Gedong Sate ...................................... 42
Mangle Alit ....................................... 44
Katumbiri .......................................... 50
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
5
LAPORAN
Nyawang Tatar Sunda
ti Awang-awang
Potret:Reisyan
Ceunah 55 menit deui pesawat take off.
Manéhna masih diuk dina bangku
tunggu, nyuruput kopi haneut tina cup
nu tulisanna Starbuck. Jelema euweuh
eureunna lalar-liwat, nu karék turun na
pesawat, nu dék naék, rupa-rupa pisan,
boga tujuan jeung urusan masing-ma-
sing. Kaciri aki-aki bulé maké topi
loréng kaluar ti gerbang D ngagusur
koper gedé 24 inci warna héjo botol........
Ti Frankfurt Mulang
Ka Garut
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
JAGAT WANGWANGAN
(KACA : 17 - 40 )
4. 3Manglé 2474
KKacaTilu
Perpustakaan Kota
U
nggal poé Saptu-Ahad kota
Bandung macét total. Komo
lamun ninggang dina peré
panjang saperti minggu tukang.
Kandaraan di mana-mana ngarayap,
malah teu kurang-kurang anu kudu
salila-lila kapahung, maju teu laju
mundur komo. Cenah aya anu ngala-
man ti Jakarta arék ka Lémbang. Ti
Jakarta ka pintu tol Pasteur mah dua
jam gé geus nepi. Tapi ti tol pasteur ka
Lémbang kakara nepi sanggeus sala-
pan jam.
Rék ka marana waé atuh anu
daratang ka Bandung téh? Anu popu-
lér téh ulin, balanja jeung jajan. Loba
pangulinan anu matak resep cenah di
dieu téh. Komo ayeuna sanggeus rupa-
rupa tempat dibebenah, nu ngahaja-
keun arulin ka dinya téh boh kolotna
boh barudakna ngarasa betah. Dalah
anu geus nyampak saméméhna gé teu
kurang-kurang panarikna. Nu
daratang ka Tangkubanparahu apan
teu saat-saat. Kawah anu umurna geus
rébuan taun téh masih terus pada
ngadareugdeug.
Atuh balanjaan naon anu euweuh
di Bandung? Ti mimiti barang-
barang buatan luar nepi ka jieunan
urang dieu, butuh naon waé ogé aya.
Ninggang baju anu teu sabaraha gé,
dina lebah dipakéna ku wanoja Ban-
dung mah matak nambahan nyarina.
Komo anu mojangna dalah anu geus
tengah tuwuhna ogé wanoja Ban-
dung mah masih kénéh karasa
sieuranana.
Geus puguheun ari dahareun mah.
Pilakadar aci digoréng, na atuh mani
jadi matak sohor. Kitu deui surabi.
Tipung béas, teu digoréng teu naon,
pilakadar ukur dipurulukan oncom
atawa dibanjur ku kinca, apan
dipikasedep ku saréréa. Komo
sanggeus anu meuleumna mojang nu
lalenjang mah.
Keun waé da euweuh salahna
lamun sakalina balanja atawa jajan
bari sakalian ngélékéték birahi.
Lumrahna kitu di mamana gé. Ulah
sotéh diumbar.
Naha kota Bandung téh rék diantep
ngan sakadar semet dinya?
Sakuduna mah teu cukup ku kitu.
Ulah poho, Bandung téh salasahiji
kota di Hindia Walanda anu
pangheulana aya sakola. Sanggeus aya
sakola, lain ngan urang dieu wungkul
anu jaradi muridna téh. Nu daratang ti
pulo-pulo séjénna ogé teu kurang-ku-
rang. Nya di Bandung urang dieu
jeung urang ditu téh silih baeukeun.
Papada baroga élmu, dina sakalina
paguneman téh atuh jadi kapapanja-
ngan.
Kangaranan anu baroga élmu téa
mindeng tarepung, bari terus pabéja-
béja, nya kota Bandung gé terus beuki
hirup. Teu matak hélok lamun
Soekarno jauh-jauh ti Surabaya
neruskeun sakolana ka Bandung. Kitu
deui bangsaning Syahrir jeung nu
séjénna. Di Bandung téh sumber
paélmuanana nyampak, hawana
genah, tempat hiburanana ogé teu ku-
rang-kurang. Di kota Bandung can aya
bioskop, di Bandung mah geus aya.
Mangkaning nu dilalajoan di bioskop
téh loba enon-enon, atuh nya
meujeuhna lamun pangjurung kana
nyiar élmu gé beuki rosa.
Mun Bung Karno teu lila matuh di
Bandung, moal aya tah marhaénisme
téh. Coba éta geura, pan Sukarno téh
intéléktual anu masagi, sumber
bacaanana sasatna ti sakuliah dunya,
na ku naon maké jeung manggih inspi-
rasi anyar sangggeur tepung jeung Pa
Marhaén. Padahal Pa Marhaén téh
ukur bulu taneuh anu sapanjang
hirupna teu weléh pabeulit jeung
késang katut daki.
Anu kahudang inspirasina
sanggeus matuh di Bandung téh lain
ngan Sukarno wungkul. Nu séjénna
ogé lain hiji-dua. Dina sagala widang
deuih, kaasup dina widang perjoa-
ngan. Mun ceuk panyajak mah Ban-
dung téh apan jadi kota kelahiran
kedua, cenah.
Ari kadieunakeun, siga dipopoho-
keun tah nu lebah dinya mah. Ban-
dung téh ngan ngadeg-ngadegkeun
mol jeung hotél wé. Bioskop deuih. Ari
anu tujuanana jadi panginget balaréa
kana urusan intéléktual mah, siga anu
rék dileuleungit. Hirup téh apan teu
cukup ku dahar jeung paké, tapi kudu
dibarengan ku uteukna. Dina mangsa
ka tukang-tukang Bandung téh geus
jadi palatukna dina urusan
ngamekarkeun uteuk.
Geus meujeuhna di Bandung ayeu-
na aya perpustakaan kota anu matak
jadi kaagulan saréréa. Sing nga-
jengléng, sing pepek, sing matak
reueus jeung dijarugjugan ku anu ti
sakuliah dunya. Maksudna keur mara-
ban uteuk téa. Lamun Ridwan Kamil
teu bisa nyieun perpustakaan kota anu
répréséntatif, nya naon béda atuh
jeung nu séjén? AM
5. Manglé 24744
KKoropak
Majalah Manglé
Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan
PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.
Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé
Jalan Lodaya No. 19 Bandung.
Telepon 022-7303438,
Hp. (Tuti) 0857 21307232
1.Bentang Lapang
Rp. 20.000,-
2.Dulag Nalaktak
Rp. 15.000,-
3.Pileuleuyan
Rp. 15.000,-
6. J
awa Barat upluk-aplak, mun
di sorang kandaraan darat,
najan aya tol gé tetep butuh
waktu mangjam-jam. Kitu deui
mun nu ti tatar kidul rék nyaba ka
tatar Jawa Barat teu gampang,
lantaran rereged patalimarga.
Atuh, mun aya lapangan udara,
saperti di Majalengka, apan bisa
jadi cukang lantaran gampangna
nu nyaraba ti kota ka kota séjénna.
Rarancang nyieun Bandara
Kertajati, Majalengka, geus ti béh
ditu mula. Najan reuhreuy tetep
dikeureuyeuh. Kitu téh, luyu jeung
kabutuhan patalimarga nu
mingkin dieu mingkin nambahan.
Tumali jeung patalimarga,
Jawa Barat gé teu weléh tatahar.
Di antarana ngahangkeutkeun la-
pang kapal di Kertajati Ma-
jalengka, Jawa Barat.
Ketak pamaréntah kitu, kasak-
sén waktu Gupernur Jawa Barat
Ahmad Heryawan (Aher) niténan
tahap-tahap pangwangunan Ban-
dara Internasional Jawa Barat
(BIJB) di Kertajati, Kabupaten
Majalengka.
Geusan ngahangkeutkeun éta
5Manglé 2474
LLaporan
H. Ahmad Heryawan, Lc., waktu ngajelaskeun makét pangwangunan Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB)
Kertajati ka Presiden jeung Ibu Negara Ani Yudhoyono
Nyawang Tatar Sunda
ti Awang-awang
Runggunukna palemburan, arula-arileuna walungan, témbrés ti luhur mah.
Tah, kitu ogé mun nyawang tatar Sunda ti awang-awang. Pamandangan Jawa Barat kawas kitu,
ka hareup mah bakal remen kasaksén. Apan, kapal bakal leuwih loba nu patingkalayang,
nu rék eunteup di Bandara Kertajati Majalengka.
***
7. program, gupernur ngayakeun
rapat pimpinan (rapim) anu husus
medar kamekaran pangwangunan
BIJB atawa nu salila ieu katelah
Bandara Kertajati.
"BIJB dikeureuyeuh diwangun.
Taun tatahar ngabébaskeun lahan
kanggo runway (landasan pacu)
tahap kahiji. Udaganana réngsé
taun 2015,” ceuk Gupernur Jawa
Barat.
Rapat pimpinan ogé medar tur
maheutkeun organisasi nu
ngokolakeun BIJB. Malum, uru-
san patalimarga di awang-awang
mah loba rambat-kamaléna. Nu
hartina, kudu dibatilungkeun
sagala rupana.
Bandara Kertajati, baris
‘marengan’ Bandara Internasional
Soekarno-Hatta, Banten. Bandara
anyar nu jadi lawang utama Indo-
nesia ieu téh bakal dikokolakeun
ku pausahaan ‘joint venture’.
"Bakal diadegkeun pausahaan
daérah PT BIJB kalayan gawé
bareng sareng BUMN (Badan
Usaha Milik Negara) Angkasa
Pura II, sarta pihak swasta na-
sional atanapi internasional. Ti
luar negerina sareng pausahaan
Korea Selatan," ceuk Aher.
Manglé 24746
LLaporan
Maket Bandara Internasional Jawa Barat
Lahan upluk-aplak nu legana 1.800 héktar kiwari bakal jadi Bandara Internasional
Kertajati bakal jadi salah sahiji bandara Internasional nu panggedéna di Indonesia
8. Ngalap Mangpaat
Di mana waé ayana, bandara
mah butuh lahan anu lega. BIJB
gé diwangun dina lahan nu upluk-
aplak, legana 1.800 héktar. Lahan
anu geus dibébaskeun kurang
leuwih 800 héktar. Dina waktu nu
moal lila deui, lahan sésana nu
perelu dibébaskeun, bakal
sagancangna réngsé.
Direktur Pengembangan Kerja-
sama Pemerintah dan Swasta pada
Bappenas, Bastary Pandji, nandes-
keun BIJB butuh anggaran Rp 10
triliyun ti pihak swasta. Lian ti éta,
ogé dana Rp 350 miliyar anu
asalna tina APBN (Anggaran Pen-
dapatan & Belanja Negara).
Pangubutuh séjénna, 130 yuta
dollar keur waragad konstruksi
‘landside’. Éta téh, di antarana
keur ngawangun terminal
panumpang jeung kargo, pasilitas
pangrojong, operasional, sarta
keur sarana miara sistem ban-
dara.
Gupernur Jawa Barat Ahmad
Heryawan ngajéntrékeun ayana
opat agenda dina pangwangunan
di Jawa Barat. Diantarana,
ngawangun BIJB, dua ruas tol
Cikampek-Palimanan-Kertajati
sarta pangwangunan tol Cileunyi-
Sumedang-Kertajati, pangwangu-
nan Waduk Jatigedé sarta
palabuhan Cirebon.
Pangwangunan nu opat rupa
téa, jadi program mekarkeun
kawasan Jawa Barat tatar wétan.
Ku cara kitu, pangwangunan téh
bakal leuwih walatra.
Upaya ngabébaskeun lahan
BIJB, nurutkeun Ahmad
Heryawan, nepi ka taun 2013 ka-
mari geus nepi ka 77,5 héktar tina
total lahan anu bakal
dibébaskeun. Nu can dibébaskeun,
keur dikeureuyeuh diréngsékeun.
Kitu ceuk Kang Aher.
Nurutkeun Kadishub Jawa
Barat, Dedi Taufik pangwangunan
runway tahap munggaran,
panjangna 2.500 meter, legana 60
meter, sarta dimekarkeun nepi ka
4.000 méter.
"Runway di bandara Kertajati
téh disiapkeun keur pesawat gedé,
saperti A-380 sareng Boeing 777
jeung sajabana," pokna.
Proyek Bandara Udara Kerta-
jati ieu engkéna ditataharkeun
sangkan bisa ngalayanan genep
juta nepi ka 10 juta panumpang
saban taun. Nilik ka dinya, Jawa
Barat bakal jadi pangjugjugan,
bakal leuwih haneuteun.
Presiden Susilo Bambang
Yudhoyono nétélakeun, Bandara
Internasional Jawa Barat (BIJB)
di Kertajati bakal jadi salah sahiji
bandara Internasional nu
panggedéna di Indonesia sarta
bakal jadi kareueus bangsa Indo-
nesia, Jawa Barat jeung warga
Majalengka.
Ku lantaran kitu, nurutkeun
Presiden pangwangunan bandara
Kertajati téh kudu tuluy-tuluyan
digarap pamaréntah ku cara nga-
mangpaatkeun alokasi anggaran
anu geus disadiakeun ku masing-
masing pihak, daérah jeung
puseur.
SBY ngarasa reueus ningali
kamekaran pangwangunan di
Majalengka anu terus maju, di-
rojong ogé ku ngaronjatna
paékonomian masarakat. Pancén
pamaréntah pikeun méré
karaharjaan ka masarakatna. Kitu
ceuk presiden téh.
Patalimarga, lain ukur mawa
jalma atawa barang ti tempat ka
tempat. Da, teu weléh aya mangpa-
at séjénna. Dina sajeroning
lumampah, ari di awang-awang
mah bakal bruh-bréh pamanda-
ngan. Asal keur hadé poé, langit
cangra, tetempoan di handap gé
bisa jadi pangirutan. *** (AS)
7Manglé 2474
"Runway di ban-
dara Kertajati téh
disiapkeun keur
pesawat gedé,
saperti A-380
sareng Boeing 777
jeung sajabana,"
9. R
upa-rupa sawala kapaming-
pinan, remen kabandu-
ngan. Intin sarua. Miharep
Sunda jadi presiden atawa
wawakilna. “Kahayang kawas kitu
ilahar keur sakumna sélér bangsa,”
ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi,
M.Si., Dekan FIPS UPI Bandung.
Nyaritakeun kapamingpinan
Sunda, ieu profesor nu resep
macaan carita-carita Sunda téh,
ngarasa kataji ku lalampahan
Yogaswara dina Mantri Jero,
karangan R. Memed Sastra
Hadiprawira. Éta lalakon
ngagambarkeun lalampahan tokoh
carita ti mimiti nyiar élmu nepi ka
jeneng jadi gegedén nagara. Ceuk
ieu panitén pulitik ti kampus
kawah Candradimuka guru mah,
éta lalakon téh gambaran karuhun
Sunda dina cara nataharkeun pi-
pamingpineunana. Ti anggalna
kénéh, Yogaswara diatik ku kolotna
malah dipasantrénkeun sina cukup
élmu panemuna. Saterusna, sina di-
ajar macakal sorangan, nété karir ti
handap heula. “Intina, jadi paming-
pin téh teu ujug-ujug, tapi kedah
ngaliwatan prosés nu panjang
kalayan puguh tahapan-tahapan-
ana,” pokna.
Kumaha ari ajén-inajén
pamingpin Sunda kiwari? Prof.
Karim gé teu ngarasa anéh, upama
nu kabandungan tacan nyugema-
keun urang Sunda. Kituna téh, lan-
taran aya dua pasualan,
Manglé 24748
Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.
Dianggap penting
tapi teu diajakan.
Geus diarah sorana
mah, cul wéh!
Disampeur deui lima
taun ka hareup.
Sunda diajak
émprak jeung surak,
dipénta sora pang-
rojongna. Terus kitu
téh nepi ka iraha?
***
Sunda
Ukur
Diarah
Sorana
10. sakurang-kurangna téh. Nu kahiji,
urang Sunda can pati bisa ngojayan
kahayangna, kaasup mikahayang
boga presiden ti Jawa Barat.
Malah, ceuk ieu panitén politik nu
remen makalangan di tingkat
nasional téh, nu kabandungan,
urang Jawa Barat saukur hayang
wungkul. “Nataharkeun pamingpin
Sunda, teu cekap ku hoyong
wungkul,” pokna.
Pasualan kadua, nu patali jeung
katokohan di tingkat nasional.
Upama seké-séler batur warani
manggung di luar daérahna, ari
urang Sunda mah, béda. Kaayaan
kitu, jelas mangaruhan kana jeng-
lengan pribadi urang Sunda nu ka
dituna bisa ditawarkeun ka tingkat
nasional. Masalahna, ceuk ieu
Guru Besar Ilmu Sosial UPI, urang
Jawa Barat hésé ngawanohkeun
tokoh Sunda di tingkat nasional.
“Urang mah sesah ngawanohkeun
tokoh. Malihan nu rada
dipikawanoh di tingkat nasional
ogé, ka dituna mah sok gancang
poho deui ka wiwitan,” pokna.
Penting teu Penting
Dina saban pilihan umum, sora
Tatar Sunda jadi ukuran. Kituna
téh, lantaran Jawa Barat boga sora
panglobana batan propinsi
séjénna. Ngan, hanjakal, cek Prof.
Karim Suryadi, Jawa Barat saukur
diarah sorana wungkul. “Sora
urang Sunda dianggap penting tapi
urang Sundana teu dianggap
perelu diajak icikibung dina pa-
maréntahan,” pokna tandes naker.
Upama kapamingpinan Sunda
taya robahna saban pilihan umum,
hartina urang Sunda kudu geura
beunta. Carana? Cek Prof. Karim,
teu aya deui, iwal kudu aya modél
gerakan nataharkeun pipaming-
pineun ti Jawa Barat. Dina éta
gerakan, rupa-rupa pasualan bisa
dipadungdengkeun. Di antarana,
ngajinekkeun léngkah-léngkah
tokoh Jawa Barat dina sagala
widang, kaasup keur calon paming-
pin bangsa. Saterusna, bisa
nguatan deui tokoh-tokoh nu geus
aya. “Nempatkeun urang Sunda
lian ti sina nempatan pupuhu
partéy pulitik, ogé tiasa jadi
pupuhu dina widang séjénna,” cek
Prof. Karim nu remen jadi nara
sumber dina tv-tv swasta nasional
téh.
Nataharkeun pamingpin mé-
mang lain perkara gampang jeung
lain ukur urusan hiji golongan.
Hartina, butuh kadariaan ti saban
golongan, nu bener-bener
mikahayangna. Upama udaganana
Pilpres 2019, hartina, para tokoh
Jawa Barat ulah pundungan
metakeun jurus-jurusna. “Para
tokoh Sunda kedah gaduh agénda
anu jelas, puguh léngkah-
léngkahna, tapi ulah pundungan
deuih,” pokna dibarung mésem.
Saha nu payus urang Jawa
Barat keur ‘abenkeuneun’ di
tingkat nasional? Cek ieu teureuh
Subang, sabenerna urang Jawa
Barat moal éléh kamampuhna dina
mingpin ieu bangsa. Ngan, han-
jaka, urang Sunda sok jarempé
waé. “Calon-calon pipamingpineun
ti Tatar Sunda, hadéna ulah
‘ngerem’ sorangan baé. Kudu lu-
deung liar, makalangan ka jauhna,”
tandesna.
Pilihan masarakat dina démok-
rasi tacan nyugemakeun. Nu milih
jeung nu rék dipilih, loba nu teu
‘silihpikawanoh’. Balukarna, angen-
angen masarakat gé jauh tina
harepanana. Kumaha masarakat
dina mapag pilihan presiden? Naha
nu rék milih moal salah pilih? Cek
Prof. Karim, salila atikan politik
masarakat diapilainkeun, tangtu
hasilna ogé moal pati nyugemakeun.
***Tim Manglé
9Manglé 2474
Tokoh Tatar Sunda, hadéna ulah ‘ngerem’ sorangan baé.Para inohong Sunda keur madungdengkeun
pamingpin pikahareupeun
11. Manglé 247410
T
ransportasi mangrupa hal
anu kacida pentingna dina
kagiatan ékonomi, boh ka-
giatan ékonomi pertanian boh
padagangan, pon kitu deui kagiatan
ékonomi wisata. Lancar tur
tumaninahna sarana transportasi
éstu gedé pangaruhna pikeun
ningkatkeun jumlah wisatawan ka
tempat tajuan wisata. Alatan kitu,
Kota Bandung nu geus katelah Kota
Wisata, salian ti mibanda rupa-
rupa kabeungharan alam téh ogé
euyeub ku titinggal sajarah, di
antarana titinggal purbakala di
musieum géologi, jeung gedong-
gedong nu ngandung ajén sajarah
saperti Gedong Merdéka patilasan
Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Kota Bandung, H Herlan Soemardi Sip Msi
Bangunan nu ngandung ajén sajarah jadi salah sahiji daya tarik wisata
BBandung-Bandung
SaranaTransportasi
NgarojongKahirupanWisatadiKotaBandung
12. 11Manglé 2474
Konfrénsi asia Afrika, jeung sajaba-
na, nu diwedelan ku poténsi seni
budaya nu réa rupana, éstu teu
reueuh metakeun tarékah pikeun
terus ngabebenah sarana trans-
portasi. Éta hal ditétélakeun ku
Kepala Dinas Pariwisata dan
Kebudayaan ( Disparbud) Kota
Bandung, H Herlan Soemardi Sip
Msi, ka Manglé sawatara waktu nu
kaliwat.
Nu diandelkeun ku Pamaréntah
Kota Bandung ngaliwatan Dispar-
bud pikeun mikat wisatawan , boh
wisatawan Nusantara boh wisata-
wan mancanagara, di antarana
tempat-tempat wisata balanja,
wisata kulinér, wisata seni jeung
wisata budaya. Éta sakabéh jenis
poténsi wisata téh pada-pada boga
kapunjulan nu mandiri. Kamana
waé wisatawan ngaléngkah di Kota
Bandung éstu moal bosen, lantaran
sagala rupa nu dipikabutuh geus
nyampak.
Pikeun wisatawan Nusantara
jeung wisatawan mancanagara anu
resep tuang-leueut, Kota Bandung
éstu tempatna, lantaran nyampak
rupa-rupa wisata kulinér, ti mimiti
kadaharan tradisional nepi ka
kadaharan impor aya. Lengkep.
Atuh pikeun anu resep balanja
rupa-rupa pakéan, Kota Bandung
ogé kawéntar réa disainer petingan.
Tempat ulin barudak ogé balatak.
“Pon kitu deui pintonan kréasi
seni para seniman, ti ngawitan
kasenian tradisional nu asli dugi ka
ka pintonan seni kréasi, di Bandung
mah lengkep,” pokna.
Herlan ngémbohan, sarana
pangrojong pikeun mikat wisatwan
sangkan nganjang ka Kota Ban-
dung, salian ti tumaninahna sarana
transpormasi téh, rupa-rupa hotél
berbintang ogé kawilang lengkep.
Sipat masarakat Kota Bandung anu
soméah hadé ka sémah ogé éstu
nambahan betahna wisatawan nu
datang ka Bandung.
Papadaning kitu, ceuk Herlan,
aya hal anu kudu jadi perhatian
pihak pamaréntah Kota Bandung
jeung pangusaha swasta, nyaéta
dina ngalengkepan sarana jeung
prasarana sangkan para wisatawan
leuwih betah aya di Bandung.
Misalna, ngawangun sarana wisata
ti mimiti hal-hal anu leutik saperti
toilét, jeung sarana ibadah.
Sedengkeun pasualan hawa mah
teu pati jadi masalah, lantaran sok
sanajan kadang kadang hawa di
Kota Bandung karasa bayeungyang,
masih kénéh kabantu ku ayana
taman-taman kota nu pinuh ku
tangtangkalan.
Usaha dina widang wisata bakal
ngadatangkeun kauntungan lamun
naon anu dibutuhkeun ku wisata-
wan katedunan. Sok sanajan kurang
promosi sacara pormal, lamun
wisatawan ngarasa sugema mah
tangtu bakal pabéja-béja tur
ngawawarkeun ka batur atawa
barayana, pikeun nganjang ka Kota
Bandung.
“Kanggo ngamekarkeun pari-
wisata di Kota Bandung mémang
butuh kadariaan ti pihak nu
ngokolakeun tempat wisata. Ku ki-
tuna, Disparbud Kota Bandung
kalawan maneuh ngaping para
usahawan di dunya pariwisata,
sapertos pangusaha hotél sareng
pangusaha tempat hiburan. Pon
kitu deui para padamelna, diihtia-
ran sangkan ngaronjat kamampuh-
na,” ceuk Kabid Obyek Wisata
Disparbud Kota Bandung, Diden
Siti Sundari SH.
Tarékah pikeun ningkatkeun ka-
mampuh para pagawé di dunya
pariwisata, dilaksanakeun ku cara
ngayakeun pendidikan jeung palati-
han, sangkan saban palaku usaha
wisata bisa diandelkeun
kamampuhna, pikeun ngaronjat-
keun kamekaran dunya pariwisata.
Para pangusaha jeung pangrajin
barang-barang supenir ogé terus di-
aping, sangkan bisa terus
ningkatkeun kualitas produkna.***
Cucu /Dédé
Wisata kulinér ogé jadi salah sahiji andelan Kota Bandung Kota Bandung euyeub ku titinggal sajarah
13. Manglé 247412
NNyusur Galur
K
ira sajam ngagunakeun kendraan roda opat ti
puseur dayeuh Kabupaten Majalengka, cunduk
ka Talaga, kota kacamatan anu henteu pati
rame. Puseurna teh alun-alun anu kenca katuhueun-
ana ngajengjreng toko-toko, ti mimiti toko pakean,
rumah makan leutik, toko kolontong, pasar sayuran
jeung anu sejen-sejenna deui. Kasorenakeun kota
robah jadi sepi.
Talaga mangrupa salasahiji kacamatan bawahan
Kabupaten Majalengka nu tapel wates jeung Kaca-
matan Banjaran (kaler), Kacamatan Cikijing (Wetan),
Kacamatan Cingambul (kidul), Kacamatan Banta-
rujeg (kulon). Sacara geografis Talaga perenahna 626
m.dpl, aya dina runtuyan perbukitan gunung Cireme.
Lega Kacamatan Talaga 43,50 km atawa 3,61% tina
lega Kabupaten Majalengka. Desa Talaga Kulon
mangrupa puseur dayeuh Kacamatan Talaga,
anggangna ti puseur dayeuh Kabupaten Majalengka
teh ngan 23 km. Tepi ka ayeuna Kacamatan Talaga
ngabawah 16 desa, Margamulya, Cibeureum,
Cikeusal, Jatipamor. Cicanir, Campaga, Lampuyang,
Mekarharja, Talaga kulon, Talaga wetan, Salado,
Argasari, Gunung Manik, Ganea, Sukaperna jeung
Kertarahayu (Badan Pusat Statisti Kabupaten Maja-
lengka- 2008)
Sanajan ayeuna statusna ngan saukur Kacamatan,
tapi pikeun hiji wilayah, Talaga boga sajarah anu pan-
jang. Tradisi masarakat boga kayakinan yen samemeh
jadi kacamatan, ieu wilayah setatusna Karajaan anu
corakna Budha, anu eksistensina sajaman jeung
Karajaan Sunda jaman kalungguhanana di Kawali
anu saterusna di Pakuan Pajajaran.
Bukti-bukti ngeunaan ayana Karajaan Talaga ka-
panggih dina historiografi tradisional jeung titing-
galan arkeologis. Nu dimaksud historiografi
tradisional nyaeta karya sajarah nu ditulis sacara
tradisional, lain sajarah akademis anu ditulisna
ngagunakeun metoda sajarah kritis. Dina umumna
karya sajarah tradisional teh diwangun ku tilu unsur,
nyaeta sajarah, sastra jeung mitos. Tujuan ditulisna
lain keur nuliskeun sajarah sakumaha mistina anu
kajadian, tapi pikeun ajen-ajen anu gelar waktu eta
karya ditulis jeung bisa jadi ngandung kapentingan
pulitis sabab inti lalakon biasana ngeunaan Raja
atawa Bupati jeung para luluhurna anu mangsa harita
keur marentah. Di Tatar Sunda mashur disebutna
Babad, Carita, Sajarah atawa silsilah, biasa disebut
oge naskah (Manuskrip). Puseur wilayah anu jadi
panggung sajarah oge mangrupa wilayah karajaan
atawa wilayah kabupatenna sorangan. Lan ti kitu,
sumber-sumber anu mangrupa historiografi tradi-
Sajarah Karajaan Talaga
Bukti-buktina kapanggih Tina
Historiografi Tradisional jeung Titinggal Arkeologis
Kumargi seratan ngeunaan “Menelusuri Situs
Prasasti Batutulis” karya Saleh Danasasmita
(Kiblat)” ditamatkeun dugi ka minggu pengker,
Nyusur Galur ti ngawitan ayeuna bade medar
“Sajarah Karajaan Talaga”. Laporan ngeunaan
Panalitian sajarahna anu dilaksanakeun ku Tim ti
Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia Jawa
Barat pingpinan Prof. Dr. Hj. Nina Herlia Lubis.
***
14. 13Manglé 2474
sional aya anu kaasup golongan sumber primer,
hartina ditulis dina jaman waktu kajadianana
lumangsung . Historiografi tradisional golongan sum-
ber primer nu nyaritakeun husus ngeunaan Karajaan
Talaga teu aya, tapi aya naskah anu nyaritakeun
Karajaan Sunda anu nyabit-nyabit Karajaan Talaga
nyaeta Naskah Sewaka Darma (ditulis abad ka 16),
Bujangga Manik (ditulis abad ka 15), Sanghiyang
Hayu (ditulis abad ka 16 atawa ka 15). Jeung Carita
Purwaka Caruban Nagari (ditulis taun 1720). Aya oge
sumber-sumber sekunder nyaeta Sajarah Panjalu nu
ditulis taun 2007, sumberna tina Babad Panjalu nu
ditulis abad ka 20. Nyaritakeun Karajaan Panjalu
jeung nyebut-nyebut hubunganana jeung Karajaan
Talaga.
Sumber tertulis nu husus ngungkabkeun ngeuna-
an Karajaan Talaga. Nyata Sarsilah Sajarah Talaga nu
ditulis ku Rd. Moh. Samsuddin taun 1975. Sumber
anu kaasup golongan sumber sekunder ieu disusun
dumasar kana Sajarah/Babad Talaga nu ditulis ku A.
Acap Kartadilaga pangsiunan Kuwu Talaga Kulon
(1921-1948) babarengan jeung R. Suherman Marta-
kusumah pangsiunan PNS jadi komisi Sajarah Kabu-
paten Majalengka. Kalungguhan eta dua tokoh
disahkeun ku Bupati Majalengka Noer Atmadibrata 4
Juni 1956 nu netelakeun yen Sajarah Talaga saluyu
jeung sajarah anu aya di Kabupaten Majalengka
(Samsudin 1975).
Buku anu disusun ku R. Muh. Samsudin sumberna
sarua hasil wawancara jeung akina nyaeta R. Karta-
dilaga alias R.H. Hasanuddin Kuwu Hormat Talaga
Kulon Majalengka nu lahir taun 1891. Jeung R.
Sastramihardja alias R. Soebarma (lahir taun 1908)
minantu R. Kartadilga carogena Nyi R. Madinah,
turunan Pangeran Sacanata ti Panjalu anu nikah ka
Ratu Tilarnagara turunan Raja Talaga, oge hasil
wawancara jeung sesepuh turunan Prabu Darmasutji
ti Talaga.
Kulantaran sipatna anu nyampur-adukeun antara
sajarah, sastra jeung mitos, jeung upama sumber kaa-
sup golongan sumber sekunder, digunakeunana sum-
ber-sumber naskah kudu diajen sacara kritis. Dina eta
tulisan henteu digunakeun sumber naskah anu
kontroversial saperti naskah Wangsakerta, sanajan
ngungkabkeun carita anu cukup lengkep ngeunaan
Karajaan Talaga.
Sajeroning kitu, anu dimaksud titinggal arkeologi
nyaeta situs-situs kuno anu biasana corakna megalit
(batu-batu baradag), arca, prasasti. Makam-makam
kuno, barang-barang anu ngandung sajarah golongan
barang cagar budaya.
Di Tatar Sunda situs-situs arkeologis dikenalna
Multi component sites atawa Situs anu aya lajuning
lakuna, atawa situs anu diwangun jaman prasajarah,
bisa bae ngalaman parobahan peran jeung fungsina
saluyu jeung parubahan kabudayaan. Jadi, aya situs
megalit anu dina jaman Hindu dilakukeun parubahan
saluyu jeung budaya Hindu, terus waktu Islam asup,
nya disaluyukun deui jeung kabudayaan Islam.
Historiografi Jeung Titinggal Arkeologis
Nurutkeun sajarah Babad Talaga , Karajaan Talaga
anu perenahna kiduleun suku gunung Cireme ieu,
puseurna sabudeureun situ Sangiang (Samsudin,
1975, 1-20). Dumasar kana titinggal arkeologis nu ka-
pangih di situs Gunung Bitung jeung nurutkeun in-
formasi tina naskah Sewaka Darma ieu Karajaan
corakna Budhis. Karajaan Talaga mangrupa karajaan
bawahan Karajaan Sunda nu puseurna di Kawali,
corakna Hindu. Ayana perbedaan ieu narik perhatian
sabab dumasar kana naskah-naskah Sunda kuno eta
dua karajaan boga tatali kakarabatan.
Aya rupa-rupa versi ngeunaan asal usul Karajaan
Talaga ieu. Dina naskah Sarsilah sajarah Talaga nu
disusun R. Muh. Samsudin dicaritakeun ngeunaan
Ratu Ajar Sukaresi nu putrana dalapan, nyaeta Hari-
ang Banga, Prabu Marajasakti, Ciung Wanara, Ratu
Pagedangan, Prabu Ciptapermana, Batara Gunung Pi-
cung, Ratu Permana Dewa, Bleg Tambleg Raja
Kuningan. Batara Gunung Picung saterusna kagu-
ngan putra putu jeug buyut nyaeta Sunan Cungkilak,
Sunan Benda, Sunan Gomban, Ratu Ponggan Sang
Romahiyang jeung Prabu Darmasuci nu Jeneng Raja
Talaga kagungan putra dua, nu cikal Bagawan
Garasiang nu jadi patapa, kagungan putra Ratu Putri
Mayangkarana nu ditikah ku Mundingsari Ageung
putra Prabu Sliwangi ti Karajaan Sunda di Pajajaran.
Nu ka dua Prabu Darmasuci nyaeta Sunan Talaga-
manggung jeneng Raja di Talaga (Samsudin 1975).
Dina versi sejenna dicaritakeun yen Raden Ciung
Wanara kagungan tujuh putri, di antarana Raden
Purbasari anu ditikah ku Raden Guruminda (Lutung
Kasarung) Purbasari-Guru Minda kagungan dua
putra nyaeta Prabu Linggahiyag jeung Prabu Darma-
rehe.*** hanca
*) Saperti anu diungkabkeun ku Prof. Nina Lubis,
Etty Saringendyanti, Undang Ahmad Darsa, Mifta-
hul Falah. Dina Buku “Sajarah Karajaan Talaga”.
15. Manglé 247414
MMunara Cahaya
H
arti sukur nimat, nyaéta
miara sarta ngamangpaat-
keun sakur paméré, luyu
jeung maksud anu méréna. Pang-
pangna sukur nimat kana anugrah
kurnia Alloh SWT ka umatNa, nu
tan wilangan.
Salila umat sukur nimat, Alloh
SWT baris ngajaga miara éta
nimat. Malah leuwih ditingkatkeun
ti waktu ka waktu, ti generasi ka
generasi (Q.s. Ibrohim : 7).
Alloh moal ngarobah kaayaan
hiji bangsa, sapanjang éta bangsa
henteu barobah sikepna, tina sukur
nimat jadi kufur nimat (Q.s. Ar
Ro’du : 11).
Dina Alqur’an, réa dicaritakeun,
riwayat bangsa katut nagara anu
maju, mamur, aman raharja.
Malah bari pinuh ku pangampura
Alloh SWT. Bangsa katut nagara nu
katelah ”Baldatun Toyyibatun wa
Robbun Gofur” (Q.s.Saba : 15).
Dicontokeun ka nagara Saba,
nu kaunggel dina Q.s. Saba : 15-21.
Dina sawatara tafsir Alqur’an,
ditétélakeun, Nagara Saba gumelar
antara taun 2000 saméméh
Masehi nepi ka taun 300 Masehi.
Salah saurang raja Nagara Saba
anu kamashur, nyaéta Ratu Bilqis,
nu narima dawah tauhid ti Nabi
Sulaéman As (Q.s. an Naml: 17-
44).
Wangun rupa Nagara Saba
digambarkeun dina surat Saba ayat
15. Tempat pamatuhanana di
lingkung ku pakebonan nu subur
tur éndah. Sumber rejeki kahiru-
pan gemah ripah loh jinawi, aman
raharja, kebek ku anugrah nimat
Alloh Anu Maha Jembar
Pangampurana.
Lantaran sapanjang jalan,
raweuy beuweungeun rambay
alaeun, cai hérang ngagenyas cur-
cor di ditu di dieu, nyugemakeun
saha baé anu halabhab, atuh sakur
nu sumaba, tara ngarasa capé.
Malah lalampahan ti hiji
wewengkon ka wewengkon séjén,
tara karasa jauh jeung kesel, da
sumanding kabetah.
Nu jadi sumber kasuburmamu-
ran Nagara Saba, nyaéta bendu-
ngan Ma’arib. Dua gunung
jangkung ngalanglaung, diben-
dung. Nepi ka bisa nadah cai réa
pisan. Sakali hujan dina sausum,
mahi keur tilu tauneun nyumpo-
nan bubutuh sapopoé, boh keur
rumah tangga, boh keur irigasi.
Urang Saba titén pisan ngarumat
bendungan jeung solokan irigasi,
kalawan ihlas dina raraga sukur
nimat ka Alloh SWT nu geus mapa-
rin kabisa ka luluhur bangsa Saba
pikeun ngawangun bendungan
badag tohaga nu bisa diwariskeun
ka generasi-generasi sapan-
deurieunana.
Rébuan taun, urang Saba
pinanggih kanimatan hirup.
Lubak-libuk dahareun, hojih inu-
meun, katut kasenangan séjénna.
Dibarung ku kasadaran pikeun
tunduk patuh nyumponan sagala
paréntah Alloh SWT, sakaligus
nyingkahan anu dilarang ku
Anjeunna.
Tepi ka hiji mangsa, maranéhna
ingkar. Marudah. Hayang manggih
parobahan kasenangan nu lain-
lain, nu béda ti ayeuna. Perjalanan
senang singget, hayang dianggang-
keun. Bendungan Ma’arib
dimomorékeun, sabab maranéhna
ngarasa bakal leuwih maju ku hal-
hal séjén nu dibayangkeun alusna
jeung genahna ti batan nu ayeuna.
Nya maranéhna ngabalieur.
Ingkar tina katakwaan ka Alloh
SWT. Atuh gebrah baé bendungan
Ma’arib bedah. Der banjir rongkah.
Ngaléléd pakotaan, pilemburan,
katut pakebonan nu pinuh ku
bungbuahan ngareunah. Basa ban-
jir saat, kabéh geus robah. Geus
taya pakebonan héjo lémbok. Ting-
gal sababaraha tangkal carucukan
nu buahna pait molélél, daunna
segak pahang. Bangsa Saba nu
asalna beurat beunghar sugih
mukti, buriak ngarungsi ka mana-
mana. Nagara éndah geus musna
kari ngaran jeung panineungan.
Bangsa katut nagara séjén, nu
Tina Sukur Nimat kana Kufur Nimat
Ku H. Usép Romli HM
16. 15Manglé 2474
asalna maju jugala berkah sukur
nimat, ancur lebur sanggeus
maranéhna ngarobah sikep sukur
nimat ku kufur nimat. Kayaning
‘Ad, Tsamud, Madyan, Firaun,
jjrd., nu ngaran katut kisahna
dibéjérbéaskeun dina Alqur’an.
Sajaba ti dina surat Saba : 15-21
tadi, réa deui ayat Alqur’an nu
nétélakeun, balukar kufur nimat.
Upamana baé, dina surat an Nahl
ayat 112 :
Nu hartosna: “Alloh parantos
ngadamel conto ku hiji nagri anu
tadina aman tengtrem kerta ra-
harja, rejeki ngaleuya bru di juru
bro di panto ngalayah di tengah
imah, daratang ti saban tempat,
kari-kari pangeusi éta nagri kufur
kana nimat-nimat Alloh, nya
pangeusi éta nagri téh ku Alloh
ditibanan kalaparan jeung kasieun,
alatan saniskara (kufur nimat) nu
dipilampah ku maranéhna.”
Mun sukur nimat geus sirna, di-
ganti kufur nimat, sakabéh bangsa
jeung nagara, baris tigebrus kana
jurang kaancuran (Q.s. Ibrohim:
28).
Kangjeng Nabi Saw, hadis riwa-
yat Imam Abid Dunya jeung Tob-
roni, nétélakeun, yén ka umat
Islam baris kakeunaan panyakit nu
tumiba ka sakumna umat. Nyaéta
nu disebut “al asyir”. Panyakit
kufur nimat. Ieu panyakit baris
ngarekahan. Nimbulkeun panya-
kit-panyakit anyar. Kayaning “al
bator” (milampah sakarep-karep,
tunggul dirurud catang dirumpak),
“at takatsur” (numpuk-numpuk
harta kakayaan ku cara naon jeung
kumaha baé), “at tanafus” (pahibut
muru untung, kajeun sili siku sili
bintih, saingan, konkurénsi teu
séhat), “at tabagud” (sili
pikaceuceub), “at tahasud” (sili
pikadengki), “al baghyu” (sili-
kakalakeun, silihualkeun, sili-
dolim). Ditungtungan ku “al
horoju” (silipaténi, béntrokan mas-
sal, perang bébéakan).
Mahabuna kufur nimat,
nyingkirkeun sukur nimat, ieu ogé
mangrupa akibat teu jalanna proses
“amar ma’ruf nahyi munkar” (nga-
jak kana kahadéan, nyegah ka-
mungkaran). Réa jalma (kaasup
umat Islam), kabeulit ku paham
individualistis. Kuma karep. Kajeu-
nan. Padahal, hirup kumbuh umat
Islam mah, nyoko dina prinsip
“amar ma’ruf nahyi munkar” . Sili-
élingan. Siliingetan. Sili tungtun
kana jalan kahadéan. Sili jaga
sangkan henteu kababawa ku sa-
kaba-kaba ngarempak halal-haram.
Nanjeurkeun “amar ma’ruf
nahyi munkar” mangrupa hiji pili-
han tina dua pilihan penting.
Dawuhan Kangjeng Nabi Saw, pék
pilih antara migawé “amar ma’ruf
nahyi munkar”, atawa Alloh bakal
nempatkeun jalma dolim kuma-
wasa di ieu dunya. Mun geus kitu,
hég para kekentong ngadu’a
(sangkan dibébaskeun tina
kadoliman éta pamingpin), du’ana
moal diijabah ku Alloh SWT.
Muga-muga urang, kulawarga
urang, masarakat jeung bangsa
urang cangreud pageuh ngukuhan
sukur nimat. Dijauhkeun tina
kufur nimat katut sagala balukarna
nu baris tumiba.
“Ya Alloh, mugi Anjeun mapa-
rin ilham ka abdi pikeun tetep
tumetep dina sukuran kana ni’mat
anu parantos dipaparinkeun ka
abdi, ka indung bapa abdi, sangkan
midamel amal soléh nu dipikarido
ku Anjeun, sareng kalawan rohmat
Anjeung, mugi abdi dilebetkeun
kana réngréngan hamba-hamba
Anjeun nu saroléh (Q.s.an Naml :
19).***
internet
17. Manglé 247416
TTanyaJawab
Patarosan :
Ais pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat. Tumaros, naha
kénging saupami sadaya harta urang di-
hibahkeun atawa diwasiatkeun sadayana
ka nu jadi anak atawa incu?. Hatur
nuhun.
Cinunuk
Cileunyi Bandung
Waleran :
Upama teu lepat, patarosan bapa aya
patalina sareng hukum waris. Supados
nyambung, saéna urang pedar heula
kadudukan hukum waris sok sanaos ieu
hukum waris Islam téh, dina prak-
prakanana mah, seueur nu nga-
balieurkeun. Alatan kitu deui, henteu
sakedik harta warisan sok jadi
pacéngkadan di antara ahli waris. Malih
aya nu silih musuhan jeung dulur, lan-
taran parebut harta warisan. Ku kituna
perlu didugikeun, yén ajaran Islam
parantos masihan katangtuan anu teges
tur jéntré ngeunaan masalah harta waris.
Kantos dina édisi-édisi kepengker nu
nerangkeun hukum waris. Urang
sakedik pedar deui, étang-étang kanggo
ngandelan deui élmu pangaweruh Islam
para mitra Manglé. Di antara katangtuan
nu pakait sareng hukum waris, dumasar
karana aya hiji jalmi anu maot. Kitu deui,
ahli waris anu leuwih ti heula kudu di-
urus tina harta warisna nyaéta biaya
keur mulasara, ngalunasan hutangna
(saupama ninggalkeun hutang), teras
ngalaksankeun wasiatna (saupama
ningalkeun wasiat), saupama hartana
masih aya sesana kénéh, kakara dibagi-
bagikeun ka sadaya ahli warisna.
Anapon nu jadi sabab jadi ahli waris
nyaéta: Kahiji, karana nasab (turunan).
Pidawuh Alloh: “Jeung jalma-jalma anu
ngabogaan hubungan getih, maranéhna
leuwih hak pikeun silih waris” (QS. Al-
Ahzab: 6). Kadua, wala’ nyaéta rasa sim-
pati budak (hamba sahaya) anu tos
dimerdékakeun ka jalma anu
ngamerdékakeunana. Pidawuh Rasul:
“Saéstuna wala’ mangrupa dulur saperti
dulur anu sa-nasab” (HR. Hakim sareng
Baihaqi). Katilu, alatan aya pertikahan.
Pidawuh Rasul: “Mangka pikeun aran-
jeun (salaki-pamajikan) saperduana tina
harta anu ditingalkeun ku istri-istri aran-
jeun.” (QS. Al-Nisa: 12).
Terus nu ngalantarankeun hiji jalmi
ngahalangan teu narima warisan, nyaéta
alatan manéhna nelasan jalma, béda
kayakinan (agama), sareng budak
(hamba sahaya), sabab hamba sahaya
jeung hartana, duanana jadi milik
dununganana. Sedengkeun nu hak jadi
ahli waris ti pihak lalaki nyaéta: (1) Anak
lalaki, incu jeung saterusna ka handap;
(2) Bapa, aki jeung saterusna ka luhur;
(3) Dulur, anak dulur jeung saterusna ka
handap; (4) Emang, anak emang jeung
saterusna; (5) Salaki jeung lalaki anu
ngamerdékakeun hamba sahaya. Teras
anu jadi ahli waris ti pihak istri nyaéta:
(1) Anak awéwé, incu awéwé ti anak
lalaki jeung saterusna; (2) Indung jeung
nini; (3) Dulur awéwé; (4) Pamajikan;
(5) Awéwé anu ngamerdékakeun hamba
sahaya.
Jalma-jalma anu hak narima warisan
aya tilu golongan, nyaéta: (1) Nu tos di-
tangtukeun bagianana (dzawil furudh);
(2) Ashabah; (3) Ulul Arham. Bagian-
bagian anu tos ditangtukeun dina al-
Quran (dzawil furudh) nyaéta:
a. Nu narima satengah (saperdua
tina harta titinggal istri), nyaéta (1)
Salaki lamun henteu ningalkeun anak.
(2) Anak awéwé. (3) Incu awéwé. (4)
Dulur awéwé saibu sabapa jeung dulur
awéwé anu sabapa.
b. Nu narima saparapat nyaeta: (1)
Salaki lamun istri nu maotna ningalkeun
anak. (2) Istri, lamun salaki anu maotna
henteu ningalkeun anak. c. Nu narima
saperdelapan, nyaéta istri dimana salaki
anu maot ningalkeun anak. d. Nu narima
dua pertiga, nyaéta: (1) Dua anak awéwé,
jeung incu awéwé ti anak lalaki. (2) Dua
dulur awéwé anu saindung sabapa, jeung
dua dulur awéwé anu sabapa. e. Nu
narima sapertilu, nyaéta: (1) Indung,
lamun henteu kahalang (mahjub). (2)
Dua dulur saindung (dulur téré) jeung
saterusna. f. Nu narima sapergenep,
nyaéta: (1) Indung, lamun si mayit
ningalkeun anak atawa dulur leuwih ti
saurang. (2) Nini, lamun si mayit henteu
ningalkeun indung. (3) Dulur saurang
anu saindung, lalaki atawana awéwé. (4)
Incu awéwé, lamun si mayit ningalkeun
anak awéwé saurang. (5) Dulur awéwé
anu sabapa, lamun si mayit ningalkeun
saurang dulur awéwé anu saindung
sabapa. (6) Bapa, lamun si mayit
ninggalkeun anak. (7) Aki, lamun si
mayit henteu ningalkeun bapa.
Anapon bagian-bagian anu katarima
atawa nu kalebet “Ashabah” sareng “Ulul
Arham”, langkung écésna tiasa di-
uningaan dina ilmu fiqih bab waris,
atanapi dina buku nu husus ngajelas-
keun masalah waris anu disebat “Ilmu
Faraidh”.
Lajeng patarosan perkawis
ngahibahkeun harta ka anak wungkul.
Pikeun ngawaler ieu patarosan, saéna
kanyahokeun heula tilu masalah anu
patali sareng ieu masalah, nyaéta waris,
wasiat, sareng hibah. Waris,
katangtosanana sakumaha anu parantos
dipedar di luhur. Wasiat nyaéta harta
anu dipasihkeun ka salian ti ahli waris,
maksimalna mung sapertilu tina saka-
béh harta anu dipimilik. Wasiat aya
samina sareng waris, nyaéta henteu bisa
dipimilik iwal anu gaduhna, tos
ngantunkeun.
Anapon hibah meunang dipasrah-
keun ka saha waé, ka ahli waris atawa
lian ka ahli waris, sareng teu aya wate-
san minimal atawa maksimal. Malah
cek sanépana, sadaya hartana (100%)
dihibahkeun ogé, henteu naon-naon.
Mung saéna upama ngahibahkeun
harta, teu kénging langkung ti saper-
tilu hartana nu dipimilik, kitu ogé
sabada aya kamupakatan ti para ahli
waris. Nu paling penting, kedah terang
béntenna wasiat sareng hibah. Sakitu,
mudah-mudahan ageung mangpaatna.
Wallohu ‘alam.
***
Sadaya Dihibahkeun
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
18.
19. Manglé 247418
CCaritaPondok
Ti Frankfurt Mulang
ka Garut
(tamat)
Carpon Evi Fuji Fauziyah
C
eunah 55 menit deui pe-
sawat take off. Manéhna
masih diuk dina bangku
tunggu, nyuruput kopi ha-
neut tina cup nu tulisanna
Starbuck. Jelema euweuh
eureunna lalar-liwat, nu karék turun na pe-
sawat, nu dék naék, rupa-rupa pisan, boga
tujuan jeung urusan masing-masing. Kaciri
aki-aki bulé maké topi loréng kaluar ti ger-
bang D ngagusur koper gedé 24 inci warna
héjo botol. Dipapag ku nini-nini nu buukna
bodas péang nu ngacung-ngacung kertas
karton ukuran 30x40 cm, tulisanna “Wel-
come home my husband”. Duka tas ti mana
si aki téh, da si nini bangun nu sono pisan,
ti mimiti papanggih nepi ayeuna leumpang
kaluar ti bandara kacirina pagégéyé siga
pangantén anyar nu karék dirapalan.
***
Kuring leumpang lalaunan ngadeukeu-
tan kafe. Manéhna ngalieuk, paadu teu-
teup. Riksa ngejat langsung kaluar muru
kuring nu leumpang beuki ngalaunan.
Masih di harepeun kaffe der Movenpick,
Riksa ukur ngajanteng hareupeun. Kuring
tungkul, manéhna teu lemék sakecap-kecap
acan. Euweuh éksprési nu bisa diungkap-
keun ku kuring, asa teu manggih kekecapan
20. 19Manglé 2474
nu mantes keur paguneman,
jadina ngaheneng salila-lila.
Pon kitu deui manéhna,
pasti ngarasakeun nu sarua.
Nu satadina méja deu-
keut jandéla téh ukur didiu-
kan manéhna, ayeuna mah
kuring gé milu diuk. Paha-
reup-hareup jeung manéh-
na. Es Capuccino nu dipang
mesenkeun keur kuring geus
datang. Manéhna melong,
seuri, tuluy pok ngomong
muka carita.
“Alis damang? Teu pen-
dak sataun satengah téh
meuni pangling, éta rambut
beuki panjang, ngan asa
beuki begang nya ayeuna
mah,” pok manéhna nga-
lubarkeun suasana.
“Capé teuing panginten,
da di dieu mah unggal
minggu téh kudu wé
ngumpulkeun makalah
panalungtikan. Gara-gara
begadang cigahna mah,”
walon kuring bari imut leu-
tik, tuluy kop kana cangkir
Ice Capuccino dina méja.
Ti dinya tuluy sagala di-
caritakeun, ilaharna dua
sobat nu geus lila teu pa-
panggih karék panggih deui.
Nepika teu karasa waktu
geus maju ka soré. Nu dio-
brolkeun téh rupa-rupa
ngeunaan kondisi kantor,
kuliah kuring, tujuan ma-
néhna ka Jerman keur nga-
hadiran konferensi Astrono
mi Internasional salaku
wawakil ti Indonesia di
Berlin, jeung nu hampir ku
kuring dipohokeun, Misna.
“Alis terang teu Misna
ayeuna mah tos teu di LAN
deui damelna. Dialihkeun ka
LIPI (Lembaga Penelitian
Indonesia) , saurna nuju
ngabutuhkeun staff adminis-
trasi nu saé.”
“Kantenan atuh, apan
kapuji pisan ku Bos Hando-
yo ogé, padahal budak eng-
gal.”
“Muhun, tapi kan bénten
sareng urang nu gerak di
bidang panalungtikan.
Manéhna mah ngan
administrasi hungkul, lulu-
san Administrasi deuih nya
otomatis jagona.”
Kuring ukur ngajawab
ku imut, suruput deui kana
kopi, ayeuna mah geus teu
karasa nyelecep tiis cigah
tadi, es-na geus cair.
“Lis ... akang jeung
Misna tos lami atosan. 4
bulan ti Sabada Alis
mangkat ka Jerman.”
Kuring ukur unggeuk
bari masih kénéh nyuruput
cikopi tiis, sabenerna bi-
ngung ogé kudu ngajawab
naon. Tuluy manéhna ne-
ruskeun caritaan.
“Kahiji mémang Akang
jeung manéhna téh béda
gaya hirup. Akang mah
saaya-aya kieu. Misna mah
méh unggal minggu ménta
dianter ka Plaza Indonesia
meuli sapatu atawa baju
anyar keur ngantor téh.
Ngarti sih akang gé, da
manéhna mah geus lila
hirup di Jakartana, cacagna
mah geus jadi urang kota.
Séjén jeung Akang ka
Jakarta téh ngan ukur gawé,
manéhna mah apan ti bubu-
dak di dinya na téh. Nepi ka
sakola, kuliah, gawé gé di
dinya.
Kadua, Alis apal sorang-
an indung bapak akang mah
teu pati resep ka awéwé kan-
del wedak. Dina hartian lain
teu resep awéwé dangdan,
tapi teu resep mun éta
awéwé gawéna ngan dang-
dan hungkul.
Katilu manéhna keukeuh
hayang geura tunangan,
terus péstana ogé hayang di
Hotél Indonésia atawa mini-
mal di Jakarta Convention
Center ceunah lis. Dék
sabarahaeun waragadna,
karék tunangan éta téh lis,
acan engké nikahna? Mé-
mang mahi sih gajih akang
gé, tapi da lain éta kan uda-
gan urang mah. Komo di ku-
lawarga akang mah teu nga
nut paham tunangan, nu aya
langsung dirapalan.
Kaopat, kalima, jeung
saterusna mémang loba hal
nu teu cocok antara akang
jeung manéhna. Katambah
mimiti gé Alis apal niat
akang bobogohan jeung
néng Misna téh gara-gara
barudak kantor jail sarupa si
Anto, Rudi, jeung Hakim.
Apan harita téh paboro-boro
ning, saha nu bisa ngajak
Misna si anak baru nongton,
éta nu meunang taruhan, teu
pira hadiahna gé flash disk
bentuk rokét. Ari pék akang
nu diajak nongton tiheula ku
Misna, atuh puguh akang nu
meunang taruhan. Ngan
gara-gara éta ogé mimitina
mah, Akang jeung Misna
jadi deukeut tuluy bobogo-
han. Tapi teu lana, pokokna
Alis indit ka Jerman. Akang
enggeusan jeung Misna.”
***
Jarak Berlin – Heidel-
berg téh lumayan jauh. Ngan
angger wé manéhna keu-
keuh hayang datang ka dieu,
hayang nyaho kampus ku-
ring ceunah. Poé ieu pisan
manéhna datang, lumayan
aya waktu reureuh dua poé,
Sabtu Minggu hayang di-
paké ulin kadieu, hayang
nyaho Heidelberg, kitu ceu-
nah ceuk manéhna dina
email téh. Ayeuna kuring
keur nungguan di stasiun
kota, kareta ti Berlin bakal
datang 5 menit deui, ma-
néhna keukeuh ménta
hayang dijemput padahal
kuring geus méré alamat
jéntré kaféna Téh Ranti, ren-
cana téh papanggih di dinya
wé. Lalaki jangkung nu
kulitna hideung santen téh
turun tina lokomotif nu
kadua, mawa ransel, jeung
jingjingan tina kertas karton.
Kuring geus teu kudu da-
dah-dadah, cukup ku diuk
dina bangku ieu gé, ma-
néhna tangtu nyampeur-
keun. Saperti ayeuna,
ujug-ujug manéhna diuk gi-
gireun.
“Tos lami ngantosan
Lis?” tanya manéhna,
beungeut bear marahmay.
“Lumayan, aya meureun
10 menit mah,” walon ku-
ring bari ngecek arloji.
“Yeuh oléh-oléh ti
Garut,” manéhna ngasong-
keun kantong jingjingan
tadi.
“Naon ieu téh kang? Ah
meuni rariweuh sagala.”
“Chocodot karesep Alis.”
Kuring ukur imut,
chocodot coklat ti Garut téh
ku kuring dicokot tina kan-
tongna. Bungkus tulisanna
téh “Chocodot, Coklat En-
teng Jodoh”. Nempo tulisan
éta kuring tuluy protés ka
manéhna. Ceuk manéhna,
méh enyaan énténg jodo
cenah, sugan atuh balik ti
Jerman téh beubeunangan.
Jodo umpamana. Kuring
jeung manéhna hereuy silih
hina saperti biasa, cigah ba-
heula basa saméméh kaja-
dian tiket nonton film
Gravity.
***
“Eleuh eleuh, ieu ning
Akang Riksa téh. Kenalkeun
Ranti.” Ceuk Téh Ranti mi-
heulaan basa kuring jeung
manéhna karék gék pisan
dina korsi di Kaffe der Ranti.
“Tétéh terang ti mana?
Alis sok nyaritakeun nya
téh? Enya sok kitu da
manéhna mah, ngomong-
keun kuring di tukang. Téh,
Alis di dieu gaduh kabogoh
teu? Hahaha,” ceuk Riksa
sarua ngajawab bari hereuy.
Kuring mah ka kasir mesen
kopi tuluy mayar.
“Kabogoh nya lis?” ceuk
téh Ranti bari melong ka
kuring tuluy nyengir.
“Kabogoh mah duka
atuh nya Riksa, tapi pameget
nu sok diajak ka dieu mah
aya.”
“Ih tétéh saha oge? Éta
mah babaturan kelompok
proyék di kelas, si Samir,”
ceuk kuring ngajawab.
“Tapi lucu da budakna
téh, kasep, pinter, bageur,
sopan. Urang India nya Lis?”
ceuk Téh Ranti kalah malik
nanya ka kuring.
21. Manglé 247420
“Jadi Alis dek jadi urang
India yeuh? Moal jadi urang
Garut?” ceuk manéhna nga-
heureuyan.
“Hih, apan Alis ti Garut,
nya jelas urang garut lah.”
Ceuk kuring ngajawab bari
jebi. Tuluy heureuy, gogon-
jakan antara kuring, téh
Ranti, jeung manéhna.
Akrab. Cigah dulur nu geus
lila pajauh, kumpul di imah
lantaran acara lebaran. Deuh
lebaran, geus dua usum ku-
ring teu lebaran di lembur.
Tapi teu nanaon nya Ambu,
Apa, da unggal poé ge Alis
mah sok nelepon tina skype.
Jadi teu asa jauh jeung leu-
ngiteun.
***
Angin ngagelebug gedé,
cai di leuwi leutik nu hérang
ngagenclang terus ngamalir
ka hilir. Soang ngarojay
kukucuprakan jigah bidadari
nu silih simbeh dina carita
Jaka Tarub. Kuring masih
nyerangkeun soang tina
luhur jembatan Old Bridge.
“Heidelberg seger nya,
énakeun. Jerman ogé nagara
nu tengtrem jeung rapih.
Paingan Alis betah cicing di
dieu da geuning sakieu én-
dahna,” ceuk manéhna
ngalubarkeun lamunan.
Kuring ukur ngajawab ku
unggek, masih kénéh kasima
ku soang nu laleutik nu
cigahna téh keur diajar ngo-
jay.
“Alis teu sono ka Ambu
jeung Apa di lembur?” tanya
manéhna.
“Sono atuh kang. Tos sa-
taun satengah Alis teu uih ka
lembur...”
“Ari kitu? Uih atuh, tong
cicing waé di dieu.”
“Muhun badé, malah
bulan ieu pisan Alis badé uih
téh. Pas libur semester dugi
ka Februari. Bari jeung Alis
butuh wawancara ka patani
nu aya di lembur, utamana
nu aya di Kabuyutan Galung
gung, aya data tésis nu kudu
dilengkepan.”
“Iraha rencana uihna
lis?”
“Pertengahan Desember
lah. Hoyong reureuh heula
saminggu sabada ujian nu
dilaksanakeun minggu ieu.”
“Atuh langsung wé uih
beres ujian, jadina ka Indo-
nesiana bareng jeung akang
sa-pesawat. Lumayan kan
aya batur ngobrol. Jadi hen-
teu hulang-huleng teuing
salila 12 jam na pesawat téh.
Hehehe.”
***
Pesawat Garuda Indone-
sia geus mimiti take off. Ku-
ring tipepereket muntang
kana sisi jok pesawat, nga-
dua kanu kawasa sangkan
perjalanan Frankfurt –
Garut aya dina kalancaran.
Manéhna diuk gigireun ku-
ring, panonna peureum,
leungeun sidakep dina
angen, sigahna téh keur
ngadoa jeung ngararasakeun
badan pesawat nu mimiti
naék ka angkasa. Nu en-
gkéna ngawang-ngawang di
langit. Kuring neuteup ka
gigir kana jandéla, katingali
bandara Frankfurt mimiti
ngaleutikan. Komo jelema
nu di jerona mah geus moal
katingali. Moal bisa deui
ningali nu lalar liwat sigah
tadi, ningali nini jeung aki nu
pagégéyé duaan. Ningali
bangku urut kuring jeung
manéhna diuk basa nung-
guan waktu check in. Ayeuna
mah kuring geus di dieu,
dina jero pesawat, diuk di gi-
gireun manéhna nu mémang
dék balik sabada ngaréng-
sékeun tugas di Berlin. Ku-
ring dék balik ka Garut,
tepung sono jeung indung
bapa, bari rék ngumpulkeun
data keur tesis.
“Alis tingali ieu saé
geura,” ceuk manéhna
ningalikeun katalog majalah
nu aya gambar kalung
awéwé. Ku kuring jandela
pesawat di tutup, serab, keur
panas poé.
“Saé muhun. Badé meser
kang?”
“Hahaha, henteu atuh,
ngan hoyong ngobrol jeung
Alis. Bonganna anteng waé
neuteup jandéla,” ceuk
manéhna sajalantrahna.
“Lis, 2 bulan deui ulang
taun kan? Masih di Indone-
sia?”
“Masih, da uih deui ka
Jermanna Februari akhir.”
“Nu kasabaraha Alis
ulang taun téh?”
“30 taun.”
“Ehh geuning tos kolot
nya Alis téh, hahaha.”
“Hih kolotan saha jeung
akang?”
“Ah pira gé béda opat
taun, angger wé saumur.
Nya nya nya.” Ceuk manéh-
na ngaheureuyan kuring.
“Lis ... kersa teu maturan
Akang?”
“Kamana kang?”
“Ngambah sagara
kahirupan rumah tangga ...”
ceuk manehna laun tapi jen-
tré. Teuing kudu kumaha
ngajawabna.
Bener ceuk Téh Ranti,
lalaki mah hésé diteguh naon
kahayangna. Ayeuna, di
dieu, 30.000 kaki di luhur
méga kuring dilamar ku
sobat sorangan, Riksa. Eu-
weuh kekecapan nanaon,
iwal ti doa. Puguh ti baheula
gé hayang panggih jeung
jodo, bébélaan teu bobogo-
han da kuring mah mémang
hayang manggih jodo nu
pasti, ari pék ayeuna sobat
sorangan ngajak kawin.
Naha enya Riksa téh jodo
kuring?
Pleng ... ingetan lumpat
ka mangsa nu geus kaliwat.
Tawaran gawé di LAN, basa
mimiti panggih dina beus,
sosobatan sakitu lilana,
Misna, ka Jerman kuliah, di
bandara Frankfurt dua
minggu ka tukang, ayeuna di
dieu di pesawat manéhna
ngomong kitu?
Butuh waktu nu teu
sakedeung keur nimbang-
nimbang rasa mah. Sieun
salah léngkah dina nyieun
kaputusan. Sieun nyeri haté.
Kuring api-api ka cai heula.
Ngahuleng sakeudeung dina
lavatory pesawat téh. Ngaca
salila-lila. Neuteup beungeut
kalawan teleb.
Geuning beungeut téh
geus teu ngora deui, baheula
mah asa euweuh kerutan da
dina kongkolak panon téh.
Dua bulan deui kuring ulang
taun nu ka 30.
***
Garut, kiwari.
“Cep Riksa Danubrata,
bapak nikahkeun hidep ka
putri teges bapa, Alis Amalia
Turangga binti Haji Jejen
Ahmad Turangga ku mas
kawin perhiasan emas diba-
yar kontan.” Ceuk Bapa ku-
ring atra bari nyekel lengeun
kang Riksa nu ayeuna diuk
gigireun kuring.
“Nampi abdi nikah ka
Alis Amalia Turangga binti
Haji Jejen Ahmad Turangga
ku mas kawin perhiasan
emas dibayar kontan,”
ditema langsung ku kang
Riksa kalawan yakin.
“SAHHH...” ceuk para
saksi jeung para hadirin nu
aya di dinya.
Barakallahulaka wa
baroka ’alaika wa jama’a
bainakuma fikhoir ... Sora
pa lebe ngagalindengkeun
doa pangantén, ngabagéa-
keun kuring jeung Kang
Riksa nu resmi jadi pangan-
tén anyar, jadi salaki pama-
jikan.
Bérés dirapalan kuring
jeung kang Riksa di diuk-
keun dina korsi pangantén.
Jadi inget baheula, mimiti
kenal diuk pagigir-gigir dina
korsi beus. Ayeuna sanggeus
7 taun ti kajadian éta kuring
jeung manéhna angger diuk
pagigir-gigir, lain dina beus
tapi, ayeuna mah dina korsi
pangantén. ***
Bandung,
April 2014
22. 21Manglé 2474
yi, an-
teur
keun
kolek
sareng
ema-
meun
ka Ma Karsih, jug!” soanten
Umi ti dapur. Sebel ka Umi
téh. Sakieu geus gedé, geus
ngalanglang ka mancana-
gara, angger wé sok nyebut
Nyai. Piéraeun.
“Geuning unggal sonten
sok dianteuran ku Umi?
Sanés bumi Bi Yoyoh gigir-
eunna?” témbal téh bari
cengkat, laju nyampeurkeun
Umi di dapur.
Atuda enya, imahna téh
ngaréndéng jeung imah pu-
trana, Bi Yoyoh. Nu Bi Yoyoh
mah geus permanén, malah
kaitung agréng. Hareupeu-
nana, maksud téh hareup-
eun imah Bi Yoyoh da imah
Ma karsih mah nyanghare-
upan masigit, imah Mang
Tardi, lanceuk Bi Yoyoh.
Sarua permanen, jeung alus.
Sasat diriung ku anak-
anakna, Ma Karsih mah.
“Lah, da ngaréndéng
jeung anak ogé teu ngajamin
kaurus dahar pakéna. Sok wé
geura anteuran ku Nyai, méh
apal kaayaanana,” saur Umi
deui, bari nutupan baki nu
pinuh ku ringkok dieusi da-
hareun. Kamari mah, basa
kuring anyaran datang, nu
nganteuran wayah kieu téh
Umi ku anjeun. Meureun bisi
kuring carapé kénéh urut di
perjalanan nu sakitu jauhna.
Sanggeus ngucirkeun
buuk, baki ditampanan. Léos
jalan dapur, laju nonggoh.
Gok jeung Bi Maryam.
“Ambuiiing.....ieu saha
mani lenjang? Kakara ka
luar. Rék ka mana Nyai?”
cenah angger cawéhwér.
Lantaran keur nanggeuy
baki, teu bisa sasalaman.
Kuring ukur unggeuk bari
imut. “Badé nganteuran ka
Ma Karsih Ibi, dipiwarang
Umi,” témbal téh.
“Heueuh da Si Haji mah
sok héman. Ieu gé Ibi rék ka
Umi Nyai, sugan kabagéan
kénéh kolek,” cenah bari
nyéréngéh.
“Muhun Ibi, seueur
raraosan mah. Ngga atuh,
abdi ti payun,” cekéng bari
nuluykeun léngkah.
“Enya mangga,” tém-
balna bari tuluy ngungkug
mudun ngajugjug ka imah
kuring.
Bubuhan di lembur,
harieum ku tatangkalan, jam
lima ogé asa geus harieum
beungeut. Geus loba nu
ngahurungkeun lampu.
Méméh ka imah Ma Karsih
téh ngaliwatan heula imah Bi
Yoyoh. Imahna marakbak
caang. Kaciri ti luar keur
ngariung sakulawarga di
patengahan. Kuring ngaliwat
téh bangun nu teu engeuh-
eun. Gok ka imah Ma Karsih.
Bet paroék kénéh?
Panto hareupna méléngé.
Émpérna masih taneuh, jadi
kuring laju muru lawang waé
hayang geura nunda baki,
cangkeul.
“Assalamu’alaikum,”
cekéng bari nyurungkeun
panto ku tungtung baki. Bray
panto muka, di jero ukur
reyem-reyem. Tengah imah,
aya nu keur cindeluk, nyang-
hareupan bokor wadah seu-
paheun. Teu pati sidik kana
rupana, da puguh kaayaan
CCaritaPondok
PETENG
“N
Carpon Risnawati
23. Manglé 247422
jero imah téh rada poék,
kawantu taya lampu sake-
nyay.
Nu cindeluk ngalieuk ka
lebah panto.
“Saha? Asa kakara
ngadéngé sorana,” sorana
alon rada ngadarégdég.
Kuring nyurungkeun
baki rada ka jero. Kalacat
unggah. Hiek, bau teu puguh
neumbrag kana irung. Rék
asup téh ngarengkog. Gék
dina bangbarung.
“Abdi Ma, Yulia. Dijuru-
ngan ku pun biang, Umi
Ooy,” témbal téh bari rada
nahan napas.
“Yulia? Si Kiyul? Ambu-
ing, asa geus lila teu amprok.
Iraha ti kota?” cenah bari
melong jiga nu neges-neges.
Tuluy diukna ngésod nga-
deukeutan. Kuring hideng
ngésérkeun baki, bisi kadu-
pak. “Yap ka jero atuh,”
cenah sanggeus rada deu-
keut. Leungeunna ngaraga-
mang siga rék nyagap, tapi
kalah uyup-ayap nyapaan
angin. Sidik ayeuna mah
kana rupana, da katojo ku
cahya nu rada caang ti luar.
Beungeutna nya sepa nya ce-
long. Keur mah geus sakitu
karijutna, katurug-turug
kuru. Puguh mani jiga ro-
rongkong. Buukna camut-
mut bodas, sedeng panonna
gular-giler teu daék cicing,
tapi jiga nu kosong.
“Wios di dieu wé Ma.
Naha wayah kieu teu acan
ngahurungkeun lampu?”
cekéng téh bari rarat-rérét
néangan stop kontak. Rék di-
panghurungkeun maksud
téh.
“Naha wayah kumaha
kitu ayeuna?” cenah bari me-
long jiga nu satékah polah
neges-neges. Tapi panonna
tiis, taya cahara.
“Tos badé magrib Ma.
Sakedap deui buka. Abdi gé
dipiwarang Umi nganteur-
keun tuangeun kanggo bu-
ka,” témbal téh deui bari
nyurungkeun baki ka pale-
bahna. Nepi ka tungtung
baki lalaunan diadu jeung tu-
urna.
“Lah teu kudu maké
lampu. Rék dilampuan rék
henteu ogé sarua waé Nyai,
geus lolong ieuh!” ceuk sora
tukangeun, nya teugeug nya
garihal. Puguh wé mani
ngaranjug. Reuwas! Sugan
téh euweuh jelema tukang-
eun. Geuwat malik. Bi Yoyoh
ngajanteng, beungeutna
kereng. Ngora kénéh Bi
Yoyoh mah, geulis deuih.
Kuring mah nyebut Ibi sotéh
katalian ku pancakaki, lain
pédah geus jiga Ibi-Ibi.
“Eh Ibi. Damang Bi?”
Cekéng bari nyolongkrong
ngajak sasalaman. Puguh ti
saprak mulang, kakara am-
prok ayeuna.
“Cageur,” cenah pondok,
bari nampanan leungeun
kuring. Panonna ngarérét
kana baki anu dituruban
kénéh.
“Naon éta Nyi?” cenah
angger pondok.
“Kanggo buka Ma Karsih
Bi. Ti Umi,” témbal téh.
“Mani loba-loba teuing,
pira ogé nini-nini, sahuap gé
seubeuheun. Béjakeun ka
Euceu, teu kudu dianteuran
waé dahareun, da ku Ibi ogé
kaparaban kénéh,” cenah
bari kuraweud. Nu dimaksud
Euceu ku manéhna téh in-
dung kuring sasatna.
“Ah ieu mah panginten
palay katuang wé Bi, sanés
nyangki teu kaparaban ku
Ibi,” kuring rada ngabéla.
“Nya karep ari kaleuwi-
han dahareun mah,” bari
léos balik deui ka imahna nu
baranang ku lampu. Kuring
molohok.
“Tah kitu Nyai, anak Ema
mah,” sora Ma Karsih dareu-
da. Dirérét, dina romanna nu
beuki ngabelegbeg diteureuy
poék, aya nu nyéngcélak tina
juru panonna. Cimata.
Leketey téh ieu haté.
“Ké atuh Ma, abdi badé
ngabantun lilin heula. Piraku
Ema tuang mopoék,” bari
jung cengkat.
“Teu kudu Nyai, cumah
caang ogé da Ema mah tos
teu ningali. Poék caang sarua
waé. Palaur aya seuneu mah,
bisi katepak ku Ema, kahu-
ruan ké imah ngan sajendil-
jendilna téh,” manéhna
ngahulag.
“Naha atuh teu masang
listrik Ma. Pan tiasa nyolok ti
Bi Yoyoh,” kuring keukeuh
ngarasa teu téga.
“Pédah cumah téa
meureun Nyai, kaolok-olok
listrik, matak katingali hen-
teu,” pokna deui.
“Muhun ku kituna mah,
mung piraku wé wengi bumi
teu dilampuan?” kuring
keukeuh.
Ma Karsih tibang nga-
rénghap semu nu eungap.
Kuring jadi bingung. Rék
tuluy cicing maturan, pan
sakeudeung deui waktu
buka. Rék balik, haté teu téga
ku Ma Karsih. Kacipta wé
meureun dahar mopoék so-
rangan. Mana reungit mani
napuk, bubuhan deukeut ka
kebon.
“Henjug Nyai geura balik
waé, bisi buka mantén.
Nuhun kituh ka Si Haji,
katarimakeun pisan ku
Ema,” pokna jiga nu ngarti
kana haté kuring nu sabil.
“Teu nanaon Ema dikan-
tun nyalira?” kuring masih
bingbang.
“Da biasana ogé nyalira
Nyai,” cenah bari nyéréngéh.
Gugusina nu semu hideung,
atra kabéh.
Geus kitu mah kuring
amitan. Bari omat-omatan
sangkan kabéh bawa kuring
didahar. Ma Karsih tibang
unggeuk, bari pok deui-pok
deui nganuhunkeun.
Sajajalan haté mani
nyarapat ka Ma Karsih. Ku
téga anak-anakna. Padahal
mah tibang nini-nini
saurang, naon salahna mun
dirawatan bareng saimah.
Meureun dahar pakéna kau-
rus. Atawa mun embung
bareng saimah, atuh urus-
urus témpo daharna wéh.
Komo ieu keur bulan puasa.
Ieu mah mani teu kolu
masang lampu-lampu acan.
Indung titah dahar mopoék
sorangan, bari awak béak di-
gembrong reungit.
“Da kitu anak ka kolot
mahj. Kolot mah ka anak, ti
leuleutik diusap-usap
dinangna-néngné, ulah di-
coco reungit sasiki ogé. Saré
dikasuran, disimbutan. Ieu
mah sasatna kolot téh di-
parabkeun ka reungit unggal
peuting,” saur Umi basa ku-
ring mangadu.
“Mugi-mugi Iyul mah
engké teu kitu ka Umi sareng
ka Apa nya,” cekéng némpas.
Sieun disakompétdaunkeun.
“Amiin. Mun deukeut ci-
cingna nya, pan ayeuna ogé
Nyai mah ukur sataun sakali
mulang téh,” walon Umi bari
imut ngoconan. Kuring
tibang nyéréngéh kaéraan.
Isukna, pabeubeurang
kuring nguriling ka tatangga,
ngadon silaturahmi. Meung-
peung aya di lembur.
Ongkoh da batur salembur
téh kasebutna masih baraya
najan geus laér ogé, sarun-
dayan ti luhurna. Bérés ka-
papay kabéh, nyimpang deui
ka imah Ma Karsih. Keur
ngalangeu dina bangbarung
ayeuna mah. Kuring diuk
dina babaléan awi dina
émpér imahna. Pahareup-
hareup.
“Saha?” bari ngarérét.
Beurang mah sidik pisan
warugana anu pikawatireun
téh. Maké samping jang-
kung, teu dibaju. Atuh tak-
takna anu kari tulang téh
mani kaciri pisan norélak.
Awakna geus rada bongkok.
Saur Umi mah umurna kana
70 taunan leuwih. Tapi can
pikun, atuh dédéngéanna
alus kénéh. Ngan panon
meureun anu miheulaan
pareum téh. Diuk ucang
anggé bari nyandingkeun
iteuk, hariguna rénghap ran-
jug bangun nu capé. Tas ti
sumur tayohna mah.
“Abdi Ma, Kiyul,” témbal
téh nikukur maké ngaran
sesebutan manéhna ka ku-
ring.
“Beuki geulis meureun
24. 23Manglé 2474
nya ayeuna mah Kiyul téh.
Taun tukang keur Kiyul
balik, Ema geus teu pati
sidik,” pokna bari nyéréngéh.
Waosna anu kari dua siki
bari geus daroyong téh kaciri
pisan. Kuring ukur némbal
ku héhéh.
“Cenah Kiyul sok min-
deng ka luar negri? Ka mana
waé?” pokna deui.
“Lumayan Ma, anu
caketna mah kantos ka
Malaysia sareng ka Singa-
pur. Atuh anu tebihna kantos
ka Cina, ka Jepang, sareng ka
Eropah. Can kaaprak sa-
dayana alam dunya téh Ma,
atuda damelna ogé nembé
sataun,” témbal téh.
“Resep nya jadi pergari
mah bisa tumpak kapal ka
mamana,” cenah sari ngala-
mun.
“Sanés pergari Ma, tapi
pramugari,” témbal téh bari
nahan piseurieun. Kagugu
ngadéngé ngomongna anu
balélol bari jeung salah.
“Enya éta. Bati kabita wé
ema mah. Geus moal ngala-
man. Cikan dongéngkeun ku
Kiyul, kumaha kaayaan di
ditu téh?” pokna deui.
“Di ditu di mana Ma?”
“Enya di nagara deung-
eun. Keun baé teu kungsi
ngalaman nincak ogé atuh
ngadéngé-ngadéngé
dongéngna Ema téh,” cenah.
Ti harita, méh unggal
poé, pabeubeurang sanggeus
bérés mantuan Umi di imah,
kuring sok ngahaja ulin ka
Ma Karsih.
Itung-itung ngabuburit
baé, ngadagoan waktuna
masak keur buka. Ukur
ngadongéngkeun sagala rupa
anu katempo salila kuring
mancén tugas jadi pramu-
gari. Kaciri resepeunna téh.
Mani sok aléwoh sagala di-
tanyakeun. Komo mun ku-
ring geus nyaritakeun
kaayaan kota Paris, katangén
resepeunna téh.
Sok tatalepék imeut
pisan. Komo mun nyari-
takeun kaayaan Menara Eif-
fel, kuring kudu imeut
nataan kumaha kayaanana,
kira-kira sakumaha jangku-
ngan, sakumaha legana, mun
naék ka luhur, naon baé anu
katempo ti dinya. Kumaha
mun naékna peuting, pa-
mandanganna jiga kumaha,
jsb. Tara dikorétkeun, sok di-
caritakeun baé sagala rupa
anu kungsi katempo mah.
Mun keur cacarita, sakape-
ung kuring ngarasa, nempo
panonna anu geus pareum
téh ngadadak cahayaan.
Kabungahna atra dina paro-
manna anu sepa.
Aya kabagja anu nyaliara
mun niténan kabungah dina
romanna.
Bet sok ras ka jaman keur
leutik. Ti sainget, kuring
mah teu boga nini. Saur Umi,
nini ti pihak Umi, ngantun-
keun basa Umi kelas dua SD.
Sedeng ti pihak Apa mah,
ngantunkeunna basa an-
yaran Umi nikah ka Apa.
Kuring sadudulur sok apét
téh ka Ma Karsih, nini ti gigir
meureun pibasaeunana. Da
Aki, apana Umi, rai raka
sareng Ma karsih. Harita
mah kuring can apal istilah
nini ti gigir atawa nini sam-
peuran, nganggap nini so-
rangan wéh ka Ma Karsih
téh.
Pasosoré, sok indit ka
masigit téh. Méméh
ngadagoan bedug magrib,
sok ngagimbung di émpér
bumi Ma Karsih waé, da
puguh nampeu téa ka
masigit. Lain kuring
wungkul, tapi incu tegesna
jeung barudak salembur anu
rék ngaji mah ngadagoan
bedug magribna sok di bumi
Ma Karsih waé.
Harita mah di émpérna
aya sababaraha babaléan
tina awi anu lalébar. Mun
digimbung ku barudak téh
kaciri atoheunana. Bar
samak, sor téko ci entéh.
Lalawuhna mah kumaha
usum ngebon baé.
Usum boléd nya boléd,
usum usuk nya kulub suuk,
kitu deui mun usum jagong
sok jeung kulub jagong.
Saréréa dariuk ngabérés,
tuluy Ma Karsih
ngadongéng! Enya, Ma kar-
sih téh pinter pisan
ngadongéngna. Nya ti Ma
Karsih pisan kuring mimiti
apal dongéng Si Kabayan,
Sakadang Peucang,
Sakadang Kuya jeung
Monyét, jeung dongéng-
dongéng lianna. Malah
sakapeung mah Ma karsih
sok ngadongéngkeun hal-hal
anu nyata, upamana kaayaan
di Kebon Raya Bogor, di Ra-
gunan, jeung tempat wisata
Bina Ria di Jakarta.
Kuring saréréa tangka
sok saregep pisan mun nga-
bandungan dongéng-
dongéngna. Atuda sok jiga
nu enya pisan ngadongéngna
téh, nepi ka kuring mah bisa
ngabayangkeun kumaha
kaayaan tempat anu aya dina
dongéng-dongéng Ma Kar-
sih. Wallohualam naha Ma
Karsih kungsi nincak atawa
acanna mah ka tempat-tem-
pat anu didongégkeunana
téh, da teu kungsi di-
tanyakeun. Ngan nu sidik,
harita kuring sok nempo ca-
haya panon anu hurung ti
barudak basa ngabandungan
dongéngna, jiga anu saka-
peung sok kapanggih dina
panon Ma karsih basa nga-
bandungan dongéng kuring.
“Leuh mani ramé. Kiyul
mah bisaan ngadongéng téh,
” cenah unggal kuring bérés
cacarita.
“Pan guguru ka Ema dina
urusan ngadongéng mah,”
témbal téh bari nyéréngéh.
Ma karsih milu nyéréngéh.
Waosna nu ompong tinggal
dua siki, kaciri beuki doyong
baé.
“Mun ema beunta kénéh
mah meureun bisa nempoan
poto Kiyul di luar nagri nya,”
cenah.
“Tapi kétah keur naon,
da aya kanyaho ogé moal
bisa didongéngkeun deui ka
sasaha,” tuluyna semu
ngarahuh.
“Naha Ema tara
ngadongéng deui ka baru-
dak? Padahal raramé
dongéng ema mah,” pok téh.
“Barudak nu mana?
Barudak ayeuna mah teu
bareukieun dongéng.
Gawéna ukur lalajo tv, maén
PS, jeung nyoo HP.
Pan katempo meureun
ku Kiyul ogé, salila saminggu
Kiyul di dieu, tara aya baru-
dak anu ngulampreng nyam-
peurkeun. Keur mah
nini-ninina barau meureun,
katurug-turug dongéngna
geus tinggaleun jaman. Geus
tara aya budak anu daék
nyampeurkeun ayeuna
mah,” cenah sari ngalengis.
Panonna anu biasana gular-
giler, ayeuna mah manteng
melong kosong ka jauhna.
Semu beueus. Cahya anu
sababaraha poé ieu sok
ngolébat dina kongkolak
panonna, ilang teuing ka
mana. Aya rasa sepi anu po-
hara, parat karasa kana ma-
maras rasa. Teu karasa
panon kuring milu beueus.
Sapoé ti tas lebaran, ku-
ring amitan rék mancén
tugas deui. Basa kuring
nyium pananganna, karasa
aya nu nyakclak kana
embun-embunan. Pana-
nganna anu kénca, bari
ngadarégdég, teu reureuh
ngusapan buuk.
“Jug Kiyul, dido’akeun ku
Ema sing salamet indit ka
mana-mana ogé. Ulah poho
solat lima waktu nya Nyai.
Tingalian ku Nyai legana
alam dunya, taun hareup
dongéngkeun deui ka Ema
nya,” cenah bari dareuda.
Peuting ieu kuring keur
di Paris. Basa di Menara Eif-
fel, datangna sms ti Umi.
Cenah Ma Karsih ngantun-
keun teu kanyahoan. Soré
kamari Umi nganteuran da-
hareun, masih kénéh bisa
cacarita.
Ari soré tadi Umi ka bu-
mina deui, tos ngabebeng-
kang teu nyawaan. Panon
karasa juuh, dipaksa neuteup
ka jauhna, nganteurkeun
teuteup Ma karsih nu hayang
nataan legana dunya.***
25. L
alaunan Nyi-
mas nutup-
keun panto
cai. Lalaun-
an ogé, nu-
runkeun
sukuna, ngaléngkah ka
handap, ngaliwatan tilu
tangga nu leueur kasim-
beuhan ku cai ti jero.
Sanggeus hareupeun
panto nu rék ka imah, teu-
ing timana jolna, angin
ngahiliwir kana punduk-
na. Tiis. Nyimas ngarérét
ka lebah panto cai nu
nutup. Kapireng sora cai
nu kawas ngamalir kana
paralon handap, padahal
geus sababaraha menit
katukang, cai kuduna eu-
reun ngamalir.
Teu pati dipikiran. Nyi-
mas ngaleupaskeun dua
sendal capitna, sukuna di-
teueul-teueulkeun kana
kékéséd nu garing, tuluy
bus ka jero imah sanggeus
saméméhna ngonci ti jero.
Golédag gigireun orok
beureum nu tacan sabulan
aya di alam dunya. Awak
Nyimas nyaréri kénéh, la-
linu, tilu jaitan teuing leu-
wih waktu réngsé
ngaheujeun si jabang bayi.
Leumpang gé kawas nu
léléngkah halu sakapeung
mah. Uyuhan ku kituna
mah, ngawulaan sorangan
ti réngsé lahiran téh. Ti
mimiti ngurus orok,
nyeuseuh, popoé, ngaléot
tepika ngawulaan kadaha-
ran ogé ku sorangan.
Sakali-kali éta ogé lan-
ceukna nu sarua ripuh
ngurus budak sapopoéna,
nepungan. Tuluy man-
tuan. Tapi tara kungsi lila,
ukur memenitan.
Nyimas dumuk di kon-
trakan, teu boga imah.
Salakina gawé di pabrik
tékstil nu cenah moal lila
deui bangkrut. Tiap poé
balikna burit, anakna nu
cikal nu umurna can pan-
ceg lima taun, can bisa
kaarah gawé mun saka-
lieun indungna nitah
meuli uyah ka warung ogé.
Jarum pondok museur
kana angka sapuluh waktu
Nyimas ngeukeupan orok
nu ngagebra. Salakina
réngsé Isya disalampeur
babaturanna. Diajak
gapléh. Saenyana Nyimas
keuheul nataku, teu kira-
kira salakina indit ning-
galkeun manéhna katilu
anaknna di imah kontra-
kan nu kacaritakeun loba
jurig.
Séak … angin nyéak.
Nyimas ngarénjag. Naha
aya angin ka jero imah,
sakitu rérégan nutup,
malah liang angin di luhur
jandéla jeung panto ogé
geus rapet ditutupan ku
koran. Najan teu tarik,
kana puhu ceuli Nyimas
atra sora nu seuri, nyiki-
kik. Siga sora awéwé. Nyi-
mas reuwas. Ceulina
rancung-rancung waktu
kadua kalina sora nu
nyikikik téh aya deui. Nu
kadua mah, rada lila, aya
kana sababaraha detikna.
Puringkak, bulu punduk
Nyimas muringkak.
Awakna dakdumadak
ngeleper, tapi satekah
polah nahan rasa sieun nu
mimiti nyaliara. Geuwat
cengkat tina kasur nu nga-
haja diamparkeun tiap
peuting di tengah imah.
Ngarawu orok tuluy
gagancangan blus ka
kamar. Panto dikonci
pageuh ti jero. Orok
digolérkeun di gigireun
lanceukna nu keur kérék.
Panon Nyimas teu
daék peureum, pikiranna
masih museur kana sora
nyikikik tadi. Teu bisa di-
pastikeun dimana éta
sora, tapi Nyimas ngarasa
sora nu pikasieuneun éta
téh datangna ti rohangan
tukang, tukang pisan, juru
pisan … nyaéta pernahna
ti jero cai. Nya, Nyimas
yakin ti dinya. Menit-
menit ka hareupna karasa
lila, ras Nyimas inget kana
caritaan tatangga waktu
dua bulan katukang anyar
nyicingan ieu imah, cenah
mah di imah kontrakan
ieu nu lega ku rohangan
téh, didumukan ogé ku
loba mahluk salian ma-
nusa. Matakna harga kon-
trakan imah téh kaitung
murah. Nurutkeun béja
deui, unggal nu kungsi
nyicingan imah ieu, kabéh
gé kungsi ngarasakeun
ayana bangsaning jurig di
dieu. Wallahualam… Nyi-
mas teu pati percaya.
Keur dirina nu harita
bulan alaeun, manggih
kontrakan nu murah téh
leuwih penting tibatan
ngadéngé nu teu para-
ruguh jeung bangun nu
pamohalan. Lain teu per-
caya ka bangsa nu kitu,
tapi embung kaganggu ku
béja-béja nu can pasti.
Cikikik, sora nu
nyikikik téh disada deui.
Puriding, Nyimas muri-
ding. Awakna ngadarég
dég. Orok dikeukeupan
pageuh. Nyimas yakin
ayeuna mah, éta sora
kunti. Kuntilanak. Mahluk
nu cenah jurig awéwé nu
buukna panjang ngaram-
bueuk, beungeutna ruksak
pikasieuneun, papakéan-
ana daster bodas kuleu-
heu. Nyimas gé karék
inget, tadi manéhna ka cai
pikeun miceun getih tina
bagéanna nu kagetihan.
Nyimas enya-enya poho
kana caritaan Téh Ana,
lanceukna nu sababaraha
kali geus pangalaman
orokan.
“Kadé Nyi… ulah wani-
wani ngumbah getih saen-
tasna langit hideung,”
pokna peupeujeuh.
“Kajeun teundeun
heula wé, buntelkeun...
keun isuk deui wé ari
panonpoé geus bijil,
kakarék beresihkeun.”
“Bisi dicokcrok ku
kunti nya, Téh?”
Manglé 247424
PPuridingPuringkak
Kuntilanak
Ku Komala Sutha
26. 25Manglé 2474
Nyimas gé karék inget,
imah kontrakan ieu,
bagéan rohangan tukang
jeung imah tatangga nu
nukangan, ukur diwatesan
ku susukan. Ceuk béja, di
susukan kunti resep keke-
ceprekan ari poé geus ing-
kah, komo deui disampak
keun getih ti nu hudang
ngajuru. Inget kadinya,
Nyimas beuki pageuh
ngeukeupan orokna.
Jam dinding di tengah
imah disada sabelas kali.
Salaki Nyimas nu mimin-
dengna mah polahna
kawas budak ngora, can
kénéh mulang. Antara
rasa keuheul jeung
sieun, pagalo dina jero
dada. Nyimas mu-
rungkut nyuksruk
kana awak orok
beureum nu
leutik. Tina
awakna nu
begang
nu
dibung-
kus ku
baju
daster
nu lala-
yu sekar,
tina
pinarepna
nu tuma-
won, barijil
késang badag
késang lembut.
Sabisa-bisa Nyi-
mas ngageren-
dengkeun kalimah
ampuh pikeun ngusir
kunti nu bisa waé nyam-
peurkeun, tapi dakdu-
madak biwirna hésé deui
éngab. Dada Nyimas turun
naék, satekah polah ny-
inglarkeun rasa sieun nu
mingkin nyaliara.
Rarasaanana, sora nu
nyikikik téh disada deui,
ayeuna mah lain ti jero cai,
tapi beuki deukeut, beuki
deukeut baé.
Sora panto hareup nu
digedor tarik ngalantaran-
keun Nyimas ngarénjag
reuwas. Ceulina masih
rancung ngadédéngé-
keun sora nu
nyikikik nu aye-
una mah leu-
ngit. Pindah
kana sora
panto
hareup
nu teu eureun-eureun di-
gedoran. Nyimas ngusap
dada. Lalaunan cengkat,
orok beureum nu can
dicukuran tepika peuting
ieu, masih ngagebra teu
kagareuwahkeun ku sora
panto nu digedoran tarik
ku jalma teu boga pikiran
nyaéta bapana, salaki Nyi-
mas.
“Nyi-
mas…
nyaring
atuh!” ti
luar, salak-
ina ngagen-
traan. “Naha
tengah imah beut
dipoékan? Tara-tara
ti sasari! Hurungkeun
atuh!” Nyimas kerung.
Rarasaan manéhna teu
mareuman lampu nu di-
maksud. Pegat meureun,
pikirna.
“Nyimas… geuwat buka
atuh!” salakina ngagoro-
wok ti tepas hareup, leung-
eunna eureun ngagedoran
panto. “Yeuh Akang mawa
maratabak paméré si
Adung!”
“Enya Kang… sake-
dap,” témbal Nyimas bari
menerkeun kancing daster
nu muka. Bari ngararasa-
keun peurih dina
bagéan awakna
urut ngaheu-
jeun si jabang
bayi, ngo-
jéngkang tina
dipan butut,
tuluy muru
gagang
panto. Bray
panto kamar
muka. Bener
ceuk salakina,
rohangan te-
ngah imah téh
pareum pada-
hal Nyimas teu
rumasa mareu-
man. Karék gé rék
ngaléngkah tina la-
wang panto, bari leu-
ngeunna cupu-capa
kana témbok néangan
stop kontak, najan poék
rohangan tapi panon Nyi-
mas awas kénéh.
Dina luhur kasur kapuk
ipis di tengah imah, nyam-
pak aya nu keur nanghun-
jar. Awéwé buuk panjang
ngarambueuk, beungeutna
ruksak. Pakéanna nu bo-
das kuleuheu kawas das-
ter. Barang nempo Nyimas
nu ngarénjag, nu keur
nanghunjar dina kasur
kapuk téh nyikikik.
Pikasieuneun.
Ti luar, sora salaki Nyi-
mas gegeroan deui, kana
sababaraha kali. Tapi
saeutik gé teu tepi kana
ceuli. Nyimas geus teu
kaburu inget deui nanaon,
kaburu teu inget di bumi
alam.***
Cililin,
28 Pebruari 2014
27. CCarita Heubeul
B
ari nganggo
anggoan
saperti rayat
biasa, saja-
jalan Dipati
Ukur mapay-
mapay raratan, milari katera-
ngan di mana meuweuhna
éta huru-hara, naon anu jadi
lantaranana jeung saha anu
jadi ulon-ulonna.
Barang geus lengkep ka-
teranganana, anjeunna
ngalahir ka réréncanganana,
saurna:
“Eh dulur-dulur, ayeuna
kaula geus terang saha anu
jadi ulon-ulonna jeung naon
maksudna anu matak
ngayakeun huru-hara kieu.
Karepna lain nawuku baha ka
nu jadi Ratu, anging dipaké
jalan pikeun ngahianatan
jeung nyilakakeun diri kaula,
panggawéna sawatara jalma
anu ceuceub jeung sirik-pidik
ka kaula. Ku kaula moal dibé-
jakeun saha-sahana, sabab
engké ogé tangtu ku aranjeun
baris kauninga. Ayeuna mah
hayu baé urang ngajorag ka
padumukanana. Ti dieu pere-
nahna enggeus deukeut, lem-
peng ngulon lalakon kira-kira
dua tilu jam deui. Ku sabab
éta, anjeun sadayana kudu
ati-ati sarta taki-taki, bisi di
jalan aya musuh ngabongo-
han. Rap ayeuna mah geura
aranggo deui anggoan kapra-
juritan.”
Rerencangan sadayana
saur manuk nyumanggakeun
sarta jangji baris toh pati jiwa
raga, béla tumutur ka Dipati
Ukur.
Kira-kira wanci lingsir
bral marangkat, leumpangna
nyarahcalan pairing-iring,
henteu ngabrul ngabubuhan.
Anu pangheulana Dipati
Ukur.
Barang geus anjog ka sisi
kampung anu rék dijugjug,
Dipati Ukur henteu ujug-ujug
lumebet, reg sakedapan
ngarandeg lantaran
ngadangu anu salusurakan,
kawas nu keur maroro
bagong.
Anjeunna gancang mi-
warang taki-taki, bari sayaga
baris nyanghareupan ban-
cang pakéwuh.
Henteu sabaraha lilana ti
kénca katuhu burudul jalma
mangpuluh-puluh, kabéh
pada marawa gagaman,
kayaning gobang, bedog,
tumbak jeung sapapadana.
Gancang Dipati Ukur mi-
warang réréncanganana, su-
paya ngajejer ngawangun dua
jajaran anu patukang-tukang,
masing-masing pada nyang-
hareupan musuh, anu rék
ngurubut ti kénca jeung ti
katuhu. Ku diatur kitu,
musuh téh moal bisaeun
narajang ti tukang. Kabéh
geus pada taki-taki, sayagi
sagagaman-gagamanna.
Kapala karaman, jalma
jangkung gedé, bosongot
budi amprotan, luncat ka
hareup bari ngagorowok,
maréntah sangkan baladna
narajang. Tapi ku lantaran
nénjo lawan anu sakitu
samaktana sanajan henteu
sabaraha réana, karaman-
karaman téh pating rarandeg,
henteu ngambreg wanieun
narajang. Dihayoh-hayoh ku
kapalana téh, tinimbang
maju kalah silih rérét jeung
pada baturna. Aya di an-
tarana opat-limaan, anu
ngawani-wanikeun manéh,
lantaran sieun ku anu jadi ka-
pala. Maranéhna norojol ka
hareup, tatandang bari
ngulinkeun pakarangna. Srog
diayonan ku balad Dipati
Ukur, anu pakarangna sarua,
tumbak dilawan ku tumbak,
pedang diadu jeung pedang,
keris ditakis ku keris.
Sajongjongan mah ramé, jiga
enya anu tanding, sarua
tangkesna sarua kesitna.
Balad Dipati Ukur enggoning
ngayonanana téh henteu
dibarengan ku niat arék
maténi, ku sabab ti samé-
méhna ogé geus dipapancé-
nan ku dununganana, supaya
sabisa-bisa ulah diarah
patina. Jadi dina prungna
adu rempon téh, ngan saukur
nakisan panarajang musuh,
ngajaga diri sangkan ulah
kakeunaan. Anu narajang
lila-lila béak tanagana,
Manglé 247426
{ 88 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
28. ngulinkeun gagamanana ogé
geus henteu maké aturan,
huak-hiuk gejas-gejosna téh
geus sakabelong-béntor.
Geus kitu mah kakara ku
balad Dipati Ukur diangseg,
dirapetan. Henteu kungsi lila
pakarang-pakarangna kabéh
enggeus karebut, tuluy
malundur, nyalingker kajero
rombonganana. Kapalana
ngagorowok deui, nitah su-
paya gancang aya nu nga-
ganti. Tapi anu gogorowokan
jeung maréntah bari popo-
rongos téh, saukur didéngé
ku tai ceuli, da buktina teu
aya saurang-urang acan anu
wani ka hareup, anggur mah
pagulung-gulung di tukang,
bari silih surung jeung pa-
pada baturna. Kawasna baé
karaman-karaman téh gigis
nénjo balad-balad Dipati
Ukur anu sakitu taranginas-
na. Nyaksian adu rempon
anu tadi, katénjona téh jiga
ucing anu ngamaénkeun beu-
rit, ditoélan didekeman, tapi
henteu tuluy dikerekeb.
Tungtungna haténa maru-
rengked, boga rasa katitih ja-
jatén. Nu matak henteu aya
nu wanieun maju deui.
Nénjo kaayaan kitu, Sang
Kapala boga rasa katempuh-
an tanggung jawab, bubuhan
jadi pamingpin sieun kasurak
ku balaréa, disarebut hu-
mayua, keur naon jadi pa-
mingpin ari rék leutik burih
mah. Najan bari hemar-
hemir, maksakeun manéh
ngasrog saeutik, sosoak
nangtang musuh bari
parakatangtang-pirikiting-
ting. Mun dina wayang mah
henteu beda ti Panglima Ci-
trayuda, jiga ari heueuh
gagahna. Pokna, bari sosoak:
“Cing mana jalmana, anu
ngaran Dipati Ukur téh!
Lamun enya lalaki, hayoh
geura maju, urang ngadu ja-
jatén jeung kami, Den Behi
Reksopringgo, kekentongna
Selorejo!”
Salah saurang rérénca-
ngan Dipati Ukur, anu
kabeneran aya di gédéngeu-
nana, unjukan nyuhunkeun
widi supaya manéhna anu
ngayonan. Piunjukna:
“Nun Kyai Dipati, mugi
aya lunturing galih, kersa
ngawidian abdidalem nga-
yonan ki Reksopringgo. Abdi-
dalem sumeja bébéla, lali rabi
tegang pati, asal Dampal-
dalem teu pendak sareng ku-
ciwa.”
Dipati Ukur alon ngalahir
bari dibarengan imut:
“Ki Silah, béak kula nya
tumarima, sampéan purun
bumela. Tapi hanjakal kula
teu bisa ngidinan, ku sabab
itu nangtang ka diri kaula.
Lain kula henteu percaya
kana wewesen sam-péan,
ngan sok sieun Ki Rekso
nemahan pati, ditanganan ku
sampéan. Ari maksud kaula
lain rék ngarah patina, tapi
rék diboyong hirup-hirup,
keur ngeupanan guguluna,”
sasauran kitu téh bari ha-
haréwosan, sangkan ku
musuh teu kadéngéeun.
Ki Reksopringgo pikirna
asa diupat jeung bari teu
ngeunah rasa. Gantawang
nyentak, nyimbutan rasa
salempang:
“Entong maké loba carita,
sor geura maju lamun enya
mah digjaya. Béjana manéh
téh, lalaki langit lalanang
jagat, gagah hésé nyiar tan-
ding. Nya ayeuna baris meu-
nang lawan, anu sanggup
ngarakrak iga manéh!”
Dipati Ukur ngadangu
panangtang musuh kitu téh,
henteu risi henteu rempan,
malah henteu panas-panas
acan, sumawonna lamun
bendu. Srog anjeunna maju,
angkat henteu gurung-gusuh,
titih rintih teu cirigih, pase-
mon jeung bari imut, lahirna:
“Raden Behi Rekso-
pringgo, nya ieu kaula jal-
mana anu ngaran Dipati
Ukur. Naha naon maksud an-
jeun téh, arék ngarah pati
kaula atawa saukur ngan arék
nangkep wungkul?”
Ki Behi Reksopringgo
sugal ngawalon:
“Saupama manéh henteu
arék baha, hamo ngalawan
tapi daék sumerah bong-
kokan, tangtu ku kami moal
arék dibinasa, ngan saukur
dicangkalak, dideuheuskeun
ka nu miwarang.”
“Euh kutan sampéan téh
ngan saukur piwarangan; lain
ngaraman niat sorangan,
ngahucuhkeun jalma réa,
nitah baha ka nagara,” saur
Dipati Ukur bari rintih amis
budi. “Karunya teuing ku
rayat nu teu boga dosa,
dibawa susah sarakah. Jeung
saha anu geus miwarang ka
sampéan téh. Den Behi?”
“Teu kudu loba carita,
henteu kudu hayang nyaho
saha nu ngutus ka kami.
Ayeuna mah geura pilih
baé, naha rék ngalawan
atawa arék sérah bongkokan,
sangkan salamet!” Ki Rekso-
pringgo ngomongna kitu téh
bari maju ngadeukeutan,
mesat gobang tuluy diabar-
abarkeun, munggah gugurila-
pan. Ragag-rigig jalang-
jeleng di payuneun Dipati
Ukur, bari huntuna kekerot,
bangun anu ngagigila, nying-
sieunan.
Tapi Dipati Ukur mah
ningali anu talajakna kitu téh,
tetep ayem teu obah bulu
salambar, pasemonna ampuh
timpuh, bubuden tetep sare-
seh.
(lajengkeuneun)
27Manglé 2474
29. Manglé 247428
Bagian
205
CCarita Nyambung
Peuting ka-251
S
yahrazad
cacarita ka
adina. Peuting
éta mah, rék
mimiti medar
lalakon ahéng
urang Mesir. Puguh we, Raja
Syahrayar gé panasaraneun.
Eta raja téh ngidinan nu rék
ngadongéng medar lalakon
dina peuting saterusna.
Kacatur sudagar Mesir,
Syamsudin. Inyana téh sohor
pisan, lantaran kabeunghar-
anana. Pakayana di mana-
mana, mangrupa toko jeung
barang-barang nu gedé
ajénna. Ku lantaran kitu, éta
sudagar téh meunang kaper-
cayaan jadi kepala palabuhan
atawa syahbandar.
Imahna nu ngajungiring
tur sigrong, teu weléh haneu-
teun, lantaran loba pangeu-
sina. Badégana welasan
titambah ku abid sababaraha
urang. Nu kabéh éta téh boga
pancén masing-masing nga-
wulaan Syamsudin jeung bo-
jona.
Najan hirupna nga-
henang-ngahening, beuki
dieu mah mimiti ngarasa
sedih kingkin. Komo mun
nempo tatangga-tatanggana
nu sarua maruka toko, éta
sudagar téh kabitaeun naker.
Rék teu kitu kumaha, da
tatangga-tatanggana mah
baroga budak, awéwé-lalaki,
nu ceuk pikir Syamsudin,
bakal kacida bagjana mun in-
yana ogé boga budak.
Dina hiji poé, rét Syam-
sudin kana eunteung. Bet
béda ti sasari, inyana neuteup
kalangkang sorangan antep-
antepan. Horéng, geus loba
robahna, pangpangna nu
tembong téh huis nu mimiti
beuki ngerepan. Leuh, aing
téh geus kolot geuning. Kitu
gerentesna.
Ras inget kana lalakon
rumah tanggana, aya rasa
kaduhung nu nyalahkeun di-
rina. Umur rumah tanggana
nu geus opat puluh taun,
tacan ngarundaykeun turun-
an, teu burung-burung acan.
Kaduhung téh, bet kungsi
jangji baheula, moal ngadua
haté, moal boga pamajikan
deui salila ngarangkep jeung
pamajikanana mah.
Pasipatan Syamsudin nu
robah, karasa pisan ku bojona
gé. Pangna ngarasa tugenah,
lantaran salakina nyalahkeun
dirina nu dianggapna gabug.
Padahal, can tangtu saha-sa-
hana nu gabug teh, lantaran
can kungsi dipariksa.
“Nya urang tarékahan wé
babrengan, urang tatamba ka
nu bisa,” ceuk bojona.
“Kawasna mah enya kudu
kitu,” walon salakina.
Ti harita, Syamsudin
satékah polah néangan ubar-
ubaran nu bisa jadi cukang
lantaran bojona bisa kakan-
dungan. Ku keyeng mah,
najan hésé-béléke, ahirna
tinekanan. Ku cukang lan-
taran nginum rupa-rupa
racikan istri Syamsudin ngan-
deg. Ahirna, geus salapan
bulan kakandungan, eta ja-
bang bayi téh medal ka alam
dunya, orok téh lalaki.
Kulawargana bungaheun
kacida. Lalangsé hideung nu
ngareumpeukan éta kula-
warga ngadadak sirna. Di-
ganti ku plung-plongan
harepan éta sudagar.
“Saha pingaraneunanan
ieu budak téh?”
Walon bojona, mun
budak awéwé, nya inyana nu
rék ngaranan éta budak téh.
Tapi, ari lalaki mah pingara-
neunana gé masrahkeun wé
ka salakina.
Peuting ka-252
Heuleut sawatara poé, éta
budak téh can dingaranan.
Syamsudin mikir uleng keur
pingaraneun anakna. Antuk-
na, sanggeus meunang pinga-
raneun nu ceuk pikirna cocog
keur ngaran anakna, éta
Sudagar téh babadamian deui
jeung garwana.
“Urang ngaranan wé Ala-
din Abu Syamat,” pokna ka
istrina.
“Mangga, ngiringan!”
walon bojona.
Hadirna Aladin di éta
imah, lir bentang nu teu
weléh nyaangan poékna peu-
ting. Sakumna pangeusi
imah, pinuh ku kabagjaan.
Kitu téh lantaran pangaruh
Syamsudin jeung bojona nu
30. 29Manglé 2474
leuwih bageur batan samé-
méhna. Ti gubrag ka alam
dunya, nepi ka dua taun mah,
éta budak téh tara jauh ti in-
dung. Teu weleh pada nga-
riung-riung pada nagriksa
jeung ngajaga. Dikersakeun
ku Nu Mahakawasa, éta
budak téh hirup waras pait
daging pahang tulang.
Nincak umur dua taun,
budak téh disapih. Diasuh ku
pagawé pentingan nu meu-
nang kapercayaan ti dunu-
ngan. Aya kana welasna nu
ngurus jeung ngaladenan éta
budak téh, kalayan dipe-
renahkeun dina tempat
husus, di kamar nu aya
jeroeun taneuh. Eta témpat
gé ngahaja dijieun ku Syam-
sudin keur anakna nu ngan
hiji-hijina téa.
Sapopona Aladin tara ka
mana-mana. Ukur sabudeur-
eun kamarna wé. Ngan, ku
lantaran aya di dinya téh ti
leuelutik, karasana ku Aladin
mah biasa wé.
Sagala kabutuh Aladin
kacumponan. Da, sagalana gé
nyampak. Atuh, nu ngajar-
keun rupa-rupa élmu panga-
weruh jeung agama, ngahaja
didatangkeun ka éta kamar.
Ku cara kitu, nepi ka umur
welasan taun, éta budak
Sudagar téh can kungsi apal
kaayaan di luareun imahna.
Dina hiji waktu, basa Ala-
din keur diuk di salah sahiji
rohangan imahna, torojol
salasurang pagawé éta suda-
gar datang ka éta tempat,
nyampeurkeun bari nungtun
bagal.
“Keur naon ieu bagal
téh?” ceuk Aladin Abu Sya-
mat.
Pok nu ditanya ngawalon.
Eta bagal téh tutungangan
Syamsudin, nu biasa dipaké
nganteurkeun ti éta imah ka
pagawéan jeung sabalikna.
“Naon pagawéan ama
téh?”
“Syahbandar.”
“Tugasna naon syahban-
dar téh,” Aladin tetelepék.
Nu ditanya ngawalon.
Pancén syahbandar téh ngu-
rus ngatur sakumna pada-
gang jeung sudagar nu aya di
Mesir. Naon waé barangna
jeung ti mana waé asalna,
kudu katalingakeun jeung
meunang ijin syahbandar.
Ngadéngé nu patinggere-
neng, ibuna nyampeurkeun.
Aladin, langsung nyarita ka
indunga. Cenah, salila ieu
manéhna teu apal kaayaan
dunya luar, padahal bapana
téh boga kakawasaan nu
kacida gedéna.
Peuting ka-253
Aladin kakara sadar, salila
éta mah, inyana téh lir manuk
nu dikungkung di jero ku-
rung. Malah, manuk onam
bisa nempo plung-plongan
dunya lauar, tapi dirina mah,
apan teu bisa ka mana-mana
teu apal kana kaayaan di luar
tembok pakaranganana.
“Ih, ulah salah tarima.
Dijaga jeung diriksa sotéh,
apan di luar mah loba nu
pibalaieun,” ceuk indungna.
Ngadéngé caritaan in-
dungna kitu, Aladin téh beuki
ambek. Ceuk pikirna, apan
takdir mah, lain manusa anu
nangtukeun. Atuh, teu kudu
sieun jeung hariwang ku
pihak séjén. Saterusna, Ala-
din téh panjang cacarita, du-
masar kana pamanggih jeung
pangaweruh ti paraguruna.
Mun manusa percaya
kana takdir ilahi, teu kudu
rempan ku pihak séjén. Jueng
deuih, kitu kanyataanana
kahirupan mah tara aya nu
langgeng. Apan, karuhun
urang gé maraot nu tangtu
pati téh bakal tumiba ka saha
waé kaausp ka kula sorangan.
Satereusna, ieu anak
Sudagar téh nyarita deui.
Mun ayeuna bapana aya
kénéh di kieuna, can tangtu
sabaraha sabaraha poé deui
lilana bakal tetep hirup
kénéh. Mun Samsudin nepi
ka hanteuna, sarta taya nu
apaleun manéhna anak éta
Sudarag, hartina, moal aya
percayaeun mun inyana téh
anak Syamsudin, nyahbandar
jugala.
“Ku lantaran kitu, mugi
ibu mangnepikeun ieu pasu-
alan ka ama,” pokna.
Ibuna ngabetem. Ni-
mbang-nimbang jeung miki-
ran kekecapan anakna. Ceuk
pkirna, nu ditétélakeun ku
anakna téh taya salahna.
Malah, kitu pisan benerna
mah, sangkan nu séjén gé
apaleun yén Aladin téh anak
Syamsudin.
“Heug,” ceuk ibuna,
”sagala kahayang hidep urang
tepikeun ka ama,” ceuk in-
dungna. ***
(Hanca)
31. Manglé 2474
S
anggeus
meresihan
kéréték,
reureuh
heula sakeu-
deung ngara-
rasakeun kareuwas jeung
katugenah nu cikénéh
karandapan. Bari nung-
guan barudak budalan
sakola, kuring neuteup si
Géboy, kuda nu unggal
poé maturan narik ké-
réték. Maké nyérédét hate
téh, teungteuingeun nu
nyangka goréng ka ku-
ring. Harita basa jalan
keur macét. Motor, mobil
pajejel, hésé rék ngejet-
keun tali kuda. Ari terus
waé dipecutan karunya
kudana. Ras inget aya
jalan malibir ka komplék
rada sepi, teu pabaliut
teuing.
Si Géboy dititah
méngkol ka kénca nu
brasna ka Komplék
Sukasenang. Enya wé
kuda bisa leumpang gan-
cang kalan-kalan lumpat,
“kotoplak ningnéng,”
léngkah si Géboy mani
ramé ditéma ku surak
barudak jeung baracéo.
Aratoheun dibawa jalan-
jalan tumpak délman.
Aya kana sajamna
kukurilingan di Komplék
Sukasenang téh,
panumpang narungtutan
turun. Kari saurang deui,
budak awéwé umurna
kakara dua taun. Diukna
gigireun kuring ngahaja
tadi dipihapékeun ku in-
dungna, cenah pangma-
wakeun budak nepi ka
boseneun, indungna rék
bébérés heula di imah.
Geus lila kukurilingan,
bari anteng nabeuh
budak. Sakalian rék di-
anteurkeun ka imahna
ceuk haté, da geus bo-
seneun meureun, ujug-
ujug aya mobil nu nyegat,
Reg! kuda eureun disaka-
likeun, nepi ka ngajeng-
kang.
“Eureun siah rék
dibawa ka mana anak
aing?” ceuk lalaki nu
tumpak mobil téh.
“Moal dicandak ka
mamana badé dijajap-
keun ka bumina!” témbal
kuring.
“Alesan siah rék dicu-
lik meureun. Maenya los-
los ka dieu, da imah aing
mah jauh ti ieu tempat.
Mana panumpang séjén,
maenya ukur anak kuring
wungkul nu tumpakna,”
kituna téh bari jeung
popolotot.
“Sumpah sanés culik
abdi mah,” témbal kuring.
“Laah tong loba
omong. Hayu ayeuna
milu urang ka kantor
RW!” pokna bari nitah
kuring nuturkeun
manéhna.
Nepi ka kantor RW
kuring diriungkeun. Aya
kana tujuh urangna. Tapi
da saréréa gé arapaleun
ka kuring. Sanajan kitu
teu burung ditanya naha
narik di lingkungan ieu,
da biasana ogé tara ka
dinya. Cek kuring ngarah
teu macét jalan ka dieu
soteh.
“Abdi langganan ibuna
ieu murangkalih nu sok
nitipkeun ka abdi, mi-
warang ngajak jalan-
jalan," ceuk kuring.
Pa RW malik nanya ka
bapana budak nu men-
crong ka kuring kuraweud
haseum.
“Cobi ayeuna telepon
istri bapa, naha leres ieu
kusir délman langganan?”
bapana budak ngalu-
arkeun hp tina kantong
leutik nu disorén. Terus
nelepon ka pamajikanana.
“Muhun cenah Pa,"
pokna. Terus ngajak
sasalaman ménta ham-
pura. Kuring ukur
ngahéhéh.
“Hampura, geus
nyangka culik,” pokna.
Budak dipangku tapi
kalahka teterejelan ha-
yang milu jeung kuring
meureun betaheun kénéh
naék délman. Tapi dipak-
sa ku bapana ditaékeun
kana mobil.
Waktu nyérélék bakat
ku anteng ngalamun. Teu
karasa geus pukul dua
welas beurang.
Sakeudeung deui
barudak baralik sakola.
Tamba kesel kusiwel kur-
ing ngaluarkeun eunteung
leutik tina jero pésak
calana, bari dungdak
déngdék. Naha aya cupat
culik kitu? Rarasaan ku-
ring mah asa teu kabeu-
ngeutan. Haté galécok
sorangan.
Saméméh jadi tukang
délman, digawé téh di
pabrik. Tapi nya kitu téa
waktu monétér taun sala-
pan puluh dalapan, ku-
ring di PHK. Atuh gular
golér teu boga gawé.
Kungsi milu kuli bangu-
nan tapi teu kuat lila, ala-
tan teu saimbang bayaran
jeung tanaga nu kaluar.
Pangpangna résiko dapur
teu kaladangan jeung ba-
yaran nu katarima teu
urup. Can pabaliut jeung
béaya budak sakola.
Harita mah can aya béaya
bantuan ti pamaréntah.
Kuring mikir kumaha
carana sangkan boga
gawé matuh, da kaluman
ari cicing waé mah. Ung-
gal poé, di tempat matuh,
kuring sok nénjo délman.
Aya kereteg hayang boga
délman. Nya badami
jeung pamajikan, sésa
Haté Caang30
CCaritaPondok
Carpon Tuti
32. 31Manglé 2474
Narawangan
duit pesangon ti pabrik
rék dibeulikeun kana
kuda jeung kérétékna
hayang narik délman, tapi
di nu anggang, ngarah
sainganana teu pati
loba.Nepi ka ayeuna ku-
ring jeung kulawarga pin-
dah pakasaban jadi
tukang délman. Keur an-
teng ngalamun ngumbar
panineungan kagareu-
wahkeun ku sora awéwé
nu nanya. Ari dilieuk in-
dungna budak nu tadi.
“Héy Emang ngala-
mun waé, ka mana jalan-
jalan téh kalah kesel nu
nungguan. Naha Caca teu
dijajapkeun ka bumi, di
mana ayeuna?” cék
manéhna. Kuring reuwas.
Ari nu tadi ngaku ba-
pana? Gustiii boa-boa.
“Emang ieu abdi naros
naha teu diwaler?” Awéwé
hareupeun kuring in-
dungna budak nu tadi
dibawa ku bapana
ngagugujek awak kuring.
“Euh punten Ibu,
Néng Caca mah parantos
mulih tadi dicandak ku
ramana,” témbal kuring.
“Naha da bapana Caca
mah nuju Dines di Cire-
bon,” ceuk indungna
budak nongtrowélang bari
ruwah-riwih ceurik.
Kuring bingung teu
puguh cabak. Keur kitu
kurunyung mobil nu tadi
nyampeurkeun. Bray pan-
tona muka
“Mah, ieu Caca uih,”
ceuk lalaki nu tadi nyegat
téa.
"Eh geuning Bapa,”
pokna.
“Muhun tadi uih ti
kantor, ninggal Caca keur
kana délman nyalira,
sugan téh diculik.” Pokna.
Sup waé éta awéwé
kana mobil, terus diuk
ngalahun budak. Ari ba-
pana nyampeurkeun bari
ngodok pésak, sok méré
duit dikeupeulkeun.
“Nuhun,” pokna
Basa mobil geus
ngaléos, keupeulan
dibuka. Gusti sagepok,
beungkeutna ogé can diu-
dar. Bray témbong baru-
dak keur nungguan. Bapa
mun uih nyandak saté,
pokna. Si Geboy dike-
nyed.
Kawas milu atoh kuda
téh ngabrét sangkilang
henteu dipecut. Langit
lénglang haté caang
narawangan.
***