Se ha denunciado esta presentación.
Utilizamos tu perfil de LinkedIn y tus datos de actividad para personalizar los anuncios y mostrarte publicidad más relevante. Puedes cambiar tus preferencias de publicidad en cualquier momento.

MSWA - Mangle 2445

5.158 visualizaciones

Publicado el

MSWA - Mangle 2445

MSWA - Mangle 2445

  1. 1. Bandung Mapag Kota Budaya D uka mémang tos dirarancang ti béh ditu, ti jaman pamaréntahan walikota nu ti heula, duka rarancang walikota anyar. Duka rarancang dadakan ti aparat pamaréntah Kota Bandung pikeun ngabagéakeun dunungan anyar anu cenah nya arsiték ahli lingkungan hidup nya ogé ngabudaya sarta wanoh kana kereteg masarakat Kota Bandung. Geura waé dina nutupkeun bulan September 2013, hartina jero dua minggu pamaréntahan walikota anyar, Ridwan Kamil, asa loba pisan acara raraméan anu ngalibetkeun kum masarakat Kota Bandung. Dimimitian ku Bapa Walikota ngajak warga Bandung resep deui tumpak sepédah boh keur kaséhatan boh keur indit ka pagawéan. Pan ari saréréa indit-inditan kana sepédah mah, Kota Bandung téh meureun hawana beresih henteu sumpek kakotoran teuing ku haseup kenalpot mobil. Acara Jabar Expo di Sabuga, disusul ku féstifal kasenian kabudayaan dur-der di sawatara kacamatan nepi ka puseur kota. Di Ujungberung pan aya féstifal Tari Bénjang anu dijarugjugan ku masarakat anu resep sarta miharep bisa ngahirupkeun deui seni tradisi. Braga Féstifal di jalan Braga, némbongkeun rupa-rupa kamonésan boh nu tradisional boh nu modéren. Pasanggiri Kawih Sunda nu dipokalan ku Panglawunan Kawih Sunda, lumangsung di STSI, dijarugjugan ku kaum muda nu micinta seni kawih Sunda. Miss Tjitjih, Sandiwara Sunda anu matuh di Jakarta, ditanggap deui ku urang Bandung siga nu enya aréling deui kana Sandiwara Sunda anu di Bandung geus lila tara manggung. TVRI Bandung, najan bari tengah peuting gé sok mintonkeun garapan Sandiwara Sunda Miss Tjitjih. Dina Manglé nomer ieu ogé aya laporan kagiatan Yayasan Rancagé anu ngalélér Guru Basa Sunda anu Hégar, Cénghar, Motékar, jeung Beunghar ku Piagem Hardjapamekas. Iwal ti piagem aya panyecepna deuih. Taya sanés ieu téh mangrupi pangjurung ka guru sangkan ngahangkeutkeun pangajaran basa jeung budaya Sunda. Saha ari Miss Tjitjih, saha ari Hardjapamekas, mangga hanca baé nomer ieu. (Helins)*** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 22 Cupu 5 TAMU Indradi anggur ngabetem ditaros ku ingkang carogé téh. Tungtungna mah hayoh nu naros, hayoh nu ngajeten. “Yayi, ku naon bet balem baé ditaros téh, Geulis? Saha nu masihan ieu cupu téh?” Resi Gotawa hantem merekpek ku patarosan, patarosan éta-éta kénéh. Indradi angger ngabetem..... Dr. H. Wawan Diasomantri; Jadi Direktur, Nyarék Kuli di Nagri Batur LAPORAN Hadiah Hardjapamekas 2013 Pangajen ka Guru Basa Sunda di Tapel Wates .................................... 8 Dongéng Arina Endah Dinda Jenura ........................... 20 Cupu Maman, S.Pd. ....................................... 26 NU MANEUH PURIDING PURINGKAK Nu Matak Muringkak di Majingklak Nyi Roro .......................................... 24 Potret : Reisyan KOLOM S ­ ekar­Manglé GINA Panata Rias&Raksukan: ZIQHAA by Intan Wedding Package Ika ? Hj Euis Jl. Srimahi Dalam 10 Phone. (022) 5204436, Hp. 08157157066 Hp. 087722811977 Ni’mat Anugrah Alloh SWT Tan Wilangan H.Usep Romli (Mekah) ................... 28 Perluna Sifat Jujur Juniarso Ridwan ............................. 48 Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Mimbar Atikan .................................. 26 Gedong Sate ...................................... 30 Mangle Alit ........................................ 31 Katumbiri .......................................... 36 Dongeng Aki Guru ............................ 40 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 IMPLIK-IMPLIK Pasanggiri Juru Kawih 2013 Mekelan Kareueus jeung Kabungah ......................................................... 46 CARITA PONDOK Bulan Dina Cappucino Kiki Pratiwi Arsapraja ..................... 18 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (176) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (15) M.A. Salmun ............................................................. 12
  3. 3. Berdikari P ancasila téh masih kénéh angger dasar nagara. Tapi saha nu masih kénéh inget? Ku nagarana sorangan gé geus dipopohokeun. Tanggal 1 Juni, nu béh ditu mah sok disarebut lahirna Pancasila, ayeuna mah tiiseun. Tanggal 1 Oktober, nu biasa sok disebut Hari Kesaktian Pancasila, geu teu aringet. Mun ditanya kumaha runtuyanana Pancasila, umumna mah geus teu apal. Palingpaling TVRI nu sok inggeteun waé kana Pancasila téh. Mun tas berita minangka panutupna téh lagu Garuda Pancasila. Pancasila nu lima diruntuykeun hiji-hiji. Tapi jaman kiwari, saha nu sok ngabandungan TVRI? Pancasila téh sigana jadi urusan teu penting keur bangsana sorangan gé. Anu jadi pokona lantaran di dinya aya Sukarno. Teu bisa dipungkir nya Sukarno anu mimiti mertélakeun Pancasila téh. Tapi Bung Karno sorangan ti awalna geus nétélakeun, yén Pamcasila téh lain jieunanana. Manéhna mah ngan semet ngaguar tina anu geus nyampak di masarakat urang. Kalawan panjang lébar diterangkeun ari nu ngaranna Pancasila téh naon baé, naon gunana, sarta kudu kumaha ngamalkeunana. Orokaya ninggang sakalina Sukarno dirurud tina kakawasaanana, Pancasila gé milu kababawa. Henteu ari nepi ka dipiceun mah, da teu wani. Anu kajadian saterusna sasat dijauhkeun tina nu ngaranna Sukarno. Nu di- Manglé 2445 gegedékeun lain tanggal 1 Juni tapi tanggal 1 Oktober. Nu kudu ditabeuh lain jasana Sukarno tapi jasana Suharto. Malah Pancasila jadi bahan penataran anu sipatna wajib keur sakumna warganagara. Saha baé, kudu boga sértifikat anu nétélakeun geus lulus Penataran P4. Éta sértifikat téh dianggap sakti lantaran jadi salasahiji sarat pikeun ditarimana usul dina sagala urusan. Ninggang sakalina Suharto gé runtag, nu ngaranna Pancasila gé milu jadi burakrakan. BP-7, nu tadina sakitu saktina dina urusan Pancasila duka ka mana losna. Jeung euweuh nu ngarasa leungiteun deuih. Padahal keur dina mangsana aya mah taya saurang gé pejabat anu henteu capétang dina nyaritakeunana. Minangkana Taufik Kiemas anu cenah ngasongkeun usul ngeunaan Opat Pilar nagara téh. Diantarana, aya Pancasila. Malah nepi ka ngahagalkeun ngajugjug ka Flores pikeun mulangkeun katineung ka nu boga hadasana, lantaran nya di dinya, dina taun 1930-an, Sukarno museurkeun pikiranana dina raraga hayang ngungkab deui nu ngaranna Pancasila téh. Ari pingpinan nagara sigana mah ngan semet heueuh-heueuh bueuk. Kana sagala rupa gé teu weléh unggeuk. Ngan dina lebah mana nu kudu diheulakeun jeung mana anu bisa diengkékeun, éta mah béda deui urusanana. Tah Pancasila kaasup kana golongan anu diengké-engké. Dina harti, nya iraha boa. Naha geus meujeuhna lamun sikep urang kana Pancasila dibebenah deui? Geus rada loba éta gé anu nyarita mah. Intina mah cenah urang téh geus méngpar tina Pancasila. Lebah mana méngparna, umumna mah notogna téh kana urusan ékonomi. Pakaya anu sakitu beungharna téh ku urang geus dijual jaar, dimurah-maréh ka deungeun-deungeun. Loba contona jeung loba buktina. Tapi saha nu daék ngadéngé? Malah umumna mah urang ayeuna téh geus ngarasa bener. Kita sudah berjalan di atas rél yang sebenarnya. Apan kitu kekecapan dina pidatona ogé. Tapi naha atuh bet jadi kieu? Lamun rada dibandungan, anu nyarita pajar urang geus méngpar tina tujuan asal téh lolobana mah anu geus mararén tina kalungguhanana. Ari basa keur jenengna mah henteu kitu basana anu kadéngé téh. Naon sababna bet kitu? Lantaran, lamun nginjeum babasan dina guguritan tembang cianjuran mah, gamparan sok ngabibingung. Sok wé geura, tina rupa-rupa nu ngaranna kawijakan pamaréntah, nu mana anu bisa dicekel kalawan pageuh? Urang ulah mopohokeun Pancasila, cenah. Urang kudu balik deui kana UUD 1945 anu asli, anu saméméh diamandemén, cenah. Kitu sotéh ceuk ujaring anu geus teu baroga kakawasaan. Sigana SBY gé bakal kitu kekecapanana. Tapi engké lamun geus marén. AM 3
  4. 4. Kurban Ngurangan nu Katalangsara Assalamualaikum Wr.Wb. Punten ngiring ngintun serat ka Ais Pangampih Manglé. Simkuring sok ngaraoskeun kacida reueusna umat Islam sok ngalaksanakeun kurban. Ieu ibadah, keur nu kurban kacida mulyana, lantaran mémang ieu ibadah nasfiah téh miharep rido Alloh Swt. Ngan nu jadi émutan téh sual dampakna téa. Kahiji pangpangna umat masakin, nu sok ngadadak loba alias ngaburudul. Ti taun ka taun, nu mariskin téh bet asa beuki nambahan. Dina haté, naha kurban bisa ngurangan jumlah miskin? Naha tiasa jadi cara keur ngabebenah umat nu leuwih raharja? Eta mah nyanggakeun ka nu langkung terang. Ngan upami téa mah henteu tiasa ngungkulan karaharjaan jeung kamiskinan, dina hartos mung saukur nyegah kalaparan poé harita wungkul, simkuring mah langkung satuju pami kurban dilaksanakeun ku pribadi masing-masing waé, henteu dikokolakeun ku panitia. Sakitu, hatur nuhun kana perhatosanana. Wass. Pa Aep Hendriyana Gumuruh Bandung Nitip Bandung Ulah Pundung Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun! Ais Pangampih Manglé 4 nu dipihormat, ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ku ditampina ieu serat ngalangkungan éléktronik Koropak Manglé. Mugia baé Manglé, majalah Sunda hiji-hiji nu mandiri, eusina mundel, masing dipasihan panangtayungan sareng kakiatan Gusti dina ngamumulé sareng miara basa Sunda salamina. Amin. Dina kasempetan ieu, simkuring ngahaturkeun wilujeng ka walikota kota Bandung anyar, hususna ka Kang Ridwal Kamil. Mudah-mudahan dina salami mancén dipasihan kakiatan kanggo ngalaksanakeun amanah masarakat. Nyi Manglé, saterasna mah, simkuring ngiring masihan pandangan ka Kang Emil, sok sanaos simkuring percaya ka walikota ayeuna mah pinter jeung rancagé. Nu kahiji dina sual méntal birokrasi. Di kukumaha baé ogé, Kang Emil mah sanés asalna ti birokrat. Papadaning kitu, atuh cara ngabebenah ogé ulah wani teuing tapi ogé ulah ngantep teuing. Tangtu dina hal ieu mémang teu gampang, tapi sahenteuna Kang Emil kedah nyonto ka Jokowi dina ngabebenah birokrat di DKI. Wani nyontoan nu bener, éta koncina. Saterusna dina ngabebenah pangwangunan Bandung, tangtu moal bisa sosoranganan. Nya palebah dieu mah Kang Emil cukup ku méré conto ‘blusukan’ ka daérahdaérah. Dina ningkatkeun ékonomi, kantenan kudu mampuh adil antara pangusaha jugala jeung pangusaha handap. Sanajan Bandung téh kota Jasa, tapi apan buktina mah, lolobana mah pangusaha kelas handap. Tah, upama masalahmasalah saperti kitu henteu dilaksanakeun, ulah nyalahkeun upama Bandung bakal pundung. Dina harti, alamna bakal ruksak ogé jalmana teu puguh udagan, jauh tina katengtreman jeung karaharjaan. Sakitu waé, mudahmudahan aya mangpaatna. Udin Sirojudin Cikutra Bandung Mémang loba pasaulan nu kudu dibebenah ku walikota katut réngrénganana téh. Ngan, bawirasa aya nu leuwih penting batan ukur nambal sulam jeung ngoméan sarana ogé prasarana nu aya di Kota Bandung. Keur nu dumuk di pasisian kota Bandung, héabna pangwangunan téh karasa pisan. Ngan, dina kaayaan kitu téh, teu jarang nu leugiteun pakasaban. Sanggeus kaséséréd nepi ka ahirna kapaksa loba nu ngajual lahanna, pakasababanana gé loba nu leungit. Nu asalna bisa ngagunakeun lahan sabudeureunana, najan lain anuna, antukna mah éta bisa. Atuh, teu jarang nu leungiteun pakasaban, saperti ngukut Harepan Urang Pasisian Kota Bandung Assalamu’alaikum Wr. Wrb. Sampurasun! Damang Ais Pangampih Mangle? Hatur nuhun atuh pami damang mah. Simkuring kacida reueusna ka Majalah Mangle, nu kantenan keur warga Kota Bandung mah kacida mangpaatna, utamana dina ngamumule basa sastra atanapi budaya Sunda, nu ebreh budayana warga Kota Bandung. Saha waé wali kotana, masarakat mah, moal weléh ngabagéakeun. Kitu téh, dijurung ku pangharepan mudah-mudahan nu ngageugeuh Bandung téh bisa ngalaksanakeun pancénna. ingon-ingon, melak tutuwuhan jeung sajabana. Kitu téh, balukar lahan di Bandung salin rupa lantaran jadi milik nu baleunghar jeung pangusaha jugala. Kahayang mah, pamaréntah Kota Bandung bener-bener nalingakeun warga asli Bandung. Ulah nepi ka loba nu bibit buit Bandung kapaksa éléh ku deungeun-deungeun nu ngakuna jadi warga Bandung gé ukur aakuanan, lantaran teu boga padumukan, ukur boga KTP wungkul. Wa Galih, Rancasari, Kota Bandung Manglé 2445
  5. 5. Dr.­H.­Wawan­Diasomantri; Jadi Direktur Nyarék Kuli di Nagri Batur Ngajak, lain ukur cumeluk ku omongan, da jeung prakna. Inyana milih jadi diréktur, demi dulur-dulur teu liar jadi kuli di nagri batur. Saha nu boga karep kitu téh? Taya lian ti Dr. H. Wawan Diasomantri, Direktur Utama PT. Warekon Geoperta Utama Sejati (WGUS). *** R emen ngageuri, mun ningali nu riab jadi kuli. Komo ukur buburuh di nagri batur, saperti di Malaysia. Apan loba nu kacarita nu buburuh, bari jeung ukur ngandelkeun tanaga mah, lir dianggap ‘kékéséd’, teu diajénan darajat kamanusaanana. “Mending gé digarawé di urang batan kuli matak tungara di nagri batur mah,” ceuk Dr. H. Wawan Diasomantri, Dirut WGUS muka wangkongan. Ngobrol téh pasosoré bada asar, sawatara waktu ka tukang di salasahiji kantorna di MTC/MIM Jalan Sukarno-Hatta, Bandung. Dr. H. Wawan Diasomantri, apal pisan kana poténsi nagri sorangan. Lemah cai téh, mun dikokolakeun kalayan hadé, bakal nguntungkeun jeung ngaraharjakeun balaréa. Contona, widang kalapa sawit bisa jadi salasahiji andelan ékonomi bangsa. “Lahan Nusantara kacida saéna kanggo melak kalapa sawit,” ceuk ieu konsultan pakebonan kalapa sawit téh. Mangpaat kebon kalapa sawit, bisa naratay. Lian ti ngahasilkeun minyak, bisa ngawadahan ratusan rébu tanaga gawé. Hartina, bisa ngurangan nu nganggur, mantuan pamaréntah nga- 5
  6. 6. hontal karaharjaan masarakat. “Lahan Indonésia kacida saéna kanggo melak kalapa sawit. Jantén, tibatan jadi buruh ukur ripuh di nagri batur, apan leuwih hadé digarawé di urang,” pokna tandes naker. Ludeung Mandiri Upama H. Wawan neundeun harepan kana pakebonan kalapa sawit, lantaran apal pisan kana piuntungeunana. Kituna téh, memang, ahlina dina nataharkeun pikeboneun kalapa sawit mah. Remen narima pesenan ti pausahaanpausahaan jugala boh panguaha pribumi boh asing. “Muka lahan sawit peryogi dana ageung, ratusan milyar dugi ka triliunan. Contona, mun ukur ngebon 5000 hektar, sakirang-kirangna butuh modal 400 miliar. Malah,dugi ka panén mah tiasa dugi ka 500 miliar,” pokna. Gedéna waragad nu dimodalkeun, butuh balitungan nu asak jeung pasti. Sabab, bisana nepi ka metik hasilna téh kudu melak heula. Hartina, butuh waktu jeung kapastian. Ti mimiti melak nepi ka hasil munggaran butuh dangka waktu nepi ka opat taun. Salila can ngahasilkeun, butuh waragad keur miarana. “Peran konsultan kedah tiasa ngabalitungkeun sagala rupana ti ngawitan tatahar lahanna, nyayagikeun padamelna, ogé nepi ka nu tumali sareng ngokolakeun hasil panén kalapana,” pokna. Kamampuhan H. Wawan nataharkeun kebon kalapa sawit, meunang kapercayaan ti pausahaan-pausahaan badag. Loba invéstor nu maké jasa PT. WGUS. Eta téh pausahaan konsultan pakebonan nu sohor ka jauhna. Diadegkeun ku H. Wawan Diasomantri dina taun 1996. Nu ditawarkeunana, jasa, pangpangna nu mangrupa ‘survey design’ jeung ‘planning’ keur kaperluan pakebonan, hususna kebon kalapa sawit. Nu dipigawéna, motrétan lahan ti luhur, niténan sumber daya lahan, mininjmen pangwangunan pakebonan, sarta minijmen nata caina keur kapereluan pakebonan téa. Data-data hasil survéy bisa dimangpaatkeun keur ngebon sawit, coklat, karét, jeung sajabana. Kamampuhan H. Wawan ngokolakeun PT WGUS, didadasaran ku luang jeung pangalamanana dina widang 6 Milih jadi direktur ngarah katurut batur Ngasakkeun pangalaman di lapangan Sareng kulawarga, garwa, putra, mantu, sareng putu Manglé 2445
  7. 7. survey, ngukur, lahan, ogé icikibungnan dina widang pakebonan kalapa sawit. Ditambah deuih patékadanana hayang mandiri sangkan bisa salobalobana mantuan pihak séjén boga lahan gawé jeung meunang pangasilan. Ahirna, satutas boga pangalaman welasan taun ahirna jadi Direktur PT. WGUS, balad-baladna puluhan kalayan ngabogaan masing-masing kaahlian. “Janten pamingpin, kedah mampuh ngamangpaatkeun kaahlian-kaahlian anggota nu dipingpinna,” pokna méré luang. Nu maké jasa PT. WGUS, lain ukur bangsa pribumi, tapi deuih pausahaan-pausahaan asing, saperti Malaysia, Koréa, Jepang, Cina, jeung sajabana. Di antarana, PT. Astra Agro Lestari, Tbk., CT Agro, Tianjin Julong Grup, Medco Agro, Grup Ciputra, PT. Triputra Agro Persada, PT. Jaya Agra Wattie, Tbk, Gema Raksa Group, ZTE Grup, jeung PT BW Plantations Tbk. Hartina, H. Wawan téh meunang kapercayaan ti balaréa. “Intina PT WGUS maparin palayanan kanggo nu gaduh karep ngadegkeun pausahaan perkebunan, ti ngawitan rarancang dugi ka ngadegkeunana,” ceuk ieu teureuh Imbanagara, Ciamis, Jawa Barat nu lahir taun 1955 téh. Jadi konsultan, butuh kapercayaan pihak nu maké jasa. Hartina, PT. WGUS gé ngutamakeun kapentingan nu boga modal sangkan usahana untung. Jasa saperti kitu, kacida dibutuhkeunana ku pangusaha. Lantaran, nu boga modal di pakebonan, teu bisa langsung nalingakeun kamekaran usahana. Jauhna ka lahan usahana, ogé lantaran kasibukanana, nu boga duit mah, ukur mercayakeun ka paraminijer di lapangan. “Tugas konsultan, nyadiakeun informasi nu dibutuhkeun ku investor. Istilahna, sakumna asét pausahaan di lapangan, dipindahkeun kana méja invéstor. Tina informasi nu dilaporkeun, nu boga kakawasaan di éta pausahaan téh bisa nangtukeun putusan keur kapentingan pausahaanana,”pokna. Ku lantaran kitu, ieu teureuh Galuh téh, teu weléh boga karep nambahan pangaweruh. Najan geus jadi direktur pausahaan sohor, teu ngarasa sugema ku pangaweruh nu geus nyampak dina dirina. Atuh, getol Manglé 2445 naker ula-ilu kana palatihan atawa training gé. “Intina, nurutan jalmajalma nu ahli dina widangna, sarta dilarapkeun dina pausahaan anu béda. Nu penting mah ‘konsépna’ anu kedah kapimilik téh,” pokna nyarankeun. Salila icikibung dina widangna, H. Wawan medal-medalkeun kaya ilmiah nu sumebar dina rupa-rupa tulisan. Di antarana, tumali jeung survey irigasi di Jambi, Jember, Sulawesi; Pangukuran lahan perumahan di Cilegon, Cirebon, Cilacap, jeung sajabana; Pangukuran lahan transmigrasi di Riau, Kalimantan, Irian, jeung sajabana; Survey Trace Gas Pertamina; Survey keur Konstruksi PLTA; jeung Survey keur lahan pakebonan. Kamampuhan H. Wawan mingpin pausahaan jeung jadi konsultan, meunang pangbagéa ti balaréa. Pangharegaan gé jul-jol ti manamana. Atuh, piagam jeung piala nu tingkatna nasional jeung Asean ogé aya kana tujuh welasna ( nepi ka taun 2013). Ku lantaran kitu, teu anéh, upama loba pihak nu ngajénan kaahlian jeung hasil karyana. Malah, dina bulan September (2013) nu anyar kaliwat, ieu Dirut PT. WGUS téh narima panglélér gelar Doktor Honoris Causa ti University of Berkley Michigan Amerika. Ngalap Mangpaat H. Wawan Diasomantri téh anak kadua ti tujuh sadulur. Ti bubudak, aya dina lingkungan kulawarga nu ngandelkeun kahirupanana tina lahan usaha. Nya, tangtu wé rupa-rupa usahana gé saperti nyieun tahu, tempé, jeung sajabana. Karep Wawan harita gé, hayang jadi pangusaha! Nilik kana ‘bakat’ akademikna, kaasup onjoy. Apan, keur kelas lima gé ditawaran guruna sangkan milu ujian jeung kelas genep. Taksiran, guruna ge percaya, ieu budak kelas lima téh pimampuheun milu ujian kelas genep. Ahirna, mémang lulus! Lalampahan saterusna, sakolanna téh di Bandung, da sina jadi anémer, kawas éyangna ti bapa. Blus wéh, ka STM PU, jurusan Géodesi. Kituna téh, kabita ku ngaranna, ‘aneh’ ceuk pikirna harita mah eta ngaran ‘géodesi’ téh. Ngan, ari cekel gawé sabada lulus ti STM mah, jauh tina kahayang kulawargana, teu jadi ane- mer, da kalah jadi pagawé tukang nyurvéy, jadi purah ngukur lahan. Atuh, jarambah da remen miang ka luar Jawa kaasup ngasruk leuweung Sumatra, Kalimantan, jeung Papua. Waktu kuliah kénéh bari digawé (1982) ngawani-wani manéh, ngawangun rumah tangga jeung Dra. Hj. Nannie Iryani Rahayu. Garwana mah geus jadi guru di salasahiji SMA di Bandung. Ngan, kuliah Wawan mah kateug, teu diréngsékeun, da milih museurkeun pipikiranana kana pancén gawéna di pausahaan jugala. Wawuhna jeung dunya kalapa sawit, dimimitian waktu cekel gawé di PT. PT Astra Agroniaga (Ayeuna PT.Astra Agro Lestari, TBk). Pancén gawé H. Wawan harita, nyurvéy. Pangalamanana nu puluhan taun, jadi paham kana nataharkeun pakebonan kalapa sawit nepi ka bubbuk leutikna. Salila jadi pagwé, hatena mah teu weléh hayang mandiri. Ceuk pikirna, mending jadi direktur, batan jadi kuli. Lantaran, mun jadi pingpinan, bisa mantuan pihak sejen, sangkan boga pagawean. Ku lantaran kitu sabada asak mikir, gilig wéh kaluar ti pagawéanana (1996), ngadegkeun (PT.WGUS) jeung babaturanana. Népakeun jiwa wirausaha ka pihak séjén, dimimitian ti kulawargana. H. Wawan sadar pisan kulawarga nu jadi tanggung jawabna kudu mangpaat lain ukur keur dirina, tapi ogé keur nu lian. “Perkawis pilihan profesi kumaha barudak. Nu écés, kedah mangpaat, sanés ukur kanggo diri sareng kulawarga, tapi ogé kanggo balarea,” saur ieu rama Dokter Wendi Adam Somantri, Arya Nirwana Somantri,Lc, Mochammad Ramdani Somantri, SP., sareng Akbar Ginanjar Somantri téh. Karep jeung kadaék H. Wawan néts ka putra-putrana. Nu cikal geus macakal, jadi dokter jeung ngadegkeun klinik kaséhatan. Nu kadua,waktu keur kuliah kénéh di Mesir gé teu nyusahkeun kolot, lantaran babarengan jeung babaturanana ngarentalkeun kandaraan. Atuh, komo deui ayeuna, da masing-masing barudakna gé, lian ti cekel gawé luyu jeung kaahlianana, tetep ancrub kana dunya usaha, kaasup si bungsu nu kuliah kénéh, geus jadi minijer di pausahaan nu ditaratas ku kulawargana.*** (Ensa) 7
  8. 8. Hadiah Hardjapamekas 2013 Pangajén­ka­Guru­Basa­Sunda­di­Tapel­Wates P ikeun guru-guru basa Sunda nu tugas di tapel wates tangtu lain pagawean nu enteng-enteng bisa ngajarkeun basa Sunda ka murid-muridna, dimana sapopoena pamake basa Sunda “bersaing” jeung pamake basa liana saperti Jawa, Batawi jeung basa lianana. Tapi pikeun guru nu ngamilk kompetensi akademis jeung profesional tur boga sikep jeung dedikasi nu luhur niat ngamulyakeun basa jeung budaya Sunda hal eta teu jadi hahalang, malah sikep guru nu kitu pandena geus meunang apresiasi jeung pangajen ti Yayasan Kebudayaan Rancage nyaeta “Hadiah Hardjapamekas”.Hadiah nu geus lumangsung kagenepkalina taun ieu dipasrahkeun ka Sanu Mulyadi (Guru basa Sunda SDN 1 Munjul Kacamatan Astanajapura-Cirebon), Wahyu “Juwar” Hidayat (guru basa Sunda SMP di Desa CinereDepok), jeung Wiwin Widaniawati (guru basa Sunda SMAN 10 Tasikmalaya).Acara pamasrahan hadiah lumangsung poe Saptu di Isola Resort (Aula Anthurium lt.3) Universitas Pendidikan Indonesia (UPI/IKIP) Jl. Dr. Setiabudi No.220 Bandung (28/9). Saperti biasa, kagiatan ieu hasil gawe bareng antara Yayasan Kebudayaan Rancage jeung Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS katut Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI. Rektor UPI Bandung Prof. Sunaryo Kartadinata nu harita rawuh dina acara pamsrahan Hadiah Hardjapamekas bareng jeung inohong sunda liana saperti Wahyu wibisana, Ajip Rosidi, RTH, Hawe Setiawan, Erry Riyana Hardjapamekas, UU Rukmana, Teddy ANM, Karno Kartadibrata, Abdulah Mustafa, Distam, jrrd, nyebutkeun yen sacara kasat mata pendidikan/pembelajaran basa daerah di Indonesia kacida heureutna, kawatesanan, jeung satemenna jadi kawenangan pemda, naha unggal pemda merhatikeun kahirupan basa daerahna? Wallohualam, cenah ge. Ngan husus pikeun Jawa Barat rektor kacida nganuhunkeunana ka pemda Jabar nu geus nempatkeun mata palajaran basa Sunda jadi pendidikan di sakola-sakola. Hal ieu dipiharep jadi bagean tina pembinaan kabangsaan, basa jeung budaya Sunda jadi bagean budaya nasional, jeung urang ngatik-ngadiidik anak bangsa bari dibekelan ku wawasan nasional, alhasil ajen-inajen lokalna engkena bakal ngawangun niley-niley nasional. Kitu saurna tandes. Ngeunaan hadiah Hardjapamekas, “ Hal ieu mangrupi hiji apresiasi, motivasi, sareng rojongan , ngokohkeun kayakinan kana naon anu parantos dipilampah ku guruguru basa Sunda teh aya nu merhatoskeun. 8 Hadiah Hardjapamekas pikeun ngarojong kreatifitas guru basa Sunda”’ kitu saurna. Kitu pisan cek Ajip Rosidi ge basa mere katerangan pers ka wartawan, “Hardjapamekas teh hadiah pikeun guru-guru nu numuwuhkeun kacinta murid-muridna kana basa Sunda. Parantos sapuluh taun mayeng Yayasan Rancage masrahkeun hadiah ka para pangarang, tah bisana maranehna ngarang teh kulantaran aya guruna, “ Ku kituna guru basa sunda nu cek Rahmat Taufik Hidayat (RTHPupuhu Yayasan Kebudayaan Rancage) salaku pangjaga ajen-inajen nu ngawanohkeun jeung ngadidik muridmuridna ku basa Sunda, ge kudu diajen. Sabab cek Ajip, basa Sunda kiwari geus nyirorot, lantaran urang Sundana sorangan kiwari geus teu nyaraaheun, “Bapana jeung indungna Sunda tapi budakna dididik nyarita ku basa Indonesia, eta megatkeun generasi basa Sunda. Basa sunda kaasup nu milu antri pikeun tumpur luyu jeung kateranan para ahli nu nyebutkeun tina 6000-7.500 basa nu aya di dunya satengahna(3.500) baris musnah dina ahir abad ieu”,kitu saur Dewan Pembina Yayasan Kebudayaan Rancage pinuh kahariwang. Tapi aya oge basa nu geus carem tapi kulantaran loba nu ngagunakeun deui jadi hirup deui saperti basa Hawai jeung basa Wales (Inggris) nukungsi dipedar ku C.W. Watson di sababaraha seminar jeung media massa, nu umajak lamun basa Sunda hayang hirup kudu nyontoan urang Wales, tapi cek Ajip mah moal bisa cenah di Sunda mah, lan- taran para pajabatna teu “ngabela” kawas di Wales, taya perhatianana, padahal ku undangundang otda ge sabenerna para gegeden teh bisa netepkeun basa Sunda salaku “basa panganteur” kadua salian ti basa Indonesia di sakola-sakola. Paling ngan poe Rebo/Jumaah di kabupaten jeung kota cenah ge. Kahariwang nu sarua ditandeskeun ku Prof.Dr.Dadang Sunendar (Wakil Rektor Bidang Kemahasiswaan & Kemitraan UPI), Memang hiji kondisi nu teu gampil cenah ngamumule basa (budaya) Sunda di satengahing kurungan teknologi jeung modernisasi mah, estu inisiatif nu mulya, cenah ge lamun aya nu terus ngamumulena.Tapi dugi ka iraha basa Sunda bisa hirup di tatar Sunda? Bakal kumaha nasib basa sunda 50 taun ka hareup? Na bakal hirup atawa tumpur kasedekkeun ku basa Indonesia/asing nu hirup di wewengkon urang? Calon Guru Kudu Kokojayan di Kampus Tapi insyaalloh lamun aya keneh urang Sunda/guru-guru basa Sunda nu rancage jeung bumela ka Sundana, saperti nu geus dipilampah ku Sanu Mulyadi, Wahyu “Juwar” Hidayat, jeung Wiwin Widaniawati nu dirojong ku kaum akademisi, pamarentah katut masarakatna , basa/budaya Sunda moal tumpur kari catur. Sanu Mulyadi umpamana, sok sanajan jadi guru basa Sunda di SD wewengkon per- Rektor UPI, ngarojong kreatifitas guru Basa Sunda Manglé 2445
  9. 9. batasan antara budaya Sunda jeung Jawa nu tangtu wae loba barebedanana, tapi ti taun 1982 nepi ka kiwari mayeng ngajarkeun basa Sunda 2 jam dina samingguna. Padahal kakurangan buku-buku sumber cenah ge, baheula gampang dibeuli ku siswa kiwari taya, lian ti kitu ngajarkeun basa Sunda di wewengkon Cirebon mah cenah teu gampang lantaran aya wewengkon nu husus make basa Sunda – Jawa jeung Jawareh (Jawa sawareh), tah siswa ge aya nu ti Sunda aya nu ti Jawa, “Abdi di perbatasan, Desa Munjul Sunda, Sidamulya Jawa, abdi aya di Cantilan nu campur. Ari di bumina barudak teh ngaranggo basa Jawa, di sakola basa Sunda, tah ari ngarobrol sareng rerencanganana mah ku basa Jawa deui,” Pokna bari seuri. Tapi sok sanajan kitu aya oge pikareueuseunana cenah tugas di Cirebon teh, aya murid nu sapopoena make basa Jawa, tapi jadi pinunjul ngadongeng basa sunda sa -Jabar di Pangandaran taun 2010. Ti daerah Sundanadi Babakan oge aya nu pinunjul kahiji sababaraha kali. Lalaki pituin Sunda kalahiran Sumedang 4 Juni 1962 nu geus 31 taun nganjrek di Astanajapura- Cirebon lian ti ngajar, tukang ulin ngider ngalatih kasenian, Degung, Kacapi, Upacara Adat Sunda.Di sakolana ge aya gamelan Degung cenah butut-butut ge. Margi dina sunda mah teu leupas tina seni jeung budayana”, kitu cek alumni Jurusan basa Sunda Universitas Sebelas April (Unsap 2003) Sumedang. Kitu deui Wahyu “Juwar(Juru Wawar – ngaran tokoh nu diperankeunana nalika aktif di teater kampus)” Hidayat, nu tugas ngajar di wewengkon Depok, kulantaran indung-bapa murid-muridna teh kalolobaanna lain ti Sunda tangtu jadi hiji tangtangan.Memang hese cenah lamun niatna rek maksakeun Hiji basa ka lingkungan anyar mah, tapi kudu jadi “juru wawar”, kudu bisa mikat etnis sejenna kaasup Depok nu mangrupa “Indonesia leutikna”.Carana dina ngajarkeun kalimah-kalimah basa Sunda Juwar mah ku apresiasi sastra jeung budaya, ku maca sajak bari dicontoan heula ku anjeunna, tah da meureunan baheulana Juwar aktif di GSSTF (Gelanggang Seni Sastra Teater da Film) Unpad, Pamass Unpad, Tepass (Teater Paguyuban Sastra Sunda) Unpad, Kelompok Studi Sunda Rawayan, jeung Paduan Suara Mahasiswa (PSM) Unpad, seni sastra, seni panggung lain barang anyar deui, atuh muridmridna arolohok katajieun, tungtungna geus resep mah naranyakeun harti kalimah nu aya dina sajak. Kukituna alumni Sastra Sunda Unpad (86-91) kalahiran Garut 31 agustus 1967 umajak ka para mahasiswa program Sunda utamana nu rek jadi guru/dosen boh di Unpad, UPI atawana Unpas, “ Prak geura kokojayan di kampus nepi ka jibregna, boh rek aktif di teater, sastra, penca, jeung sajabana, ke bakal karasa geus lulus jadi bekel kakuatan nu rohaka dina mangsa ngajar, cenah ge. Sabab basa mah teu leupas tina sastra jeung budayana”, kitu saurna bari miharep sangkan para guru dibekelan kamampuan pedagogig jeung dramaturgi.Hal ieu ngingetkeun Juwar nu dina mangsa kongres basa sunda (90-91) dipiwarang ku Pa Sayudi (panyajak) jeung bapana Ajat Subarja (pamilik sanggar tembang-tari Inten dewata Kadungora-Garut), “Lamun hidep resep kana seni panggung, adi aktor, kudu jadi guru sangkan unggal poe manggung di kelas jadi juru wawar (Juwar)”. Ari nu disanghareupan ku Wiwin Widaniawati mah budaya kota. Indung- bapana cacarita ku basa Indonesia ari muridmuridna aya kasieun ngagunakeun basa Sunda, sieun salah, kamalum loba undakusukna, nawaran “dahar” ka saluhureun “tuang” keur sorangan mah kapan “neda”, jeung sajabana. Tah hal eta ku guru pinilih ti SMAN 10 Tasikmalaya ditandeskeun ka murid-muridna, “Ulah seueur kasieun bade nyarios sunda mah geura pok wae sareng jalmi/murid nu ngagunakeun dua basa/leuwih mah kapan saur para ahli ge bakal langkung pinter sabab utek katuhuna nandean saniskara harti basa (perbendaharaan kata). Maenya kawon ku urang Jerman nu dugi ka kiwari ge tetep ngagunakeun basa daerahna, basa ingris mah mung di- Para guru nu bumela kana kasundaan dirojong para inohong Manglé 2445 aranggo ku supir taksi, janten urang ge kedah reueus nganggo basa Sunda”, kitu saur alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI (92) jeung S2 –Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI(2012), nya Alhamdulillah kiwari 90% muridna ngagunakeun basa Sunda. Riwayat Hadiah Hardjapamekas Sakumaha nu pada uninga ngaran “Hadiah Hardjapamekas” nyokot tina nagaran inohong atikan di Jawa Barat, R. Sobri Hardjapamekas (1913-2005). Lalaki kalahiran Cianjur 23 September 1913 icikibung dina dunya atikan ti taun 1950-an, sabada saacana ancrub di lingkungan pamarentahan. Sabada ngarengsekeun atikanna di Jerman, Hardjapamekas ngawulang di Jurusan Pendidikan Bahasa jerman FPBS IKIP (UPI) Bandung, tapi anjeunna ge ageing pisan perhatosanna ka kamekaran basa Sunda. Anugerah Hadiah Hardjapamekas dimitian taun 2008. Panaratasna dianatara Erry Riyana Hardjapamekas, putra suargi Hardjapamekas.Saterusna penganugerahan Hadiah Hardjapamekas jadi program taunan Yayasan Kebudayaan Rancage. Panarima hadiah, guru basa Sunda nu ngajar di SD/MI, SMP/MTs, jeung SMA/SMK/MA; dipilih hiji dina “jenjangna’ sewang-sewangan, hadiahna mangrupa piala/laying pangajen jeung duit sapangaji lima juta perak. Dina hal penileyan/pangajen taun ieu, cek Ellin Syamsuri wawakil ti Girang Pangajen/juri, aya 10 nomini ti 27 Kabupaten guru basa sunda nu aya di Jawa Barat: 4 urang guru ti 4 Kabupaten, 3 guru SMP ti 3 Kabupaten, jeung 3 guru SMA ti 3 Kabupaten. Nu diajenna dianatrana “jam terbang” atawa luangna, guru nu kudu bisa digugu (jadi conto hade keur murid jeung masarakat) jeung ditiru (kompetensina hade, tagogna pantes) cindekna idealna guru kudu hegar (darehdeh), cenghar (sehat, motekar/kreatif) jeung beunghar (ku elmu, amal jeung beunghar hatena)***ASEP GP . Nu kasinugrahan Hadiah Hardjapamekas (Kenca:Wahyu, Sanu, Wiwin) 9
  10. 10. Bagian 176 S akumaha nu disarankeun ku sobatna, ku Komarujaman téh diturut. Ieu pamuda, langsung ka puseur kota ngadatangan istana nu ditempatan putri Budur. Di dinya, manéhna gogorowokan nawarkeun jasa, saperti umumna ahli nujum jeung tabib nu biasa nambaan. Sakur nu ngadéngé omongan Komarujaman, karageteun. Atuh, jul-jol nyampeurkeun éta nonoman. Bréh wéh kanyahoan, éta pamua téh, dedeg sampé rupa hadé, nenggang rurupaanana ti para pamuda umumna. Loba nu heran jeung manglebarkeun ku nilik paripolah jeung rurupaan éta nonoman téh. Héran, lantaran bangun nu kacida yakinna kana kamampuhan pribadi. Padahal, paraahli nujum nu tiheula gé teu mam- 10 puh ngubaran putri nu ahirna mah nandangan hukuman. “He, Ki Silah! Andika leuwih hadé teu gogorokan kawas kitu!” ceuk urang dinya nu karunyaeun ka Komarujaman. Nu diomongan kitu teu nolih. Malah, gorowokna téh mingkin tarik nepi ka prajurit istana gé kalaluar ti tempatna, kagareuwahkeun ku éta sora. Komarujaman ngagorowok deui. Nyebutkeun dirina téh ahli ngubaran nu sanggup nyageurkeun putri nu keur nandangan tunggara. Ngadéngé caritaan kitu, nu ngajaga putri téh silihrérét jeung baturna. Geus kitu, salahsaurang di antarana gura-giru ngabéjaan ka Raja Ghayur. “Kitu, kasaurananana téh!” ceuk salahsaurang badéga ka rajana. “Di mana ayeuna?” “Di payuneun istana endén putri!” Raja Ghayur ngadatangan éta tempat. Bréh lalaki nu umurna kawasna mah pakokolot supa jeung anakna. Sajongjongan raja ngahuleng, teu pupuguh bet ngarasa karunya ka éta pamuda téh. Ceuk pikirna, mun nyata-nyata gagal, tangtu bakal jadi mamala. Putusan raja, moal lanca-linci luncat mulang. Saha waé nu bisa ngubaran, rék dikawinkeun ka anakna sarta meunang ganjaran rupa-rupa dunya barana. Ngan, sabalikna,mun gagal, tangtu baris meunang hukuman nu kacida beuratna. Raja cangcaya kana kamampuhan Komarujaman. Inyana mah leuwih suka mun éta pamuda ngabatalkeun pakarepanana. Ceuk pikirna, leuwih hadé éta nonoman téh teu neruskeun pakarepanana. Tapi, Komarujaman keukeuh hayang dibéré kasempetan nyoba-nyoba kamampuhanana najan ahirna kudu nandangan hukuman mun teu luyu jeung kahayang raja. Sanggeus nyarita kitu, Komarujaman ngahariring. Eusina ngedalkeun eusi haté nu éta kekecapan téh saperti nu biasa dihaleungakeun ku Putri Budur. Atuh, raja gé ngahuleng sarta timbul kapanasaran hayang nyaho bulé-hideungna lalampahan si pamuda. Ngadéngé kakeyeng éta pamuda, Raja Ghayur panasaran. Ahirna, ngidinan sarta nitah sababaraha urang prajurit nangturkeun ahli nujum ka tempat anakna. Komarujaman bungah kacida. Leumpangna gé guragiru naker, miheulaan pangawalna. Kawasna hayang geura-geura tepung jeung nu dipika- Manglé 2445
  11. 11. cangcamna. Ti lawang ka rohangan tempat Putri Budur, kahalangan ku sababaraha rohangan séjén. Da, tempat putri mah ayana téh dijero wawangunan béh tukang, nu mun diosorang ti lawang hareup gé kudu ngaliwatan gang heula. Ahirna, Komarujaman jeung pangiringna cunduk ka éta tempat. Sanggeus bébéja ka nu ngajaga, nu anyar datang téh bisa asup ka rohangan nu ngablag. Di dinya aya tempat husus nu pantona dipipidingan ku lalangsé. Nya di dinya putri Budur téh cicingna. Ngahaja pantona gé teu ditutupan, lantaran ngarah nu ngajaga babari asup ka dinya sarta bisa nalingakeun kaayaan putri tina lalangsé nu remeng-remeng. Najan teu dipantoan, teu dikerem, Putri Budur mah teu bisa ka manamana, lantaran sukuna diranté. Sapopoéanna ukur diuk jeung ngagolér. Kaayaanana mingkin lila mingkin pikawatireun, suda kana dahar, jeung langka saré peuting, lantaran pangaruh haténa nu tibelat ka lalaki nu teuing di mana ayana. Peuting ka-203 Sanggeus aya di lawang panto nu ukur ditutupan ku rérégan, pangiring Komarujaman nyarita. Cenah, nya di dinya tempatna putri nu keur nandangan tunggara téh. Geus lila laker teu kaluar ti wawangunan, lantaran dianggap siwah ku raja. “Mangga wé kalebet!” ceuk pangiring. Manglé 2445 “Keun wé urang ubaran ti dieu!” walon Komarujaman. Ngadénge omongan kitu, éta badéga téh héran. Lantaraan, asa teu biasa ngubaran nu gering ukur ti kajauhan. Apan, umumna mah nu gering téh dibawa nyarita, malah kudu digulanggapér ku nu ngubaranana. “Ih, asa teu ilahar atuh ari ngubaran ti ukur ti kajauhan mah!”pokna deui. Komarujaman teu nyarita. Manéhna sila sarta nyanghareup kana rérégan. Geus kitu mah, ngahariringkeun sair nu eusina kawas nu ngingetan. Cenah, ubarana haté mah, ku cara papanggih jeung nu dipiasih. Ngan, upama ngarasa diteungteuingan ku nu dipikacinta, taya deui ubarana lian ti pitulung ti Nu Mahakawasa. Sanggeus ngahariring kitu, Komarujaman ménta keretas jeung pulpén ka badéga. Teu hésé, koreleng wé nu pentaan keretas téh ka rohangan séjén. Datangna deui téh mawa barang sapaménta Komarujaman. Gap éta pamuda nampa-nan keretas jeung pulpénna. Trét nuliskeun sair, diilo teleb naker ngimeutan kekecapan nu geus ngajangélék jadi tulisan. Geus kitu, manéhna ngalaan ali nu napel dina jariji kencana. Saterusna mah, éta suarat nu dijerona aya alian téh dipasrahkeun ka badéga sina dibikeun ka Putri Budur. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ku M.A. Salmun { 15 } “Dikinten ku abdi mah naon baé, perkawis parna, boro kagét,” ceuk sungut Sari, ari ceuk haténa mah puguh lain deui. “Naha kitu-kitu baé. Upami badé gé jéngkél bari balilihan, kedah abdi,” – tah ieu mah enya terus jeung haté ucap téh— “Si Piah ménta kitu-kitu baé mah, atuda hakna, kitu adilna, meujeuhna baé, teu anéh teusing.” –éta omongan saéstuna jeung sabenerna, tapi Sari ngucapkeunana teu ihlas, henteu clik putih, clak hérang— “Émutan abdi mah kanggo kalulusan sadayana, upami mung sakitu mah paméntana, saé dicumponan baé, bilih jadi gujrud.” Lir ngadadak coplok bangbaluh haté, lir panon poé némbongan tina sela-sela reueuk angkeuh, Usman sirikna teu ngoréjat bawaning atoh ngadéngé omongan pamajikanana kitu, cengkat bari neuteup, pok nanya: “Kumaha Enden? Henteu Engkang téh lepat dangu mah? Kukupingan Engkang téh cumponan baé?” Sariningrat maksakeun manéh imut: “Ih, cepil téh bet ngadak-ngadak liwar! 12 Sumuhun, mangga baé, sanggem abdi gé; éta mah hakna Nyi Rapiah, kitu adilna kitu leresna, naha kedah dikorétkeun. Malah kedahna mah abdi, garwa nu anom nu kedah kawon.” (Padahal mah ari dina haténa mah: “Aing eukeur kasedek kaselempék, mung ngalawan matak ancur, apa boléh buat, saheulaanan mundur-mapan, gampang engke geus meunang dangka ngangseg deui”). Ucap teu terus jeung ati, letah teu luyu jeung bayah, omongan jalma munapék, osok aya akibatna, malindes ka dirina, teu béda ti barang palsu, teu guna ka nu miboga. Lantaran tangtungan Agan Sariningrat jiga léah jiga sadrah, nyokot jalan mundur-mapan téa, ditenjo ti luar mah imah-imahna jiga tetep angger répéh rapih bérés-roés sabaréto, padahal di jero mah lir durukan huut, seuneun ngageremet teu pareum-pareum nyatuan huut garing. Ari ku dicandung onaman, teu pati dijieun pikir, da harita mah biasa nepi ka ditilu-diopat gé dianggap jamak baé, kitu sotéh lamun “adil” atawa teu jauh teuing géséhna antara para maru téh. Tapi ari cara Sariningrat mah, anu ti barang kawin geus dibéré meunang, dipangmeunangkeun duméh “agan” anak ménak, ari ieu didadak ditaragal ku tanjakal sakitu tarahal garihalna sasat dijungkir-peutikeun, asa ngadadak digebug mamaras, atuh saha nu teu nyeri! Najan paroman katénjona tetep marahmay, réngkak polah kadeuleuna angger rintih tur jatnika, ari akal mah nu ngagolak ku panas, teu weléh jalan, nyiar hayang mulangkeun kanyeri ka Nyi Rapiah, teu weléh dipikir dibulak-balik, boh laku, boh kasar asal rekep-rikip. Sabot kajadian-kajadian di luhur jalan, Nyi Dampi oge anu diancam ku Nyi Rapiah – ieu mah tulen pokal Nyi Rapiah, lain pamagahan Luih—teu cicingeun, ceuk pribahasana tea mah cara anjing tutung butut, teng ka ditu, teng ka dieu ngadedengekeun ngadeudeuleukeun pijalaneun geusa narik Agan Sariningrat jadi “daga- nganana. Dasar Nyi Dampi bosa wisit jagi GOGODA KA NU NGARORA akal téh teu weléh nimu, jalan teu burung mendak, katerengan cukup. Kawas enya magar pamaenan tara sepi pawit, palacuran tara suda layan, bangsat boga bae palingeun, tukang gerejud, setan mangrupa manusa ge tara beakeun geusan ngabibita, Nyi Dampi ge geus manggih jalan. Sakali ieu Nyi Dampi téh henteu tandang ku maneh, tapi ngajurungkeun “muridna nu geus meunang diploma” nya eta Agan Lilis. Harita téh poe Jumaah isuk-isuk, Sariningrat keur ngajulaeu bae dina dipan di patengahan (jaman harita mah teu kaitung dusun neundeun dipan atawa korsi male di patengahan téh), geus beurang téh acan mandi-mandi acan, beberes bebenah masa bodo lajangna, ka dapur geus teu ahyang campur, anggeus ku ngandelkeun Bi Asmi, awak geus teu pati dipalire, babangunan téh rek kadewul rek jamburaul keun bae. Kituna téh perbawa panas ku maru jeung jengkel ku salaki. Diwaaskeunana téh tipu peuting dina saminggu salakina sukan-sukan cara panganten anyar jeung Nyi Rapiah. Da keur panas, teu Manglé 2445
  13. 13. kapikir ieuh: naha Nyi Rapiah moal nyerieun hatena, dicangkolong opat peuting dina saminggu. Dasar jelema tea bae, arang langka nu inget kana kanyeri kapeurih nu lian, ngan hayang ngeunan sorangan, komo ieu mah kangaranan jeung maru. “Pangapunten,” ceuk Lilis ti luar. “Rampes,” tembal Sari bari hudang memeres gelung, ngusap beungeut, langgeor ka tepas, ngarudin, baju ge jeroeun sarung. “Ya Alloh, geuning Euceu, haturan!” ceuk Sari bari nyumputkeun kabingung. “Sisinarieun sisinanteneun rurumpaheun ka abdi.” Lilis pura-pura teu mireungeuh kana pamulu bingung paroman susah téh, serewel pisan jiga nu heueuh sono: “Duka, da Euceu tos aya saminggu mah hate nyongsrong hayang ka dieu, teu wantun jung sotéh, aringgis bilih Enden teu kersa ngangken, rumaos bae Euceu mah baraya ge kacingcalang ti Manglayang.” “Gusti Pangeran,” walon Sari, “naha Euceu sasaurang kitu, apan urang saaki, indung abdi téh adina tuang rama!” Bari Lilis dikaleng: “Nam urang di lebet, naon Euceu téh bakuna nganggo Manglayang-manglayang kitu. Teu lucu ah, dijembel ke geura.” Jeung enyana, Sari téh duka kumaha, bet atoh kadatangan dulur misanna téh, asa aya geusan malidkeun kasedih, asa boga batur keueung, beungbeurat hate teu asa ngabandul teuing. Lilis, pura-pura teu ingeuh: “Ari Aom tos angkat ka padamelan?” Sari: “Teuing atuh! Taroskeun ka anak Si Haji Ngopet ... hemh, hayang téh dibeledag gelap ka inyah.” Lilis: “Har, naon ieu téh, sararieun ah, jiga nuju sarusut. Uih deui we Euceu mah,” bari pura-pura rek ngalesotkeun nu ngaleng. Sari: “Angger ari geus ogoan téh. Da sanes ambek Manglé 2445 ka Euceu abdi mah, ngewa ka Si Eta tah, Si Gusureun Buaya, sangeuk nyebut ngaranna ge lah.” Lilis: “Leuh leueuh, hadena bae ninggang di Enden, geulis ka baeudbaeudna, jamotrot téh matak tambah sono. Mun ku nu sejen mah Euceu téh ngejat, sararieun.” Jeletot Sari ngajembel birit bari ocon: “Baku ari geus ngolo téh, kabisa ti bubudak, hag siah karasa tah, nya!” “Aduh!” ceuk Lilis ngagurubug bari seuri, “mana sina ulin kakamarangan di buruan Eyang Patih, nyiwit téh ku teu kira-kira.” Sari: “Ngewa tuda, make ngolo.” Lilis ngartieun yen dirina keur dipake meupeus keuyang tapi pura-pura bae, malah rada ngahajakeun kalah disundut sakali, ngarah dibanjur sakalian geus ngagedag engke, pokna: “Paingan atuh Euceu téh keyeng pisan hoyong ka dieu téh, sihoreng Enden nuju kabarubuhan. Ari kahayang téh geus peupeuriheun. Aceuk jadi jalma katalangsaraya, seubeuh dicacampah deungeun, atuh Enden mah sing mulus, sung lulus banglus, salindungeun Euceu, da baraya nu lian mah apan nya eta tea di hareupeun beungeut Euceu teu heuleumheuleum ceplak pahang, basana ge Si Kacingcalang Manglayang. Padahal indung Euceu téh ti barang pruk ka Ua suargi, bejana jadi pohara nyantrina, teu tingal salat ngaji, ibadah-puasa. Enya tadina ngaronggeng tea mah, tapi jalma geus babalik pikir, geus ngalebur tapak, geus hirup bageur, ku baraya ti bapa hayoh bae dipepehek, dugi ka sapertos Ama Rangga sareng Ibu kalektor mah werat nyaretu ka Patih, kersa nyakolakeun Euceu sagala, bubuhan ka putu, Manglayang-Manglayang ge. Ninggang di Euceu sirikna teu dikukuprak dianjingan sakalieun deudeuheus ge. Cacadna téh dumeh indung Euceu kungsi jadi ronggeng. Eeuceu téh lain disaramabat, dijareujeuhkeun sina jadi jelema bener, bet kalah dibendengan, disieuhkeun. Naon dosa Euceu? Pedah indung Euceu geulis matak kapengpeongan bapa Euceu? Magar menak sok adil palamarta téh, ninggang di baraya Euceu mah mana buktina? Nu luhur lalengus, nu harandap tambelar. Kalah ka aragulna bae ku payung butut.” “Paratnos-parantos!” euk Sari, “Euceu mah kitu, ah, keur carang tpang téh, ari amprok bet nyeuseul ka abdi, aya kadua nyombo ka dulur nu nuju dipuuk bingung.” “Lilis nyerengeh: “Sanes nyeyseyk, Euceu mah keur nyarioskeun baraya! Samarukna jadi menak téh anggeus ku turunan bae teu kudu menak ka hate-hatena. Nya! Hmh, humayua teuing!” Lilis ngarenghap sakeudeung, pok deui ngadadak nyimpang: “Lah ku baretah lah di dieu,” bari rurat-reret, “ku iasaan Enden mah ngatur bumi téh. Kieu-kieu teuing mah, sugan kapatihan bae, ieu mah.” Sari: “Tah, tah, tah, Nyi Jucung mah geus prak deui bae ngolo téh.” Lilis ngabarakatak: “Hah, hah, hah! Nyi Jucung; enya keur budak Euceu ari digelung téh sok dijucung, ayeuna mah, tuh...” bari nembongkeun gelung. Nya luis nya gede ... tingali, sanggul kieu nu di sebat Si HayuTuturkeun téh; hah, hah, hah,” “Ke nanan Ceu,” omong Sari, “linggih-linggi di dieu, abdi bade mandi heula. Palay ngaleueut naon, cikopi, citéh?” Lilis: “Nam, nam atuh rek mandi mah! Geulis-geulis ngajejedig, yey, boro-boro lalaki, Euceu ge rujit nenjona.” Jeletot Lilis dijembel mani ngagurubug. Sari hudang bari ngadelekan ocon: “Hayoh, Si Jucung, Si Pangoloan, kop tah geulis tah nu ngajeletot.” (hanca) 13
  14. 14. Nulad Uswah Kulawarga Ibrohim a.s. Ku Féndy Sy. Citrawarga T eu mangmang deui, kanggo urang salaku muslim, sumpingna sasih Dzulhijjah mangrupi pangémut yén dina sasih éta aya peristiwa penting tegesna ibadah haji sareng qurban atanapi Idul Adha. Dina peristiwa éta ogé kacatet uswah atanapi conto tuladeun ti insan-insan pinilih, tegesna nulad uswah kulawarga Nabi Ibrohim 'alaihi salam. Dina ritual ibadah haji natrat lalampahan sareng tapak lacak kulawarga Ibrohim anu intina nyoko kana wedelna taohid, akidah, sareng kaimanan ka Alloh SWT. Leres, kanggo kaom muslim mah wedelna tatapakan taohid sareng iman téh mangrupi konci geusan ngahontal kabagjaan lahir tumekaning batin, dunya rawuh ahérat. Ku tatapakan taohid sareng iman anu kiat, sagala rupi pangrobéda hirup di alam dunya ieu baris kaungkulan. Sawangsulna, upami dina diri kulawarga urang suwung kaimanan nu saleresna, hapa atikan moral sareng ahlak Islami, baris sesah ngungkulan sagala rupi pangrobéda hirup. Ari margina, hartos kabagjaan kanggo kaom muslim mah ukuranana sanés sarupi upamina baé kabagjaan lahiriah duméh harta banda ceuyah, nanging kedah ngawengku karaharjaan batin. Tah karaharjaan atanapi kabagjaan lahir tumekaning batin téh katawis tina réngkak paripolah kulawarga Nabi Ibrohim a.s. anu panceg nyepeng deleg taohid sareng iman ka Alloh SWT anu tangtosna kedah ditulad ku urang sadayana malah mandar ngahontal harepan 14 bagja lahir tumekaning batin, boh di dunya boh di ahérat. Aya paripaos ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak. Kitu pengkuhna akidah sareng taohid kulawarga Nabi Ibrohim ogé. Geura, nalika Nabi Ibrohim kénging pancén ti Alloh sangkan meuncit putrana ku anjeun, Ismail, anu sakitu lamina dikantunkeun, katawis sauyunanana. Ingkang garwa, Siti Hajar, barang ngadangu iber sangkan Nabi Ibrohim meuncit putra kameumeutna, sok asal leres pancén ti Alloh SWT, anjeunna teu mungpang, teu galideur, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, éstu tumut kana naon-naon nu nuju diperjoangkeun ku ingkang carogé. Sanaos sétan ngagoda nu cenah na indung téh aya ku téga ngantep bapa maténi getihna sorangan. Siti Hajar panceg, langkung percanten kana cariosan ingkang carogé batan panggoda sétan. Tuang putra, Ismail, ponpilalagi tos masagi taohidna ti murangkalih kénéh. Sanaos anjeunna badé dipaténi, diteukteuk beuheung ku nu janten rama, henteu ieuh mungpang wangkelang da tos yakin éta téh mangrupi kadeudeuh sareng kanyaah Alloh SWT. Numawi, anjeunna sumerah pasrah, "Mangga Apa, geura caosan pancén ti Alloh, abdi rido," kitu panginten pibasaeunana téh. Atuh tos kantenan Nabi Ibrohim, anjeunna teu mangmang deui nyumponan pancén ti Alloh nu mangrupi ujian nu teu kinten abotna. Nanging, ku kersaning asih Gusti, korban téh sanés meuncit Ismail, tapi digentosan ku domba. Nya janten syaréat ibadah qurban kanggo urang ayeuna, nu teu kedah korban meuncit anak, nanging cekap ku domba atanapi sapi. Seueur tuladeun tina perjoangan kulawarga Nabi Ibrohim utamina dina mageuhan akidah sareng iman anu saleres-leresna. Numutkeun Drs. Syahminan Zaini dina bukuna, "Khutbah Jum'at", aya lima hal anu dipidamel ku Nabi Ibrohim nalika milari sareng ngadegkeun hak atawa bebeneran. 1. Nabi Ibrohim kacida teu sapagodosna kana kapercayaan jeung kahirupan bangsana anu reumbeuy ku kamusrikan ka Alloh. 2. Ku kituna, teras Nabi Ibrohim ngayakeun panalungtikan kalayan soson-soson, saha saleresna anu kedah disembah ku manusa. Anjeunna kénging kacindekan geuning anu payus disembah mah anging Alloh SWT anu nyiptakeun alam katut pangeusina. Tah ieu bebeneran atawa hak mah. 3. Nabi Ibrohim nepikeun éta hak ka kulawarga jeung bangsana (kaomna) kalayan daria. Tapi tetep wijaksana. 4. Dina nepikeun hak ieu, Nabi Ibrohim mayunan halangan harungan ti ditu ti dieu. Ku anjeunna dipayunan ku cara ngorbankeun naon baé anu aya dina diri anjeunna, dugi ka Manglé 2445
  15. 15. putrana ku anjeun anu kacida dipikacintana dikorbankeun. Jabi ti kitu, anjeunna sayogi nampi rosiko anu tumiba dugi ka anjeunna rido diduruk hiruphirup. 5. Alatan réla korban sareng wawanén narima rosiko, Nabi Ibrohim kasinugrahan kabagjaan dugi ka namina dipiémut sareng dipihurmat ku balaréa sareng ku Alloh SWT tug ka kiwari. Sakali deui, sépak terjang jihad Nabi Ibrohim sakulawarga kedah janten uswah, conto, kanggo urang sadayana salaku muslim dina ngawangun kulawarga soléh. Anapon prakprakanana, sajabi nulad Nabi Ibrohim ogé dijejeran ku uswah Nabi Muhammad saw. minangka panumbu dawah nabi sareng rosul sateuacanna tur anjeunna janten rosul pamungkas nu tos dibekelan papagon Islam anu sampurna. Dina hal ieu, anu kedah langkung diperhatoskeun nyaéta taohid sareng kaimanan. Teu badé kitu kumaha, jaman kiwari kaayaan kulawarga muslim réa nu tigebrus kana jurang kacilakaan ku margi parantos nebihan akar-akar agama nyaéta iman sareng akidah. Leres ari seueur téa mah nu percanten ka Alloh. Nu ngangken mumin, muslim, sareng jujuluk agung sanésna. Nanging, dina ngamalkeun ajaranajaranana kirang sampurna. Malah seueur nu ngan sakadar ngangken. Da ningan kabuktosan, nu masiat pabalatak, nu curaling teu élingéling, korupsi beuki ngabaju, kajahatan sareng kamungkaran taya euih-euihna. Aya salaki bageur, pamajikan teu bener. Indung bapa takwa, budakna doraka, anak soléh kolot salah. Ieu mangrupi gambaran henteu sauyunana hiji kulawarga dina miharep rido Gusti. Malah jaman kiwari mah sok kacaturkeun sakulawarga ancrub kana dunya peteng. Beu! Alloh SWT ngadawuh: "Hé kaom kula, prak aribadah ka Alloh, satemenna teu aya Pangéran salian ti Mantenna. Mantenna anu geus nyiptakeun anjeun tina taneuh Manglé 2445 jeung anjeun anu ngamamurkeunana. Maka, peredih pangampuraNa jeung tobat ka Mantenna. Saéstuna Pangéran kula kacida parek rohmatNa jeung ngobul du'a hambaNa." (QS Hud: 61) Ayat di luhur mangrupi pépéling yén iman anu diadumaniskeun jeung taohid baris mampuh nyegah hancurna akidah, nyatana pangaruh haliah dunya. Cindekna, lamun urusan dunya teu dipager ku iman anu wedel tangtos baris cilaka. Geura, nalika urang meunang harta mucekil mani asa jasa sorangan, diitung-itung taya tungtung, dibahruteng mani anteng taya cacapna. Sedengkeun nimat karunia Alloh dilali-lali, kahihilapkeun ku ngétang bati. Antukna kawajiban babakti ka Gusti kaluli-luli. Padahal apanan urang diciptakeun ku Alloh téh taya kajabi anging kanggo ibadah ka Mantenna. Beuki kendor nyepengan tali agama Alloh, tos moal boa bakal leuwih mangprung nunutur hawa napsu, baris leuwih jauh maléngos tina garis hukum-hukumNa nu antukna bakal leuwih wani nyorang hirup sahayuna, agama ukur jadi kaulinan jeung bahan geuhgeuyan. Alloh SWT ngawawadian: "Nyaéta jalma-jalma anu ngajadikeun agamana keur kaulinan méakeun waktu keur gogonjakan sahingga kahirupan dunya geus nipu maranéhna. Ku kituna, dina poéan kiamat ieu, Kami mopohokeun maranéhna sakumaha maranéhna baheula mopohokeun kana pinanggih jeung poé ieu, jeung ku sabab maranéhna nolak ayatayat Kami." (QS Al A'rof: 5) Kacida rugelna upami urang dugi ka diapilainkeun ku Gusti Nu Maha Suci alatan urang ogé ngapilainkeun kana kahéman sareng kadeudeuh Mantenna, nyaéta hirup aya dina ugeran papagon Islam. Satemenna Alloh SWT parantos ngawanti-wanti ka urang sadayana yén urang téh asal ti Mantenna tur mulang ogé moal ka mamana anging ka Mantenna. Mulang dina hartos kedah tanggung jawab kana sagala rupi hal anu tos dipidamel. Hanjakal urang mah hirup téh bet diprogram ku haliah dunya, ngaluli-luli kana baris tumibana jeung ajal pati bari ngahihilapkeun atanapi haré-haré kana ayana poé hisab, balitungan amal. Ngeunaan hal éta diuningakeun ku jungjunan urang, Nabi Muhammad saw., sakumaha nu kaunggel dina hadis nu hartosna: "Baris datang ka kaom kula hiji mangsa jeung nalika éta (maranéhna) leuwih mikacinta lima perkara nepi ka maranéhna mopohokeun lima perkara sejénna. Maranéhna leuwih mikaresep marebutkeun tahta nepi ka maranéhna mopohokeun bekel keur di alam kubur. Maranéhna riweuh ngabahruteng pakayana nepi ka maranéhna mopohokeun amalanamalan poé Hisab. Maranéhna diririweuh dunyana nepi ka kapentingan ahératna diluli-luli. Maranéhna ngararangkénan kahirupan dunyana nepi ka poho bebekelan keur sabada maot. Jeung maranéhna teu maliré dosa-dosana nepi ka mopohokeun tobat ka Alloh."(HR Turdzi sareng Ibnu Hiban) Kitu gambaran jalmi anu parantos diuningakeun ku Nabi saw. tur buktos kalayan nyata teu méncog deui. Dina kahirupan alam modéren kiwari nu cenah disebut jaman globalisasi, pacampur pacarukna budaya umat manusa sadunya, ageung pangaruhna kana jiwa sareng kapribadian kaom muslim. Sok sanaos henteu sadayana. Anu henteu téh, tegesna anu dina dirina parantos nyampak bénténg akidah sareng iman anu wedel sakumaha anu dipibanda ku kulawarga Nabi Ibrohim a.s. Mugia dulur-dulur urang anu dina taun ieu nyumponan pancén ibadah haji sing janten haji mabrur, mulang ka lemah cai janten uswah ka urang sadayana. Atuh anu ibadah qurban, nya kitu deui mugi ditampi ku Alloh SWT sareng aya tapakna dina katakwaan. Da apan sanés daging anu dugi ka Alloh mah, anging ajén-inajén katakwaan anu enasenasna taya kajabi anging tina akidah sareng iman anu wedel téa. Aamiin. *** 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS Kurban Pausahaan Patarosan: Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya nu dipihormat, tumaros perkawis hukum kurban. Biasa nu kurban aya nu atas nami tujuhan, sorangan atanapi sok aya nu atas nami pausahaan. Nu jadi patarosan, kumaha hukumna pami kurban atas nami lembaga atanapi pausahaan, naha kénging? Hatur nuhun kana waleranana. Wassalam, Abdulloh Perumahan Griya Cinunuk Bandung Waleran: Hatur nuhun kana patarosanana. Sateuacan ngawaler kana patarosan di luhur, saéna urang sami-sami medar heula katangtuan-katangtuan hukum ngalaksanakeun ibadah kurban, boh dina prak-prakanana atanapi sual jinis héwan nu tiasa jadikeun héwan kurban. Dina saréat Islam jinis héwan nu tiasa dijantenkeun héwan kurban nyaéta domba, sapi sareng onta. Jumhurul ulama sapamadegan henteu sah kurban saupama ngagunakeun salian ti tilu jinis héwan éta. Kurban hiji domba pikeun hiji jalmi (saurangeun) kalayan tiasa ganjaranana diniatan pikeun sadaya kulawargana, boh nu masih jumeneng kénéh atanapi anu tos ngantunkeun. Hal ieu dumasar kana pidawuh Kangjeng Rosul nu unggelna kieu: “Dina jaman Rosululloh SAW. aya hiji jalmi (salaki) meuncit hiji domba kalayan 16 dikurbankeun pikeun dirina sareng kulawargana” (HR. Turmudzi sareng Ibnu Majah). Numutkeun paham Imam al-Syaukani, Hadits ieu ngajelaskeun yén kurban domba (hiji) pikeun saurang tapi ganjaranana tiasa diniatan pikeun sadaya kulawargana. Kurban sapi tiasa dilaksanakeun ku tujuh urang, sedengkeun kurban onta sabagéan ulama aya anu ngagaduhan pamadegan sami sareng sapi nyaéta pikeun tujuh urangeun, sanaos aya deui sabagian ulama lianna nu ngameunangkeun kurban onta pikeun sapuluh urangeun, gumantung kana ageungna badan ontana. Anapon ngeunaan hukum ibadah kurban, para ulama geus mufakat hukumna sunnah muakkadah, nyaéta sunah anu kuat, lantaran Kangjeng Rosul Muhammad SAW nganjurkeun ka sadaya umat Islam pikeun ngalaksanakeunana, sareng mantenna hanteu kantos ngantunkeunana. Malih numutkeun paham ulama Madzhab Hanafi kurban hukumna wajib pikeun nu mampuh ngalaksanakeunana, iwal iyana nuju ngalaksanakeun ibadah haji nu aya di Mina. Anapon sual nu jadi patarosan di luhur, nyaéta kurban atas nami jama’ah majlis ta’lim atanapi kelompok, lembaga, pausahaan sareng sajabina ku cara iuran atanapi patungan. Cara saperti kieu mah, nu kapendak, henteu kaasup kurban, tapi kaasup sodaqoh biasa waé. Sok sanajan dilaksanakeunana dina poé Idul Adha, tetep héwan anu disodakohkeunana ogé henteu sami sareng kurban. Cara atanapi modél saperti kieu mah, henteu aya kateranganana, boh tina hadits atanapi ijma’ para sohabatna. Margi kitu kurban atas nami pausahaan henteu kaasup kurban. Kanggo patarosan di luhur, langkung telebna mangga tiasa urang nalungtik kana salah sahiji hadits. Wiréh Nabi Muhammad SAW. kantos ngalaksanakeun kurban atas nami dirina, kulawargana, sareng umatna. Unggelna éta hadits nyaéta “Aisyah ngariwayatkeun Rosululloh SAW nyuhunkeun dua domba nu tandukan, sukuna anu warna hideung, beuteungna nu warna belang hideung, jeung dina sabundeureun panonna aya warna hideung. Lajeng Rosululloh SAW nyarios ka Siti Aisyah: ‘He Aisyah, candak péso anu kénging ngasah ka dieu. Teras Aisyah mangnyandakkeun éta péso. Saatosna kitu Rosululloh SAW nyandak domba anu tadi teras dipeuncit bari ngucapkeun: “Kalawan nyebat asma Alloh, Ya Alloh mugi ditampi ieu kurban ti diri abdi Muhammad, kulawarga Muhammad, sareng umat Muhammad’”. (HR. Muslim). Sabagian ulama ngajelaskeun yén kurban anu dilaksanakeun ku Nabi saperti kitu husus pikeun Nabi wungkul. Katerangan ieu tiasa ditingal dina kitab “Syarah Hadits Imam Tirmidzi”. Sedengkeun sabagéan ulama lianna ngajelaskeun, yén hadits di luhur maksudna, saha baé anu ngalaksanakeun kurban meunang nyebutkeun jalma lian atawa kulawargana atawa jama’ahna pikeun narima ganjaranana. Tapi lain hartina jalma anu disebut tadi tos cumpon ngalaksanakeun kurban. *** Wallohu ‘alam. Manglé 2445
  17. 17. Unpas Jadi Solusi jeung Pilihan Masarakat U niversitas Pasundan, paguron luhur anu aya dina iuh-iuh Yayasan Pendidikan Tinggi (YPT) Pasundan, komarana ngelebet ka sakuliah dunya. Kapercaya masarakat ka ieu paguron luhur tangtuna teu leupas tina rupaning alesan. Sabab, ieu paguron luhur anu pernahna di Bandung, Jawa Barat, Indonesia teh, kaasup salasahiji Perguruan Tinggi pinunjul ka 50 sa Indonesia. Matak payus upama Unpas jadi salasahiji perguruan tinggi pilihan jeung solusi keur masasarakat. Kitu téh deui luyu jeung visi katut misi Paguyuban Pasundan. Éta universitas jinek naker nyitak lulusanana nu “Luhung Elmuna, Pengkuh Agamana, tur Jembar Budayana”. Kalungguhan Unpas di Jawa Barat, memang luyu jeung ngaranna. Jadi pribumi di sarakan sorangan. Sageuy teu bisa makalangan, da puguh di tempat bali geusan ngajadi. Ngan, tangtu wé, nu nyuprih élmu di éta lembaga téh lain waé urang Jawa Barat jeung Banten nu lolobana sélér Sunda, tapi deuih ti jauhna, kaasup sélér-sélér séjén ti sakuliah Nusantara. Malah, kadieuanakeun Unpas gé jadi pangjugjugan mahasiswa ti mancanagara. Ti taun ka taun Jumlah mahasiswa Unpas teu weleh undak. Hartina, ieu paguron luhur pada muru, jadi pilihan keur masarakat anu rek nyiar elmu. Boh anu aya di sarakan, boh nu ti luareun pulo Jawa Barat. Ku kituna ieu paguron luhur teh meunang predikat, paguron luhur unggulan. Unpas nu dumuk di Bandung, Jawa Barat, teu tuna ti pangaruh nu karandapan ku Jawa Barat. Enya, apan tatar Sunda téh pangjugjugan. Kituna téh keur rupa-rupa kapentingan, kaasup nu boga karep nyiar élmu. Kanyataan kitu, matak gedé haté keur sing saha waé, lantaran ku gedé karep nyiar pangaweruh, hartina boga kahayang nambahan kamampuhan. “Tangtos, Manglé 2445 Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup, Sp.,M.Si., M.Kom, Réktor Universitas Pasundan lembaga atikan téh kedah ngajantengkeun alumnina jeung ngagaduhan kamampuhan akademik sareng tiasa ngalarapkeun élmuna di masarakat,” kitu Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup, Sp.,M.Si., M.Kom, Réktor Universitas Pasundan (Unpas) nepikeun biantarana dina acara Orientasi Pengenalan Mahasiswa Baru (OPMB) mahasiswa Unpas taun akademik 2013/ 2014 sawatara waktu ka tukang di SABUGA, Bandung. Hadir dina eta acara Koordinator Kopertis Wilayah IV, Ketua Umum Paguyuban Pasundan Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi, M.Si, Ketua YPT Pasundan, Drs. H. Makbul Mansyur, M.Si, para Wakil Rektor Unpas, pingpinan Fakultas, Prodi, Unsur pangurus Alumni Unpas, sarta tamu ondangan sejenna. Taun ieu, nurutkeun catetan sajarah, jumlah mahasiswa anyar Unpas kawilang panglobana. Mahasiswa taun akademik 2013/2014 ieu, anu ditarima di Unpas jumlahna leuwih kurang 4839 urang. “Ieu teh tangtos mangrupa kapercaya masarakat ka Unpas anu kacida ageungna.” Kitu pokna Rektor Unpas nepikeun kareueusna. Undakna jumlah mahasiswa anyar, tangtu hasil rancage gawe babarengan sakumna civitas akademika, kaasup para alumnina deuih. Kiwari angka ‘student body’ Unpas geus nyumponan 17 rebu. Ku kituna, saur Rektor Unpas negeskeun deui, eta kapercaya masarakat ka Unpas, masing tetep dipiara sahade-hadena. Sangkan kaparigelan jeung kapunjulan rupaning widang di Unpas, hasilna saluyu jeung harepan masarakat. “Unpas kedah janten solusi nu katara ayana jeung karasa mangpaatna ku balarea,” kitu harepan Rektor Unpas tandes naker. Tina sakitu jumlah mahasiswa anyar, diantarana aya 20 urang mahasiswa asing ti 11 nagara deungeun. Dina gelar acara OPMB Unpas, para mahasiswa anyar harita diwajibkeun marawa beas. Sabada dikumpulkeun, eta beas teh jumlahna kurang leuwih aya 14 Tonna, anu saterusna dibagikeun ka masarakat anu perelu tur ngabutuhkeun. Salian ti eta, saban mahasiswa ge diwajibkeun mawa 4 siki buah alpuket pelakeun di hulu walungan Citarum . Eta kagiatan teh mangrupa salasahiji program Unpas dina raraga kaengeuh jeung kanyaah lembaga kana lingkungan. Ketua Panata calagara OPMB Unpas Dr. Deden Ramdhan, M.Si., nu oge Wakil Rektor III Unpas netelakeun, tina jumlah 4.544 urang mahasiswa anyar, aya 44 urang diantarana nu asup ka Unpas ngaliwatan jalur Program Beasiswa Bidik-Misi. Deden netelakeun, OPMB taun ieu,. Jejerna “Menyongsong dan Mengapresiasi Abad Emas Unpas Dengan Mempersiapkan Generasi Unggul,”. Dina umurna ka 53 taun, ceuk Deden, Unpas boga angen-angen nyitak mahasiswa unggulan nu dituturusan, Nyakola, Nyantri, Nyunda tur Nyantika.*** 17
  18. 18. Bulan dina Cappucino Carpon Kiki Pratiwi Arsapraja S abada kapancegan nungtut muguran. Sabada léngkah teu apal deui ka mana lajuna, nya di dieu pisan apan tempat urang pada-pada nyumputkeun 18 kalangkang. Dina capuccino nu pinuh ku lautan coklat. Lebah dieu ayana bulan urang, bulan nu mindeng dipupusti. Bulan dina capuccino. Jam sabelas peuting, nu témbong ukur sababaraha urang. Nu diuk, nu silih gunem catur dina ruparupa basa. Sakali-sakali silihteuteup tapi atra pirangpirang kapalsuan. Cappuccino masih kénéh anteng diteuteup. Lagu-lagu kaliwung kapireng maturan haté nu suwung. Sedeng manéhna nu diuk deukeut jandéla méh sababaraha kali neuteup langit padahal bulan tetep atra dina cappucino urang. Angin ngahiliwir kana lebah jandéla nu ngeblak muka. Duaan pabetembetem. Paguneman ukur atra ‘na dada séwang-séwangan. Geter -geter bet karasa nungtutan leupas tina wirahma. Manéhna ngeluk tungkul témbong alum. Tuluy tanggah lalaunan neuteup saheulaanan. Manéhna pasti rumasa. Rumasaeun ngudar pasini nu geus lila dicangreudkeun. “Geura dileueut atuh cappuccinona...” manéhna wakca Laju ngolébat baé kana pirang-pirang panineungan urang duaan. Nganteurnganteur kana implengan mangsa munggaran tepung tuluy lawung kapigandrung. Enya, apan cappucino téa sababna mah. Manglé 2445
  19. 19. Urang duaan pada-pada seneng kana cappuccino. Mindeng anteng di ieu kafé. Manéhna nu nyampeurkeun ngajak silihmikawanoh. Sosobatan. Lalaunan rasa atra katresna tuluy anjog di ieu lalakon. Kasatiaan sihoréng méh peunggas atawa mémang kudu gancang dipungkas. Padahal lima taun lain waktu nu sajorélat. Komo lamun kudu nepi ka nilemkeun panineungan. Ah... “Manawi akang tos lali, dina cappuccino ieu aya bulan. Bulan nu salawasna dipupusti...” “Sanés, sanés hartosna lali. Namung...” Manéhna teu kebat nyarita. Padahal kahayang mah wakca perkara naon nu karandapan. Bongan baheula geus paheut moal nyumput-nyumputkeun kaliwung. Naha bet ayeuna ngajirim kayakinan nu suwung. Lain, ieu mah lain manéhna nu ilahar. Lain manéhna nu salawasna maturan milang lewang jeung impian. Di dieu, di kafé nu teuing pikeun ka sabaraha kalina urang anteng nepungnepungkeun impian bari nyarungsum teuneung na mangsa keueung. Ayeuna di kafé ieu kénéh, manéhna megatkeun réwuning impian. Anjeun nu anteng nyidem rusiah sedeng kuring baris lana mibanda guligah. Naha anjeun inget geus sabaraha hiji bulan dina cappuccino nu habén dipesen saban anjog ka dieu? Bulan dina cappuccino, di dinya ngancikna gandrung duaan. Di dinya nu jadi saksi katineung. “Ondangan tos disebar. WO ogé tos konfirmasi..” Anjeun ngarénghap. Lagu kaliwung masih kénéh ngagalindeng. Sedeng antara urang tetep Manglé 2445 simpé pada-pada anteng dina implengan séwangséwangan. Laju urang silih teuteup. Teuteup nu nyidem pirang-pirang rusiah. Ah, teuteup manéhna teuteup nu salawasna nyaliarakeun rasa simpati. Teuteup nu meruhkeun ringkang jeung karingrang. Karasa wanci terus ngamalir tina nu ngeyembeng dina kongkolak. “Ulah salempang, kasatiaan baris salawasna marengan. Apan ieu ogé demi masa depan urang..” Ukur bisa seuri konéng. Kasatiaan, cenah. Kasatian mana anu dimaksud? Kasatiaan manéhna nu disamunikeun atawa boa nu leu ngit sabab geus lawas ditandonkeun. Teu lila leungeun manéhna tepung jeung leungeun kuring. Leungeun-leungeun nu pada-pada ditepungkeun dina ranggeuman. Tapi paguneman masih kénéh atra di jeroeun dada séwangséwangan. Cappucinno dina cangkir nungtut niisan. Kitu pisan, éstu kitu pisan. Mangsa simpé teu bisa jadi jawaban tina mangpirang kaguligah, manéhna rikat nepungkeun ranggeuman. Tapi ranggeuman tetep teu bisa ngawada ranggeuyan karémpan nu tan watesna. Ranggeuman nu kiwari taya bédana jeung ieu capuccino. Tiis. “Ulah kuciwa lantaran nu geus ditataharkeun teu bisa dilaksanakeun, sabab lain hartina urang teu ngajodo. Jaga, pasti bakal aya waktu anu leuwih merenah. Lain kétang, jaga bakal aya...” manéhna guntreng nyarita tapi saenyana ieu ceuli teu hayang mirengkeun kana naon nu tadi diwakcakeun ku anjeun. Laju cimata ngajurung lamunan, mamawa panineunangan kana mangsa éndah nu duaan. Kapan di dieu pisan harita manéhna imut pinuh geugeut. Tuluy wakca yén kuring téh tembang pangharepan. Enya, tembang pangharepan nu ayeuna laju nungtut muguran. “Hampura Akang...” ceuk manéhna deui. Simpé. Sabada manéhna wakca balaka ngeunaan pirang-pirang kasuwung. Ukur angin katigin nu hiliwirna karasa, hawana minuhan bayah. Teu, teu cukup méré kakuatan. Laju aya nu ngamalir dina pipi beuki lila sihoréng beuki atra kaliwung. “Kapan ti kapungkur ogé akang geus wakca teu kudu rurusuhan. Butuh waktu pikeun ngalelemu sepuh urang. Ku akang kapan geus kasawang ti anggalna. Kiwari akang teu bisa pakumaha iwal ti jalir kana jangji...” Bulan dina capucino nu disanghareupan beuki tilem. Kahalangan ku nu beuki ngeyembeng dina kongkolak. Lebah dinya manéhna teu salah, teu nyalahan. Mémang kaayaan téh teu luyu jeung harepan. Teu pernah luyu jeung harepan urang. Harepan urang duaan. Mémang karasa hanjakal, bet kudu rurusuhan. Bet teu ngukur ka kujur nimbang ka awak. Kasatiaan nu dipupusti sihoréng kudu dipungkas, geus sakuduna dipeunggaskeun. Kaayaankaayaan nu teu saluyu, nu leungiteun wirahma téh tétéla teu bisa disarungsum ukur ku rasa gandrung najan ngagunung. Kolot urang pada-pada teu nyaluyuan kana saban lambaran carita urang nu éstu katumbirian. Lain, lain teu wani luluasan kudu ngarempag kana naon-naon nu geus jadi kasapukan dina hirup. Kasapukan-kasapukan nu geuning teu karasa lebah mana adilna pikeun urang duaan. Pikeun kuring, Kang! Bulan dina coppucino urang geus teu wudu niisan. Hésé pisan mapalérkeun rasa dina narima kanyataan. Kanyataan yén boa ayeuna pisan tepung pamungkas di ieu kafe. Pamungkas urang mesen bulan dina coppucino nu kamari mah karasa pisan ni’matna. Di dieu munggaran tepung, di dieu ogé sihoreng urang mungkaskeun tepung. “Hampura akang, hampura akang.....” kapireng anjeun teu weléh tamada. Ringtone hapé disada. Anjeun neuteup anteb. Kuring mencrong hapé laju ngusap nu ngamalir dina pipi. “Halo.. sareng saha ieu? Oh, Bapa. Aya naon Pa? Muhun insya Alloh minggu payun wangsul ka lembur...” Hapé geuwat ditunda dina méja kapireng aya kénéh nu nyarita. Sihoréng nu ngamalir dina pipi beuki lila teu eureun-eureun. Disusut ku tisue, laju geuwat ngusapkeun wedak jeung lipstik kana biwir. Lagu kaliwung masih angger ngagalindeng. Teu lila cengkat tuluy indit ninggalkeun bulan dina cappuccino. Manéhna jeung kasatiaan nu geus peunggas. “ ......lain ketang, jaga bakal aya pijodoeun anu sajati keur papada urang,” sora anjeun hawar-hawar kokolébatan. Kitu deui, sora bapa nu atra kénéh kapireng dina telepun, “Geura balik, Ujang! Bapa hayang panggih jeung pipamajikaneun téa.” *** 19
  20. 20. Dongeng Arina S INGHORÉNG leuwih tiris ti panyangka Bandung téh, cék Arina ka kuring. Tilu bulan ka tukang, méméh usum hujan, Arina nganjang ka dinya. Kaponcongok kénéh ku manéhna, cakrawala bulao nu ngembat langit lénglang, mayungan lir méré harepan, lambaran anyar, kabébasan. Hanjakal, sanggeus lekasan poé sukan-sukan jeung sobat-sobatna jaman kuliah baheula, rérés ngabeberah jeung ngabebetah manéh, méga-méga laun mindingan langitna, datang ceudeum, gebrét hujan. Haté Arina disudat panineungan. Panineunganana dicaritakeun ka kuring. Arina jeung Sém panggih di pésta, mabok, merdika. Arina teu rémpan sama sakali basa dibedol ku Sém ka apartemenna di lanté tujuh. Lumrah. Surti. Sarua déwasa, teuleum di umpalan lambak kani’matan. Arina kasaréan, cenah, hudang, nyeri sirah, nginum ubar, tuluy nyileungleum deui dina kasur Sém nu haneut, nepi ka isukna. “Euweuh nu istiméwa. Geus ilahar harita mah, da mémang kitu jamanna, “ cek manéhna. Arina ukur ngalakonan nu ku manehna geus dianggap lumrah, biasa. Pabeubeurang poé isukna, Sém imut, mangnyieunkeun Arina kopi, ménta nomer ponsélna, tuluy nganteurkeun nepi ka lawang panto apartemen, bari ngajak panggih deui isukna. Isukna, tuluy isukna deui. Panggih kaopat 20 Carpon Endah Dinda Jenura kalina, aya rasa nu béda. Aya cinta nu marengan tepung di hotél téh. Cinta Arina henteu nogéncang, da Sém males cintana. Enténg pian Sém ngajak Arina pindah ka apartemenna, hirup bareng, bari tacan aya beungkeutan ti bale nyungcung. Enya, tembal Arina basa ditanya daék henteuna, bari tuluy ngaringkid hirup, kabagjaan, jeung harepanana ka apartemen Sém. Harita, cek Arina, ka kuring manéhna ngarasa dunyana éndah. Cek Arina kénéh, Cinta jeung Kaadilan sarua lolongna. Éta nu dibaca ku Arina dina bukubuku dongéng ti jaman budak. Déwa Cupid jeung Déwa Thémis téh sarua dibengker panonna ku lamak, hartina Cinta jeung Kaadilan mah walatra dibikeunna, teu cueut ka sasaha. Tapi kakara sanggeus dalapan bulan pindah ka apartemen Sém, Arina ngarti yén dimana Cupid muka bengker panonna, Thémis bakal nakolkeun palu kaadilan sagedorna. Teu pira sababna mah. Basa mulang gawé, Arina nimu beungkeut buuk warna bungur tarétés kristal Swarovki, ngagolér dina sela-sela sofa rohang tamu. Lain beungkeut buukna. Ogé lain beungkeut buuk Sém. Buuk Sém mah teu jabrig, ceuk Arina. Sidik beungkeut buuk awéwé. Arina jebi. Tapi teu burung mencrong beungkeut buuk éta salilalila, diwanohan ku haténa, dipapantes nu saha, diimpleng mending dikumahakeun. Panceg. Nu ngagolér Manglé 2445
  21. 21. diantep bae di dinya. Teu dipindahkeun, diilikan, komo dicagap mah. Beungkeut buuk éta euweuh hak ngagoler dina sofa, ceuk uing mah. Tapi sigana Arina gé ngarasa teu boga hak mindahkeun. Éta mah sofa Sém, lain sofa uing, ceuk Arina. Panonna rada carindakdak basa ngadongéng. Tilu poé ti harita, beungkeut buuk éta geus euweuh tina sela-sela sofa, lir disulap sangkan ngaleungit ku cara goib. Nu matak hémeng, singhoréng beungkeut buuk éta bisa mindah rupa jadi suweng platina nu cicing handapeun bantal di kamar saré. Harita mah ku Arina kacagap, teu kahaja, bongan leungeunna nyulusup ka handapeun bantal. Teuing suweng saha. Lain suweng Sém. Sém mah lalaki, ceuk Arina, tara disuweng. Tiis platina patarema jeung ramo Arina. Tiis nu sumarambah. Tiis nu tuluy nyangaruk dina bayahna, ulin jero uteukna. Sém midua haté? Kuring colohok. Arina teu nembalan. Tapi cenah manéhna langsung ngoréjat. Gidig ka balkon. Belewer! Suweng platina ngoléang ka jauhna, tujuh lanté handapeun apartemen bari diparancahan tong balik deui. Gidig deui Arina, ka kamar cai, ngadon ngumbah leungeunna. Ngumbah leungeunna. Deui jeung deui. Sanajan tangtu baé, manéhna teu bisa ngumbah kalangkang beungkeut buuk jeung suweng éta. Nu pangheulana karasa téh copong, cenah. Asa aya nu leungit ti dirina. Leuleumpangan di apartemen, asup ti rohang ka rohang, asa nincak asa henteu. Nu dicagap ku Arina teu malik nyabak dirina. Cahaya teu mantulkeun deui sagala nu ditempo ku matana. Poék. Lewang. Arina leungiteun cecekelan. Manglé 2445 “Ku naon?” hiji peuting Sém nanya. Di méja makan. “Ku naon kumaha?” Arina malik nanya. “Asa pias.” “Capé.” “Istirahat atuh,” Sém ngusap pipi Arina, tuluy tungkul deui kana piring steak hareupeunana. Segut ngahuap. Rey panas. Lain pipi Arina. Tapi haténa. Péso steak dina leungeunna karasa tiis. Siga tiis suweng platina. Mun seug éta peso ditancebkeun kana dada Sém, Arina nanya ka kuring, naha bakal karaseun nyeceb tiisna, kitu? Nyerina? Kuma mun ditancebkeun kana matana, nya? Ngarah manéhna teu bisa nempo awéwé séjén deui. Awéwé nu maké beungkeut buuk bungur jeung suweng platina. Sina lolong Si Sém, cenah deui. Kuring teu nembalan. Malieus tina piring jeung lamunanana, Arina tuluy nempo kalangkangna sorangan dina kaca antik nu naplok di tengah rohang. Umurna can tilu puluh-tilu puluh acan. Pagawéan boga. Ngora eukeur. Rupa nyampak. Ti baheula manéhna diogo ku dunya. Tapi lain harita. Harita mah manéhna, awéwé nu dirina dirangsadan katimburu. “Ngalamun,” Sém nunjuk piringna. “Séépkeun emamna,” cenah deui, cengkat, noél gado Arina, tuluy ngaléos ka dapur, ngumbah piring urut daharna, siga biasa. Sém poho teu mangumbahkeun kalangkang beungkeut buuk bungur jeung suweng platina tina uteuk Arina. Arina hayang poho. Hayang rapih jeung kanyeri. Hampura, ceuk kuring, kudu ngahampura Sém, éta cara hiji-hijina. Ngahampura lalaki nu geus midua haténa. Sakali ngahianat mah euweuh hartina, Arina. Boa ukur séks. Lain cinta. Boa sarébu boa. Teu kudu digegedékeun. Sing jembar pangampura. Manéh gé lain awéwé suci nu luput tina salah jeung dosa. Manéh gé kungsi hianat, lin? Baheula, jeung lalaki séjén di jaman mana. Boa ieu wawalesna, tarimakeun. Mangka ulah épés méér. Sing kuat. Ieu mah carita klasik di saban dongéng cinta. Sém ukur ngalakonan caritana, manéh wayahna kabagéan nu nyeri haténa. Arina tungkul. Kuring nyaho, saban poé Arina paséa jeung kalangkang beungkeut buuk bungur jeung suweng platina éta dina sirahna. Arina paséa jeung dirina sorangan sanajan nyaho manéhna hayang jeung kuduna maséaan Sém. Henteu. Teu bisa. Arina teu wasa ngéwa ka éta lalaki. Arina cinta. Arina ngarasa bagja. “Dunya uing éndah,” pokna. Kuring ngusapan buukna.Cipanon Arina murubut. Saméméh aya beungkeut buuk bungur jeung suweng platina éta, inghakna. Lungse paséa jeung sirahna sorangan, Arina leungiteun kabetah jeung kahayang. Teu lila, torojol simpé ka apartemenna -apartemen Sém, Arina ngingetan kuring. Apartemen Sém didongdon Simpé nu gawéna kukulintingan di saban rohang, nyieuhnyieuhkeun harepan jeung kabagjaan. Arina nempo Simpé nembongan dimanamana. Ngawasa. Hiji peuting, dua bulan sanggeus Suweng Platina. “Aya naon, sih? Asa cicingeun pisan ayeuna mah.” Sem kerung, eureun maca bukuna. “Taya nanaon,” cek Arina nu ker nukangan. Sém nangkeup Arina, nyombo, ngaharéwos, nyium ceulina. Arina cengkat. “Heup! Heup, Sém. Geuleuh. Ka ditu sing jauh.” Sém neuteup Arina. Arina neuteup ubin. Geus nanceb, pokna ka kuring isukna, péso steak nu tiis téa. Lain kana dada atawa mata Sém. Tapi kana haténa. Isukna, Sém teu balik. Isukna ge kitu. Tuluy isukna deui. Saminggu campleng. Suwung. Arina teu néangan. Ukur ngalalarkeun panénjona ka sakuliah apartemen. Ngararasakeun Simpé nu mingkin ngalanglaung. Culang-cileung. Nyieun paguneman dina angen-angen. “Eta beungkeut buuk saha, Sém? Suweng saha?” “Lain nu sasaha, Arin.” “Jawab! Nu saha?” “Teu penting nu saha-sahana mah. Nu penting mah ukur manéh. Sejenna teu penting.” Arina gogodeg. Cenah Cinta jeung Kaadilan sarua lolongna. Tapi kakara sanggeus dalapan bulan pindah ka apartemen Sém, Arina ngarti yén dimana Cupid muka bengker panonna, Thémis bakal nakolkeun palu kaadilan sagedorna. Ayeuna Arina teu lolong deui. Manéhna ningali kanyataan, sanajan teu miharep kaadilan. Euweuh dengdem, cenah. Ukur nyeri haté jeung capé. Bonganna Sém geus nipu. Moal daék manéhna ditipu deui. Pukul sapuluh isuk-isuk, tanggal 10 Maret, Arina nyieun putusan, nyingkahan Jakarta. Manehna nyingkahan Sém, jeung sakédét dunya éndahna. Ka Bandung, pokna bébéja ka kuring. Ka kota nu singhoréng leuwih tiris ti panyangkana. Ka Bandung Arina cunduk tilu bulan ka tukang, méméh usum hujan. Kasaksian kénéh ku manéhna, cakrawala bulao éta ngembat langit lénglang, mayung lir méré harepan, lambaran anyar. Kabébasan. Tapi teu lila. Ceudeum tuluy datang. Gebrét hujan. Haté Arina disudat panineungan. *** 21
  22. 22. I ndradi anggur ngabetem ditaros ku ingkang carogé téh. Tungtungna mah hayoh nu naros, hayoh nu ngajeten. “Yayi, ku naon bet balem baé ditaros téh, Geulis? Saha nu masihan ieu cupu téh?” Resi Gotawa hantem merekpek ku patarosan, patarosan éta-éta kénéh. Indradi angger ngabetem. “Ieu cupu téh dipaké ayangayangan ku Anjani. Katingalieun ku Subali sareng Sugriwa. Kabitaeun meureun lanceuklanceukna téh. Nya tuluy baé parebut. Subali-Sugriwa keukeuh hayang ngarebut, da panasaran meureun hayang milu nyo’o. Ari Anjani, keukeuh teu mikeun. Pagulung-gulung tungtuna mah barudak téh, parebut cupu. Anjani nepi ka ceurik, da embung cocoanana direbut ku nu jadi lanceuk. Tungtungna éléh déét Akang téh, nya tuluy di- 22 Cupu Carpon Maman, S.Pd. rawatan wé éta cupu téh ku Akang. Tapi kagét Akang téh, da geuning cupu téh minangka tawis katineung ti hiji bébéné. Aya aksaraan ay lap yu geuning. Diteruskeun kana seratan ‘tawis cinta ti akang ka nyai’,” Resi Gotawa papanjangan ngajelaskeun. Indradi haben ngabetem. “Teg wé Akang téh nyangka, Anjani téh horeng geus diajar bobogohan. Budak bau jaringao kénéh téh geuning geus diajar ngambeu lalaki,” Resi Gotawa bari ngarénghap heula sakedapan. Ari nu ngabandunganana, Indradi, teu lémék sakemék-kemék acan. Anggur tungkul lir kapas kaibunan. “Tapi barang ditanya budak téh, saha lalakina nu tos begér mikacinta ka hidep, ari jawabna téh ‘da éta mah sanés nu abdi’. Ari kitu nu saha, ceuk Akang deui. ‘nu mamah’ kitu cenah,” Resi Gotawa niru-niru sora Anjani. Indradi anggur nyegruk. Aya nu karasa haneut tina juru-juru panonna. Ngeclak sakeclak-sakeclak mapay pipi. “Rarasaan téh asa Akang can kungi masihan tawis katineung nu sapertos kitu ka Nyai. Rumaos sotéh masihan hapé blékbéri, waktos Nyai ulang taun nu katujuh welas. Rumos sotéh masihan sujuki értiga waktos Nyai palay tiasa nyetir nyalira. Rumaos sotéh masihan téb, waktos nyai palay pésbukan dina layarna nu rada lega. Cupu mah Akang téh asa teu kantos masihan. Barina ogé kanggo naon cupu, asa dina carita wayang baé, asa dina lalakon Ramayana. Teu ayeuna mah Nyai, teu payu nu kararitu téh,” Resi Gotawa mani nengtéréwélé. “Nyai, sok ayeuna mah kantun terus terang waé ka Akang, blak-blakan wé, brukbrak, balaka wé pamasihan saha ieu cupu téh?” Resi Gotawa bari angger pananganna nyenyepeng cupu, cupu manik astagina. “Saha lalakina nu tos neundeun kahéman ka Nyai? Sok, balaka wé, da moal ambek Akang ogé, hoyong terang baé ieu mah.” “Ngamaklum Akang ogé, da Nyai teh geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Titisan dewi kahiyangan téa atuh. Ngamaklum Akang ogé, Nyai téh sok pésbukan geuning sareng lalaki séjén. Tapi kapan Akang teu ngawagel. Heug baé, dapon haté Nyai sugema. Tapi kana cupu nu hiji ieu mah Akang téh asa panasaran. Kilang kitu, da Akang mah moal ngambek, ukur hoyong terang wungkul saha lalakina nu neundeun haté ka Nyai.” Indradi angger ngajeten. Indradi haben ngabetem. Indradi tetep teu lémék. Indradi ngahuleng ngaraga meneng. Kilang kitu na lebet manah mah pagaliwota. Kebek ku karumasa, rumasa dirina kungsi silih teukeuran kanyaah. Kungsi silih pikageugeut, silih pikameumeut, jeung lalaki nu teu weléh nyangkaruk lebeting manahna. Saha deui lalakina atuh ari sanes Sang Batara Surya, sang mahadéwa di kahiyangan. Enya, Batara Surya téa. Diangken ku anjeunna, haté teu weléh maskét ka Sang Batara. Tapi éta téh baréto, mangsa masih kénéh lalagasan. Anapon nepi ka ayeuna masih kénéh nyangkaruk, kalayan teu bisa dipapalérkeun, Manglé 2445
  23. 23. tamaha baé da bongan diri dianugrahan rasa resep ka bébéné. Nya ti sang batara téa éta cupu téh, Batara Surya. Minangka tawis kacinta éta téh. Hamo bisa dipopoho, matak disimpen disidem rapih ogé. Ngan Anjani bet kumawantun nyonyo’o. Dasar budak atuh, teu nyaho yén éta téh jimat nu kudu disimpen disidem, ulah nepi ka ingkang carogé Resi Gotawa uningaeun. Indradi neundeun éta cupu buni naker. Nepi ka kolotna narima lamaran ti Resi Gotawa, éta cupu diteundeun dibuni-buni. Hamo dipiceun, da tawis kacinta téa ti beubeureuh. Ku jembarna haté Sang Batara, waktos Indradi oléng pangantén sareng Resi Gotawa, Batara Surya ogé hadir, ngiring nyakséni. Samalah ngiring aub, ngiring nyumbangkeun lagu sagala rupa da hajatna nanggap organ tunggal. Laguna téh lagu ‘Syahdu’, karangan Roma Irama téa. Malah masihan kado sagala rupa beubeureuh téh. Maké jeung cipika-cipiki téa jeung nu keur oléng pangantén téh. Teu, teu terangeun Sang Resi mah yén nu ngahaleuang lagu Syahdu téh maruna. Yén nu nyalam bari cipika-cipiki téh maruna. “Geulis, bojo Akang. Cing pok atu nyarios. Ku naon bet balem baé?” sakali deui Resi Gotawa tumaros. Indradi angger ngajeten. Indradi haben ngabetem. Indradi tetep teu lémék. Indradi ngahuleng ngaraga meneng. “Aéh aéh, Nyai. Ku naon bet baham téh kawas nu dikonci. Ku naon bet cicing baé, jiga arca baé Nyai mah,” Resi Gotawa. Wejar menengmeneng lara, menengé ati nira. Dak dumadak alam dunya gonjang-ganjing. Langit dumadak angkeub, panonpoé teuing ka mendi. Kekecapan Sang Resi horéng saciduh metu saucap nyata. Palebah ngedal “jiga arca”, saharita kénéh jelegedeg Indradi janten arca. Resi Gotawa cumalimba. Teu sangka sacongo buuk bakal pikitueun. Kilang kitu, Manglé 2445 kama’lumeun da Resi Gotawa téh sang maharesi. Saucapsaucapna teu weléh ngabuktos. Kecap-kecapna langkung seukeut tibatan pedang nu pangseukeutna. Ananging sok sanaos kitu, hanjakal mah salangkung-langkung. Bingung, kaget, amarah, timburu, pacampur ngajadi hiji. Pamustunganana, belewer téh cupu nu dicepengna dialungkeun, lajeng kumalayang di wiati. Ningali cupu nu ngalayang di awang-awang, Subali sareng Sugriwa lajeng pahibut muru. Adi lanceuk paudag-udag muru cupu. Kacarios éta cupu di awangawang papisah antara wadah jeung tutupna. Lajeng duanana ragrag kana lemah. Dak dumadak, lelemah nu katinggang ku wadahna ngajanggélék janten talaga. Ki Dalang masihan nami éta talaga, Talaga Nirmala, talaga sungapan hurip jeung hirup. Sing saha nu ancrub kana éta talaga, baris panggih jeung karaharjaan. Nu halabhab bari ngarasa seger. Nu kudisan baris lita waras sabihari. Nu goréng patut, baris katingali kasép mun lalaki, jadi geulis mun awéwé. Nu hayang jadi presidén, nu hayang jadi gubernur, jadi bupati, nepi ka nu hayang jadi érté pisan, mun seug mandi di éta talaga, kapalayna baris tinekenanan. Nu hayang kénging jodo, saharita kenging jodo. Nu diajar ngarang hayang énggal dimuat, baris énggal dimuat ari seratanana alus mah. Jagat pawayangan nétélakeun, Talaga Nirmala téh talaga ajaib nu ngandung berkah ti Sanghiyang Dewa Batara Surya. Sawangsulna, tutup cupu sami ninggang lemah. Éta ogé sami, lemah nu katinggang dumadak janten talaga, katelah Talag Sumala. Nu ieu mah sawangsulna ti Nirmala, nu ieu mah talaga sungapan mamala. Kacarios adi lanceuk Subali sareng Sugriwa ngudag cupu téh ngudag tutupna. Barang éta cupu niban lemah, pas anjog pisan Subali Sugriwa. Atuh kantenan duanana titeuleum ka jero talaga. Duana roroésan. Ngan untung duanana pinter ngojay, da geus latihan ngojay saban minggu ka Cibulan, balong karamat kalereun Kota Kuningan téa. Aya rasa kagét di papada duaanana. “Héh, Monyét. Naha anjeung kumawani ngahalangan niat kaula. Kaula rék ngudag cupu. Naha Andika bet ngahalangan, héh?” ceuk hiji monyét ka monyét nu hiji deui. “Ngahina siah, Kunyuk! Na teu nyaho sia téh monyet? Bet nyebut monyét ka kaula,” ceuk monyét nu tadi disebut monyét. “Ngaran kaula Subali, lain monyét sakumaha nu dituduh ku anjeun.” “Huah, Subali nanahaon? Subali mah manusa pituin, lanceuk kaula Putra Resi Gotawa, resi nu sakti kabinabina.” “Naha sia ngaku-ngaku lanceuk ka kaula? Kaula mah teu boga adi mangrupa monyét siga Andika!” ceuk monyét nu ngaku ngaran Subali. “Ngahina siah nyebut kunyuk ka kaula, Kunyuk! Kaula mah Sugriwa, adi Subali, putra Resi Gotawa. Adi kaula, awéwé, Anjani.” “Yayi, bener anjeun téh Sugriwa” “Bener.” “Waduh, tiwas… tiwas. Ana kitu mah urang téh jaradi monyét. Nya kaula Subali, lanceuk Sugriwa. Lanceuk Anjeun, Sugriwa.” Gabrug duanana parangkul-rangkul, ceurik balilihan bari paungkuungku. Kacarios, Anjani ogé sarua ngungudag cupu. Ngungudag dua lanceukna, Subali jeung Sugriwa. Ku lantaran pangawak awéwé, sakumaha tarikna ogé lumpat, angger teu bisa ngudag nu jadi lanceuk. Tungtungna, banget ku capéeun, reg manéhna reureuh sisi talaga pisan. “Naha aya talaga ku hérang naker?” ceuk pikirna. Teu loba nu dicatur, ongkoh halabhab naker, inyana lajeng ancrub kana éta talaga. Kekemes. Sipeunteu. Sakedapan mah enyaan karasa seger. Ananging, geus jadi titis tulis Hyang Widi, barang hanjat, kagét lain meumeueusan. Suku Anjani nu dipaké ancrub téh dak dumadak robah wujud jadi suku monyét. Atuh pananganna sami janten leungeun monyét, buluan teu bénten ti leungeun monyét. Nya kitu deui rarayna, robah jadi beungeut monyét. “Tobaaaat, Gusti, ieung. Tulungaaan, Gusti,” Anjani ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. “Sada sora, Anjani, Kakang,” saur Sugriwa. “Teu pindo, Yayi, enya sigasiga sora Anjani,” témbal Subali. Lajeng duaanana muru ka nu bieu ngajerit. Horéng si mana horéng, sami Anjani ogé ancrub téh ka Talaga Sumala, sungapan sagala mamala. Tiluanana, paungkuungku, nyeungceurikan nasib diri. Padahal tiluanana putra Resi Gotawa-Déwi Indradi; raja jeung prameswari Karajaan Kiskenda. ** Ku hal éta, Mitra, pieunteungeun keur urang sadaya minangka mahluk nu kumelip di alam wadag. Melak bonténg moal jadi cabé, melak cabé hamo jadi bonténg. Melak goréng moal jadi hade, melak hadé hamo jadi goréng. Akibat laku lampah indung salingkuh jeung lalaki séjén, ngabarérang ka anak incu. Sanajan dibuni-buni, nu goréng baris kapanggih. Kacarios, Dewi Indradi nu jadi patung, bakal ngajanggélék deui jadi manusa di alam nu bakal datang. Nyaéta, nalika patung Indradi dipaké neunggeul karaton Indraprasta di nagri Aléngka, waktu merangan Rahwana. Ari nu neunggeulna, teu aya sanés incuna ku anjeun, Hanoman Perbancana Putra, monyét putih putra Anjani nu nikah ka Batara Bayu, déwa angin. Hanoman biluk ka Sri Rama, ngabantosan waktos merangan Rahwana, waktos perang ngarebut Sinta, dina carita Ramayana. “Sakitu carios carangan nu kapihatur, tutup lawang sigotaka,” saur Ki Dalang.*** 23
  24. 24. Nu Matak Muringkak di Majingklak T aun tujuh puluh dapalanan, kuring kapeto jadi ketua senat di kampus salah sahiji paguron luhur di Bandung. Sakumaha nu geus direncanakeun ti anggalna yén bakal diayakeun bakti sosial di wewengkon Majingklak, nyaéta hiji lembur nu pernahna di sabudeureun Nusa Kambangan, Rawa Lakbok - Ciamis. Sakumaha ilaharna mun rék ngayakeun bakti sosial, saméméh prak kudu ditingali heula kaayaan lemburna, ceuk basa Indonesia téa mah “survey lokasi”. Nu miang ukur tiluan, kuring, Anto jeung Satrio. Anto bari ngagandong ransel tumpak motor Honda CB, kuring diboncéng ku Satrio kana motor BMW. Indit ti Bandung bada lohor. Nepi ka hiji lembur nu teuing naon ngarana, wanci geus ngagayuh ka Magrib. Kuring jeung babaturan ngaraso bari dalahar heula di hiji warung di sisi jalan. “Pa, upami badé ka Majingklak ti palih dieu teras kamana nya?” kuring nanya kanu boga warung. “Dupi Encép ti palih mana téa? Badé aya pikersaeun naon ka Majingklak sosontenan kieu?” tukang warung kalahka malik nanya bari kerung. 24 Ku Nyi Roro “Ti Bandung, Pa. Tos paheut jangji, badé ngadeuheusan ka Pa Kuwu Majingklak. Aya peryogi,”walon kuring bari tuluy ngaregot gelas eusi cientéh haneut. “Ti palih dieu mah aya dua jalan. Nu hiji ngalangkungan gunung kapur tapi rada tebih. Jalan nu hiji deui mah caket, mipirmipir walungan Citanduy. Atuh tos wengi kieu mah saéna mending kénéh karulem di dieu. “Énjing diteraskeun deui,”ceuk tukang warung. “Naha kunaon kitu Pa?” Satrio nanya. “Sanés nyingsieunan Bapa mah. Urang dieu ogé tara aya nu wantuneun wengi-wengi ngulampreng ka dinya. Komo ayeuna mah malem Juma’ah ping 1 Kaliwon deuih. Bilih kumaha onam,” ceuk tukang warung hariwangeun. Gebeg, enya geuning ayeuna malem Juma’ah! Kuring silih pelong jeung Satrio, tuluy ngarérét ka Anto. Tapi dasar si Anto budak Wanadri téa… wanian! “Halakh, sieun ku naon atuh? Da urang ka dieu téh boga niat alus. Ké geus Isa mah hayu urang arindit! Bisi kapeutingan mantén!” ceuk si Anto bari cacamuilan ngadahar goréngan. Dikitukeun mah kuring éléh déét. Ba’da Isa, kuring tiluan amitan ka tukang warung. Najan reyem-reyem ngan ukur dicaangan ku sorot lampu motor, kuring masih bisa niténan kaayaan sakurilingna. Mimiti mah enya kaciri jalan nu disorang téh, di beulah kenca walungan Citanduy téa. Di beulah katuhu kebon eurih mani jarangkung. Katingali ti kajauhan aya sababaraha imah nu rada paanggang. Tapi, beuki lila geus teu katingali di beulah katuhu aya imah, da euweuh listrik nu hurung. Kaayaan jalan nu leutik ngabalukarkeun motor teu bisa sajajar. Antukna motor kuring ti heula, dituturkeun ku motor Anto. Kaayaan sepi jempling, iwal ti sora motor jeung gaang nu réang. Di satengahing jalan, kasebrot ku lampu motor ti lebah hareup katingali aya jelema keur leumpang. Ningali aya motor ti tukang, éta jelema nyisi méréan jalan. Reg, motor kuring eureun dituturkeun ku motor Anto. “Mang, badé angkat kamana?” ceuk kuring nanya ka éta jelema. “Aéh Jang, Emang badé ka tungtung lembur. Numawi ieu téh kawengian wangsul ti dayeuh. Kumargi hoyong téréh dugi, nya kapaksa baé nikreuh,”ceuk éta lalaki tengah tuwuh. “Geuning urang sajurusan Mang? Hayu atuh, ngi- ring baé kana motor abdi,” ceuk Anto nawaran. Éta lalaki nu ngawanohkeun manéh ngarana Ahrom, katangen mani atoheun pisan. “Jang, tos baé dugi ka dieu. Tuh, rorompok Emang mah palih ditu,” ceuk Mang Ahrom nunjuk ka sababaraha imah nu pernahna di lebakkeun jalan, katingali aya célak célak obor di hareupeun hiji imah. “Har, ituh Emang… manawi téh badé ngajajapkeun abdi dugi ka ditu? Énjing nembé mulih deui sasarengan ka dieu,” ceuk Anto ngalengis hayang dianteur. “Moal Jang, karunya ka barudak Emang pasti geus narungguan oléh-oléh. Omat nya Jang, ti dieu terus wéh mapay jalan satapak. Ké di palebah pengkolan kudu ati-ati, didinya aya batu peuntaseun walungan. Tah, di dinya téh paragi munjung keur jalma-jalma nu hayang téréh beunghar. Kadé ulah wani wani tunyu-tanya ka saha baé oge. Mun manggih jeung naon waé tong dipaliré,” ceuk Mang Ahrom mére pepeling bari tuluy amitan. Dius deui kuring tiluan indit. Enya waé, di lebah péngkolan mani nyambuang seungit menyan jeung kekembangan. Bulu Manglé 2445
  25. 25. punduk ngadak-ngadak maruringkak mani asa kandel. Kagok jauh, kebat baé. Lempeng, teu luak lieuk. Kasorot ku lampu motor katingali aya aki-aki maké baju hideung, sirahna maké iket, disoléndang sarung. Aya nu matak hémeng, kuduna mah geus sakitu kakolotanana éta aki-aki teh leumpangna bongkok, tokroh-tokroh kundang iteuk. Ieu mah alah batan budak ngora jagjag belejag, leumpangna gé bari aclengaclengan jiga nu ngajlengan batu-batu tincakeun. Reg éta aki-aki eureun, tuluy nulak cangkéng. Pameunteuna baketut haseum. Halisna nu geus huisan duanana carengkat. Durilak-durilak, éta panon aki-aki ngadurilak. Durilak ka Satrio, tuluy ka kuring, panungtungan ka Anto. Manglé 2445 Di tukangeun éta aki-aki aya wanoja leumpang, tapi naha siga nu ngageuleuyeung? Beuki lila beuki deukeut. Gusti! Karék harita kuring ningali aya wanoja sakitu geulisna. Éta wanoja maké raksukan kabaya bodas siga pangantén. Rambutna nu panjang ngarumbay katebak angin. Aya siger nu patinggurilap dina sirahna.. Leungeunna nu curentik nyekel tungtung karémbong, lir putri turun ti kahyangan Panon putri nu cureuleuk mencrong seukeut. Halisna ngariut, pameunteuna siga nu bendu. Motor nu keur ditumpakkan ku kuring rada gagaléongan, cigana pipikiran Satrio teu bisa museur. Inget kana pépéling Mang Ahrom, kuring nepak tonggong Satrio bari ngaharewos nompo kana ceulina, “Yo! Istigpar euy! Lempeng, tuluy ka hareup!”. Kuring tiluan keukeuh nyekel papatah ti Mang Ahrom, daék teu daék maju ngadeukeutan Si Aki jeung Nyi Putri. Dua rombongan adu hareupan, sarua padapada arembung éléh. Kasebrot ku lampu motor panon si Aki beuki molotot, bahamna kekerot, leungeunna tipepereket siga nu hayang ngerekeb-ngerekeb baé. Satrio ngagas motorna, nyakitu deui Anto. Si Aki jeung Nyi Putri beuki lila beuki deukeut... beuki deukeut... beuki deukeut... Kuring geus teu kuat awahing ku sieun. Awak ngadegdeg. Biwir kekerenyeman maca sagala rupaning susuratan. Panon dipeureumkeun. Teu lila... Wush! Wush! Karasa, aya angin dua kali ngahius. Sanggeus rada jauh, kuring tiluan eureun heula bari silih pelong tapi euweuh nu ngomong sakemék-kemék acan. Reuwas kareureuhnakeun. Gerung deui motor nu ditumpakkan nuluykeun deui lalampahan. Aya kana satengah jamna, di hareup katingali ting kariceup cahaya obor. Ceuk kira-kira kuring mah, sigana éta lembur Majingklak. Alhamdulillan, teu lila anjog ka nu di tuju, geus loba jelema ngagimbung marawa obor. Ujug-ujug aya lalaki rada kolot nyampeurkeun ka kuring tiluan. “Wilujeng sumping Cép, syukur tos salalamet mah. Bapa kenging wartos ti Pa Camat yén badé aya tamu mahasiswa ti Bandung. Urang dieu mani tos élékésékéng, dareudeupeun. Ari manawi téh badé sarumping sonten bada Ashar, ari pék tos badé tengah wengi geuning? ”sihoréng Pa Kuwu nu ngabagéakeun. Kuring jeung babaturan ukur imut bari nyolongkrong ngajak sasalaman ka pribumi. Pa Kuwu langsung ngahaturanan ngarereb di imahna. Sajeroning leumpang Pa Kuwu culang-cileung siga nu sieun aya nu ngadéngéeun. Manehna tuluy nanya lalaunan,“Sanés Cép, dupi tadi di jalan teu mendak nanaon? Pan ayeuna téh malem Juma’ah Kaliwon. Tara aya pamayang nu unggah ka laut, da Nyi Putri nu ngawasa laut kidul sok ngaroris jalan-jalan diréncangan ku badégana nu tos aki-aki”. Kuring, Satrio jeung Anto teu ngajawab, kalahka ngadon papelong-pelong.*** Saung Indung, 30 September 2013 25

×