1. Masjid Al-Muhyiddin
Kp. Jati RT 05/06 Ds. Pasirbiru, Kec.
Cibiru, Kodya Bandung, Jawa Barat
Wajib ka jalma Islamna # uninga rundaian nana
Jeung Nabi utusan Allah # Muhammad putra Abdulloh
Abdulloh putra Mutholib # Mutholib putrana Hasyim
2. Hasyim putra Abdi Manaf # Abdi Manaf putra Qusoy
Qusoy putrana Kilab # Kilab putrana Murroh
Murroh putrana Ka’ab # Ka’ab putrana Luayy
Luayy putrana Gholib # Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik # Malik putrana Nador
Nadhor putra Kinanah # Kinanah putra Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah # Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Mudhor # Mudhor putrana Nizar
Nizar putrana Ma’ad # Ma’ad putrana Adnan
Nu wajib dugika Adnan # Nu wajib dugika Adnan
Ti Adnan dugika Adam # (sabab teu aya jalan soheh 2x)
_ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _
Wajib deui uningana # Rundayana ti Ibuna
Jeung Nabi utusan Allah # Muhammad putra Aminah
Aminah putrana Wahab # Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh # Zuhroh putrana Kilab
Tepang deui ti Ramana # Ti kilab Jangkawarengna
Jadi Ibu jeung Ramana # (Masih keneh sarundayan
2x)
Wajib deui kedah terang # Nguningakeun putra Nabi
Sadayana aya tujuh # Numutkeun kaol nu soheh
Pamegetna aya tilu # Kahijina Sayid Qosim
Ka dua Sayid ‘Abdulloh # Nu dilandih Toyib Thohir
Ka tilu Sayid Ibrohim # Putrana Siti Mariyah
Da ari anu seueur mah # Putrana Siti Khodijah
Dupi anu opat deui # Eta sadayana istri
Kahijina Siti Zenab # Rayi Sayidina Qosim
Ka dua Siti Ruqoyah # Nu kawentar pang geulisna
Mung teu lamina yuswana # kabujeung seep ajalna
Ka tilu Siti Fatimah # Putra anu pang sholehna
Sareng nu dipika dedeuh # ku Ibu sareng Ramana
Ka opatna Umu Kulsum # Nu pupus saba’da hijrah
Ba’da ngalih Rosulullah # (Dina tahun ka salapan 2x)
Bandung, 15 Januari 2013
3 Rabiul Awwal 1434 H