2. P
ilihan geus ditangtukeun. Kari prak ngalaksana-
keunana. Saperti milih sistim démokrasi, kari
larapna dina rupa-rupa kahirupan, kaasup dina
cara nangtukeun pamingpin nagara jeung pamarénta-
han.
Démokrasi jadi kacapangan. Malah, jadi kaagulan
jeung andelan. Ngan, dina larapna mah remen nogén-
cang antara nu samistina jeung nu mengpar tina sistim
démokrasi téa. Kitu téh, remen kasaksén dina waktuna
éta sistim rék ditanjeurkeun.
Remen kasaksén, nanjeurkeun demokrasi gé teu
babari. Kasakitna, di antarana, ngahontal tujuan
kalayan ngahalalkeun sagala cara. Balukarna, loba
aturan anu dilanggar, padahal taat kana aturan téh
bagian tina upaya ngalarapkeun démokrasi téa.
Sabalikna, upama aturanana dilanggar, céda-céda
demokrasi moal bisa disumput-sumput.
Nanjeurkeun démokrasi dina milih pamingpin, ku
cara ngaharegan hak pilih masing-masing. Saha waé
boga hak nangtukeun pilihanana. Hartina, éta hak téh
kudu ‘murni’ jolna tina kereteg haténa dumasar kana
tinimbangan pribadi masing-masing.
Mémang, dina nangtukeun pilihan, bisa waé ngajak-
ngajak pihak séjén sangkan sapamadegan jeung dirina.
Atuh, sakadar ngajak jeung ngayakinkeun batur
sangkan milih nu sarua jeung pilihan pihak nu ngajak,
moal jadi ‘ceda’ kana demkorasi. Lir ngiklankeun
barang, salila ngalus-ngalus éta barang kalayan teu nga-
gogoreng barang séjén, teu jadi pasualan. Kitu deui, nu
milih jeung ngalus-ngalus kandidatna, kawilang wajar,
ulah soteh jadi ‘meuntas’ tina ngalus-ngalus calonna
jadi ngagogoreng pihak sejen. ***
Nguji Larapna Démokrasi
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - majalahmangle@yahoo.co.id - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar
(Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana,
PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASE-
HAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa,
RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S.,
RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nan-
dang R, Narti. SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA
LAKSANA Ayi Sundana, DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-
POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S,
Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, IKLAN Unay Sunardi,
Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih,
PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
LLawang Sakéténg
3. KOLOM
NasionalismeuAjengan
Asép Salahudin .................................. 4
LAPORAN
M. Budiana, S.Ip., M.Si.
Milih Pipresideneun
Rayat Kudu Leuwih Pinter ................. 8
BANDUNG - BANDUNG
Taman Kota Tina Dana CSR
Kudu Dicirian ................................. 10
IMPLIK - IMPLIK
Urang Sunda Sumatera Barat
Ngajaga Diri, Ngahontal Udagan ...... 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Di Kiwari Maca Bihari ..................... 9
Nyusur Galur ................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Panineungan ...................................... 30
Aweuhan Pasundan ........................... 41
Gedong Sate ...................................... 42
Mangle Alit ....................................... 44
Katumbiri .......................................... 50
Bale Bandung ..................................... 54
Tarucing Cakra .................................... 55
Lempa Lempi Lempong ..................... 56
JAGAT WANGWANGAN
( KACA : 17 - 40 )
6
LAPORAN
Pulitik Tanpa Étika
Bagi-Bagi Rejeki jeung Jabatan
PotretDok.Pribadi
Di dieukuring matuh, di palataran
dataranggang ka
pilemburan.Sabudeureunana kacapiring
pating rumpuyuk, ngiuhan nu talibra di
alam kalanggengan.
Mangpirang-pirang usum,hirup-hurip-
kuring di ieu wewengkon.Duka geus
sabaraha taun?Nu jadi patokan..
.............
SAKSI BISU
4. 3Manglé 2482
KKaca Tilu
S
anajan pada ngaku kana ayana,
tapi umumna mah dipakéna téh
ngan tilu kali dina sataun. Kitu
gé bari jeung sok jadi adu rényom.
Nyaéta dina unggal nyanghareupan
mimitina puasa, nyanghareupaan
lebaran jeung nyanghareupan lebaran
haji. Tilu kali sataun urang téh sok
ramé lantaran aya waé anu heula pan-
deuri.
Keur mah eukeur nu ngaranna
wilayah Indonésia téh apan sakitu
legana, manjangna ti wétan ka kulon,
lain ti kalér ka kidul. Ari nu jadi pato-
kan dina ngitung waktu apan bijil
jeung surupna panonpoé anu angger
matok di wétan jeung di kulon.
Ku lega-legana nagara urang, apan
waktuna gé béda dua jam antara nu
ditungtung wétan jeung di tungtung
kulon téh. Sakalina ninggang dina
bulan Puasa, lamun anu di Acéh karék
ceuceureumeuan rék ngahaneutkeun
keur saur, anu aya di Papua mah geus
anggeus salat subuh.
Salian ti éta urang téh tacan saluyu
dina matok hilal. Ari hilal apan
keukeuh jadi patokan dina netepkeun
iraha awal jeung ahirna puasa bulan
Ramadan, kitu deui dina netepkeun
lebaran haji. Sabennerna mah hilal
ogé nangtukeun gunta-gantina bulan
dina pananggalan Hijrah téa, ngan ari
lebah bulan-bulan séjén mah teu di-
anggap penting, matak tara
dibarandungan.
Ceuk Moedji Raharto, anu
sapopoéna merhatikeun muterna
Bulan,BumijeungPanonpoé,diurang
téh aya rumus 2-3-8 cenah. Angka 2,
éta téh maksudna 2 darajat,
nuduhkeun luhurna bulan; angka tilu,
maksudna sarua 3 darajat, patokan
atawa sudut Bulan jeung Panonpoé;
ari angka 8 patokan sabada ijtima.
Ku anu teu apal kana astronomi
mah bakal hésé kahartina. Anu matak
teu sambarang jelema anu bisa diper-
caya ngitung nu kararitu téh. Ku kitu-
na unggal nyanghareupan bulan
Puasa, nu katimbang arahli téh ku
pamaréntah sok dikumpulkeun disina
ngariung di Kementerian Agama.
Saksina ogé disumpah heula. Lan-
taran geus disumpah, sagala caritaan-
ana dianggap bisa dipercaya. Ari anu
dicaritakeunana nyaéta perkara
témbongna hilal téa. Nu ti wétan
dibandungan kasaksianana soal
témbongna hilal, kitu deui anu ti
kulon. Sanggeus dikumpulkeun nya
dibadamikeun, maksudna pikeun
netepkeun patokan nu dua darajat
téa. Geus nyumponan ka dinya atawa
acan?
Kungsi cenah patokan 2-3-8 téh
diparakéna lain waé di urang tapi ogé
di Singapura, Malaysia jeung Brunei.
Tapi kadieunakeun geus aya usul
sangkan éta patokan téh dirobah
cenah. Nu matak kungsi kajadian nu
lebaran di Brunei jeung di Kalimantan
béda, padahal perenahna mah sa-
ampar samak.
Ari kituna mah apan élmu astro-
nomi ayeuna geus kacida majuna.
Salahsahijina dina netepkeun sama-
gaha, boh samagaha bulan boh sama-
gaha panonpoé. Apan ari dina lebah
netepkeun samagaha mah di urang
tacan kungsi kabéjakeun aya sidang
itsbat di Kementerian Agama. Éta
katangtuan ngeunaan samagaha téh
ditetepkeun dumasar kana itung-itu-
ngan élmu astronomi. Diitungna téh
nepi ka enol koma detikna. Jeung tara
nyalahan. Dina sakalina samagahana
teu bisa kasaksian lain teu jadi
samagahana éta mah lantaran cuaca-
na waé keur angkeub. Anu solat sunat
samagaha gé tara nepi ka teu jadi
pédah samagahana teu katémbong.
Naha atuh henteu kitu waé dina
netepkeun mimitina puasa, lebaran
jeung lebaran haji ogé? Meureun moal
matak jadi padungdengan. Di urang
apan katangtuan pamaréntah dina
netepkeun lebaran kungsi teu pati
maslahat lantaran kalah matak ha-
seum kana opor.
Lantaranhenteusapukdinanetep-
keun gunta-gantina bulan téa sigana
mahanumatakPananggalanHijrahdi
urang kapakéna ngan tilu kali dina sa-
taun téh. Dina lebah bulan-bulan
séjénna mah saréréa api lain waé.
Ari kituna mah arék dipaké
kumaha lamun angger teu sarua. Dina
taun ieu waé lamun aya budak lahir
dina bulan Ramadan, lamun nyatetna
dumasar kana Pananggalan Hijrah,
apanbakalteusarua.Dinahijimangsa
engké, lamun kapanggih, teu mustahil
bakal matak hélok ka anu manggihan-
ana. Kumaha cenah ieu téh, tanggalna
sarua tanggal 15, bulanna sarua bulan
Ramadan, taunna sarua taun 1435 H,
tapi ari poéna béda, nu saurang poé
Saptu nu saurang deui poé Ahad?
Piraku harita kudu diécéskeun, nu ieu
mah dumasar kana pananggalan
Muhammadiyah, nu itu mah dumasar
kana pananggalan NU. AM
Pananggalan Hijrah
5. M
un kiwari aya nu cangcaya
kana nasionalismeu umat
Islam, kaitung wajar. Sabab
jigana dina alam réformasi loba ting-
pucunghul ormas Islam anu nyata-
nyata nolak Pancasila, teu saluyu kana
NKRI, teu parok jeung kalolobaan ra-
hayat. Aya anu teu weléh mupusti téo-
pulitikskolastik kayaningngajadikeun
khilapah-trans nasional jadi udagan-
ana. Démokrasi diharamkan, pemilu
dibaidkeun kari-kari hirup kumbuhna
di Nusantara. Aya ogé nu teu kendat
nineungkajamanKartosuwiryomajar-
keun perjuangan pulitik Islam can tepi
kajucungnakaburukabolérditalikung
ku tentara.
Keur maranéhna mah, sakumaha
sok rajeun kadéngé dina sawatara
halaqohna, Indonésia kiwari téh sasat
aya dina paseu makiyah. Badis perio-
deu Mekah dina pajamanan Kangjeng
Nabi: pinuh ku pasipatan jahiliah. Boh
jahiliah ékonomi, pulitik, kebudyaan
sok komo patékadanana. Ku kituna
cenah nu diperlukeun ayeuna taya lian
stratégi da’wah nancebkeun taohid
sangkan weweg, “ngarebut” sistim na-
gara. Tah lamun nagarana geus
kabiruyunganIslam,ceukpamanggih-
na kakara solat, kisos, jakat, haji jeung
sapuratinahukumkududilaksanakeun
(periodeu madinah).
Papadaning kitu ari keur urang
pasantrénmahPancasilatéhgeusfinal.
NKRI geus teu kudu diongét-ongét
deui. Ka teu teu ari. Lain ukur sasaran
antara. Pancasila lir Piagam Madinah.
Hiji mitsaq warga bangsa hasil ijtihad
karuhun dina raraga ngaheuyeuk na-
gara sangkan timu jeung karaharjaan.
Hirup panggih jeung huripna.
Pancasilajadikalimatunsawatem-
patpamianganjeungtempatpangbali-
kan tina sapuratina étnik anu méh
leuwih ti 700, tina agama anu teu
sarua.Pancasilajaditatapakanpulitik-
kultural mayungan sakumna rahayat.
Jadi pangauban idéologis sakabéh anu
kumulendang di sakuliahing nagri.
Lir Piagam Madinah nalika Kang-
jengRosuljumeneng.Kuanjeunnateu
dibéda-béda lebah naon agamana, teu
ditalék ti mana asal séké sélérna. Éstu-
ning sauyunan ngolah Madinah. Tepi
ka apan Robért N. Béllah mah nyebut-
na ogé Madinah téh hiji conto nagara
bangsa anu modérn. Rohangan publik
dirawatkalayandaria,partisipasiumat
dibagéakeunkalayangemet,hujjahdi-
heulakeun tibatan rasa kaijid. Ngan
hanjakal kabéhdieunakeun utamana
pascakhalifahAlibinAbiThalibsistim
anu sakitu démokratisna anu
ditataharkeun ku Kangjeng Nabi di-
bajak ku sistim daulah (karajaan) tepi
ka kiwari.
Lemah cai
Keururangpasantrénmahmicinta
lemah cai bali geusan ngajadi téh hiji
cicirén kacintaan anu miang tina
keclakna kawening iman. Nasionalis-
meujeungreligiositasduahalanugeus
sakuduna henteu diaduregengkeun.
Malah baheula mah apan populér
hadis nabi hubbul wathan minal iman
téh. Micinta lemah cai sabagian tina
iman. Keur sakola di Madrasah
Ibtidaiyah mah tepi ka ditalalar sagala
hadis jiga kieu téh.
Sok komo apan nagara urang mah
sasat ti baheula mula ogé geus kasohor
masarakatna religius. Agama (Islam)
kitu deui datang ka urang ngaliwatan
cara akulturasi. Agama jeung budaya
lokaldiadumaniskeun. Pamustungan-
ana méh lir gula jeung peueutna. Di
Sunda mah nya Haji Hasan Mustapa
ku anjeun dina sawatara dangdingna
tos nyurahan kumaha sakuduna
agama dalit jeung budayana (Sunda).
Éta lebah buméla ka bangsana,
umat Islam tong diragukeun deui. Poé
Pahlawan 10 Nopember 1945 apan
asbabun nuzulna mah patali jeung
résolusi jihad (22 Oktober 1945) anu
dikaluarkeunkuNUditandatangan ku
KH Hasyim Asy’ari jeung KH Wahab
Hasbullah. Eusina taya lian matwa-
keun hukum fardu aén buméla ka na-
gara RI anu kakara diproklamirkeun
nurékdirebutdeuikuurangWalanda.
“Paéh di medan joang hukumna
syahid.Sawargahancenganana,”kituti
antara eusining résolusi téh.
Bung Tomo kitu, pingpinan laskar
BPRI jeung Radio Pemberontakan,
saméméh ancrub ngahudangkeun
wawanén warga Surabaya tepi ka
perlayana, anjeunna dijajap ku Wahid
Hasyimkanggonepangan ramanaKH
Hasyim Asy’ari. Nya ti antawisna
dibekelan kecap Allohu Akbar pikeun
nguniangkeun sumanget urang
Surabaya. KH Zainul Arifin (Laskar
Hizbullah), KH Wahab Hasbullah
(Barisan Mujahidin), KH Masykur
(Laskar Sabilillah), Batalion PETA nu
ampir satengahna dipingpin ku para
ajengan aya di baris panghareupna
dina peristiwa 10 November 1945.
Mun kiwari loba kacaturkeun
partéy Islam korupsi (atawa partéy
naon waé), dana haji ditilep, penga-
daanal-Qurandikorowod,nyaieujiga-
na anu teu nasionalis mah. Ka
ngaranankorupsiteuayapancakakina
jeung agama, departemén, lalaki-
awéwé, éstuning silib tina lampah
sasab. Tandaning diri geus kabaud ku
pangwujuk nafsu. Kagéndam pang-
goda sakadang sétan. Manusa geus
pindah rupa jadi sato, teu nolih halal
haram silih sogot silih ségag. Homo
homini lupus téa, jigana. Beu.
*)Ésais,aktifdiPorosDiskusiLin-
tas Batas, dosén di IAILM jeung UIN
Bandung
KKolom
NasionalismeuAjengan
KuAsépSalahudin*
Manglé 24824
6.
7. Manglé 24826
P
AJURAWETNA pasualan
kabangsaan nyoko kana étika.
Maksudna, étika geus teu dipaké
cecekelandinangawelahrupa-rupakagia-
tan anu patali jeung kahirupan bangsa,
wabil husus naon rupaning anu maké
label pulitik.
Kitu anu kaungkab dina diskusi di
Lembaga Budaya Sunda (LBS) Unpas,
Saptu, 14 Juni nu karék kaliwat, di Kam-
pusIVUnpas,JalanSetiabudhi,Bandung.
Tilupanyaturutama;Drs.AswanHaryadi,
M.Si., Prof. Dr. Dede Mariana, jeung
Cecep Burdansyah, ngadadarkeun
pamanggihna, dumasar kana tilikan pa-
élmuan jeung profési masing-masing.
Taun ieu téh taun pulitik, duméh aya
dua agénda penting dina kahirupan
bangsa, nyaéta lumangsungna pemilu
jeung pilprés. Éta pangna Hawé Setiawan
anukaréksawatarabulandipercayaming-
pin LBS Unpas milih pulitik pikeun jejer
diskusi anu diiluan ku para pakar dina
widangna. Pulitik dipatalikeun jeung
harepan Indonésia ka hareupna, utamana
dina pérspéktif budaya.
Tina sawatara padungdéngan dina
waktu ka tukang-tukang, kitu ceuk Hawe,
lamun nyaritakeun budaya Sunda,
umumna sok terus néros kana kasenian,
bari ambahanana ogé ukur saguliwek
Jawa Barat. “Tah, matak naon ayeuna
mah urang legaan ambahanana, meung-
peung urang ayeuna keur aya dina atmos-
fir pilpres. Anu kabandungan, aspék
kulturaldinagegederananapilpresasateu
pati kakobét. Anu jadi bahan carita téh
kabéh ogé museur kana strategi pikeun
jadi pihak anu unggul, ku ngadagangkeun
figur. Dina gegederanana perpulitikan
ayeuna, saréréa pahibut jeung asup kana
ulekan téknik, lain étika pulitik.”
Ceuk panitén Aswan Haryadi, Dekan
FISIPUnpas,dinakagiatanpulitikayeuna
anu ébréh dina kanyataan sapopoé, béda-
na antara cost politic jeung money politic
téh geus ipis pisan. “Antukna jadi susah
dibédakeunana. Dina kabuktianana, jual-
beuli sora geus dianggap ilahar. Urang
geusngambahkanaliberalisasipulitikanu
saenyana mah papalingpang jeung ajén-
inajén anu jadi anutan urang.”
Satutas Indonésia merdéka, urang
milih démokrasi. Laju urang kajiret dina
ngagunakeun istilah pikeun démokrasi.
Kungsi aya Démokrasi Liberal, terus
Démokrasi Terpimpin, ditéma deui ku
Démokrasi Pancasila, anu dina enas-
enasna mah bet papalingpang jeung ajén-
inajén. Istilahna Démokrasi Pancasila,
upamana, tapi dina prakna mah geus
kacida liberalna.
“Démokrasi di urang téh pang-
pajurawetna di ieu dunya,” ceuk Aswan.
Liberalisasi geus teu napak kana étika,
anuantuknangébréhkeunhijikondisianu
teuberadab.Dinakondisikitutéh,rahayat
katalikung dina kamiskinan, bari
dikepung ku rupa-rupa jargon pulitik.
Padahal, ari kahayang balaréa mah basa-
jan,da anu penting mah asal pangabutuh-
na kacumponan, anu ilaharna disebut:
sandang-pangan-papan, pleus kaséhétan,
pendidikan, jeung rasa aman. “Kumaha
carana sangkan sandang-pangan-papan-
kaséhatan-pendidikan bisa kahontal ku
balaréa. Enya, kahontal ku kamampuh
balaréa. Keun waé henteu haratis gé.
Kahirupan sapopoé karasa tingtrim, hen-
teu dibibira ku rupa-rupa hal anu
ngalantarankeun rayat loba kasieun.”
Ceuk pamanggih Aswan, lamun nilik
kana kondisi ayeuna anu sakieu paju-
rawetna, asa moal cumpon ku 30 taun
dina mémérésna ogé. Dina dunya
perpulitikan, anu pasuliwer kiwari téh
para petualang, entertainmen, jeung bro-
ker pulitik.
“Iraha urang rék nempatkeun Sunda
dina posisi anu bisa diarambeuan batur?
Anu jelas mah, anu jadi kacapangan jeung
remenditabeuhkuurangyénurangnapak
dina Sunda-Islam, pamustunganana mah
jadi manipulatif,” pokna.
Dede Mariana nyebutkeun yén anu
karandapan di Indonésia, ana ditilik dina
Sawala politik di Lembaga Budaya Sunda (LBS) Unpas
LLaporan
Pulitik Tanpa Étika
Bagi-Bagi Rejeki jeung Jabatan
8. 7Manglé 2482
paélmuan, moal aya téorina. Ari sababna
mah teu jelas tatapakanana. Maksudna,
patukang tonggong antara sesebutan
jeung praktékna. Dina jaman Ordeu Baru,
upamana,lebahsistemékonomiPancasila
anu remen ditabeuh jeung didadagang-
keun, apan ari bajuna mah enya koperasi,
tapi anu ngokolakeunana bet kapitalis.
Dina ngalaksanakeun prosés
démokrasi,cacakdilingkungankelompok
anu mangarti gé, di perguruan tinggi
contona, da dina kabuktianana mah lebah
riweuhna sarua waé jeung dina pilkada.
Anu muncul téh budaya klik-klikan jeung
tribalismeu, dirojong ku kasak-kusuk,
kumaha carana sangkan kandidat anu di-
jagokeunana suksés ngahontal jabatan.
“Cacak démokrasi di lingkungan
masarakat terdidik waé geus kitu
kanyataanana,” ceuk Dede. Teu méré
conto ka balaréa, kumaha ari démokrasi
anu séhat téh.
Saenyana, anu jadi rereged utama
dina ngalaksanakeun démokrasi téh, dina
harti démokrasi anu enya-enya, lain
dédémokrasian atawa démokrasi ukur
cangkagna, museur ka kelompk élit.
Anu jadi udagan téh kakawasaan.
Partéy ngudag-ngudag kakawasaan. Tapi
ana geus hasil, éta kakawasaan téh rék di-
gunakeun pikeun naon, jawabanana:
kumaha engké.
Anu matak, cenah, rék saha waé anu
jadi presidénna, teu jadi jaminan bakal
ngarobah kaayaan. Sarua jeung teu jadi
jaminanana saha waé anu jadi gupernur,
walikota, atawa bupati, kaayaan anu
karasakubalaréamahbakalanggerkawas
sasari.Arinujadisababna,ceukDede,sis-
tem birokrasi di urang tacan némbong-
keun ayana unsur kompeténsi jeung
profésionalismeu.
Anu jeneng atawa dijenengkeun di
urang, masih tacan ngagésér tina kondisi
di jaman Mataram, anu dina jaman harita
aya nu disebut lungguh. Sing saha waé
anu dibéré lungguh ku Sultan, manéhna
kudu bisa hirup tina éta lungguh, malah
kudu bisa méré upeti ka atasanana.
“Dina kaayaan geus euweuh nu bisa
dipercaya, mending gé percaya ka diri
sorangan,” ceuk Dede.
Ngeunteung kana anu geus kajadian
dina mangsa ka tukang-tukang, satemen-
na ari rahayat mah boga kamampuh
pikeun survive. Dina ahirna rayat boga
daya tahan pikeun ngojayan sagara
kahirupan.
Cindekna, kondisi kiwari téh beunang
disebutkeun geus taya pupurieunana.
Geus matak sundek jeung darukdek. Tapi,
ari ceuk Cecep Burdansyah mah, kondisi
ayeuna téh tong dipaké hariwang-hari-
wang teuing. Ari nu disebut pasualan na-
gara mah tetep waé aya problematikana
dinasapanjang jamangé.Dalamunurang
ngeunteung ka nagara batur gé sarua waé
kitu. Démokrasi di Malaysia, misalna,
angger nyésakeun pasualan. Di Thailand
gé sahwat militérna angger teu leungit.
Kitu deui di Singapura anu kandel kénéh
unsur otoritérna.
Mémang loba bédana antara Indo-
nésiabarétojeungayeuna.Baréto,copélna
tepi ka jaman pamaréntahan Presiden
Soekarno, étika pulitik téh dominan.
“Ngan hanjakal gagal dina lebah néangan
sistemjeungprosedurna,”ceukCecepanu
pamingpin rédaksi Tribun Jabar téh.
Nincak kana jaman reformasi, sistem-
na geus kapanggih, tapi gagal dina nerap-
keunétika.Munculnacaprésayeuna,ceuk
pamanggih Cecep, duanana gé teu lepas
tina pasualan étika.
“Étika dianggap geus teu penting. Anu
penting mah asal teu ngalanggar hukum.
Tah, rayat téh ayeuna dididik kitu,” cek
Cecep, anu saterusna nyutat pamanggih
Bung Hatta yén ngipuk calon pamingpin
sangkan miboga étika téh jadi pancén
paguron luhur.
Lamun tujuan utama paguron luhur
téh pikeun ngabentuk manusa susila
jeung démokratis, anu engeuh kana tang-
gung jawab enggoning ngaraharjakeun
balaréa, kitu ceuk Moh. Hatta, pamiangan
pendidikan di paguron luhur téh kudu
nyoko kana karakter, henteu ngan sukur
cerdas. Pangkal pendidikan karakter téh
nyaéta cinta kana bebeneran, tur ludeung
nyebut salah kana hal-hal anu teu bener.
Ku sabab jauh tina étika, ancrubna
kana kagiatan pulitik jaman kiwari mah
geus lain ngalaksanakeun tanggung jawab
pikeun kamaslahatan balaréa deui, tapi
jadi jalan pikeun néangan kauntungan
katut ngabagi-bagi rejeki jeung jabatan di
antara babaturan sorangan.
Réformasi 1998, anu dina waktu
mimiti digelar mah sasat jadi andelan
saréréa, sanggeus nincak dua windu téh
geuning asa jauh kénéh tina harepan. Ari
nu jadi bibit pasualan nyoko kana leungit-
na étika téa. Réformasi konstitusi henteu
napak dina ajén-inajén anu geus nyam-
pak, malah aya kesan dipaksakeun.
Kitu nu kaungkab dina lumangsungn
diskusi. Éta anu karandapan ku urang téh
teu mustahil aya kaitanana jeung raran-
cang rohaka anu jolna ti nagara adidaya.
Urang bisa ngeunteung kana lumang-
sungna démokratisasi di Timur Tengah,
anu pupilérna disebut Arab Spring. Na-
gara di éta wewengkon, upamana waé
Mesir jeung Tunisia, katémbong aya
prosés démokratisasi. Tapi lamun diguar
leuwih jero, démokratisasi di dinya téh
ahirna mah ngait jeung kapentingan
Amerika Serikat. Da buktina, Arab anu
angger monarki, tapi ku sabab teu nga-
ganggu, malah nguntungkeun Amerika,
angger teu digoméng-goméng, teu
dirobah sina jadi pamaréntahan anu
démokratis.
Katémbongna aya tarékah sistemik
pikeun ngancurkeun ajén-inajén anu geus
nyampak dina kahirupan urang. Jul-jol
konsép anyar anu teu mustahil di
satukangeunana mah nyamuni hiji tujuan
ti pihak luar anu nyieunna.
HakAzasiManusia(HAM),upamana,
apan dina mangsa ka tukang-tukang mah
disebutna humanismeu, nyaéta agama
tanpa Pangéran. Ceuk konsép HAM mah
apan, perkawinan papada jenis, awéwé
jeung awéwé atawa lalaki jeung lalaki,
kududitarima,daétatéhkaasuphakasasi
manusa, tur saha waé taya nu bisa nga-
halang-halang.
Ari ceuk pamanggih Dr. Asep Shala-
huddin mah, anu disebut étika téh masih
kénéh aya, ngan impleméntasina ukur di
tingkat personal. Maksudna, ari dina
kahirupan sapopoé mah masih kénéh aya
jalma anu jujur, upamana. Tapi, dina
waktuna asup kana koléktivitas, éta étika
anu dipiboga personal téh jadi kasilih-
keun. “Dina kabuktianana, urang téh dé-
fisit étika,” pokna.
Rarancang rohaka anu jolna ti na-
gara batur henteu ngan sawates dina
widang démokratisasi institusi waé, tapi
deuih dina ngamangpaatkeun énergi
jeung sumber daya alam anu nyampak di
nagara berkembang. Ieu rarancang
digodogna di paguron luhur, Harvard
University. Nagara urang ogé kaasup anu
jadi sasaran konsép anu jolna ti éta
universitas.
Patali jeung kondisi ayeuna anu batan
sakieu, ceuk Prof. Dr. Asep Warlan, dina
nyanghareupan pilprés bulan hareup,
tong masualkeun saha anu bakal unggul.
“Anu penting mah rék kumaha
sanggeusnaayakandidatanuunggul.Per-
hatian urang mending kénéh di-
puseurkeun kana pasca pilprés. Urang
mending kénéh nyusun naon rupaning
udagan katut rupa-rupa pasualan reu-
jeung solusina, terus urang pasrahkeun
presidén anu kapilih. Urang sebut wé anu
disusun ku urang téh: buku putih,”
pokna.*** (Tatang Sumarsono)
*)StafKhususBidangBudayaRektor
Unpas
10. 9Manglé 2482
T
AYA saurang gé nu
ngagambarkeun yén jaga
mah nagara urang téh baris
jadi pangabetah rahayatna. Aya
tiluan nu jadi panyatur dina diskusi
nu diayakeun ku Lembaga Budaya
Sunda Unpas, poé Saptu (14/6) téh,
nyaéta Prof. Dr. Dede Mariana,
Guru Besar FISIP Unpad, Drs. H.
Aswan Haryadi, M.Si, Dekan FISIP
Unpas, jeung Cécép Burdansah,
Pemred SK “Tribun Jabar”. Aswan
mah ngaguar perkara teu adu-
manisna antara paripolah
demokrasi jeung budaya nu nyam-
pak di urang. Dédé Mariana nyarita
perkara kaayaan paguron luhur nu
dina kanyataanana henteu
némbongkeun gedéna pancén éta
lembaga enggoning ngoméan
kahirupan. Ari Cécép nyarita
perkara étika anu geus henteu di-
paraké, padahal sacara sistim mah
urang di téh geus kawilang
hararadé.
Maleukmeukna gambaran
nagara urang pikahareupeun téh
upama sawanganana dumasar kana
paripolah pulitik nu dilaksanakeun
ku urang ayeuna. Démokrasi nu ku
urang diwangun, pangpangna
sabada répormasi, teuing rék
ldibawa ka mendi. Da ayeuna gé,
sabada 16 taun urang ngajamanan
répormasi, démokrasi téh asa beuki
teu kaharti. Ku kitu téa mah bo-
ngan urang, milampah démokrasi
téh dumasar teuing kana téori. Ari
téori demokrasi téa apan
sagemblengna mangrupa hasil piki-
ran ti para pamikir Barat. Tangtuna
gé demokrasi nu diluyukeun jeung
budaya maranéhna. Ari budaya
maranéhna tangtuna gé lain bu-
daya urang, da alam jeung manusa-
na gé beda. Urang mibanda budaya
sorangan, budaya Timur, nu cék
sakaol mah leuwih luhung manan
budaya Barat.
Lebah ngalaksanakeun
demokrasi nu luyu jeung téori
Barat téa, urang ngarasa kacida
atohna basa aya nu nyebutkeun yén
nagara urang téh nagara katilu nu
pangdémokratisna sadunya. Kahiji
Amérika, anu sok disebut nagara
biangna démokrasi, kadua India,
jeung katilu nya urang pisan, Indo-
nésia. Tug padahal boh Amerika
boh India apan lebah ngajalankeun
demokrasi téh diluyukeun jeung
kondisi budayana séwang-séwang.
Demokrasi Amérika diluyukeun
jeung budaya Amérika, demokrasi
India diluyukeun jeung buadaya
India. Teu sagemblengna ngalarap-
keun téori demokrasi anu mang-
rupa hasil pikiran para ahli téa. Tug
padahal para ahli nu ngarumus-
keun bagbagan demokrasi téh apan
sakabéhna gé urang Barat. Tapi ku
urang Baratna sorangan henteu
ieuh dilarapkeun sagemblengna
dina kahirupan pulitik.
Ari urang, nerapkeun
demokrasi téh mani hayang sarua
pisan jeung téorina. Teu wani béda
lantaran sieun disebut teu ngarti.
Antukna, lebah nerapkeun
demokrasi téh henteu diadumanis-
keun jeung budaya pulitik nu geus
lila dipimilik. Ku lantaran henteu
adumanis jeung budaya pulitik anu
jadi banda urang, atuh terapna téh
jadi ningnang. Urang nu geus
karuhan mibanda wanda
demokrasi sorangan kalah nurutan
hayang ngajalankeun demokrasi
liberal. Antukna jadi teu kurup
jeung kahirupan. Puguh apan di
urang mah aya nu disebut musa-
warah pikeun mupakat hayoh kalah
ngaheulakeun one man one vote,
atuh laku lampah pulitik téh jadi
teu merenah, teu adumanis jeung
budaya anu geus lila dipibanda.
Demokrasi nu kiwari keur di-
pilampah ku para élit pulitik di
urang téh, cék Aswan, ukur
ngahasilkeun tilu “tipe” politisi,
nyaeta makelar pulitik (political
brooker) , bodor pulitik (political
enterteiner), jeung “petualang”
politik (political adventurer). Éstu
henteu ngahasilkeun pulitisi nu
saéstu, anu pancén utamana miki-
ran karaharjaan rahayat.
Asa teu kudu leungiteun
teuing harepan, cék Cécép mah. Da
sagala rupaning sistim nu ngatur
kahirupan urang saréréa mah apan
sakitu haradéna. Nu salah mah lain
sistimna tapi jalma-jalma nu
ngalaksanakeunana. Sistim anu
geus sakitu haradéna téh henteu
disartaan ku étika nu sawadina jadi
cecekelan sugrining jalma, boh nu
ngalaksanakeun sistim téa boh nu
ngan saukur kabaud wungkul.
Cacak upama étika téa dijungjung
luhur ku saréréa mah pikahareu-
peun urang téh moal maleukmeuk-
maleukmeuk teuing.***
DI KIWARI MACA BIHARI
Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Nyawang Pikahareupeun Urang
11. Manglé 248210
BBandung - Bandung
P
ikeun ngahontal udagan
kota métropolitan nu
mibanda wawasan lingku-
ngan, Kota Bandung terus nga-
hangkeutkeun pangwangunan.
Kagiatan pangwangunan di Kota
Bandung salian ti sumberna tina ti
APBD (Anggaran Pendapatan dan
Belanja Daerah), aya ogé nu
sumberna tina CSR (Corporate
Sosial Responsibility), nyaéta dana
nu datangna ti pausahaan. Dina
prak-prakanana kudu jelas mana
waé pangwangunan nu waragadna
tina CSR sarta mana nu tina
APBD. Lian ti kitu, masarakat ogé
kudu apal éta dana ti pausahan téh
ogé bisa dipaké ngawangun infra-
struktur saperti jalan jeung salu-
ran cai atawa drainaseu. Éta hal
ditétélakeun ku Ketua Komisi C
DPRD Kota Bandung, Entang
Suryaman SH, ka Manglé sawatara
waktu nu kaliwat.
Entang ogé nétalkEun,
pangwangunan nu mibanda
wawasan lingkungan téh nyaéta
lingkungan nu séhat, beresih, tur
hégar alatan pinuh tatangkalan. Éta
hal katémbong ku ayana sababaraha
taman kota, sarta réa masarakat nu
ngadon ulin ka éta taman. Taman
jeung leuweung kota dibutuhkeun
pikeun ngungkulan polusi, alatan
hawa di kota nu geus pinuh ku
haseup mobil jeung motor. Pang-
wangunan taman kota réa nu
waragadna tina dana CSR. Taman
nu dibangun tina éta dana kuduna
mah dipasangan tanda atawa maké
ciri sangkan saréréa arapaleun
pausahaan mana baé nu milu nga-
Ketua Komisi C DPRD Kota Bandung, Entang Suryaman SH
Taman tina dana CSR kudu dicirian (nét)
Taman Kota
Tina Dana CSR Kudu Dicirian
12. 11Manglé 2482
bantu pamaréntah geusan nyipta-
keun lingkungan anu hégar tur
seger.
“Dina kawijakan Perda RTRW
(Rencana Tata Ruang Wilayah-réd),
diamanatkeun yén di wilayah kota
kedan aya RTH (Ruang Terbuka
Hijau-réd) nu ngahontal ka 30 per-
sén tina legana wilayah. Kumargi
kitu, SKPD (Satuan Kerja Perangkat
Daerah) nu aya patalina sareng éta
hal kedah satékah polah ngarojong
sangkan tiasa ngahontal éta uda-
gan,” ceuk Entang, anu kacatet mi-
nangka anggota déwan ti Fraksi
Demokrat.
Taman kota nu diwangun di
sababaraha tempat di Kota Bandung
kudu dipiara sangkan tetep asri.
Tapi dina kanyataanana katémbong
aya sababaraha taman di Kota Ban-
dung nu kurang kapiara, barala ku
runtah tur dijadikeun lapak PKL
(Padagang Kaki Lima). Nu
ngaradon ulin miceun runtah di-
mana waé. Éta pasualan kudu
sagancangna diungkulan. Salah
sahiji carana nyaéta kudu aya pa-
gawé nu husus ngajaga sarta ngurus
taman. Lian ti miara taman, éta pa-
gawé ogé bisa negor warga nu
sambarangan miceun runtah di
wilayah taman.
Entang ngémbohan, salian ti
pangwangunan taman kota, dana
CSR ogé bisa dipaké pikeun pang-
wangunan sarana tranportasi masal,
misalna baé beus TMB (Trans Metro
Bandung). Sarana transpormasi
masal mémang dibutuhkeun pikeun
ngurangan macétna patalimarga di
Kota Bandung. Papadaning kitu,
dina prak-prakanana masih kénéh
réa pasualan nu disanghareupan, di
antarana can maksimal dina nyadia-
keun sélter beus. Loba sélter beus
nu ruksak sarta teu pati bisa
dipungsikeun. Antukna réa
masarakat ngarasa teu tumaninah
nungguan datang beus dina sélter.
Hal sarupa kitu éstu kudu jadi per-
hatian Dinas Perhubungan kota
Bandung, sangkan leuwih
ningkatkeun pangawasan, boh ka
pihak katilu nu ngawangun sélter
boh ka aparat sahandapeunana,
sangkan henteu méngpar tina atu-
ran.
Pangwangunan infra struktur
séjén saperti nyieun atawa ngoméan
jalan jeung drainaseu, bisa ogé maké
dana CSR, sok sanajan kiwari geus
katémbong réa jalan nu dioméan
ngaliwatan program unit réaksi
cepat. Saban aya laporan ti
masarakat ngeunaan jalan nu ruk-
sak,langsung dioméan. Drainaseu
ogé geus katémbong terus dibebe-
nah ku cara ngeruk runtah nu aya di
saluran cai di kénca-katuhueun
jalan. Papadaning kitu, masih kénéh
baé aya jalan nu tetep caah cileun-
cang lamun datang hujan, saperti di
jalan by pass Soekarno-Hatta,
perenahna di daérah Gedébagé.
Hartina, tacan kabéh drainaseu
bérés dibebenahna.
Pikeun ngungkulanana, Wali-
kota Bandung kudu ngageuing
dinas nu aya patalina jeung éta
pasualan, saperti Dinas Bina Marga
jeung Pengairan. Kudu dipadung-
dengkeun ngeunaan réana program
jeung kagiatan nu can réngsé
djalankeun sarta pagawéan nu ku-
rang alus kualitasna, lantaran kiwari
masih kénéh réa jalan nu ruksak tur
susukan mendet.
Lian ti ngawangun, Pamaréntah
Kota Bandung ogé kudu leuwih
ngutamakeun miara sarana jeung
prasarana nu geus nyampak. Ogé
ngoméan sarana nu neueul kana
kapentinga balaréa. Program
perencanaan kudu diolah sing asak,
sangkan saban program atawa
kagiatan luyu jeung kabutuhan nu
nyampak. Ku kituna, moal aya
waragad nu nyésa alatan teu luyu
jeung kagiatan nu direncanakeun.
Salian ti éta, ogé kudu ningkatkeun
pengendalian jeung pangawasan
saban kagiatan nu dilaksanakeun,
pikeun ngaminimalisasi poténsi
résiko nu bisa ngabalukarkeun
kagiatan mandeg di tengah jalan,
sarta teu éfésién, teu éféktip.***
Cucu/Dédé
Drainaseu mengpet, jalan jadi caah (nét)Masarakat tacan tumaninah nunggguan beus d jero sélter (nét)
13. Manglé 248212
NNyusur Galur
M
inggu pengker seratan parantos dugi ka
medar masalah Sawarga anu henteu jauh
bédana jeung anu dipedar dina Naskah Se-
waka Darma, Naskah Siksakandang Karesian nu
nyebutkeun yén Moksa téh kaayaan jiwa (atma)
anu mampuh asup ka kahiyangan, jeung sacara
tandes ngabédakeun sawarga (tempat para dewa)
jeung kahiyangan (tempat para hiyang). Asup ka
sawarga disebut Muggah, asup ka kahiyangan di-
sebut Moksa atawa luput.
Dina Naskah Bujangga Manik bait 1435-1755,
aya sababaraha lambar daun nu leungit tepi ka
pedaran ngeunaan sawarga jadi henteu jelas.
Ngeunaan kahiyangan teu jauh bédana jeung
kahiyangan anu diungkabkeun ku Naskah Sewaka
Darma. Dina mangsa raga ngasupan jagat maut,
sukma ngaleutikan tepi ka jadi saimbang jeung
para dewa, cunduk dina amparan jalan anu
ngabulungbung ka patamanan kekembangan.
Sabada liwat ka tempat pamariksaan Dorakala nu
jaga langit terus tumanya ka jiwa (atma) Dorakala
nuduhkeun jalan ka sawarga (kasawargaan).
Saterusna atma bakal ditarima ku upacara resmi
liwat saruntuyan upacara anu diawalan ku karéta
putih anu mawa sang atma, karétana dirarangkenan
kacida éndahna dipirig ku wirahma sora
tatabeuhan sawarga. Kaéndahan tanah surgawi
digambarkeun ku istilah-istilah kaagungan. Upama
miang tina kosmologi nu mekar di Asia Tenggara,
dina ajaran Buda Mahayana pusat alam semesta
mah Gunung Meru, ieu gunung dikurilingan ku
tujuh barisan pagunungan, masing-masing di-
pisahkeun ku tujuh samudra nu ngawangun bunde-
ran. Di lautan pangluarna anu katujuh aya opat
benua, di opat juru. Benua nu aya kiduleun gunung
Meru nyaéta Jambudwipa, pangancikan para
manusa. Di tilu benua séjéna ngancik mahluk-
mahluk asing. Jagat raya ogé dikurilingan ku
dingding nu badag tina batu-batu karang nu di-
sebut cakrawala. Di lamping gunung Meru aya
sawarga panghandapna tempat opat raja besar nu
jaga dunya, di puncakna aya sawarga kadua tempat
33 déwa lokapala jeung aya Sudarsana kota dewa-
dewa nu dipingpin ku Indra. Luhureun gunung
Meru lapisan-lapisan séjéna nyusun lapisan-lapisan
kahiyangan
(Geldern 1982, 4, 5 Dumency 1986,88,9). Ku kitu-
na, katingal yén naskah-naskah jeung Carita Pantun
bisa disebutkeun dina dasarna henteu miang tina
agama Buda jeung Hindu kuma ilaharna ajaran
Hindu jeung Buda nu asalna tina Budaya India.
Ajaran Hindu jeung Buda diropéa saluyu jeung
ajaran Jati Suda. Upamana baé dina naskah
Sanghiyang Hayu jeung Sewaka Darma, leuwih kuat
kabudaanana upama dibandingkeun jeung Bu-
jangga Manik anu leuwih kuat kahinduanana.
Sajeroning kitu naskah Siksakandang Karesian mah
ngarangkum duanana, Hindu Buda bari
Ka Sawarga atawa Kahiyangan
Mangsa Raga Asup ka Jagat Maut
14. 13Manglé 2482
ngécéskeun yén Hiyang kalungguhana leuwih luhur
batan para desa jeung dunya dibagi tilu nyaéta
Dunya handap, dunya tengah jeung dunya luhur.
Gambaran dunya tengah jeung akibatna jaga
upama hiji jalma maot gumantung kana karmana
pribadi Upama karmana hadé, manéhna bakal
asup ka sawarga, sabalikna upama karmana goréng
bakalna asup ka naraka. Dina ieu naskah, gambaran
karma goreng jeung akibatna upama jalma asup
ka naraka diungkabkeun sacara jelas. Tumali jeung
miih lokasi boh karaton boh kabuyutan (Mandala/
Padepokan, agama), milihna téh nyutat tina naskah
buku nu médal dina jamanna. Lamun Karajaan Ta-
laga ngadeg jeung mekar diantara abad ka 14 tepi
ka abad ka 16 bisa jadi sajumlah naskah dijadikeun
patokan. Situs gunung Bitung nu perenahna di
perbukitan geus mangrupa kasajajaran antara
makrokosmos jeung mikroskosmos. Lalampahan
nanjak mudun tepika cunduk ka wangunan suci
mangrupa wangunan berundak di puncak éta bukit,
éta gambaran tahap demi tahap nu kudu diliwatan
ku manusa nu bakal ngahontal moksa/nirwana. Hiji
budak nanjak tangga demi tangga (undakan demi
undakan) nyorang kasulitan anu béda tepi ka cun-
duk di tempat anu dituju. Saluyu jeung pedaran
naskah-naskah téa pangpangna Sewaka Darma
jeung Sanghiyang Hayu anu nyaritakeun kumaha
petana jiwa (atma) tepi ka bumi kancana ( kamaha
gaiban sajati/ jatiniskala) atawa ka kanirasrayan
(kabebasan pangluhurna) dina Sanghiyang Hayu.
Saméméh cunduk ka alam transenden jiwa bakal
asup liwat gerbang anu jero, situs gunung Bitung
digambarkeun liwat fenomena alam mangrupa
dingding gawir anu dianggap wates antara alam
mondial jeung alam transenden, tepat ngandat
arah kalér-kidul saluyu jeung tradisi Sunda yén
kidul sering jadi arah anu salawasna dianggap pa-
ling suci sakumaha nu dipercaya dina tradisi Baduy
nu jadi prototipeu Sunda heubeul Perenahna
Cikahuripan di situs gunung Bitung ogé perenahna
kaler-kidul. Éta aer terjun atawa curug perenahna
ngidul. Karaton dina kosmologi di Asia Tenggara
salawasna jadi pusat dunya. Talaga anu jadi puseur
karajaan tepi ka kiwari hentu didukung ku sum-
berdaya arkeologi nu nyukupan. Dumasar kana
sumber tradisi. Situ Sangiang jeung Walangsuji
puseur kota karajaan Talaga. Tapi sok sanajan kitu
hasil panalitian saheulaanan yén Situ Sangiang
gedé kamungkinan jadi tempat ngahiyang (moksa)
batan patilasan puseur karajaan (karaton), Dumasar
kana kajian toponimi ngeunaan ngaran-ngaran desa
sabudeureun situ Sangiang Kacamatan Banjaran,
Desa-desa di Kacamatan Talaga jeung desa-desa di
Cikijing saperti Desa Suma, Darmalarang jeung
sajabana kudu ditalungtik deui anu leuwih jero
tepika puseur dayeuh Karajaan Talaga bisa
katalungtik, naha baheulana perenahna téh di-
antara situ Sangiang jeung Walangsuji, atawa di
mana.
Dina alam pikiran urang Talaga, gunung Bitung
disebut Lawang Talaga atawa Pintu Talaga. Sabab
di tempat ieu pisan anu ngadegkeun Talaga
tatapana, salah saurang ahli waris karajaan nyaéta
Radén Panglurah ogé tatapana di gunung Bitung
pikeun kenging pituduh ti Nu Maha Kawasa. Ku-
lantaran kitu, gunung Bitung dipandang jadi
puseur kaagamaan (kabuyutan) lain karaton kara-
jaan. Waktu gunung Bitung jadi pusat pendalaman
agama, karaton karajan perenahna di wilayah nu
ayeuna jadi situ Sangiang (wawancara jeung
Wiarsa 15 April 202).
Walangsuji
Walangsuji perenahna di Desa Kagok Kaca-
matan Talaga. Nurutkeun sumber tradisi mun arék
nyaba ka kawasan ieu, aya tempat anu dipercaya
gapura (pintu gerbang) ka Walangsuji. Lian ti kitu,
di lebah dinya ogé aya alun-alun jeung pasar. Di
kawasan ieu ogé aya tempat anu dikaramatkeun
nyaéta gunung Palembang jeung Palembang Datar,
patempatan anu dipercaya baheulana anu dipaké
pepestaan ku Palembang Gunung jeung usung-
esangna Di Palembang Datar aya makam Sura-
gebay jeung curug Wera Ganggeng jeung Jurang
Jalupang. Di lebah dinya ogé aya makam anu
dipercaya makamna Palembang Gunung. Éta
makam kahieuman ku rungkun awi haur. Loba anu
datang jarah ka makam Palembang Gunung ieu
pangpangna anu daratang ti luar Talaga. Urang Ta-
laga mah langka aya anu datang ka tempat éta,
sabab dianggapna nu dikubur di dinya téh musuh
Raja Talaga. Nurutkeun carita rayat, di éta tempat
sering kapanggih barang-barang nu dianggap
pusaka kayaning keris, tumbak jeung batu-batu
permata.
Tina buku : Sajarah Karajaan Talaga
Karya : Nina H.Lubis (E.d).
Ety Sarinendiyanti, Undan Ahmad Darsa, Mifta-
hul Falah.
**HRS/Hanca**
15. Manglé 248214
MMunara Cahya
D
osa nyaéta milampah paga-
wéan anu dilarang Alloh
SWT jeung RosulNa. Éta
panglarangan, écés tétéla kaunggel
dina Quran, atawa hadis Nabi Saw.
Tapi kiwari, réa di antara umat
Islam, nu gampang pisan milam-
pah dosa. Nu jadi sabab, mungkin
teu nyaho, yén éta téh dosa. Malah
dosa badag (kaba’ir), dila’nat ku
Allah SWT kalawan ancaman
hukuman beurat kacida,boh di
dunya boh di ahérat. Atawa
mungkin papaharé. Lénglé. Teu
miduli. Nganggap énténg. Nepi ka
babari pisan ngalakukeun paga-
wéan dosa.
Sawatara kalakuan dosa nu
danget ieu mindeng kajadian,
nyaéta maéhan sasama jalma.
Ampir unggal poé aya nu maéhan
jeung dipaéhan. Di saban tempat,
kalawan rupa-rupa cara. Sawaréh
gancang kacukcruk ku nu wajib.
Nu ngalakukeunana dicerek.
Sawaréh aya nu ambleng teu
kaungkab. Padahal maéhan jalma,
mangrupa dosa badag. Hukuman-
ana beurat kacida. Dawuhan Alloh
SWT :
“Sing saha maéhan hiji jalma
mu’min kalawan dihaja, wawales-
na nyaéta naraka jahannam,
manéhna langgeng saendeng-en-
deng di dinya, Alloh bendu ka
manéhna, ngala’nat sarta nganco-
keun azab anu pohara”(Q.s. an
Nisa : 93).
Saur Kangjeng Rosulul Saw,
maéhan hiji jalma, mungguh
Alloh,leuwih hébat tibatan tilemna
alam dunya (hadis riwayat an
Nasa’i). Kaasup maéhan diri sora-
ngan. Aral subaha nyanghareupan
hirup,terus téga nelasan nyawa.
Samarukna, pasualan bakal réngsé
ku paéh. Padahal, kudu
nyanghareupan pasualan anyar
leuwih rosa batan nu kaalaman
keur hirup.
Di antarana kudu nanggung
dosa la’nat Alloh SWT. Sawatara
katerangan nétélakeun, jalma nu
maehan sorangan moal ngambeu-
ngambeu acan kana seungit
sawarga. Bororaah asup ka dinya.
Jalma nu maténi diri sorangan,
paéh mawa dosa nu moal kungsi
katobatan. Ku kituna, moal meu-
nang pangampura Alloh SWT nu
kagungan nyawa dititipkeun ka éta
jalma. Aya deui katerangan, siksa
aherat pikeun jalma nu maéhan
sorangan, ku parabotna nu dipaké
maténi diri, Nu ngagantung
manéh, disiksa ku tali nu dipaké
ngagantungna, nu ngabebela ku
seuneu naraka. Kitu deui péso,
bedog,racun, bakal robah jadi seu-
neu nu terus-terusan nyiksa taya
kendatna. Dosa séjén, nu sarua
badag, tapi mindeng dipapaharé-
keun, nepi ka dianggap biasa,
nyaeta sodomi. Milampah hubu-
ngan séksual mahiwal tina
kalumrahan. Dina Al Quran,
dipérélékeun kisah ngeunaan umat
Nabi Luth As, nu resep ka papada
lalaki. Nya maranéhna dimusnah-
keun sina ancur lebur taya nu
nyésa (Q.s.asy Syu’ara : 172-173).
Ngeunaan kisah kaum Luth,
sawatara tafsir nétélakeun,
kajadianana lumangsung kl.3.000
taun saméméh Masehi. Di kota
Sodom atawa Sadum. Malah dina
kitab Perjanjian Heubeul mah,
sajaba ti kota Sodom, disebut deui
kota Gomorah, sarua padumukan
jalma-jalma mahiwal kitu.
Pangna urang Sodom (jeung
Gomorah) nu katelah umat Nabi
Luth, resep “liwath” (kalakuan
umat Luth, nyaéta Sodomi), lan-
taran pangaruh kamajuan kahiru-
pan maranéhna anu luar biasa.
Umat Nabi Luth harita beurat
beunghar lubak-libuk. Unggal
waktu hura-hura pépéstaan. Cam-
pur gaul pagaliwota awéwé lalaki.
Dimimitian ku prakték séks bébas,
lalaki saha waé jeung awéwé mana
baé. Nepi ka aya istilah “tukeur
jago” jeung “tukeur bikang”. Sili
tukeur salaki jeung sili tukeur
pamajikan. Saha waé nu hayang,
nu daék. Teu mandang salaki
atawa pamajikan batur.
Lila ti lila, timbul rasa bosen.
Ceuk maranéhna, teu aneh hubu-
ngan lalaki jeung awéwé mah
sanajan “séks bébas” ogé. Perlu
variasi. Perlu nu mahiwal. Nya
timbul baé hubungan lalaki jeung
lalaki (homo), sarta awéwé jeung
awéwé (lesbi). Antukna nga-
budaya. Jadi kalangenan.
Waktu Nabi Luth diutus ka éta
kaum, kalakuan mahiwal kitu téh
geus ngadaki. Teu bisa dionggét-
onggét. Da’wah Nabi Luth dipung-
pang. Malah sakur aya tamu lalaki
anyar ka Nabi Luth, sok di-
goronyok. Pada ngagorényang-
keun Kompo basa aya sababaraha
urang tamu lalaki karasép
ngalalémpéréng. Padahal éta téh
Dosa-Dosa nu Sok Dipapaharékeun
Ku Usép Romli HM
16. 15Manglé 2482
para malaikat nu nyamur. Ngabéja-
an Nabi Luth, yen umatna baris
ditibanan azab. Kota padumukan-
ana dibaliklemahkeun, bari
ditinggangan ku hujan seuneu.
Nabi Luth sakulawarga gancang
nyalametkeun diri. Ari umatna
kabéh ancur taya nu nyésa.
Ceuk sakaol, urut kota Sodom
téh ayeuna mindarupa jadi Laut
Mati nu sabeulah aya di
wewengkon Jordania, sabeulah
deui di wewengkon Palestina (Sisi
Kulon). Pernahna 350 meter
sahandapeun beungeut laut.
Dawuhan Rosululloh Saw : “Allah
ngala’nat jalma nu miyuni
kalakuana kaum Luth” (hadis riwa-
yat Ahmad). Para ulama
nétélakeun, sodomi haram. Dosa
badag. Lain waé lalaki ka lalaki
deui. Tapi ka pamajikan sorangan
anu sah ogé, tetep haram lamun
ngawajiban lain kana parantina.
Ayeuna, aya kelompok atawa
komunitas “sodom” nu disebut
“gay” atawa “lésbi” (transgénder),
terang-terangan ménta perlakuan
husus. Ngayakeun kawin sasama
jenis, hak gawé, hak usaha,jsb,
kalawan resmi. Alesanana Hak
Asasi Manusa (HAM). Lantaran
cenah kaum transgénder ogé pa-
pada boga HAM. Papada boga hak
hirup anu sarua jeung manusa nor-
mal. Di sawatara nagara, paménta
kaom trangénder téh réa nu geus
ditedunan. Amerika Serikat jeung
Prancis upamana, geus ngesah-
keun lembaga resmi pernikahan
sasama jenis. Kaayaan kitu, isuk
pagéto, moal boa nerekab ka saku-
liah dunya. Padahal Alloh SWT Nu
Maha Uninga, geus jelas-jelas
ngancurkeun Sodom Gomorah lan-
taran kalakuan pangeusina mahi-
wal kitu. Sabab lamun diantep,
tangtu baris nyebarkeun hal-hal
négatip.
Di antarana, pegat turunan
(regenerasi) umat manusa, jeung
mahabuna panyakit HIV/AIDS
Saupama Alloh SWT henteu
ngahukum ngancurkeun umat
Nabi Luth tilur taun ka tukang,
tinangtu alam dunya moal mekar
jeung ramé kawas ayeuna. Lan-
taran regenerasi umat manusa
bakal pegat akibat kalakuan
“sodomi” jeung ancaman panyakit
HIV/AIDS téa nu geus kanyahoan
nyebar lantaran tina hubungan
“sodomi” atawa “lesbian”.
Dosa badag séjénna, nyaéta ngi-
num “khomr” (alkohol). Kajeun
ukur salamot jeung teu mabok.
Sabab alkohol mangrupa inuman
nu dzatna diharamkeun. Lantaran
haram, naha saeutik naha réa, nepi
ka mabok atawa henteu, tetep
haram. Dawuhan Alloh SWT :
“Maranéhna tumanya ka anjeun
(Muhammad) ngeunaan “khomr”
jeung judi. Caritakeun, dina éta
dua perkara aya dosa badag” (Q.s.
Al Baqarah : 219).
Saur Ibnu Abbas, barang ayat
nu ngaharamkeun “khomr” di-
wahyukeun ka Rosululloh, para
sahabat gancang sili béjaan, yén
“khomr” geus haram. Dosa pikeun
nu nginumna, disaruakeun jeun
syirik (mapandékeun Alloh AWT).
Saur Abdullah bin Umar,”khomr”
mangrupa sumber sagala rupa
kagorengan jeung kajahatan. Dina
zaman Rosulullah katut para soha-
bat, sarta salila hukum Islam
tumerap, nu nginum “khomr”
ditibanan hukuman rangkét.
Lamun teu kapok-kapok, geus
sababaraha kali nandangan hukum
rangkét, pék deui pék deui nginum
. ditibanan hukum pati. Dosa
badag séjénna, malah tara diang-
gap dosa, nyaéta tara beberesih
(ngisang) saentas kahampangan.
Rosulullh Saw, maréntahkeun,
sangkan meresihan anggahota
badan tina cai kahampangan.
“Siksa kubur, salah sahiji di antara-
na, lantaran tara susuci tina najis
cai kahampangan” (hadits) Muga-
muga urang mampuh ngajaga sarta
ngajauhan tina milampah dosa-
dosa badag samodél kitu. Sarta
ulah nganggap énténg kana dosa
éta***
internet
17. Manglé 248217
TTanya Jawab
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Mu-
nara Cahya anu dipihormat, sakedap
deui urang badé milih pamingpin na-
gara. Milih pamingpin taun ieu mah,
cénah seueur nu bingung. Supados
engké dina milihna henteu leupat, naon
waé ciri-ciri pamingpin dumasar kana
ajaran Islam? Sim kuring ngantos
waleranana, kalayan sateuacanna
ngahaturkeun nuhun.
Wassalam,
Rahmat Setiawan
Cikandang Garut
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana sagala
rupi perhatosanana. Ngeunaan ciri-ciri
pamingpin dumasar kana ajaran Islam,
garis badagna mah aya dina Alquran.
Disebatkeun kieu: ”Jalma-jalma iman
ulah milih jalma-jalma kafir salaku
pamingpin bari mopohokeun jalma-
jalma iman. Sing saha nu ngalakukeun
saperti kitu, mangka manéhna bakal
pisah tina pitulung Alloh, anging
saupama karana siyasat pikeun miara
diri tina perkara anu dipikasieun ti
maranéhna.” (QS. Ali Imran, 3: 28).
Pamingpin dina ajaran Islam kacida
pentingna, malahanan jadi tugas utama
dina kahirupan urang sapopoé. Ku
sabab kacida pentingna, nepi ka loba
disebut-disebut dina katerangan, boh
dina Alquran atawa dina Hadits Nabi.
Sajabi ti kitu, pamingpin dina ajaran
Islam tugasna pikeun ngurus umat anu
dipingpinna, jeung jaga dina poé ahérat
bakal dipénta tanggung jawab
kapamingpinana. Sakumaha pidawuh
Rasul: ”Tiap jalma jadi pamingpin,
jeung satiap pamingpin bakal ditanya
tanggungjawab kapamingpinanana.”
(HR. Bukhari).
Imam Taqiyuddin al-Nabhani dina
kitab ”Nizham al-Hukm fi al-Islam”
nangtukeun sarat-sarat nu kudu
dicumponan ku pamingpin dumasar
kana ajaran Islam, nyaéta kudu mus-
lim; balég (déwasa); lalaki; adil; jeung
mampuh ngalaksanakeun amanat
kapimingpinana, tegesna ngajalankeun
kapingpinana dumasar kana Kitab
Alloh jeung Rosul-Na. Lian ti sarat-
sarat éta, al-Nabhani nyebutkeun sarat
lianna nu mangrupa tambahan, sanés
mangrupa kakuduan (kawajiban),
nyaéta ”mujtahid”, hartosna ahli dina
ngagali (nyimpulkeun) hukum syara’
tina sumber-sumber hukum syara
nyaéta Alquran, Hadits sareng ijma
para sahabat. Teras manéhna nga-
bogaan kawani jeung pinter dina
widang politik.
Salajengna, Syekh Abdul Qadim al-
Zullam dina kitab ”al-Afkar al-
Siyasiyah” nyebatkeun ciri-ciri
pamingpin, di antarana:
Kahiji, ngabogaan pamadegan anu
panceg. Rosululloh SAW ngajelaskeun
yén pamingpin kudu kuat tur panceg
dina nyepeng pamadegana. Jalma anu
lemah henteu pantes jadi pamingpin.
Hadits anu sumberna ti Abu Dzar
nyarioskeun, wiréh Rosululloh SAW
ngadawuh: ”Wahai Abu Dzar, kuring
nempo diri anjeun lemah. Tapi kuring
nyaah ka anjeun saperti kuring
mikanyaah ka diri kuring sorangan.
Poma anjeun ulah hayang jadi paming-
pin sok sanajan pamingpin ti dua jalma,
jeung poma anjeun ulah hayang ngurus
harta anak-anak yatim” (HR. Imam
Muslim). Saatosna kitu, Abu Dzar
nyarios ka Rosululloh SAW: ”Ya
Rasululloh! Naha gamparan henteu
maparin jabatan ka abdi?” Lajeng Rosul
nepak kana punduk abdi, bari
ngadawuh: ”Wahai Abu Dzar! Diri an-
jeun lemah, jeung saéstuna ari jabatan
mangrupa amanah. Dina poé wawales
(poé ahir) engké bakal jadi bahan
kahinaan jeung bakal hanjakal, anging
pikeun jalma anu bisa ngalaksanakeuna
luyu jeung hakna, bari bisa nyumponan
sagala kawajibanana salaku paming-
pin.” (HR. Imam Muslim).
Kuat jeung lemah, maksudna
nyaéta kakuatan dina nyepeng jeung
ngalaksanakeun pamadeganana. Nya-
kitu deui kuat pola pikirana (aqliyah)
jeung kuat jiwana (nafsiyahna). Ku hal
kitu, pola pikir pamingpin kudu ngahiji
(manunggal) jeung sifat kapiming-
pinana. Nepi ka dirina bisa nganyaho-
keun rupa-rupa masalah anu jadi
tanggung jawabna. Kitu deui jiwana
kudu ngahiji nepi ka bisa sadar jeung
mampuh ngalenyepan, yén dirina
salaku pamingpin, nepi ka bisa
ngarahkeun léngkah-léngkahna.
Kadua, kudu takwa. Lantaran
kakuatan pamadegan pamingpin
kacida pisan mangaruhan kana
kapimingpinana, mangka manéhna ogé
kudu ngabogaan cara keur bisa
ngajauhkeun dirina tina pangaruh-
pangaruh anu goréng. Rosululloh SAW
nalika ngangkat hiji pamingpin pasu-
kan atawa ekspedisi pasukan husus,
mangka mantena ngawasiatkeun kudu
takwa jeung kudu ngalakukeun ka-
hadéan ka umat Islam anu babarengan
jeung manéhna (anak buahna).” (HR.
Imam Muslim).
Katilu, boga sifat welas asih, jujur
jeung merhatikeun rahayatna. Paming-
pin kudu ngabogaan sifat jujur jeung
welas asih dina ngurus rahayatna, tur
merhatikeun kana sagala urusanana,
nepi ka sagala kabutuhana kacumpo-
nan. Sanés wungkul kabutuhan nu
sifatna lahiriyah, tapi ogé ruhaniyah.
Cindekna pamingpin numutkeun
ajaran Islam, idéalna kudu ngabogaan
sifat-sifat anu dipimilik ku Rosul SAW
nyaéta “Shidiq, Amanah, Fathanah,
jeung Tabligh. Naha calon presiden
urang luyu sarat dumasar kana ajaran
Islam? Wallohu a’lam.***
Ciri-Ciri Pamingpin
Nurutkeun Ajaran Islam
18.
19. Manglé 248218
CCaritaPondok
T
ungkul. Teu sirikna
beungeut éta budak
ampir adek kana sisi
méja nu aya di hareu-
peunana. Dua leungeunna
pataréma, ramona diorék
bari diutek-utek. Kuring ngan
ukur bisa melong dibarengan
ku ngarénghap panjang.
Pipikiran asa baluweng, teu-
ing kudu kumaha pijalaneun-
ana keur ngawarah éta bu
dak. Kahayang mah ngam-
bek, tapi jaman kiwari téa
ngambek gé teu bisa saga-
wayah kudu maké uteuk bisi
kaduhung engkéna. Jalma ki-
wari téa teu kaopan, nanaon
dilaporkeun, nanaon dipoto,
nanaon disambungkeun
jeung HAM. Kaimpleng,
kumaha mun aya rekaman
video kuring keur ambek-
ambekan di Youtube? Matak
ear sadunya, matak éar saja-
gat maya. Salaku wali kelas-
na, kuring tangtu kudu
tanggung jawab kana
kaayaan murid-murid. Komo
ieu teu béja, teu carita, geus
sabulan pleng les teuing ka
mana. Pangpangna mah
sakeudeung deui éta budak
rék nyanghareupan ujian.
Pisakumahaeun teuing mun
kepala sekolah nyahoeun, aya
murid kelas kuring bolos téh
mani kacida lilana. Ieu mah
bakat ku haat, ngadatangan
heula ka imahna saacan
dilaporkeun. Susuganan bisa
diréngsékeun ku sorangan.
“Pa Jaja kudu ngarti, ku
naon si Kamal tara sakola?
Manéhna teh ngabantuan
kuring usaha!” ceuk bapana
Kamal bari tipopolotot. Ku-
ring teu béakeun mikir.
Usaha naon atuh? Da
sakanyaho kuring, bapana
Kamal téh teu boga gawé,
ukur lantrak-lintrik teu
puguh cabak. Kungsi mang-
gih béja yén Kamal téh sok
dipaksa ngabantuan bapana
nu moho pisan kana judi.
Unggal poé, mun beurang
Kamal dipakieuhkeun, diutuh
étah sagawé-gawé titah nyiar
duit pikeun masang keur judi.
Lamun peuting Kamal sok
dibabawa judi purah mantu-
an mangitungkeun. Cenah
mah, mun dibantuan ku
Kamal, bapana sok remen
meunang.
Kuring ngarasa watir ku
dua ku tilu, ti leuleutik Kamal
geus ditinggalkeun ku
indungna, kabur mawa adina
nu orok kénéh, teuing ka
mana. Béjana mah indungna
Kamal sok remen diteung-
geulan ku salakina. Awéwé
mana atuh nu kuat boga
salaki kawas kitu ?
“Sumuhun Bapa, abdi gé
ngartos. Mung kedah uninga,
dua sasih deui Kamal téh
badé mayunan ujian nasio-
nal, piraku badé bolos baé?
Kamal téh kalebet murid pin-
ter Pa. Calakan, gampil pisan
ngartosna dina ampir sadaya
mata pelajaran. Kedah ti
ayeuna tatan-tatan diajar,
lebar upami dikantunkeun
kitu baé,”ceuk kuring muji,
sugan baé bapana Kamal bisa
lééh haténa.
“Heueuh, kuring gé ngarti
Pa Guru. Ngan, keur naon
atuh sakola? Da jaman kiwari
mah masing sakola luhur ogé,
engkéna angger hésé néangan
gawé. Rék gawé nu kitu-kitu
baé mah pasti moal daraé-
keun da éra ku ijazah. Tung-
tungna ngalaligeuh. Mending
ti ayeuna kénéh usaha man-
tuan di dieu! Barina gé pipi-
lueun teuing lah da sakola si
Kamal mah moal dituluykeun
ieuh!” témbal bapana teu-
geug.
Dikitukeun mah kuring
teu bisa kumaha. Rék ngolo
deui gé cumah, jelema hésé
dilawan. Kuriak ngajak gelut,
kalahka piriweuheun. Kétang,
sabenerna mah sebér ogé
nénjo pangawakan bapana
Kamal nu jangkung badag,
dibandingkeun jeung awak
kuring nu pécékrék leutik.
Panon kuring jeung
Kamal paamprok. Katangen
tina panon Kamal siga nu
nyarita yén manéhna gé bi-
ngung. Tungtungna Kamal
ngeluk. Ukur bisa ngareng-
hap panjang bari noroweco
jero haté, Emh, deudeuh teu-
ing Kamal. Teu kungsi lila
kuring tuluy amitan.
Nepi ka hareupeun imah,
teu buru-buru asup. Awak
asa lalungsé. Muru korsi pan-
jang paragi ngadaweung. Gék
diuk, tuluy ngalamunkeun
kajadian nu karék karanda-
pan bieu. Keuheul sakaligus
kuciwa. Boga murid pinter,
kolotna teu bisa diandelkeun.
Karék gé rék nyangsaya, rekét
panto muka. Torojol indung-
na barudak mawa baki.
“Ngaleueut heula Pa,”
ceuk pamajikan bari
ngasongkeun emuk bulao
kameu meut kuring. Regot
cai diinum, méh béak
satengahna. Rét kana lalawuh
dina piring eusi goreng sam-
peu, kawasna mah karek
nyait da ngebul kenéh. Teu
diengkékeun deui tuluy di-
cokot. Nyah nyéh nyoh bari
ditiupan. Béak dua keureut,
regot deui nginum. Pama-
jikan nu aya di gigireun ukur
melong bari teu lila nyodor-
keun amplop bodas nu aya
logo sakolaan.
“Naon ieu?” kuring nanya
bari nampanan éta amplop.
“Mangga, aos baé ku
Akang,” jawab pamajikan
kuring.
Bérés maca, kuring ke-
rung. Éta surat ti wali kelas
Irwan nu nitah datang ka
kuring atawa pamajikan
salaku kolotna, aya nu rék
dibadamikeun.
“Abdi tos ngadeuheusan
wali kelas Irwan. Serat pang-
gilanna telat, nembé dugi tadi
enjing, ari ka sakola kedah
dinten ayeuna pisan. Siho-
réng Irwan téh remen pisan
bolos, diétang-étang tos aya
kana dua mingguna,”ceuk pa-
majikan kaburu mantén
nerangkeun saméméh dita-
nya. Paromanna tuluy alum.
Kuring ngarénghap pan-
jang naker. Beu, kacida hirup
téh, tihothat nguruskeun
budak batur sangkan bisa
sakola sing bener, kari-kari
ayeuna anak sorangan ka-
lahka teu kaurus? Kuring
ngahuleng. Unggal poé ba-
reng indit ti imah jeung éta
budak, naha bisa nepikeun ka
leungit? Na kamana heula
atuh budak téh?
Isukna di parapatan Jalan
Cisago, kuring nurunkeun
Irwan, cara biasana unggal
isuk. Sanggeus nyium leung-
eun, Irwan leumpang nga-
jugjug SMPN Cisago 3 nu
anggangna kira-kira dua
ratus méteran. Kuring api-api
Kenék Anyar
Nyi Roro
20. 19Manglé 2482
indit deui muru SMPN Ci-
sago 1 tempat kuring ngajar.
Padahal, di lebah péngkolan
buru-buru motor dipéngkol-
keun, balik deui.
Ti kajauhan katénjo
Irwan keur leumpang semu
rusuh. Éh, naha teu asup ka
gerbang sakola? Kalahka
nguliwed asup ka gang? Ku-
ring teu waka incah, ditung-
guan nepi ka sababaraha
menit. Ana jebul téh di gang
nu beulah ditu. Rentang-
rentang ti kajauhan katénjo
Irwan rada lumpat muru
mobil APV hideung nu keur
parkir di sisi jalan.
Buru-buru motor distater,
rada ngebut muru éta mobil.
Geus rada deukeut motor di-
launkeun. Geuleuyeung mo-
bil maju. Ké, ké, éta mobil asa
apal? Plat nomerna sarua
deuih? Lalaunan dituturkeun.
Jarak diatur ambéh teu ka-
tohyan ku nu di jero mobil.
Geus aya dua kilo meter
jauhna, mobil nu keur ditu-
turkeun rada ngalaunan.
“Caheum! Caheum!”
Kadéngé aya sora tina éta
mobil ngaliwatan jandela nu
muka. Di hareup kabeneran
aya hiji awéwé megat. Reg,
mobil eureun. Jleng, aya nu
turun bari luncat. Sihoréng
budak lalaki maké kaos héjo,
mapag nu rék naék. Ditelek-
telek. Euleuh? Geuning
Irwan? Ari supir mobil, geu-
ning Bapa. Kuring ukur bisa
colohok. Hayang mah harita
kénéh diontrog, tapi kuring
inget cara kitu moal pibene-
reun. Méngkol, balik deui ka
sakola.
“Ari Bapa, naha teu apal
ayeuna téh usum sakola?
Pami nuju peré mah mangga
téh teuing Irwan ngiring
nambangan ka Bapa,” ceuk
kuring laon kanu jadi kolot
sanggeus aya di bumina.
Ti saprak pangsiun tamba
kesel Bapa kuring ngiridit
mobil APV. Anjeunna nyupi-
ran nu trayékna ka Ci-
caheum. Kabeneran basa
usum peré sakola kamari,
Irwan milu nambangan ka
akina. Katempo beungeut
Irwan mani atoh mun balik
nambangan téh, da ku akina
mah sok dikeupeulan duit
lumayan gedé. Rénghap ku-
ring karasa panjang. Teu
ngabibisani, rumasa mun
méré jajan ka budak téh sok
tara gedé. Ti dituna mah
hayang ngawarah budak
ambéh teu beuki jajan, bisa
ngahargaan kana duit.
“Hih, da Bapa mah tara
ujuk-ajak ka Irwan, manéhna
wé nu sok maksa milu ngené-
kan. Si Ujang nu biasa ngené-
kan téh gering. Na, ari geus
cageur kalah ka milu ka
mamangna nu digawé di
Jakarta. Mani hésé néangan
kenék gaganti si Ujang téh,
kabeneran Irwan datang
hayang milu. Nya ku Bapa
digugu tug nepi ka ayeuna.
Pan alus lain budak kénéh
geus hayang diajar digawé?
Méh engkéna babari néangan
duit,” ceuk Bapa kuring siga
nu teu ngaros dosa. Ukur bisa
ngarénghap panjang, teu bisa
majar kumaha. Piraku ari
kudu mapagahan nu jadi
kolot mah.
***
Panglawungan 13
21. Manglé 248220
D
i dieu ku-
ring matuh,
di palatar-
an data-
ranggang
ka pilem-
buran. Sabudeureunana ka-
capiring pating rumpuyuk,
ngiuhan nu talibra di alam
kalanggengan.
Mangpirang-pirang
usum,hirup-huripkuring di
ieu wewengkon.Duka geus
sabaraha taun?Nu jadi pa-
tokan kiwari,taya lian ngan
Aki Juhana. Manéhna téh in-
cuna Aki Darta, tah éta
kuburanana. Ari Aki Darta
incuna Ki Dariman, itu ku-
buranana. Ari aki Dariman,
budakna cikal Aki Odin. Tah
Aki Odin anu mawa kuring
ka ieu patempatan téh. Ti-
harita, ceuk kuring tadi duka
geus sabaraha puluhan taun.
Nu jelas Aki Odin geus kasi-
lih ku sababaraha generasi
atawa turunan. Aki Juhana
nukiwari kumalendang,
leumpangna ogégeus ru-
manggieung kondang iteuk.
Kuring dibawa kakait
siwur Aki Juhana téh keur
leutik kénéh. Harita téh pa-
sosoré, basa Aki Odin balik
nyadap. Kuring handapeun
kawungna, dirabut.Tuluy
dikeueum dina balong sa-
peuting, isuk-isuk dipelak-
keun luhureun kuburan anu
taneuhna masih beureum.
Kawasnaéta téhkuburan
bapana, dicirian sangkan teu
hésé néangan. Harita mah
lahan téhbarala tur taya anu
ngapimilik, ngan kiwari jadi
milik pamaréntahan désa.
Katelahna Astana Gedé.
Poé ka poé bulan ka
bulan, taun ka taun kuring
subur di ieu patempatan.
Sakampung Batisari mah
moal bireuk deui. Komo pi-
keun Si Guru jeung Si Danu
mah. Maranéhna nu sok
ngeureutan kulit téh. Awak
raca balas diala getih, cenah
geutah kuring tara misleuk
lamun dipaké ngaleugeut
manuk. Ngaranna ogégeus
kakoncara, leugeut teureup,
luyu jeung ngaran.
Lamun pareng kuring
buahan sok aya barudak
angon, ngahaja ngadon mu-
lung nu murag. Buah téh-
sagedé sukun, sikina leutik,
tur kulumudan, leueur. Ku
barudak kulumud dibersi-
han maké lebu. Laju
disangray, cenah rasana teu
bina ti suuk.
Betah hirup di dieu téh,
patempatanana ayem
tengtrem, jauh tina
karaméaan lembur. Pareng
ramétéh lamun aya nu ngu-
rebkeun layon. Mun aya nu
maot téh kuring mah bu-
ngah, lantaran bugang
manusa téh kadaharan nu
pohara alus gizina.
Duka ku naon, ahir-ahir
ieu kuring bet teu genah
rasa. Bet asa aya kahariwang
anu taya duana, mimitina
mah basa meunang béja anu
pikakeuheuleun. Genep poé
katukang, Aki Juhana atawa
nu ceuk kuring tadi patokan
hirup, datang. Sangkaan téh
arék nadran, tapi kalah
nyampeurkeun, laju
nepakanan.
“Embah... kudu kumaha
ayeuna Aki?” poknatéh
ngabasakeun embah, sok
sanajan nyahoeun kuring
tangkal teureup anu teu bisa
diajak cumarita. Ngan ku-
ring geus surti éta dituju-
keun ka karuhunna. “Kades
Peni nyieun wawaran. Pa
Kasni, ketua BPD anu anyar
tos nyaluyuan. Tangkal
teureup téh rék dituar, rék
dipaké ngabangun sasak
leuwi kopéng.Atuh da bo-
nganjadi dina tanah désa,
rék dipaké pikeun karahar-
jaan masarakat.Cenah
Salasa, geneppoé deui di-
tuarna. Aki bingung,Aki teu
wani baha ka kades Peni.
Watekna apal balaréa. Nya
ku Aki di kopkeun baé, di-
idinan da teu bisa kumaha-
kumaha.”
Tah tiharita teu ngeunah
rasa téh.Keuheul ka Aki
Juhana anu geus nguciwa-
keun, geus méré idin. Asana
karék kiwari aya anu nga-
lakukeun kitu. Ari rék dituar-
CCaritaPondok
Saksi Bisu
Rian D. Firdaus
22. 21Manglé 2482
mah kuringtéhteu reuwas, ti
jaman béh ditu mula, ti
jaman munggaran désa
mekar geus pada nga-
wacanakeun. Hadéna turu-
nan Aki Odin taya anu
mikeun. Baheula Aki Odin-
ngawanti-wanti ka budak-
budakna, yén kuring kudu
dijaga. Pepeujeuhna terus
dirundaykeun. Nu diamana-
tan teu ngamomorekeun.
Kapan basa rék nuar, rék di-
paké ngabangun désa. Ki
Darta langsung mesat bedog.
“Singsaha baé anu rék
nuar ieu tangkal teureup,
mangka kudu adu pati heula
jeung aing,” pokna basa
waktu ka tukang bari nga-
cungkeun bedog. Ucapanana
lain ngan saukur heureuy,
nangtang pinuh amarah.
Éta saperkara conto nu
dilakukeun turunan Aki
Odin enggoning ngajaga ku-
ring. Réa kénéh perkara
séjénna, seug lamun euweuh
maranéhna, meureun ayeu-
na kari sésa tunggulna.Aki
Juhana, panyalindungan pa-
nungtungan, naha ipis burih,
méré idin. Sakituna mah
kuring ogé ngarti, manéhna
geus rerempo.
Hirup nunggelis, pama-
jikanana geus leuwih tiheula
dipundut ku nu Maha
Kawasa. Budak awéwé hiji-
hijina ngilu kasalakina.
Atawa boa manéhna bi-
ngung, ku dongsokan
masyarakat nu hayang nga-
bangun jembatan. Jembatan
leuwi kopéng nu jadi patali-
marga ka dunya luar, cenah
bisa ngaronjatkeun kasejah-
traan. Jadi jembatan kamak-
muran, jembatan peradaban.
“Tapi embah tong waka
hariwang. Kades Peni méré
karinganan,” sambung Aki
Juhana basa genep poé ka
tukang. “Cenah lamun Aki
bisa nyadiakeun waragad
keur ngabangun jembatan,
tangkal teureup moal jadi di-
tuarna. Itung-itung dibeuli
ku aki. Geus moal aya nu
wani ngagunasika, da kapi-
milik. Ieu aki keur ngusa-
hakeun duit. Geus aya sa
waréh,ladang sawah, ieu téh
tinggal saeutik deui. Lima
poé deui bakal cumpon
lamun haji Dahlan ngaduit-
an kebon nu di kalér jeung di
girang.”
Haté rada kaubaran,
horéngAki Juhana téh keur
ngupayakeun, masih boga
tanggungjawab. Tapi haté
leutik kuring teu beunang
dibébénjokeun, teu puguh
rarasaan. Ras ka diri, ras ka
Aki Juhana. Kumaha na-
sibna engké, lamun nepi-
keun ka bébéakan. Bandana
bakal ludes, waragad anu
dibutuhkeun lain saeutik,
ceuk béja anggaranana dua
ratus juta.Geus béak
déngkék ngajukeun proposal
ka pamaréntah daérah jeung
pusat teu hasil kénéh waé,
euweuh deui cara anu gam-
pang iwal ngarajang kuring,
kaina bakal jadi ratusan
kibik, lamun dijual bakal ra-
tusan juta. Kitu téa alatan
pangawakan kuring, teu ila-
har. Jangkung badag, duka
sabaraha puluh méter.Duka
sagedé kumaha, ngan basa
Mang Iju jeung Mang Soleh
ngala madu odéng dina
dahan, manéhna nyieun
sigay pikeun naék.
“Edan ieu teureup,” ceuk
Mang Iju waktu harita.
“Genep leunjeur bitung
karék nepi kana dahan.”
“Enya, kana dahan pang-
handapna éta téh, sabaraha
lamun nepi kapuncerna?”
témbal Mang Soleh.
“Tangkal jurig sugan mah,
dahanna ogé mani sagedé-
munding, munding reuneuh
bari bareuh.”
Poé kamari, haté kakara
ngemplong. Meunang pik-
abungaheun. Pabeubeurang
Aki Juhana datang,
pasemonna hégar marah-
may. Teu kungsi lila kadés
Peni jeung Pa Kasni, nguru-
muy. Kawasna geus janjian
tepung.
“Kadés, Kasni ieu duit.
Jumlahna leuwih ti anu di-
jangjikeun, ngan keun baé
itung-itung sodakoh,”pokna
bari ngasongkeun buntelan.
“Teureup dibeuli ku Aki,
ngan omat ieu duitna kudu
dipaké ngabangun jembatan
leuwi kopéng, luyu jeung
janji. Tiayeuna ieu teureup
milik Aki.”
Kades Peni nampanan.
Laju sasalaman sanggeus
ijab kobul. Kuring bungah,
bagja tan wates wangen.
Ngan kabagjaan téh ngan
ukur sapoé sapeuting.
Rebun-rebun pating kuru-
nyung jalma bari ranggem
ku pakarang. Teu kungsi lila
kades Peni jeung Pa Kasni
datang.
“Kalah di singhareupan
sok gera tuar,” pokna
Kuring ngaranjug, teu
kungsi lila aya anu némbal
“Rék dikumahakeun éta
teureup?” sora lalaki, horéng
Aki Juhana bari ngacung-
keun iteuk.Saréréa neuteup
ka lebah datangna sora.
“Aki... Luyu sareng anu
dibéwarakeun, Salasa ayeu-
na badé dirajang.” Kades
peni némbalan.
“Naon?Pan kamari geus
papaitan...”
Derekdek, Aki Juhana
nyaritakeun kajadian poé ka-
mari ka masyarakat.
“Ka sadayana, mugi jan-
ten uninga. Cariosan Aki
Juhana ngawur. Pribados
teu rumaos ngalakukeun hal
sapertos kitu. Paralun teu-
ing.”
Saterusna kadéngé hog-
hag, silih tempas, silih tém-
bal. Dina pamustungan
kadéngé Kades Peni
cumarita.
“Artos naon Aki?nya
iraha aki masrahkeunana.
Mana buktina, saha
saksina?”
Aki Juhana ngaraga
meneng. Kawasna nganaha-
naha. Naha bet henteu maké
kwitansi, naha bet henteu
mawa saksi. Percaya kitu
waé ka kades Peni jeung Pa
Kasni.
“Saksina... tuh! Tangkal
teureup,” témbalna bari nun-
juk ka kuring,katinggal
curukna ngageter, awakna
ngadégdég. Napsu kapegung
amarah teu kawadahan.
Lengerek. Teu kuat nanda-
ngan kanyataan. Pait. Di-
umur nu kari saeutik.
Kuring bati colohok,mun
kongang hayang
ngagorowok. Ngabéjaan anu
sabenerna. Teu nyangka
kadés Peni jeung Pa Kasni
bakal sulaya. Maranéhna teu
paduli kana pangorbanan
Aki Juhana, kuring dituar.
Awak direcah, disiksik di-
leutik-leutik. Dirajang dijeun
pasagian, kaso, eréng.
Dimuat kana dolak,laju
dibawa ka sababaraha toko
matrial.
Ceuk awak kuring anu di
bawa ka toko materialsi
anu,cenah dibarter jeung
semen. Ceuk nu dibawa ka
toko material si éta, ditukeur
jeung beusi, aya ogé nu jeung
keusik, ngan lolobana diduit-
keun.Tapi ceuk awak kuring
nu aya di leuwi kopéng. Jem-
batan leuwi kopéng réngséna
tilu bulan.
Wangunanana basajan
pisan, puraga tamba
kadengda. Basa dikontrol ku
aparat pamaréntah daérah,
salah saurang patugas tuma-
nya.
“Jembatan ini pemba-
ngunan taun sekarang?”
“Leres, Pa!”témbal kadés
Peni ditembrong ku Pa
Kasni.
“Program PNPM yah?”
“Leres, Pa!”
“Berapa anggaranya,”
“Euhhh... Tiga... Tiga
ratus juta Pa...”
***
23. Manglé 248222
L
amun pareng
paamprok di
jalan jeung
nu sarua
tumpak
sepédah,
Juandi sok ngarasa reu-
greug. Lain kuring wung-
kul geuning, nu lian gé aya
nu kana sepédah téh, ge-
rentesna bari ngaboséh.
Ngan meureun bédana
batur mah ukur sakali-
kalieun tumpakna, sedeng-
keun manéhna mah unggal
poé.
Éta gé lain teu hayang
buar biur kawas batur
tumpak motor. Kungsi di-
ajar di lapang tukangeun
imahna. Tapi nya kitu ari
diajar geus kolot mah, ku-
rang kawani. Padahal
harita geus eungkeut-eu-
ngkeut kana bisa. Tai basa
rék, ngajaran ka jalan gedé
nabrak tukang baso, tang-
gunganana nepi ka bahé.
Atuh Juandi sanduk-san-
duk, jaba ngagantian
mangkok anu pareupeus.
Ti harita tara pirajeunan
deui tumpak motor.
“Juandi tumpak sepé-
dah baé, engké leumpang
égang geura,” Ceuk Uho
batur sakolana keur di
ésdé. Manéhna bangun rék
balik, nungtun motorna.
Juandi nyahoeun adat Uho
cawadan, matak ku manéh
na tara diwaro. Juandi
tonggoy wé nungtun sepé-
dah nepi ka lawang pager
imahna, Uho nu ngajan-
teng teu dilayanan.
Sepédah keur manéhna
lain ngan ukur kendaraan
paragi ka kantor, tapi aya
carita anu moal bisa
dipopohokeun. Teuing
taun sabaraha dibeulina,
da basa karék asup ka ésdé
ogé geus nyampak. Inget
basa bapana aya kénéh,
manéhna sok diajak nyiar
endog ka sakur nu baroga
meri. Juandi anjeucleu
diuk diboncéng mawa ci-
reung wadah endog. Mun
seug inget ka dinya haténa
sok ngarakacak. Atuda
udar-ider dagang téh nepi
ka kiwari terus dipaju hen-
teu lésotkeun. Pangna nepi
ka bisa digawé gé éta
cukang lantaranana.
“Bisi rék ngajual sepé-
dah aya nu butuheun,”
Ceuk Uho basa Juandi
keur ngukey nyetél pélek.
“Moal, lebar," témbal
Juandi bangun keuheul.
“Geus lain jamanna
tumpak sepédah mah.”
Uho ngécé.
“Kumaha urang, rék
jaman rék lain, nu penting
nepi ka tujuan tur sala-
met,” témbalna.
“Payu dua juta tah
Juandi mun dijual mah.
Ladangna paké uang mu-
ka, keur ngiridit motor.
Bisi butuh motor seken
aya, di babaturan kuring.
Ieu gé yeuh cacak urut,
hadé, pan,” cek Uho reueus
CCaritaPondok
Ajat Sudrajat
24. 23Manglé 2482
bari ngalak-ngilik motorna.
“Lain teu butuh ku ba-
rang Ho. Kuring mah tum-
pak sepédah gé cukup, ge
nah awak hararampang.”
“Keur nanahaon atuh
ladang usaha, ari teu di-
paké mah!” Ceuk Uho
nyetater motor, biur indit,
teu nolih ka nu keur ngo-
prék ngomékeun sepédah.
Saléosna Uho Nyi Ram-
sih pamajikanana norojol ti
dapur nu ti tadi ngagéroh
endog asin kulubeun.
“Naon deui Uho téh
Kang?”
“Nawaran, bisi rék
meuli motor.”
“Butuh ku paleuleuwih-
na meureun. Kawantu
legag-legig euweuh gawé
manéhna mah," cek Nyi
Ramsih bari nutupkeun
panto. Sanajan teu maliré,
tapi ari mindeng- mindeng
teuing mah, caritaan Uho
téh sok matak nyeri kana
haténa. Unggal poe Juandi
indit ti imahna matuh,
pukul tuuh. Kurang leuwih
sajam di jalan geud nepik.
Juandi tara kungsi kabeu-
rangan, malah manéhna
nu sok datang pangisukna.
Ku kitu téana mah tang-
gung jawab kana tugasna
salaku penjaga. Réngsé
bébérés di jero, laju sasapu
di buruan, kurad koréd
jukut nu jaradi dina sela-
sela paving blok. Pikeun
manéhna jadi pagawé
najan ukur pasapon ogé
ngarasa sukur. Balikna bisa
ngamangpaatkeun sésa
waktu nu aya. Lian ti da-
gang endog, neruskeun
tapak lacak kolotna. Usum
panén sepédah dipaké ngo-
jeg ségon.
Pa Kamli nu ngajeu-
jeuhkeun manéhna jadi pa-
gawé, apaleun kénéh keur
leutikna, sok ngingintil ka
bapana nganteuran endog
saminggu sakali ka bojona,
keur kuéh jualeun. Da
muka toko kuéh di imahna.
Mangpaat sepédah téh
karasa nepi ka boga angga-
pan éta barang aya baro-
kah pikeun kahirupan
manéhanana.
Jam dalapan karyawan
mimiti daratang, tempat
parkir mobil motor nga-
jalajar, di antarana jajaran
éta nyelepét sepédah ma-
néhna pangtungtungna di
juru. Ngahaja ambéh gam-
pang mun dununganana
nitah. Geus pada nyaho,
tara nitah maké motor
mun rék motocopy atawa
kaperluan nu séjénna, kari
clak. Jeung enyana, du-
nunganana nitah manéhna
motocopi.
Keur jongjon ngaboseh,
Uho ngelaksonan mani
tarik. Juandi reuwaseu.
Uho seuseurian jeung nga-
jorowok.
“Wilujeng égang engké
mun nepi ka imah.” Teuing
tas ti mana Uho téh da
mindeng papanggih jeung
Juandi di jalan.
Balikna ngahaja reu-
reuh. Narik napas ngum-
pulkeun tanaga, nyuplak
topi dipaké ngageberan
awak nu cipruk. Lebah
tonggong karasaeun ba-
juna rapet jeung kulit, jib-
reg lir nu dibanjur. Jol,
tukang coét leumpang ka
lebah dinya. Gék dina balé-
balé pos ronda gigireun
Juandi.
“Punten badé ngiring
reureuh.”
“Mangga," Juandi
ngiser méré tempat.
“Ujang téh ngahaja baé
sesepédahan?” cék tukang
coét.
“Sanés wangsul di
damel.”
“Euh... saé séhat naék
sepédah mah.”
“Tos pajeng sabaraha
hiji icalan téh Pa?” Ceuk
Juandi, manéhna malik
nanya.
“Nu mawi teu acan hiji-
hiji acan,” témbalna bari
nyusut késang dina tarang
ku tonggong leungeunna.
Manéhna ngahelas basa
tukang coét indit. Batur
mah geuning néangan keur
dahar téh leuwih ripuh ti
manéhna. Dagang coét,
can karuhan payu unggal
poé. Sedengkeun manéhna
leutik-leutik gé jadi paga-
wé, aya arep-arepeun ari
bulan ngora. Geus rada
seger, clak deui kana sepé-
dah Najan dipoyokan ku
Uho tara diasupkeun kana
haté. Ti bubudak lampah-
na goréng, kabawa tepi ka
kolot teu robah. Mun
saruana mah matak gur
ger paséa.
Kakara gé tepi ka
sakola, terus mikeun poto-
copian ka tatausaha, Pa
Kamli ngageroan, nitah
manéhna asup ka ruangan-
ana. Juandi reuwaseun, da
tara ti sasari. Biasana
lamun rék nitah sok lang-
sung pok, tara manggil ka
jero. Teu talangké ngiclik
tukangeunana bari ratug
inggis aya nanaon, sieun
salila ngalaksanakeun
tugas matak picarékeun
atasan. Komo ieu aya di
jero dititah diuk pahareup-
hareup. Juandi teu wasa-
eun cengkat bawaning ku
ajrih.
“Bapa leungiteun motor
Honda warna beureum,
"cek dununganana. Meg,
manéhna reuwaseun.
“Tong reuwas kajadi-
anana lain di dieu.”
“Nuju diparkir di mana
Pa?” Cek Juandi, ngem-
plong.
“Ku budak di tempat
kos babaturanana, jongjon
ngobrol, motor cul di bu-
ruan, ditéang geus eu-
weuh.”
“Tos sabaraha dinten
kajadianana?”
“Opat poé.”
“Geuning tos lami.”
“Enya, susuganan atuh
pareng manggihan.”
Ka luar ti ruangan Pa
Kamli, nyarandé kana tém-
bok, asa kungsi nénjo ngan
teu nélék plat nomorna,
warnana beureum ketang
bisa baé platna geus di-
ganti. Aya sotéh sangkaan
ka dinya ku asa babari
paribasa kapihapéan ku
babaturan.
Geus burit balikna téh,
da loba pisan bérésaneun.
Basa ngaliwat ka imah
Uho, mani ramé ku jalma
ngarogrog. Kadéngé anu
hohoak.
“Moal salah nu urang
gé ku manéh!”
“Heueuh ari sugan téh
enya jual-beuli motor
kéhéd!”
Juandi eueun, terus
nyarandekeun sepedahna
dina tangkal. Jelema téh
keur nunjuk rorék Uho.
Awakna bararéd tapak
nyiksa kawasna. Manéhna
nyempod di juru.
Buriak nu keur ngarog-
rog nyingray, basa datang
Pa RT. Juandi ngaléos.
Terus nungtun sepédahna
ka nu rada jauh ti dinya.
Katénjo Uho ditaekkeun
kana mobil tahanan.
Ngolébat seuri ngécé Uho.
Nongtoréng dina ceuli,
“wilujeng egang” cenah.
Mun kongang mah males
ngécé,
“Wilujeng tumpak
mobil tahanan”. Tapi
Juandi henteu tégaeun.
Kalah haténa ngarakacak.
Mobil tahanan beuki lila
beuki jauh. Perbawa bang-
reung, sepédahna diboséh
beuki tarik, padahal
imahna geus kaliwatan. ***
Panglawungan 13
25. P
anto cai nutup.
Nining murag-
keun buntelan
leutik kana kan-
tong kérésék di
gigireun bak nu teu
digantungkeun. Kantong
kérésék pulas hideung nu
biasa dipaké miceun runtah
sabangsaning bungkus
sabun mandi, sampo, odol
jeung sajabana, kaasup nu
bieu dipiceun ku Nining.
Paragi ari awéwé kadata-
ngan sémah matuh unggal
bulan. Sanggeus Nining
menerkeun kancing erokna
nu kekembangan bungur,
ceulina mireng sora ti ka-
mar cai sabeulah. Ngahihih,
semu ngirung, bangun sora
awéwé. Puringkak, Nining
muringkak pundukna.
Dibarung rasa panasa-
ran, Nining kaluar ti jero
cai, tuluy ngilikan cai
sabeulahna. Teu dikonci.
Pirajeuneun sirahna ngelol
ka jero, tétéla taya sasaha.
Rey, bulu pundukna mu-
ringkak deui. Na saha nu
seuri ngahihih tadi?
pikirna. Salah sahiji batur
sakontrakanna? Tapi asa
pamohalan lantaran burit
ieu, karék Nining sorangan
nu geus mulang ti tempat
pagawéanna.
Kabéh pangeusi imah
kontrakan nu sarua gawé di
pabrik biskuit, masih aran-
teng di tempat gawéna. Sa-
mentara Nining ti sajam
katukang ménta mulang ti-
heula lantaran beuteungna
karasa nyeri kabina-bina
ngarandapan kadatangan
bulan nu ayeuna.
Mojang nu umurna can
panceg dalapanbelas taun
téh leumpang gagancangan
muru kamar kontrakan nu
perenahna pangjuruna.
Sanggeus di jero kamar
ukuran dua kali tilu méter,
teuteupna museur kana cai
pulas konéng nu maseuhan
téhel, teu jauh tina jandéla
kaca. Nining dongko.
Pelengseng bau hanyir.
Nining ngingsrek. Panonna
ngilikan cai nu bau éta.
Naha cai tina sésa asakan
padang nu peuting kitu?
pikirna bari tarangna ke-
rung.
Tapi pamohalan, Nining
gideug. Manéhna teu poho,
peuting tadi meuli
deungeunna ti rumah
makan padang ‘Saléro
Basamo’ hareupeun pabrik
biskuit, salian ti sangu,
deungeunna goréng
parakedél, tongkol balado
jeung sambel héjo. Lain
hayam atawa tongkol sayur
nu kuahna konéng.
Bari masih panasaran,
Nining lalaunan ngelap
téhel. Di luar, panonpoé
geus sababaraha menit
katukang labuh ka beulah
kulon. Teu lila, ngong adan
magrib. Nining keukeudeu-
ngan dina kasur busa ipis,
teu ngalaksanakeun solat
lantaran apan keur hala-
ngan téa. Kapireng sora
batur sapagawéanna
saurang-saurang mimiti
daratang.
Tabuh tujuh Nining ngi-
num deui ubar. Ubar anti
nyeri mun keur datang pa-
nyakit datang bulan.
Beuteungna teu saba-
raha nyeri ayeuna mah, teu
cara waktu di pabrik.
Pepelengkinganpikahariwa
ngeun, tepika babaturan
ngajurungkeun sangkan
mulang tiheula. Sanggeus
ubar asup kana tikoro, di-
susul ku cihérang, Nining
muru deui kasur. Ngagolér.
Beuteungna can karasa
lapar kawantu waktu istira-
hat di pabrik murak sangu
pulen jeung asin japuh
bawa salah sahiji batur
sapagawéanna. Meni nga-
limed.
Tabuh salapan Nining
meureumkeun panonna.
Rohangan dipoékan saperti
sasari. Tara bisa saré
saupama lampu hurung
mah. Pitunduheun teu daék
ngagupayan, antukan Ni-
ning nyilek. Kontrakan nu
sakabéh pangeusina pa-
gawé pabrik, ngabogaan
limabelas kamar. Nu ngeusi
nyekel konci séwang-
séwangan lantaran kamar
langsung nyanghareup ka
buruan. Limabelas kamar
téh, dalapan kamar di
bagéan handap, nu tujuh
aya di luhur, di loténg. Cai
jeung dapur perenahna di
handap. Dipaké ku saréréa.
Peuting nu karasa simpé.
Tara-tara ti sasari. Teuing
pédah peuting Jumaah
atawa horéameun ka luar
kamar. Sasarina pangeusi
kontrakan ari liwat magrib
sok araya ogé nu di laluar
kamar, ngararasakeun
hiliwirna angin bari garo-
gonjakan. Kaln-kalan tabuh
sapuluh kakara ngarampih
ka kamar.
Pikiran Nining jadi rus-
ras. Teu puguh rarasaan.
Samentara pitunduheun
mingkin ngajauhan. Beu-
teung Nining geus teu
karasa nyeri deui. Nining
beunta di kamar nu mong-
kléng. Panonna ngarérét
meueusan kana lebah
panto kamar. Manéhna
ngarénjag duméh nempo
lawon bodas nu panjang,
bangun ngagantung dina
kapstok nu ngahaja dipa-
sangkeun dina panto.
Panon Nining beuki nga-
waskeun lawon nu ririaban
bangun nu katebak angin
padahal taya angin nu nyu-
lusup tina sela-sela jandéla.
Pikirna, meureun mukena,
tapi teu lila karék inget yén
mukenana teu dipaké salila
opat poé alatan keur hala-
ngan teu ngalaksanakeun
solat. Salian ti éta, manéh-
na langka ngagantungkeun
mukena dina kapstok, sok
ditilepan waé, dibuntel ku
sajadah, diteundeun dina
luhur lomari.
Nining guligah. Bet asa
aya nu nyerangkeun.
Awakna dakdumadak nge-
leper. Késang tiis mimiti
maseuhan sakujur awakna
nu teu disimbut. Sukuna
satekah polah kekejet, ma-
luruh naon waé dina tun-
jangeunna, simbut, sam
ping atawa naon waé nu
bisa kacapit ku indung suku
jeung curukna, sangkan
Manglé 248224
PPuridingPuringkak
Pocong
Ku Komala Sutha
26. 25Manglé 2482
bisa dipaké nuruban
awakna. Tapi taya nu
katarik. Awakna hayang
cengkat, tapi teu mampuh.
Kawas aya nu matri kana
kasur. Teuteupanna museur
kénéh, teu daék leupas tina
lawon bodas nu ririaban
bari kalan-kalan cicing.
Awak Nining beuki nga-
darégdég. Ras inget kana
sora nu ngahihih semu
ngirung di cai tadi. Ti
kamar cai gigireun nu hiji
deui. Nu waktu dilongok
tétéla taya nanaon.
Biwir Nining runya
renyu nahan piceurikeun.
Manéhna kakara peuting
éta ngarandapan rasa sieun
nu hésé dieureunkeun. Taya
sora nu bisa kedal tina
biwirna. Létahna dak-
dumadak hésé oyag. Dua
leungeunna tipepereket
nangkeup harigu bari
ngadarégdég. Di luar,
simpé. Beuki karasa simpé.
Jarum jam nu disada tina
témbok, majuna kapireng
halon pisan.
Nu karasa ku Nining,
peuting nu jempling gé ma-
juna halon. Nining hayang
geura-geura subuh. Hayang
geura babaturanna haru-
dang, hayangdisampeur-
keun ku babaturanna.
Hayang dipangmukakeun
panto sangkan lawon bodas
nu semu-semu hideung
ririaban téh leungit. Tapi
kahayangna semet ka-
hayang. Kamar lir panjara.
Nining teu bisa cengkat,
Nining teu bisa ngejat.Teu-
ing kakuatan timana, awak
Nining eureun ngeleperna.
Sukuna teu kekejetan deui.
Tapi sora mah masih
nyelek, masih hésé éngab.
Nining muji sukur. Jarum
jam nu teu bisa katénjo ku
Nining, nuduhkeun tabuh
duabelas leuwih dua puluh
menit. Mun jurig mah, keur
meumeujeuhna ngider. Ni-
ning masih ngajepat dina
luhur kasur. Panonna
ngarérét kana panto. Lawon
bodas masih ngagapuy,
ngan ayeuna mah teu riria-
ban. Rasa sieun nyinglar
meueusan. Nining satekah
polah nguat-nguatkeun
manéh, tuluy nginget-ngi-
nget caritaan kolotna di
lembur mun kaparengan
manéhna mulang ari tas
gajihan, ahir bulan.
“Ulah sok borangan,
Ning…” ceuk emana waktu
Nining nyaritakeun batur
sakontrakanna nu kungsi
didatangan ku jurig ma-
rakayangan di salah sahiji
kamar kontrakan. “Moal aya
nu paéh dilegleg ku jurig.
Jadi… ulah ngarasa sieun,
nu puguh mah.. jurig nu
kudu sieuenun ku urang.”
“Ah, si Ema mah!” Ni-
ning rada ngahéhéh. “Jadi
kudu kumaha mun Nining
tepung jeung jurig?”
“Hidep téh pan boga
kayakinan. Jurig sieun ku
kalimah Allah. Maca ayat
kursi sing remen, Insya
Allah… moal aya nanaon.”
Tapi caritaan emana teu
diregepkeun harita téh.
Sakapeung Nining teu
ngalaksanakeun paréntah
Allah. Sok pirajeuneun
ninggalkeun solat nu lima
waktu. Alesan capé, poho,
teu kaburu, kasaréan jeung
sajabana. Malah Nining
kacida poho kana peupeu-
jeuh emana ngeunaan
panyakit matuh bulanan nu
karandapan ukur ku awéwé.
“Kadé Ning… saupama
hidep keur kotoran, ulah
miceun getih dimana waé
nya, atawa neundeun lawon
nu kagetihan dimana waé!”
Gebeg, Nining nga-
gebeg. Reuwas lain dikieu-
na. Inget caritaan
indungna, inget ogé tadi
burit miceun kokotor di cai
bari teu diberesihan heula.
Rey, bulu punduk muring-
kak. Tapi demi nyingkah-
keun kasieun, Nining
ngumpulkeun kakuatan.
Biwirna nu can mampuh
ngedalkeun sora, renya-
renyu. Pelengseng bau nu
hanyir, bau nu sarua saperti
bau cai konéng nu tadi burit
maseuhan téhel. Teu sadar,
awakna cengkat. Jung,
nangtung tuluy nyam-
peurkeun lawon bodas nu
ngagebay dina panto. Najan
caang reyem-reyem,
téténjoanan asa sidik.
Barang gok kana
hareupeun lawon bodas,
teuteup Nining paamprok
jeung nu nangtung. Najan
poék, tapi atra kana panon
Nining. Nu nangtung pulas
bodas téh lain lawon
wungkul, tapi lawon nu
mungkus mahluk pikasieu-
neun. Dina luhur sirahna
dibeungkeut ku lawon pan-
jang nu sarua pulas bodas.
Lawon bodas kuleuheu nu
pinuh ku taneuh kuburan-
téh, beungeutna ruksak pik-
agilaeun. Panonna nu
bolong, mencrong. Les
Nining teu inget deui
nanaon.***
Cililin, 12 Méi 2014
Komala Sutha lahir di
Bandung, nyerat dina basa
Sunda sareng Indonésia.
Seratanna dimuat dina
Manglé, Sunda Midang, Beat,
Galura, Radar Tasikmalaya,
Kabar Priangan sareng
média sanésna
27. CCarita Heubeul
éh-aéh, geuning
kasauran téh
bet kawas lain
kasauran
pangkat luhur, ménak tutu-
runan agung, senapati tedak
Mataram nu kahot, tamtama
wijig pinilih,” Dipati Ukur
nyaurna kitu téh jiga anu séép
kasabaran. Ari kitu téa mah,
piraku anjeunna rék asor baé,
kapan cék babasan ogé, najan
sireum ari ditincak-tincak teu-
ing mah sok ngégél. Naha cék
galih ajengan, kaula téh bakal
ngabetem baé, badé sagala
sumuhun dawuh, sanajan di-
hina-hina dikaniaya? Rumaos
menggah harkat martabat,
umur, turunan, kaménakan
mah, kaula téh aya di sahan-
dapeun anjeun, nanging ari
rasa ajen diri pribadi mah
gaduh kénéh. Tinangtos kula
ogé moal cicingeun, tanwandé
ngabéla kahormatan diri
pribadi. Naha dikinten ku
ajengan, sadkula henteu
terang kana sagala rasiah,
rékadaya anjeun, anu maksad-
na badé ngagunasika diri
kaula. Naha ajengan parantos
lali ka Tamtama Jayengrono
sareng Ngabehi Selorejo, anu
ku ajengan parantos di-
piwarang midamel huru-
hara?”
Ronggonoto ningali Dipati
Ukur jiga anu nyeuneu, kacida
reuwasna, maké rarat-rérét ka
lawang sagala, kawas nu nga-
rep-ngarep bantuan. Katingali
ku Dipati Ukur, nyéh anjeun-
na imut deui, bari rikat la-
wangna ditutup, malah
dikuncikeun pisan.
Adipati Ronggonoto
ngarénjag, da raraosanana
mah geus asa gabrug baé
dirontok. Karérét di juru aya
anu ngarawaskeun, garwana
katut Nyi Emban! Katingalina
téh jiga anu ngajarébian,
migeuykeun polah anjeunna.
Puguh gé ari kalingsem mah
aya, pok anjeunna nyaur, ngan
ayeuna mah bari pohara
leuleuyna:
“Rai Dipati Wangsataruna,
sumangga lajengkeun ka-
sauran anu tadi ti payun,
kumaha téa kapalay téh?
Sareng naha henteu langkung
saé, saupami itu Nyai Werda-
ningsih sareng embanna di-
piwarang kalaluar heula, supa-
dos urang tiasa ayem tengtrem
énggoning ngayakeun
babadantenan.”
“Henteu kedah, malah
langkung saé saupami Ben-
dara Ajeng Werdaningsih
ngadangukeun. Mangga ayeu-
na urang teraskeun!” Dipati
Ukur ngahuleng sakedap, ngé-
mut-ngemut kuma piteraseu-
nana, ku sabab bieu enggeus
kabéngbat, nyimpang tina
jejerna carios. Barang geus
kaémut pok deui nyaur:
“Saupami ajengan kersa
nyidem ieu perkawis, sareng
ka Bendara Putri moal kalala-
jengan bendu, énjing-enjing
pisan sad¬kula badé marek ka
Kangjeng Sultan, sumeja pa-
mit wangsul ka Tatar Sunda,
ngantunkeun nagara Mata-
ram, jalaran di ditu sadkula
kedah ngajalankeun kawaji-
ban, nyatana ngabéla lemah
cai, patali sareng gangguan-
gangguan bangsa Walanda,
anu marangkuk di tatar
kulon.”
“Leres, leres,” saur Rong-
gonoto bari unggeuk-
unggeukan, budi marahmay,
bawaning ngaraos bungah, ku
lantaran Dipati Ukur rék
ngantunkeun Mataram,
nyasatna leungit karisi, manah
baris ngaguligah. Pok ngalahir
deui:
“Euh ari maksad Rai Di-
pati kitu mah, kantenan
kakang ngiringan pisan. Cék
wiwilanganana, sanajan in-
dung suku pisan, hamo arék
diwartosan Ananging, kumaha
saupami éta panuhun kangrai,
ku Kangjeng Sultan diwagel?”
“Ulah badé alit manah,
widi teu widina éta mah
tanggelan sadkula. Mung
hamo lepat deui, enjing sad-
kula tinangtos ngantunkeun
Mataram, malah badé ririnci-
pan pisan. Atuh saupami hen-
teu aya deui anu badé dida
wuhkeun, sadkula sumeja
pamit mungkur.”
Kalawan henteu ngantun-
keun heula widi ti Senapati
Ronggonoto, Dipati Ukur
ngélemet ka luar ngantunkeun
kadipatén.
Dina manahna keukeuh
Manglé 248226
{ 1616 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
”A
28. gegetun, ngémutan talajakna
Ronggonoto anu sakitu
goréngna, hasud kaniaya ka
jelema anu teu tuah teu dosa,
Lamun nurutkeun pangajak
napsu mah kawas- na téh
hayang ngekesek. Ngan
bubuhan anjeunna sinatria
luhung budi, najan yuswa han-
dap kénéh teu weléh gedé
jeujeuhan, landung kandu-
ngan laér aisan.
Barang lebet ka pakara-
ngan katingali ku anjeunna di
payuneun bumina aya jalma,
gawéna jalang-jeleng tempa-
tempo ka jero bumi. Adeg
pangadegna jangkung gedé,
bosongot budi amprotan, éstu
matak pikagilaeun anu jejerih.
Barang ku anjeunna diawas-
awas tetela Ki Bronto, kapete-
ngan Adipati Ronggonoto, anu
tadi dipiwarang nyangkalak
anjeunna. Sanggeus gilig man-
ahna, tuluy ku anjeunna
disampeurkeun, bari pok
nyaur, kawas nu ngabetah-
keun:
“Mas Bronto!” Ki Bronto
ngadéngé aya nu nyebut
ngaranna ngarénjag, gancang
malik kék kana gobangna, pok
ngomong, nyentak:
“Sa ... saha ma ... manéh,
kumawani calutak geus nyebut
ngaran!” kawasna baé manéh-
na tacan sidik kana pa-
meunteuna Dipati Ukur, da
puguh di nu poék. Rintih Di-
pati Ukur ngandika:
“Aé apan kula Senapati
Wangsataruna, anu ku anjeu-
na kudu dicangkalak téa,
sakumaha piwarangan Kiai
Adipati Ronggonoto.”
Barang Ki Bronto
ngadéngé kasauran Dipati
Ukur anu sakitu leuleuyna,
haténa téh ngadak-ngadak
murengked, leungit wawanén-
na kaganti ku isin ajrih.
Kawasna baé pangna kitu téh
ku perbawana kakuatan batin,
anu ngancik dina salira Dipati
Ukur. Pok Ki Bronto ngomong
deui, bari arapap-eureupeup
kawas nu kasima:
“Le... leres sa... salahir A...
ajengan. Nanging sadkula
hélok geuning éta Ajengan bet
parantos
uninga.”
“Hih apan kaula bieu pisan
tas dumeuheus ka Kadipatén
sarta geus mireng sakumaha
anu didawuhkeun ku Kiai Adi-
pati ka sampéan.
Tapi sanggeusna ngada-
ngu piunjuk kula anu patali
jeung kajadian peuting ieu,
wekasan ngadawuhkeun jeung
miwarang ka kula supaya Mas
Bronto katut babaturan maru-
lang baé ka saimah-imahna.”
Mas Bronto ngahuleng
sajongjongan; dina haténa
mandog-mayong aya percaya
aya henteu. Kaayaan haténa
kitu ku Dipati llkur kajudi.
Enggal anjeunna ngalahir
deui:
“Bisi anjeun henteu per-
caya, hayu ayeuna urang
bareng ngadeuheusan ka
Kadipatén, atawa lamun
masih genah panasaran,
keukeuh hayang nyangkalak
kula, hayu urang ngadu jajatén
heula.”
Dasar jelema leutik burih,
ngadéngé panangtang anu
sakitu lemah-lembutna téh,
jigana téh kokompodan, pok
ngawalon:
“Henteu pisan-pisan abdi
dalem badé lukak japakan, ku-
mawantun ka salira Ajengan.
Henteu ruhun pangersa
Dampaldalem, sadkula sumeja
mungkur ti payuneun
Dampaldalem, nun.”
Sawangsulna Ki Bronto
katut babaturanana. Dipati
Ukur tuluy lumebet ka bumi.
Anjeunna henteu terus ka
pajuaran gék calik heula dina
korsi, ngamanah-manah
lalakon anu baris dipayunan.
Kacaritakeun isukna
rebun-rebun kénéh anjeun-
na geus saged kersana rék
dumeuheus ka karaton,
Sasumpingna ka latar
pamengkang tuluy miwa-
rang ka nu jaga, supaya
diunjukkeun ka Kangjeng
Sultan. Henteu kungsi lila
ngantosanana, anjeunna di-
saur ka Srimanganti. Kang-
jeng Sultan kasampak geus
lenggah di balé kancana.
Barang rét katingali, gan-
cang Dipati Ukur digupay,
dipiwarang calik caket
payuneun anjeunna. Lajeng
rintih mariksa.
(lajengkeuneun)
27Manglé 2482
29. Manglé 248228
Bagian
213
CCarita Nyambung
Peuting ka-266
M
eu-
nang
pan-
cén ti
holi-
pah,
Walikota Khalid
ngumpulkeun balad-balad-
na. Kaasup Ahmad Kama-
kim nu dibawa ngemban
tugas téh. Tujuanana, nga-
garadah sakumna imah,
kalayan teu pilih bulu.
Walikota gé ngagaradah
imah Jafar, menteri kadeu-
heus holipah. Sanggeus
kitu, diteruskeun ka imah-
imah séjénna, kaasup pa-
parikasa di imah para
pajabat.
Anjog ka imah Pang-
lima Aladin, rombongan nu
papariksa téh ngajaranteng
heula. Méméh salasaurang
ngetrok panto ménta idin
ka pribumi, Aladin kaluar ti
imah.
“Aya naon?” ceuk Ala-
din, sorana bedas.
“Jisim abdi ngemban
paréntah holipah,” ceuk
walikota.
Derekdek nyaritakeun
maksudna. Dirina sabatur-
batur narima paréntah
holipah nu kaleungitan
papakéan kaagungan jeung
barang-barang sejenna.
Cindekna, cenah, datangna
ka dinya téh rék ngagada-
rah imah panglima.
“Prak wé tong sungkan-
sungkan,” ceuk pribumi.
Patugas nu kapancénan
ngagaradah blas-blus ka
éta imah. Tangtu wé keur
Ahmad Kamakim mah
ukur pura-pura heula mun
manéhna teu gampang
manggihan nu ditéangan-
ana téh. Da puguh geus di-
rarancang ti méméhna,
moal langsung ka tempat
nu dituju.
Sanggeus sababaraha
jongjongan taya hasil,
kakara Kamakim
leuleumpangan di tempat
paneundeunan papakéan
holipah nu ditundeun ku
manéhna. Inyana ngetruk-
ngentruk ubin ku dampal
sukuna. Saterusna, mék-
prék éta ubin ku linggisna.
Bros wéh tobros.
Nu séjén geuwat nya-
lampeurkeun. Tétéla, pa-
pakéan holipah nu leungit
téh aya di dinya. Atuh, Ala-
din téh ukur gogodeg, teu
ngarti kana eta kajadian.
Ngan, saterusna mah teu
bisa majar kumaha, ka-
paksa unggah baléwatang-
an. Eta panglima téh
dibabandan dibawa ka
panjara sabudeureun ista-
na.
Nu ditangkep téh lain
ukur Aladin, tapi deuih
Yasmin nu harita keur
kakandungan. Ieu garwa
panglima gé teu bisa
kukumaha. Kapksan nurut
kana kahayang pihak ka-
amanan nagara. Yasmin
langsung diboyong
dipasrahkeun ka anak wali-
kota. Ngan, sanggeus
aduhareupan jeung
Habaslam, anak walikota
nu kapincut ku Yasmin tea,
garwa Aladin nolak sapa-
jodongan. Kituna téh bari
nembongkeun karep rék
nawek diri ku balati, kajeun
maéhan manéh.
Bagdad guyur, Aladin
rék ditibanan hukuman.
Nya tangtu wé, aya nu per-
caya jeung henteu. Di an-
tara nu cangcaya kana
kalakuan Aladin téh
Ahmad Danaf bawahan
Aladin. Inyana teu percaya
sacongo buuk mun
pamingpinna kitu peta. Ku
lantaran kitu, éta bahawan
nu ogé sobat Aladin nea-
ngan tarékah geusan nyala-
metkeun dununganana.
Carana ngirim utusan
néangan sakitan nu rék di-
hukum pati nu rurupa-
anana sarimbag jeung
Aladin. Pakarepan kitu
dirojong ku sababaraha
urang baturna nu sapa-
madegan. Ahirna, Ahmad
Danaf kalayan dibantuan
30. 29Manglé 2482
ku pagawé panjara
jeung patugas nu biasa
nibankeun hukuman,
bisa mawa sakitan nu
bengeutna sarimbag
jeung Aladin. Atuh, nu
ditibanan hukuman
téh, lain Aladin, tapi
sakitan séjén nu mé-
mang merenah narima
hukuman kawas kitu.
Peuting ka-267
Saterusna Ahmad
Danaf ngayakeun gem-
pungan husus. Nu
hadir di dinya téh
sakur bala-balad nu
bisa dipercaya.
Makusdna, taya lian ti
rék ngaloloskeun
Panglima Aladin ti
Bangdad. Pakarepan
kitu bisa dilaksana-
keun kalayan lungsur-
langsar lantaran
Ahmad Danaf gedé
pangaruhna di
lingkungan prajurit
Bagdad mah.
Aladin nganuhun-
keun ka Ahmad Danaf.
Sabalikna, éta bawa-
han mah, ngarasa me-
unang kahormatan nu
kacida gedéna bisa nulu-
ngan dunungan téh. Ti
dinya, kalayan rerecepan
Aladin miang ka tempat
séjén ngajauhan puseur
kota. Tujuanana meuntas
ka Aleksandria.
Sangeus balayar méa-
keun sababaraha poé, Ala-
din jeung Ahmad Danaf
anjog ka palbuhan. Ti dinya
nu duaan téh muru pasar.
Maksudna gé rék reureuh
bari mikir-mikir pikarep-
eun. Di pangreureuhan Al-
adin mikir. Jorojoy aya
haté, kajeun rék matuh di
éta tempat. Nu kapikir
saterusna, hayang dagang,
nyewa atawa meuli toko.
Da, usaha kawas kitu nu
inyana bisa jeung paham
mah. Sanggeus tetelepék ka
urang dinya, nanyakeun
toko nu bisa diséwa atawa
dibeuli, ahirna mah mang-
gih beulieun. Haregana ku-
rang ti sarébu dinar. Eta
wawangunan téh dua
tingkat, geus lila naker teu
kaurus.Aladin bébérés.
Waktu ningalian lanté han-
dap, kacida ngagebegna
lantaran geuning di éta
tempat téh loba barang nu
kacida gedé haregana. Mun
ditung-itung, meuli éta
wawangunan sarebu dinar
mah, bakal kacida gedé
untungna.
Ku lantaran Aladin téh
biasa dagang, teu tumamu
ayana di dinya téh. Dina
poé munggaran, inyana
kalayan dibaturan ku
Ahmad Danaf mérésan
tokona. Keur beberes
bagian nu beurat mah gam-
pang, kari ngulikeun. Ku
cara kitu, isukna gé, éta
toko téh geus bisa dibuka.
Heuleut sawatara poé,
Ahmad Danaf pamitan.
Jangji wéh, bakal datang
deui ka éta tempat. Aladin,
ngidinan, sarta saterusna
ieu salaki Yasmin téh ngu-
rus éta tokona.
Ahamd Danaf mulang
deui ka Bagdad. Lain ukur
mulang, tapi ngemu ka-
panasaran. Ceuk pikirna,
Aladin teu salah, da mé-
mang kitu kanyataanana.
Dununganana téh di-
pitenah ku nu julig nu
hayang nyingkirkeun Al-
adin tina kalungguhan-
ana.
Mikir ka dinya,
Amhad Danaf gé jadi
panasaran. Haténa gilig
hayang ngabongkar éta
rusiah nepi ka Aladin
bisa balik deui ka Bag-
gad.
Peuting-268
Kacatur di Badgad,
Jafar kacida kagetna
waktu ngadéngé Aladin
ditibanan hukum pati.
Gancang éta mentri téh
ngadeuheus ka holipah.
Mémang, teu apaleun ti
mimiti Jafar mah, da
waktu kajadian téh keur
ngemban tugas di tem-
pat séjén.
“Naha leres Aladin
téh ditibanan huku-
man?” ceuk Jafar.
“Bener!” walon holi-
pah. Derekdek holipah
medar lalakon nu tumi-
ba ka dirina. Atuh, Jafar
gé kaida kagétna, sarta
gegedéna mah teu per-
caya. Ngan, teu bisa
majar kumaha, da geus
kitu kajadianana. Ceuk
pikirna, tiitis-tulis bagja
diri anging putusan Pange-
ran Nu Murbeng Alam.
“Enya, tapi kula gé can
ningali jasadna!” ceuk holi-
pah.
“Upama gamparan ho-
yong terang, mangga wé da
masih kénéh ngantung
dina tihang.” Ceuk panga-
wal. Holipah kaluar ti is-
tana. Bréh layon ngagu
lantung dina tihang pang-
gantungan. Ngan, barang
disidk-sidik, kawas lain
Aladin. Jafar ngayakinkeun
yén bisa waé geus jadi
mayit mah robah rupana.
Tapi, holipah mah apal
kana ciri-cirina. Dirina
yakin yén éta mah lain Ala-
din. *** (Hanca)
31. Manglé 2482
S
abantaundinaminggukadua
bulan Mei guyub direuah-
reuah di sababaraha nagara
minangka “poé migrasi ma-
nuk sadunya” anu katelahna
disebut “Hari Migrasi Burung Sedunia
(World Migratory Bird Day)”. Dina taun
ieu tema pikeunngareuh-ngareuh acara
poé migrasi manuk sadunya nyaéta
“Tempat Tujuan Liliwatan Jenis-Jenis
Manuk Migrasi jeung Kagiatan Wisata
(Destination flyways: Migratory Birds
and Tourism)”.
Sajatina perkaraseluk beluk migrasi
manuk ninggalkeun kapanasaran jalma
réa ti baheula kénéh, hususna pikeun
para panalungtik jeung nu beuki (hobi)
niténan manuk di alam (birdwatching).
Kusabab kitu henteu matak héran, loba
buku anu ngaguarperkaraseluk beluk
migrasi manuk nu ditulis ku para pa-
nalungtik manuk atawa para penghobi
dina nitenan kahirupan manuk di alam-
bebas. Tapi sanajan kitu, loba kénéh
jalmaréahususnadiIndonésiaanuacan
loma kana istilah atawa harti migrasi
manuk jeung wanoh kana rupa-rupa
manuk migrasi.
Baheula waktu di Taman Ganeca
ITB bisa dititenan loba manuk kowak
malam (Nycticorax Nycticorax) anu
biasa kapanggihdina waktu beurang
jeung nyarayang dina tatangkakalan
mahoni. Tapi, soré-soré haliber ka luar
ti Taman Ganeca néangan kadaharan di
sawah-sawah di pasisian Bandung. Poé
isukna, isuk-isuk kénéh maranéhna
baralik deui ka tempat asalna areunteup
dina tatangkalan mahoni Taman
Ganeca ITB. Éta manuk galibna ku
warga Bandung disarebut “jenis manuk
migrasi”.
Kitu deui rombongan rupa-rupa
manuk anu saban poé daratangka Pulau
Dua,Teluk Banten.Areunteup jeung
nyarayangdinatangkal-tangkalbakaudi
PulauDua,guyubkujalmaréadisarebut
manuk migrasi. Tapi, sabenerna rupa-
rupa manuk éta téh lain manuk migrasi.
Naon sababna? Hal ieu lantaran manuk
anu diécéskeun tadi guyubna nyarayang
jeung ngarendog di Taman Ganeca
atawa di Pulau Dua. Padahal anu di-
sebut manuk migrasi mah, biasana hen-
teu nyarayang jeung ngarendogna di
Indonésia.
Manuk migrasi mah nyarayang
jeung ngarendok di tempat asalna di
musim panas di wewengkon nagara
lian.Tapi, kusabab di tempat asalna aya
parobahan musim, nyaéta datangna
usum winter, hawa kacida tirisna, tem-
peratur udara bisa kurang ti 50 derajat
Celcius. Salian ti éta, sagala pakan
manuk di alam, saperti hileud, sireum,
jeung sajabana jadi langka. Balukarna,
jenis-jenis manuk migrasi pindah tem-
pat nyingkahan hawa tiis jeung langka
kadaharan, ngumbara ka wewengkon
nagara séjén.
Rupa-rupa manuk migrasi biasana
ngumbara jauh pisan, bisapindah tem-
pat rébuan kilométer ti tempat aslina.
SabarahatempatdiIndonésia,sapertidi
Pulo Jawa, Sumatera, jeung Kalimantan
enggeus kakoncara ti baheula kénéh jadi
tempat nganjor atawa pangumbaraan
sagala rupa manuk migrasi ti weweng-
kon dunya pakaleran (northern hemi-
sphere), saperti ti Siberia, Mongolia,
Cina, jeung sajabana.
Rupa-rupa manuk migrasi ayana di
wewengkonIndonésiangansaukurdina
usum hujan atawa usumwinter wung-
kul. Tapi, lamun di tempat asalna di
wewengkon northern hemisphere eng-
geus réngsé usum winterna, rupa-rupa
manuk migrasi biasana baralik deui ka
tempat asalna. Jadi, anu disebut rupa-
rupa manuk migrasimah henteu kungsi
nyarayang jeung ngarendog di pangum-
baranana di Indonésia. Manuk anu nya-
Bandung Jadi Pangumbaraan
30
PPanineungan
Manuk Migrasi
Ku Johan Iskandar
Dosen jeung panalungtik
lingkungan di Unpad