SlideShare una empresa de Scribd logo
1 de 57
M
un téa mah aya nu pok yén anugerah budaya téh
rutinunggaltaun,sanésmaksadnasindirsampirka
nu kagungan damel. Teu pisan-pisan rék nyebat-
keun yén masrahkeun anugerah budaya ka nu dianggap gedé
jasa jeung rancagé téh ngan saukur pagawéan rutin anu geus
jadi program pamaréntah ti tingkat kabupatén / kota,
propinsi jeung di tingkat nasional. Biasana ieu program téh
sokdilaksanakeundinararagamiélingHariKemerdekaanRI,
sabudeureun tanggal 17 Agustus dina saban taun.
Sangkan ieu kagiatan henteu dituding ngan ukur pa-
gawéan rutin, panitia pasti tos ngémutan sangkan ieu prog-
ram téh ngeusi. Ngeusi téh dina harti teu sagawayah, teu
sakadar aya, teu ka saha waé gubragna. Panitia anu katitipan
ieu program pasti tos nangtukeun kriteria pikeun netepkeun
saha-sahana nu kasinugrahan anugerah budaya dina sa-
taun-sataunna.
Dugi ka taun 2013, ieu kagiatan téh langgeng dilaksana-
keun. Malah kasebat hiji program anu ngamotipasi para-
aktifis budaya pikeun terus ngeletek makarya dina widangna
masing-masing. Dugi ka ayeuna katingal ieu anugerah téh
tos kaétang walatra sareng merenah. Walatra hartina ka-
papay dina masing-masing widang. Merenah dina harti
jalmi anu kasinugerahan téh mémang geus katingtal tapak
lacakna dina ngahirup huripkeun budaya ku balaréa sarta
kabandungan ngeletek makaryana téh éstu jorojoy tina
karepna jeung kanyaahna pribadi kana budaya, henteu
sakadar-kadar ngintip-ngintip anugerah budaya.
Ku kituna, Manglé ngiring ngabagéakeun kana pamasra-
han Anugerah Budaya tingkat Kota Bandung anu lumang-
sung dinten Rebo, 28 Agustus 2013 nu tempatna di
Pendopo Kota Bandung. Wilujeng ka nu ngokolakeunana.
Apan nyaluyukeun kriteria kana jasa jeung karya budaya téh
sanés padamelan énténg. Perlu waktu keur nyacahkeun
jeung prosés milihna, perlu ngadurényomkeun kajian
akadémisna sangkan putusan téh teu jadi bahan carita nu
nganaha-naha. Ka nu kasinugrahanana, mugi baé ieu
Anugerah Budaya téh henteu jadi pameungpeuk karep keur
nanjeurkeun kareueus kana budaya Sunda hususna, budaya
Nusantara umumna, malah jadi pamecut sangkat bisa
ngarundaykeun jeung népakeun kanyaah budaya ka gene-
rasi sapandeurieunana. Bagéa Anugerah Budaya, Wilujeng
nu kasinugrahan! ***
Anugerah Budaya Kota Bandung
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
PURIDING PURINGKAK
Ngusir Jurig
H.Usep Romli HM .......................... 24
UNAK-ANIK
Shilah Suci Anugrah
Ustadah Lampar, Santri Masagi
......................................................... 44
BAHASAN
Generasi Islami Jawa Barat
Perlu Pembinaan nu Natrat
......................................................... 46
CARITA PONDOK
Agus Tubagus Ramdani
Hana Rohana Suwanda ...................... 8
Baju Hideung
Aulia ................................................ 20
Lébaran Taun Kamari
Dedi Asmarahadi .............................. 22
Cinta
Yus R. Ismail ....................................... 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 32
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (171)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (10)
M.A. Salmun
............................................................. 12
­Sekar­Manglé
Fitri Gautama
5
LAPORAN
Anugerah Budaya Kota Bandung 2013
Panyungkal Kreativitas Seni
Potret:Reisyan
Baju hideung polos nyempod di juru lo-
mari. Datang deui baju anyar nu digan-
tungkeun gigireunana. Marun nu maké
capouchine, modél nu keur trénd. Baju
konéng nu keur anteng cacarita jempé
saharita, kasima ku Marun nu bau toko
kénéh. Marun rarat-reret ka...
20
Baju Hideung
Panata Rias & Raksukan :
Tien Maman Wijaya,
LKP. Gilang Kancana
Jl. Pasir Layung Selatan I No. 10
Padasuka Bandung
Telp. 022-7200578
Hp. 08156212981
Kuli Kiwari
U
mangkeuhna mah ékonomi
téh stabil cenah. Kitu deui
pertumbuhanana. Tapi
waktu dolar jadi nitih Rp
11.000,00, malah leuwih, kalah
silih rérét. Aya éta gé nu ngaranna
pakét ékonomi, tapi ngan semet
béréndélanana wungkul. Ku pasar
mah teu diwaro. Mangkaning nu
ngaranna pasar di urang, geus di-
jadikeun mahadéwana sagala rupa.
Bener ceuk George Soros, lamun
hayang bisa nangtukeun pulitik,
jalanna kudu asup ka pasar. Lain ka
parlemén atawa ka kabinét.
Karasa benerna ku Soros mah
pentingna pasar téh. Lantaran
pikeun manéhna mah ngutak-
ngatik pasar téh lain ngan sakadar
angka jeung grafik tapi aya falasi-
fahna. Ari anu dipigusti ku urang
teu kurang teu leuwih ngan semet
angka jeung grafik. Kitu gé balélol
kénéh.
Satemenna nu ngaranna pasar
téh teu bisa diandelkeun. Komo
lamun dianggap jadi hiji-hijina
bebeneran. Jawarana para kapi-
talis, Amérika Serikat, geus
sababaraha kali ngalaman
kumaha palsuna nu ngaranna
pasar. Kitu deui nu ngaranna
modal.
Sawatara taun ka tukang
Lehmans Brothers ambruk. Taun
ieu giliran Merryl Linch. Duanana
gé lain usaha kelas teri. Dibanding-
keun jeung nu araya di urang,
usaha naon baé, nu aya di urang téh
ukur tai kukuna. Boh Lehmans boh
Merryl sababaraha kali pada muji.
Perusahaan anu hébat. Loba anu
boga cita-cita hayang digawé di
dinya. Lantaran salian ti gajihna
luar biasa gedé téh, géngsina gé
moal aya anu nandingan.
Na ku naon ahirna nepi ka
bangkrut?
Ceuk Soros, euweuh anu bisa
dicekel dina urusan pasar modal
mah. Mun ancrub ka dinya lir
ibarat anu judi, untung-untungan.
Dina keur untung bisa ngajaul,
meunang untung jeung pada muji.
Tapi sakalina datang tsunami, eu-
weuh anu kapuluk.
Ékonomi anu kapitalistik mah
mémang kitu perbawana. Sabener-
na, nu jadi sababna ngan sarupa,
lantaran nu diudagna ngan semet
hayang meunang untung. Gajih
gedé, bonus gedé, géngsina luhur.
Naon deui? Naha aya anu disebut
adil?
Di urang gé ékonomi anu kapi-
talistik kitu téh lain anyar-anyar.
Waktu para kapitalis Walanda
muka perkebunan di urang, kaasup
di Priangan, anu dibawana téh
ngan éta hiji-hijina. Maranéhna
mawa mesin jeung kaahlian, ari
lahanna mah mutlak nu bangsa
urang. Mesin jeung kaahlianana
mah diitung minangka modalna.
Tapi ari lahanna mah dianggap
gratis. Dijabel kitu baé. Kitu deui
nu digarawéna, sama sakali henteu
dianggap modal. Malah disebutna
ogé kuli. Dibayarna murah kabina-
bina. Da tujuanana gé hayang meu-
nang untung keur nyumponan
pangabutuh nu baroga modal.
Tangtu waé bisa meunang untung
gedé lantaran lahan teu meuli
mayar kuli teu sabaraha.
Naon pangabutuhna para jura-
gan téh? Salian ti hirup
sapopoéna kudu mulya, panga-
resepna ogé kudu diayunkeun.
Nepi ka ngahagal nyieun gedong
tohaga sangkan maranéhna bisa
nganteur ngayunkeun hawa
napsuna.
Nepi ka ayeuna éta kabiasaan
titinggal kolonial téh dipiara. Sana-
jan ngaran kuli geus diganti jadi
buruh atawa karyawan, nasibna
mah teu loba robahna. Kitu deui
juragan geus diganti ku diréksi, tapi
kalungguhanana di pausahaan mah
teu loba robahna. Anu medah
meduh senang mah angger nu di
laluhurna. Sistim kitu téh di-
ayunkeun pisan ku pamaréntah
urang ayeuna, anu cenah geus 68
taun merdéka. Samentara diréksina
bisa meunang bonus taunan nepi
ka samilyar, karyawanna mah
angger keur hirup sapopoéna gé
kudu anjuk hutang.
Euweuh anu bisa jeung wani
ngarobah kana sistim ékonomi anu
saperti kitu téh. Rék kumaha
sanggupna ngarobah lamun
urangna tetep jadi kuli. Dina intina
mah nu ngaranna pamingpin di
urang téh bisa digolongkeun kana
kelas kuli. Sagala rupana kumaha
ceuk anu boga modal, nu ngaranna
IMF, Bank Dunia jeung sajabana.
Tapi, sakumaha anu geus kajadian
di AS, boh IMF boh Bank Dunia teu
sanggup nyalametkeun pausahaan
anu ambruk. Sanajan saméméhna
mah éta pausahaan téh ku
maranéhna dipuji. AM
Manglé 2440 3
4 Manglé 2440
Kantun Ngawaris-
keunana
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Nyi Manglé daramang?
Hatur nuhun atuh pami
daramang mah. Hapunten
ngiring ngadamel serat. Nu
kahiji mah ngawilujeng-
keun ka nu karénging
anugerah budaya Kota Ban-
dung taun 2013, mudah-
mudahan waé anugerah ieu
janten nyandak kasaéan,
hususna kanggo nu namp-
ina, umumna mah kanggo
kamekaran Sunda. Kante-
nan kanggo pribados mah
bingah kabina-bina. Margi
nu kénging anugerah téh
panginten henteu babari
atanapi henteu ujug-ujug
kapilih. Pastina ogé,
ngalangkungan panitén nu
kacida abotna. Tangtos
kanggo rayat Sunda biasa
mah, atoh nu aya. Seueur
nu rancagé, seueur nu ber-
jasa kana kamekaran
Sunda. Panginten, tetep
ajegna Sunda téh,
diantawisna sanés ku
sasaha, tapi ku nu kénging
anugerah téa.
Bawiraos deui, kanggo
ningkatkeun kamekaran
Sunda, saleresna teu cekap
ku pangaos artos éta
anugerah, tapi jasa-jasa
aranjeunna mah saenyana
moal tiasa kapésér ku artos.
Margi élmu mah apan kitu,
teu tiasa dipésér ku dunya
atanapi ngawetasan ku
yuswa. Bénten sareng
dunya. Alatan gedé dunya
mah, apanan upami pupus
téh, atos wé. Tapi nu gaduh
élmu mah apan ngocor
teras. Mana dina Islam
pantes, diantawis nu ngo-
cor, sok saaos tos pupus téh
nyaéta nu gaduh élmu
kalawan mangpaat.
Nyi Manglé, nu mawi
kitu ngalangkungan Nyi
Manglé, panuhun ka nu
karénging anugerah,
mudah-mudahan tiasa jan-
ten atanapi kagolongkeun
élmu anu mangpaat. Nu
kumaha anu mangpaat?
Témbrés dina papagon
Islam, nyaéta nu ziyadatul
khoer, nu tiasa nambih-
nambih kahadéan, boh keur
dirina boh keur balaréa.
Keur dirina tiasa nyaangan,
atuh keur balaréa tiasa jan-
ten tatapakan generasi
saterasna.
Sanés teu percanten ka
nu atos-atos. Cenah
tumpurna basa atanapi
kamekaran Sunda, sanés ku
sasaha tapi ku urang Sunda
sorangan. Mana kitu, nu
laluhung élmuna baris alim
masihkeun élmuna, éta téh
sami sareng numpurkeun
budaya Sunda sorangan.
Sabalikna, upami teras
berkarya malah mandar
resep ngajarkeun kalawan
ihlas ka generasi saterusna,
éta téh sami sareng
ngalanggengkeun budaya
Sunda.
Sakitu waé, sakali deui
wilujeng ka nu kénging
anugerah Budaya Sunda
Kota Bandung. Mudah-mu-
dahan janten wasilah
kanggo nambih-nambih ka-
hadéan. Atuh ka Manglé
mah tos kantenan nganu-
hunkeun pisan. Margi, apan
Manglé mah unggal minggu
tos ngabuktoskeun ngawa-
riskeun Sunda ka balaréa.
Sakitu anu kapihatur,
hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum.
Ibu Eva
Manglayang Regency
Cileunyi Bandung
Sakumna Ais Pangampih Manglé
Ngahaturkeun­wilujeng­kasinugrahan­ka:
Bapa­H.­Abdullah­Mustappa
(Wapimred­Majalah­Sunda­Manglé)
Anu­dilélér­Anugerah­Budaya­Kota­Bandung­2013
Ping­28­Agustus­2013­di­Pendopo­Kota­Bandung
Muga­jadi­pangdeudeul­karep­rancagé­jeung­kareueus­kana­kana­budaya­Sunda.
Mangka­tépa­ka­generasi­sapandeurieunana.­
Bandung,­28­Agustus­2013
Pupuhu­Mangle,
Drs.­H.­Oedjang­Daradjatoen­M.
Manglé 2440 5
D
i jajaran ondangan nu keur
aranteng diuk di jero pen-
dopo, horéng geus nyampak
H. Rukruk Rukmana, juru pirig seni
cianjuran. Ditakwa, disamping,
jeung dibendo. Rukruk bangun nu
keur anteng ngabandungan pida-
ngan cianjuran, nu ku panitia éta pi-
dangan téh tangtu baé
diperenahkeun di awal acara sina
ngeusian suasana saméméh acara
resmi dibuka. Bisa jadi, salaku juru
pirig cianjuran, Rukruk keur saregep
ngabandungan pirigan kacapi
indungna. Peuting éta mah, Rukruk
téh henteu midang di hareup, metik
kacapi indung. Tuda ieu juru kacapi
senior nu kungsi rékaman Lutung
Kasarung, Guguritan Laut Kidul,
jeung album mandalungan Suman-
ding Asih téh dibenum jadi salah
sahiji seniman nu baris nampa
anugerah budaya téa.
“Alhamdulillah, taun ieu akang
kasinugrahan (Anugerah Budaya ti
Disbudpar Kota Bandung),” pokna
ka Manglé, “Mugi-mugi baé ieu
pangajén téh sing teras manjang,
utamina kanggo para seniman tra-
disi.”
Basa dijojoan kumaha harepan ka
hareupna tina éta pangajén ka seni-
man tradisi, ieu juru kacapi nu
nyanggi lagu panambih Bangbaluh
Haté téh gasik nuluykeun, “Ka
payunna, para panembangna gé
peryogi diperhatoskeun. Kantenan,
tos kaétang seueur panembang nu
payus dipaparin anugerah sapertos
kieu.”
Ku kabeneran, teu jauh ti dinya,
aya panembang cianjuran H. Yus
Wiradiredja keur sarua anteng nga-
bandungan haleuang cianjuran. Basa
ditanya ngeunaan pamasrahan
Anugerah Budaya, ieu panembang
nu ogé ngajabat jadi Pembantu Ketua
STSI Bandung téh daria ngawalonan,
Jam satengah dalapan, malem Kemis (28/8). Pendopo Bandung geus gegek ku ondangan.
Sawaréhna mah bangun aruplek jeung baturna. Sawaréhna deui aya kénéh nu ngarantay mapay méja
idangan kaléreun pendopo. Ari di jero pendopo, Mae Nurhayati (Juara Cianjuran Damas 2006) keur
anteng ngalaeu ngahaleuang cianjuran; sorana saweur ka luareun pendopo.
6
“Saleresna sanés baé ku hadiahna
anu prestisius, nanging ogé ku
pengakuan ti pamaréntah ka seni-
man tradisi anu teu kinten ageung-
na.”
Ceuk Yus deui, kréativitas seni-
man dina ngagelarkeun karyana ulah
ngarasa sugema ku ukur semet cacap
tepi kana pementasan. Tapi kudu
dideudeul ku pangjurung moral ti
pamaréntah jeung masarakatna.
“Nya ngaliwatan pangajén saper-
tos kieu (Anugerah Budaya Disbud-
par Kota Bandung, red), kreativitas
seniman téh bakal langkung-
langkung ngaraos kasungkal sina
langkung kreatif,” ceuk Yus nu ogé
mangrupa Juara Cianjuran Damas
1984.
Nu Kabiruyungan
Aya sapuluh seniman (budaya-
wan, pemerhati budaya jeung
lingkungan) anu kabiruyungan
nampa Anugerah Budaya 2013 ti
Disbudpar Kota Bandung. Éta seni-
man (budayawan) anu sapuluh téh
nya éta Abdullah Mustappa (sastra-
wan), Dindin S. Maolani (praktisi
hukum), Dr. Harastoeti, MSA
(pemerhati cagar budaya), Indrawati
Lukman (penari), Solihin GP
(pemerhati budaya jeung lingku-
ngan), Melly Goeslaw (penyanyi
jeung pencipta lagu), Paguyuban Pa-
sundan (organisasi kasundaan),
Rachman Sabur (teaterawan),
Rukruk Rukmana (seniman tradisi),
jeung Tisna Sanjaya (pelukis).
Sakumaha nu dibéjérkeun ku
wawakil juri, Arthur S. Nalan, dina
milih seniman nu sapuluh téh geus
tangtu hasil ngayak tina sakitu nomi-
nasi nu diajukeun ku Disbudpar.
Ngan baé réngréngan juri nu di-
wewegan ku Adjie Esa Poetra, Cecep
Burdansyah, Etti RS, jeung Herry
Dim téh mutuskeun pilihanana du-
masar kana pengabdian, dedikasi,
jeung loyalitas para seniman kana
widang garapanana séwang-séwa-
ngan.
“Karya-karya aranjeunna (para
seniman) mibanda kualitas anu hen-
teu dipihamham ku balaréa. Nu
Nu karenging Anugerah Budaya Kota Bandung 2013
Abdullah Mustappa, wapimred Majalah Mangle,
salasawios nu kenging anugerah budaya Kota Bandung 2013
Kadisbudpar Kota Bandung
Drs. H. Herry M Djauhari MM,
waktos biantara.
Manglé 2440 7
langkung utamina deui mah nyaéta
karya-karya aranjeunna karaos pisan
ayana, sareng katingal pisan ajénna,
dugi ka mawa seungit ngaran kota
Bandung ka jauhna,” cek Arthur.
Sastrawan Abdullah Mustappa
upamana. Dina palataran sastra
Sunda mangrupa kritikus anu
dipikasérab ku para pangarang.
Tulisanana mangrupa kritik teu
wudu mucunghulkeun sastrawan
nyongcolang pantar Godi Suwarna.
Atuh dina karya fiksina, Abdullah gé
kungsi nampa hadiah Samsoedi
pikeun bacaan barudak, Taréh Rosu-
lulloh. Karya petingan Abdullah
séjénna kayaning Ringkang (carpon),
Nu Teu Kungsi Kalisankeun (kumpu-
lan carpon), jeung Lembur Singkur
mangrupa bacaan sastra nu kaasup
kana karya-karya sastra Sunda
petingan. Dina widang jurnalistik,
Abdullah kungsi nampa hadiah
Zulharmans, sarta dina saémbara
nulis essey Abdullah kungsi kasinug-
rahan Juara III ti Pusat Bahasa.
Naon rupa nu disebutkeun ku
Arthur dina nangtukeun saha-saha-
na nu kudu kabiruyungan nampa
pangajén Anugerah Budaya ti
Disbudpar Kota Bandung, di-
enyakeun pisan ku salah saurang nu
nampa Anugerah Budaya 2013,
Dindin S. Maolani. Ceuk Dindin,
para juri katangén kacida obyéktif
dina nangtukeun putusanana. Lain
pédah para jurina mangrupa insan
anu kacida kredibel jeung kapabel,
tapi dina lebah nangtukeun pilihan-
ana éstu geus diwewegan ku sagala
rupa pertimbangan.
“Kantenan, para juri sanés baé
mung kagungan pertimbangan nu
asak dina nangtoskeun si A jeung si
B, nanging ogé dieunteupan ku
kawani anu bisa dipertanggung-
jawabkeun,” ceuk Dindin deui. Éta
hal utamana mah katangén lebah
milih individu tina widang lingku-
ngan hidup, nu dina taun ieu
katampa ku Solihin GP, salah
saurang aktivis lingkungan hidup.
Perkara miara lingkungan hidup,
tayohna jadi visi pikeun Disbudpar
dina agénda Anugerah Budaya taun
2013. Ku kabeneran, pelukis nu
kungsi nampa sababaraha pangajén
(boh regional boh internasional)
Tisna Sanjaya gé, mangrupa aktivis
lingkungan hidup. Dina saban ka-
giatan nu aya patalina jeung pasua-
lan lingkungan hidup, ieu seniman
lukis jebolan FSRD ITB téh teu weléh
jadi luluguna. Ku kabeneran pisan
deuih, dina Anugerah Budaya 2013
ieu gé Tisna jadi salah saurang seni-
man anu kabiruyungan téa.
Perkara kawani ti para juri
sakumaha nu dilanglaungkeun ku
Dindin téa, katangén ogé lebah milih
Melly Goeslaw. Pada terang, Mélly
téh artis wedalan Kota Bandung anu
mibanda prestasi nyongcolang
tingkat nasional. Lagu-lagu karya
Melly teu wudu jadi lagu populer nu
dipigandrung ku masarakat Indo-
nesia. Geus teu kaitung lagu-lagu
sanggian Melly anu jadi theme song
film. Anu kajojo pisan mah di antara-
na nya lagu Ada Apa dengan Cinta
jeung Ayat-ayat Cinta. Éta film nu
dua bieu, éstuning mangrupa film nu
kacida dipigandrungna di Indonesia.
Tangtu baé, dina milih Melly téh
lain pédah di réngréngan juri aya
Adjie Esa Putra, nu mangrupa
penyanyi (jeung guru nyanyi) pop
Indonesia. Tapi nu leuwih nyosok
deui mah pédah lagu-lagu pop Indo-
nesia gé mangrupa produk budaya.
Tur kabeneran deuih, anu nyanggina
urang Bandung pisan.
“Cara ngémutna ulah kasung-
keret teuing ku pasualan karya lokal
Sunda, nanging kedah dijembaran
deui. Mung nu tangtos, éta seni-
manna kedah urang Bandung,” ceuk
Adji dina hiji mangsa wangkongan
jeung Manglé.
Nu pasti, sakumna nu kabiruyu-
ngan Angerah Budaya mangrupa en-
titas anu nyongcolang. Turta henteu
kudu dipihamham deui. Utamana
pikeun Paguyuban Pasundan,
agénda Angerah Budaya 2013 téh
éstuning mangrupa kado milang-
kalana anu saabad. Wilujeng.
Hanjelu Teu Aya Dada
Dina biantarana, Kadisbudpar
Kota Bandung Drs. H. Herry M
Djauhari MM, manghanjelukeun
dumeh éta acara n diluuhan ku Wakil
Walikota Bandung Ayi Vivananda,
Wakil Ketua DPRD Jabar H Uu Ruk-
mana, seniman katut budayawan
Sunda, sarta insan pers téh, henteu
diluuhan ku Walikota Bandung Dada
Rosada. Pangna kitu téh duméh éta
agénda Anugerah Budaya di-
taratasna nya dina mangsa pamarén-
tahan Dada Rosada pisan.
“Mugia baé naon rupi nu nuj tu-
miba ka anjeunna (Walikota Ban-
dung, red) sing digampilken bérés
roés deui. Sareng mugia anjeunna di-
paparin kakiatan,” ceuk Herry.
Papadaning kitu, Herry gé jangji
seja ngaronjatkeun deui ajén
Anugerah Budaya dina taun-taun ka
hareupna, boh dina acarana boh dina
nominal pangajénna. Dina taun ieu,
saban seniman nu kabiruyungan
Anugerah budaya baris nampa pia-
gam, tropi, sarta duit nu pangajina
Rp. 15 juta. ***
(Dian Héndrayana)
Para tamu ondangan dina Anugerah Budaya Kota Bandung 2013
Manglé 2440
D
ua poe
teu ngantor,
babaturanana silih
tanya, aya naon ari Sun-
dari? Na tulus Umrohna
jeung Rayanti sobatna anu
beunghar tea? Atawa …ah
nyao ketah, make bingung
ku urusan batur, Kitu ceuk
gerentes hate Ikah sobat
dalit Sundari anu memang
leungiteun. Isukna Ikah
aya anu ngabejaan yen
Sundari memang Umroh
tapi lain jeung sobatna nu
beunghar, da ieu mah
jeung Tubagus Ramdani,
perwira angkatan Udara
terahing menak Cikundul.
Lalaki kasep taya
babandinganana, pinter
turta nyantri.
“ Kuma tea urang Ci-
anjur.!” kitu ceuk Sundari
ka Ikah. Ari eta nu kasep
papanggihna jeung Sun-
dari dina riungan kula-
warga di Cianjur,
diwawuhkeun ku Mang
Bahar anu maher mamaos
Cianjuran. Agus Tubagus
Randani di dinya kapen-
tang panah asmara, katiir
mamaras rasana ku pa-
mulu mojang Ciranjang
anu sakitu lucuna.
“Tah ieu teh Sundari –
putrana Mang Radiman
tea” saur Ibuna Agus
Tubagus Ramdani ka
putrana. Agus ngarawu
leuneun nu geulis bari
mesem.
“ Oh kitu? Pokna. Sun-
dari oge rada geumpeur
narima panangan anu
kaseop teh, jol kerewek
leungeun Sundari dirawu
dikeukeuweuk, datangka
anu geulis beuki
geumpeur.
“ Agus Tubagus Ram-
dani” pokna bari neuteup
seukeut ka Sundari.
Ti harita Pilot kasep
teh jadi remen nganjang
ka Ciranjang ka bumi kula-
warga Haji Hadiman ban-
dar beas anu di lemburna
sohor haji balabah turta
nyaah ka somah cacak teu
boga kaluhngguhan
nanaon di jajaran
pamarentahan. Hanas
aktip milu ngamajukeun
koperasi, da estuning ku
karepna sorangan.Tepi ka
poe eta, poean tepung taun
Cianjur, Agus Tubagus
Ramdani geus sataun
hahadeanana jeung Sun-
dari malah geus dicang-
cang sacara resmi mojang
Ciranjang teh. Batur
salembur mah geus silih
tanya, iraha cenah
dirapalanana kembang
Ciranjang nu herang teh
nya?Alus temen cenah rek
dipileuleuheungkeun ku
terah Wiratanu.
Poean Sundari teu
ngantor tea, memang
bener Umroh jeung ibu
ramana, boh ibu rama
Agus boh ibu ramana Sun-
dari. Niatna mulang
Umroh arek dirapalan di
Cianjur. Poean miang
Umroh ondangan mah
geus dikirimkeun ka ala-
mat nu diondang. Lamun
batur nikah heula kakara
umroh, Sundari jeung
Agus mah umroh heula
kakara dirapalan.
Saminggu sabada
umroh memang bener di-
rapalan. Teu aya kariaan
gede, basajan pisan da kitu
pamentana panganten.
Enya ari resepsina mah di
gedong, awahing ku
lobana ondangan, ari di
bumi moal cekap saur
ibuna Sundari anu ngan-
jrek di KPR/BTN ukur
tipeu 45, ku anak incu ge
geus pinuh saurna teh.
Sabada dipangantenkeun,
Sundari dibawa pindah ka
Bogor da Agus dinesna di
Bogor.
Sundari anu geus jadi
Ibu Agus mimitina mah
ngarasa karagok kudu jadi
Nyonya Agus atawa Ibu
Agus, tapi lila-lila mah
biasa deui. Malah milu
akitip di organisasi PIA
Ardyaharini, persatuan
Istri AURI.
Rumah tahnggana run-
tut raut, ka cai jadi saleuwi
ka darat jadi salebak teh
nyaan. Ngan aya sarupa
anu kurang dipikaresep ku
Sundari ti Agus teh, nyaeta
pangaresep jeung
kabiasaanana anu matak
lelenyapan angen nyaeta
tumpak motor Harley
Davidson anu badag tea.
Jiga ka maru we sebeleun-
ana kana eta motor teh.
Ceuk Agus, eta mah
pangaresep ti jaman ru-
maja keneh, warisan ti
bapa. Kusabab kitu Sun-
dari tara loba komentar
ngan sok ngabetem we
lamun keur aya kasebel ka
Si Harley teh.Tapi da teu
bisa disisilihan, Agus
malah tambah meumeut
kana motorna. Lamun
pareng nyanyabaan ka
luar daerah , Sundari tara
milu kajeun nuturkeun
kana mobil oge. Komo
kana sabangsaning Tu-
ring-turing mah tara weh,
paur pokna. Agus ngan
sakadar menta didunga-
keun ka Si buah hate, da
henteu miharep ari Sun-
dari kudu mimilu
momotoran mah. Iwalti
lamun sakadar lalajo
lamun aya demonstrasi
Harley. Biasana ari aya
tatamu ti mancanagara,
atawa payuneun Presiden
jeung para mentrina. Jiga
harita aya tamu ti Aklza-
zair Mentri Pertahanan
Ben Houra Omar.
Peutingna samemeh ka
jalan, Agus nyarita ka Sun-
dari bareurat sirah.
“Atuh kedah ngaso
heula Kang, upami bade
ka jalan, kasehatan kedah
prima” ceuk Sundari.
“ Pasti, tapi kapan aya
Dokter Joni, muga-muga
teu aya nanaon” Sundari
ingeteun yen komandanna
kungsi nyaritakeun
harepanna supaya Agus
eureun momotoran,
puseurkeun bae kana
tugas inti.
“Agus teh Pilot heug
terus tataharkeun diri
masing jadi Pilot unggu-
lan”, saurna teh. Agus oge
teu pohoeun, tapi
hayangna kitu. Ongkoh
gogoda Si Harley teu bisa
disingkahan, kokolebatan
bae, kaimpi-impi hayang
jadi jagoan anu dipercaya.
Lain pupujieun ngan geus
kiitu we panggero batinna.
Piisukaneun arek demo
8
Carpon
Hana Rohana Suwanda
Manglé 2440 9
payuneun tatamu tea,
munjungan heula ka ibu di
Cianjur , neda pidungana
arek demo payuneun
pangagung. Saperti biasa-
na ibuna ngadungakeun
bari saeutik mah tetep mi-
wejang sangkan demo poe
eta demo panungtung,
Agus kudu mileuleuyan-
keun si Harley saurna teh.
“Dunga ibu salawasna
keur Agus, tapi poma pa-
menta Ibu ge ku Agus
kudu disetokeun. Da lain
menta dunyabrana, Ibu
mah ngan menta panga-
resep kana momotoran eu-
reunan, kiwari geus
waktuna” saur Ibuna. Agus
ukur ngajawab Insya
Allah, halon pisan. Tapi
karasana ku ibuna mah
matak nyeri, nyeri pisan
saur ibu anu palay kag-
ngan putra jadi pahlawan
dirgantara teh.
“Eta mah kuma hidep ,
da Ibu ge nyaho dicarek
oge moal ngagugu. Ngan
masing inget Ibu tetep
miharep sangkan
hidep ninggalkeun karesep
nu hiji eta anu nyantong
kana balai!” Biasana Agus
tungkul ngeluk, Euweuh
jangji dina hatena, taya
paneda ka Gusti sangkan
dibere sadrah geusan
ninggalkeun pangaresepna
anu mahiwal ti batur.
Jigana ka nu lenjang urang
Ciranjang oge moal
ngagugu lamun dicarek
teh. Numatak Sundari
milih baceo dina hatena
bae bari tara lalajo lamun
manehna demo atawa
momotoran ka mana boa.
Bagja keneh lalajo Sang
pilot manuvre di awang-
awang.
Ngan poe eta basa rek
demo payuneun Mentri
Pertahanan Alzazair Ben
Houra Omar tea, Sundari
maksakeun maneh milu
Ibu Rahayu, sarua caroge-
na oge micinta motor
badag jiga kitu. Dua nyo-
nya ninggalkeun imah
duanana oge istri Sang
Pilot anu cinta motor
badag turta duanana rek
mintonkeun kamaheran-
ana payuneun tamu na-
gara. Ongkoh Sundari
panasaran ka Mentri Per-
tahanan Alzazair, sabab
mangsa harita Alzazair
teh keur perang. Sundari
simpati ka Srikandi Za-
hara Bouhired Sri
Kandi Alzazair anu
mashur
“Mani asa kasep-kasep
teuing Kang Agus…”geren-
tes hate Sundari. Erokna
biru langit.
Aneh bet cipanonna
ngaberebey terus meun-
tasan pipina, ngeclak kana
lahunan. Agus ret deui ret
deui ka Sundari anu diuk
di balandongan jeung
kulawarga manusa-
manusa Harley anu se-
jenna.
Geus henteu kaban-
dungan ieuh kumaha
sibuk pakepukna anu aya
di tengah jalan Asua
Aprika harita, hareupeun
gedong Merdeka. Hate
Sundari teu merdeka, sidik
dikeukeuweuk ku rupa-
rupa rasa kamelang ka-
hariwang jeung kareueus
boga salaki pilot, lalaki
langit lalanang ti awang-
awang anu hanjakal mabal
kana momotoran. Demo
teh memang rame, anu
keprok taya eureunna
nyaksian rupa-rupa
tingkah polah anu
mintonkeun kamaheran-
ana payuneun tamu. Sun-
dari seseringna tungkul
bari lelenyapan angen,
yambat asma Alloh nitip-
keun Kang Agusna ka
Gusti Nu Maha Ningali.
Aya meureun satengah
jam mah motor daradad-
durudud ka hilir ka girang,
nu surak beuki ayeuh-
ayeuhan. Memang hecat,
aya demo tumpak motor
bari nangkuban, terus bari
nangtiung dina sadel, bari
kitu bari kieu, anu lalajo
beuki ayeuh-ayeuhan.
Seoooot…. Ti kulon hiji
motor ngadurudud…
nyerebetna ka wetan, ceki-
iit…..gubrag, bet kaden-
gena teh motor disesered
ngagubrag jauh di wetan .
Jalma-jalma bet ting-
jarerit, pulisi tingdurug-
dug ngetan kabeh. Nu
lalajo sawateh milu
tiomngdurgdug
lalumpatan kma wetan,
sawareh deui mah
meubeutkeun maneh kana
korsio bari teu weleg istig-
far. Sundari ngagebeg…
:Kaaang…….” Sundari
ngajerit bari terus nyam-
bat asma Alloh, tapi lila-
lila jep sorana jempe,
Sundari ngalenggerek
kapiuhan, kaayaan jadi
kacida ributna, aora anu
ceurik jeung anu
tinggorowok pabaur jadi
hiji. Sajeroning kitu,
tatamu mah langsung
ngantrunkeun jalan Asia
Aprika.
Semuriti teu ngidinan
nyumponan kapalay
tatamu ningali ka tempat
kajadian kacilakaan.
“Ya Alloh….Agus Tuba-
gus Ramdani…Ya Allloh!”
jalma jalma istigfar jeung
nyambat asma Alloh
patarik-tarik. Sundari
dibawa ka jero gedong
Merdeka, ti beh wetan
aya anu digotong kana am-
bulan, dua korban….Ram-
dani jeung Susanto.
Ahirna anu tadi dibawa ka
jero gedong Merdeka oge
dibawa ka rumah sakit,
Sundari tacan eling-eling
basa diasupkeun kana am-
bulan téh. ***
10 Manglé 2440
Bagian
171
Peuting ka-192
Mantri gura-giru
muru istana. Teu nolih
ka nu ngajaga, blus wéh
ka rohangan tempat raja.
Atuh puguh wé raja gé
héraneun naker. Mantri
nu basa indit sakitu
gagah sarta papakéanana
rapih, harita mah
sabalikna, bangun nu
teunangan sarta
papakéanana kararusut
teu beda ti nu kakara hu-
dang saré.
“Kumaha kaayaan
anak kaula téh?”
“Numawi kitu geu-
ning.”
“Kitu kumaha?”
“Rupina mah ka-
ganggu émutanana.”
Pok wéh mantri téh
nyaritakeun sagala rupa
papanggihanana katut
omongan Komarujaman
nu ceuk pikirna mah
jauh tina kanyataan. Eta
putra raja téh nepi ka
linglung teu nyaho di
bebeneran. Nu dipika-
cangcamna ukur wanoja
nu teu puguh juntrung-
na.
Ngadéngé caritaan
mantrina kitu, raja téh
bendu kacida. Keuheul
ka mantrina pangpangna
mah nu geus
ngalantarankeun anakna
kawas kitu. Ngan, aya
ogé rasa cangcayana.
Ceuk pikirna, anakna can
tangtu teu waras.
“Ayeuna kaula rék
langsung ngadatangan
manéhna!” pokna.
Nyaritana kitu teh bari
jung nangtung. Leos
indit, dituturkeun ku
sababaraha urang
pangawalna.
Raja Syahraman
kaluar ti istana. Muru
wawangunan nu dipaké
pangbérokan anakna. Sa-
datangna ka nu dituju,
ngisarahan sangkan nu
ngajaga muka konci. Blus
raja ka rohangan tempat
Komarujaman. Kasam-
pak anakna keur cinekul
nangkeup tuur.
Nempo raja datang,
Komarujaman jung
nangtung ngabagéakeun
hormat pisan.
Ngabandungan paripolah
anakna kitu, raja bu-
ngah. Cek pikirna, sidik
anakna téh waras.
Pepetaanana nembong-
keun temah wadi, teu
beda ti saméméh di-
kerem di panjara.
“Séhat hidep téh?”
“Pangésto, Ama!”
“Sukur atuh!”
Najan kitu, raja téh
nguji ingetan anakna.
Nanyakeun poé jeung
bulan. Dijawab ku nu di-
tanya kalayan bener. Da,
mémang Komarujaman
téh teu sing siwah. Inge-
teun poé éta jeung poé
kamari, isuk jeung
pagéto, ogé poé-poé
saterusna. Kitu deui,
apleun ngaran-ngaran
bulan kalayan bener.
Malah, satutas ngajawab
pananya raja nu mémang
kacida basajanna kawas
nanya ka budak,
Komarujaman téh
nganaha-naha ka
kolotna.
Raja ngarangkul
anakna. Bungah
ngadéngé jawaban
anakna kitu téh, da sidik
waras, béda jeung warta
nu diomongkeun ku
mantri téa. Komaru-
jaman bungah jeung
sedih. Bungahna lan-
taran bapana geus teu
ambek deui ka dirina.
Tapi, sedihna, lantaran
ngarasa kungsi
ngajaheutkeun haté kolot
nu sakitu mikanyaah ka
dirina.
Peuting ka-193
Saterusna, Komaru-
jaman téh teu sabar. Pok
nanyakeun wanoja nu
bareng saré peuting tadi.
Ngadéngé kitu, raja gé
teu sing kaget. Ukur
nganggap anakna
kapangaruhan ku
impianana, lain siwah
saperti ceuk mantri téa.
“Anaking, meureun
ukur impian. Geus tong
loba pikir!”
“Sanes ngimpén,
Manglé 2440 11
Ama!”
Komarujaman
nyaritakeun deui
pangalamanana. Persis,
saperti nu dicaritakeun
ka mantri. Ngan,
saterusna, Komarujaman
gé nembongkeun ali .
Sidik cenah, waktu lilir
aya awéwé nu saré
gigireunana. Manéhna
kakara kapincut ku
rurupaan awéwé kawas
kitu mah. Ngan, teu sing
kagét, da tangtu éta téh
pagawéan raja keur nguji
pakarepan dirina.
“Mana ari ali hidep?”
“Teu aya, da dicandak
ku anjeunna!”
Komarujaman nyabut
ali nu dipaké dina jariji-
na. Sok dibikeun ka raja.
Raja nampanan sarta
ngulak-ngilik éta ali.
Tétéla, éta mah ali
awéwé, lain ali nu
anakna.
Bari nyekel ali téa,
raja cacarita. Intina mah,
percaya éta ali téh bukti
kaajaiban papanggihna
Komarujaman jeung
wanoja téa. Ngan, nu teu
kaharti téh, kumaha
carana éta wanoja
asup jeung kaluar
ti éta tempat
kalayan teu
kanyahoan ku sasaha.
Tempat nu dipaké
panjara téh dijaga
manglapis-lapis. Moal
aya nu bisa asup ka dinya
upama teu diidinan ku
nu ngajaragana.
Ngabadungan kaayaan
kitu, Syahraman
sajongjongan mah
ngahuleng.
Peuting ka-194
Sawatara poé
sanggeus kajadian, raja
gé angger bingung. Nu
jadi bukur catur di kula-
warga téh, taya deui iwal
ti kajadian nu karanda-
pan ku Komarujaman.
Anéh teu katepi ka pa-
ngarti teu kahontal ku
akal.
Satereusna, Komaru-
jaman gé dipindahkeun
ka tempat séjén. Dumuk-
na di istana husus keur
putra raja. Méméh
ditempatan,
dibebenah heula,
sangkan nu anyar nyicin-
gan éta tempat betaheun.
Ceuk pikir raja, upama
Komarujaman betaheun
di dinya, pipikiran
anakna gé kabeberah.
Ngan nya kitu, éndah-
na istana téh keur
Komarujaman mah teu
jadi pangbébénjo.
Haténa tetep tibelat ka
wanoja nu kungsi ngiwat
lelembutanana. Beuki
lila, lain paler, tapi
sabalikna beuki sono, nu
ahirna mah, méh poho
kana sagala rupana. Nu
kacipta rurupaana éta
awéwé nu ayeuna teuing
di mana ayana.
Beuki lila, kaayaan
Komarujaman téh beuki
pikawatireun. Awakna
begang, beungeutna
haropak, panona celong.
Kituna téh lantaran ku-
rang dahar kurang saré.
*** (Hanca)
12 Manglé 2440
K
olot Nyi Rapiah lila teu
kasaba, teu kapéntaan
ku anak téh, teu di-
jieun héran, disangkana Aom
geus bageur, daék rumawat ka
pamajikan.
Ku kituna Nyi Rapiah bisa
saméména, malah asa
kangeunahan. Kawas teu
salah omongan santri, yén
kalakuan haram téh ulah sok
dipirucaan, ana geus
ngalemah engkéna asa leuwih
penting leuwih nyenangkeun
nu haram téa, batan nu halal,
teu karasa, yén urang melak
doraka. Ari dina hukumna,
saha-saha nu tandor
kadorakaan, sok panén siksa-
an; kapanggihna mun teu
awal sok ahir. Ana geus ngeu-
nah dina doraka, biasana
leuwih ngagedékeun nu batal
batan nu wajib. Cara Nyi
Rapiah, haténa téh leuwih
ngait ka Babah Dolar, Anom
Luih atawa Aom Aging, batan
tibelat ka salakina. Cék per-
bawa napsuna, éta mah jeung
nu tiluan kasukaan téh éstu
cacap, asa parat langit tujuh
lapis.
Naha kudu disalahkeun
Nyi Rapiah téh?
Urang teu kudu jadi
ulama pikeun bisa nyebut-
keun yén lampah Nyi Rapiah
téh nya salah nya doraka. Tapi
lamun urang adil, papadaning
nyalahkeun ogé ka Nyi
Rapiah, kudu bari ngaku, yén
Nyi Rapiah mah kituna téh
saenyana ngan darma akibat,
ngan tarima jadi wadal tina
sahiji sabab. Urang teu kudu
mangmeunangkeun ka Nyi
Rapiah jeung mangrébu-rébu
awéwé bangor cara manéhna,
yén éta rébuan Rapiah téh
korban kasalahan selang-
surupna jeung adab-biadabna
hirup-kumbu. Saréatna atawa
alatanana, meunang ti salaki
atawa ti “batur-hirupna”. Tapi
éta mah ngan sakadar alatan
baé, da masing salakina ogé
tunggal kénéh anggahota
hirup-kumbuh.
Mémang teu sautik awéwé
nu tigebrus kana jurang
kanistaan téh duméh boga
bakat ti dituna perbawa
napsuna “cacad” tanda ka teu
sampurnaan manusa; naon
bédana jeung jalma borangan,
reuwasan, inggisan, korét,
awuntah, kedul, bodo jeung
sapapadana. Upama nu bodo
bisa “dideudeul” ku panga-
jaran, nu kedul “diratik” ku
pangabibita, nu borangan
“disurung” ku latihan, nu
inggisan “dipitumanan” ku
kabiasaan sok aya nu bisa
“pulih” cacadna. Ari nu
héngkér batinna naha rék
anggeus ku diantep bari
dicela-diwada baé? Naha
masarakat kurang mikarunya
ka nu kararitu? Moal dibéré
tambang geusan muntang?
Moal dibéré deudeul geusan
nanjeur?
Kawas geus bakatna
dunya ka nu tigubrag téh
umum na sok anggeus semet
mupuas bari ngahojah-hojah,
arang langka sor sosodor
ngahudangkeun, ngajait.
Aya nu boga téori, magar
téh supaya leungit awéwé
balangor, kudu daraék dican-
dung. Tapi buktina ari cara
Nyi Rapiah mah dicandung
kalah tigebrus, didua kalah
tigubrag! Bohong atuh téori
nyandung téh?
Lain bohong téorina, tapi
osok saralah praktékna. Da
dina prakna mah lain nyan-
dung niat tutulung. Tapi
malar seubeuh ngagugulung.
Lain nambahan tikah seja
ibadah, tapi tamba éra rucah
ngabengkah. Lantaran kitu,
ka nu nyandung kalah bi-
ngung, nu dicandung
ngalanglayung; ana dibéré
“kalap” awéwé téh téga males,
kebon pihapé salaki téh nga-
haja diundeur deungeun.
Buktina Nji Rapiah.
Nyi Rapiah nyanghareup-
na ka Aom Usman téh éstu-
ning puraga tamba kadengda,
ijiranana gé: “Kapaké sakieu
sukur, teu kapaké didagoan
lisan nu enja.”
Pangrasa Nji Rapiah, da
diri keur laris, masing
digebrokeun talak-tilu gé ku
Usman, henteu rémpan teu
horéam, da nu rék nyanggap
mani ranghap. Nyi Rapiah
pohoeun, yén lalaki bener
mah milih pipamajikaneun
téh teu punah ku geulis
wungkul; sanajan mohmoy-
moronyoy ogé ari cara ka
samping soéh mah nu rék
nawar gé mikir-mikir heula,
komo lamun nyahoeun nya
soéh nya dagangan Nyi
Dampi mah, wah, ké heula!
Cék anu magar terangeun,
lamun jalma geus kausap
sétan, sok resep nepakeun
jurig pateuh, ujak- ajak atawa
ruwal-rawél ka nu lian, kawas
hayang aya pibatureun di
naraka. Haténa téh cenah, asa
pageuh asa reugreug lamun
bisa milu narik nu lian sina
tigebrus cara manéhna.
Nyi Rapiah ogé nya kitu.
Najan enya gé cacah, urang
pasar, da jelema, kanyeri
kapeurih mah boga, malah
karep males jeung hayang
puas gé nyampak. Ari nu di-
{ 10 }
Ku M.A. Salmun
Manglé 2440 13
paké panas-peurih, sakumaha
ilaharna anu
dipangnyandungkeun, moal
saha deui jaba ti ... maruna,
Agan Sariningrat téa.
Bubuhan Nyi Rapiah téh
urang dayeuh, loba
deudeuleuan-dédéngéan
jeung sanajan enya gé awéwé
ropoh pager, ipis bendungan,
da ari haténa mah caang,
pikirna nyaring boga bakat
calakan. Ditambah, sanggeus
sering pulang anting ka Nyi
Dampi, campur jeung
“kakasihna” nonoman
baleunghar, palinter jeung réa
nu boga bakat démokratis —
maké ukuran taun 1875!—
kusial baé rasa pangaribawa-
na hudang, awas atra kana
susunan masarakat. Bet réa
kateuadilan! Naha bet
masarakat kudu nyieun golo-
ngan jelema diumpak-umpak,
dikelas-kelas? Naha bet maké
aya golongan ménak, aya
golongan somah? Naha bet
ari nu disarebut ménak kudu
diénak-énak, diagung- agung,
dipunjung-punjung. Mun
ngaliwat kudu di-
pangdiukkeun, mun bareng
diuk kudu dipangmandokeun
(baheula mah sumawonna
ménak bungkeuleukanana,
masing kareta ‘bendi’
kosongna, lamun ngaliwat,
somahna téh kudu brak-brek
nagog sisi jalan, paduli teuing
palebah nu jeblog ogé. Lamun
maké dudukuy kudu dicuplak.
Anu maraké tarumpah atawa
salamprak, mun ngaliwat ka
imah ménak, kudu di-
tarumpah dipihapékeun ka
gulang-gulang luareun kuta.
Somah anu “kumawani” maké
sapatu ‘masing diluar ogé’
lamun kapanggih ku upas, di-
tutup di bui tilu poé. Sawatara
réréng atawa batikan sam-
ping, dilarang dipaké ku
somahna. Maké totopong teu
meunang dibendokeun.), ka-
hajangna teu meunang
dipungpang, paréntahna teu
meunang dimaha. Sakalieun
lunta, cék paribasana masing
ngan saléngkah ogé kudu di-
iring, malah tampolana dia-
bring-abring; ka nu rada
tarahal kudu digogotong cara
capekong usum cap-gome!
Naha kitu? Naon saenyana
jasa-jasa para ménak ka rayat
téh? Bisa jadi saurang atawa
duaan di antara para ménak
téh aya nu enyaan daék
towéksa-ngaraksa karaharja-
an Si Leutik (bari nyelapkeun
kapentingan dirina pribadi!)
tapi ari gegedéna mah ngan
hayang senangna katut
ngeunahna baé, jaba
pépéntaanana rupaning
bawang téh sawaréh mah bari
teu ngarikeun nu luis, teu
nyésakeun nu lenjang. Geus
lain rasiah deui, yén réa nu
dadaku ngaronda padahal
ngaranda!
Lamun jaman harita Nyi
Rapiah geus ngadéngé kaca-
pangan “Keadilan sosial”
moal boa mepek balad nga-
bangkit hak-hak adiling-
masarakat!
Da bawaning ku misti
dingeunahkeun, ngomong ogé
ka ménak mah kudu (teu
meunang henteu) basa ménak
nu disebut basa lemes téa.
Najan Nyi Rapiah lain ahli
basa ogé, bisa ari ngarasakeun
mah, yén bawaning ku hayang
nyieun “basa ménak” geusan
ngangeunahkeun kaom
ménak, nepi ka réa kecap-
kecap anu sawajarna dibélaan
dirobah, dibingkengkeun, di-
arula-arileu, atawa mun teu
kitu, masing nu aya basa
Sunda-aslilna ogé dibélaan
dilindih ku basa lian, da
hayang “sopan”.
Nyucudna, ari basa Sunda
anu wajar bet disebut basa
kasar. Padahal basa anu ti
jaman baheula diparaké ku
unggal urang Sunda. Bet cara
nu boga kabogoh anyar. Si
heubeul nu geus karuhan
satia-satuhu milu
ngangedéan-ngahirupan,
ngadak-ngadak disebut Si
Dusun Si Gorengpatut, da
kabongbroy ku nu anyar. Basa
sawaja-sawaja disebut basa
kasar. Adil peta kitu téh? Ras
deui Nyi Rapiah inget ka
somah, Si Leutik anu jaman
harita mah kapurba-kawisésa,
kakeupeul patihuripna ku
ménak nepi ka basana gé:
“Sumawonna kakara sarupa-
ning harta-banda, dalah anak
bojo katut raga-nyawa, ka-
gungan ménak.”
Dina adu hareupan antara
ménak jeung cacah, paribasa
gé bonténg ngalawan kadu,
pacikrak ngalawan merak.
Naha bet kudu kitu? Naon
dosana somah nu matak dina
sagalnaa kudu éléh baé ku
ménak. Da tampolana mah
ménak téh dimeunangkeu-
nana lain duméh nincak dina
hukum adil, tapi duméh
ménak , Si leutik mah masing
bener masing lempeng ogé
sok éléh baé, nepi ka teu
mujeujeus gé alus kénéh.
Dina urusan jodo, anu cék
hakékatna ditangtukeun ku
Pangéran, ménak bet ngilu
ngatur. Lalaki simahan mah
dicadukeun boga pamajikan
ka Agan, ka Endeng, ka Juag!
Tapi ari lalaki ménak diheug-
keun ngacak-ngawur ka
awéwé somahan sirikna hen-
teu nepi ka dimeunangkeun
niiran. Mangkaning awéwé
sésa ménak téh teu saeutik nu
tuluy kamanjon, rék ka
ménak deui, da geus “sésa”
rék ka somahan, da somah
téh “ajrih” paribasana: “Sésa
ménak téh sok unggah adat.”
Ku kituna, cék saha
masarakat teu jadi acak-
acakan? Diacak ménak!
(hanca)
S
olat mangrupa ibadah nu di-
paréntahkeun langsung ku
Alloh SWT ka Rosul-Na tanpa
perantaraan. Solat mangrupa ibadah
nu baris pangheulana dibalitung-
keun dina poé balitungan amal (yau-
mul-hisaab). Solat mangrupa ibadah
nu ngabédakeun antara nu iman
jeung nu kupur. Solat mangrupa
ibadah nu nyumponana diomat-
omatkeun ku Rosululloh SAW ka
umatna. Solat mangrupa ibadah nu
posisina lir ibarat tihang atawa pon-
dasi dina (wawangunan) agama.
Solat mangrupa ibadah nu
kadudukana lir ibarat sirah dina
(anggahota) badan.
Meureun geus pada-pada apal,
solat kabagi dua. Solat nu migawéna
diwajibkeun jeung solat nu migawé-
na dianjurkeun. Solat nu migawéna
diwajibkeun aya lima waktu. Solat
Subuh dua rokaat, solat Lohor opat
rokaat, solat Asar opat rokaat, solat
Magrib tilu rokaat, jeung solat Isya
opat rokaat. Jumlahna tujuh welas
rokaat. Solat Lohor poé Juma’ah,
hususna keur nu nyumponan sarat-
saratna diganti ku nedunan solat Ju-
ma’ah dua rokaat. Solat nu
dianjurkeun kabagi dua. Aya nu
sipatna ditekenkeun (muakkadah)
jeung aya nu sipatna teu
ditekenkeun (ghair muakkadah).
Atawa, aya nu jumlah rokaatna teu
ditangtukeun (muthlaq) jeung aya
nu jumlah rokaatna ditangtukeun
(muqoyyad).
Solat nu dianjurkeun tegesna
solat sunah gurat badagna mun di-
laksanakeun bakal meunang ganja-
ran, mun teu dilaksanakeun moal
meunang siksaan. Dumasar kana
ugeran bieu nu ngalaksanakeun
solat sunah bakal untung.
Sedengkeun mun sabalikna, najan
teu dicawiskeun meunang siksaan
bakal rugi. Lantaran teu ngamang-
paatkeun kasempetan nu nampeu di
hareupeun kongkolak panonna. Iwal
ti éta, sing saha nu ngalaksanakeun
solat sunah baris rébo ku kurnia
Alloh SWT. Kahiji, baris
disampurnakeun ganjaran solat
fardu lima waktuna. Rosululloh
SAW ngadawuh: “(Amalan) nu
pangheulana dibalitungkeun ti hiji
hamba dina poé Kiamat nya éta solat
fardu lima waktuna. Upama
manéhna sampurna ngalak-
sanakeunana baris dicatet ganjaran
nu sampurna. Ngan upama teu
sampurna ngalaksanakeunana,
Alloh SWT bakal ngadawuh ka
malaikat-Na, “Cing paluruh, sugan
aya solat sunahna! Upama aya,
maranéh bisa nyampurnakeun gan-
jaran solat fardu lima waktuna ku
ganjaran solat sunahna” (HR Abu
Dawud). Kadua, baris
dipikameumeut, dipikaasih, sarta
dipikacinta ku Alloh SWT. Saur Abu
Hurairoh RA, Rosululloh SAW
ngadawuh: “Saéstuna Alloh
ngadawuh, ‘Sing saha nu ngamusuh
ka parawali Kaula tanwandé Kaula
ngamusuh ka manéhna. Jeung sing
saha nu ngadeukeutkeun dirina ka
Kaula ku cara-cara nu dipikacinta ku
Kaula tina rupaning nu geus diwajib-
keun ka manéhna, sabadana kitu
manéhna masih terus-terusan
ngadeukeutkeun dirina ka Kaula ku
amalan-amalan sunah tanwandé
Kaula baris mikameumeut,
mikaasih, sarta mikacinta ka
manéhna, jst” (HR Bukhori). Katilu,
baris diangkat darajatna jeung di-
pupus kasalahanna. Tsauban
Rohimahulloh nyarioskeun,
Rosululloh SAW ngadawuh: “Anjeun
kudu loba sujud, lantaran saéstuna
saban sakali sujud ka Alloh tangtu
ku Alloh baris diangkat darajat an-
jeun sadarajat jeung baris dipupus
kasalahan anjeun sakasalahan” (HR
Muslim). Kaopat, baris digampang-
keun abus ka Sawarga. Diriwayat-
keun ku Robi’ah bin Ka’ab al-Aslami,
“Kaula kungsi nginep sareng
Rosululloh SAW, tuluy kaula nulun-
gan mangnyandakkeun cai kanggo
wulu sarta kapereluan anjeunna nu
sanésna. Anjeunna ngadawuh, “Pok
nyarita sahinasna, naon nu ku hidep
dipikahayang?” tuluy ku kaula di-
jawab: “Abdi mikahoyong mugi abdi
tiasa nyarengan salira di Sawarga”.
Rasululloh SAW tumaros deui:
“Naha euweuh deui salian ti éta?”
Kaula ngajawab: “Mung éta nu
dipikahoyong téh”. Rosululloh SAW
ngadawuh: “Tulungan Kaula
(sangkan bisa) nulungan diri hidep
ku cara ngalobakeun sujud” (HR
Muslim). Kalima, baris ditambah-
tambah rasa sukurna ka Alloh SWT.
Dicarioskeun ku Aisyah RA, “Hiji
waktos Rosululloh SAW ngalaksana-
keun solat tahajud (qiyamul-layl)
dugi ka katawis dua sampaéanana
bareuh. Inyana tumaros, “Naon
margina pangna andika ngalaksana-
keun solat tahajud dugi ka kitu, apan
andika mah tos dijamin ku Alloh
SWT baris dihampura tina sagala
rupa dosa boh nu tos kalangkung
pon kitu deui nu bakal dongkap?”
Rosululloh SAW ngadawuh: “Naha
teu meunang kitu, Kaula jadi hamba
Alloh SWT nu enya-enya sukuran ka
Anjeunna?”
Kautamaan Solat Rowatib
Ku Mahmud Yunus
14 Manglé 2440
Solat sunah loba kacida
macemna ngan dina bahasan ieu
mah cuang tekenkeun baé kana solat
rowatib. Lantaran solat rowatib mah
kasempetanna ‘terbuka lébar’ jeung
kautamaanna luar biasa agungna.
Naon solat rowatib téh”. Solat
rowatib nya éta solat sunah nu
dilaksanakeun saméméhna (qob-
liyah) atawa saentasna (ba’diyah)
ngalaksanakeun solat fardu lima
waktu. Naon baé, naha aya tungtun-
ana ti Rosululloh SAW?
Solat dua rokaat saméméh Subuh
kaasup sunah nu ditekenkeun
(muakkadah). Rosululloh SAW
ngadawuh: “Dua rokaat saméméh
Subuh leuwih hadé tinimbang dunya
jeung eusina” (HR Muslim). Aisyah
RA nyarios: “Rosululloh SAW teu
kantos ngantunkeun solat dua
rokaat kasebut salawasna” (HR
Bukhori jeung Muslim). Ngalak-
sanakeunana, sunah diringankeun.
Aisyah RA, nyarios: “Rosululloh
SAW nyederhanakeun solat dua
rokaat saméméh Subuh, malah
kaula kungsi hémeng, “Naha anjeun-
na teu maos Ummul Kitab (surah Al-
Fatihah) kitu?” (HR Bukhori).
Waktu ngalaksanakeunana antara
adan jeung komat solat Subuh. Haf-
shoh RA nyarios: “Mun nu adan
(muadzdzin) geus eureun tina adan
Subuh jeung waktu Subuh geus jelas,
nya harita Rosululloh SAW
ngalaksanakeun solat dua rokaat én-
téng saméméh ngadegkeun solat
Subuh” (HR Bukhori).
Surah nu dibaca sabada surah Al-
Fatihah nya éta surah Al-Kafirun
(surah ka-109) dina rokaat kahiji
jeung surah Al-Ikhlas (surah ka 112)
dina rokaat kadua. Diriwayatkeun
ku Abu Hurairoh RA, Rosululloh
SAW maos “Qul yaa ayyuhal
kafiruun” jeung “Qul huwalloohu
ahad” dina dua rokaat solat
saméméh Subuh (HR Muslim).
Nurutkeun katerangan séjénna, Ro-
sululloh SAW maos “Quuluu aaman-
naa billaahi wa maa unzila ilaynaa”
(potongan surah Al-Baqoroh [2] ayat
136) jeung “Aamanna billaahi wasy-
had bi annaa muslimuun” (potongan
surah Ali Imron [3] ayat 52). Nurut-
keun Ibnu Abbas RA, Rosululloh
SAW maos “Quuluu aamannaa bil-
laahi wa maa unzila ilaynaa” jeung
“Ta’aalau ilaa kalimatin sawaain
bainanaa wa baynakum” (HR Mus-
lim).
Solat rowatib Subuh bisa diqodo
keur sing saha nu teu kaburu
ngalaksanakeunna saméméhna.
Waktuna sanggeus panonpoé naék
nya éta wayah duha. Hal ieu di-
dasarkeun kana katerangan Abu Hu-
rairoh RA yén Rosululloh SAW
kantos kaboboan dugi ka anjeunna
teu kabujeng ngalaksanakeun
rowatib Subuh nya ku anjeunna
diqodo (HR Ibnu Majah).
Solat opat rokaat saméméh
Lohor jeung saentasna kaabus nu
ditekenkeun. Ummu Habibah RA
ngariwayatkeun, Rosululloh SAW
ngadawuh: “Sing saha nu
ngadawamkeun solat opat rokaat
saméméh Lohor jeung saentasna,
Alloh SWT baris ngaharamkeun ka
manéhna siksa Naraka” (HR
Ahmad). Nurutkeun katerangan
Aisyah RA: “Rosululloh SAW biasa
solat opat rokaat saméméh Lohor di
bumina. Saterasna anjeunna
ngalaksanakeun solat barjamaah
Lohor sareng parasohabatna.
Saterasna anjeunna lebet deui ka
bumina, lajeng ngalaksanakeun
solat dua rokaat” (HR Muslim).
Dumasar kana katerangan bieu
bilangan rowatib Lohor téh aya dala-
pan rokaat, opat rokaat saméméhna
jeung opat rokaat saentasna. Atawa
sakurang-kurangna genep rokaat,
opat rokaat saméméhna jeung dua
rokaat saentasna.
Dumasar kana katerangan ti
Ibnu Umar RA, Rosululloh SAW
ngadawuh: “Mugi Alloh mikaasih ka
sing saha nu ngalaksanakeun solat
opat rokaat saméméh Asar” (HR
Ahmad jeung Abu Dawud). Rowatib
Asar dilaksanakeun saméméh solat
Asar. Sabab aya katerangan nu eu-
sina nyaram ngalaksanakeun solat
saentasna Asar. Nurutkeun Umar
bin Khaththab: “Saéstuna Rosulul-
loh SAW ngadawuh, dilarang solat
saentasna solat Subuh nepika waktu
duha (wanci meleték sarangéngé)
jeung dilarang solat saentasna solat
Asar nepika waktu Magrib (wanci
sariak layung)” (HR Ad-Darimi).
Dumasar kana katerangan Anas
RA, jaman Rosululloh SAW aya
kénéh di kieuna kami kungsi
ngalaksanakeun solat dua rokaat
saentasna surup panonpoéa,
saméméh solat Magrib (HR Mus-
lim). Anas RA ogé nyarioskeun,
kami harita téh keur aya di Madinah,
waktu aya nu adan Magrib para-
sohabat gura-giru ka masjid tuluy
ngalaksanakeun solat dua rokaat.
Keur kitu, jol urang asing datang ka
masjid, lantaran réa pisan nu
ngalaksanakeun solat dua rokaat
inyana nyangka solat Magrib geus
dilaksanakeun (HR Bukhori jeung
Muslim). Dina hadits Abdullah bin
Mughaffal RA riwayat Bukhori sarua
Rosululloh SAW nganjurkeun solat
dua rokaat saméméh Magrib. Ngan
nu ditekenkeun mah solat dua
rokaat saentasna solah Magrib
saperti nu diriwaatkeun dina hadits
Rosululloh SAW ti Aisyah RA jeung
Abdullah bin Umar RA téa.
Nurutkeun Aisyah RA dina ri-
wayat Abdullah bin Syaqiq,
“Rosululloh SAW ngalaksanakeun
solat Isya jeung parasohabat,
saterasna anjeunna lebet ka bumina
lajeng ngalaksanakeun solat dua
rokaat” (HR Muslim).
Dijelaskan ti Ibnu Umar RA, in-
yana ngadawamkeun solat rowatib ti
Rosululloh SAW ti antarana, “…
jeung dua rokaat saentasna solat Ju-
ma’ah di bumina” (HR Bukhori).
Aya ogé nu nyebutkeun solat rowatib
Juma’ah téh lobana opat rokaat.
Sual solat dua rokaat saméméh solat
Juma’ah mah dijelaskeun kalawan
rinci dina hadits Salman Al-Farisi
RA.
Naon kautamaan solat rowatib
téh? Ummu Habibah RA
nyarioskeun, “Rosululloh SAW
ngadawuh: “Sing saha nu
ngalaksanakeun solat (rowatib) dua
welas rokaat jero sapoé sapeuting,
inyana bakal dipangnyieunkeun
imah di Sawarga. Nya éta opat
rokaat saméméh Lohor jeung dua
rokaat saentasna, dua rokaat saentas
Magrib, dua rokaat saentas Isya
jeung dua rokaat saméméh Subuh”
(HR Tirmidzi). Mugi Gusti maparin
kakiatan ka abdi sadaya kanggo
ngalaksanakeun solat fardu lima
waktu sareng solat rowatib minimal
dua welas rokaat dina sadinten
sawengi.
***
Manglé 2440 15
Jual Beuli Saham
Patarosan:
Ais pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat. Kumaha perkawis
hukum jual beuli valuta asing sareng
saham. Ieu patarosan patali dollar naek.
Atuh nu bisnis ka valas oge seueur pisan.
Kumaha saleresna hukum jual beulina
numutkeun ajaran Islam? Sim kuring
nyuhunkeun waleranana. Hatur nuhun
kana sagala rupina.
Fauzi Wibowo
Sukamiskin Bandung
Waleran:
Sami-sami hatur nuhun kana sagala
rupi perhatosanana. Saleresna kantos nu
jejer jual beuli saha sareng valas diterang-
keun dina Mangle edisi kapengker. Na-
mung teu sawios urang pedar deui wae.
Mudah-mudahan aya mangpaatna,
hususna ka nu naroskeun, umumna
kanggo nambih-nambih elmu panga-
weruh dina Islam. Luyu sareng patarosan
di luhur, pikeun ngawalerna bade dikawi-
tan ku medarkeun kumaha anu dimaksad
jual beuli valuta asing sareng saham. Isti-
lah valuta asing sareng saham salerersna
mangrupi istilah asing oge anu teu acan
akrab di sabundeureun masarakat urang,
utamina di kalangan masarakat alit, margi
jual beuli ieu umumna dilaksanakeun ku
masarakat golongan menengah ka luhur.
Anu dimaksad valuta asing nyaeta
mata uang luar negri, sapertos dolar
Amerika, poundsterling Inggris, ringgit
Malaysia, jeung sajabina. Saupama antar
nagara ngayakeun jual beuli barang sacara
internasional, mangka tiap nagara merlu-
keun valuta asing pikeun alat mayarna,
dina dunia perdagangan disebut devisa.
Saperti eksportir Indonesia bakal narima
devisa tina hasil eksporna, sabalikna im-
portir Indonesia merlukan devis pikeun
ngaimpor barang ti luar nagri. Ku hal kitu,
mangka bakal muncul panawaran sareng
pamungut devisa di bursa valuta asing.
Satiap nagara wenang sapuratina pikeun
netepkeun kurs duitna masing-masing,
Contona 1 dolar Amerika = Rp. 1.640,-.
Namung kurs artos atanapi nilai banding
nilai tukar, satiap saat bisa robah-robah,
gumantung kana kakuatan ekonomi ma-
sing-masing. Anapon sagal rupa
transaksina dilaksanakeun dina Bursa Va-
luta Asing.
Sedengkeun anu dimaksud saham,
oge kelebet efek (surat berharga anu bisa
dijual beulikeun saperti sertifikat sareng
obligasi) nyaeta surat berharga anu mang-
rupakeun tanda piekun anu nyepengna
ngagbogaan hak miliki kana perusahaan
anu ngaluarkeun surat eta. Kurs saham
oge saperti kurs valuta, bisa robah-robah
gumantung kana pamunut sareng
panawaran. Kiwari di Indonesia catatan
kurs saham dilaksanakeun ku PT
Danareksa di Bursa Efek Jakarta.
Salajengna, kumaha perkawis
hukumna numutkeun ajaran Islam?
hukum jual beuli valuta asing sareng
saham dina ajaran Islam dikengingkeun,
boh akadna dilakukeun di Bursa Valuta
Asing sareng Bursa Efek, atanapi di tem-
pat liana, margi dina prak-prakana tos
nyumponan sarat sareng rukun jual beuli
numutkeun hukum Islam, nyaeta:
1. Ayana ijab kabul (cash and
carry) yakni anu ngajual nyerahkeun
barangna, sareng anu meserna mayar
kontan. Ijab Kabul ieu bisa dilakukeun ku
cara lisan, tulisan, atawana utusan.
2. Kadua pihak ngabogaan wewe-
nang sapuratina pikeun ngalakukeun
atawa ngalaksanakeun hukum, tegesna
dewasa jeung sehat akal pikirana.
Sedengken anu jadi sarat jual beuli
nyaeta:
1. Barangna bisa dimanfaatkeun,
kalawan henteu kaasup barangna najis,
tegesna barang anu suci. Ngeunaan
barang najis, numutkeun ulama Hanafi
sareng madzhab Zhahiri meunang dijual
beulikeun asal aya mangpaatna, contona
kotoran sasatoan pikeun nyuburkeun
pepelakan, atawana minyak anu katibaan
najis digunakeun pikeun nyaangan.
Paham ieu dumasar kana hadits Nabi
Saw. Dina hiji waktos Nabi mendakan
domba nu tos teu nyawaan gagaduhan
Maemunah. Lajeng Nabi nyarios: “Ku
naon anjeun henteu ngala kulitna, terus
ku anjeun disamak bari dimanfaatkeun?”
Maranehna ngajawab: “Doma ieu tos jan-
ten bangke”. Nabi ngwaler deui: “Saestu-
na, anu dilarang teh ngadaharna”. Tina
hadits ieu tiasa disimpulkeun, rehing nga-
manfaatkeun barang najis, asal ulah di-
tuang, mangka dina ajaran Islam
dimeunangkeun.
2. Barangna dijual langsung ku anu
bogana sorangan. Meunang dikuasakeun,
atawana diwakilkeun ka jalma anu tos
dipercaya.
3. Barangna tos dikanyahokeun
kalawan hargana tos jelas bari bisa
dipasrahkeun sacara nyata. Jual beuli
barang anu can dikanyahokeun hukumna
kaasup haram, saperti jual beuli lauk anu
masih di jeuro cai, manuk anu can
katangkap atawana anu masih can aya
dina jeuro kurung, anak sasatoan anu
masih di jeuro beteng indungna, jeung
sabangsana. Hal ieu dumasar kana Hadits
Nabi Saw. anu dicandak ku Ibnu Mas’ud,
nabi Ngadawuh: “Poma aranjeun ulah
barang beuli lauk anu masih keneh dina
jeuro cai, sabab jual beuli ku cara kitu,
deukeut atawa ngandung unsur pani-
puan” (HR. Ahmad bin Hambal saren al-
Baihaqi).
4. Atawa barang anu dijual beuli-
keuna tos aya kalayan dicepeng ku anu
ngabogaana. Jual beuli barang anu henteu
aya di tempat akad dimeunangkeun,
saratna kudu diterangkeun sifat-sifatna
atawa cirri-cirina. Lajeng saupama
barangna luyu sareng sifat-sifat atawa ciri-
ciri anu disebutkeun ku anu ngajual,
mangka sah jual beulina. Tapi saupama
henteu saluyu, mangka anu meulina
ngabogaan hak “khiyar”. Hartosna jual
beulina meunang diteruskeun atawa di-
batalkeun. Hal ieu dumasar kana Hadits
Rasul Saw anu hartosna: “Sing saha anu
meuli barang anu teu aya ditempat,
mangka manehna ngabogaan hak khiyar
saatosna ningali kana eta barang” (HR.
Daruquthni).
Dumasar kana sarat sareng rukun jual
beuli di luhur, mangka valuta asing sareng
saham nyumponan sarat sareng rukunna
pikeun dijadikeun barang transaksi atawa
akad jual beuli. Peryogi oge ditambih
katerangan ti Abdurrahman Isa, wireh
jual beuli saham, kalebet saham-saham
anu dikaluarkeun ku bank dikengingkeun,
sanajan bank ngagunakeun sistem riba,
kitu oge saupama dina kaayaan darurat
pisan. Wallohu A’lam.***
16 Manglé 2440
Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
T
aun ieu, Paguyuban Pasundan
(PP)pancegsaabad(saratustaun).
Nilik tina umurna, geus tunggang
gunung, dina rengkak jeung lengkahna
masing kauji, yen Paguyuban Pasundan
ti waktu ka waktu, ti mangsa ka mangsa,
beuki asak jeujeuhan, beuki lega wawa-
san, lébér wawanen, sarta beuki weweg
warugana. Ku kituna, Paguyuban Pasun-
dan di alam kasajagatan, nempatkeun
jeung netepkeun dirina hiji lembaga/
organisasi kamasrakatan anu salawasna
nyaluyukeun diri kana kamekaran pa-
neka jaman. Katara jeung karasa ayana
teh deui tangtu henteu ngan cukup ukur
euceukjeungbeja,tapisaestunamistiaya
pangakuan anu jinek ti sakumna pihak.
Cohagna kudu natrat dibuktikeun ku
prak-prakanana.
Sakumaha anu salawasna ditetelakeun
ku Ketua Umum PB. Paguyuban Pasun-
dan Prof. dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si.,
Paguyuban Pasundan minangka sala-
sahijiorganisasietnonasionalis,mistijadi
imah balarea. Jadi wadah beungkeutan
tali silatrahmi, sarta jadi solusi keur
masarakat Jawa Barat-Banten hususna,
Indonesia umumna. Dina umur anu
saratus taun ieu, PP tetep ajeg panjeg
dina adeg-adegna. Nanjeurkeun insan-
insan nu ‘ahlakul karimah’.
Ketua Umum nandeskeun deui Pagu-
yuban Pasundan misti némbongkeun
sikep nu jinek kalawan konsistén nga-
malirkeunkaparigelanna,geusan nyum-
ponan harepan-harepan balaréa luyu
sakumaha udagan ‘merangan kabodoan
jeung kokoro” dituturusan ku Pengkuh
Agamana, Luhung Élmuna tur Jembar
Budayana. Paguyuban Pasundan kudu
jadi gunung pananggeuhan balaréa. “Ka
sakumna ais pangampih PP boh nu aya
di puseur boh nu icikibung di cabang-ca-
bang masing sareundeuk saigel, samiuk
sauyunan” pokna. Ku kituna, sakumna
réngréngan pangurus, dina ngaheuyeuk
karep ngolah cita-cita Paguyuban Pasun-
dan kudu konsisten, kana paniatan awal
nyaeta ‘ngarundaykeun nonoman Sunda
anu perceka, luhung elmuna, jembar
panalarna ajeg anceg dina adeg-adeg ka-
sundaan. Hirup hurip morontod jadi pa-
muda sembada nu rosa cita-citana, lega
ambahanana, leber wawanenna, lampar
nyabana. Bongan geus meunang kaper-
cayaan ti balaréa, sing saha wae anu
kapercaya sarta ihlas niatna, nyampak
waktuna gedé kanyaahna, sing amanah
keur kapentingan organisasi jeung
ngarundaykeun generasi ngora nu
taranggung jawab. Sawirahma jeung
naon nu dikedalkeun ku Ketua Umum
PB. Paguyuban Pasundan, Ketua Bidang
OrganisasiPB.PauyubanPasundan,Drs.
Soma Gantika, M.Si., netelakeun, dina
raraga ngareuah-reuah acara milangkala
saabad PP, ngamalirkeun rupaning ka-
giatan acara, saperti tablig akbar jeung
bakti sosial. “Dina ngareuah-reuah acara
milangkala saabad, kagiatan uyeuk na-
ker, di saban cabang digelar rupa-rupa
kagiatan anu aya patalina jeung kagiatan
kamasarakatan jeung soasil, saperti hi-
tanan masal, jeung babagi sembako keur
kaum duafa sarta barudak yatim,” ceuk
Soma nandeskeun.
Acara Milangkala PP saabad, ceuk
Soma deui, kalintang ngandung ajen
jeung makna anu kacida jerona, sage-
dengeun mageuhan tali silaturahmi di
antara urang, pon kitu deui ngan-
tengkeun batin kanyaah diantara papada
urang. Kadeudeuhna Paguyuban Pasun-
dan natrat katara ayana jeung karasa
mangpaatna ku balarea. Sakumaha prak
dilaksanakeun dina salasahiji runtuyan
acara Milangkala saabad. Eta kagiatan
teh dirojong naker ku unit-unit garapan,
sakola-sakola jeung paguron luhur Pa-
sundan di Jabar jeung Banten anu aya
dina iuh-iuh Yayasan Pendidikan Dasar
dan Menengah (YPDM) sarta Yayaysan
Pendidikan Tinggi (YPT) sareundeuk
saigel rancage gawe ngagedurkeun ru-
paning kagiatan.
Sajeroning kitu Drs. Eden Suardi, M.Si
SekretarisPPcabangkotaBandungnete-
lakeun, dina raraga mieling milangkala
PP saabad, pihakna gawe babarengan
jeung pihak sakola, SD, SMP,SMA/SMK
PasundannuayadikotaBandungngage-
lar kagiatan tablig akbar (siraman ro-
hani)diMasjidRayaPropinsiJawaBarat
sarta babagi sembako ka kaum duafa.
Salian ti eta deui ngayakeun tajil (buka
bersama ) jeung siswa-siswi Pasundan
sartabarudakyatim.“Alhamdulillah, ka-
giatan lumangsung kalawan lungsur
langsar tur kenging pangrojong ti
sakumna pihak, boh ti rengrengan pan-
gurus cabang boh ti parapupuhu sakola.”
pokna ***
Manglé 2440 17
Saabad Paguyuban Pasundan
Babagi Kanyaah jeung Papada
Drs. Soma Gantika, M.Si Ketua Bidang
Organisasi PB. Paguyuban Pasundan
Drs. Eden Suardi, M.Si., Sekretaris
Cabang PP Kota Bandung
18 Manglé 2440
(1)
Setiap habis Ramadhan
hamba rindu lagi Ramadhan
saat-saat padat beribadat
tak terhingga nilai mahalnya
Setiap habis Ramadhan
hamba cemas kalau tak sampai
umur hamba di tahun depan
berilah hamba kesempatan….
K
itu sabagian rumpaka “Setiap
Habis Ramadhan” nu digalin-
dengkeun ku Acil Bimbo lir ni-
neung jeung ngageuri unggal napakuran
bulan puasa nu karék kaliwat. Bulan Ra-
madhan, hiji kasempetan euyeub ku asi-
hNa nu karék kaalaman deui engké taun
hareup. Kitu gé…mun aya umur. Geura
urang sami manahan sabagian barokah
sasih Ramadhan. Campleng salami
sasasih ku kersaNa lawang sawarega
langab dibuka, sedengkeun panto naraka
rapetdikonci.DinasasihétaMantennaNu
Maha Asih maparin KASEMPETAN ka
umatNa pikeun nyucikeun diri tina
reregednugeusdipilampah,maparingan-
jaran manglipet kali pikeun unggal ibadah
jeung kahadéan naon baé sarta transfor-
masi pribadi pikeunmekarna ahlakpinuji.
Bari jeung maparin nugraha nu ayana
ukur dina bulan Ramadhan deuih nyaéta
“Peuting Sarébu Bulan” jeung … solat
Tarawéh.
(2 )
Rumasa, kawas bulan puasa nu anyar
kaliwat, loba pisan kasempetan nyieun ka-
hadéan nu teu dipaliré. Geura baé leuleu-
tikanana: solat tarawéh di masjid sering
kaliwat teu kawawa ku beurat beuteung
kamerkaan lantaran bukana “balas den-
dam”.Étatéhbangblasnyambungkasolat
janari leutik kalindih ku nyegrék kérék.
Atuh mun pareng nyieun kahadéan ukur
sahayuna tamba henteu teuing, méré so-
dakoh ogé bari jeung itungan kawas bali-
tungan dagang. Malah ngarah teu
murang-maring lantaran beuteung kem-
pléng, ubarna téh ngahaja muter pilem-
pilem paporit lalakon “cina ngamuk”
itung-itungngabuburit.Kabangbrangkeun
dibélaan solat asar gé diengké-engké
ngadagoan tamat carita. Jajauheun tina
dur-cong. Masya Allah. Naon atuh ayeuna
nu nyésa sanggeus lebaran lekasan? Ukur
hanjakal jeung hanjakal manjing babasan
“kaduhung tara ti heula”. Teu sadar deuih
umur geus tunggang gunung, biheung di-
parengkeun manggih deui bulan puasa
taun hareup. Bener ceuk Acil Bimbo “…
hamba cemas kalau tak sampai, umur
hamba di tahun depan…” cenah. Tapi
dipikir-pikir deui asa teu cukup ku
kaduhung jeung hanjakal wungkul nu di-
ungkulanana ogé ukur ku “tobat sambel
téwéwét”. Enya, matak ngagayer, tapi
sanggeus cageur, col deui col deui teu
kapok-kapok. Naon atuh nu rék dipilaku
pasca Ramadhan taun ieu sangkan teu
ngahahambur waktu?
(3 )
Ngeunaanwaktuayababasankieu,“Ka-
mari geus jadi sajarah, isuk sarwa teu
pasti, ayeuna nu nyata mah”. Hartina?
Mangsa nu kaliwat moal bisa dibalikan
deui, sedengkeun isukan atawa jaga taya
nu terang bakal kumaha-kumahana, demi
nu keur kaalaman jeung dipilampah mah
taya lian mangsa ayeuna, poé ieu, jam
jeung detik ieu. The right now, ceuk kang
Obamamah.Kadé,lainhartinamangsanu
kaliwat, kiwari jeung mangsa nu bakal
datang misah taya pakaitna, da kabéh ogé
éstu nganteng sinambung tur silih pan-
garuhan. Maksud téh kaayaan urang aye-
una dipangaruhan ku rupa-rupa pa
ngalaman hirup nu geus kaliwat, ari kon-
disikahareupgumantungkumahaayeuna
urang ngararancangna. Tangtu dina
ngarancang kahirupan mah kudu mado-
man kana padika “Manusa mah ukur boga
kahayang, ari katedunan henteuna mah
anging kersa Nu Maha Kawasa”. Nu rék
diébréhkeun téh taya lian nyaéta sabada
bulan puasa taun 2013, ayeuna pisan wak-
tuna urang kalawan daria nyieun raran-
cang pikahareupeun.
(4 )
Unggal jalma mibanda kahayang jeung
cita-cita husus pikeun dirina, kulawarga
jeung lingkungan nu leuwih jembar. Tapi
sanajan kahayangna béda-béda, nu pasti
mah kabéh ogé museur dina kecap
“BAGJA” atawa hirup nu kebek ku kabag-
jaanjeungkasugemaan.Naonbaénunim-
bulkeun kabagjaan téh? Rupa-rupa tur
béda-béda deuih pikeun unggal jalma.
Malah aya rupa-rupa tiori jeung prak-
prakan ngahontalna. Aya nu nyebutkeun
yén kabagjaan bakal karandapan mun
urang hasil ngalaksanakeun hal-hal nu di-
anggap penting tur gedé hartina keur
urang. Aya benerna tiori “Suksés nim-
bulkeun Bagja” téh masing teu salawasna
kitu. Da teu saeutik atuh jalma-jalma nu
(kacirina) sukses pisan tapi hirupna ja-
jauheun tina kabagjaan. Contona baé taun
1923 di Edgewater Beach Hotel nu pang-
méwahna harita di Chicago kungsi aya
gempungan para milyarder Amérika
pikeun ngararancang rék ngawangun bis-
nis sekala dunya. Kumaha kajadianana
sabada 25 ti harita? Geura urang tataan.
• Charles Schwab -présidén industri waja
nu rohaka tur jugala pisan maot dina
kaayaan bangkrut total.
• Arthur Cutten -spékulan tipung pang-
suksésna di Amérika hartana ledis,
maotna gé di jero bui.
• Richard Witney -présidén New York
Stock Exchange nu sohor- maot teu lila
sanggeus béak hukumanana di Sing
Sing, panjara nu pangdipikagigisna ku
para penjahat.
• Albert Fall -menteri kamashur dina
kabinét Présidén Amérika- nampa am-
punan sanggeus mangtaun-taun jadi
eusi bui, teu lila maot di imah bari teu
boga duit sapésér-pésér can.
• Howard Hopson, -industriwan nyong-
colang- jadi pasién teu cageur-cageur di
rumah sakit jiwa.
• Jess Livermore – jujuluk “singa” Wall
Bada Puasa
Ku HD. Bastaman
Manglé 2440 19
Street- maéhan manéh.
• Leon Fraser -présidén Bank of Interna-
tional Settlements- sarua maéhan
manéh.
• Ivan Krueger -pamingpin puncak dina
monopoli perdagangan dunya- éta ogé
tuturuti maéhan manéh.
Kabéh ogé pasti palinterna luar biasa,
kakayaanana pikabitaeun jeung kaka-
wasaan ampir taya watesna. Atuh kalung-
guhanana di masyarakat dipisérab
lantaran kaasup “élitna élit” atawa crème
delacrèmejamanharita.Geusbuktideuih
suksés ngawangun bisnis internasional
jeungpréstasinujadicaritabalaréa.Malah
aya rébuna karyawan hirupna gumantung
kana bisnisna. Tapi ku naon aranjeunna
ngalaman tunggara kawas kitu? Bisa jadi
katerap panyakit…. héngkér karakter bari
jeung nyongcolang sarakahna.
Wallahu’alam, urang mah ukur bisa
su’udon, teu wasa nyawang hikmah jero-
ning musibah.
Aya deui tiori séjénna. Majah kabagjaan
téh taya lian hasil tina rasa sukur, ari rasa
sukur mangrupa salah sahiji sipat nu di-
pibanda ku jalma-jalma nu pinuji karak-
terna. “Akhlakul Karimah atawa Akhlakul
Mahmudah” saur Mama Ajengan mah.
Jadi kudu jadi jalma hadé heula karék
bagja tur suksés. Ku kituna teu héran mun
kiwari di kalangan pebisnis internasional
sumebar motto “Character first”, sundana
“Heulakeun Ahlak Pinuji”.
Niténan mahabuna sasalad “Héngkér
Karakter” kiwari, asana keuna pisan mun
urang ayeuna museurkeun perhatian
nyieun rancangan pikeun ngahadéan
ahlak masing-masing dina raraga
ningkatkeun kualitas kahirupan.
“Mekarkeun Karakter Pinuji & Nyir-
nakeun Karakter Nista”, sajalan jeung an-
juran agama “Ngahontal Akhlakul
Mahmudah & Nyinglar Akhlakul Madz-
mumah”. Sabréhan mah kawas moal
matak ngésang, pira ogé ngajak jalma-
jalma sangkan bageur, lain badeur. Tapi
nyatana lain gawé méméh mumuluk, éstu
pagawéan nu kacida banggana. Geura baé
ku hésé-héséna, Gusti Nu Maha Agung
dugi ka ngutus rasul pinilih, Muhammad
saw, nyangga pancén husus nyampur-
nakeun ahlak/karakter manusa.
(5 )
Sabenerna mah prinsip mekarkeun
karakter mah basajan pisan: Kudu
dimimitian ti diri sorangan! Basajan, tapi
migawéna nu beurat pisan téh. Karasa ku
sorangan nepi ka ayeuna ogé can hasil
hayang dur-cong jeung nyinglar bureuteu
téh. Sadar deui yén salila nunda-nunda
solat lantaran “lila kénéh waktuna” jeung
motto “Rék diet…isuk” pasti moal cumpon
solat dur cong jeung hayang jangjing téh.
Lain sisiwo beurat migawéna keur kuring
mah. Paingan atuh Kangjeng Rosul nye-
batna ogé “Jihad Akbar” kana merangan
sipat-sipat goréng téh.
Salian kudu dimimitian ti sorangan
heula, mekarkeun sipat-sipat pinuji jeung
ngurangan sipat-sipat nista teu kudu loba
awalna mah. Cukup milih HIJI sipat hadé
nu rék dimekarkeun jeung HIJI deui sipat
goréng nu rék disinglar.
Naha kitu? Lantaran unggal sipat, boh
nu hadé atawa nu teu hadé silih pan-
garuhan lantaran raket patalina.
“Berdampaksistemik” istilah ayeunamah.
Contona, nanjeurkeun sipat “satia” bakal
ngarojong mekarna komitmen, amanah,
hormat, lemes rasa, nyaah jeung sipat-
sipat hadé séjénna nu kabéh ogé asalna
tina “Asih”, sipat utama ilahiah. Sabalikna
ngumbar sipat “angkuh” bakal gancang
pisan ngarojong mekarna sipat-sipat nista
séjénna saperti: galak gangas, ngumbar
amarah, bener aing teu batur, hawek
kekedemes, gedé hulu jeung sipat-sipat
nista séjénna. Kabéh ogé asal muasalna
mah tina “Sombong” sipat utama iblis.
Malah sanajan pabéntar ogé antara
sipat-sipat pinuji jeung sipat-sipat nista
tetep silih pangaruhan. Nanjeurna sipat-
sipat pinuji bakal ngahéngkéran atawa
nyirnakeun sipat-sipat nista. Kitu deui sa-
balikna. Contona mekarkeun sipat
“béréhan” bakal ngurangan “pedit”, saba-
likna “resep nyawad” bakal ngahéngkéran
“toléransi”.
Tapi kétang di urang mah aya sipat
goréng jeung sipat hadé nu awor tur sarua
mekarna nyaéta “Murah bacot, murah
congcot”.
(6 )
Ngarah gampil ngémutna, unsur-unsur
mekarkeun karakter (pinuji) kawengku ku
kecap “PEDANG“ singgetan tina: P =
Padika Suksés; E = Énergi; D = Do’a; A =
Angen-angen; N = Niat; G = Gawé.
Dina ngalaksanakeunana mah tahap-
tahapna mah kieu. Diawalan heula ku
“Niat” jeung nangtukeun “Angen-angen”
alias cita-cita bari sadar yén urang
mibanda “Énergi” atawa poténsi pribadi
nu luar biasa. Saterusna dilaksanakeun ku
jalan “Gawé” dibarengan ku “Do’a” luyu
jeung asas “Ora et Labora” nu hartina
“Ngado’a jeung Digawé”. Kagiatan
mekarkeun karakter kudu bari nga-
jalankeun ”Padika Suksés” ambéh gam-
pang kahontalna. Insya Allah. Naon baé
éta téh?
Niat: netepkeun kahayang jeung naon
nu rék dipilaku. Motivasi disebutna dina
psikologi mah. Teu diniatan mah sagala gé
moal tinekanan. Taya niat sarua jeung teu
boga kahayang alias taya udagan hirup.
Angen-angen: kahayang nu kuat
pikeun ngahontal hiji hal. Angen-angen
atawa cita-cita bakal leuwih gampang di-
hontalna mun njieun rencana nu jelas tu-
juanana, ngawengku rupa-rupa kagiatan
nyata jeung jadwal waktuna.
Énergi: kakuatan atawa daya nu dip-
ibanda ku unggal jalma mangrupa poténsi
pribadi jeung lingkungan nu ngarojong
mekarna karakter pinuji. Poténsi manusa
ngawengku poténsi raga, jiwa, sosial jeung
spiritual. Malah aya kurnia husus pikeun
manusa nyaéta poténsi ngarobah nasib
sorangan.
Gawé: cita-cita, tujuan jeung poténsi
moal ngawujud mun teu dipigawé. Mi-
gawéna kudu daék ngésang (work hard)
jeung maké sistim (work smart) nyaéta
ngagunakeun peralatan jeung métode nu
luyu sarta gawé-bareng jeung pihak-pihak
nu ngarojong.
Doa: miharep tungtunan, rido sareng
asihNa. “Do’a” jeung “Gawé” kudu bareng
dilaksanakeunana luyu jeung asas “Ora et
Labora” téa. Sayidina Ali ra kantos
sasauran kieu, “Ngadunga wungkul bari
teu prak digawé sarua baé jeung ngala-
mun. Ari digawé wungkul bari teu daék
ngadunga sarua jeung gedé hulu”
Padika Suksés: sabenerna mah loba
padika atawa prinsip suksés téh nu geus
dibuktikeun ku jalma-jalma nu geus suk-
sés. Diantarana: daék méré mawéh (The
principle of Giving), ngajaga omongan
(The principle of Comment), nyinglar
kabiasaan teu hadé (The principle of Ex-
clusion), tetep sumanget (The principle of
Enthuasiasm) jeung junun (The principle
of Persistence).
Kitu kira-kira unsur-unsur jeung
metodenanjeurkeunKarakterPinuji.Wal-
lahu’alaam.
(7 )
Mungkas pedaran ngeunaan mekarkeun
karaakter pinuji pasca Ramadhan,
mangga urang sami napakuran
kasauran hiji ajengan sepuh, kieu:
1. Tong mikiran HAK, tapi pikiran
kumaha nyieun JASA.
2.TongmikiranKASENANGAN,tapipiki-
ran kumaha prakprakan NGAHON-
TALNA.
3.Tong mikiran SAWAREGA, tapi pikiran
kumaha nyieun AMAL SOLÉH.
4.Sing nyaho yén SAWAREGA dipageran
CUCUK, ari NARAKA pagerna LAUK.
Tétéla teu babari geuning hayang jadi
jelema bener téh. Paingan atuh Kang-
jeng Rosul saw nyebatna ogé “Jihad
Akbar”.
Ciputat,
bada lebaran 2013
20 Manglé 2440
B
aju hideung
polos nyempod
di juru lomari.
Datang deui
baju anyar nu
digantungkeun gigireun-
ana. Marun nu maké ca-
pouchine, modél nu keur
trénd. Baju konéng nu keur
anteng cacarita jempé sa-
harita, kasima ku Marun
nu bau toko kénéh. Marun
rarat-reret ka sabudeureun
lomari. Ceuk pikirna, eu-
weuh nu leuwih alus batan
manéhna. Baju Orén jeung
baju Biru tingkecewis teu-
ing ngomongkeun nana-
haon. Héjo toska mah ukur
ngarérét, teu béda jeung
Krém nu api-api peupeu-
reuman. Malah baju bodas
mah geus kérék tatadi gé,
teu engeuheun boa ka nu
anyar datang. Baju Bodas
mah tara loba ceta.
Disebutna gé kuper alias
kurang pergaulan.
Manéhna tara nyaho
nanaon atawa mémang api-
api teu nyaho. Bisa jadi teu
hayang nyaho waé nu ka-
randapan ku pangeusi ieu
lomari. Manéhna mah tara
ubral-obrol mun teu pen-
ting-penting teuing mah.
Jigana téh mending kénéh
saré ti batan ngagosip
atawa ngadéngékeun nu
ngagosip. Tapi tara curak-
carék deuih ka nu sok
ngagosip. Sugan ngarasa
kagandéngan ku nu sok
ramé ngalobrol, ih anteng
wé kérék. Cacarita sotéh
mun pareng ditanya geus
dipaké ka mana waé ku nu
jadi dunungan saréréa.
Manéhna sok pogot nyari-
takeun ngeunaan masjid-
masjid nu agréng. Aya nu
kubahna emas, aya nu lan-
téna kristal, atawa masjid
nu sakuriling témbokna
pinuh ku ukiran kaligrafi.
Mun geus kitu, nu séjén
mairan bari nyaritakeun
pangalamanna séwang-
séwangan. Lolobana mah
pangalaman pikabunga-
heun, geus dipaké ka tem-
pat-tempat nu pikaresep
eun. Béda jeung panga
laman baju hideung polos.
Sakalina dipaké, nganteur
nu béla sungkawa. Ti mi-
miti dibeuli, bisa kaitung
sabaraha kali manéhna di-
paké. Kitu gé dipakéna ka
tempat-tempat nu pika-
keueungeun. Ka kuburan
atawa ka rumah sakit.
Kawas bulan kamari ma-
néhna dipaké ngalayad nu
maot tabrakan. Nyaksian
jasad nu remuk teu mang-
rupa, ngadengé nu ceurik
jejeritan nepi ka kapaéhan.
Malah manéhna milu kaba-
seuhan ku cipanon. Lain
sakali éta waé, ampir ung-
gal dipaké, manéhna milu
kabaseuhan ku cipanon
téh. Ti saprak pindah ti
toko jadi pangeusi lomari,
can kungsi sakali-kali acan
dipaké ka tempat-tempat
nu pikaresepeun. Lolobana
mah tunggu lomari. Enya,
ngahénén di juru. nung-
guan giliran dipaké. Teu
cara baju hideung nu di-
tarétés ku payet jeung asse-
soris séjénna. Manéhna
mah aya jeroeun plastik
kénéh, anyar ti laundry, tas
dipaké masamoan peuting
tadi. Sapopoéna baju hi-
deung polos ukur nganaha-
naha kana nasibna, mun nu
séjén keur talibra, manéhna
sok nyegruk sorangan. Lain
sakali dua kali manéhna
ngalamun, hayang terjun
kana cai wantéks. Tapi teu
wani nandangan resikona.
Ras inget lalakon jakét
belél nu nganclomkeun
manéh kana cai pemutih.
Barang diangkat bet be-
lang, teu bodas kabéh.
Akhirna teu asup deui kana
lomari, ceuk béja mah di-
pahugikeun ka tukang
kingdeuw. Panas milu ka-
panasan, hujan jibrug
kahujanan. Geus teu mang-
rupa bakat ku lila teu diseu-
seuh, dekil jeung bau.
Padahal baheula mah enya
gé belél, tapi beresih jeung
sareungit. Ayeuna mah boa
tara manggih cai sabun, bo-
ro-boro ka laundry kawas
baheula. Pangalaman
munggaran, Marun nyari-
takeun kumaha raména di
tempat kariaan. Apan
manéhna téh geus dipaké
ka ondangan. Jaba hajatan
di gedung. Kasebutna re-
sepsi pernikahan anak pe-
ngusaha tangtuna gé lain
hajat samanéa. Nu diaron-
dangna gé pasti lain jalma
joré-joré. Da éta wé nga-
dongéngna gé papanggih
jeung baju nu ditarétés ku
berlian, jeung mutiara, aya
nu dipintal tina benang
emas, malah nu dijieun tina
Baju Hideung
Carpon Aulia
Manglé 2440 21
emas asli ogé aya. Baju
Hideung polos ukur nga-
heruk. Da éta Marun mah
nyaritana téh maké ditung-
tungan ku ngaléléwé sagala.
Konéng nu sasarina pang-
céréwédna gé nepika nga-
jeten.
“Can kungsi dipaké ka on-
dangan nya?” Marun neu-
teup ka Hideung polos nu
ukur gideug lalaunan.
“Di dinya mah pantesna
gé nincak taneuh beureum
di astana,” pokna teu eu-
leum-euleum.
“Eh, aya nu kungsi ngala-
man ka Hotel Bergengsi
teu?” Marun neuteup hiji-
hiji pangeusi lomari. Eu-
weuh nu némbalan.
“Nya moal atuh, da pan-
tesna gé kanu kitu mah
ukur kuring. Baju pan-
galusna di ieu lomari,” cek
Marun agul ditungtungan
ku seuri bangun nu bungah
naker. Marun tuluy cacarita
deui. Ditanggap ku sora
cruk crek bangun nu reueus
ti nu séjén. Coklat jeung
abu-abu mah ongkoh nga-
regepkeun tapi sakapeung
ngajarebéngan. Bodas nu
teu kecét-kecét mah.
Manéhna mah angger tibra,
teuing ngimpi nanahaon da
teu kaganggu saeutik-eutik
can ku nu garandéng di jero
lomari. Sakali dua kali mah
Hideung polos nyabar-
nyabar manéh, mun Marun
geus ngaléléwé téh. Tapi
lila-lila keuheul ogé.
Keuheul ka dirina. Kana na-
sibna. Bakat ku baluweng,
manéhna boga angen-
angen. Engké mah mun
pareng dipoé rek ngara-
gragkeun manéh sinah
hiber kabawa angin. Kuma
engké wé nasib saterusna
mah. Manéhna bosen di-
hina waé ku Marun. Malah
nu séjén gé ayeuna mah
maké sok pipilueun nye-
ungseurikeun sagala mun
Marun keur ngécé ka dirina.
Ukur Hideung nu ditarétés
payét purah ngabeberah
manéhna téh. Nyaaheun
manéhna mah pédah sarua
hideung meureun, najan
nasibna jauh bumi ka la-
ngit.
“Eh, hideung. Iraha ter-
ahir dipaké ?” cek Marun.
Hideung polos teu lemék.
“Yeuh, kuring mah sésa
parfum kamari gé napel
kénéh.” Marun ngageubig-
geubigkeun awakna. Me-
lenghir seungit nu can
kungsi kaangseu ku
pangeusi lomari.
“Jaba méméh diasupkeun
ka dieu diseungitan deui,”
cenah masih kénéh ngageu-
big-geubigkeun awakna.
“Baju mahal tuda kuring
mah, teu cara nu bulukan
tuh !” teuteupna bangun nu
ceuceub ka Hideung polos.
Nu séjén ngarérét ka juru
lomari. Hideung polos ukur
ngeluk. Rét ka dirina. Enya,
geus rada bulukan ning.
Ampir sataun tuda teu di-
paké. Boro-boro diseungi-
tan cara Marun, apan mun
pareng dipaké gé sok ru-
rusuhan. Rap, langsung
indit. Sakalina kaseungitan
ku kembang samoja murag
tina karanjang nu ditatang-
keup méméh diawurkeun
luhureun pusara.
Peuting ieu mah Hideung
polos ngagukguk, ngarasa
jadi baju nu pangsialna. Ja-
jauheun kawas Marun,
atuh kahayangna mah teu
dipaké sabulan sakali gé
dipiroséa. Apan nu séjén
mah sabulan sakali waé
mah kagiliran dipaké. Jadi
moal bulukan da ngambeu
laundry méméh diasupkeun
deui kana lomari.
Sapeupeuting Hideung
polos nyeungceurikan na-
sibna. Saré sotéh bakat ku
capé tas ceurik. Tibra da
nyempod manéhna mah di
juru lomari, rada anggang ti
nu séjén. Pabeubeurang
manéhna kahudangkeun ku
nu garandéng. Horéng
Marun rék mangkat deui,
dijajapkeun ku nu séjén
nepika panto lomari. Orén
mah maké jeung ngagabrug
sagala, nyeungceurikan,
kawas nu moal panggih
deui wé.
“Kuring mios nya, kadé
titip lomari bisi aya nu
ngagotong, “ pokna bangun
bungah, nu séjén nyéré-
ngéh. Baju Hideung polos
mah teu wani deukeut, ing-
gis diécé deui.
“Kuring rék indit sam-
inggu da cenah rék dipaké
ka acara kariaan di luar
negri,” cek Marun, geus
mimiti agul deui.
“Wah, hébat nya, kuring
mah saumur jadi baju can
kungsi dipaké ka luar
negri,” cek Konéng bangun
nu sirik.
“Di dinya mah baju
murah, jaba modélna gé out
of date. Ngérakeun atuh di-
papaké ka acara berkelas
mah,” témbal Marun.
Konéng langsung jempé
bari kuraweud.
Matak Hideung mah teu
hayang miluan ubral-obrol
jeung Marun téh da kitu,
mun ngomong padu engab
waé, tara ieuh mikiran
ngeunaheun henteu
omonganna téh ka batur.
Euweuh Marun mah
rada tiiseun lomari téh, taya
nu ditanggap da taya nu sok
ngagul-ngagul manéh. Bé-
jana mah saminggu, tapi
geus rék sabulan Marun can
balik deui kana lomari. Lain
ukur Biru, Orén, Beureum
jeung nu séjén, dalah Hi-
deung polos gé ngarasa le-
ungiteun. Euweuh Marun
téh taya nu ngaléléwé, taya
nu ngécé ka dirina. Anéhna,
Hideung Polos ngarasa aya
nu kurang. Matak basa caf-
tan Krém balik, manéhna
geuwat nanya.
“Manggih béja ngeunaan
Marun, henteu?” pokna.
Caftan Krém teu buru-buru
némbalan, ngadon neuteup
leleb.
“Ih, ditanya téh !”
“Tuda anéh, padahal
Marun téh kurang kumaha
ngéwa ka di dinya. Tapi
dibandingkeun jeung nu
séjén, di dinya nu ti heula
nanyakeun manéhna,” cek
Captan. Baju hideung polos
ukur kéom dikitukeun téh.
“Nya éta kieu, aya béja teu
pikangeunaheun.”
“Wah, kumaha kitu?”
Hideung polos geus teu
sabar.
“Basa di tempat laundry
nu biasa, kuring ngadéngé
béja, Marun rangsak,
awakna teu mangrupa,” cek
caftan Krém.
“Naha kunaon?” Hideung
polos teu bisa nyumput-
keun kapanasaran. Aya rasa
kahariwang.
“Cenah mah kabanjur
inuman di tempat kariaan.
Sakitu geus dikeueuman gé,
urut inuman téh napel
kawas dahdir dina bantal.
Bakat ku panasaran digecek
cenah ku rupa-rupa deter-
jén. Tapi lain beresih,
kalahka soéh. Ayeuna mah
Marun jadi kékéséd di
lawang dapur,” caftan Krém
mungkas caritaanana.
Hideung polos ngahuleng
sajongjonan. Sanggeus Caf-
tan Krém merenahkeun
manéh dina gantungan
baju, lalaunan manéhna
ngoléséd ka juru lomari,
tempat biasa merenahkeun
manéh. Bagja awak milik
diri, geus titis tulis ti dituna
manéhna jadi baju purah
nganganteur ka nu gering
atawa ka kuburan. Enya ge-
uning, mungguh hirup di
dunya taya nu lana.
Hideung polos jadi
ngarasa tingtrim di juru lo-
mari nu haneut téh, geus
taya Marun nu sok ngahina
ka manéhna. Komo basa
tepung jeung Marun nu
ngahodhod di lawang
dapur, aya rasa karunya anu
séséléké suméléket jero
haténa ningali Marun jadi
kékéséd.***
Purwakarta Juni 2013.
Panglawungan 13.
22 Manglé 2440
K
eur gogoléran
di kamar ka-
déngé sora
dulag ngadu-
lugdag.
“Alhamdulilah isuk mi-
miti puasa,” ceuk kuring
ngomong sorangan. Indung
barudak norojol.
“Enjing ngawitan saum?”
“Kapan étah sora dulag
ngaduluglag, éta téh per-
tanda yén saum enjing
dimimitian.”
“Di blok kurupuk kunaon
tos ti kamari?”
“Keun wé teu kudu dipa-
sualkeun, itu-itu urang-
urang. Husus keur urang
tuturkeun katantuan ti pa-
maréntah ngaliwatan
menteri agama ... Jadi
urang mah lahaola waé
ngawitan saum téh dinten
enjing!”
Indung barudak ngahu-
leng.
“Kunaon kalah ngahu-
leng?”
“Moal ramé lebaran
ayeuna mah.”
“Har ... Naha?”
“Tos teu aya Abah ...”
“Taah dina sual ieu ogé
teu kudu dibahas deui
sabab geus ditangtukeun ku
Alloh yén Abah kudu mu-
lang taun kamari. Lamun
ku urang dibeungbeuratan,
karunya atuh ka nu geus
mulang.”
Indung barudak ngaléos
kuring nu ngahuleng. Piki-
ran kumalayang ka alam
sataun katukang.
Ti anggalna kénéh budak
duanana ngerewih hayang
lebaran di lembur, hayang
ngajaran buka puasa di
lembur.
“Bapa libuma sadinten
méméh lebaran, THR ogé
dibagikeun sapoé méméh
lebaran. Piraku kudu bo-
los?”
“Libur atuh Pa nyuhun-
keun ijin sadinten, piraku
teu diijinan. Lebaran Kamis
urang ka lembur Salasa.”
Kuring ngahuleng. Sakitu
Carpon Dedi Asmarahadi
LebaranTaunKamari
Manglé 2440 23
dibobodo THR dibagikeun
sapoé méméh lebaran ka-
hayangna teu beunang
dicaram.
“Nya heug atuh ari
maksa mah.”
Barudak duanana surak.
Terus terang ngadon puasa
di lembur téh sabenerna
rasa horéam. Keur mah
hawana panas leuwih ti
Jakarta, katurug-turug
Abah sang mitoha panatik
pisan dina bagbagan
agama. Unggal amprok
pasti nanya “tos solat?”.
Méméh buka puasa dibéré
caramah heula ngeunaan
bulan puasa bulan nu
pinuh berkah pikeun umat
Islam. Kacida dorakana
lamun nepi ka teu puasa !
Alus pisan mitoha kitu téh
sabenerna mah, ngélingan
supaya anak, incu, jeung
minantu salawasna nga-
jalankeun parentah Alloh.
Ngan nyakitu kusabab
mindeng teuing antukna
jadi kaluman. Asa kurang
pantes ka kolot samodel
kuring dipapatahan siga ka
budak. Poé Salasa kuring
sabondoroyot miang ka
lembur. Saran ti budak nu
cikal kudu indit jam 10
isuk-isuk supaya datang ka
lembur teh deukeut ka ma-
grib. Numatak lamun
mobil rada laun sok dititah
di tarikeun bisi kamagriban
cenah. Nepi ka Rancaékék
mobil ngalaunan tuluy eu-
reun.
“Kunaon Pa?”
“Tingal wé.”
“Macet Pa?”
“Macet ... aya-aya waé
dirurusuh téh!” ceuk ku-
ring kukulutus. Padahal na
jero haté mah atoh bakal
kamagriban teu buka di
lembur. Macét di Rancaé-
kék macét nu luar biasa
ma’ lum téréh lebaran loba
nu mudik. Mobil maju dua
méter, reg deui. Pleng lila
teu maju. Buka puasa téh
kakara nepi ka Limbangan,
ngabatalan nginum akua,
barangdaharna bacang
jeung tahu goréng. Nepi ka
Malangbong macet deui
kapegat ku nu jaralan liwat
Wado. Di Gentong macet
deui wae datang ka lembur
jam 2 janari. Geus sasala-
man jeung mitoha kuring
langsung ngagoler. Suku
carangkeul balas nincak
kupling jeung erém. Jam
tilu indung barudak ngahu-
dangkeun ngajak saur.
Kuring gideug.
“Saur heula Pa.”
“Pangalaskeun wé ka-
dieu.”
“Itu Abah ngantosan.”
Ngadéngé ngaran Abah
kuring hudang. Léos ka
tengah imah geus pada
narungguan. Dipaksakeun
dahar ukur tilu huap. Geus
kitu mah kuring saré deui,
lilir-lilir jam 11 beurang.
Kusabab beuteung karasa
lapar. Keur mencetan beu-
teung indung barudak
nyampeurkeun.
“Kunaon Pa?”
“Kasakit maag karasa.”
“Kumaha atuh? Tahan
wé.”
“Teu kuat peurih.”
“Naon atuh da teu aya
tuangeun.”
Kuring teu némbalan.
“Ka pasar domba wé
atuh ka warung Uwad ...”
“Dagang kituh?” Kuring
curinghak, sabab warung Si
Uwad téh kawanter ngeu-
nah pasakanana. Oseng
genjer lada pasakan Jawa,
lauk asin tawes jeung
goreng jéngkol. Teu ta-
langké kuring mandi dang-
dan rurusuhan.
“Ari Abah kamana?”
“Wayah kieu mah paling
gé ka balong.”
Datang ka pasar domba
kuring nempoan heula nu
daragang japati, api-api
padahal nempoan bisi
Abah aya di dinya.
“Weey urang Bandung
yeuh!”
Si Utay batur sakelas
keur di SR nyampeurkeun.
“Iraha datang?”
“Tadi peuting!”
“Macet?”
“Lain macet deui datang
jam 2 janari!”
“Kumaha Persib euy?”
“Kumaha naon?”
“Juara moal?”
“Waah moal atuh? Per-
sipura moal kasusul.”
“Enya aralus maraéna
tah Si Kehed téh!”
“Is puasa euy! Batal
puasana.“
“Bae da teu puasa hé hé”
“Si Monyong! Angger
waé kalakuan téh.”
“Kumaha guruna.”
“Saha guruna téh?”
“Nya manéh! Kabéh gé
urang dieu mah geus
nyaraho urang jeung
manéh sawelas duawelas.”
Kuring nyéréngéh.
“Ari manéh rék kamana?
Meuli manuk?”
“Rék ka balong urang
mah!”
“Ka balong ? Naha jalan
ka dieu da balong manéh
mah jalan ditu?”
“Kumaha urang wé
atuh!”
“Kaharti ... kaharti ari
kitu mah.”
“Kaharti naon siah
monyong?”
“Rek ka balong Si Uwad
nya he he he”
“Puasa urang mah!”
“Tong loba alesan hayu
ku urang dianteur.”
Si Utay metot leungeun
ku kuring dikepeskeun.
“Ke heula atuh!”
“Naon deui?”
“Bisi aya Si Abah! Maneh
pan apal kumaha pa-
natikna Si Abah.”
“Bieu pisan can setengah
jam aya didieu.”
“Kamana ayeuna?”
“Paling ka balong ... hayu
ah geus teu kuat lapar
yeuh. Goréng jéngkol, asin
sambel jeung oséng génjér
maké rombéh ciri khas
Uwad ha ha ha”
Pundak kuring dikaleng
bari indit. Hareupeun
warung kuring ngarandeg.
“Naon deui?”
“Maneh tiheula!”
“Nya manéh atuh da
manéh mah tamu.”
Kuring nurut. Panto
warung dibuka lalaunan,
dijero teu kurang ti 20
urang keur dalahar. Kuring
ngajanteng bari nempoan
beungeut-beungeut nu
keur dalahar dipapay sau-
rang-saurang. Palebah
nempo nu keur cacamuilan
di juru, kuring reuwas.
Panon teu lésot bari haté
ratug. Jelas pisan nu keur
cacamuilan téh Si Abah mi-
toha kuring. Barang anje-
unna cengkat nempo ka
lebah kuring, katingal
pisan reuwasna. Socana
plohok, pingping hayam nu
digegel siga nu napel asup
henteu ragrag henteu. Teu
lila mitoha ngagupayan.
Kuring nyampeurkeun.
“Calik di dieu Cep, caket
Abah ...”
Kuring diuk gigireunana.
“Ka nu di bumi mah ulah
wawartos nya!”
Kuring unggeuk. Poe eta
mangrupa poe kabagjaan
pikeun kuring. Beuteung
seubeuh deut weuteuh da
dipangmayarkeun ku mi-
toha. Ti saprak harita mi-
toha tara panatik deui.
“Apa tos ka cai? Kalah
ngahuleng!” Indung baru-
dak norojol muyarkeun
lamunan.
“Tos bedug kitu?”
“Tos ti tatadi!” témbal in-
dung barudak bari ngaléos
kaluar. Kuring ngahuleng.
Leungeun duanana rang-
gah bari panon dipereum-
keun.
“Hapunten abdi Abah ...
sanes ngomongkeun mung
asa kaémutkeun ... mugi-
mugi Abah ngaraos tenang
di alam kalanggengan...
Amin.***
24 Manglé 2440
K
eur jaman aya
AbahDukun
Juhadma, sakur
urusan goib nu
kajadian di lem-
bur Pasir Bulistir, pasti jadi
bageanana. Nu gering, nu ci-
laka, nu kabadi, nu kasuru-
pan, jeung sajabana, nu dipa
tula-patalikeun kana kahiru-
pan alam jurig, jin, onom,
setan, siluman sileman sapa-
rakanca, Abah Dukun
Juhadma bageanana.
Bakat ku geus legok tapak
genteng kadek, Abah Dukun
Juhadma mah, tara kudu
nenjo heula jalma nu kasibat.
Karek dibejaan Si Anu ngage-
rebeg kasurupan, langsung we
Abah Juhadma nyarita :
“Lah paling dideukeutan ku
balad-balad Si Zalitun eta
mah. Lain tadi subuh ka pasar
?”cek Abah Dukun yakin
pisan.
“Enya, Abah. Pan unggal ja-
nari ge si eta mah matuh ka
pasar,”tembal nu ngabejaan.
“Keun bagean Abah…
sayagikeun bae lalawuh
matuh keur ngusir nu teu
pararuguh. Heueuh, duwegan
ngora, surutu, patukuyan,nu
pokona heula. Keun kabutuh
sejenna mah engke, geus
puguh adu hareupan….”
Duwegan ngora, surutu,
parukuyan, memang senjata
andelan Abah Dukun keur
ngusir jurig nu datang ngusik-
ngusik kahirupan manusa. Nu
gering kumaha bae, asal pa-
nyakit holna ti jurig, sok dia-
songan parukuyan ngebul ku
puruluk menyan. Dibura ku
cai duwegan. Diserebung
haseup surutu. Malah lamun
jurig mantangul,jalma nu
kakeunanana, kudu diulasan
getih hayam rengge, adonan
surabi, atawa naon bae nu
ceuk Abah Dukun dikudu-
keun. Hasilna, sakapeung
jurig teh gancang nyingkah.
Sakapeung hese beleke.
Kungsi Mang Sarkon
ngagerebeg. Ukur satengah
jam geus eling deui. Terus
ngalempreh. Gering biasa.
Panas tiris meunang sami-
nggu. Tapi Nyi Murniah mah,
nepi ka tilu jam adug lajer.
Kasarumahan jurig rupa-
rupa. Jurig ti kidul, ti kaler, ti
kulon, ti wetan. Malah ti
sesela bumi jeug sisi langit
sagala rupa. Ceuk nu nyak-
sian, lamun lain Abah Dukun
Juhadma nu ngayonanana,
teuing kumaha nasib Nyi
Murniah. Meureun eta randa
geulis ngora keneh the pasti
diboyong ka mana boa. Di-
jadikeun prameswari mahluk
nyiliwuri.
“Untung Abah Juhadma
tagen jeu tapis. Ku nu
kumaha wae oge moal bobor
karahayuan, “ceuk Omonm
nu mindeng nandean surut
urut atawa sesacai duwegan
sanggeus meunang paidin ti
Abah Dukun.
Duka sabaraha puluh taun
Abah Dukun Jumad jadi
tunggul lembur dina nyang-
hareupan sinuku siwulu-wulu
ti alam beh ditu. Boa moal ku-
rang ti genep puluh taun.
Apan Komar nu ayeuna nin-
cak umur 40 taun, keur umur
lima taun, disunatan ku Abah
Dukun Jumad. Da sajaba ti
ngadukun teh, Abah Dukun
Jumad ge ngarangkep jadi
bengkok. Tukang nyunatan.
“Ayeuna Abah Dukun
Jumah hirup keneh. Wanian
keneh ngalawan jurig. Han-
jakal teu nurun ka anak-
anakna,”Komar cacarita ka
batur-baturna sabot ngaronda
di garduh.
“Mun basa ilaing disunatan
umur tilu taun, Abah Dukun
umur harita umur 40 taun,
meureun ayeuna umurna
geus 77taun nya, “Ganda,
guru honorer di SD nu ngan
hiji-hijina di wewengkon eta,
nembrong.
“Moal kurang ti sakitu…
malah leuwih ge teu mustahil
Saratus taun upamana,” cek
Komar deui.
“Paingan atuh, beuki sakti
tambah gagah, dan bejana nu
ngulik elmu pahodaman mah,
beuki kolot beuki kebel elmu-
na,”Mansur, tukang domba,
ngengklokan. “Ngan ku nana-
haon anak-anakna, komo
incuna, euweuh nu hayang
nuturkeun nya.”
“Teuing atuh. Bejana beurat
sarat-saratna hayang jadi
dukun lepus teh. Kudu ngisat
awak, nyengker hawa napsu,
katut rea-rea deui, sangkan
martabatna leuwih hebat ti
batan jin setan nu are dila-
wan,” Komar nerangkeun.
“Heueuh, komo cenah kudu
dimimitian ku puasa mutih.
Ngusir Jurig
Ku H.Usep Romli HM
Manglé 2440 25
Opat puluh poe opat puluh
peuting teu kararaban
nanaon.Mati geni bari
ngadaplok di para hawu.
Tempo buka, heueuh geus
opat puluh poe opat puluh
peuting puasa, ukur ngaregot
cai herang…..”Mansur
nerangkeun. “Saha nu daek
jaman kiwari kikituan, sain-
cak-incak dahareun wungkul.
Geura we ari uing nyiar
domba ka pilemburan, teu
weleh ngangseu seungit
pasakan ti unggal imah.
Bangsaning gurang-goreng,
ungan-angeun…”
“Malah ceuk beja, nepi ka
ayeuna ge Abah Dukun mah
tara dahar sangu beye atawa
pulen. Eta we bangsa kerak
garing, cangkaruk mulud,
aron….”cek Komar.” Malah
lalab-lalab bangsa kangkung,
genjer, saladah, katut nu
leuleus-leuleus mah, dicadu-
keun. Cenah mun hayang
lalab, Abah Dukun mah ngala
daun hampelas atawa reung-
has, dicoelkeun kana sambel
cengek wungkul….”
Geus lima taun ti barang
diomongkeun di garduh, Abah
Dukun Juhadma maot. Biasa
we sakumaha maot mahluk
hirup. Gering heula, terus
sakarat, nepi ka lesna ngaleu-
paskeun nyawa. Diurus
sakumaha mayit jalma Islam.
Komo aya salah saurang in-
cuna, nu masantren nepi ka
hatam, nu geus biasa ngaw-
eredonan, ngaboehan. Nepi ka
nyalatkeun jeung ngurebkeun
sarta nelekin.
Duka geus terus rasa yen
akina maot bakal pada
ngomongkeun, duka ngajaga
kamungkinan sumebarna
kagorengan salelembur,beres
nyalatkeun di tajug, Ujang
Sarmin, incu Abah Dukun
Juhadma nu geus nyangking
tetelahan Ustadz Amin, menta
persaksian heula ti nu nya-
latkeun. Yen akina teh jalma
iman jeung Islam. Sanajan
keur hirupna kaceluk jadi
dukun, hiji pagawean nu
dicempad ku aturan agama,
jeung dilarang keras ku Alloh
SWT katut RosulNa, tapi dipi-
harep henteu pukah kaimanan
jeung kaislamana.
“Ieu perlu ditandeskeun,
“cek Ustadz Amin. “Bisi engke
aya isu, pajah bakal aya ririwa.
Arwah marakayangan. Heg
neumbleuhkeun ka Abah, pun
aki. Lantaran tadi geus disak-
seni ku sarerea, yen Abah teh
iman jeung Islam, tangtu
bakal siap nanggung risiko di
alam kubur. Mun Abah keng-
ing rohmat Alloh mangrupa
rohmat kubur, bakal betaheun
di dinya. Moal kudu ngulaya-
ban ka alam dunya. Kitu deui
mun kudu nandangan siksa
kubur, nya kumaha pibisaeun
ngejat ? Komo ngaririwaan
nyingsieunan jalma. Nepi ka
masjid ngagadak sepi. Taya nu
berjamaah magrib, isa jeung
subuh. Pajah teh sieun ririwa.
Komo pasaran urut ngago-
tong mayit nanggeuh luareun
paimbaran.”
Tapi dasar uyah tara tees ka
luhur, Ustadz Amin ge bet
kapeto kudu daek ngubaran
jalma-jalma gering nu kasa-
rumahan jurig. Persis kawas
akina baheula. Nya ditedunan
be. Ngan sarat katut tata-
carana jauh pisan jeung akina,
Abah Dukun Juhadma je-
natna.
“Peryogi duwegan, Ustadz?”
cek hiji jalma nu ngahaja
ngogan, pedah anakna mojang
jekekan meujeuhna menter,
kasurupan ti isuk-isuk nepi ka
rek lohor adug lajer keneh.
“Kantenan we, raos meu-
reun ngalandongan nu teu
damang, ngaleguk heula cai
duwegan,”tembal Ustadz
Amin.
“Jantenkangge Ustadz?” nu
ngogan ngajenghok.
“Muhun. Kangge saha
kitu?”
“Pedah we jaman tuang
eyang mah, cai duwegan
kangge arwah nu nyarumah.”
“Keun we jaman aki mah.
Pan ayeuna geus sagala
robah.”
Barang srog ka nu gering,
ujug-ujug gorowok nu nyurup
teh menta cai duwegan.
“Entongm, entong dibere.
Pan tadi ge eta mah hance-
ngan abdi,”Ustadz Amin nye-
gah. Atuh duwegan nu geus
dipesek rek diasongkeun ka
anakna, teu tulus, da gancang
di jewang. Leguk ditotor disa-
kalikeun. Eureuleu Ustadz
Amin teurab.
”Na aya ciduwegan amis-
amis teuing. Lebar mun kudu
diinumkeun ka jurig. Cing
tarok, keruk kalapana.
Sakalian jeung kurud gula
beureum….emh, kalapa jeung
gula tea, pelem…..”
Kawasna, jurig nu nyurup
keuheuleun diledek. Budak
abrug-abrugan, gogorowokan.
Sorana agem.
“Ahhaing mohoal nyingkah
lahamun caahan dibehhere
ngihhhinum cahhai duwege-
han….”
“Kuma sia…hayang mah
ngala ku sorangan ka dituh.
Naek, pesek. Nyapekeun batur
!” Ustadz Amin molotot ka
budak nu kasarumahan.
“Ehhh…sssiihhhia sssahaaa
wani wani ngalawahhan
aing?” sora jurig muni deui.
“Aing jelema. Tangtu wani
sabab harkat darajat aing
leuwih mulya batan sia nu
ukur bisa nyelegon dina jasad
jalma !”Ustadz Amin nyentak.
Jurig teu eleh geleng. Pok
nyarita deui :
“Eh sia….teu nyaho aing
saha?”
“Nyaho !”gancang Ustadz
Amin nembalan ku sora
teugeug.”Sia lain lain Si Jali-
tun jurig pasar, pasti Si Wasi-
nun nu sok nyilakakeun batur.
Atawa Si A’was nu sok ngage-
bruskeun jalma kana maksiat.
Teu mustahil sia Si Hilaf,
tukang mabok inuman keras.
Atawa Si Murrah nu gawe
ngengklak dina raramean…
.Aing apal ka kabeh balad sia…
ka Si Laqus nu tukang nya-
sarkeun akidah manusa, ka Si
Mussawit tukang nyebarkeun
beja infotai. Ka Si Dasim nu
sok ngadodoho di juru imah.
Ka Si Walhan tukang ngagoda
jalma nu keur ibadah jeung
amal soleh….Sok sia ngaku !”
Ustadz Amin nunjuk rorek.
“Lain…lain…Aing mah Raja
Gunung Kucubung…. Piraku
sia teu engeuh !”jurig nem-
balan.
“Teu..teu…aing teu wawuh
ka raja kajajaden kawas sia.
Ngaku-ngaku raja Gunung
Kucubung. Cing aing neuleu
bisluitna…..Mun ka Raja Arab
Saudi aing apal…ka Raja
Brunei, ka Raja Inggris…sana-
jan ukur tina tivi oge. Ari sia?
Mun enya raja mah…meureun
saia kasohor, kaberitakeun
dina media. Gunung Ku-
cubung, huhh….tempat
nyayang bedul……”Ustadz
Amin ngajejeleh.
“Deuleu siah mata aing,
disebrot siah…nepi ka sia
serab…..”jurig masih keneh
satekah polah ngalawan
“Sok ka dieuh !”Ustadz
Amin mencrong panon nu ka-
surupan kalawan teungeung
jeung wibawa.
“Sok aing sebrot…serab
keneh ku batre siah, batan ku
sorot panon sia….”
Jurig teu kuateun ngadu pe-
long. Kelemes, kelemes,
guprak nu kasurupan leuleus.
Ngalenggerek sakedapan.
Tuluy lilir bari morobot istig-
far. Eling weh.
“Tah mun kitu ti tadi istig-
far. Pasti moal kasurupan
jurig jarian….tadi lila teuing di
cai nya?”Ustadz Amin
ngalelekan. Dijawab ku
unggeuk.
Geus puguh budak cageur,
Ustadz Amin mapatahan
kolotna, sangkan telik ngaping
ngajaring laku lampah budak
sapopoe. Kudu daek mapata-
han. Nyaram kana salah, nitah
kana bener.
“Tadi ieu Si Eneng ngadon
nyirekem di cai aya kana dua
jamna, nanahaon gawe atuh
?”Ustadz Amin ngalelekan.
“Da….da…rerencangan nga-
hape wae dugi ka abdi teu
kaur brus mandi,”jawab
budak ABG semu era.
“Tah kudu digeung-
geureuhkeun atuh ku emana
jeung ku abahna,”Ustadz
Amin ngawawadian ka
kolotna.
“Nyeta tara daek dicaram
budak teh, Pa Ustadz,”jawab
indungna hareugeueun.
“NYa ari embung dicaram
mah, keun bae atuh sina ung-
gal waktu kasarumahan…”Us-
tadz Amin nyungkun.
“Punten Ustdaz, dupi eta
murangkalih kasarumahan
jurig naon?” hiji awewe kolot
nanya.
“Ku jurig cai, bongan
nyirekem dua jam di cai.
Terus ku jurig hape, bongan
terus-terusan hahapean, nepi
ka poho kana nanaon. Nu kitu
tah pikaresepeun jurig,”Us-
tadz Amin pamitan ka
pribumi.***
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440

Más contenido relacionado

La actualidad más candente (20)

Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437Mitra Sunda WA - Mangle 2437
Mitra Sunda WA - Mangle 2437
 
Mangle 2468
Mangle 2468Mangle 2468
Mangle 2468
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433Mitra Sunda WA - Mangle 2433
Mitra Sunda WA - Mangle 2433
 
MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446MSWA - Mangle 2446
MSWA - Mangle 2446
 
Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447Mitra Sunda - Mangle 2447
Mitra Sunda - Mangle 2447
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Mitra Sunda WA - Mangle 2436
 
Mangle 2470
Mangle 2470Mangle 2470
Mangle 2470
 
Mangle2465
Mangle2465Mangle2465
Mangle2465
 
Mangle 2456
Mangle 2456Mangle 2456
Mangle 2456
 
Mangle 2471
Mangle 2471Mangle 2471
Mangle 2471
 
Mangle 2469
Mangle 2469Mangle 2469
Mangle 2469
 
Mangle 2474
Mangle 2474Mangle 2474
Mangle 2474
 
Mangle 2454
Mangle 2454Mangle 2454
Mangle 2454
 
Mangle 2466
Mangle 2466Mangle 2466
Mangle 2466
 
Mangle 2475
Mangle 2475Mangle 2475
Mangle 2475
 
Mangle 2452
Mangle 2452Mangle 2452
Mangle 2452
 
Mangle 2455
Mangle 2455Mangle 2455
Mangle 2455
 
Mangle 2464
Mangle 2464Mangle 2464
Mangle 2464
 
Mangle 2457
Mangle 2457Mangle 2457
Mangle 2457
 
Mangle_2460
Mangle_2460Mangle_2460
Mangle_2460
 

Más de mitra_sunda (15)

Mangle 2483
Mangle 2483Mangle 2483
Mangle 2483
 
Mangle 2482
Mangle 2482Mangle 2482
Mangle 2482
 
Mangle2480
Mangle2480Mangle2480
Mangle2480
 
Mangle2481
Mangle2481Mangle2481
Mangle2481
 
Mangle 2479
Mangle 2479Mangle 2479
Mangle 2479
 
Mangle 2477
Mangle 2477Mangle 2477
Mangle 2477
 
Mangle 2476
Mangle 2476Mangle 2476
Mangle 2476
 
Mangle 2473
Mangle 2473Mangle 2473
Mangle 2473
 
Mangle 2472
Mangle 2472Mangle 2472
Mangle 2472
 
Mangle2463
Mangle2463Mangle2463
Mangle2463
 
Mangle 2462
Mangle 2462Mangle 2462
Mangle 2462
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
Mangle 2459
Mangle 2459Mangle 2459
Mangle 2459
 
Mangle 2458
Mangle 2458Mangle 2458
Mangle 2458
 
Mangle 2453
Mangle 2453Mangle 2453
Mangle 2453
 

Mitra Sunda - Mangle 2440

  • 1.
  • 2. M un téa mah aya nu pok yén anugerah budaya téh rutinunggaltaun,sanésmaksadnasindirsampirka nu kagungan damel. Teu pisan-pisan rék nyebat- keun yén masrahkeun anugerah budaya ka nu dianggap gedé jasa jeung rancagé téh ngan saukur pagawéan rutin anu geus jadi program pamaréntah ti tingkat kabupatén / kota, propinsi jeung di tingkat nasional. Biasana ieu program téh sokdilaksanakeundinararagamiélingHariKemerdekaanRI, sabudeureun tanggal 17 Agustus dina saban taun. Sangkan ieu kagiatan henteu dituding ngan ukur pa- gawéan rutin, panitia pasti tos ngémutan sangkan ieu prog- ram téh ngeusi. Ngeusi téh dina harti teu sagawayah, teu sakadar aya, teu ka saha waé gubragna. Panitia anu katitipan ieu program pasti tos nangtukeun kriteria pikeun netepkeun saha-sahana nu kasinugrahan anugerah budaya dina sa- taun-sataunna. Dugi ka taun 2013, ieu kagiatan téh langgeng dilaksana- keun. Malah kasebat hiji program anu ngamotipasi para- aktifis budaya pikeun terus ngeletek makarya dina widangna masing-masing. Dugi ka ayeuna katingal ieu anugerah téh tos kaétang walatra sareng merenah. Walatra hartina ka- papay dina masing-masing widang. Merenah dina harti jalmi anu kasinugerahan téh mémang geus katingtal tapak lacakna dina ngahirup huripkeun budaya ku balaréa sarta kabandungan ngeletek makaryana téh éstu jorojoy tina karepna jeung kanyaahna pribadi kana budaya, henteu sakadar-kadar ngintip-ngintip anugerah budaya. Ku kituna, Manglé ngiring ngabagéakeun kana pamasra- han Anugerah Budaya tingkat Kota Bandung anu lumang- sung dinten Rebo, 28 Agustus 2013 nu tempatna di Pendopo Kota Bandung. Wilujeng ka nu ngokolakeunana. Apan nyaluyukeun kriteria kana jasa jeung karya budaya téh sanés padamelan énténg. Perlu waktu keur nyacahkeun jeung prosés milihna, perlu ngadurényomkeun kajian akadémisna sangkan putusan téh teu jadi bahan carita nu nganaha-naha. Ka nu kasinugrahanana, mugi baé ieu Anugerah Budaya téh henteu jadi pameungpeuk karep keur nanjeurkeun kareueus kana budaya Sunda hususna, budaya Nusantara umumna, malah jadi pamecut sangkat bisa ngarundaykeun jeung népakeun kanyaah budaya ka gene- rasi sapandeurieunana. Bagéa Anugerah Budaya, Wilujeng nu kasinugrahan! *** Anugerah Budaya Kota Bandung 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  • 3. PURIDING PURINGKAK Ngusir Jurig H.Usep Romli HM .......................... 24 UNAK-ANIK Shilah Suci Anugrah Ustadah Lampar, Santri Masagi ......................................................... 44 BAHASAN Generasi Islami Jawa Barat Perlu Pembinaan nu Natrat ......................................................... 46 CARITA PONDOK Agus Tubagus Ramdani Hana Rohana Suwanda ...................... 8 Baju Hideung Aulia ................................................ 20 Lébaran Taun Kamari Dedi Asmarahadi .............................. 22 Cinta Yus R. Ismail ....................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Rumaja .................................. 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (171) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (10) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Fitri Gautama 5 LAPORAN Anugerah Budaya Kota Bandung 2013 Panyungkal Kreativitas Seni Potret:Reisyan Baju hideung polos nyempod di juru lo- mari. Datang deui baju anyar nu digan- tungkeun gigireunana. Marun nu maké capouchine, modél nu keur trénd. Baju konéng nu keur anteng cacarita jempé saharita, kasima ku Marun nu bau toko kénéh. Marun rarat-reret ka... 20 Baju Hideung Panata Rias & Raksukan : Tien Maman Wijaya, LKP. Gilang Kancana Jl. Pasir Layung Selatan I No. 10 Padasuka Bandung Telp. 022-7200578 Hp. 08156212981
  • 4. Kuli Kiwari U mangkeuhna mah ékonomi téh stabil cenah. Kitu deui pertumbuhanana. Tapi waktu dolar jadi nitih Rp 11.000,00, malah leuwih, kalah silih rérét. Aya éta gé nu ngaranna pakét ékonomi, tapi ngan semet béréndélanana wungkul. Ku pasar mah teu diwaro. Mangkaning nu ngaranna pasar di urang, geus di- jadikeun mahadéwana sagala rupa. Bener ceuk George Soros, lamun hayang bisa nangtukeun pulitik, jalanna kudu asup ka pasar. Lain ka parlemén atawa ka kabinét. Karasa benerna ku Soros mah pentingna pasar téh. Lantaran pikeun manéhna mah ngutak- ngatik pasar téh lain ngan sakadar angka jeung grafik tapi aya falasi- fahna. Ari anu dipigusti ku urang teu kurang teu leuwih ngan semet angka jeung grafik. Kitu gé balélol kénéh. Satemenna nu ngaranna pasar téh teu bisa diandelkeun. Komo lamun dianggap jadi hiji-hijina bebeneran. Jawarana para kapi- talis, Amérika Serikat, geus sababaraha kali ngalaman kumaha palsuna nu ngaranna pasar. Kitu deui nu ngaranna modal. Sawatara taun ka tukang Lehmans Brothers ambruk. Taun ieu giliran Merryl Linch. Duanana gé lain usaha kelas teri. Dibanding- keun jeung nu araya di urang, usaha naon baé, nu aya di urang téh ukur tai kukuna. Boh Lehmans boh Merryl sababaraha kali pada muji. Perusahaan anu hébat. Loba anu boga cita-cita hayang digawé di dinya. Lantaran salian ti gajihna luar biasa gedé téh, géngsina gé moal aya anu nandingan. Na ku naon ahirna nepi ka bangkrut? Ceuk Soros, euweuh anu bisa dicekel dina urusan pasar modal mah. Mun ancrub ka dinya lir ibarat anu judi, untung-untungan. Dina keur untung bisa ngajaul, meunang untung jeung pada muji. Tapi sakalina datang tsunami, eu- weuh anu kapuluk. Ékonomi anu kapitalistik mah mémang kitu perbawana. Sabener- na, nu jadi sababna ngan sarupa, lantaran nu diudagna ngan semet hayang meunang untung. Gajih gedé, bonus gedé, géngsina luhur. Naon deui? Naha aya anu disebut adil? Di urang gé ékonomi anu kapi- talistik kitu téh lain anyar-anyar. Waktu para kapitalis Walanda muka perkebunan di urang, kaasup di Priangan, anu dibawana téh ngan éta hiji-hijina. Maranéhna mawa mesin jeung kaahlian, ari lahanna mah mutlak nu bangsa urang. Mesin jeung kaahlianana mah diitung minangka modalna. Tapi ari lahanna mah dianggap gratis. Dijabel kitu baé. Kitu deui nu digarawéna, sama sakali henteu dianggap modal. Malah disebutna ogé kuli. Dibayarna murah kabina- bina. Da tujuanana gé hayang meu- nang untung keur nyumponan pangabutuh nu baroga modal. Tangtu waé bisa meunang untung gedé lantaran lahan teu meuli mayar kuli teu sabaraha. Naon pangabutuhna para jura- gan téh? Salian ti hirup sapopoéna kudu mulya, panga- resepna ogé kudu diayunkeun. Nepi ka ngahagal nyieun gedong tohaga sangkan maranéhna bisa nganteur ngayunkeun hawa napsuna. Nepi ka ayeuna éta kabiasaan titinggal kolonial téh dipiara. Sana- jan ngaran kuli geus diganti jadi buruh atawa karyawan, nasibna mah teu loba robahna. Kitu deui juragan geus diganti ku diréksi, tapi kalungguhanana di pausahaan mah teu loba robahna. Anu medah meduh senang mah angger nu di laluhurna. Sistim kitu téh di- ayunkeun pisan ku pamaréntah urang ayeuna, anu cenah geus 68 taun merdéka. Samentara diréksina bisa meunang bonus taunan nepi ka samilyar, karyawanna mah angger keur hirup sapopoéna gé kudu anjuk hutang. Euweuh anu bisa jeung wani ngarobah kana sistim ékonomi anu saperti kitu téh. Rék kumaha sanggupna ngarobah lamun urangna tetep jadi kuli. Dina intina mah nu ngaranna pamingpin di urang téh bisa digolongkeun kana kelas kuli. Sagala rupana kumaha ceuk anu boga modal, nu ngaranna IMF, Bank Dunia jeung sajabana. Tapi, sakumaha anu geus kajadian di AS, boh IMF boh Bank Dunia teu sanggup nyalametkeun pausahaan anu ambruk. Sanajan saméméhna mah éta pausahaan téh ku maranéhna dipuji. AM Manglé 2440 3
  • 5. 4 Manglé 2440 Kantun Ngawaris- keunana Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun! Nyi Manglé daramang? Hatur nuhun atuh pami daramang mah. Hapunten ngiring ngadamel serat. Nu kahiji mah ngawilujeng- keun ka nu karénging anugerah budaya Kota Ban- dung taun 2013, mudah- mudahan waé anugerah ieu janten nyandak kasaéan, hususna kanggo nu namp- ina, umumna mah kanggo kamekaran Sunda. Kante- nan kanggo pribados mah bingah kabina-bina. Margi nu kénging anugerah téh panginten henteu babari atanapi henteu ujug-ujug kapilih. Pastina ogé, ngalangkungan panitén nu kacida abotna. Tangtos kanggo rayat Sunda biasa mah, atoh nu aya. Seueur nu rancagé, seueur nu ber- jasa kana kamekaran Sunda. Panginten, tetep ajegna Sunda téh, diantawisna sanés ku sasaha, tapi ku nu kénging anugerah téa. Bawiraos deui, kanggo ningkatkeun kamekaran Sunda, saleresna teu cekap ku pangaos artos éta anugerah, tapi jasa-jasa aranjeunna mah saenyana moal tiasa kapésér ku artos. Margi élmu mah apan kitu, teu tiasa dipésér ku dunya atanapi ngawetasan ku yuswa. Bénten sareng dunya. Alatan gedé dunya mah, apanan upami pupus téh, atos wé. Tapi nu gaduh élmu mah apan ngocor teras. Mana dina Islam pantes, diantawis nu ngo- cor, sok saaos tos pupus téh nyaéta nu gaduh élmu kalawan mangpaat. Nyi Manglé, nu mawi kitu ngalangkungan Nyi Manglé, panuhun ka nu karénging anugerah, mudah-mudahan tiasa jan- ten atanapi kagolongkeun élmu anu mangpaat. Nu kumaha anu mangpaat? Témbrés dina papagon Islam, nyaéta nu ziyadatul khoer, nu tiasa nambih- nambih kahadéan, boh keur dirina boh keur balaréa. Keur dirina tiasa nyaangan, atuh keur balaréa tiasa jan- ten tatapakan generasi saterasna. Sanés teu percanten ka nu atos-atos. Cenah tumpurna basa atanapi kamekaran Sunda, sanés ku sasaha tapi ku urang Sunda sorangan. Mana kitu, nu laluhung élmuna baris alim masihkeun élmuna, éta téh sami sareng numpurkeun budaya Sunda sorangan. Sabalikna, upami teras berkarya malah mandar resep ngajarkeun kalawan ihlas ka generasi saterusna, éta téh sami sareng ngalanggengkeun budaya Sunda. Sakitu waé, sakali deui wilujeng ka nu kénging anugerah Budaya Sunda Kota Bandung. Mudah-mu- dahan janten wasilah kanggo nambih-nambih ka- hadéan. Atuh ka Manglé mah tos kantenan nganu- hunkeun pisan. Margi, apan Manglé mah unggal minggu tos ngabuktoskeun ngawa- riskeun Sunda ka balaréa. Sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun. Wassalamu’alaikum. Ibu Eva Manglayang Regency Cileunyi Bandung Sakumna Ais Pangampih Manglé Ngahaturkeun­wilujeng­kasinugrahan­ka: Bapa­H.­Abdullah­Mustappa (Wapimred­Majalah­Sunda­Manglé) Anu­dilélér­Anugerah­Budaya­Kota­Bandung­2013 Ping­28­Agustus­2013­di­Pendopo­Kota­Bandung Muga­jadi­pangdeudeul­karep­rancagé­jeung­kareueus­kana­kana­budaya­Sunda. Mangka­tépa­ka­generasi­sapandeurieunana.­ Bandung,­28­Agustus­2013 Pupuhu­Mangle, Drs.­H.­Oedjang­Daradjatoen­M.
  • 6. Manglé 2440 5 D i jajaran ondangan nu keur aranteng diuk di jero pen- dopo, horéng geus nyampak H. Rukruk Rukmana, juru pirig seni cianjuran. Ditakwa, disamping, jeung dibendo. Rukruk bangun nu keur anteng ngabandungan pida- ngan cianjuran, nu ku panitia éta pi- dangan téh tangtu baé diperenahkeun di awal acara sina ngeusian suasana saméméh acara resmi dibuka. Bisa jadi, salaku juru pirig cianjuran, Rukruk keur saregep ngabandungan pirigan kacapi indungna. Peuting éta mah, Rukruk téh henteu midang di hareup, metik kacapi indung. Tuda ieu juru kacapi senior nu kungsi rékaman Lutung Kasarung, Guguritan Laut Kidul, jeung album mandalungan Suman- ding Asih téh dibenum jadi salah sahiji seniman nu baris nampa anugerah budaya téa. “Alhamdulillah, taun ieu akang kasinugrahan (Anugerah Budaya ti Disbudpar Kota Bandung),” pokna ka Manglé, “Mugi-mugi baé ieu pangajén téh sing teras manjang, utamina kanggo para seniman tra- disi.” Basa dijojoan kumaha harepan ka hareupna tina éta pangajén ka seni- man tradisi, ieu juru kacapi nu nyanggi lagu panambih Bangbaluh Haté téh gasik nuluykeun, “Ka payunna, para panembangna gé peryogi diperhatoskeun. Kantenan, tos kaétang seueur panembang nu payus dipaparin anugerah sapertos kieu.” Ku kabeneran, teu jauh ti dinya, aya panembang cianjuran H. Yus Wiradiredja keur sarua anteng nga- bandungan haleuang cianjuran. Basa ditanya ngeunaan pamasrahan Anugerah Budaya, ieu panembang nu ogé ngajabat jadi Pembantu Ketua STSI Bandung téh daria ngawalonan, Jam satengah dalapan, malem Kemis (28/8). Pendopo Bandung geus gegek ku ondangan. Sawaréhna mah bangun aruplek jeung baturna. Sawaréhna deui aya kénéh nu ngarantay mapay méja idangan kaléreun pendopo. Ari di jero pendopo, Mae Nurhayati (Juara Cianjuran Damas 2006) keur anteng ngalaeu ngahaleuang cianjuran; sorana saweur ka luareun pendopo.
  • 7. 6 “Saleresna sanés baé ku hadiahna anu prestisius, nanging ogé ku pengakuan ti pamaréntah ka seni- man tradisi anu teu kinten ageung- na.” Ceuk Yus deui, kréativitas seni- man dina ngagelarkeun karyana ulah ngarasa sugema ku ukur semet cacap tepi kana pementasan. Tapi kudu dideudeul ku pangjurung moral ti pamaréntah jeung masarakatna. “Nya ngaliwatan pangajén saper- tos kieu (Anugerah Budaya Disbud- par Kota Bandung, red), kreativitas seniman téh bakal langkung- langkung ngaraos kasungkal sina langkung kreatif,” ceuk Yus nu ogé mangrupa Juara Cianjuran Damas 1984. Nu Kabiruyungan Aya sapuluh seniman (budaya- wan, pemerhati budaya jeung lingkungan) anu kabiruyungan nampa Anugerah Budaya 2013 ti Disbudpar Kota Bandung. Éta seni- man (budayawan) anu sapuluh téh nya éta Abdullah Mustappa (sastra- wan), Dindin S. Maolani (praktisi hukum), Dr. Harastoeti, MSA (pemerhati cagar budaya), Indrawati Lukman (penari), Solihin GP (pemerhati budaya jeung lingku- ngan), Melly Goeslaw (penyanyi jeung pencipta lagu), Paguyuban Pa- sundan (organisasi kasundaan), Rachman Sabur (teaterawan), Rukruk Rukmana (seniman tradisi), jeung Tisna Sanjaya (pelukis). Sakumaha nu dibéjérkeun ku wawakil juri, Arthur S. Nalan, dina milih seniman nu sapuluh téh geus tangtu hasil ngayak tina sakitu nomi- nasi nu diajukeun ku Disbudpar. Ngan baé réngréngan juri nu di- wewegan ku Adjie Esa Poetra, Cecep Burdansyah, Etti RS, jeung Herry Dim téh mutuskeun pilihanana du- masar kana pengabdian, dedikasi, jeung loyalitas para seniman kana widang garapanana séwang-séwa- ngan. “Karya-karya aranjeunna (para seniman) mibanda kualitas anu hen- teu dipihamham ku balaréa. Nu Nu karenging Anugerah Budaya Kota Bandung 2013 Abdullah Mustappa, wapimred Majalah Mangle, salasawios nu kenging anugerah budaya Kota Bandung 2013 Kadisbudpar Kota Bandung Drs. H. Herry M Djauhari MM, waktos biantara.
  • 8. Manglé 2440 7 langkung utamina deui mah nyaéta karya-karya aranjeunna karaos pisan ayana, sareng katingal pisan ajénna, dugi ka mawa seungit ngaran kota Bandung ka jauhna,” cek Arthur. Sastrawan Abdullah Mustappa upamana. Dina palataran sastra Sunda mangrupa kritikus anu dipikasérab ku para pangarang. Tulisanana mangrupa kritik teu wudu mucunghulkeun sastrawan nyongcolang pantar Godi Suwarna. Atuh dina karya fiksina, Abdullah gé kungsi nampa hadiah Samsoedi pikeun bacaan barudak, Taréh Rosu- lulloh. Karya petingan Abdullah séjénna kayaning Ringkang (carpon), Nu Teu Kungsi Kalisankeun (kumpu- lan carpon), jeung Lembur Singkur mangrupa bacaan sastra nu kaasup kana karya-karya sastra Sunda petingan. Dina widang jurnalistik, Abdullah kungsi nampa hadiah Zulharmans, sarta dina saémbara nulis essey Abdullah kungsi kasinug- rahan Juara III ti Pusat Bahasa. Naon rupa nu disebutkeun ku Arthur dina nangtukeun saha-saha- na nu kudu kabiruyungan nampa pangajén Anugerah Budaya ti Disbudpar Kota Bandung, di- enyakeun pisan ku salah saurang nu nampa Anugerah Budaya 2013, Dindin S. Maolani. Ceuk Dindin, para juri katangén kacida obyéktif dina nangtukeun putusanana. Lain pédah para jurina mangrupa insan anu kacida kredibel jeung kapabel, tapi dina lebah nangtukeun pilihan- ana éstu geus diwewegan ku sagala rupa pertimbangan. “Kantenan, para juri sanés baé mung kagungan pertimbangan nu asak dina nangtoskeun si A jeung si B, nanging ogé dieunteupan ku kawani anu bisa dipertanggung- jawabkeun,” ceuk Dindin deui. Éta hal utamana mah katangén lebah milih individu tina widang lingku- ngan hidup, nu dina taun ieu katampa ku Solihin GP, salah saurang aktivis lingkungan hidup. Perkara miara lingkungan hidup, tayohna jadi visi pikeun Disbudpar dina agénda Anugerah Budaya taun 2013. Ku kabeneran, pelukis nu kungsi nampa sababaraha pangajén (boh regional boh internasional) Tisna Sanjaya gé, mangrupa aktivis lingkungan hidup. Dina saban ka- giatan nu aya patalina jeung pasua- lan lingkungan hidup, ieu seniman lukis jebolan FSRD ITB téh teu weléh jadi luluguna. Ku kabeneran pisan deuih, dina Anugerah Budaya 2013 ieu gé Tisna jadi salah saurang seni- man anu kabiruyungan téa. Perkara kawani ti para juri sakumaha nu dilanglaungkeun ku Dindin téa, katangén ogé lebah milih Melly Goeslaw. Pada terang, Mélly téh artis wedalan Kota Bandung anu mibanda prestasi nyongcolang tingkat nasional. Lagu-lagu karya Melly teu wudu jadi lagu populer nu dipigandrung ku masarakat Indo- nesia. Geus teu kaitung lagu-lagu sanggian Melly anu jadi theme song film. Anu kajojo pisan mah di antara- na nya lagu Ada Apa dengan Cinta jeung Ayat-ayat Cinta. Éta film nu dua bieu, éstuning mangrupa film nu kacida dipigandrungna di Indonesia. Tangtu baé, dina milih Melly téh lain pédah di réngréngan juri aya Adjie Esa Putra, nu mangrupa penyanyi (jeung guru nyanyi) pop Indonesia. Tapi nu leuwih nyosok deui mah pédah lagu-lagu pop Indo- nesia gé mangrupa produk budaya. Tur kabeneran deuih, anu nyanggina urang Bandung pisan. “Cara ngémutna ulah kasung- keret teuing ku pasualan karya lokal Sunda, nanging kedah dijembaran deui. Mung nu tangtos, éta seni- manna kedah urang Bandung,” ceuk Adji dina hiji mangsa wangkongan jeung Manglé. Nu pasti, sakumna nu kabiruyu- ngan Angerah Budaya mangrupa en- titas anu nyongcolang. Turta henteu kudu dipihamham deui. Utamana pikeun Paguyuban Pasundan, agénda Angerah Budaya 2013 téh éstuning mangrupa kado milang- kalana anu saabad. Wilujeng. Hanjelu Teu Aya Dada Dina biantarana, Kadisbudpar Kota Bandung Drs. H. Herry M Djauhari MM, manghanjelukeun dumeh éta acara n diluuhan ku Wakil Walikota Bandung Ayi Vivananda, Wakil Ketua DPRD Jabar H Uu Ruk- mana, seniman katut budayawan Sunda, sarta insan pers téh, henteu diluuhan ku Walikota Bandung Dada Rosada. Pangna kitu téh duméh éta agénda Anugerah Budaya di- taratasna nya dina mangsa pamarén- tahan Dada Rosada pisan. “Mugia baé naon rupi nu nuj tu- miba ka anjeunna (Walikota Ban- dung, red) sing digampilken bérés roés deui. Sareng mugia anjeunna di- paparin kakiatan,” ceuk Herry. Papadaning kitu, Herry gé jangji seja ngaronjatkeun deui ajén Anugerah Budaya dina taun-taun ka hareupna, boh dina acarana boh dina nominal pangajénna. Dina taun ieu, saban seniman nu kabiruyungan Anugerah budaya baris nampa pia- gam, tropi, sarta duit nu pangajina Rp. 15 juta. *** (Dian Héndrayana) Para tamu ondangan dina Anugerah Budaya Kota Bandung 2013
  • 9. Manglé 2440 D ua poe teu ngantor, babaturanana silih tanya, aya naon ari Sun- dari? Na tulus Umrohna jeung Rayanti sobatna anu beunghar tea? Atawa …ah nyao ketah, make bingung ku urusan batur, Kitu ceuk gerentes hate Ikah sobat dalit Sundari anu memang leungiteun. Isukna Ikah aya anu ngabejaan yen Sundari memang Umroh tapi lain jeung sobatna nu beunghar, da ieu mah jeung Tubagus Ramdani, perwira angkatan Udara terahing menak Cikundul. Lalaki kasep taya babandinganana, pinter turta nyantri. “ Kuma tea urang Ci- anjur.!” kitu ceuk Sundari ka Ikah. Ari eta nu kasep papanggihna jeung Sun- dari dina riungan kula- warga di Cianjur, diwawuhkeun ku Mang Bahar anu maher mamaos Cianjuran. Agus Tubagus Randani di dinya kapen- tang panah asmara, katiir mamaras rasana ku pa- mulu mojang Ciranjang anu sakitu lucuna. “Tah ieu teh Sundari – putrana Mang Radiman tea” saur Ibuna Agus Tubagus Ramdani ka putrana. Agus ngarawu leuneun nu geulis bari mesem. “ Oh kitu? Pokna. Sun- dari oge rada geumpeur narima panangan anu kaseop teh, jol kerewek leungeun Sundari dirawu dikeukeuweuk, datangka anu geulis beuki geumpeur. “ Agus Tubagus Ram- dani” pokna bari neuteup seukeut ka Sundari. Ti harita Pilot kasep teh jadi remen nganjang ka Ciranjang ka bumi kula- warga Haji Hadiman ban- dar beas anu di lemburna sohor haji balabah turta nyaah ka somah cacak teu boga kaluhngguhan nanaon di jajaran pamarentahan. Hanas aktip milu ngamajukeun koperasi, da estuning ku karepna sorangan.Tepi ka poe eta, poean tepung taun Cianjur, Agus Tubagus Ramdani geus sataun hahadeanana jeung Sun- dari malah geus dicang- cang sacara resmi mojang Ciranjang teh. Batur salembur mah geus silih tanya, iraha cenah dirapalanana kembang Ciranjang nu herang teh nya?Alus temen cenah rek dipileuleuheungkeun ku terah Wiratanu. Poean Sundari teu ngantor tea, memang bener Umroh jeung ibu ramana, boh ibu rama Agus boh ibu ramana Sun- dari. Niatna mulang Umroh arek dirapalan di Cianjur. Poean miang Umroh ondangan mah geus dikirimkeun ka ala- mat nu diondang. Lamun batur nikah heula kakara umroh, Sundari jeung Agus mah umroh heula kakara dirapalan. Saminggu sabada umroh memang bener di- rapalan. Teu aya kariaan gede, basajan pisan da kitu pamentana panganten. Enya ari resepsina mah di gedong, awahing ku lobana ondangan, ari di bumi moal cekap saur ibuna Sundari anu ngan- jrek di KPR/BTN ukur tipeu 45, ku anak incu ge geus pinuh saurna teh. Sabada dipangantenkeun, Sundari dibawa pindah ka Bogor da Agus dinesna di Bogor. Sundari anu geus jadi Ibu Agus mimitina mah ngarasa karagok kudu jadi Nyonya Agus atawa Ibu Agus, tapi lila-lila mah biasa deui. Malah milu akitip di organisasi PIA Ardyaharini, persatuan Istri AURI. Rumah tahnggana run- tut raut, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak teh nyaan. Ngan aya sarupa anu kurang dipikaresep ku Sundari ti Agus teh, nyaeta pangaresep jeung kabiasaanana anu matak lelenyapan angen nyaeta tumpak motor Harley Davidson anu badag tea. Jiga ka maru we sebeleun- ana kana eta motor teh. Ceuk Agus, eta mah pangaresep ti jaman ru- maja keneh, warisan ti bapa. Kusabab kitu Sun- dari tara loba komentar ngan sok ngabetem we lamun keur aya kasebel ka Si Harley teh.Tapi da teu bisa disisilihan, Agus malah tambah meumeut kana motorna. Lamun pareng nyanyabaan ka luar daerah , Sundari tara milu kajeun nuturkeun kana mobil oge. Komo kana sabangsaning Tu- ring-turing mah tara weh, paur pokna. Agus ngan sakadar menta didunga- keun ka Si buah hate, da henteu miharep ari Sun- dari kudu mimilu momotoran mah. Iwalti lamun sakadar lalajo lamun aya demonstrasi Harley. Biasana ari aya tatamu ti mancanagara, atawa payuneun Presiden jeung para mentrina. Jiga harita aya tamu ti Aklza- zair Mentri Pertahanan Ben Houra Omar. Peutingna samemeh ka jalan, Agus nyarita ka Sun- dari bareurat sirah. “Atuh kedah ngaso heula Kang, upami bade ka jalan, kasehatan kedah prima” ceuk Sundari. “ Pasti, tapi kapan aya Dokter Joni, muga-muga teu aya nanaon” Sundari ingeteun yen komandanna kungsi nyaritakeun harepanna supaya Agus eureun momotoran, puseurkeun bae kana tugas inti. “Agus teh Pilot heug terus tataharkeun diri masing jadi Pilot unggu- lan”, saurna teh. Agus oge teu pohoeun, tapi hayangna kitu. Ongkoh gogoda Si Harley teu bisa disingkahan, kokolebatan bae, kaimpi-impi hayang jadi jagoan anu dipercaya. Lain pupujieun ngan geus kiitu we panggero batinna. Piisukaneun arek demo 8 Carpon Hana Rohana Suwanda
  • 10. Manglé 2440 9 payuneun tatamu tea, munjungan heula ka ibu di Cianjur , neda pidungana arek demo payuneun pangagung. Saperti biasa- na ibuna ngadungakeun bari saeutik mah tetep mi- wejang sangkan demo poe eta demo panungtung, Agus kudu mileuleuyan- keun si Harley saurna teh. “Dunga ibu salawasna keur Agus, tapi poma pa- menta Ibu ge ku Agus kudu disetokeun. Da lain menta dunyabrana, Ibu mah ngan menta panga- resep kana momotoran eu- reunan, kiwari geus waktuna” saur Ibuna. Agus ukur ngajawab Insya Allah, halon pisan. Tapi karasana ku ibuna mah matak nyeri, nyeri pisan saur ibu anu palay kag- ngan putra jadi pahlawan dirgantara teh. “Eta mah kuma hidep , da Ibu ge nyaho dicarek oge moal ngagugu. Ngan masing inget Ibu tetep miharep sangkan hidep ninggalkeun karesep nu hiji eta anu nyantong kana balai!” Biasana Agus tungkul ngeluk, Euweuh jangji dina hatena, taya paneda ka Gusti sangkan dibere sadrah geusan ninggalkeun pangaresepna anu mahiwal ti batur. Jigana ka nu lenjang urang Ciranjang oge moal ngagugu lamun dicarek teh. Numatak Sundari milih baceo dina hatena bae bari tara lalajo lamun manehna demo atawa momotoran ka mana boa. Bagja keneh lalajo Sang pilot manuvre di awang- awang. Ngan poe eta basa rek demo payuneun Mentri Pertahanan Alzazair Ben Houra Omar tea, Sundari maksakeun maneh milu Ibu Rahayu, sarua caroge- na oge micinta motor badag jiga kitu. Dua nyo- nya ninggalkeun imah duanana oge istri Sang Pilot anu cinta motor badag turta duanana rek mintonkeun kamaheran- ana payuneun tamu na- gara. Ongkoh Sundari panasaran ka Mentri Per- tahanan Alzazair, sabab mangsa harita Alzazair teh keur perang. Sundari simpati ka Srikandi Za- hara Bouhired Sri Kandi Alzazair anu mashur “Mani asa kasep-kasep teuing Kang Agus…”geren- tes hate Sundari. Erokna biru langit. Aneh bet cipanonna ngaberebey terus meun- tasan pipina, ngeclak kana lahunan. Agus ret deui ret deui ka Sundari anu diuk di balandongan jeung kulawarga manusa- manusa Harley anu se- jenna. Geus henteu kaban- dungan ieuh kumaha sibuk pakepukna anu aya di tengah jalan Asua Aprika harita, hareupeun gedong Merdeka. Hate Sundari teu merdeka, sidik dikeukeuweuk ku rupa- rupa rasa kamelang ka- hariwang jeung kareueus boga salaki pilot, lalaki langit lalanang ti awang- awang anu hanjakal mabal kana momotoran. Demo teh memang rame, anu keprok taya eureunna nyaksian rupa-rupa tingkah polah anu mintonkeun kamaheran- ana payuneun tamu. Sun- dari seseringna tungkul bari lelenyapan angen, yambat asma Alloh nitip- keun Kang Agusna ka Gusti Nu Maha Ningali. Aya meureun satengah jam mah motor daradad- durudud ka hilir ka girang, nu surak beuki ayeuh- ayeuhan. Memang hecat, aya demo tumpak motor bari nangkuban, terus bari nangtiung dina sadel, bari kitu bari kieu, anu lalajo beuki ayeuh-ayeuhan. Seoooot…. Ti kulon hiji motor ngadurudud… nyerebetna ka wetan, ceki- iit…..gubrag, bet kaden- gena teh motor disesered ngagubrag jauh di wetan . Jalma-jalma bet ting- jarerit, pulisi tingdurug- dug ngetan kabeh. Nu lalajo sawateh milu tiomngdurgdug lalumpatan kma wetan, sawareh deui mah meubeutkeun maneh kana korsio bari teu weleg istig- far. Sundari ngagebeg… :Kaaang…….” Sundari ngajerit bari terus nyam- bat asma Alloh, tapi lila- lila jep sorana jempe, Sundari ngalenggerek kapiuhan, kaayaan jadi kacida ributna, aora anu ceurik jeung anu tinggorowok pabaur jadi hiji. Sajeroning kitu, tatamu mah langsung ngantrunkeun jalan Asia Aprika. Semuriti teu ngidinan nyumponan kapalay tatamu ningali ka tempat kajadian kacilakaan. “Ya Alloh….Agus Tuba- gus Ramdani…Ya Allloh!” jalma jalma istigfar jeung nyambat asma Alloh patarik-tarik. Sundari dibawa ka jero gedong Merdeka, ti beh wetan aya anu digotong kana am- bulan, dua korban….Ram- dani jeung Susanto. Ahirna anu tadi dibawa ka jero gedong Merdeka oge dibawa ka rumah sakit, Sundari tacan eling-eling basa diasupkeun kana am- bulan téh. ***
  • 11. 10 Manglé 2440 Bagian 171 Peuting ka-192 Mantri gura-giru muru istana. Teu nolih ka nu ngajaga, blus wéh ka rohangan tempat raja. Atuh puguh wé raja gé héraneun naker. Mantri nu basa indit sakitu gagah sarta papakéanana rapih, harita mah sabalikna, bangun nu teunangan sarta papakéanana kararusut teu beda ti nu kakara hu- dang saré. “Kumaha kaayaan anak kaula téh?” “Numawi kitu geu- ning.” “Kitu kumaha?” “Rupina mah ka- ganggu émutanana.” Pok wéh mantri téh nyaritakeun sagala rupa papanggihanana katut omongan Komarujaman nu ceuk pikirna mah jauh tina kanyataan. Eta putra raja téh nepi ka linglung teu nyaho di bebeneran. Nu dipika- cangcamna ukur wanoja nu teu puguh juntrung- na. Ngadéngé caritaan mantrina kitu, raja téh bendu kacida. Keuheul ka mantrina pangpangna mah nu geus ngalantarankeun anakna kawas kitu. Ngan, aya ogé rasa cangcayana. Ceuk pikirna, anakna can tangtu teu waras. “Ayeuna kaula rék langsung ngadatangan manéhna!” pokna. Nyaritana kitu teh bari jung nangtung. Leos indit, dituturkeun ku sababaraha urang pangawalna. Raja Syahraman kaluar ti istana. Muru wawangunan nu dipaké pangbérokan anakna. Sa- datangna ka nu dituju, ngisarahan sangkan nu ngajaga muka konci. Blus raja ka rohangan tempat Komarujaman. Kasam- pak anakna keur cinekul nangkeup tuur. Nempo raja datang, Komarujaman jung nangtung ngabagéakeun hormat pisan. Ngabandungan paripolah anakna kitu, raja bu- ngah. Cek pikirna, sidik anakna téh waras. Pepetaanana nembong- keun temah wadi, teu beda ti saméméh di- kerem di panjara. “Séhat hidep téh?” “Pangésto, Ama!” “Sukur atuh!” Najan kitu, raja téh nguji ingetan anakna. Nanyakeun poé jeung bulan. Dijawab ku nu di- tanya kalayan bener. Da, mémang Komarujaman téh teu sing siwah. Inge- teun poé éta jeung poé kamari, isuk jeung pagéto, ogé poé-poé saterusna. Kitu deui, apleun ngaran-ngaran bulan kalayan bener. Malah, satutas ngajawab pananya raja nu mémang kacida basajanna kawas nanya ka budak, Komarujaman téh nganaha-naha ka kolotna. Raja ngarangkul anakna. Bungah ngadéngé jawaban anakna kitu téh, da sidik waras, béda jeung warta nu diomongkeun ku mantri téa. Komaru- jaman bungah jeung sedih. Bungahna lan- taran bapana geus teu ambek deui ka dirina. Tapi, sedihna, lantaran ngarasa kungsi ngajaheutkeun haté kolot nu sakitu mikanyaah ka dirina. Peuting ka-193 Saterusna, Komaru- jaman téh teu sabar. Pok nanyakeun wanoja nu bareng saré peuting tadi. Ngadéngé kitu, raja gé teu sing kaget. Ukur nganggap anakna kapangaruhan ku impianana, lain siwah saperti ceuk mantri téa. “Anaking, meureun ukur impian. Geus tong loba pikir!” “Sanes ngimpén,
  • 12. Manglé 2440 11 Ama!” Komarujaman nyaritakeun deui pangalamanana. Persis, saperti nu dicaritakeun ka mantri. Ngan, saterusna, Komarujaman gé nembongkeun ali . Sidik cenah, waktu lilir aya awéwé nu saré gigireunana. Manéhna kakara kapincut ku rurupaan awéwé kawas kitu mah. Ngan, teu sing kagét, da tangtu éta téh pagawéan raja keur nguji pakarepan dirina. “Mana ari ali hidep?” “Teu aya, da dicandak ku anjeunna!” Komarujaman nyabut ali nu dipaké dina jariji- na. Sok dibikeun ka raja. Raja nampanan sarta ngulak-ngilik éta ali. Tétéla, éta mah ali awéwé, lain ali nu anakna. Bari nyekel ali téa, raja cacarita. Intina mah, percaya éta ali téh bukti kaajaiban papanggihna Komarujaman jeung wanoja téa. Ngan, nu teu kaharti téh, kumaha carana éta wanoja asup jeung kaluar ti éta tempat kalayan teu kanyahoan ku sasaha. Tempat nu dipaké panjara téh dijaga manglapis-lapis. Moal aya nu bisa asup ka dinya upama teu diidinan ku nu ngajaragana. Ngabadungan kaayaan kitu, Syahraman sajongjongan mah ngahuleng. Peuting ka-194 Sawatara poé sanggeus kajadian, raja gé angger bingung. Nu jadi bukur catur di kula- warga téh, taya deui iwal ti kajadian nu karanda- pan ku Komarujaman. Anéh teu katepi ka pa- ngarti teu kahontal ku akal. Satereusna, Komaru- jaman gé dipindahkeun ka tempat séjén. Dumuk- na di istana husus keur putra raja. Méméh ditempatan, dibebenah heula, sangkan nu anyar nyicin- gan éta tempat betaheun. Ceuk pikir raja, upama Komarujaman betaheun di dinya, pipikiran anakna gé kabeberah. Ngan nya kitu, éndah- na istana téh keur Komarujaman mah teu jadi pangbébénjo. Haténa tetep tibelat ka wanoja nu kungsi ngiwat lelembutanana. Beuki lila, lain paler, tapi sabalikna beuki sono, nu ahirna mah, méh poho kana sagala rupana. Nu kacipta rurupaana éta awéwé nu ayeuna teuing di mana ayana. Beuki lila, kaayaan Komarujaman téh beuki pikawatireun. Awakna begang, beungeutna haropak, panona celong. Kituna téh lantaran ku- rang dahar kurang saré. *** (Hanca)
  • 13. 12 Manglé 2440 K olot Nyi Rapiah lila teu kasaba, teu kapéntaan ku anak téh, teu di- jieun héran, disangkana Aom geus bageur, daék rumawat ka pamajikan. Ku kituna Nyi Rapiah bisa saméména, malah asa kangeunahan. Kawas teu salah omongan santri, yén kalakuan haram téh ulah sok dipirucaan, ana geus ngalemah engkéna asa leuwih penting leuwih nyenangkeun nu haram téa, batan nu halal, teu karasa, yén urang melak doraka. Ari dina hukumna, saha-saha nu tandor kadorakaan, sok panén siksa- an; kapanggihna mun teu awal sok ahir. Ana geus ngeu- nah dina doraka, biasana leuwih ngagedékeun nu batal batan nu wajib. Cara Nyi Rapiah, haténa téh leuwih ngait ka Babah Dolar, Anom Luih atawa Aom Aging, batan tibelat ka salakina. Cék per- bawa napsuna, éta mah jeung nu tiluan kasukaan téh éstu cacap, asa parat langit tujuh lapis. Naha kudu disalahkeun Nyi Rapiah téh? Urang teu kudu jadi ulama pikeun bisa nyebut- keun yén lampah Nyi Rapiah téh nya salah nya doraka. Tapi lamun urang adil, papadaning nyalahkeun ogé ka Nyi Rapiah, kudu bari ngaku, yén Nyi Rapiah mah kituna téh saenyana ngan darma akibat, ngan tarima jadi wadal tina sahiji sabab. Urang teu kudu mangmeunangkeun ka Nyi Rapiah jeung mangrébu-rébu awéwé bangor cara manéhna, yén éta rébuan Rapiah téh korban kasalahan selang- surupna jeung adab-biadabna hirup-kumbu. Saréatna atawa alatanana, meunang ti salaki atawa ti “batur-hirupna”. Tapi éta mah ngan sakadar alatan baé, da masing salakina ogé tunggal kénéh anggahota hirup-kumbuh. Mémang teu sautik awéwé nu tigebrus kana jurang kanistaan téh duméh boga bakat ti dituna perbawa napsuna “cacad” tanda ka teu sampurnaan manusa; naon bédana jeung jalma borangan, reuwasan, inggisan, korét, awuntah, kedul, bodo jeung sapapadana. Upama nu bodo bisa “dideudeul” ku panga- jaran, nu kedul “diratik” ku pangabibita, nu borangan “disurung” ku latihan, nu inggisan “dipitumanan” ku kabiasaan sok aya nu bisa “pulih” cacadna. Ari nu héngkér batinna naha rék anggeus ku diantep bari dicela-diwada baé? Naha masarakat kurang mikarunya ka nu kararitu? Moal dibéré tambang geusan muntang? Moal dibéré deudeul geusan nanjeur? Kawas geus bakatna dunya ka nu tigubrag téh umum na sok anggeus semet mupuas bari ngahojah-hojah, arang langka sor sosodor ngahudangkeun, ngajait. Aya nu boga téori, magar téh supaya leungit awéwé balangor, kudu daraék dican- dung. Tapi buktina ari cara Nyi Rapiah mah dicandung kalah tigebrus, didua kalah tigubrag! Bohong atuh téori nyandung téh? Lain bohong téorina, tapi osok saralah praktékna. Da dina prakna mah lain nyan- dung niat tutulung. Tapi malar seubeuh ngagugulung. Lain nambahan tikah seja ibadah, tapi tamba éra rucah ngabengkah. Lantaran kitu, ka nu nyandung kalah bi- ngung, nu dicandung ngalanglayung; ana dibéré “kalap” awéwé téh téga males, kebon pihapé salaki téh nga- haja diundeur deungeun. Buktina Nji Rapiah. Nyi Rapiah nyanghareup- na ka Aom Usman téh éstu- ning puraga tamba kadengda, ijiranana gé: “Kapaké sakieu sukur, teu kapaké didagoan lisan nu enja.” Pangrasa Nji Rapiah, da diri keur laris, masing digebrokeun talak-tilu gé ku Usman, henteu rémpan teu horéam, da nu rék nyanggap mani ranghap. Nyi Rapiah pohoeun, yén lalaki bener mah milih pipamajikaneun téh teu punah ku geulis wungkul; sanajan mohmoy- moronyoy ogé ari cara ka samping soéh mah nu rék nawar gé mikir-mikir heula, komo lamun nyahoeun nya soéh nya dagangan Nyi Dampi mah, wah, ké heula! Cék anu magar terangeun, lamun jalma geus kausap sétan, sok resep nepakeun jurig pateuh, ujak- ajak atawa ruwal-rawél ka nu lian, kawas hayang aya pibatureun di naraka. Haténa téh cenah, asa pageuh asa reugreug lamun bisa milu narik nu lian sina tigebrus cara manéhna. Nyi Rapiah ogé nya kitu. Najan enya gé cacah, urang pasar, da jelema, kanyeri kapeurih mah boga, malah karep males jeung hayang puas gé nyampak. Ari nu di- { 10 } Ku M.A. Salmun
  • 14. Manglé 2440 13 paké panas-peurih, sakumaha ilaharna anu dipangnyandungkeun, moal saha deui jaba ti ... maruna, Agan Sariningrat téa. Bubuhan Nyi Rapiah téh urang dayeuh, loba deudeuleuan-dédéngéan jeung sanajan enya gé awéwé ropoh pager, ipis bendungan, da ari haténa mah caang, pikirna nyaring boga bakat calakan. Ditambah, sanggeus sering pulang anting ka Nyi Dampi, campur jeung “kakasihna” nonoman baleunghar, palinter jeung réa nu boga bakat démokratis — maké ukuran taun 1875!— kusial baé rasa pangaribawa- na hudang, awas atra kana susunan masarakat. Bet réa kateuadilan! Naha bet masarakat kudu nyieun golo- ngan jelema diumpak-umpak, dikelas-kelas? Naha bet maké aya golongan ménak, aya golongan somah? Naha bet ari nu disarebut ménak kudu diénak-énak, diagung- agung, dipunjung-punjung. Mun ngaliwat kudu di- pangdiukkeun, mun bareng diuk kudu dipangmandokeun (baheula mah sumawonna ménak bungkeuleukanana, masing kareta ‘bendi’ kosongna, lamun ngaliwat, somahna téh kudu brak-brek nagog sisi jalan, paduli teuing palebah nu jeblog ogé. Lamun maké dudukuy kudu dicuplak. Anu maraké tarumpah atawa salamprak, mun ngaliwat ka imah ménak, kudu di- tarumpah dipihapékeun ka gulang-gulang luareun kuta. Somah anu “kumawani” maké sapatu ‘masing diluar ogé’ lamun kapanggih ku upas, di- tutup di bui tilu poé. Sawatara réréng atawa batikan sam- ping, dilarang dipaké ku somahna. Maké totopong teu meunang dibendokeun.), ka- hajangna teu meunang dipungpang, paréntahna teu meunang dimaha. Sakalieun lunta, cék paribasana masing ngan saléngkah ogé kudu di- iring, malah tampolana dia- bring-abring; ka nu rada tarahal kudu digogotong cara capekong usum cap-gome! Naha kitu? Naon saenyana jasa-jasa para ménak ka rayat téh? Bisa jadi saurang atawa duaan di antara para ménak téh aya nu enyaan daék towéksa-ngaraksa karaharja- an Si Leutik (bari nyelapkeun kapentingan dirina pribadi!) tapi ari gegedéna mah ngan hayang senangna katut ngeunahna baé, jaba pépéntaanana rupaning bawang téh sawaréh mah bari teu ngarikeun nu luis, teu nyésakeun nu lenjang. Geus lain rasiah deui, yén réa nu dadaku ngaronda padahal ngaranda! Lamun jaman harita Nyi Rapiah geus ngadéngé kaca- pangan “Keadilan sosial” moal boa mepek balad nga- bangkit hak-hak adiling- masarakat! Da bawaning ku misti dingeunahkeun, ngomong ogé ka ménak mah kudu (teu meunang henteu) basa ménak nu disebut basa lemes téa. Najan Nyi Rapiah lain ahli basa ogé, bisa ari ngarasakeun mah, yén bawaning ku hayang nyieun “basa ménak” geusan ngangeunahkeun kaom ménak, nepi ka réa kecap- kecap anu sawajarna dibélaan dirobah, dibingkengkeun, di- arula-arileu, atawa mun teu kitu, masing nu aya basa Sunda-aslilna ogé dibélaan dilindih ku basa lian, da hayang “sopan”. Nyucudna, ari basa Sunda anu wajar bet disebut basa kasar. Padahal basa anu ti jaman baheula diparaké ku unggal urang Sunda. Bet cara nu boga kabogoh anyar. Si heubeul nu geus karuhan satia-satuhu milu ngangedéan-ngahirupan, ngadak-ngadak disebut Si Dusun Si Gorengpatut, da kabongbroy ku nu anyar. Basa sawaja-sawaja disebut basa kasar. Adil peta kitu téh? Ras deui Nyi Rapiah inget ka somah, Si Leutik anu jaman harita mah kapurba-kawisésa, kakeupeul patihuripna ku ménak nepi ka basana gé: “Sumawonna kakara sarupa- ning harta-banda, dalah anak bojo katut raga-nyawa, ka- gungan ménak.” Dina adu hareupan antara ménak jeung cacah, paribasa gé bonténg ngalawan kadu, pacikrak ngalawan merak. Naha bet kudu kitu? Naon dosana somah nu matak dina sagalnaa kudu éléh baé ku ménak. Da tampolana mah ménak téh dimeunangkeu- nana lain duméh nincak dina hukum adil, tapi duméh ménak , Si leutik mah masing bener masing lempeng ogé sok éléh baé, nepi ka teu mujeujeus gé alus kénéh. Dina urusan jodo, anu cék hakékatna ditangtukeun ku Pangéran, ménak bet ngilu ngatur. Lalaki simahan mah dicadukeun boga pamajikan ka Agan, ka Endeng, ka Juag! Tapi ari lalaki ménak diheug- keun ngacak-ngawur ka awéwé somahan sirikna hen- teu nepi ka dimeunangkeun niiran. Mangkaning awéwé sésa ménak téh teu saeutik nu tuluy kamanjon, rék ka ménak deui, da geus “sésa” rék ka somahan, da somah téh “ajrih” paribasana: “Sésa ménak téh sok unggah adat.” Ku kituna, cék saha masarakat teu jadi acak- acakan? Diacak ménak! (hanca)
  • 15. S olat mangrupa ibadah nu di- paréntahkeun langsung ku Alloh SWT ka Rosul-Na tanpa perantaraan. Solat mangrupa ibadah nu baris pangheulana dibalitung- keun dina poé balitungan amal (yau- mul-hisaab). Solat mangrupa ibadah nu ngabédakeun antara nu iman jeung nu kupur. Solat mangrupa ibadah nu nyumponana diomat- omatkeun ku Rosululloh SAW ka umatna. Solat mangrupa ibadah nu posisina lir ibarat tihang atawa pon- dasi dina (wawangunan) agama. Solat mangrupa ibadah nu kadudukana lir ibarat sirah dina (anggahota) badan. Meureun geus pada-pada apal, solat kabagi dua. Solat nu migawéna diwajibkeun jeung solat nu migawé- na dianjurkeun. Solat nu migawéna diwajibkeun aya lima waktu. Solat Subuh dua rokaat, solat Lohor opat rokaat, solat Asar opat rokaat, solat Magrib tilu rokaat, jeung solat Isya opat rokaat. Jumlahna tujuh welas rokaat. Solat Lohor poé Juma’ah, hususna keur nu nyumponan sarat- saratna diganti ku nedunan solat Ju- ma’ah dua rokaat. Solat nu dianjurkeun kabagi dua. Aya nu sipatna ditekenkeun (muakkadah) jeung aya nu sipatna teu ditekenkeun (ghair muakkadah). Atawa, aya nu jumlah rokaatna teu ditangtukeun (muthlaq) jeung aya nu jumlah rokaatna ditangtukeun (muqoyyad). Solat nu dianjurkeun tegesna solat sunah gurat badagna mun di- laksanakeun bakal meunang ganja- ran, mun teu dilaksanakeun moal meunang siksaan. Dumasar kana ugeran bieu nu ngalaksanakeun solat sunah bakal untung. Sedengkeun mun sabalikna, najan teu dicawiskeun meunang siksaan bakal rugi. Lantaran teu ngamang- paatkeun kasempetan nu nampeu di hareupeun kongkolak panonna. Iwal ti éta, sing saha nu ngalaksanakeun solat sunah baris rébo ku kurnia Alloh SWT. Kahiji, baris disampurnakeun ganjaran solat fardu lima waktuna. Rosululloh SAW ngadawuh: “(Amalan) nu pangheulana dibalitungkeun ti hiji hamba dina poé Kiamat nya éta solat fardu lima waktuna. Upama manéhna sampurna ngalak- sanakeunana baris dicatet ganjaran nu sampurna. Ngan upama teu sampurna ngalaksanakeunana, Alloh SWT bakal ngadawuh ka malaikat-Na, “Cing paluruh, sugan aya solat sunahna! Upama aya, maranéh bisa nyampurnakeun gan- jaran solat fardu lima waktuna ku ganjaran solat sunahna” (HR Abu Dawud). Kadua, baris dipikameumeut, dipikaasih, sarta dipikacinta ku Alloh SWT. Saur Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: “Saéstuna Alloh ngadawuh, ‘Sing saha nu ngamusuh ka parawali Kaula tanwandé Kaula ngamusuh ka manéhna. Jeung sing saha nu ngadeukeutkeun dirina ka Kaula ku cara-cara nu dipikacinta ku Kaula tina rupaning nu geus diwajib- keun ka manéhna, sabadana kitu manéhna masih terus-terusan ngadeukeutkeun dirina ka Kaula ku amalan-amalan sunah tanwandé Kaula baris mikameumeut, mikaasih, sarta mikacinta ka manéhna, jst” (HR Bukhori). Katilu, baris diangkat darajatna jeung di- pupus kasalahanna. Tsauban Rohimahulloh nyarioskeun, Rosululloh SAW ngadawuh: “Anjeun kudu loba sujud, lantaran saéstuna saban sakali sujud ka Alloh tangtu ku Alloh baris diangkat darajat an- jeun sadarajat jeung baris dipupus kasalahan anjeun sakasalahan” (HR Muslim). Kaopat, baris digampang- keun abus ka Sawarga. Diriwayat- keun ku Robi’ah bin Ka’ab al-Aslami, “Kaula kungsi nginep sareng Rosululloh SAW, tuluy kaula nulun- gan mangnyandakkeun cai kanggo wulu sarta kapereluan anjeunna nu sanésna. Anjeunna ngadawuh, “Pok nyarita sahinasna, naon nu ku hidep dipikahayang?” tuluy ku kaula di- jawab: “Abdi mikahoyong mugi abdi tiasa nyarengan salira di Sawarga”. Rasululloh SAW tumaros deui: “Naha euweuh deui salian ti éta?” Kaula ngajawab: “Mung éta nu dipikahoyong téh”. Rosululloh SAW ngadawuh: “Tulungan Kaula (sangkan bisa) nulungan diri hidep ku cara ngalobakeun sujud” (HR Muslim). Kalima, baris ditambah- tambah rasa sukurna ka Alloh SWT. Dicarioskeun ku Aisyah RA, “Hiji waktos Rosululloh SAW ngalaksana- keun solat tahajud (qiyamul-layl) dugi ka katawis dua sampaéanana bareuh. Inyana tumaros, “Naon margina pangna andika ngalaksana- keun solat tahajud dugi ka kitu, apan andika mah tos dijamin ku Alloh SWT baris dihampura tina sagala rupa dosa boh nu tos kalangkung pon kitu deui nu bakal dongkap?” Rosululloh SAW ngadawuh: “Naha teu meunang kitu, Kaula jadi hamba Alloh SWT nu enya-enya sukuran ka Anjeunna?” Kautamaan Solat Rowatib Ku Mahmud Yunus 14 Manglé 2440
  • 16. Solat sunah loba kacida macemna ngan dina bahasan ieu mah cuang tekenkeun baé kana solat rowatib. Lantaran solat rowatib mah kasempetanna ‘terbuka lébar’ jeung kautamaanna luar biasa agungna. Naon solat rowatib téh”. Solat rowatib nya éta solat sunah nu dilaksanakeun saméméhna (qob- liyah) atawa saentasna (ba’diyah) ngalaksanakeun solat fardu lima waktu. Naon baé, naha aya tungtun- ana ti Rosululloh SAW? Solat dua rokaat saméméh Subuh kaasup sunah nu ditekenkeun (muakkadah). Rosululloh SAW ngadawuh: “Dua rokaat saméméh Subuh leuwih hadé tinimbang dunya jeung eusina” (HR Muslim). Aisyah RA nyarios: “Rosululloh SAW teu kantos ngantunkeun solat dua rokaat kasebut salawasna” (HR Bukhori jeung Muslim). Ngalak- sanakeunana, sunah diringankeun. Aisyah RA, nyarios: “Rosululloh SAW nyederhanakeun solat dua rokaat saméméh Subuh, malah kaula kungsi hémeng, “Naha anjeun- na teu maos Ummul Kitab (surah Al- Fatihah) kitu?” (HR Bukhori). Waktu ngalaksanakeunana antara adan jeung komat solat Subuh. Haf- shoh RA nyarios: “Mun nu adan (muadzdzin) geus eureun tina adan Subuh jeung waktu Subuh geus jelas, nya harita Rosululloh SAW ngalaksanakeun solat dua rokaat én- téng saméméh ngadegkeun solat Subuh” (HR Bukhori). Surah nu dibaca sabada surah Al- Fatihah nya éta surah Al-Kafirun (surah ka-109) dina rokaat kahiji jeung surah Al-Ikhlas (surah ka 112) dina rokaat kadua. Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW maos “Qul yaa ayyuhal kafiruun” jeung “Qul huwalloohu ahad” dina dua rokaat solat saméméh Subuh (HR Muslim). Nurutkeun katerangan séjénna, Ro- sululloh SAW maos “Quuluu aaman- naa billaahi wa maa unzila ilaynaa” (potongan surah Al-Baqoroh [2] ayat 136) jeung “Aamanna billaahi wasy- had bi annaa muslimuun” (potongan surah Ali Imron [3] ayat 52). Nurut- keun Ibnu Abbas RA, Rosululloh SAW maos “Quuluu aamannaa bil- laahi wa maa unzila ilaynaa” jeung “Ta’aalau ilaa kalimatin sawaain bainanaa wa baynakum” (HR Mus- lim). Solat rowatib Subuh bisa diqodo keur sing saha nu teu kaburu ngalaksanakeunna saméméhna. Waktuna sanggeus panonpoé naék nya éta wayah duha. Hal ieu di- dasarkeun kana katerangan Abu Hu- rairoh RA yén Rosululloh SAW kantos kaboboan dugi ka anjeunna teu kabujeng ngalaksanakeun rowatib Subuh nya ku anjeunna diqodo (HR Ibnu Majah). Solat opat rokaat saméméh Lohor jeung saentasna kaabus nu ditekenkeun. Ummu Habibah RA ngariwayatkeun, Rosululloh SAW ngadawuh: “Sing saha nu ngadawamkeun solat opat rokaat saméméh Lohor jeung saentasna, Alloh SWT baris ngaharamkeun ka manéhna siksa Naraka” (HR Ahmad). Nurutkeun katerangan Aisyah RA: “Rosululloh SAW biasa solat opat rokaat saméméh Lohor di bumina. Saterasna anjeunna ngalaksanakeun solat barjamaah Lohor sareng parasohabatna. Saterasna anjeunna lebet deui ka bumina, lajeng ngalaksanakeun solat dua rokaat” (HR Muslim). Dumasar kana katerangan bieu bilangan rowatib Lohor téh aya dala- pan rokaat, opat rokaat saméméhna jeung opat rokaat saentasna. Atawa sakurang-kurangna genep rokaat, opat rokaat saméméhna jeung dua rokaat saentasna. Dumasar kana katerangan ti Ibnu Umar RA, Rosululloh SAW ngadawuh: “Mugi Alloh mikaasih ka sing saha nu ngalaksanakeun solat opat rokaat saméméh Asar” (HR Ahmad jeung Abu Dawud). Rowatib Asar dilaksanakeun saméméh solat Asar. Sabab aya katerangan nu eu- sina nyaram ngalaksanakeun solat saentasna Asar. Nurutkeun Umar bin Khaththab: “Saéstuna Rosulul- loh SAW ngadawuh, dilarang solat saentasna solat Subuh nepika waktu duha (wanci meleték sarangéngé) jeung dilarang solat saentasna solat Asar nepika waktu Magrib (wanci sariak layung)” (HR Ad-Darimi). Dumasar kana katerangan Anas RA, jaman Rosululloh SAW aya kénéh di kieuna kami kungsi ngalaksanakeun solat dua rokaat saentasna surup panonpoéa, saméméh solat Magrib (HR Mus- lim). Anas RA ogé nyarioskeun, kami harita téh keur aya di Madinah, waktu aya nu adan Magrib para- sohabat gura-giru ka masjid tuluy ngalaksanakeun solat dua rokaat. Keur kitu, jol urang asing datang ka masjid, lantaran réa pisan nu ngalaksanakeun solat dua rokaat inyana nyangka solat Magrib geus dilaksanakeun (HR Bukhori jeung Muslim). Dina hadits Abdullah bin Mughaffal RA riwayat Bukhori sarua Rosululloh SAW nganjurkeun solat dua rokaat saméméh Magrib. Ngan nu ditekenkeun mah solat dua rokaat saentasna solah Magrib saperti nu diriwaatkeun dina hadits Rosululloh SAW ti Aisyah RA jeung Abdullah bin Umar RA téa. Nurutkeun Aisyah RA dina ri- wayat Abdullah bin Syaqiq, “Rosululloh SAW ngalaksanakeun solat Isya jeung parasohabat, saterasna anjeunna lebet ka bumina lajeng ngalaksanakeun solat dua rokaat” (HR Muslim). Dijelaskan ti Ibnu Umar RA, in- yana ngadawamkeun solat rowatib ti Rosululloh SAW ti antarana, “… jeung dua rokaat saentasna solat Ju- ma’ah di bumina” (HR Bukhori). Aya ogé nu nyebutkeun solat rowatib Juma’ah téh lobana opat rokaat. Sual solat dua rokaat saméméh solat Juma’ah mah dijelaskeun kalawan rinci dina hadits Salman Al-Farisi RA. Naon kautamaan solat rowatib téh? Ummu Habibah RA nyarioskeun, “Rosululloh SAW ngadawuh: “Sing saha nu ngalaksanakeun solat (rowatib) dua welas rokaat jero sapoé sapeuting, inyana bakal dipangnyieunkeun imah di Sawarga. Nya éta opat rokaat saméméh Lohor jeung dua rokaat saentasna, dua rokaat saentas Magrib, dua rokaat saentas Isya jeung dua rokaat saméméh Subuh” (HR Tirmidzi). Mugi Gusti maparin kakiatan ka abdi sadaya kanggo ngalaksanakeun solat fardu lima waktu sareng solat rowatib minimal dua welas rokaat dina sadinten sawengi. *** Manglé 2440 15
  • 17. Jual Beuli Saham Patarosan: Ais pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat. Kumaha perkawis hukum jual beuli valuta asing sareng saham. Ieu patarosan patali dollar naek. Atuh nu bisnis ka valas oge seueur pisan. Kumaha saleresna hukum jual beulina numutkeun ajaran Islam? Sim kuring nyuhunkeun waleranana. Hatur nuhun kana sagala rupina. Fauzi Wibowo Sukamiskin Bandung Waleran: Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Saleresna kantos nu jejer jual beuli saha sareng valas diterang- keun dina Mangle edisi kapengker. Na- mung teu sawios urang pedar deui wae. Mudah-mudahan aya mangpaatna, hususna ka nu naroskeun, umumna kanggo nambih-nambih elmu panga- weruh dina Islam. Luyu sareng patarosan di luhur, pikeun ngawalerna bade dikawi- tan ku medarkeun kumaha anu dimaksad jual beuli valuta asing sareng saham. Isti- lah valuta asing sareng saham salerersna mangrupi istilah asing oge anu teu acan akrab di sabundeureun masarakat urang, utamina di kalangan masarakat alit, margi jual beuli ieu umumna dilaksanakeun ku masarakat golongan menengah ka luhur. Anu dimaksad valuta asing nyaeta mata uang luar negri, sapertos dolar Amerika, poundsterling Inggris, ringgit Malaysia, jeung sajabina. Saupama antar nagara ngayakeun jual beuli barang sacara internasional, mangka tiap nagara merlu- keun valuta asing pikeun alat mayarna, dina dunia perdagangan disebut devisa. Saperti eksportir Indonesia bakal narima devisa tina hasil eksporna, sabalikna im- portir Indonesia merlukan devis pikeun ngaimpor barang ti luar nagri. Ku hal kitu, mangka bakal muncul panawaran sareng pamungut devisa di bursa valuta asing. Satiap nagara wenang sapuratina pikeun netepkeun kurs duitna masing-masing, Contona 1 dolar Amerika = Rp. 1.640,-. Namung kurs artos atanapi nilai banding nilai tukar, satiap saat bisa robah-robah, gumantung kana kakuatan ekonomi ma- sing-masing. Anapon sagal rupa transaksina dilaksanakeun dina Bursa Va- luta Asing. Sedengkeun anu dimaksud saham, oge kelebet efek (surat berharga anu bisa dijual beulikeun saperti sertifikat sareng obligasi) nyaeta surat berharga anu mang- rupakeun tanda piekun anu nyepengna ngagbogaan hak miliki kana perusahaan anu ngaluarkeun surat eta. Kurs saham oge saperti kurs valuta, bisa robah-robah gumantung kana pamunut sareng panawaran. Kiwari di Indonesia catatan kurs saham dilaksanakeun ku PT Danareksa di Bursa Efek Jakarta. Salajengna, kumaha perkawis hukumna numutkeun ajaran Islam? hukum jual beuli valuta asing sareng saham dina ajaran Islam dikengingkeun, boh akadna dilakukeun di Bursa Valuta Asing sareng Bursa Efek, atanapi di tem- pat liana, margi dina prak-prakana tos nyumponan sarat sareng rukun jual beuli numutkeun hukum Islam, nyaeta: 1. Ayana ijab kabul (cash and carry) yakni anu ngajual nyerahkeun barangna, sareng anu meserna mayar kontan. Ijab Kabul ieu bisa dilakukeun ku cara lisan, tulisan, atawana utusan. 2. Kadua pihak ngabogaan wewe- nang sapuratina pikeun ngalakukeun atawa ngalaksanakeun hukum, tegesna dewasa jeung sehat akal pikirana. Sedengken anu jadi sarat jual beuli nyaeta: 1. Barangna bisa dimanfaatkeun, kalawan henteu kaasup barangna najis, tegesna barang anu suci. Ngeunaan barang najis, numutkeun ulama Hanafi sareng madzhab Zhahiri meunang dijual beulikeun asal aya mangpaatna, contona kotoran sasatoan pikeun nyuburkeun pepelakan, atawana minyak anu katibaan najis digunakeun pikeun nyaangan. Paham ieu dumasar kana hadits Nabi Saw. Dina hiji waktos Nabi mendakan domba nu tos teu nyawaan gagaduhan Maemunah. Lajeng Nabi nyarios: “Ku naon anjeun henteu ngala kulitna, terus ku anjeun disamak bari dimanfaatkeun?” Maranehna ngajawab: “Doma ieu tos jan- ten bangke”. Nabi ngwaler deui: “Saestu- na, anu dilarang teh ngadaharna”. Tina hadits ieu tiasa disimpulkeun, rehing nga- manfaatkeun barang najis, asal ulah di- tuang, mangka dina ajaran Islam dimeunangkeun. 2. Barangna dijual langsung ku anu bogana sorangan. Meunang dikuasakeun, atawana diwakilkeun ka jalma anu tos dipercaya. 3. Barangna tos dikanyahokeun kalawan hargana tos jelas bari bisa dipasrahkeun sacara nyata. Jual beuli barang anu can dikanyahokeun hukumna kaasup haram, saperti jual beuli lauk anu masih di jeuro cai, manuk anu can katangkap atawana anu masih can aya dina jeuro kurung, anak sasatoan anu masih di jeuro beteng indungna, jeung sabangsana. Hal ieu dumasar kana Hadits Nabi Saw. anu dicandak ku Ibnu Mas’ud, nabi Ngadawuh: “Poma aranjeun ulah barang beuli lauk anu masih keneh dina jeuro cai, sabab jual beuli ku cara kitu, deukeut atawa ngandung unsur pani- puan” (HR. Ahmad bin Hambal saren al- Baihaqi). 4. Atawa barang anu dijual beuli- keuna tos aya kalayan dicepeng ku anu ngabogaana. Jual beuli barang anu henteu aya di tempat akad dimeunangkeun, saratna kudu diterangkeun sifat-sifatna atawa cirri-cirina. Lajeng saupama barangna luyu sareng sifat-sifat atawa ciri- ciri anu disebutkeun ku anu ngajual, mangka sah jual beulina. Tapi saupama henteu saluyu, mangka anu meulina ngabogaan hak “khiyar”. Hartosna jual beulina meunang diteruskeun atawa di- batalkeun. Hal ieu dumasar kana Hadits Rasul Saw anu hartosna: “Sing saha anu meuli barang anu teu aya ditempat, mangka manehna ngabogaan hak khiyar saatosna ningali kana eta barang” (HR. Daruquthni). Dumasar kana sarat sareng rukun jual beuli di luhur, mangka valuta asing sareng saham nyumponan sarat sareng rukunna pikeun dijadikeun barang transaksi atawa akad jual beuli. Peryogi oge ditambih katerangan ti Abdurrahman Isa, wireh jual beuli saham, kalebet saham-saham anu dikaluarkeun ku bank dikengingkeun, sanajan bank ngagunakeun sistem riba, kitu oge saupama dina kaayaan darurat pisan. Wallohu A’lam.*** 16 Manglé 2440 Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
  • 18. T aun ieu, Paguyuban Pasundan (PP)pancegsaabad(saratustaun). Nilik tina umurna, geus tunggang gunung, dina rengkak jeung lengkahna masing kauji, yen Paguyuban Pasundan ti waktu ka waktu, ti mangsa ka mangsa, beuki asak jeujeuhan, beuki lega wawa- san, lébér wawanen, sarta beuki weweg warugana. Ku kituna, Paguyuban Pasun- dan di alam kasajagatan, nempatkeun jeung netepkeun dirina hiji lembaga/ organisasi kamasrakatan anu salawasna nyaluyukeun diri kana kamekaran pa- neka jaman. Katara jeung karasa ayana teh deui tangtu henteu ngan cukup ukur euceukjeungbeja,tapisaestunamistiaya pangakuan anu jinek ti sakumna pihak. Cohagna kudu natrat dibuktikeun ku prak-prakanana. Sakumaha anu salawasna ditetelakeun ku Ketua Umum PB. Paguyuban Pasun- dan Prof. dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Paguyuban Pasundan minangka sala- sahijiorganisasietnonasionalis,mistijadi imah balarea. Jadi wadah beungkeutan tali silatrahmi, sarta jadi solusi keur masarakat Jawa Barat-Banten hususna, Indonesia umumna. Dina umur anu saratus taun ieu, PP tetep ajeg panjeg dina adeg-adegna. Nanjeurkeun insan- insan nu ‘ahlakul karimah’. Ketua Umum nandeskeun deui Pagu- yuban Pasundan misti némbongkeun sikep nu jinek kalawan konsistén nga- malirkeunkaparigelanna,geusan nyum- ponan harepan-harepan balaréa luyu sakumaha udagan ‘merangan kabodoan jeung kokoro” dituturusan ku Pengkuh Agamana, Luhung Élmuna tur Jembar Budayana. Paguyuban Pasundan kudu jadi gunung pananggeuhan balaréa. “Ka sakumna ais pangampih PP boh nu aya di puseur boh nu icikibung di cabang-ca- bang masing sareundeuk saigel, samiuk sauyunan” pokna. Ku kituna, sakumna réngréngan pangurus, dina ngaheuyeuk karep ngolah cita-cita Paguyuban Pasun- dan kudu konsisten, kana paniatan awal nyaeta ‘ngarundaykeun nonoman Sunda anu perceka, luhung elmuna, jembar panalarna ajeg anceg dina adeg-adeg ka- sundaan. Hirup hurip morontod jadi pa- muda sembada nu rosa cita-citana, lega ambahanana, leber wawanenna, lampar nyabana. Bongan geus meunang kaper- cayaan ti balaréa, sing saha wae anu kapercaya sarta ihlas niatna, nyampak waktuna gedé kanyaahna, sing amanah keur kapentingan organisasi jeung ngarundaykeun generasi ngora nu taranggung jawab. Sawirahma jeung naon nu dikedalkeun ku Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan, Ketua Bidang OrganisasiPB.PauyubanPasundan,Drs. Soma Gantika, M.Si., netelakeun, dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala saabad PP, ngamalirkeun rupaning ka- giatan acara, saperti tablig akbar jeung bakti sosial. “Dina ngareuah-reuah acara milangkala saabad, kagiatan uyeuk na- ker, di saban cabang digelar rupa-rupa kagiatan anu aya patalina jeung kagiatan kamasarakatan jeung soasil, saperti hi- tanan masal, jeung babagi sembako keur kaum duafa sarta barudak yatim,” ceuk Soma nandeskeun. Acara Milangkala PP saabad, ceuk Soma deui, kalintang ngandung ajen jeung makna anu kacida jerona, sage- dengeun mageuhan tali silaturahmi di antara urang, pon kitu deui ngan- tengkeun batin kanyaah diantara papada urang. Kadeudeuhna Paguyuban Pasun- dan natrat katara ayana jeung karasa mangpaatna ku balarea. Sakumaha prak dilaksanakeun dina salasahiji runtuyan acara Milangkala saabad. Eta kagiatan teh dirojong naker ku unit-unit garapan, sakola-sakola jeung paguron luhur Pa- sundan di Jabar jeung Banten anu aya dina iuh-iuh Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) sarta Yayaysan Pendidikan Tinggi (YPT) sareundeuk saigel rancage gawe ngagedurkeun ru- paning kagiatan. Sajeroning kitu Drs. Eden Suardi, M.Si SekretarisPPcabangkotaBandungnete- lakeun, dina raraga mieling milangkala PP saabad, pihakna gawe babarengan jeung pihak sakola, SD, SMP,SMA/SMK PasundannuayadikotaBandungngage- lar kagiatan tablig akbar (siraman ro- hani)diMasjidRayaPropinsiJawaBarat sarta babagi sembako ka kaum duafa. Salian ti eta deui ngayakeun tajil (buka bersama ) jeung siswa-siswi Pasundan sartabarudakyatim.“Alhamdulillah, ka- giatan lumangsung kalawan lungsur langsar tur kenging pangrojong ti sakumna pihak, boh ti rengrengan pan- gurus cabang boh ti parapupuhu sakola.” pokna *** Manglé 2440 17 Saabad Paguyuban Pasundan Babagi Kanyaah jeung Papada Drs. Soma Gantika, M.Si Ketua Bidang Organisasi PB. Paguyuban Pasundan Drs. Eden Suardi, M.Si., Sekretaris Cabang PP Kota Bandung
  • 19. 18 Manglé 2440 (1) Setiap habis Ramadhan hamba rindu lagi Ramadhan saat-saat padat beribadat tak terhingga nilai mahalnya Setiap habis Ramadhan hamba cemas kalau tak sampai umur hamba di tahun depan berilah hamba kesempatan…. K itu sabagian rumpaka “Setiap Habis Ramadhan” nu digalin- dengkeun ku Acil Bimbo lir ni- neung jeung ngageuri unggal napakuran bulan puasa nu karék kaliwat. Bulan Ra- madhan, hiji kasempetan euyeub ku asi- hNa nu karék kaalaman deui engké taun hareup. Kitu gé…mun aya umur. Geura urang sami manahan sabagian barokah sasih Ramadhan. Campleng salami sasasih ku kersaNa lawang sawarega langab dibuka, sedengkeun panto naraka rapetdikonci.DinasasihétaMantennaNu Maha Asih maparin KASEMPETAN ka umatNa pikeun nyucikeun diri tina reregednugeusdipilampah,maparingan- jaran manglipet kali pikeun unggal ibadah jeung kahadéan naon baé sarta transfor- masi pribadi pikeunmekarna ahlakpinuji. Bari jeung maparin nugraha nu ayana ukur dina bulan Ramadhan deuih nyaéta “Peuting Sarébu Bulan” jeung … solat Tarawéh. (2 ) Rumasa, kawas bulan puasa nu anyar kaliwat, loba pisan kasempetan nyieun ka- hadéan nu teu dipaliré. Geura baé leuleu- tikanana: solat tarawéh di masjid sering kaliwat teu kawawa ku beurat beuteung kamerkaan lantaran bukana “balas den- dam”.Étatéhbangblasnyambungkasolat janari leutik kalindih ku nyegrék kérék. Atuh mun pareng nyieun kahadéan ukur sahayuna tamba henteu teuing, méré so- dakoh ogé bari jeung itungan kawas bali- tungan dagang. Malah ngarah teu murang-maring lantaran beuteung kem- pléng, ubarna téh ngahaja muter pilem- pilem paporit lalakon “cina ngamuk” itung-itungngabuburit.Kabangbrangkeun dibélaan solat asar gé diengké-engké ngadagoan tamat carita. Jajauheun tina dur-cong. Masya Allah. Naon atuh ayeuna nu nyésa sanggeus lebaran lekasan? Ukur hanjakal jeung hanjakal manjing babasan “kaduhung tara ti heula”. Teu sadar deuih umur geus tunggang gunung, biheung di- parengkeun manggih deui bulan puasa taun hareup. Bener ceuk Acil Bimbo “… hamba cemas kalau tak sampai, umur hamba di tahun depan…” cenah. Tapi dipikir-pikir deui asa teu cukup ku kaduhung jeung hanjakal wungkul nu di- ungkulanana ogé ukur ku “tobat sambel téwéwét”. Enya, matak ngagayer, tapi sanggeus cageur, col deui col deui teu kapok-kapok. Naon atuh nu rék dipilaku pasca Ramadhan taun ieu sangkan teu ngahahambur waktu? (3 ) Ngeunaanwaktuayababasankieu,“Ka- mari geus jadi sajarah, isuk sarwa teu pasti, ayeuna nu nyata mah”. Hartina? Mangsa nu kaliwat moal bisa dibalikan deui, sedengkeun isukan atawa jaga taya nu terang bakal kumaha-kumahana, demi nu keur kaalaman jeung dipilampah mah taya lian mangsa ayeuna, poé ieu, jam jeung detik ieu. The right now, ceuk kang Obamamah.Kadé,lainhartinamangsanu kaliwat, kiwari jeung mangsa nu bakal datang misah taya pakaitna, da kabéh ogé éstu nganteng sinambung tur silih pan- garuhan. Maksud téh kaayaan urang aye- una dipangaruhan ku rupa-rupa pa ngalaman hirup nu geus kaliwat, ari kon- disikahareupgumantungkumahaayeuna urang ngararancangna. Tangtu dina ngarancang kahirupan mah kudu mado- man kana padika “Manusa mah ukur boga kahayang, ari katedunan henteuna mah anging kersa Nu Maha Kawasa”. Nu rék diébréhkeun téh taya lian nyaéta sabada bulan puasa taun 2013, ayeuna pisan wak- tuna urang kalawan daria nyieun raran- cang pikahareupeun. (4 ) Unggal jalma mibanda kahayang jeung cita-cita husus pikeun dirina, kulawarga jeung lingkungan nu leuwih jembar. Tapi sanajan kahayangna béda-béda, nu pasti mah kabéh ogé museur dina kecap “BAGJA” atawa hirup nu kebek ku kabag- jaanjeungkasugemaan.Naonbaénunim- bulkeun kabagjaan téh? Rupa-rupa tur béda-béda deuih pikeun unggal jalma. Malah aya rupa-rupa tiori jeung prak- prakan ngahontalna. Aya nu nyebutkeun yén kabagjaan bakal karandapan mun urang hasil ngalaksanakeun hal-hal nu di- anggap penting tur gedé hartina keur urang. Aya benerna tiori “Suksés nim- bulkeun Bagja” téh masing teu salawasna kitu. Da teu saeutik atuh jalma-jalma nu (kacirina) sukses pisan tapi hirupna ja- jauheun tina kabagjaan. Contona baé taun 1923 di Edgewater Beach Hotel nu pang- méwahna harita di Chicago kungsi aya gempungan para milyarder Amérika pikeun ngararancang rék ngawangun bis- nis sekala dunya. Kumaha kajadianana sabada 25 ti harita? Geura urang tataan. • Charles Schwab -présidén industri waja nu rohaka tur jugala pisan maot dina kaayaan bangkrut total. • Arthur Cutten -spékulan tipung pang- suksésna di Amérika hartana ledis, maotna gé di jero bui. • Richard Witney -présidén New York Stock Exchange nu sohor- maot teu lila sanggeus béak hukumanana di Sing Sing, panjara nu pangdipikagigisna ku para penjahat. • Albert Fall -menteri kamashur dina kabinét Présidén Amérika- nampa am- punan sanggeus mangtaun-taun jadi eusi bui, teu lila maot di imah bari teu boga duit sapésér-pésér can. • Howard Hopson, -industriwan nyong- colang- jadi pasién teu cageur-cageur di rumah sakit jiwa. • Jess Livermore – jujuluk “singa” Wall Bada Puasa Ku HD. Bastaman
  • 20. Manglé 2440 19 Street- maéhan manéh. • Leon Fraser -présidén Bank of Interna- tional Settlements- sarua maéhan manéh. • Ivan Krueger -pamingpin puncak dina monopoli perdagangan dunya- éta ogé tuturuti maéhan manéh. Kabéh ogé pasti palinterna luar biasa, kakayaanana pikabitaeun jeung kaka- wasaan ampir taya watesna. Atuh kalung- guhanana di masyarakat dipisérab lantaran kaasup “élitna élit” atawa crème delacrèmejamanharita.Geusbuktideuih suksés ngawangun bisnis internasional jeungpréstasinujadicaritabalaréa.Malah aya rébuna karyawan hirupna gumantung kana bisnisna. Tapi ku naon aranjeunna ngalaman tunggara kawas kitu? Bisa jadi katerap panyakit…. héngkér karakter bari jeung nyongcolang sarakahna. Wallahu’alam, urang mah ukur bisa su’udon, teu wasa nyawang hikmah jero- ning musibah. Aya deui tiori séjénna. Majah kabagjaan téh taya lian hasil tina rasa sukur, ari rasa sukur mangrupa salah sahiji sipat nu di- pibanda ku jalma-jalma nu pinuji karak- terna. “Akhlakul Karimah atawa Akhlakul Mahmudah” saur Mama Ajengan mah. Jadi kudu jadi jalma hadé heula karék bagja tur suksés. Ku kituna teu héran mun kiwari di kalangan pebisnis internasional sumebar motto “Character first”, sundana “Heulakeun Ahlak Pinuji”. Niténan mahabuna sasalad “Héngkér Karakter” kiwari, asana keuna pisan mun urang ayeuna museurkeun perhatian nyieun rancangan pikeun ngahadéan ahlak masing-masing dina raraga ningkatkeun kualitas kahirupan. “Mekarkeun Karakter Pinuji & Nyir- nakeun Karakter Nista”, sajalan jeung an- juran agama “Ngahontal Akhlakul Mahmudah & Nyinglar Akhlakul Madz- mumah”. Sabréhan mah kawas moal matak ngésang, pira ogé ngajak jalma- jalma sangkan bageur, lain badeur. Tapi nyatana lain gawé méméh mumuluk, éstu pagawéan nu kacida banggana. Geura baé ku hésé-héséna, Gusti Nu Maha Agung dugi ka ngutus rasul pinilih, Muhammad saw, nyangga pancén husus nyampur- nakeun ahlak/karakter manusa. (5 ) Sabenerna mah prinsip mekarkeun karakter mah basajan pisan: Kudu dimimitian ti diri sorangan! Basajan, tapi migawéna nu beurat pisan téh. Karasa ku sorangan nepi ka ayeuna ogé can hasil hayang dur-cong jeung nyinglar bureuteu téh. Sadar deui yén salila nunda-nunda solat lantaran “lila kénéh waktuna” jeung motto “Rék diet…isuk” pasti moal cumpon solat dur cong jeung hayang jangjing téh. Lain sisiwo beurat migawéna keur kuring mah. Paingan atuh Kangjeng Rosul nye- batna ogé “Jihad Akbar” kana merangan sipat-sipat goréng téh. Salian kudu dimimitian ti sorangan heula, mekarkeun sipat-sipat pinuji jeung ngurangan sipat-sipat nista teu kudu loba awalna mah. Cukup milih HIJI sipat hadé nu rék dimekarkeun jeung HIJI deui sipat goréng nu rék disinglar. Naha kitu? Lantaran unggal sipat, boh nu hadé atawa nu teu hadé silih pan- garuhan lantaran raket patalina. “Berdampaksistemik” istilah ayeunamah. Contona, nanjeurkeun sipat “satia” bakal ngarojong mekarna komitmen, amanah, hormat, lemes rasa, nyaah jeung sipat- sipat hadé séjénna nu kabéh ogé asalna tina “Asih”, sipat utama ilahiah. Sabalikna ngumbar sipat “angkuh” bakal gancang pisan ngarojong mekarna sipat-sipat nista séjénna saperti: galak gangas, ngumbar amarah, bener aing teu batur, hawek kekedemes, gedé hulu jeung sipat-sipat nista séjénna. Kabéh ogé asal muasalna mah tina “Sombong” sipat utama iblis. Malah sanajan pabéntar ogé antara sipat-sipat pinuji jeung sipat-sipat nista tetep silih pangaruhan. Nanjeurna sipat- sipat pinuji bakal ngahéngkéran atawa nyirnakeun sipat-sipat nista. Kitu deui sa- balikna. Contona mekarkeun sipat “béréhan” bakal ngurangan “pedit”, saba- likna “resep nyawad” bakal ngahéngkéran “toléransi”. Tapi kétang di urang mah aya sipat goréng jeung sipat hadé nu awor tur sarua mekarna nyaéta “Murah bacot, murah congcot”. (6 ) Ngarah gampil ngémutna, unsur-unsur mekarkeun karakter (pinuji) kawengku ku kecap “PEDANG“ singgetan tina: P = Padika Suksés; E = Énergi; D = Do’a; A = Angen-angen; N = Niat; G = Gawé. Dina ngalaksanakeunana mah tahap- tahapna mah kieu. Diawalan heula ku “Niat” jeung nangtukeun “Angen-angen” alias cita-cita bari sadar yén urang mibanda “Énergi” atawa poténsi pribadi nu luar biasa. Saterusna dilaksanakeun ku jalan “Gawé” dibarengan ku “Do’a” luyu jeung asas “Ora et Labora” nu hartina “Ngado’a jeung Digawé”. Kagiatan mekarkeun karakter kudu bari nga- jalankeun ”Padika Suksés” ambéh gam- pang kahontalna. Insya Allah. Naon baé éta téh? Niat: netepkeun kahayang jeung naon nu rék dipilaku. Motivasi disebutna dina psikologi mah. Teu diniatan mah sagala gé moal tinekanan. Taya niat sarua jeung teu boga kahayang alias taya udagan hirup. Angen-angen: kahayang nu kuat pikeun ngahontal hiji hal. Angen-angen atawa cita-cita bakal leuwih gampang di- hontalna mun njieun rencana nu jelas tu- juanana, ngawengku rupa-rupa kagiatan nyata jeung jadwal waktuna. Énergi: kakuatan atawa daya nu dip- ibanda ku unggal jalma mangrupa poténsi pribadi jeung lingkungan nu ngarojong mekarna karakter pinuji. Poténsi manusa ngawengku poténsi raga, jiwa, sosial jeung spiritual. Malah aya kurnia husus pikeun manusa nyaéta poténsi ngarobah nasib sorangan. Gawé: cita-cita, tujuan jeung poténsi moal ngawujud mun teu dipigawé. Mi- gawéna kudu daék ngésang (work hard) jeung maké sistim (work smart) nyaéta ngagunakeun peralatan jeung métode nu luyu sarta gawé-bareng jeung pihak-pihak nu ngarojong. Doa: miharep tungtunan, rido sareng asihNa. “Do’a” jeung “Gawé” kudu bareng dilaksanakeunana luyu jeung asas “Ora et Labora” téa. Sayidina Ali ra kantos sasauran kieu, “Ngadunga wungkul bari teu prak digawé sarua baé jeung ngala- mun. Ari digawé wungkul bari teu daék ngadunga sarua jeung gedé hulu” Padika Suksés: sabenerna mah loba padika atawa prinsip suksés téh nu geus dibuktikeun ku jalma-jalma nu geus suk- sés. Diantarana: daék méré mawéh (The principle of Giving), ngajaga omongan (The principle of Comment), nyinglar kabiasaan teu hadé (The principle of Ex- clusion), tetep sumanget (The principle of Enthuasiasm) jeung junun (The principle of Persistence). Kitu kira-kira unsur-unsur jeung metodenanjeurkeunKarakterPinuji.Wal- lahu’alaam. (7 ) Mungkas pedaran ngeunaan mekarkeun karaakter pinuji pasca Ramadhan, mangga urang sami napakuran kasauran hiji ajengan sepuh, kieu: 1. Tong mikiran HAK, tapi pikiran kumaha nyieun JASA. 2.TongmikiranKASENANGAN,tapipiki- ran kumaha prakprakan NGAHON- TALNA. 3.Tong mikiran SAWAREGA, tapi pikiran kumaha nyieun AMAL SOLÉH. 4.Sing nyaho yén SAWAREGA dipageran CUCUK, ari NARAKA pagerna LAUK. Tétéla teu babari geuning hayang jadi jelema bener téh. Paingan atuh Kang- jeng Rosul saw nyebatna ogé “Jihad Akbar”. Ciputat, bada lebaran 2013
  • 21. 20 Manglé 2440 B aju hideung polos nyempod di juru lomari. Datang deui baju anyar nu digantungkeun gigireun- ana. Marun nu maké ca- pouchine, modél nu keur trénd. Baju konéng nu keur anteng cacarita jempé sa- harita, kasima ku Marun nu bau toko kénéh. Marun rarat-reret ka sabudeureun lomari. Ceuk pikirna, eu- weuh nu leuwih alus batan manéhna. Baju Orén jeung baju Biru tingkecewis teu- ing ngomongkeun nana- haon. Héjo toska mah ukur ngarérét, teu béda jeung Krém nu api-api peupeu- reuman. Malah baju bodas mah geus kérék tatadi gé, teu engeuheun boa ka nu anyar datang. Baju Bodas mah tara loba ceta. Disebutna gé kuper alias kurang pergaulan. Manéhna tara nyaho nanaon atawa mémang api- api teu nyaho. Bisa jadi teu hayang nyaho waé nu ka- randapan ku pangeusi ieu lomari. Manéhna mah tara ubral-obrol mun teu pen- ting-penting teuing mah. Jigana téh mending kénéh saré ti batan ngagosip atawa ngadéngékeun nu ngagosip. Tapi tara curak- carék deuih ka nu sok ngagosip. Sugan ngarasa kagandéngan ku nu sok ramé ngalobrol, ih anteng wé kérék. Cacarita sotéh mun pareng ditanya geus dipaké ka mana waé ku nu jadi dunungan saréréa. Manéhna sok pogot nyari- takeun ngeunaan masjid- masjid nu agréng. Aya nu kubahna emas, aya nu lan- téna kristal, atawa masjid nu sakuriling témbokna pinuh ku ukiran kaligrafi. Mun geus kitu, nu séjén mairan bari nyaritakeun pangalamanna séwang- séwangan. Lolobana mah pangalaman pikabunga- heun, geus dipaké ka tem- pat-tempat nu pikaresep eun. Béda jeung panga laman baju hideung polos. Sakalina dipaké, nganteur nu béla sungkawa. Ti mi- miti dibeuli, bisa kaitung sabaraha kali manéhna di- paké. Kitu gé dipakéna ka tempat-tempat nu pika- keueungeun. Ka kuburan atawa ka rumah sakit. Kawas bulan kamari ma- néhna dipaké ngalayad nu maot tabrakan. Nyaksian jasad nu remuk teu mang- rupa, ngadengé nu ceurik jejeritan nepi ka kapaéhan. Malah manéhna milu kaba- seuhan ku cipanon. Lain sakali éta waé, ampir ung- gal dipaké, manéhna milu kabaseuhan ku cipanon téh. Ti saprak pindah ti toko jadi pangeusi lomari, can kungsi sakali-kali acan dipaké ka tempat-tempat nu pikaresepeun. Lolobana mah tunggu lomari. Enya, ngahénén di juru. nung- guan giliran dipaké. Teu cara baju hideung nu di- tarétés ku payet jeung asse- soris séjénna. Manéhna mah aya jeroeun plastik kénéh, anyar ti laundry, tas dipaké masamoan peuting tadi. Sapopoéna baju hi- deung polos ukur nganaha- naha kana nasibna, mun nu séjén keur talibra, manéhna sok nyegruk sorangan. Lain sakali dua kali manéhna ngalamun, hayang terjun kana cai wantéks. Tapi teu wani nandangan resikona. Ras inget lalakon jakét belél nu nganclomkeun manéh kana cai pemutih. Barang diangkat bet be- lang, teu bodas kabéh. Akhirna teu asup deui kana lomari, ceuk béja mah di- pahugikeun ka tukang kingdeuw. Panas milu ka- panasan, hujan jibrug kahujanan. Geus teu mang- rupa bakat ku lila teu diseu- seuh, dekil jeung bau. Padahal baheula mah enya gé belél, tapi beresih jeung sareungit. Ayeuna mah boa tara manggih cai sabun, bo- ro-boro ka laundry kawas baheula. Pangalaman munggaran, Marun nyari- takeun kumaha raména di tempat kariaan. Apan manéhna téh geus dipaké ka ondangan. Jaba hajatan di gedung. Kasebutna re- sepsi pernikahan anak pe- ngusaha tangtuna gé lain hajat samanéa. Nu diaron- dangna gé pasti lain jalma joré-joré. Da éta wé nga- dongéngna gé papanggih jeung baju nu ditarétés ku berlian, jeung mutiara, aya nu dipintal tina benang emas, malah nu dijieun tina Baju Hideung Carpon Aulia
  • 22. Manglé 2440 21 emas asli ogé aya. Baju Hideung polos ukur nga- heruk. Da éta Marun mah nyaritana téh maké ditung- tungan ku ngaléléwé sagala. Konéng nu sasarina pang- céréwédna gé nepika nga- jeten. “Can kungsi dipaké ka on- dangan nya?” Marun neu- teup ka Hideung polos nu ukur gideug lalaunan. “Di dinya mah pantesna gé nincak taneuh beureum di astana,” pokna teu eu- leum-euleum. “Eh, aya nu kungsi ngala- man ka Hotel Bergengsi teu?” Marun neuteup hiji- hiji pangeusi lomari. Eu- weuh nu némbalan. “Nya moal atuh, da pan- tesna gé kanu kitu mah ukur kuring. Baju pan- galusna di ieu lomari,” cek Marun agul ditungtungan ku seuri bangun nu bungah naker. Marun tuluy cacarita deui. Ditanggap ku sora cruk crek bangun nu reueus ti nu séjén. Coklat jeung abu-abu mah ongkoh nga- regepkeun tapi sakapeung ngajarebéngan. Bodas nu teu kecét-kecét mah. Manéhna mah angger tibra, teuing ngimpi nanahaon da teu kaganggu saeutik-eutik can ku nu garandéng di jero lomari. Sakali dua kali mah Hideung polos nyabar- nyabar manéh, mun Marun geus ngaléléwé téh. Tapi lila-lila keuheul ogé. Keuheul ka dirina. Kana na- sibna. Bakat ku baluweng, manéhna boga angen- angen. Engké mah mun pareng dipoé rek ngara- gragkeun manéh sinah hiber kabawa angin. Kuma engké wé nasib saterusna mah. Manéhna bosen di- hina waé ku Marun. Malah nu séjén gé ayeuna mah maké sok pipilueun nye- ungseurikeun sagala mun Marun keur ngécé ka dirina. Ukur Hideung nu ditarétés payét purah ngabeberah manéhna téh. Nyaaheun manéhna mah pédah sarua hideung meureun, najan nasibna jauh bumi ka la- ngit. “Eh, hideung. Iraha ter- ahir dipaké ?” cek Marun. Hideung polos teu lemék. “Yeuh, kuring mah sésa parfum kamari gé napel kénéh.” Marun ngageubig- geubigkeun awakna. Me- lenghir seungit nu can kungsi kaangseu ku pangeusi lomari. “Jaba méméh diasupkeun ka dieu diseungitan deui,” cenah masih kénéh ngageu- big-geubigkeun awakna. “Baju mahal tuda kuring mah, teu cara nu bulukan tuh !” teuteupna bangun nu ceuceub ka Hideung polos. Nu séjén ngarérét ka juru lomari. Hideung polos ukur ngeluk. Rét ka dirina. Enya, geus rada bulukan ning. Ampir sataun tuda teu di- paké. Boro-boro diseungi- tan cara Marun, apan mun pareng dipaké gé sok ru- rusuhan. Rap, langsung indit. Sakalina kaseungitan ku kembang samoja murag tina karanjang nu ditatang- keup méméh diawurkeun luhureun pusara. Peuting ieu mah Hideung polos ngagukguk, ngarasa jadi baju nu pangsialna. Ja- jauheun kawas Marun, atuh kahayangna mah teu dipaké sabulan sakali gé dipiroséa. Apan nu séjén mah sabulan sakali waé mah kagiliran dipaké. Jadi moal bulukan da ngambeu laundry méméh diasupkeun deui kana lomari. Sapeupeuting Hideung polos nyeungceurikan na- sibna. Saré sotéh bakat ku capé tas ceurik. Tibra da nyempod manéhna mah di juru lomari, rada anggang ti nu séjén. Pabeubeurang manéhna kahudangkeun ku nu garandéng. Horéng Marun rék mangkat deui, dijajapkeun ku nu séjén nepika panto lomari. Orén mah maké jeung ngagabrug sagala, nyeungceurikan, kawas nu moal panggih deui wé. “Kuring mios nya, kadé titip lomari bisi aya nu ngagotong, “ pokna bangun bungah, nu séjén nyéré- ngéh. Baju Hideung polos mah teu wani deukeut, ing- gis diécé deui. “Kuring rék indit sam- inggu da cenah rék dipaké ka acara kariaan di luar negri,” cek Marun, geus mimiti agul deui. “Wah, hébat nya, kuring mah saumur jadi baju can kungsi dipaké ka luar negri,” cek Konéng bangun nu sirik. “Di dinya mah baju murah, jaba modélna gé out of date. Ngérakeun atuh di- papaké ka acara berkelas mah,” témbal Marun. Konéng langsung jempé bari kuraweud. Matak Hideung mah teu hayang miluan ubral-obrol jeung Marun téh da kitu, mun ngomong padu engab waé, tara ieuh mikiran ngeunaheun henteu omonganna téh ka batur. Euweuh Marun mah rada tiiseun lomari téh, taya nu ditanggap da taya nu sok ngagul-ngagul manéh. Bé- jana mah saminggu, tapi geus rék sabulan Marun can balik deui kana lomari. Lain ukur Biru, Orén, Beureum jeung nu séjén, dalah Hi- deung polos gé ngarasa le- ungiteun. Euweuh Marun téh taya nu ngaléléwé, taya nu ngécé ka dirina. Anéhna, Hideung Polos ngarasa aya nu kurang. Matak basa caf- tan Krém balik, manéhna geuwat nanya. “Manggih béja ngeunaan Marun, henteu?” pokna. Caftan Krém teu buru-buru némbalan, ngadon neuteup leleb. “Ih, ditanya téh !” “Tuda anéh, padahal Marun téh kurang kumaha ngéwa ka di dinya. Tapi dibandingkeun jeung nu séjén, di dinya nu ti heula nanyakeun manéhna,” cek Captan. Baju hideung polos ukur kéom dikitukeun téh. “Nya éta kieu, aya béja teu pikangeunaheun.” “Wah, kumaha kitu?” Hideung polos geus teu sabar. “Basa di tempat laundry nu biasa, kuring ngadéngé béja, Marun rangsak, awakna teu mangrupa,” cek caftan Krém. “Naha kunaon?” Hideung polos teu bisa nyumput- keun kapanasaran. Aya rasa kahariwang. “Cenah mah kabanjur inuman di tempat kariaan. Sakitu geus dikeueuman gé, urut inuman téh napel kawas dahdir dina bantal. Bakat ku panasaran digecek cenah ku rupa-rupa deter- jén. Tapi lain beresih, kalahka soéh. Ayeuna mah Marun jadi kékéséd di lawang dapur,” caftan Krém mungkas caritaanana. Hideung polos ngahuleng sajongjonan. Sanggeus Caf- tan Krém merenahkeun manéh dina gantungan baju, lalaunan manéhna ngoléséd ka juru lomari, tempat biasa merenahkeun manéh. Bagja awak milik diri, geus titis tulis ti dituna manéhna jadi baju purah nganganteur ka nu gering atawa ka kuburan. Enya ge- uning, mungguh hirup di dunya taya nu lana. Hideung polos jadi ngarasa tingtrim di juru lo- mari nu haneut téh, geus taya Marun nu sok ngahina ka manéhna. Komo basa tepung jeung Marun nu ngahodhod di lawang dapur, aya rasa karunya anu séséléké suméléket jero haténa ningali Marun jadi kékéséd.*** Purwakarta Juni 2013. Panglawungan 13.
  • 23. 22 Manglé 2440 K eur gogoléran di kamar ka- déngé sora dulag ngadu- lugdag. “Alhamdulilah isuk mi- miti puasa,” ceuk kuring ngomong sorangan. Indung barudak norojol. “Enjing ngawitan saum?” “Kapan étah sora dulag ngaduluglag, éta téh per- tanda yén saum enjing dimimitian.” “Di blok kurupuk kunaon tos ti kamari?” “Keun wé teu kudu dipa- sualkeun, itu-itu urang- urang. Husus keur urang tuturkeun katantuan ti pa- maréntah ngaliwatan menteri agama ... Jadi urang mah lahaola waé ngawitan saum téh dinten enjing!” Indung barudak ngahu- leng. “Kunaon kalah ngahu- leng?” “Moal ramé lebaran ayeuna mah.” “Har ... Naha?” “Tos teu aya Abah ...” “Taah dina sual ieu ogé teu kudu dibahas deui sabab geus ditangtukeun ku Alloh yén Abah kudu mu- lang taun kamari. Lamun ku urang dibeungbeuratan, karunya atuh ka nu geus mulang.” Indung barudak ngaléos kuring nu ngahuleng. Piki- ran kumalayang ka alam sataun katukang. Ti anggalna kénéh budak duanana ngerewih hayang lebaran di lembur, hayang ngajaran buka puasa di lembur. “Bapa libuma sadinten méméh lebaran, THR ogé dibagikeun sapoé méméh lebaran. Piraku kudu bo- los?” “Libur atuh Pa nyuhun- keun ijin sadinten, piraku teu diijinan. Lebaran Kamis urang ka lembur Salasa.” Kuring ngahuleng. Sakitu Carpon Dedi Asmarahadi LebaranTaunKamari
  • 24. Manglé 2440 23 dibobodo THR dibagikeun sapoé méméh lebaran ka- hayangna teu beunang dicaram. “Nya heug atuh ari maksa mah.” Barudak duanana surak. Terus terang ngadon puasa di lembur téh sabenerna rasa horéam. Keur mah hawana panas leuwih ti Jakarta, katurug-turug Abah sang mitoha panatik pisan dina bagbagan agama. Unggal amprok pasti nanya “tos solat?”. Méméh buka puasa dibéré caramah heula ngeunaan bulan puasa bulan nu pinuh berkah pikeun umat Islam. Kacida dorakana lamun nepi ka teu puasa ! Alus pisan mitoha kitu téh sabenerna mah, ngélingan supaya anak, incu, jeung minantu salawasna nga- jalankeun parentah Alloh. Ngan nyakitu kusabab mindeng teuing antukna jadi kaluman. Asa kurang pantes ka kolot samodel kuring dipapatahan siga ka budak. Poé Salasa kuring sabondoroyot miang ka lembur. Saran ti budak nu cikal kudu indit jam 10 isuk-isuk supaya datang ka lembur teh deukeut ka ma- grib. Numatak lamun mobil rada laun sok dititah di tarikeun bisi kamagriban cenah. Nepi ka Rancaékék mobil ngalaunan tuluy eu- reun. “Kunaon Pa?” “Tingal wé.” “Macet Pa?” “Macet ... aya-aya waé dirurusuh téh!” ceuk ku- ring kukulutus. Padahal na jero haté mah atoh bakal kamagriban teu buka di lembur. Macét di Rancaé- kék macét nu luar biasa ma’ lum téréh lebaran loba nu mudik. Mobil maju dua méter, reg deui. Pleng lila teu maju. Buka puasa téh kakara nepi ka Limbangan, ngabatalan nginum akua, barangdaharna bacang jeung tahu goréng. Nepi ka Malangbong macet deui kapegat ku nu jaralan liwat Wado. Di Gentong macet deui wae datang ka lembur jam 2 janari. Geus sasala- man jeung mitoha kuring langsung ngagoler. Suku carangkeul balas nincak kupling jeung erém. Jam tilu indung barudak ngahu- dangkeun ngajak saur. Kuring gideug. “Saur heula Pa.” “Pangalaskeun wé ka- dieu.” “Itu Abah ngantosan.” Ngadéngé ngaran Abah kuring hudang. Léos ka tengah imah geus pada narungguan. Dipaksakeun dahar ukur tilu huap. Geus kitu mah kuring saré deui, lilir-lilir jam 11 beurang. Kusabab beuteung karasa lapar. Keur mencetan beu- teung indung barudak nyampeurkeun. “Kunaon Pa?” “Kasakit maag karasa.” “Kumaha atuh? Tahan wé.” “Teu kuat peurih.” “Naon atuh da teu aya tuangeun.” Kuring teu némbalan. “Ka pasar domba wé atuh ka warung Uwad ...” “Dagang kituh?” Kuring curinghak, sabab warung Si Uwad téh kawanter ngeu- nah pasakanana. Oseng genjer lada pasakan Jawa, lauk asin tawes jeung goreng jéngkol. Teu ta- langké kuring mandi dang- dan rurusuhan. “Ari Abah kamana?” “Wayah kieu mah paling gé ka balong.” Datang ka pasar domba kuring nempoan heula nu daragang japati, api-api padahal nempoan bisi Abah aya di dinya. “Weey urang Bandung yeuh!” Si Utay batur sakelas keur di SR nyampeurkeun. “Iraha datang?” “Tadi peuting!” “Macet?” “Lain macet deui datang jam 2 janari!” “Kumaha Persib euy?” “Kumaha naon?” “Juara moal?” “Waah moal atuh? Per- sipura moal kasusul.” “Enya aralus maraéna tah Si Kehed téh!” “Is puasa euy! Batal puasana.“ “Bae da teu puasa hé hé” “Si Monyong! Angger waé kalakuan téh.” “Kumaha guruna.” “Saha guruna téh?” “Nya manéh! Kabéh gé urang dieu mah geus nyaraho urang jeung manéh sawelas duawelas.” Kuring nyéréngéh. “Ari manéh rék kamana? Meuli manuk?” “Rék ka balong urang mah!” “Ka balong ? Naha jalan ka dieu da balong manéh mah jalan ditu?” “Kumaha urang wé atuh!” “Kaharti ... kaharti ari kitu mah.” “Kaharti naon siah monyong?” “Rek ka balong Si Uwad nya he he he” “Puasa urang mah!” “Tong loba alesan hayu ku urang dianteur.” Si Utay metot leungeun ku kuring dikepeskeun. “Ke heula atuh!” “Naon deui?” “Bisi aya Si Abah! Maneh pan apal kumaha pa- natikna Si Abah.” “Bieu pisan can setengah jam aya didieu.” “Kamana ayeuna?” “Paling ka balong ... hayu ah geus teu kuat lapar yeuh. Goréng jéngkol, asin sambel jeung oséng génjér maké rombéh ciri khas Uwad ha ha ha” Pundak kuring dikaleng bari indit. Hareupeun warung kuring ngarandeg. “Naon deui?” “Maneh tiheula!” “Nya manéh atuh da manéh mah tamu.” Kuring nurut. Panto warung dibuka lalaunan, dijero teu kurang ti 20 urang keur dalahar. Kuring ngajanteng bari nempoan beungeut-beungeut nu keur dalahar dipapay sau- rang-saurang. Palebah nempo nu keur cacamuilan di juru, kuring reuwas. Panon teu lésot bari haté ratug. Jelas pisan nu keur cacamuilan téh Si Abah mi- toha kuring. Barang anje- unna cengkat nempo ka lebah kuring, katingal pisan reuwasna. Socana plohok, pingping hayam nu digegel siga nu napel asup henteu ragrag henteu. Teu lila mitoha ngagupayan. Kuring nyampeurkeun. “Calik di dieu Cep, caket Abah ...” Kuring diuk gigireunana. “Ka nu di bumi mah ulah wawartos nya!” Kuring unggeuk. Poe eta mangrupa poe kabagjaan pikeun kuring. Beuteung seubeuh deut weuteuh da dipangmayarkeun ku mi- toha. Ti saprak harita mi- toha tara panatik deui. “Apa tos ka cai? Kalah ngahuleng!” Indung baru- dak norojol muyarkeun lamunan. “Tos bedug kitu?” “Tos ti tatadi!” témbal in- dung barudak bari ngaléos kaluar. Kuring ngahuleng. Leungeun duanana rang- gah bari panon dipereum- keun. “Hapunten abdi Abah ... sanes ngomongkeun mung asa kaémutkeun ... mugi- mugi Abah ngaraos tenang di alam kalanggengan... Amin.***
  • 25. 24 Manglé 2440 K eur jaman aya AbahDukun Juhadma, sakur urusan goib nu kajadian di lem- bur Pasir Bulistir, pasti jadi bageanana. Nu gering, nu ci- laka, nu kabadi, nu kasuru- pan, jeung sajabana, nu dipa tula-patalikeun kana kahiru- pan alam jurig, jin, onom, setan, siluman sileman sapa- rakanca, Abah Dukun Juhadma bageanana. Bakat ku geus legok tapak genteng kadek, Abah Dukun Juhadma mah, tara kudu nenjo heula jalma nu kasibat. Karek dibejaan Si Anu ngage- rebeg kasurupan, langsung we Abah Juhadma nyarita : “Lah paling dideukeutan ku balad-balad Si Zalitun eta mah. Lain tadi subuh ka pasar ?”cek Abah Dukun yakin pisan. “Enya, Abah. Pan unggal ja- nari ge si eta mah matuh ka pasar,”tembal nu ngabejaan. “Keun bagean Abah… sayagikeun bae lalawuh matuh keur ngusir nu teu pararuguh. Heueuh, duwegan ngora, surutu, patukuyan,nu pokona heula. Keun kabutuh sejenna mah engke, geus puguh adu hareupan….” Duwegan ngora, surutu, parukuyan, memang senjata andelan Abah Dukun keur ngusir jurig nu datang ngusik- ngusik kahirupan manusa. Nu gering kumaha bae, asal pa- nyakit holna ti jurig, sok dia- songan parukuyan ngebul ku puruluk menyan. Dibura ku cai duwegan. Diserebung haseup surutu. Malah lamun jurig mantangul,jalma nu kakeunanana, kudu diulasan getih hayam rengge, adonan surabi, atawa naon bae nu ceuk Abah Dukun dikudu- keun. Hasilna, sakapeung jurig teh gancang nyingkah. Sakapeung hese beleke. Kungsi Mang Sarkon ngagerebeg. Ukur satengah jam geus eling deui. Terus ngalempreh. Gering biasa. Panas tiris meunang sami- nggu. Tapi Nyi Murniah mah, nepi ka tilu jam adug lajer. Kasarumahan jurig rupa- rupa. Jurig ti kidul, ti kaler, ti kulon, ti wetan. Malah ti sesela bumi jeug sisi langit sagala rupa. Ceuk nu nyak- sian, lamun lain Abah Dukun Juhadma nu ngayonanana, teuing kumaha nasib Nyi Murniah. Meureun eta randa geulis ngora keneh the pasti diboyong ka mana boa. Di- jadikeun prameswari mahluk nyiliwuri. “Untung Abah Juhadma tagen jeu tapis. Ku nu kumaha wae oge moal bobor karahayuan, “ceuk Omonm nu mindeng nandean surut urut atawa sesacai duwegan sanggeus meunang paidin ti Abah Dukun. Duka sabaraha puluh taun Abah Dukun Jumad jadi tunggul lembur dina nyang- hareupan sinuku siwulu-wulu ti alam beh ditu. Boa moal ku- rang ti genep puluh taun. Apan Komar nu ayeuna nin- cak umur 40 taun, keur umur lima taun, disunatan ku Abah Dukun Jumad. Da sajaba ti ngadukun teh, Abah Dukun Jumad ge ngarangkep jadi bengkok. Tukang nyunatan. “Ayeuna Abah Dukun Jumah hirup keneh. Wanian keneh ngalawan jurig. Han- jakal teu nurun ka anak- anakna,”Komar cacarita ka batur-baturna sabot ngaronda di garduh. “Mun basa ilaing disunatan umur tilu taun, Abah Dukun umur harita umur 40 taun, meureun ayeuna umurna geus 77taun nya, “Ganda, guru honorer di SD nu ngan hiji-hijina di wewengkon eta, nembrong. “Moal kurang ti sakitu… malah leuwih ge teu mustahil Saratus taun upamana,” cek Komar deui. “Paingan atuh, beuki sakti tambah gagah, dan bejana nu ngulik elmu pahodaman mah, beuki kolot beuki kebel elmu- na,”Mansur, tukang domba, ngengklokan. “Ngan ku nana- haon anak-anakna, komo incuna, euweuh nu hayang nuturkeun nya.” “Teuing atuh. Bejana beurat sarat-saratna hayang jadi dukun lepus teh. Kudu ngisat awak, nyengker hawa napsu, katut rea-rea deui, sangkan martabatna leuwih hebat ti batan jin setan nu are dila- wan,” Komar nerangkeun. “Heueuh, komo cenah kudu dimimitian ku puasa mutih. Ngusir Jurig Ku H.Usep Romli HM
  • 26. Manglé 2440 25 Opat puluh poe opat puluh peuting teu kararaban nanaon.Mati geni bari ngadaplok di para hawu. Tempo buka, heueuh geus opat puluh poe opat puluh peuting puasa, ukur ngaregot cai herang…..”Mansur nerangkeun. “Saha nu daek jaman kiwari kikituan, sain- cak-incak dahareun wungkul. Geura we ari uing nyiar domba ka pilemburan, teu weleh ngangseu seungit pasakan ti unggal imah. Bangsaning gurang-goreng, ungan-angeun…” “Malah ceuk beja, nepi ka ayeuna ge Abah Dukun mah tara dahar sangu beye atawa pulen. Eta we bangsa kerak garing, cangkaruk mulud, aron….”cek Komar.” Malah lalab-lalab bangsa kangkung, genjer, saladah, katut nu leuleus-leuleus mah, dicadu- keun. Cenah mun hayang lalab, Abah Dukun mah ngala daun hampelas atawa reung- has, dicoelkeun kana sambel cengek wungkul….” Geus lima taun ti barang diomongkeun di garduh, Abah Dukun Juhadma maot. Biasa we sakumaha maot mahluk hirup. Gering heula, terus sakarat, nepi ka lesna ngaleu- paskeun nyawa. Diurus sakumaha mayit jalma Islam. Komo aya salah saurang in- cuna, nu masantren nepi ka hatam, nu geus biasa ngaw- eredonan, ngaboehan. Nepi ka nyalatkeun jeung ngurebkeun sarta nelekin. Duka geus terus rasa yen akina maot bakal pada ngomongkeun, duka ngajaga kamungkinan sumebarna kagorengan salelembur,beres nyalatkeun di tajug, Ujang Sarmin, incu Abah Dukun Juhadma nu geus nyangking tetelahan Ustadz Amin, menta persaksian heula ti nu nya- latkeun. Yen akina teh jalma iman jeung Islam. Sanajan keur hirupna kaceluk jadi dukun, hiji pagawean nu dicempad ku aturan agama, jeung dilarang keras ku Alloh SWT katut RosulNa, tapi dipi- harep henteu pukah kaimanan jeung kaislamana. “Ieu perlu ditandeskeun, “cek Ustadz Amin. “Bisi engke aya isu, pajah bakal aya ririwa. Arwah marakayangan. Heg neumbleuhkeun ka Abah, pun aki. Lantaran tadi geus disak- seni ku sarerea, yen Abah teh iman jeung Islam, tangtu bakal siap nanggung risiko di alam kubur. Mun Abah keng- ing rohmat Alloh mangrupa rohmat kubur, bakal betaheun di dinya. Moal kudu ngulaya- ban ka alam dunya. Kitu deui mun kudu nandangan siksa kubur, nya kumaha pibisaeun ngejat ? Komo ngaririwaan nyingsieunan jalma. Nepi ka masjid ngagadak sepi. Taya nu berjamaah magrib, isa jeung subuh. Pajah teh sieun ririwa. Komo pasaran urut ngago- tong mayit nanggeuh luareun paimbaran.” Tapi dasar uyah tara tees ka luhur, Ustadz Amin ge bet kapeto kudu daek ngubaran jalma-jalma gering nu kasa- rumahan jurig. Persis kawas akina baheula. Nya ditedunan be. Ngan sarat katut tata- carana jauh pisan jeung akina, Abah Dukun Juhadma je- natna. “Peryogi duwegan, Ustadz?” cek hiji jalma nu ngahaja ngogan, pedah anakna mojang jekekan meujeuhna menter, kasurupan ti isuk-isuk nepi ka rek lohor adug lajer keneh. “Kantenan we, raos meu- reun ngalandongan nu teu damang, ngaleguk heula cai duwegan,”tembal Ustadz Amin. “Jantenkangge Ustadz?” nu ngogan ngajenghok. “Muhun. Kangge saha kitu?” “Pedah we jaman tuang eyang mah, cai duwegan kangge arwah nu nyarumah.” “Keun we jaman aki mah. Pan ayeuna geus sagala robah.” Barang srog ka nu gering, ujug-ujug gorowok nu nyurup teh menta cai duwegan. “Entongm, entong dibere. Pan tadi ge eta mah hance- ngan abdi,”Ustadz Amin nye- gah. Atuh duwegan nu geus dipesek rek diasongkeun ka anakna, teu tulus, da gancang di jewang. Leguk ditotor disa- kalikeun. Eureuleu Ustadz Amin teurab. ”Na aya ciduwegan amis- amis teuing. Lebar mun kudu diinumkeun ka jurig. Cing tarok, keruk kalapana. Sakalian jeung kurud gula beureum….emh, kalapa jeung gula tea, pelem…..” Kawasna, jurig nu nyurup keuheuleun diledek. Budak abrug-abrugan, gogorowokan. Sorana agem. “Ahhaing mohoal nyingkah lahamun caahan dibehhere ngihhhinum cahhai duwege- han….” “Kuma sia…hayang mah ngala ku sorangan ka dituh. Naek, pesek. Nyapekeun batur !” Ustadz Amin molotot ka budak nu kasarumahan. “Ehhh…sssiihhhia sssahaaa wani wani ngalawahhan aing?” sora jurig muni deui. “Aing jelema. Tangtu wani sabab harkat darajat aing leuwih mulya batan sia nu ukur bisa nyelegon dina jasad jalma !”Ustadz Amin nyentak. Jurig teu eleh geleng. Pok nyarita deui : “Eh sia….teu nyaho aing saha?” “Nyaho !”gancang Ustadz Amin nembalan ku sora teugeug.”Sia lain lain Si Jali- tun jurig pasar, pasti Si Wasi- nun nu sok nyilakakeun batur. Atawa Si A’was nu sok ngage- bruskeun jalma kana maksiat. Teu mustahil sia Si Hilaf, tukang mabok inuman keras. Atawa Si Murrah nu gawe ngengklak dina raramean… .Aing apal ka kabeh balad sia… ka Si Laqus nu tukang nya- sarkeun akidah manusa, ka Si Mussawit tukang nyebarkeun beja infotai. Ka Si Dasim nu sok ngadodoho di juru imah. Ka Si Walhan tukang ngagoda jalma nu keur ibadah jeung amal soleh….Sok sia ngaku !” Ustadz Amin nunjuk rorek. “Lain…lain…Aing mah Raja Gunung Kucubung…. Piraku sia teu engeuh !”jurig nem- balan. “Teu..teu…aing teu wawuh ka raja kajajaden kawas sia. Ngaku-ngaku raja Gunung Kucubung. Cing aing neuleu bisluitna…..Mun ka Raja Arab Saudi aing apal…ka Raja Brunei, ka Raja Inggris…sana- jan ukur tina tivi oge. Ari sia? Mun enya raja mah…meureun saia kasohor, kaberitakeun dina media. Gunung Ku- cubung, huhh….tempat nyayang bedul……”Ustadz Amin ngajejeleh. “Deuleu siah mata aing, disebrot siah…nepi ka sia serab…..”jurig masih keneh satekah polah ngalawan “Sok ka dieuh !”Ustadz Amin mencrong panon nu ka- surupan kalawan teungeung jeung wibawa. “Sok aing sebrot…serab keneh ku batre siah, batan ku sorot panon sia….” Jurig teu kuateun ngadu pe- long. Kelemes, kelemes, guprak nu kasurupan leuleus. Ngalenggerek sakedapan. Tuluy lilir bari morobot istig- far. Eling weh. “Tah mun kitu ti tadi istig- far. Pasti moal kasurupan jurig jarian….tadi lila teuing di cai nya?”Ustadz Amin ngalelekan. Dijawab ku unggeuk. Geus puguh budak cageur, Ustadz Amin mapatahan kolotna, sangkan telik ngaping ngajaring laku lampah budak sapopoe. Kudu daek mapata- han. Nyaram kana salah, nitah kana bener. “Tadi ieu Si Eneng ngadon nyirekem di cai aya kana dua jamna, nanahaon gawe atuh ?”Ustadz Amin ngalelekan. “Da….da…rerencangan nga- hape wae dugi ka abdi teu kaur brus mandi,”jawab budak ABG semu era. “Tah kudu digeung- geureuhkeun atuh ku emana jeung ku abahna,”Ustadz Amin ngawawadian ka kolotna. “Nyeta tara daek dicaram budak teh, Pa Ustadz,”jawab indungna hareugeueun. “NYa ari embung dicaram mah, keun bae atuh sina ung- gal waktu kasarumahan…”Us- tadz Amin nyungkun. “Punten Ustdaz, dupi eta murangkalih kasarumahan jurig naon?” hiji awewe kolot nanya. “Ku jurig cai, bongan nyirekem dua jam di cai. Terus ku jurig hape, bongan terus-terusan hahapean, nepi ka poho kana nanaon. Nu kitu tah pikaresepeun jurig,”Us- tadz Amin pamitan ka pribumi.***