2. N
u mariang ka senayan, nyorang dua jalan, ngaliwtan
partey pulitik, jeung pribadi. Nu disebut mimiti
wawkil partey, nu kadua mah ngawakilan daérah.
Pamiangan ti dua tempat anu béda, mawa pancén anu béda.
Upama anggota legislatif ngutamakeun kapentingan
parteyna, Dewan Perwakilan Daerah (DPD) mah teu kitu.
Nu diembanna gé kapentingan masarakat nu tumali jeung
daérahna. Kalungguhan kawas kitu, penting pisan, lantaran
kamajuan daérah moal leupas tina pakarepan pusat dina
ngokolakeun daérahna.
Kalungguhan wawakil daérah, puguh rengkolna dina un-
dang-undang. Pancén jeung peranna, sarua jeung anggota
dewan. Kitu téh, sanggeus aya putusan Mahkamah Konstu-
tusi nu nempatkeun DPD sarua jeung DPR. Alhasil, pungsi
DPD gé saraua jeung DPR, ngan nu béda téh lebh rohang
lingkup pancén gawéna, da DPD mah neueul kana kapenti-
ngan daérah.
Ajén-inajén daérah bakal gumantung ka wawakil rahayat
pangpangna mah anggota DPD. Ku lantaran kitu, ajén- ina-
jén éta anggota senat téh, sawadina nu panghadé ti antara
calon nu makalangan. Tangtu, milih opat tina sajumlah calon
nu aya, teu gampang da masing-masing kandidat gé boga
kaunggulan jeung kalemahan masing-masing.
Wawakil daérah ti Jawa Barat, dina émprona mah bakal
padungdung gagasan jeung kamampuhan di tingkat nasio-
nal. Di dinya, di gedong wawakil rahayat di Senayan,
parawakil rahayat Jawa Barat téh bakal nyorakeun kapenti-
ngan masarakat daérahna. Hartina, miangna ka gedong
dewan téh kudu masagi, apal kana pasualan masarakat ogé
apal ngungkulanana, sarta bisa ngayakinkeun para anggota
kongrés jeung senat sejenna, yén nu disorakeun ku éta
wawakil téh payus digugu jeung dilaksanakeun.
Tumali jeung ajen DPD, ahirna mah gumantun g ka nu
milihna. Hadé- goréngna nu baris makalangan di Senayan,
gumantung kana sora rahayat nu milihna. Nya ku lantaran
kitu, ngimeutan calon gé kudu gemet. Nu milih kudu apal
bener-bener nu rék dipilihna, boh paripolahna, catetan pri-
badi nu tumali jeung ajén moralna, ogé kamampuhanana
keur nempatan jabatan nu kawas kitu. Da, mun salah milih,
balukarna gé bakal meubeut-meulit ka balaréa. ***
Antara Kapentingan Partey jeung Daerah
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. BAHASAN
Budaya Sunda
Deddy Mizwar
........................................................... 8
PURIDING PURINGKAK
Minyak Mayit
H.Usép Romli HM .......................... 24
Anugerah Rumawat Padjadajaran
Pangrojong Geusan Nanjeurkeun
Kasundaan ...................................... 44
IMPLIK-IMPLIK
Pancen Wartawan
Butuh Panangtayungan
......................................................... 46
SAJAK
Jentréng
Ari Andriansyah .............................. 48
CARITA PONDOK
Drop Out
Sandi S.S. ......................................... 18
Dolak
Imas Rohilah ..................................... 20
Ukur Bebegig
Agus B. Irawan ................................... 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 29
Mangle Rumaja .................................. 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (173)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (12)
M.A. Salmun
............................................................. 12
SekarManglé
Taufik & Fuji
5
LAPORAN
Kapentingan Daérah
Ulah Eléh ku Pulitik
Potret:Reisyan
Jali, inditna Salasa wanci rumangsang.
Sakumaha biasa rék iang domba. Mobil
dolakna geus dihaneutan, sarua jeung
beuteungna nu geus ti isuk mula
dihaneutan kopi, sasarap samistina.
"Mangkat," cenah ka Umi, pamajikan-
ana.
"Enya," teu dituturkeun ieuh bujur dolak
téh ku Umi, puguh kagok keur di jam-
ban, kareungeueun ari gerungna mah.....
20
Dolak
Panata Rias & Raksukan:
ZIQHAA by Intan wedding package
Jl. Srimahi Dalam No. 10 Bandung
Ph. (022) 70071037
Hp. 081221342088
Hp. 087722811977
4. Témpé
H
arita soal daging. Ayeuna
perkara témpé. Na naon
waé atuh anu diurus ku
Mentri Pertanian téh? Cenah éta ari
témpé mah patalina jeung kadelé.
Ari kadelé pan lolobana meunang
ngimpor. Éta mah urusan Mentri
Perdagangan. Ari Mentri Perdaga-
ngan ayeuna apan keur maju milu
konvénsi calon presidén nu di-
ayakeun ku Partéy Démokrat. Ari
miluna ka dinya téh lantaran di-
ondang ku SBY. Ari SBY téh nya
presidén ongkoh nya Ketua Pem-
bina PD ongkoh. Nu ngaranna
mentri diondang ku presidén pira-
ku teu agul. Cul kana gawé? Ih teu
pisan-pisan.
Cacak mun teu diondang mah
meureun moal ka ditu ka dieu.
Bakal jongjon wé ngurus impor
kadelé. Mun diurusna bener moal
nepi ka nu nyarieun tahu-témpé
nepi ka kudu mogok lantaran
harega kadelé apung-apungan.
Lamun teu mogok meureun tukang
tahu-témpé nu aya di Bandung
moal nepi ka rugi Rp1,2 milyar
sapoéna. Mangkaning mogokna téh
tilu poé. Tilu kali Rp 1,2 milyar.
Leuh asa dilelebar nya.
Naha jadi pabeulit kitu nya?
Apan Abraham Samad nepi ka
pok pisan dina forum rakernas
PDIP. Karunya ka rayat Indonésia
cenah. Nu pajar impor téh bohong.
Lebah mana bohongna? Naha
impor kadelé gé kaasup anu bo-
hong? Tacan aya anu kahatéan
nyusud tapakna. Ngan lamun pan-
tar Ketua KPK baé ngomongna
geus kitu, kumaha atuh nagara
urang téh nu sabenerna?
Mun teu salah asa rada mindeng
kacaturkeun aya pejabat anu
merkarakeun kahormatanana
kalawan alesan merasa dicemarkan
nama baiknya. Ari ieu, ku omongan
Abraham Samad kitu tacan
kadéngé aya pejabat anu ngarasa
dicemarkan nama baiknya sarta
ngagugat Ketua KPK ka pulisi.
Padahal lamum impor disebut bo-
hong geus jelas saha pejabatna.
Ceuk Gita Wiryawan, Mentri
Perdagangan téa, cenah stok kadelé
di urang téh cukup nepi ka bulan
Oktober. Bet asa kalah beuki paba-
liut. Lamun cukup naha atuh
haregana diantep sina terus
nérékél. Heug wéh tukang tahu teu
sanggupeun. Kudu sabaraha
ngajualna?
Tina kamari urusan daging sapi
baé apan nepi ka mulan-malén
angger teu puguh bulé hideungna.
Cenah enya perkarana dijagrag-
keun ka pangadilan. Tapi anu nem-
brak téh apan kalah urusan duit
milyar-milyar anu dipaké monyah-
monyah ngolo-ngolo nu gareulis
jeung barekén. Ari urusan kumaha
ngacona impor daging sapina mah
nepi ka ayeuna gé tacan kabuka.
Meureun urusan kadelé gé
engkéna kana moal jauh ti kitu.
Komo deui beuki nyantek kana nu
ngaranna taun pulitik. Mani geus
hareudang ti ayeuna kénéh apan
nyanghareupan taun 2014 téh.
Boro-boro ngurus témpé, da
saréréa museurna ka ditu.
Mangkaning aya mentri jeung
pajabat tinggi séjénna anu hayang
nyaprés. Ari SBY ngan semet
ngedalkeun pajar mentri kudu kon-
séntrasi kana tugasna. Rék konsén-
trasi kumaha da lelembutanana ogé
geus aya di mana boa. Kuduna
tandeskeun wé atuh. Sing saha anu
aya karep arék nyaprés, mundur.
Tapi rék bisa tandes kumaha apan
PDna sorangan anu ngahatéan su-
paya sababaraha mentri milu kana
konvénsi.
Beuki teu puguh bandunganeu-
nana gawé pamaréntahan SBY dina
arék namatkeun jabatan nu kadua-
na téh. Geura wé keur ramé-ramé
urusan mahalna kadelé ari staf
kapresidénan kalah nabeuh niat
hayang mindahkeun ibukota.
Di urang mah mémang geus
biasa lamun aya urusan penting
anu patalina jeung pangabutuh
rayat sok diantep disina leungit
sorangan. Soal BLSM upamana.
Apan awalna mah éta program téh
sasatna diandelkeun pisan, lan-
taran jadi salasahiji alesan anu
pangpentingna dina arék mutus-
keun naékna harega prémium. Tapi
ayeuna geus loba béjana pajar
BLSM téh pabeulit. Malah loba anu
henteu dicokot.
Geus kitu téh kalah diantep wé.
Padahal lamun henteu dicokot
anggaranana téh kudu dipulang-
keun deui ka nagara. Ari mulang-
keun anggaran apan lain perkara
saderhana. Lamun teu dipulang-
keun, dikamanakeun atuh?
Kumaha lamun dipéngkolkeun
wé dipaké nyubsidi harega kadelé?
Ih, nya teu bisa atuh. Kuriak engké
bakal dikapékakeun! AM
Manglé 2442 3
5. Ulah Sieun Nyarios
Sunda
Sampurasun!
Ieu surat ngahaja
dikirimkeun ka Ais
Pangampih Mangle, lan-
taran etang-etang ngiring
mapagahan ka babaturan
sim kuring, nu aya di tapel
wates antara Bogor Jakarta.
Sanajan Bogor asupna ka
Jawa Barat, tapi ari palebah
ngucapkeun basa mah,
angger seseringna mah sok
ngagunakeun basa Indonesi.
Lantaran, cek babaturan,
lain teu hayang ngobrol ku
basa Sunda, tapi sok palaur
salah nyarita. Saperti harita
babaturan ngobrol jeung pa-
pada urang Sunda nu asalna
ti Garut. Ma’lum geus lila di
Bogor, ngobrol teh sok
hayang dina hiji waktu mah
make basa Sunda. Malahan,
sok disindiran ku urang
Jawa mah, cenah ‘orang
Sunda sendiri, kok malu
bicara bahasanya sendiri!’.
Tah, margi kitu, ieu mah
tadi oge itung-itung mere
sumanget bae ka babaturan
nu aya di Bogor.
Cek simkuring mah,
ngobrol lamun saliwatan
jeung babaturan make basa
Sunda ulah era ulah sieun
salah, lamun sieunna teh
pedah aya undak usuk basa.
Lantaran, cek sim kuring
mah dina pikiran,; ari kitu
saha nu rék ngambek lamun
salah ngagunakeun undak
usuk basa Sunda? Naha
terus aya nu nyarékan? Da,
cek simkuring mah, urusan
undak usuk basa mah nor-
matif pisan. Lamun baé nga-
jar atawa nerangkeun nu
bener, nya kudu maké
undak-usuk basa nu bener,
tapi ari kudu jadi hahalang
nepi ka embung maké basa
Sunda mah, asa teuing-
teuingeun. Cek kuring mah,
sok omongkeun, sok sanajan
salah ngalarapkeun. Anapon
engké hayang apal nu bener-
na mah, meureunan tinggal
diajar we ka nu bisa...!
Kitu deui, ka budakna
babaturan, nu cenah sok
minder lamun keur arulin
make basa Sunda. Cek
simkuring mah, kolotna
kudu bisa ngayakinkeun,
yen basa Sunda mah babari,
jeung dina salahna moal aya
nu nyarekan. Ieu ditepikeun
teh, lantaran cenah, lamun
eta budak balik ti sakola, sok
make basa Indonesia deui.
Lantaran, cenah, babaturan
ogé alimeun kanggo basa
Sunda, cenah bisi salah,
atawa kasar.
Margi kitu, ieu mah uma-
jak ka sadayana wae, utami-
na mitra Mangle, obrolan
sabéngbatan cara jawaban
barudak,boa-boasaruajeung
kolotnuminderatawapalaur
lamundipagawéananamaké
basa Sunda.
Rupa-rupa pasualan nu
aya kaitanana jeung kasieun,
kapalur masarakat dina
ngagunakeun basa mémang
teu bisa aya nu nyalahkeun.
Nu penting mah meureun
ka nu terang, ulah nyarékan,
ulah diéra-éra lamun
ngagunakeunana salah. Ji-
gana lamun aya kasadaran ti
sakumna pihak, saperti
gerakan ngobrol Sunda, rék
urang Jawa, Padang, Batak
jeung urang séjénna, aya hiji
waktu “gerakan ngobrol
basa Sunda”, asana mantak
reueus, sanajan kacipta
bakal béda-béda, aya nu
kasar, aya nu lemes. Tapi
keun wé, nu penting
ngagunakeun basa Sunda.
Sakitu. Punten surat ieu
ogé bisi aya salah dina nga-
gunakeun undak usuk basa,
da simkuring ogé bari diajar.
Wassalam
Baktos,
Jamaludin Habib
Palabuhan Ratu
Sukabumi
4 Manglé 2442
Sakumna Ais Pangampih
Manglé
Ngahaturkeun Nuhun ka:
Rektor Universitas Padjadjaran (UNPAD)
Nu parantos ngalélér Piagem Penghargaan
Anugerah Budaya Rumawat Padjadjaran
taun 2013
ka
MAJALAH MANGLE
ping 11 September 2013.
Mugia éta pangajén janten tuturus léngkah
Majalah Manglé dina ngiring miara sareng
ngamumulé budaya Sunda.
Bandung, 11 September 2013
Pupuhu Manglé,
Drs. H. Oedjang Daradjatoen, M.
6. M
ÉMANG kudu neugtreug ari
boga kahayangmah. Komo ieu
sasat geus jadi tékad. Kudu di-
ihtiaran satékah polah malar kahayang téa,
tékad téa, tinekanan. Ulah ngan sakadar
hayang wungkul bari teu jeung ihtiarna.
Kawasna moal kitu meureun sakali ieu
mah. Tékad nu digedurkeun di Sabuga
(20/8) basa miéling saratus taun
Paguyuban Pasundan téh sawadina
diperjuangkeun nepi ka hasilna.
Mimitina dilisankeun ku Gupernur
Jabar H. Ahmad Héryawan dina biantara
sambutanana. Dina taun 2014 mah, cék
gupernur harita, ayang aya urang Sunda nu
jeneng jadi wakil persidén. Tuluy éta ka-
hayang téh dibuleudkeun ku Ketua Umum
Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. H.M. Didi
Turmudzi. Sarua jeung naon nu dijéntré-
keun dina koran nu medal isuk-isukna.
Dina biantarana, Didi Turmudzi nékad-
keun yén dina taun 2014 mah kudu aya
urang Sunda nu jadi wakil persidén. Tékad
Didi Turmudzi TéH hartina Pguyuban Pa-
sundan. Apan Didi Turmudzi téh Ktua
Umumna. Beurat geus jadi tékad mah.
Daék teu daék kudu diihtiaran malar
tinekanan.
Ihtiar téa apan kudu puguh léngkah-
léngkahna. Kudu nété tarajé nincak ham-
balan.Komoieutékadngajenengkeunsalah
saurang urang Sunda jadi wakil persidén
dinataun2014.Taun2014téhapantaundi-
ayakeunana pilpés, pilihan persidén.
Lumangsungna sabada pemilu, pemilihan
umum, bulan April. Aya kitu urang Sunda
anu jadi cawaprées, calon wakil persidén
dina pilprés engké téh? Hartina, naha bakal
aya kitu partéy pulitik nu nyalonkeun urang
Sunda jadi cawaprés? Ari dina piprés, apan
caprés jeung cawaprés téh sapakét.
Dicalonkeunana ku salah sahiji partéy puli-
tik, atawa gabungan ti partéy-partéy pulitik.
Cék undang-undang pilprés, lamun npi
kaprungnapilprés2014teudirobah,partéy
nu ngabogaan hak pikeun nyalonkeun
pakét caprés-cawaprés téh nyaéta partéy
anu dina pemilu bisa ngahontal 20% par-
lementary treshold. Hartina, partéy nu di-
wakilan ku anggota legislatif di DPR-RI
anu jumlahna 20% tina jumlah anggota
DPR-RI, éta partéy ngabogaan hak
nyalonkeun pakét caprés-cawaprés. Ku-
rang ti jumlah sakitu mah kapaksa
ngagabung jeung partDPR-RI, éta partéy
ngabogaan hak nyalonkeun pakét caprés-
cawaprés. Kurang ti jumlah sakitu mah ka-
paksangagabungjeungpartéyséjénnepika
jumlahsoranangahontal20%téa.Tapi,aya
deui alternatif lianna. Nyaéta jumlah sora
partéy nu diitung sacara nasional. Lain
ukur 20%, tapi kudu ngahontal 25%.
Upama jumlah sora sacara nasional nga-
hontal 25%, kakara éta partéy ngabogaan
hak nyalonkeun caprés-cawaprés. Teu bisa
ngahontal sora sakitu mah daék teu daék
kapaksa kudu koalisi jeung partéy atawa
partéy-partéyliannasangkansoranasacara
nasional ngahontal 25% téa. Ana kitu, nu
kacida gedé kakawasaanana enggoning
nangtukeuncaprésatawacawapréstéhtaya
lianti partéy pulitik.Di luareunpartéy puli-
tik mah éstu teu boga kakawasaan nanaon
pisan. Paling unggul tukang surak, boh
surak alatan panuju boh surak nyurakan
anu ngandung harti teu satuju.
Dipatalikeun jeung kahayang nu geus
diundakkeun jadi tékad téa, nyaéta kudu
aya urang Sunda jadi cawaprés dina taun
2014 nu bakal datang, atuh hambalan
kahiji téh kudu ngihtiaran malar aya partéy
atawa gabungan partéy nu daék
nyalonkeun salah saurang urang Sunda
pikeun jadi cawaprés. Upama taya hiji gé
parpol anu daék nyalonkeun urang Sunda
jadi cawaprés atuh lapur kahayang téh
ngan ukur tinggal kahayang, tékad ngan
saukur kari tékad. Padahal ari kangaraning
tékad kapan wajib diihtiaran sangkan ka-
hontal. Pibasaeunana téh cadu mundur
sacongo buuk, haram ngejat satunjang
béas. Éstu lain lalawora. Karék ukur nété
kana hambalan kahiji.
Kacaritakeun aya wé partéy nu
nyalonkeun urang Sunda jadi cawaprés.
Tah hambalan nu kadua mah nyéta
ngihtiaran malar urang Jawa Barat, urang
Sunda hususna, daék milih pasangan
caprés-cawaprés nu cawaprésna urang
Sunda. Teu dipilih mah atuh lapur, ka-
hayang tinggal kahayang, tékad ukur kari
tékad. Kumaha lamun cawaprés urang
Sunda téh disapakétkeunana jeung caprés
nu teu “dipakaresep” ku urang Sunda?
Naha kudu dipaksa waé sangkan urang
Sunda nu ngabogaan hak-pilih téh pikeun
milih pakét éta? Kacipta pihéséeunana.
Tapi, meureun cék nu boga pokal téh hésé
lain hartina teu bisa.
Kumaha deuih lamun urang Sunda nu
jadi cawaprés téh leuwih ti saurang? Nu hiji
jadi pasangan si anu, nu hiji deu jadi pasa-
ngan si éta? Beuki hésé deui baé sok sana-
jan enya gé hésé lain hartina teu bisa. Ngan
kacipta, kumaha barieukeunana urang
Sunda. Mangkaning apan kahayang téh
geus undak jadi tékad, nu kudu diihtiaran
satékahpolah,cadumundursacongobuuk,
haram ngejat satunjang béas.Ana kitu atuh
kudu sapuk heula, saha urang Sunda anu
merenah pikeun jadi wakil persidén. Lain
nu ngan saukur merenah jadi calon wakil
persidén wungkul, da ari teu dipilih mah
eureun semet jadi calon wungkul.
NahaurangSundatéhudagananangan
saukur jadi waprés, lain prés wé sakalian?
Ngukur ka kujur apan caritana mah. Jum-
lah jiwa sélér bangsa Sunda téh nomer dua
sabada Jawa. Ku lantaran jumlah cacah
jiwana nomer dua atuh merenah upama
udaganana gé cukup jadi nomer dua waé.
Ngan, apan cék gupernur Ahmad
Héryawan gé batur ningalina ka urang téh
lain ku lantaran étnisna, tapi ku lantaran
préstasina. Ana kitu mah hayu urang
taréangan heula saha urang Sunda anu
préstasina nyongcolang sacara nasional.
Anu teu matak ngérakeun lamun
diusulkeun jadi cawaprés. Geus kitu, hayu
urang cadu mundur sacongo buuk, haram
ngejat satunjang béas.***
DI KIWARI MACA BIHARI (18)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)
Cadu Mundur Sacongo Buuk
Haram Ngejat Satunjang Béas
Manglé 2442 5
7. 6 Manglé 2442
Di antarana kagiatan DPD-RI. Ti daérah bajuang keur nasional
P
ilihan umum, ukur wilangan
bubulanana deui. Pilihan
anggota legislatif téh baris
lumangsung 9 April 2014. Atuh, ma-
sing-masing gé tatahar. Ti anggalna
kénéh témbong rupa-rupa cara geu-
san leuwih ngawanohkeun dirina ka
masarakat.
Di antaran pamilon nu makala-
ngan, lian ti nu dicalonkeun ku
partéy pulitik, aya deui nu ti daérah.
Nya nu boga karep jadi wawakil
daérah gé teu sirikna ngantay. Kitu
téa mah, masing-masing gé boga
karep jeung kahayang geusan leuwih
ngamajukeun daérahna.
Dina mangsa bakti 2009-2014 nu
jadi anggota DPD téh, Mohammad
Surya (gaganti Ginanjar Karta-
sasmita nu ngundurkeun diri), Ella
M. Giri Komala, Sopyan Yahya, jeung
Amang Syafrudin. Nu opatan bieu
ngemban tugas ngawakilan daérah
Jawa Barat di tingkat nasional.
Nu hayang aub milu jadi wawakil
rahayat, kaasup nu boga karep jadi
anggota DPD kubra di mana-mana.
Najan, korsi nu diparebutkeun ku
masing-masing daérah ukur opata-
neun, nu daptar mah puluhan.
Kasang tukang pamilon, tina rupa-
rupa widang, kaasup nu saméméhna
gé jadi pajabat publik.
Kalungguhan DPD, mémang jadi
pangirutan. Komo deui, da
wewenangna gé kawas anggota
Dewan Perwakilan Rakyat (DPR).
Padahal, saméméhna mah, DPD téh
lir wawakil rahayat nu aya ‘sahanda-
paeun’ DPR lantaran ongkoh ula-ilu
dina sidang tapi teu boga wewenang
milu mutuskeun. Ari ayeuna, peran
DPD gé sarua jeung DPR.
Undak Harkat
Kalungguhan DPD RI, mémang
undak. Apan aya robahan katang-
tuan satutas aya putusan Mahkamah
Wawakil rahayat atawa
wawakil daérah? Duanana
gé aya! Sabagian mah
utusan partéy,
nu sabagian deui
utusan daérah. Ngan,
naon bédana mun loba
manten anggota parpol
parindah ka DPD?
***
Kapentingan Daérah
Ulah Eléh ku Pulitik
8. Konstitusi (MK). Harita MK ngaliwa-
tan putusan Nomor 92/PUU-X/2012
malikkeun deui wewenang Dewan
Perwakilan Daerah (DPD) nu
saméméhna katalikung ku UU No.
27 Tahun 2009 ngeunaan MPR,
DPR, DPD, jeung DPRD (MD3) sarta
UU No. 12 Tahun 2011 ngeunaan
Pembentukan Peraturan Perundang-
undangan (P3). Tina sababaraha
gugatan nu diajukeun DPD, 4 (opat)
hal di antaran mah mangrupa poko
kalungguhan jeung jati diri DPD,
lembaga nagara nu pancénna
diamanatkeun ku UUD 1945,
saperti:
1. Wewenang DPD dina ngajukeun
RUU sajajar jeung DPR sarta
Presiden;
2. Wewenang DPD milu medar RUU;
3. Wewenang DPD nyaluyuan RUU;
jeung
4. Wewenang ilubiungna DPD dina
nyusun Prolegnas.
Putusan MK téh kalayan tandes
nétélakeun Pasal 102 ayat (1) huruf a,
d, e, h jeung Pasal 147 UU MD3
patukang-tonggong jeung UUD 1945
sarta henteu ngabogaan kakuatan
hukum anu nalikung, hartina saban
RUU nu diajukeun ku DPD henteu
deui ngaliwatan prosés di Badan
Legislasi tapi diajén jeung ditempat-
keun sajajar jeung RUU nu diaju-
keun Presiden.
Nilik ka dinya, kalungguhan DPD
téh leuwih kuat batan saméméhna.
Tiheula-heula mah ongkoh milu nga-
haminan tapi teu boga kakuatan milu
mutuskeun. “Kalunguhan DPD saja-
jar sareng DPR RI,” ceuk Prof. Dr. H.
Asep Kartiwa, SH. MS., Koordinator
Pascasarjana Universiatas Padja-
djaran (Unpad), Bandung.
Nurutkeun ieu Guru Besar Fisip
Unpad, nilik kana wewenang jeung
pancénna, DPD RI téh sawadina
dieusian ku jalma-jalama pinilih ti
saban propinsi. Ajén-inajén para
anggota Dewan Perwakilan Daerah
nu pancénna ngutamakeun
daérahna, kudu bener-bener
ngawasa pasualan daérah sarta
engkéna bisa boga kakuatan ‘lobi’ nu
dihaminan dina sidang-sidang dina
mangsa mutuskeun nu tumali jeung
daérah. “Janten, henteu ngan
sakadar kénging pangjurung sareng
kapercayaan masarakat,” pokna.
Kalungguhan DPD nu dina Un-
dang-undang Dasar 1945 hasil
amandemen aya dina BAB VIIA ,
Pasal 22C jeung 22D dina mancén
gawéna asup kana réngréngan Ma-
jelis Permusyawaratan Rakyat
(MPR), saperti nu témbrés dina BAB
II, Pasan 2 jeung Pasal 3.
Tumali jeung kalungguhan DPR
jeung DPD, Prof. Asep mah boga
nandeskeun, teu kudu aya DPD,
geus wé DPR ngan dina pilihanana
umum téa, lian ti aya pamilon ti
partéy téh ogé ti independén atawa ti
pribadi-pribadi. “Ngaranna tos wé
DPR tong aya DPD, ngan engkéna
aya anggota déwan nu asalna lain ti
partéy pulitik aya ogé nu pribadi-
pribadi. Hartosna deuih, teu kedah
aya MPR,” pokna.
Mémang, cenah, kahirupan
kanagaraan mah aya tatapakannana
anu jinek. Aturan nu leuwih jinek
tetep kudu dumasar kana undang-
undang anu nyampak. “Peryogi
amandemén UUD Dasar kanggo
ngaleungitkeun MPR,” pokna tandes.
Nu kawas kitu, ceuk ieu ahli élmu
pamaréntahan téh, kungsi kaalaman
dina pilihan umum 1955. Harita,lian
ti pamilon pilihannana ti partéy puli-
tik ogé aya nu ‘perseorangan’. “Margi
apan kalungguhannana pancén
sareng wewenangna gé sami sapertos
anggota déwan,” pokna.
Mahing Pacorok
Kalunguhan DPD dina Undang-
undang Dasar jinek naker. Saperti nu
kaunggel dina Pasad 22D. Saperti
dina pasal 22D ayat 1, apan jinek
Dewan Perwakilan Daerah téh bisa
ngajukeun ka Dewan Perwakilan
Rayat rarancang Undang-undang nu
patali jeung otonomi daérah, hubu-
ngan pusat jeung daérah, ngawangun
jeung mekarkeun daérah, ngokola-
keun sumber daya alam jeung sum-
ber daya ékonomi daérah séjénna,
sarta nu patali jeung pertimbangan
kauangan pusat jeung daérah.
“Kapentingan daérah ulah éléh ku
kapentingan partéy pulitik,” pokna
tandes naker.
Nurutkeun Prof. Asep, nu jadi
utusan daérah, kudu masagi. Lain
wungkul boga kadaék jeung ka-
hayang, tapi mampuh bener-bener
ngawasa pasualan daérah, sarta
saterusna mampuh jadi cukang lan-
taran pasualan di lemburna bisa
kaungkulan ku legislasi nu
diusulkeunana. Malah nu teu éléh
penting deuih, calon DPD-RI gé,
saéna ulah nu icikibung dina partéy
politik. ***(Ensa/Rudi)
7
Prof. Asep
9. Manglé 2442
Panganteur
Lamun ngaguar budaya geus pasti sok ngahudangkeun “emosi”
dina tiap diri manusa. Budaya raket pisan jeung identitas atawa
jatidiri hiji jalma. Natanyakan kaayaan budaya ngandung harti
natanyakeun jatidiri hiji jalma. Tapi sok sanajan kitu, madungdeng-
keun budaya oge sok medalkeun 2 (dua) gejala, gejala romantisme
jeung gejala pesimisme.
Gejala romantisme bakal katara nalika nyaritakeun budaya
ngan saukur sacara inward looking, ngagul-agulkeun mangsa
kajayaan hiji budaya. Jeung nempatkeun budaya salaku karya adi
luhung nu karamat nu sacara otomatis mampuh ngajawab tang-
tangan parobahan zaman. Biasana, gejala romantisme teh sok di-
reumbeuy ku mitos-mitos keur mamerkeun luhungna hiji budaya.
Gejala romantisme nempatkeun kahadiran budaya lianna jadi
lawan nu kudu dicuriga samalah remen diapilainkeun demi
mertahankeun mitos-mitos kadigjayaan budaya sorangan. Gejala
romantisme medalkeun rasa hoream diajar budaya deungeun,
leuwih milih “ngaringkebmaneh” jeun teuing “kurungbatokkeun”
demi ngajaga kamurnian budaya sorangan.
Sebalikna, gejala pesimisme mah hiji budaya teh disanghareup-
keun kana saniskara tangtangan zaman jiga nu rek ngaleungit-
keun budaya sorangan. Beda jeung gejala romantisme nu
ngebrehkeun wujud superioritas, gejala pesimisme mah justru
ngebrehkeun sikep nu inferior. Kahadiran hiji budaya, utamana nu
dianggap teu luyu jeung “arus utama (mainstream)” atawa nu
sipatna lokal, ditatanyakeun relevansina. Malah saterusna
diwacanakeun rek dirobah atawa diadaptasikeun pikeun ngigelan
budaya-budaya lianna nu dianggap mainstream.
Dua gejala eta bakal karasa pisan nalika urang medar budaya
Sunda. Salaku nu ngarojong budaya sunda, tangtu urang yakin
kana kaluhungan ajen-inajen budaya nu geus ngawangun jatidiri
urang salaku urang Sunda. Tapi, di sisi lianna, urang ge mang-
mang/cangcaya nalika ‘penampakan(bungkeuleuk)’ budaya Sunda
dina kahirupan nu nyata beuki dieu beuki langka. Basa Sunda geus
jarang dipake, komo aksara Sunda mah ngan saukur jadi papan
ngaran jalan jeung sababaraha ngaran gedong pamarentah daerah
di Jawa Barat. Boa nu bisa maca jeung paham kana aksara Sunda
ge ngan kari hiji dua. Kasenian-kasenian Sunda geus kurang nu
mikaresep, keur kitu teh kudu nyanghareupan komersialisasi jeung
kriminalisasi sabab dianggap porno. Kasenian Sunda ngan ukur
tandang dina rohangan-rohangan seremoni elitis, atawa dina
pagelaran-pagelaran nu diinisiasi ku urang asing di luar negri.
Urang leuwih reueus ningali bangsa deungeun diajar basa Sunda
tinimang urang Sunda diajar budayana sorangan. Urang amarah
nalika loba artefak budaya urang dipatenkeun, diklaim, diaku ku
batur. Padahal, saacanna urang kacida agulna nalika aya urang
asing diajar budaya Sunda. Padahal, boa urang ge geus tambelar
teu ngawariskeun budaya Sunda ka anak-incu sabab riweuh
mromosikeun ka bangsa deungeun jeung ngajadikeun kasenian
salaku komoditi.
Taya salahna mromosikeun budaya Sunda ka bangsa deu-
ngeun, sabab hal eta cing cirining reueus kana jatidiri jeung karya
bangsa sorangan. Tapi ulah nepi ka kajongjonan, ka batur diuar-
uar ari ka anak incu tambelar antukna budaya sorangan bacacar.
Urang teu bisa ngan saukur tumarima (apa adanya), atawa , taking
for granted yen budaya urang bakal ajeg, tumuwuh, jeung mekar
tanpa generasi panerus. Budaya bakal hirup salila aya nu nga-
mumulena. Jeung nu pantes boga tanggung jawab pikeun ngamu-
mule budaya lambang jatidiri bangsa teh taya deui iwal ti urang
jeung anak-incu urang.
Nu jadi patalekan gedena, kumaha carana ngamumule budaya
Sunda? Dina satengahing parobahan dunia nu beuki dinamis,
urang teu bisa nyingkahan alam kompetisi, kaasup nembongkeun
kaunggulan diri urang. Lamun rek ngokojokeun budaya Sunda,
naon nu kudu disiapkeun jeung dipilampah ku urang? Estu
patalekan nu penting dijawab sangkan urang teu katalikung ku
gejala romantisme jeung pesimisme nu justru jadi hahalang keur
nyungsi potensi nu sabenerna dina budaya Sunda.
Budaya Sunda jeung Budaya Global
Urang kudu kritis kana kamekaran wacana budaya global nu
keur sumebar dina jaman kiwari. Na enya aya budaya global?
Atawa ngan saukur hiji budaya nu jadi “arus utama?” Bisa jadi
budaya nu jadi “arus utama” teh teu salilana kudu identik jeung hiji
budaya bangsa, boh nagara-nagara ‘Barat’ ( anu sacara geografis
aya di wewengkon Eropah Kulon, Amerika Kaler, jeung Australia).
Atawana nu asalna ti nagara-nagara ‘Timur’ (anu sacara geografis
diwakilan ku nagara-nagara di Asia Timur, Asia Selatan, Asia Teng-
gara, jeung Timur Tengah). Salila ieu, urang remen sok nyakompet-
daunkeun budaya global jeung ajen-inajen katut prilaku nu asalna
ti nagara-nagara ‘Barat’, padahal kamekaran nagara-nagara ‘Timur’
ge boga pangaruh nu gede dina jaman kiwari.
Katilikna urang kudu bener-bener paham kana pamanaan
budaya global atawa budaya sajagad. Produk budaya nu gede
pangaruhna kana gaya hirup nyaeta sistem pangaweruh (penge-
tahuan) nu ngawangun pola pikir, sikep, jeung prilaku manusa. Ku
kituna, nalika urang nyaritakeun budaya global, satemenna urang
keur ngaguar sistem pangaweruh nu jadi “arus utama” dina
ngawangun pola pitkir, sikep, jeung prilaku manusa. Ku sabab jadi
“arus utama”, sistem-sistem pangaweruh lianna dianggap mar-
8
Budaya Sunda
Ku Deddy Mizwar *)
10. Manglé 2442 9
ginal. Lamun budaya global boga sifat universal, maka nu marginal
mah nu lokal. Lamun budaya global sifatna modern, maka nu mar-
ginal nu tradisional. Lamun budaya global sifatna rasional, maka
nu marginal nu irasional.
Sistem pangaweruh nu jadi “arus utama” kiwari nyaeta moder-
nitas, anu nekenkeun kana rasionalitas berpikir nu dihasilkeun ku
kakuatan elmu (science), canggihna teknologi, jeung kemandirian
individu. Sangkan boga sikap obyektif, ajen-inajen jeung tinimba-
ngan-tinimbangan irasional kudu diminimalkeun jeung disingka-
han . Sakabeh hal nu teu bisa dijelaskeun ku logika jeung teu bisa
dibuktikeun sacara empirik dianggap hal nu irasional teu bisa di-
jadikeun dasar dina nangtukeun kaputusan.
Ku asumsi seperti kitu, bisa kaimpleng pisakumahaeun nasib
budaya Sunda lamun kudu aduhareupan jeung budaya / sistem
pangaweruhnujadi“arusutama”tea.Ajen-inajennuteusaluyujeung
“arus utama” bakal dimarginalkeun jeung konsekuensina, kudu
dirobah saluyu jeung ajen-inajen nu berlaku dina “arus utama”.
Tarungna antara budaya lokal, kaasup Sunda, jeung budaya
global / budaya “arus utama” satemennna patelakna ngeunaan
mana ajen-inajen nu pangmanfaatna keur kahirupan manusa.
Tapi, kamangfaatan oge bisa kareduksi ngan ukur dina efektivitas
jeung efisiensi, tanpa mikirkeun lajuninglakuna. Ku kituna, arang
langka budaya arus utama ngajebak manusa sangkan bersikap
pragmatis, ngan mikirkeun poe ieu. Budaya Sunda geus “meng-
kritisi” sikep ieu ku babasan engke kumaha. Ieu jadi hiji bukti bu-
daya Sunda boga rasionalitas nu beda jeung budaya “arus utama”.
Keur budaya Sunda, nu kacida pentingna mah engke kumaha, Ku
kituna aspek lajuninglaku(keberlanjutan) jadi niley nu utama
salaku identitas urang Sunda, lain pragmatisme.
Konsep “kemanfaatan” ge remen kareduksi kana orientasi
nyiar kauntungan nu saloba-lobana tanpa mikirkeun kana
balukarna. Loba produk budaya nu dijieun pikeun ngamudahkeun
hirup manusa, tapi balukarna sok ngaruksak lingkungan jeung
ngurangan interaksi sosial nu saterusna ngamuara kana
pibahlaeun/ bencana, boh bencana alam atawana bencana sosial.
Kamajuan elmu jeung teknologi, umpamana, lahir tina modernitas
nu ngamudahkeun kahirupan manusa, manusa jadi boga
kamampuan meruhkeun alam, digunakeun saoptimal mungkin
pikeun ngaronjatkeun taraf hirupna, tapi geus ngabalukarkeun
manusa kacabut tina lingkunganna. Manusa modern nyaeta
manusa nu nunggelis, kasepian, nu autis, jeung kapaksa neang
hiburan di dunia maya. Eksploitasi sumber-sumber daya alam
salaku konsekuensi tina kamekaranan elmu jeung teknologi ge
sacara ekonomi geus mawa mangfaat nu gede pikeun manusa, tapi
hadirna bencana ge jadi bukti gagalna elmu dina meruhkeun
kawasana alam.
Kondisi-kondisi paradoks nu lahir tina budaya modernitas
sabenerna ngelingan urang yen naon rupa nu jadi arus utama dina
mangsa kiwari teu sakabehna bener. Ieu jadi lolongkrang keur
ngaronjatkeun budaya lokal salaku alternatif tina “kungkungan”
budaya modernitas nu salila ieu nangtukeun cara hirup urang.
Ngamerdekakeun Budaya Sunda
Terus, naha urang kudu sagancangna ninggalkeun modernitas?
Tangtu wae henteu. Filosofi kahirupan dina budaya Sunda geus
ngajarkeun yen alam teh aya alam makro (makrokosmos) jeung
alam mikro (mikrokosmos). Dua alam nu teu patukangtonggong,
tapi silih lengkepan tina sagala kakuranganana sewang-sewangan.
Kahirupan bakal harmonis lamun manusa mampuh ngajaga ka-
saimbangan dua alam ieu . Falsafahna, orang ge bisa nyoba-nyoba
ngadumaniskeun budaya “arus utama” jeung budaya Sunda. Nalika
arus utama cumarita ngeunaan hal-hal makro, tah budaya Sunda
mah bisa ngabeungharan alam mikro urang.
Modernitas ngamilik kakurangan nu utama (mendasar) sabab
geus nyabut manusa tina kamanusaanana. Ku kituna, urang kudu
ngajadikeun budaya Sunda jadi ‘ubar’ pikeun nyageurkeun deui ka-
manusaan urang. Budaya Sunda lain keur diaduregengkeun jeung
budaya arus utama, sumawonna disasaruakeun jeung budaya arus
utama. Lamun ieu kajadian, mangka saestuna urang hayang jadi
patalukan budaya arus utama. Ku hayangna dianggap modern nepi
ka iklas dijajah ku sistem modernitas anu justru nyapirakeun
kaayaan urang.
Alternatifna, budaya Sunda justru kudu mertahankeun ajen-
inajen nu geus aya. Anu kudu diadaptasikeun “penerjemahan”
atawa “praksis” niley-niley ieu dina kahirupan sapopoe. Patokan-
ana nyaeta kamanusaan, alhasil urang bisa nangtukeun ajen-ina-
jen mana nu relevan keur ngagedurkeun deui rasa kanyaah urang
ka alam jeung sasama.
Nyukcruk ajen-inajen budaya Sunda ulah ngan saukur
ngumpulkeun uga, pantun,puisi lisan, naskah kuna, atawa kaari-
fan lokal lianna. Tapi nu utama kudu faham kana konteks disatuka-
ngeun lahirna niley-niley, alhasil relevansina bisa dipake tuduh
jalan dina jaman kiwari. Modal sosial nyaeta konsep modern nu
bagalna/intina diwangun ku sauyunan jeung kapercayaan.
Bandingkan jeung konsep silih asih, silih asah, dan silih asuh nu
aya dina budaya Sunda. Tapi kunaon urang bet leuwih percaya
kana konsep modal sosial? Sabab geus mere resep tatacara mrak-
tekeun kebersamaan jeung kapercayaan dina interaksi sosial.
Sabenerna loba pisan kaarifan lokal nu relevan jeung konteks
mangsa kiwari, tapi gagal dimangfaatkeun sabab urang tambelar
ngaaktualisasikeun praksisna.
Tilu wujud budaya, wujud salaku ide, wujud salaku sistem,
jeung wujud fisik gumulung jadi patokan keur ngaoperasionalisasi-
keun ajen-inajen budaya Sunda dina konteks mangsa kiwari. Niley-
niley eta teu ngan ukur ngawujud salaku ide, tapi oge jadi sistem
nu komprehensif, malah jadi alat nu bisa dipake tuduh jalan pri-
laku manusa.
Upaya ngaoperasionalkeun ajen-inajen budaya Sunda geus
pasti pagilinggisik jeung niley-niley budaya lianna, kaaasup nu
asalna tina budaya arus utama. Nya di dieu urang kudu arif wijak-
sana dina milih ajen nu hade keur ngarojong budaya Sunda. Jadi
ulah budaya Sunda nu dirobah nurutan budaya deungeun, tapi
niley-niley atawa mekanisme nu relevan dihijikeun pikeun nguatan
budaya Sunda. Ayana elmu jeung teknologi salaku produk moder-
nitas, umpamana, tangtu gede mangfaatna keur numuwuh-
mekarkeun budaya Sunda, atuh ajen-inajen budaya Sunda ge bakal
loba nu nyuprih.
NgamerdekakeunbudayaSundaogengandunghartimukaakses
salega-legana sangkan budaya Sunda dipikawanoh, disuprih, di-
pahaman, jeung dilarapkeun. Dina era demokrasi kiwari, budaya
Sunda sakuduna hirup jeung bebas pikeun ngawangun deui
identitasna nugeussawatarataunlilanakatalikungkurezimotoriter
jeung sentralistik. Paguneman jeung rupa-rupa golongan kudu di-
gedurkeun deui pikeun narjamahkeun budaya Sunda kana praktik-
praktik sapopoena. Mangfaat ajen-inajen budaya Sunda bakal jauh
tina pragmatisme lamun dimekarkeun ku sumnget dialogis.
Taun 2010 kungsi diayakeun Dialog Sunda jeung Dialog Jawa
Barat nu ngahasilkeun skenario-skenario mangsa hareup Jawa
Barat. Ieu jadi bukti yen ajen-inajen budaya Sunda bisa
dioperasionalkeun kana strategi kawijakan keur ngajawab tangtan-
gan zaman. Forum-forum dialogis model kieu perlu digedurkeun
sangkan budaya Sunda tetep kamumule jeung kaala mangfaatna
dina kahirupan kiwari jeung jaga.
Hal nu utama dina ngamerdekakeun budaya Sunda, urang
kudu boga rasa hariwang yen budaya Sunda bakal tumpur lamun
taya nu merjuangkeunana. Budaya teh produk manusa,
kahadiranana ditangtukeun ku manusa nu jadi pangrojongna. Ku
kituna, ngamerdekakeun budaya Sunda teh ngandung harti
ngabebaskeun urang Sunda dina “memaknai ulang” jeung “mere-
vitalisasi” ajen-inajen budaya Sunda saluyu jeung kabutuhan. ***
*) Panulis, Wakil Gubernur Jawa Barat. Tulisan ieu mang-
rupa bahan kuliah umum pikeun Mahasiswa anyar S1 jeung
Pascasarjana Fakultas Ilmu Budaya Unpad 2013
11. 10 Manglé 2442
Bagian
173
I
sukna saperti luyu
jeung jangji ka nu
ngajaraga, indung
Marwazan datang deui
jeung anakna. Teu loba
tatanya dina panto ger-
bang gé, kari sup wé asup
ka rohangan saterusna.
Kitu jeung kitu, nu ahirna
bisa nepi ka rongan Putri
Budur kalayan taya gang-
guan.
“Gancang atuh
arandika asup, tapi ulah
lila!” ceuk nu ngajaga.
Blus Marwajan asup
ka eta rohangan. Haténa
nyeblak, ningali kaayaan
dulurna nu saperti kitu.
Buukna ruwag-rewig
kalayan beungeut
haropak. Ngan, angger
kageulisan éta putri mah
teu leungit.
“Sampurasun!”
“Rampés!” ceuk Putri
Budur.
Dua sadulur pasing-
hareup-singahareup. Silih
rangkul bakating ku sono.
Saterusna, putri nyarita,
nanyakeun anggapan
dulurna ka dirina.
“Naha anjeun gé
nganggap kaula siwah?”
“Teu pisan-pisan.
Ceuk pikir kuring anjeun
séhat. Tapi, anjeun
kagegeringan ku katres-
na.”
Peuting kaganti ku
beurang. Hartina,
Syahrazad kudu mungkas
heula caritana, sarta
jangji rék diteruskeun
peuting engkéna.
Peuting ka-196
Saperti biasa,
sanggeus diidinan ku raja,
putri nu pinter ngado-
ngeng téh neruskeun
lalakonna. Masih kénéh
nyaritakeun dua sobat nu
keur silihkedalkeun ka-
sono.
“Kumaha pangna an-
jeun dianggap siwah?”
Pok Putri Budur
nyaritakeun sagala rupa
nu kungsi kaalamanana.
Mémang, cenah, matak
teu kaharti ku nu séjén
mah. Tapi, da kitu
kanyatanana, dirina mah
ngalaman pisan.
Ngadéngé caritaan
dulurna kitu, Marwazan
mémang ngarasa héran.
Gilig dina haténa, hayang
mantuan néangan cara
ngungkulanana. Ceuk
pikirna, dulurna, bener-
bener sehat. Da, kitu
sotéh ukur kagegeringan
ku lalaki nu teuing di
mana ayana.
Marwazan téh pamuda
nu loba luang. Tina
lalampahanana ngalalana,
remen papanggih jeung
rupa-rupa jalma nu boga
rupa-rupa élmu panga-
weruh. Ku lantaran kitu,
sipat-sipatna gé tara getas
harupateun, tara gereges-
gedebug nyieun putusan.
“Najan ieu pasualan
teu gampang, kula rék
satekah polah néangan pi-
ubareun anjeun,” pokna
ka Putri Budur.
“Nya sukur atuh ari
kitu mah. Hartina,
andika nganggap kula
waras,”pokna.
Sanggeus réngsé
kaperluan, nu nyemah
amitan. Cara waktu
datang wé, baralikna deui
téh rerencepan. Ku cara
kitu, datangna kulawarga
Marwazan gé teu kanya-
hoan ku pihak raja.
Poe isukna, Marwazan
téh amitan ka indungna
seja néangan piubareun
putri téa. Indungna gé
ngajurung pisan lantaran
kanyaah ka anakna, sarua
wé jeung kanyaah ka putri
téa.
Kalayan mawa bekel
sacukupna, éta pamuda
ngalalana ka saban kota.
Tujuanana, néangan ubar.
Nya tangtu wé ubar lahir-
ubar batin, nu sakira-
kirana bisa mulihkeun
deui kaséhatan putri téa.
Beja téh mémang
nerekab. Kaayaan Putri
Budur gé horéng ka-
émpér-émpér ka jauhna.
Majar cenah, putri raja nu
sohor teh, ahirna mah
siwah. Malum béja,
sajeungkal jadi sadeupa,
lantaran siwahna rupa-
rupa naker. Ngan, intina
mah, aya nu
mangkarunyakeun, aya
ogé nu nganggap bongan
12. Manglé 2442 11
kalakuan putri anu
tampikan.
Poe isukna, éta pa-
muda indit deui ka tem-
pat séjén. Ngarereb di
kota nu béda jeung
saméméhna. Ukur kitu,
ukur ngadédéngékeun
jeung ubral-obrol. Isukna,
kitu deui waé, nepi ka di-
itung ti indit nepi ka
harita, geus manjing sa-
bulan.
Poé séjénna, Mar-
wazan cunduk ka hiji
kota. Angkanana gé rék
nginep di éta kota.
Kalayan teu ngahaja,
manéhna ngadéngé beja,
anak raja nu ngagadak
siwah. Mimitna
nyangkana téh nu
dicaritakeun saméméhna,
perkara Butri Budur téa,
tapi barang dilelekan,
horéng éta béja mah béda
deui. Sidik nu ieu mah
lain awéwé, tapi lalaki,
putra raja di nagri nu
béda.
Leng éta pamuda
ngahuleng. Timbul ka-
panasaranana. Boa-boa
éta béja téh aya hubungan
jeung putri budur. Ku
lantaran kitu, inyana téh
tetelepek ka nu leuwih
apal kana éta béja. Najan
hésé béléké, ahirna mah
cindek nu keur nanda-
ngan musibah kitu téh
Raja Syahraman.
Ceuk béja séjén, putra
raja téh ditempatkeun di
hiji pulo. Atuh, ku lan-
taran kitu, Marwazan gé
langsung nanayakeun
ngaran éta tempat. Ceuk
pikirna, bakal kacida
hadéna upama dirina
langsung ngadatangan éta
tempat sarta tepung jeung
putra raja nu dianggap
siwah.
Peuting éta Marwazan
teu bisa saré. Kituna téh
nepi ka subuh. Sakalian
wé teu ngrejep, da
sanggeus meleték panon
poé langsung muru
patempatan nu biasa jadi
panginditan ka pulo téa.
Angkanan, rék milu bala-
yar ka éta pulo. Atuh,
mun taya nu balayar ka-
jeun nyewa parahu sora-
ngan.
Satanagn aka der-
maga, kasampak kapal nu
rek balayan muru eta
pulo. Memang teu hese
rek ngadatang eta pulo
teh da loba kpala nu
ngangkut jalma jeung
branag ti jeung ka eta
pulo.
Sanggeus nyorang lau-
tan, geus satengahing
lalampahan, kapal téh teu
bisa buru-buru nepi ka
pulo lantaran kapegat ku
angin topan nu nga-
balukarkeun lambak laun
nu kacida gedéna. Atuh,
kapaksa wé kapal téh
nyimpang heula ka tem-
pat séjén. ***
(Hanca)
13. 12 Manglé 2442
B
ubuden Nyi Rapiah
nyanghareupan
Aom téh bangun nu
senang pisan. Sabot salaki
leleson Nyi Rapiah nye-
lang ka tatangga, nga-
jurung néang kalipah
jeung lurah kawas aya
perlu pisan, sina dibéja-
keun titahan Aom ambeh
haripeut.
Geus mandi geus
sagala, Aom andekak di
patengahan nyanghareu-
pan cikopi lekoh,
lalawuhna goréng cau
karonéng.
Harémpoy Nyi-Rapiah
nyampeurkeun, gék hareu-
peun salakina, dangdanna
basajan tapi bareresih
setra nambahan sari kana
kageulisan.
“Aya naon Piah, jiga
aya picaritaeun?” cék Aom
Usman rada panasaran.
“Yaktos, gamparan,”
cék pamajikan ka salaki,
pura-pura teu wani nyebut
“akang” da sasari gé sok
gamparan.
“Pok-pok ka dinyah!”
omong Aom Usman.
Nyi Rapiah: “Ti ka-
pungkur abdi téh badé
unjukan téa mah, nanging
dikemu, inggis jaheut
manah gamparan. Na-
nging lami-lami teu
kawawa, nya ayeuna badé
waléh. Upami teu lepat
mah abdi téh geureuhan
gamparan nu kolot, Agan
mah nu anom. Kahoyong
abdi sanget-sanget supa-
dos gamparan adil dina
urusan ngawayuh. Sawios
ari perkara bumi mah,
abdi ti bumi ageung di-
sééh, dilindih, nyecepo di
ieu rorompok alit; saéna
baé betah, komo saparan-
tos ku gamparan di-
tandonkeun mah ka pun
bapa kana artos R 1500,-
ngurung tanah sakieu
legana, cékap diadegan
gedong opat; tah sawios
éta mah. Éta baé abdi mah
urusan kilir hoyong adil;
ulah ieu mah tampilana
pleng dua sasih teu
wartos-wartos acan. Ana
rajeun sumping sakapeung
sok salah-mangsa nuju
mondok abdi digugubrag.
Cobi ku gamparan digalih,
lebah mana adilna?”
Aom Usman olohok
ngadéngé Nyi Rapiah
ngomong kitu téh, éta
jeung ku capétang deui
nepi ka jiga meunang nga-
palkeun. Ti iraha Nyi
Rapiah bisaeun kitu?
“Cing, lebah mana
adilna?” cék Nyi Rapiah
sakali deui, duméh Aom
kalah olohok.
“Ké, kélanan Piah,
kami can ngarti, naha ieu
téh jol-jol kieu? Asa tara-
tara ti sasari. Ieu téh
kumaha mimitina? Henteu
manéh téh gering mah?”
omong Aom Usman.
Nyi Piah tetep leuleuy:
“Abdi teu udur, teu mabok,
teu nundutan, éstuning
cageur beuleugeur, seger
beleger. Sareng ulah
kuma-kami, munah-
manéh sapertos ka
badégana baé. Apan urang
téh laki-rabi. Ari nu laki-
rabi téa, saharkat-
samartabat, sanés
tatandingan dunungan ka
badéga. Cing jawab heula,
adil anjeun nyandung kitu
peta téh?”
Sabot Aom olohok asa
rék katurelengan disebut
anjeun ku Nyi Piah –da
biasana sok gamparan-
Nyi Rapiah ngonci panto
hareup, koncina dicabut,
diasupkeun ka jeroeun ku-
tang, bisi salakina nga-
jengkat; jandela ka tukang
dipeundeutan, tapi teu
dikonci, teu rekep-rekep
acan.
Aom Usman nanya
deui: “Lain kitu, Piah.
Henteu Piah téh –teu nye-
but manéh ayeuna mah—
nyieun pucuk ti girang
mah, ngarah diserahkeun
ku Akang?” –ayeuna mah
ngaakangkeun—
“Naha maké kudu
nyieun pucuk ti girang
heula. Karep mah ménta
talak, ménta baé terus
terang, ngan moal waka
ayeuna, engké baé geus
waktuna. Tapi sabalikna,”
cék Nyi Piah bari nyereng,
“lamun anjeun wani
ngaragragkeun talak ka
kuring teu kalawan
dipénta, ieu urusan imah
ku kuring rék digugat
jeung ...” Nyi Piah
ngomongna ngaharéwos,
{ 12 }
Ku M.A. Salmun
14. Manglé 2442 13
“jeung rasiah anjeun di
kantor bab ngabasilatkeun
duit kopi jeung ladang kai
nagara ku kuring
dipupulihkeun ka bupati!”
Mun enggeus mah Aom
Usman meureun kawas
diseureud langgir kagétna
ngadéngé omongan-omo-
ngan Nyi Rapiah ngambat-
ngambat rasiah kantor téh.
Na ti saha nyahoeunana
Nyi Rapiah téh?
Kagétna Aom Usman
ku Nyi Rapiah dijieun
kasempetan anu mustari
pisan: “Ieu Aom, kuring
terang yén anjeun kong-
kalingkong bab kopi.
Mantri Astra. Mantri
Jibya, Mantri Wijatama ku
anjeun diajak sapongkol,
nya? Buku dicalutat-calé-
tot, angka ditukar-tukeur
geusan kapentingan sora-
ngan! Geus kitu duit
ladang kai ti leuweung
Hanjawar, ti leuweung
Beureum, ti leuweung
Korod, piraku leuweung
sakitu legana ngan meu-
nang kai ukur 2000 ti-
hangeun? Mémang anjeun
sapongkol jeung Opsender
van Der Plas!”
Nyi Rapiah eureun
heula ngomongna, hayang
terangeun kumaha teu-
rakna omonganana ka
Usman. Ari Usman “Di-
borondol” ngadadak kitu
téh mani leuleus lesi teu
aya daya, asa kabur panga-
cian, duméh rasiah
pagawéanana anu diuman-
imen disidem dibuni-buni
téh bet Nyi Rapiah nya-
hoeun kabéh. Ti saha, ti
mana, ku maha nyahona,
saha nu pupulih? Usman
mani renghap-ranjug.
Tapi dasar Aom
Usman, aom gé aom-
buaya, sakitu dibuaya
mangap téh aya kénéh baé
hojahna, pokna: “Ah éta
mah kabéh gé bohong,
pitenah wungkul, dasar
jalma sirik ka kami, aéh,
ka Akang, hayangeun
nyilakakeun.”
Nyi Rapiah: “Lamun
kami, aéh, kuring, jadi
Aom, heug dipitenah deu-
ngeun, moal teu didak-
wahkeun tah manusa nu
mitenahkeun téh. Tapi
dasar anjeun enya boga
dosa, teu kaduga rék
ngadakwa téh, da sieun
tamiang meulit ka bitis.
Bener kitu? Ngan bisi an-
jeun enya-enya rék
mungkir, urang coba-coba
bébéja ka bupati, yén an-
jeun ditaruding ngagasab
duit kopi jeung kai, pada-
hal henteu. Keun kuring
nu bébéjana mah, da ku-
ring téh pamajikan anjeun
nu kolot, boga hak
ngabélaan salaki.”
Usman digeretak kitu
téh –da putusan mah leu-
tik jiga gedé sotéh bané
baé disimbutan ku
kaménakan jeung rasa
manéh boga usung-ésang
tukang peupeuh, tukang
teungeul— haténa kincup!
Sabalikna, Nyi Rapiah anu
geus ngarasa kapalang,
kagok asong, teu mubadir
cacampur jeung buaya-
buaya pantaran Luih,
Dolar, Duyéh, jeung
sapapadana téh ditambah
ku boga rasa: “Aing mah
cacah ieuh, jelema murah,
lamun meunang jadi
sohor, lamun éléh teu aya
rugina, doraka eukeur, di-
arajenan moal, mati-mati
tigubrag bari rék ngarurud
ngénca-ngatuhu.
Lantaran tékadna kitu,
haténa jadi luas, salakina
disedek nepi ka teu bisa
mingé, pokna: “Ieuh Aom,
béjana ngayonan buaya
mah kudu ku buaya deui.
Anjeun téh reueus ku
kaménakan reueus boga
balad tukang teunggeul.
Tapi anjeun poho, yén Nyi
Rapiah gé di kampung
Pasar, di Nyéngsérét, di
Cikakak réa barayana oah-
oah, malah ... (bari
mukakeun panto tukang,
nyampak Si Roda, keur
cinutrung, pura-pura nga-
rautan bakal pérah ku ...
bedog mani ngagurilap
hérang bangun seukeut
matak paur) ... malah, tah
ténjo, baraya kuring anu
kungsi ngutiplak Gan Ali
paman anjeun téa. Cindek-
na, bisi baé anjeun rék
sadia. Ari cacah jalan
kasar, garihal, kuring gé
geus sadia. Ari cacah mah,
Aom, diajak rusuh-ribut
hayu, diajak saréh-saréséh
daék!”
Si Roda ngagigila,
ngomong ka Nyi Rapiah
bari nunjuk ka Aom
Usman: “Ieu téh, Piah
pérénkeun ayeuna baé
jelema téh, meungpeung
teu aya nu nyahoeun?” bari
jung Si Roda nangtung.
“Keun baé nu digantungna
mah Akang ieuh, moal
manéh. Akang di urus ku
bapa manéh ti leuleutik, rék
teu béla ayeuna iraha deui.”
Aom Usman anu geus
samar polah ku laga Nyi
Rapiah, ayeuna nénjo jago
Nyéngsérét ngalugas
bedong bari kitu omong-
omongna, atuh mani geus
asa sahoseun.
“Keun lanan Kang
Roda, entong dikieu-kieu
ari ka kuring teu naon-naon
mah,” omong Nyi Piah.
“Heug atuh,” jawab Si
Roda, “éta baé Akang mah
mangnyerihatékeun boga
dulur dijieun cara ka pais
poho ku salakina! Rasa
manéh ménak, ku cacah
téh ngan rék sakawenang-
wenang baé!” (Si Roda
ngomongna kitu téh geus
meunang mapatahan Nyi
Piah. Tapi nya kitu téa. Nyi
Piah ge pangaturan Luih,
buaya Cicéndo.
(hanca)
15. A
lhmadulillah urang sadayana
parantos lebet deui kana
bulan Dzulqo’dah atanapi
saur urang kidul mah bulan Hapit.
Hartosna, sakedap deui urang badé
lebet kana bulan agung, bulan Dzul-
hijjah. Bulanna para tamuna Alloh
Swt. Lantaran dina eta bulan, para ja-
maah haji ti sakuliah dunya bakal
nyumponan ibadah haji.
Sangkan nyumponan haji sam-
purna, di urang biasana sok
ngayakeun rupa-rupa kagiatan, nu
diantarana ngayakeun walimatussya-
far, syukuran haji. Tapi, syukuran di
dieu mah béda jeung sukuran Agus-
tusan atawa pertikahan nu sok di-
ramé-ramé. Tapi walimatussyafar
mah, muji sukur ka Gusti nu tos
maparinan rejeki sareng kakiatan,
mugi dina munggah ibadah haji
engké aya dina panangtayungan
Gusti Alloh nu Maha Suci.
Sukuran mapag ibadah haji, lian
ti disebat walimatussyafar, aya ogé
nu nyebat Adabussyafar atanapi
adab-adab badé angkat ka haji. Da,
mémang nyatana, Pa Ustad atanapi
ajengan biasa ngajelaskeun adab-
adab ibadah haji, atanapi manasik
haji téa. Mung intina, badé disebat
adabussyafar atanapi walimatussya-
far, sami tujuanana mah, munajat
du’a ka Gusti sangkan ibadah hajina
aya dina kalancaran tur kalebet haji
mabrur sanes haji mardud atanapi
haji mabur. Ngan, jigana, pami di-
ayakeunana sateuacan nyumponan
haji mah, asana leuwih cocog disebat
adabussyafar baé. Tah, pami tos
sumping deui, nyatana sabada
ibadah haji, nembe disebat walima-
tussyafar. Ngan, ilaharna di urang
mah, sok jarang-jarang aya acara
walimatussyafar sabada janten haji.
Ieu rupina nu kedah janten emutan
urang.
Dina munggah haji, badé dian
persiapanana atanapi dina prakna,
éta sadayana gumantung kana niat-
na. Innamal a'malu binniat. Sadaya-
na amal perbuatan téh gumantung
kana niatna. Munggah haji nu jadi
syaratna manistato'a ilaihi sabila téh.
Kitu téh margi dina prakna kedah
nyumpon tilu perkara, cekap
pésakna, pageuh paseukna ogé kiat
pisikna. Bekelna, imanna ogé
badanna. Ku margi kitu, geus kaciri
pasti gogodana téh saperti riya, taka-
bur, sombong jeung balad-baladna.
Mana pantes, nu badé angkat ka haji
téh pangheulana kedah diémutan
tina dawuhan Alloh Swt., "Fala rofasa
wala fusuuqo wala jidala fil hajji,"
henteu meunang pisan ngalakonan
'rafats' jeung teu meunang pisan
'fusuq', teu meunang jidal. Nu keur
ngalaksanakeun ibadah haji teu meu-
nang rofats, hartina jima, katut
ngaluarkeun ucapan kotor atawa pa-
gawéan anu aya hubunganana jeung
masalah jima. Teu meunang fusuk,
hartina sagala bentuk ma'siat, jeung
teu meunang ngalakukeun jidal,
hartina adu renyom nu nurutkeun
hawa napsu lain karana keur néa-
ngan bebeneran. Saha jalma nu teu
kuat nandangan éta dina harti mung-
gah hajina rofast jeung fusuk, jidal,
nu kitu mah dalah sakadar piknik
téa, disebatna ogé haji mabur, mabur
tina sarat munggah haji.
Margi kitu, sayaktosna urang ngé-
mut deui kumaha sakedahna nyiap-
keun kanggo munggah haji. Aya
istilah syukuran haji, walimatussafar
éta ogé gumantung kana niatna. Aya
hiji katerangan nu parantos kakon-
cara dina persiapan munggah haji
téh, sakumaha numutkeun Imam
Ghozali. Imam Ghazali (1055-1111
M), sakumaha dina kitabna "Ihya
Ulumuddin" ogé nerangkeun
masalah munggah haji. Dijéntrékeun
pisan, adab-adab calon jamaah haji
téh teu sagawayah. Diantarana waé,
kudu mampuh ngalaksanakeun tobat
nasuha tina sagala dosa, sanés tobat
sambel atanapi tobat kaum munafik,
ngénténgkeun dosa. Tobat ka saha?
tobat ka Alloh ogé tobat ka papada
manusa, nyuhunkeun dihampura
bilih aya lampah nu teu merenah
atanapi ucap nu lepat. Méméh
angkat, kudu beresih saratus persén
ka Alloh. Solatna, haténa, dzikirna,
shodaqohna. Moal kaci lamun angkat
ka haji, solatna belang betong kénéh
atawa haténa musyrik kénéh. Kitu
deui tobat ka manusa, ka tatanggi
kedah silih hampura, moal kaci
lamun badé angkat tacan ngedalkeun
karumasaan ka wargi-wargi
sabudeureunana tina dosa perdosa.
Nu badé angkat munggah haji,
kedah beresih tina harta bandana,
teu gaduh hutang ogé hartana teu
kapécrétan barang haram jeung
dosa. Sadayana harta beresih tina
cara-cara nu teu pantes, saperti
ladang korupsi, ladang meres, ladang
manipulasi jeung sajabana. Moal kaci
jalma nu angkat ka haji, hartana,
bekelna ladang korupsi, ladang
meres ka tatangga. Kitu deui, hartana
ogé cukup. Cukup pikeun diper-
jalanana, cukup keur mekelan kula-
wargana ogé cukup keur shodaqohna
engké jaga upama tos kénging gelar
haji. Teu sakedik, hoyong disebat haji
mabrur tapi pedit, hoyong disebat
Mapag Ibadah Haji
Ku Hj. Rokayah
14 Manglé 2442
16. haji mabrur tapi teu tiasa sodaqoh,
infak atanapi wakaf. Badé kumaha
mabrurna upami mulih ka
kulawargana haténa masih kénéh lo-
long kana perjuangan sareng sarana
ibadah.
Kitu deui saur Imam Ghozali,
sanaos kasabit diluhur, nu badé
angkat ka haji, sateuacanan kedah
nyeueurkeun sodaqoh ka jalmi fakir
miskin, ogé sodaqoh kana perjua-
ngan Islam, saperti kanggo masjid,
sarana pendidikan Islam sareng
sajabana. Dina hiji hikayat nu tos
pada terang ogé, apanan dicarios-
keun kumaha Alloh masihan gelar
haji mabrur ka jalmi nu menting-
keun sodaqoh sareng bisa tatalang ka
nu butuh, ogé mekelan tatanggina
kanggo nyumponan ibadah haji.
Bekel sanésna, numutkeun Imam
Ghozali, sateuacan angkat kedah
pamitan heula sareng kulawarga,
tatangga sareng jamaah
sabudeureunana. Nyuhunkeun
pangdua, bari ngucapkeun As-
taudi'ullaha dinaka wa amanatika wa
khawatima amalika. Abdi sumerah
diri anging ka Alloh, kana agama
amanah Alloh sareng kana ahir
amalan abdi.
Kanggo persiapan sanésna nu aya
patalina sareng adab batiniah ibadah
haji, niat sareng tujuan téh anging
karana Alloh. Sanés kanggo milari
nafkah atanapi kamashuran. Kitu
deui masih dina batiniah, kedah
mampuh ninggalkeun rafats (omo-
ngan kotor jeung teu aya gunana),
fusuq (masiat, ninggalkeun katoatan
ka Alloh SWT), ogé jidal (siling
goréngkeun).
Munajat ka Gusti
Dina kitab Mafatihul Jinan
(konci-konci sawarga) aya unggelan
du'a kanggo persiapan haji. Nu
hartosna kirang langkung kieu :
Kalawan asmana Alloh nu Welas
Asih sareng salam hormat ka Kang-
jeng Nabi Muhammad SAW sareng
kulawargana. Nun Gusti, mugi Gusti
masihan kurnia ka abdi dina nyum-
ponan ibadah haji abdi sakumaha di-
wajibkeun ka jalma-jalma nu
mampuh pikeun ngalakonana.
Mugi Gusti masihan bimbingan,
caketkeun ka abdi dina per-
jalananana, salametkeun jiwa raga
abdi tina seuneu naraka. Mugi Gusti
masihan anugerah dina perjalanan
sareng mugi masihan kakiatan dina
badan abdi sareng kulit abdi.
Ya Rabbi, mugi Gusti masihan
kurnia kanggo ngalaksanakeun
wuquf dipayuneun Gusti. Mugi Gusti
masihan limpahan kurnia.
Ya Rabbi, mugi Gusti tiasa
ngiangkeun abdi ka tempat haji
akbar dugi ka Muzdalifah, Masy`aril
Haram.
Jadikeun sadaya wasilah ieu
kanggo nyaketkeun abdi kana
rohmat Gusti sareng jalan ka
sawarga Gusti. Nu Gusti, mugi masi-
han kurnia kanggo wuquf di
Masy`aril Haram sareng maqam
ruhani nalika wuquf di Arafah. Mugi
Gusti masihan kurnia pikeun
ngalaksanakeun kurban karana
parentah Gusti.
Ya Alloh, nalika solat Idul Adha
mugi ngajadikeun abdi jalmi nu
saestuna miharep rohmat Gusti,
digolongkeun jalmi nu sieun kana
siksa Gusti sareng jadikeun abdi nu
sayaktosna jadi jalmi toat.
Ya Alloh, mugi Gusti ngalebet-
keun abdi ka bumi Gusti sareng kana
pangampura Gusti, panyalindungan
Gusti sareng Ka'bah Gusti. Golong-
keun abdi ka jalmi-jalmi nu sayak-
tosna dipikabutuh ka Gusti,
nyuhunkeun pertolongan ka Gusti,
sareng nu sumerah diri ngahajatkeun
ka Gusti.
Ya Alloh, mugi Gusti masihan
kurnia ka abdi kana limpahan pahala
saparantosna manasik haji sareng
dina poe katilu welas Dzul-Hijjah.
Ya Alloh nu Maha Welas Asih,
mugi Gusti nampi kana manasik haji
abdi sareng sadaya kana du'a abdi.
Kautamaan Haji
Alloh Swt. dina surat Al-Baqoroh
ayat 197 parantos ngadawuh, nu kieu
unggelna : Alhajju ashurum
ma'lumat, paman farodo fihinnal
hajja fala rofasa wala fusuuqo wala ji-
dala fil hajji, wama taf'alu min khoe-
rin ya'lamhullohu, watajawwaduu
fainna khoerojjadit taqwaa. Wat-
taquuni yaa ulil albab. Nu hartosna
kirang langkung kieu : Ari usum haji
téh sawatara bulan anu geus
ditangtukeun. Sing saha anu keur
ngalakonan ibadah haji dina bulan-
bulan éta henteu meunang pisan
ngalakonan 'rafats' jeung teu meu-
nang pisan 'fusuq', jeung teu meu-
nang paséa paheuras-heuras
genggerong sabot ngalakonan ibadah
haji. Jeung saniskara kahadéan anu
dilampahkeun ku maranéh eta téh
tanwandé kauninga ku Alloh. Jeung
kudu marawa bekel, ari bekel anu
panghadé-hadéna nyaéta takwa. Ku
kituna maranéh kudu tarakwa, yeuh
jalma-jalma anu baroga pikiran!
Dina bulan Dzul Qo'dah ayeuna
atanapi bulan kasawelas tina bulan
Qomariah, mungguh tos janten
syari'at dilaksanakeunana munggah
haji. Atuh kanggo mayunan mung-
gah haji, dina ieu bulan urang nyak-
sian pakpikpekna persiapan jeung
arangkatna para calon jamaah haji.
Ku urang ogé kasakséni sinar
kagumbiraan jeung pangharepan
nyumirat dina raray aranjeunna. Teu
aya ibadah saagung ibadah haji. Haji
ngandung sarebu harti jeung sayuta
hikmah. Ibadah haji mangrupa tiang
kalima tina lima rukun dina Islam.
Sakumna umat Islam méh yakin,
réhna ibadah haji téh mangrupa
syaréat nu teu tiasa dipisahkeun tina
agama Islam. Kitu deui, Baetulloh,
ka'bah sahiji tempat anu suci. Satiap
taun ku umat Islam anu mampuh
dijug-jug. Rébuan malah moal boa
jutaan umat Islam ti suklakna ti
siklukna jadi tamu Alloh (dhuyuful-
loh) seja ngalaksanakeun ibadah haji.
Kajéntrékeun dina surat al-Hajj, 27-
28, nu hartosna kieu : "Calukan umat
manusa sina ibadah haji, tinangtu
maranéhna bakal datang ka anjeun,
boh laleumpang atawa naraék onta.
Datang ti madhab papat sangkan
maranéhna bisa nyakséni mangpaat
anu dibikeun Alloh ka maranéhna."
Di payuneun ka'bah pisan para
jamaah haji jumerit neneda ka nu
kawasa miharep pangampura-Na,
meredih magfiroh-Na tina samudaya
kasalahan. Di ka'bah ieu pisan para
jamaah unjukan ka nu kagungan
ka'bah (Robbul ka'bah) tina sagala
karerepet hirup. Kitu deui dina
rukun-rukun sanésna, sapertos dina
sa'i atanapi nalika wukuf, sadaya
meredih sumpingna pangampura
Alloh Swt. Mudah-mudahan Haji
urang sadayana kagolongkeun haji
nu mabrur mabruroh. Amin. ***
Manglé 2442 15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS
Ciri-Ciri Haji Mabrur
Patarosan:
Ais pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat, abdi badé tumaros
anu aya patalina sareng haji mabrur. Naon
hartosna nu disebat haji mabrur sareng
naon anu janten ciri-cirina? Sim kuring
nyuhunkeun dijelaskeun, kalayan kana
penjelasanana sim kuring ngahaturkeun
nuhun.
Wassalam,
Baehaqi
Panyawangan Cileunyi
Waleran:
Sami-sami ngahaturkeun nuhun kana
sagala rupi perhatosanana. Sakumaha anu
parantos ka uninga ku urang sadaya, wiréh
agama Islam diwangun ku lima rukun,
nyaéta syahadat, solat, zakat, saum, sareng
ngajalankeun ibadah haji ka baitullah
pikeun anu kawasa. Dumasar kana ieu
parukunan, mangka ibadah haji mangrupa
pamungkas rukun Islam. Ku kituna pikeun
urang salaku umat Islam wajib ngalaksana-
keunana, paling henteu kudu ngabogaan
niat dina haténa kalayan miharep hayang
ngalaksanakeunana, sabab sing saha baé
anu tos bisa ngalaksanakeunana bari bener-
bener, tinangtos bakal nambah kuat tur
mantap dina kaimanana jeung kaisla-
manana.
Saméméh sim kuring saparakanca
ngawaler patarosan sadérék di luhur,
langkung ti payun badé ngadugikeun heula
naon hal anu patali sareng sarat, rukun tur
wajib haji, supados engké gampil dina
nangtoskeun sareng ngabédakeun amalan
haji anu sah (jadi hajina) sareng anu henteu
sah atawa batal (henteu jadi hajina). Ari
anu jadi sarat ibadah haji nyaéta: 1) Jalma
Islam; 2) Dewasa (balég); 3) Séhat akalna;
4) Merdéka; 5) Kawasa (istititha’ah) dina
ngalaksanakeunana. Anu dimaksud kawasa
(istititha’ah) dina ngalaksanakeuna nyaéta:
Séhat jasmanai rohani; Ngabogaan ongkos
anu cukup pikeun bulak-balik jeung
bekelna salila ngalaksanakeun ibadah haji;
Aman di jalana jeung salila aya di tanah
suci; Pikeun awéwé wajib dibarengan ku
muhrimna, atawa ku salakina, atawa ku
awéwé lianna nu dipercaya.
Salajengna rukun ibadah haji nyaéta: 1)
Ihrom, tegesna niat ngalaksanakeun ibadah
haji atawa umroh; 2) Wukuf di Arofah; 3)
Thowaf Ifadah (ngurilingan Ka’bah salila
tujuh kali); 4) Sa’i, nyaéta lempang gancang
bari bulak-balik antara Sofa jeung Marwa.
Ngeunaan istilah “rukun” dina ibadah-
ibadah salian ti ibadah haji biasana sarua
jeung “wajib”, tapi dina prakna ibadah haji
antara rukun jeung wajib, aya bédana
nyaéta: “Rukun haji” saupama aya sala-
sahijina anu henteu kalaksanakeun,
mangka hajina henteu sah (batal).
Sedengkeun “wajib haji” saupama aya
salasahijina henteu dilaksanakeun, mangka
hajina tetep sah tapi wajib dibayar ku cara
meuncit sasatoan, atawa disebut “dam”.
Amalan anu kaasup “wajib haji” nyaéta: 1)
Ihram dikawitan ti miqot anu luyu jeung
katangtuanana; 2) Wukuf di Muzdalifah
dina wengian ‘Idul Adha; 3) Ngalontar
Jumrotul ‘Aqabah dina poé ‘Idul Adha; 4)
Ngalontar tilu jumroh (jumroh kahiji,
kadua jeung anu katilu); 5) Mondok di
Mina; 6) Thowaf wada’ nyaéta thowaf nalik
badé ninggalkeun kota Mekah; 7) Ning-
galkeun sagala perkara anu dilarang (di-
haramkeun) nalika ihrom.
Sedengkeun ibadah haji, saupama di-
tilik tina bobotna mangka aya anu disebat
“haji mabrur”, sareng aya anu disebat “haji
mardud”. Sacara basa, haji mabrur hartina
haji anu ditarima, maksudna nyaéta haji
anu dina ngalaksanakeuna kacumponan
sakabéh sarat, rukunna sareng wajibna
kalawan dilaksanakeun bari dibarengan ku
niat ihlas. Sedengkeun haji mardud hartina
nyaéta haji anu ditolak, tegesna haji anu
dina ngalaksanakeunana, henteu ihlas
atawa dibarengan ku sifat riya, sanajan
sakabéh sarat, rukun sareng wajibna
kalakonan, sok komo saupama bari aya
salasahiji tina sarat sareng rukuna anu hen-
teu kalaksanakeun. Dumasar kana ieu
katerangan, mangka anu disebut “haji
mabrur” sajabi ti aya hubungana sareng
sarat atanapi rukun haji, ditambihan ku
niat sareng tujuan ngalaksanakeun ibadah
haji. Cindekna perkawis haji mabrur, sanés
mung sakadar sah atanapi henteu sah dina
ngalaksankeunana, tapi aya hubungana
sareng ajén (kualitas), tegesna dibarengan
ku niat sareng tujuan anu ihlas. Sabalikna
tina haji mabrur nyaéta haji mardud,
hartosna bobot ibadah hajina ditolak, sok
sanajan ibadah hajina sah tegesna cumpon
sarat jeung rukunna.
Anapon anu jadi ciri-ciri haji mabrur
seueur pisan, namung sapamendak sim
kuring saparakanca di antawisna nyaéta:
Kahiji, manéhan ngaraos isin ku Gusti Alloh
saupama ngalakukeun pagawéan-pagawé-
an anu di larang Mantena kalayan teras
ngajagi tur miara lahir sinareng batin
pikeun taat tur patuh kana sagala rupi
piwarangan-Na. Kadua, aya parobihan dina
laku lampah sapopéna, nyaéta jadi leuwih
hadé tibatan saméméhna. Contona,
saupama saméméh ngalaksanakeun ibadah
haji manéhna jarang méré mawéh tur tutu-
lung, jeung henteu soméah mangka
saatosna ngalaksanakeun ibadah haji jadi
resep méré mawéh tur tutulung ka sasama
kalwan soméah dina gaulna. Kasimpulan-
ana, aya parobihan dina laku lampahna anu
asalna goréng jadi hadé, anu asalna hadé
jadi ningkat leuwih hadé, jeung kitu
saterasna.
Sajabi ti dua ciri haji mabrur anu
disebutkeun di luhur, Miftah Faridl kantos
ngajelaskeun dina bukuna “Safari Suci”
wiréh anu jadi ciri utami haji mabrur nyaéta
manéhna jadi resep ngalakukeun ibadah-
ibadah sunah katut amal soléh lianna, bari
ngupayakeun dirina sangkan bisa ning-
galkeun pagawéan-pagawéan anu makruh
tur subhat sarta pagawéan-pagawéan anu
henteu mangpaat. Anu tadina henteu resep
datang ka pangajian (majlis ta’lim), mangka
saatosna ngalaksanakeun ibadah haji jadi
resep ngahadiran pangajian. Anu tadina
henteu resep ngalaksanakeun solat-solat
sunat sareng saum-saum sunat, mangka
saatosna ngalaksanakeun ibadah haji,
manéhna jadi rajin ngalaksanakeun ibadah-
ibadahna sunat, boh solatna atawa saumna,
jeung pasunatan-pasunatan lianna. Sok
komo anu wajib mah saperti solat, anu tadi-
na belangbetong, mangka sabada ngalak-
sanakeun ibadah haji jadi rajin solatna bari
berjama’ah di masjid. Cindekna anu jadi ciri
utama haji mabrur nyaéta ayana parobihan
atawa paningkatan dina sagala rupa amal
jeung polahna, boh nu aya hubunganana
jeung Alloh (Hablum Minalloh), nyakitu
deui amal anu hubunganana jeung papada
manusa atawa jeung papada mahluk lianna
(Hablum Minannas). Sedengkeun anu di-
sebut haji mardud nyaéta sabalikna tina haji
mabrur. Laku lampahna saméméh ngalak-
sanakeun ibadah haji jeung sabadana,
angger teu aya robihna, malah sabagian
laku lampahna nambah goréng jeung
goréng boh sifatna anu “Hablum Minalloh”
atawa “Hablum Minannas”. Wallohu ‘alam.
16 Manglé 2442
18. R
upa-rupa pacogrégan, papa-
séaan, jeung silihsalahkeun
nembrak dimana-mana.Nujadi
lantaranana, loba pisan nu ngarasa ju-
mawa. Kitu di antran obrolan Manglé
jeung Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si.,
Guru Besar Universitas Pasundan
(Unpas) Bandung.
Upama loba kénéh jalma nu silih
salahkeun, tangtu riributan ogé moal
bisa disingkahan. Ngan, upama dijujut
ka sunggapanana, pasipatan hadé jeung
goréng, kapunjulan jeung kahengkeran
kawaskitutéhbandanamanusa.Saperti
dina kekecapan urang Sunda mun
ngoméntaran jalma, di antara kekeca-
panana téh, ‘mani geulis, mani som-
bong,manipinter,”jeungsajabana.Tah,
naha kecap ‘mani’ di dinya téh aya
hubunganana jeug mani nu hartina nut-
fah dina basa agama? Leupas tina aya
hubungan atawa henteu, nu tétéla mah
ajén-inajén manusa téh kacida raket
hubunganana jeung ‘gen’ atawa sacara
genetik. Tangtu wé, ‘mani’ di dinya
atawa‘nutfah’téhkacidapentingnadina
kamekaran manusa mah. Kitu deui tu-
runanatéhkacidapentingna.Apanmun
hiji jalma papanggih jeung nu séjénna,
apan sok tetelepék, ari manéh anak
saha? Turunan saha? “Tuh, apan jinek
turunan téh penting pisan,” pokna, basa
ngawangkong dina salah sahiji acara
Paguyuban Pasundan.
Milih Rasa
Lantarandadasarnakitu,kacidapere-
luna ngajaga diri téh. Da, ajén diri mah,
bakal kacida gumantungna kana cara
pribadi-masing-masing ngajaga dirina.
“Hartina, ajén diri téh bakal gumantung
kana sikep jeung paripolahna masing-
masing,” ceuk ieu Guru Besar Universi-
atas Pasundan (Unpas) téh.
Upama ‘mani’ nu ahirna ngalimpu-
dan kana jati dirina, ngéléhkeun pasi-
patan hadé manusa, ahirna loba jalam
nu tigebrus kana sababaraha hal nu
ngaragragkeun darajat manausa. Kitu
téh,balukarmanusaréanungarasapin-
ter, lain pinter ngarasa. Ngarasa hébat,
lain hébat ngarasa. Kitu ceuk Prof. Ali.
Rarasaan nu ngawasa dirina ogé
mentingkeun dirina, ngalantarankeun
rupa-rupa usaha jeung tarékahna téh
ngan keur kapentingan dirina. Ku lan-
taran kitu, dina mangsana manusa
tepung jeung jalma séjén, mangka
patepungna masing-masing téh lolo-
bana mah keur kapentingan pribadi
masing-masing téa. Saterusna, nu gedé
pangaruh jeung boga kakuatan gé
angger dina émprona mah ngan men-
tingkeun pribadina! “Nu kararitu, lan-
taran tadi téa, loba jalma nu asa aing
téa,”pokna.Geusan ngaja paripolah,
urang mah boga padika jinek. Saperti
kekecapan nini paraji téa. Apan, éta in-
dung beurang mah, mapatahanan gé
kudu merenahkeun paripolah jeung
kalakuan dina tempat anu. “Margi kitu,
sangkan diri bisa diriksa, atuh urang téh
ulah saciwit-ciwitna lamun lain nyiwit-
eunana, ulah saala-alanana lamun lain
alaeunana, jeung sabangsana,” pokna.
Bibit buit pacéngkadan, bisa datang
tina intina pasipatan. Kasombongan
jeung kajumawaan, ahirna mah mé-
péhék pihak séjén lantaran dirina
ngarasa pinunjul. Padahal, manuasa
mah, moal aya nu pangpunjulna. Kitu
ceuk ieu Prof. Ali Anwar mah. *** (RH)
Manglé 2442 17
Milih Polah
Nempatkeun Rasa
Loba nu ngarasa bisa, lain bisa ‘ngarasa’; loba nu ngarasa pinten, lain’pinter ngarasa’. Ku lan-
taran kitu, timbulna pacogregan gé jeung silih salahkeun. Ngan, kumaha atuh ngungkulanana?**
Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Guru Besar Universitas Pasundan (Unpas) Bandung.
19. 18 Manglé 2442
T
eu karasa geus
taun kaopat
Surya ngum-
bara di Kota
Bandung,
nyuprih élmu di paguron
luhur. Sakeudeung deui
manéhna lulus kuliah.
Engké mah dina ngaran-
na ngajeblag gelar sarja-
na.
Salila opat taun ngum-
bara, réa kajadian. Kuliah
téa mah. Milu démo nga-
lawan birokrat, boh di
kampus boh di gedong
saté. Milu Unit Kegiatan
Mahasiswa (UKM) nu
sakirana ngadukung keur
kahirupan jaga manéhna.
Ngan lebah saré peu-
ting, loba ngangluhna.
Manéhna mindeng mon-
dok di sékré Himpunan,
di kosan babaturanana,
malah kungsi di tempat
nu teu samistina dipaké
saré. Nu penting ma-
néhna bisa ngaguher.
Lain embung boga kosan,
tapi teu boga keur mayar
séwana. Dalah keur ba-
yaran kuliah gé, manéhna
mah bati ngajual pakaya
kolot di lembur. Matak
keur nyukupan biaya
hirup sapopoé mah,
manéhna digawé sambi-
lan jeung tulas-tulis
sugan wé aya koran nga-
muat karyana. Matak
manéhna mah kuliah téh
teu bener-bener suhud,
teu cara réréana babatu-
ran nu resep arulin. Tapi
manéhna gé aktifna orga-
nisasi.
Dua poé ti kamari,
Surya gawéna hulang-hu-
leng. Manéhna sok nga-
jentul lebah tangga,
jajalaneun ka rohangan
kuliah.
“Ku naon euy, ditempo-
tempo téh jiga nu teu
ngareunah awak?” Hedi
nanya.
“Puguh keur loba piki-
ran ieu téh, mikiran ba-
yaran keur semester
hareup. Mangkaning
ngan tinggal dua poé deui
bates bayaran téh.”
“Eh, ieu mah nya, pira
duit bayaran wé nepi ka
ngahuleng siga nu bu-
rung.”
“Lain kitu, Hed! Pan
manéh gé geus apal lin, ti
mimiti semester hareup
mah mun élat bayaran
téh, Birokrat nganggap
urang ngundurkeun diri.
Atuh kitu mah sarua wé
jeung di DO téa.”
“Heueuh nya! Uing gé
sok hélok malah anéh ka
birokrat téh, émangna
sakabéh mahasiwa
jelema jegud,” omong
Hedi, “Tah, hal nu kieu
téh kuduna mah didemo!
Urang kudu ngupaya-
keun hak mahasiswa,”
Hedi nuluykeun deui
omonganana.
“Alah manéh gé apal
sorangan, mahasiswa
ayeuna mah pamiki-
ranana lain nu kararitu!
Tapi, mikiran kumaha
carana meunang nilai ku-
Drop Out
ku Sandi S.S
20. Manglé 2442 19
liah gedé!”
“Bari jeung ladang lélé-
tak ka dosén nilai gedéna
téh!” jawab Hedi dibare-
ngan seuri ngabarakatak.
“Hayu ah, uing mah rék
ka himpunan heula.”
Hedi ngungkug ning-
galkeun Surya nu masih
ngajentul luhureun
tangga. Manehna tuluy
anteng ngalamun. Rék
nginjeum ka saha nya ba-
yaran semester hareup?
Ka Si Hedi éra, geus loba
teuing ditulungan ku
manéhna téh.
Ka barudak nu séjén
pasti moal méré, da lain
duit eutik-eutik bayaran
SPP téh. Mun ngomong
ka kolot? Sidik kolot di
lembur geus teu bogaeun
deui jualeun. Hasil panén
kamari ogé teu kapuluk
da béak ku puso. Ngan-
delkeun honor tina nulis,
teu bisa dihareupkeun da
urang teu bisa nawar ari
dimuat téh.
*
Poe ieu ulat beungeut
Surya katémbong
nguyung. Ti poé kamari
gawéna hulang-huleng di
himpunan, teu puguh
cabak. Poé ieu geus liwat
sapoé ti waktu nu ditang-
tukeun pikeun bayaran.
Surya ngangluh, manéh-
na can bisa mayar. Poé
kamari manéhna indit ka
Fakultas ngénta indin
pikeun penangguhan ba-
yaran. Tapi, ku Fakultas
kalah dititah nepungan
Direktorat Bidang Kema-
hasiswaan, sanajan
manéhna méré argumén
naha can bisa bayaran.
Tapi, Fakultas keukeuh
kana putusannana. Di
bagian kamahasiswaan
ogé sarua, teu dibéré
penangguhan. Malah
mun teu bisa mayar mah
ménta wé surat cuti ku-
liah. Nu bayaranana ngan
saratus lima puluh rébu.
Kalah kitu méré jawaban-
ana téh.
Surya beuki uleng
mikir. Pipetaeun naon nu
kudu dipigawe ku
manéhna? Sangkan teu
kudu cuti kuliah, komo
nepi ka di DO mah.
Sanggeus lila mikir, geu-
ning euweuh deui cara
séjén, manéhna kudu
ngumpulkeun barudak
Forum Keadilan Maha-
siswa (FKM). Bener ceuk
Si Hedi kudu didémo ieu
mah. Soalna ieu kawija-
kan teu adil jeung nga-
beuratkeun pisan pikeun
mahasiwa mah. Da teu
saeutik nu kuliah di ieu
Universitas mangrupa
mahasiswa kulawaraga
pas-pasan kaasup ma-
néhna. Pasti réa barudak
ogé nu can bayaran,
kabéh pasti sapuk
sapamikiran. Ngadémo
réktorat pikeun ngabéla
hak mahasiswa nu can
bayaran. Koloyong
manéhna indit ka sékré
FKM. Sumanget ngage-
dur, sorot panonna ca-
hayaan deui. Kabeneran
di sékré aya Bambang,
ketua FKM, sobat
deukeut manéhna ogé.
Barabat manéhna nyari-
takeun pamaksudanana,
tuluy ngadadarkeun ogé
konsép démona kumaha.
Bambang satujueun
pisan. Tuluy, manéhna
ngeprak sakabéh anggota
FKM pikeun ngumpul-
keun mahasiwa.
Teu sawatara lila ma-
hasiwa nu can mayar duit
semesteran geus nga-
rumpul di sékré FKM.
Mahasiswa nu rék démo
téh réana nepi ka duara-
tus jelema. Lain jumlah
eutik-eutik nu can mala-
yar SPP kuliah téh ge-
uningan.
“Dulur-dulur, maksud
démo ayeuna téh sangkan
urang dibéré panang-
guhan keur bayaran. Éta
tujuan utama urang, kadé
ulah waka aya maksud
séjén. Jeung omat ulah
anarkis. Kudu tartib.
Demona langsung di
gedung rektorat. Urang
langsung audiensi jeung
Pa Rektor.” Omong Surya
pertangtang.
Surya, Bambang, jeung
mahasiswa séjéna tuluy
ngalabring ka gedung
rektorat. Manéhna
maraké iket beureum
dina sirahna.
Marawa spanduk.
Marawa kertas karton
jeung dus nu geus di-
tarulisan, nu eusina nolak
kawijakan birokrat.
Aweuhanana ngahiung lir
nyiruan muru sayang.
Sahéng kawas odeng
narajang lawan.
Nepi ka gedung rek-
torat, geus disampakeun
satpam. Lima puluh
urang satpam ngabedega
lir buta. Kieu kaayaan
mah geus kaerong, Pa
Rektor embung dipanggi-
han.
Tapi mahasiswa terus
ngangsrek ngadeukeutan
panto gedung rektorat.
Teu rempan ku satpam-
satpam nu jarangkung
gedé. Maranéhna tetep
rék nungtut hak salaku
mahasiswa. Surya mimiti
orasi, manéhna nepikeun
sagala unek-unek maha-
siswa. Orasi dituluykeun
ku Bambang. Manéhna
nepikeun tuntutan maha-
siswa ka rektorat.
Sawaréh mahasiswa
ngalakukeun aksi téa-
trikal. Sora nu demo
beuki sahéng, ménta au-
diensi ka Pa Rektor. Tapi,
Pa Rektor teu ngelol
saeutik-eutik acan. Malah
satpam ngahalang-halang
mahasiswa.
Mahasiswa beuki
ngangsrek. Sora mégapun
nu dipaké orasi beuki
tarik aweuhanana. Sat-
pam teu cicingeun. Milu
ngangsrek beuki ngaha-
langan mahasiswa. Dua
tanaga adu regeng. Silih
paksa. Maksakeun mak-
sud séwang-séwangan.
Lila ka lila hawa beuki
nyongkab. Getih beuki
nyengsreng kana sirah.
Kaambek beuki nyedek.
Unggal jalma beuki nara-
psu. Satpam beuki nam-
bahan jumlahna. Satpam
beuki gangas.
Beuki anarkis. Réa ma-
hasiswa nu diteunggeu-
lan. Mahasiswa teu ci
cingeun. Sakabéh dibales.
Mahasiswa beuki teu
kaatur.
Korlap demo teu bisa
ngeureunkeun. Sora
Surya, sora Bambang nu
nitah eureun teu didéngé,
kasilep ku sahéngna dua
kubu nu kausap sétan.
Adu tanaga beuki ragot.
Demo beuki kacow, beuki
ricuh, beuki nguwak-
ngawik. Mahasiswa beuki
wani. Gedung rektorat
diduruk. Seuneu hurung
beuki gedé. Beuki gedé.
Ngaléntaban gedung rek-
torat. Gedung rektorat
robah jadi pirunan seu-
neu. Surya ukur ngem-
bang kadu. Teu gogoro
wokan ngélingan deui.
Manéhna kemba. Henteu
lemék teu nyarék. Aya
halimun na pipikiranana.
Lebah juru panon beueus.
Sora sitincuing asa réang
na ceuli. Panon poé asa
bejad saharita. Mong-
kléng. Beuki meredong.
Isuk jaganing géto, bakal
nampa surat nu megat-
keun impian manéhna.
Ema, bapa, hampura.***
Lédeng,
Romadon 1434H
21. 20 Manglé 2442
W
anci geus
ngaga-
yuh ka
tengah
peuting.
Jarum jam geus nuduh-
keun tabuh 12 kurang
saparapat. Kaayaan peuting
sepi jempling. Hujan giri-
mis ngaririncik ti isa mula.
Hawa karasana tiris mani
nyecep. Satpam Wawan
keur diuk dina bangku di
Poskamling RT 3 bari le-
lenggutan nahan rasa tun-
duh. Ret kana poci palastik
urut wadah cikopi pamere
ti Bu Haji Dadang, ukur
kari gegedohna wungkul!
Tadi merena teh, kira jam
sapuluhan. Dianteurkeun
ku Nyi Yayah, pembantuna.
Merena teh jeung goreng
sampeu sapiring, langsung
beak direntob Satpam
Wawan sabalad-balad!
Kulawarga Pa Haji
Dadang teh kasebut nu
pangbeungharna di RT 3,
tapi bageur pisan, gede per-
hatianana! Unggal peuting
tara towong, ka nu keur
tugas jaga kaamanan teu
weleh osok mere wae da-
hareun atawa opieun.
Kadenge sora budak
ceurik ngear ti palebah
imahna Pa Haji Ahmad anu
deukeut ka Poskamling. In-
cuna kawas mah, eukeur
hareeng. Bet Satpam
Wawan oge jadi ingeteun
ka budakna di imah nu
sarua keur hareeng. Peuting
tadi, ampir sapeupeuting
manehna teu bisa sare na-
jan bagean pere oge, kusa-
bab budakna anu leutik
rewel, ngear wae teu dae-
keun sare. Awakna nyebret
panas. Rerep-rerep kasu-
buhnakeun, kakarek daek
sare. Tadi beurang,
samemeh indit digawe, bu-
dakna teh dibawa heula ka
dokter, ditambakeun.
Wawan sabalad-balad
geus heubeul jadi Satpam
di Komplek Perumahan
“Silih Asih” teh, geus aya
kana 5 taunna. Enya kase-
butna SATPAM alias “Sa-
tuan Pengamanan”, pedah
kaayaanana di kota jeung di
Komplek Perumahan. Da
lamun seug di kampung
mah Hansip disebutna teh,
purah jaga kaamanan.
Samalah kiwari mah geus
teu pati “populer” sesebu-
tan Satpam teh, geus di-
ganti ku “Security”,
kadengena oge leuwih
gagah, leuwih “elit” jeung
leuwih keren deuih.
Satpam nu digarawe nga-
jaga kaamanan di Komplek
Perumahan “Silih Asih” teh
kabehanana aya 12 urang.
Ari di eta komplek teh aya
lima RT. Jadi sa-RT-na 2
urang Satpam. Ari nu dua-
an deui mah minangka
keur serepna, dimana-
mana aya Satpam anu teu
asup kusabab keur aya ha-
langan. Cara tugasna digilir,
sapoé sapeuting séwang
atawa 24 jam séwang. Jadi
dina sapoé sapeuting téh di
unggal RT ukur aya sau-
rang Satpam anu jaga.
Gajih Satpam di éta Kom-
plek Perumahan téh teu
gedé najan digarawéna pol
24 jam ogé. Kasebutna ukur
tamba lumayan wungkul,
tinimbang nganggur! Ari
palebah dinyana mah bisa
dima'lum, da puguh kom-
plekna lain Komplek Elit.
Pangeusina mayoritas ukur
kelas menengah. Imah-
imah atawa kavling-
kavlingna ogé laleutik, tipeu
36 jeung tipeu 42-an. Ukur
aya sababaraha urang nu
kasebut atawa kaasup kelas
atas téh. Imah-imahna mé-
mang galedé sarta ditaring-
kat. Barogaeun mobilna ogé
tilu nepi ka opat siki sé-
wang. Iuran warga nu
dipungut ku RW pikeun
kaamanan jeung kabersi-
han lingkungan, mémang
kaasup leutik. Numatak
pantes, gajih Satpam katut
Tukang Sampah teh kaasup
minim ! Ngan pédah un-
tungna téh warga nu kaa-
sup kelas atas téa sok
Ukur BebegigKu Agus B. Irawan
22. Manglé 2442 21
balageur, osok daraék méré
sacara pribadi, boh ka Sat-
pam boh ka Tukang Sam-
pah, minangka keur nam
bah-nambah gajih bulan-
anna. Geus puguheun ari
dina mangsana Lebaran
mah, Satpam katut Tukang
Sampah téh osok mareu-
nang Hadiah Lebaran.
Warga atawa pangeusi éta
Komplek téh jumlahna
lumayan loba, aya 300
Kepala Keluarga. Sa-RT-na
rata-rata 60 KK. Acan deuih
masih kénéh loba imah-
imah nu can diareusian,
sarta kavling-kavling nu
karosong kénéh tacan
dibangun. Kadéngé ti beu-
lah wétan, ti lebah Pos RT 4
anu nakolan tihang listrik.
Mun teu salah mah anu
tugas jaga di RT 4 peuting
ieu teh Satpam Dayat ! Kitu
ceuk gerentes haténa Sat-
pam Wawan.
Satpam Wawan cengkat
tina diukna. Tuluy nyale-
tingkeun jékétna. Gap kana
pepentung ruyung nu nga-
golér gigireunana. Geus kitu
manéh na kaluar ti Pos,
nyampeurkeun kana pale-
bah tihang listrik. Belen-
trang-belentrang Satpam
Wawan nakolan tihang
listrik ku pepentung ruyung,
nembalan atawa ngabalesan
ka nu nakolan tihang listrik
ti Pos RT 4. Hujan ngaririn-
cik keneh. Jarum jam geus
nuduhkeun tabuh satengah
satu. Hawa karasana beuki
tiris. Satpam Wawan me-
relek heuay! Teu lila, kede-
pruk ... kedepruk ..., kadé
ngé sora sapatu bot nincak
kana aspal jalan komplek.
Torojol Satpam Dayat
datang nyampeurkeun ka
Pos RT 3.
“Aya kénéh cikopina,
Wan?” pokna ka Wawan.
“Boro-boro! Tuh ... kari
pocina!” témbal Wawan.
“Naha, euweuh deui nu
méré ?” ceuk Dayat deui.
Wawan saukur gideug.
“Sarua puguh, di RT 4 gé
euweuh nu méré cai-cai
acan!” ceuk Dayat bari tuluy
diuk dina bangku. "Cik lah,
sugan boga kénéh,
arék ngénta ududna!
Saya keur béakeun!” pokna
deui.Wawan ngusiwel
ngaluarkeun bungkusan
roko tina saku jékétna,
tu¬luy diasongkeun ka
Dayat.
“Geuning ukur kari
sabatang? Kumaha atuh?”
ceuk Dayat.
“Keun baé lah! Urang
mah engké ngagedor kiosna
Kang Adin wé, susuganan
méré nganjuk!” témbal
Wawan. “Urang mah arék
nguriling heula, Yat! Ti
tatadi puguh acan
ngontrol!” pokna deui ba¬ri
tuluy cengkat. Kop kana
batré, kop kana pepentung,
tuluy kaluar.
“Enya, puguhan sayah gé
arék ngontrol!” walon
Dayat. “Nuhun nya,
rokona!” pokna deui tuluy
indit.
***
Jam duaan Satpam
Wawan geus aya deui di
Pos. Situasi dina kaayaan
aman. Hujan ukur kari
ngeprulna. Satpam Wawan
geus teu kuateun pisan
nahan tunduh. Ahirna
manéhna ngagolér dina
bangku di jero pos. Reup
saré tibra.
Isuk-isuk kira wanci jam
genepan kakarék hudang.
Éta gé pédah wé dipaksa di-
geuingkeun, diguyah-guyah
ku Deden, Satpam RT 2.
“Buru hudang! Tuh
didagoan ku Pa Jono, di
imahna Pa Haji Dadang!”
ceuk Deden. Ari Pa Jono téh
Koordinator Satpam Kom-
plék.
“Nya aya naon kitu?"
Wawan tumanya bari ru-
cang-riceng kawas nu tun-
duheun kénéh.
"Burukeun wé tepungan
ka ditu, ari hayang apal
mah!” témbal Deden.
Wawan ngaléos ka cai rék
sibeungeut heula.
Basa datang ka imahna Pa
Haji Dadang nyampak loba
jelema. Salian ti aya Pa Jono
téh ogé aya Pa Deni ketua
RT 3, Pa Ajat ketua RT 2,
sarta sababaraha urang
tatangga deukeut Pa Da-
dang. Sat¬pam ti tiap RT
anu peuting tadi giliran jaga
ogé araya kabéh. Aya Pulisi
deuih duaan, nu keur wara-
wiri kaluar asup imahna Pa
Haji Dadang. Ti Polsek
kawasna mah.
“Cik sing bener atuh Wan
ari ngalaksanakeun tugas
jaga téh, ulah kalahka saré
waé! Meureunan moal
kawas kieu kajadianana
lamun balener mah ngalak-
sanakeun tugasna!” ceuk Pa
Jono bari jamotrot, bangun
nu ambek kacida.
“Numawi Pa, wengi ka-
mari abdi téh kirang istira-
hat! Kumargi kaleresan pun
anak nuju harééng.” ceuk
Wawan ngabéla diri. Pa
Jo¬no teu nembal.
Numutkeun inpormasi
anu katarima, cenah peu-
ting tadi imahna Pa Haji
Dadang téh kapalingan.
Jumlah bangsatna cenah
tiluan, ditaréregos. Tilu
urang pembantu nu aya di
imahna Pa Haji Dadang teu
bisa walakaya, kusabab
ditodong, diancam sarta
disekap di jero kamar. Tele-
pon ogé dipegatkeun deuih.
Kajadianana cenah kira-kira
tabuh dua¬an. Ti tukang
cenah asupna téh, ti tempat
popoéan. Ari Pa Haji
Da¬dang sakulawarga keur
arindit ka luar kota ti kama-
rina kénéh, kakarék baralik
tadi Subuh. Barang-barang
anu dipaling téh nu
berharga wungkul, kayaning
duit eujeung perhiasan,
sarta barang berharga
séjénna nu gampang
dibawana. Ditaksir karu-
gianana nepi ka puluhan
juta.
Sakabéh Satpam anu gili-
ran tugas peuting tadi diin-
terogasi ku Puiisi.
Pangpangna Wawan anu
loba ditalék téh, anu giliran
jaga di RT 3. Teu poho Pui-
isi ogé méré pangarahan-
pangarahan ka para
Satpam. leu kajadian téh nu
kaopat kalina. Ari nu ti
heula-ti heula mah ka jadi-
anana teh di RT 2 jeung di
RT 5.
“Pokona lamun masih
kénéh harayang digarawé
jadi Satpam di dieu, kudu
sing balener dina ngalak-
sanakeun tugas téh, kudu
aya rasa tanggung
jawabna!” ceuk Pa Jono bari
angger jamotrot, nyaritana
tandes! Geus kitu mah tuluy
bubar.
“Keun baé euy, teu kudu
diparaké haté, da wajar
ieuh!” ceuk Pa Hendar, Sat-
pam nu kasebut pang-
kolotna sarta dipikolot ku
saréréa ngahatéan.
“Da ari urang mah pi-
lakadar gé mun di sawah téa
mah ukur bebegig, anu boga
pancén purah nyingsieunan
manuk! Kadang apanan
manuk téh sok sieuneun ku
bebegig, kadang henteu! Da
masing kalah kumaha oge
ari bangsat mah leuwih pin-
ter ti batan urang, leuwih
awas maranéhna ka urang ti
batan urang ka maranéhna,
sarta nyarahoeun pisan
kana kalengahan urang!
Ogé deuih lamun dina
kapépédna maranéhna sok
leuwih nekad ti batan
urang. Piraku ari urang
kudu nandonkeun nyawa
onaman? Angger wé nu
diteangan ku urang mah
kasalametan!” ceuk Pa Hen-
dar deui.
“Tapi lain hartina urang
teu tanggungjawab kana
sagala tugas jeung kawa-
jiban urang salaku patugas
kaamanan, angger wé éta
mah kudu diutamakeun!
Dina ngajalankeun tugas
mah tetep kudu bener, kudu
serieus, kudu maksimal,
kudu disiplin sarta pinuh ku
rasa tanggung- jawab!”
pokna deui.
Ku saréréa diheueuh-
an!***
23. 22 Manglé 2442
J
ali, inditna Salasa
wanci rumang-
sang. Sakumaha
biasa rék iang
domba. Mobil
dolakna geus dihaneutan,
sarua jeung beuteungna nu
geus ti isuk mula dihaneu-
tan kopi, sasarap samistina.
"Mangkat," cenah ka
Umi, pamajikanana.
"Enya," teu dituturkeun
ieuh bujur dolak téh ku
Umi, puguh kagok keur di
jamban, kareungeueun ari
gerungna mah ngadius ka
tonggohkeun.
"Dahar heula, Néng!"
Bari mukakeun tudung saji.
"Uhun, Bapa jadi ang-
kat?" Bari bru seragam urut
sakola kana karanjang
seuseuheun.
"Tulus tadi teu lila ti
Enéng mangkat, Bapa nan-
jak."
"Narik ka mana saurna,
Mah?" Bray tudung saji.
"Kateuing atuh, aya nu
nélépon ngadadak, Mamah
gé keur di jamban." Enéng
dahar, témbong caman-
cémén. Teu lila cengkat
kokocok.
"Naha enggeus deui
dahar téh? Apan aya karé-
dok." Indungna melong
héran.
"Entos ah," cenah.
Térékél kana tétécéan ka
kamarna.
"Ditambul atuh karé-
dokna, lebar."
"Moal ah." Teu eureun na
tétécéan.
Gék Enéng sisi ranjang di
kamarna. Ceg kana tas
sakola, ngaluarkeun bung-
kusan plastik, eusina di-
béngbréngkeun, hanca
kaputan. Bahanna batik,
meunang ngabatik
manéhna sorangan di
sakola dina pelajaran
Keterampilan. Ti mimiti
ngagambar corak tepi ka
ngalorodna teu ieuh kaan-
cloman leungeun batur, és-
tuning meunang manéhna
sorangan. Kitu deui
sanggeus jadi kaén, dipola,
digunting, dijalujur, dika-
put ku manéhna sorangan.
Can diobras ieuh, engké wé
ceuk angkananana
sanggeus bérés dijait. Pada-
hal ceuk guruna, hadéna
diobras heula méméh di-
jait, ambéh rapih.
Hanca baju pikaméjaeun
dikébréngkeun deui, can
anggeus bagian samléhna.
Hésé pisan lebah dinya
mah.
"Ah, Bapa mah, mun dia-
jaran ayeuna mah bisa di-
hanca yeuh...," gerentesna.
Enéng teu yakin, bisi salah
ukur, matak hayang sina di-
ajaran heula ku bapana.
Goléhé kana kasur, tepi ka
reupna saré. Wanci
sareureuh kolot Jali can
datang kénéh. Enéng
hantem cilingcingcat ti
tukang ka hareup, nem-
poan jalan.
"Engké gé uih Bapa mah,
geura saré anggursi, bisi
kabeurangan, pan isukan
sakola," ceuk indungna.
"Iang ka mana sih, lami-
lami teuing?" Merengut.
"Na aya perlu naon
deuih, aya bayareun di
sakola?" tanya indungna.
Da biasana ari ngarep-
ngarep bapana balik téh
mun rék ménta duit keur
kaperluan sakola.
"Sanés, ieu kaméja sina
diajaran heula, pan engké
Jum’at kedah dikempel-
keun. Mun telat nilaina
dikirangan."
"Rék ngéndong meureun,
Néng, isukan wé atuh,
geura saré lah, peuting."
Enéng teu némbal deui.
Sup ka enggon. Teu lila
ditempo ku indungna, geus
ngaguher, tunduh ti tadi
mula tayohna. Kaméja nu
can dikerahan ngalumbruk
na dadana, sawaréh nutu-
pan gadona. Dicokot lalau-
nan ku indungna, dialak-
ilik. Indungna kerung.
Manuk meureun maksudna
mah gambar batik téh.
Cetrék ngahurungkeun
lampu na méja belajar
Enéng. Baju dideukeutkeun
kana lampu, digalar-gilir,
kakara telik ayeuna mah,
jiga gambar manuk heu-
lang, keur nyirorot bangun
rék nyamber mangsa. Pa-
matukna mani nyungcung,
asa panjang teuing. Pulasna
duka pédah peuting, bet
anéh, cakueum kurang sari,
aya beureum asem lebah
bagian handapna, naon
jukut kitu? Pulas asem
jeung kulawu, paselup
hideung. Baju dibéng-
DolakCarpon Imas Rohilah
24. Manglé 2442 23
bréngkeun deui. Lebah
puhu leungeun aya pulas
coklat pias, kalakay kitu?
Témbong ngoléab katun-
dung angin. Coba mun se-
lapkeun pulas bodas saules
wéh, gambar méga sugan,
moal cakueum teuing, ceuk
pikir Umi. Ah sakieu gé pi-
rang-pirang, dirina mah teu
ngalaman diajar ngabatik,
enya gé pirajeuneun ngaput
sakadar uma-omé mun aya
nu bedah kaput. Ukuran-
ana pas sakieu mah keur Si
Bapa, gerentesna. Kaméja
ditilepan, sok na méja.
Cetrék lampu belajar di-
pareuman, Enéng disimbu-
tan. Turugtug Umi turun.
Ceg kana hapéna, mencé-
tan kipéd. Kareungeu nada
sambung. Tapi kunaon teu
diangkat? Riweuh? Riweuh
naon waktuna saré. Tara-
tara ti sasari. Terektek
ngetik SMS, pasti katarima
elat-elat ogé macana ari
SMS mah. Tuh aya laporan
kakirim. Tapi kunaon taya
malesan, piraku euweuh
pulsa onaman, lain kabi-
asaan salakina ngosong-
keun pulsa hapé.
Golédag kana kasur, nyo-
baan panonna dipeureum-
peureumkeun, teu daék
peureum. Kalah rét deui ka
gigireun, rét deui ka gi-
gireun. Bet rarasaanana
salakina aya ngabugigag di
dinya. Tapi puguh gé taya.
Pikir jeung rasa Umi ngu-
layaban ka jauhna, ka tem-
pat-tempat jeung waktu-
waktu nu kungsi kalakon
jeung Jali. Rupa-rupa pu-
lasna. Kapeung belegbeg
hideung, kapeung pias
konéas, sering kayas sumi-
rat. Koréjat Umi hudang,
sada nu keketrok kana
panto hareup, "Mah, Mah,"
cenah. Jam dua. Bray panto
kamar, gebay ka rohang
tengah, muru panto ha-
reup. Hordéng dipéléngé-
keun. Jempling. "Pa? Éta
Bapa?" Teu waka muka
konci, puguh tengah peut-
ing nguwang-ngawéng. Di-
tutungguan, nu gegeroan
taya sorana. Taya léngkah-
na, taya ketrokna. Umi
ngahuleng, ngusap beung-
eut bari istigfar.
Gék na korsi panjang.
Melong jam na témbok. Be-
ungeut salakina nu teu
weléh marahmay ka dirina
jeung ka Enéng, terus-teru-
san kokolébatan.
"Bapa..." Ngusap be-
ungeut deui. Kedewuk
wudu, cong solat meunang
sababaraha rakaat.
Dua leungeunna rang-
gah, mukena bagian hareup
cipruk cimata. Umi ngaji,
wiridan sabisa-bisa, parat
tepi ka ngong adan subuh.
“Mah, Bapa di masjid
kénéh?" tanya Enéng bari
semu lulungu.
“Can datang.”
Enéng ngaheunggeu, léos
ka kamar indung-bapana
panasaran.
“Can datang,” ceuk in-
dungna deui nandeskeun.
Léos deui ka kamarna ceg
kaméja batik hancana. Rét
kana mesin jait titinggal
ninina anu ngahaja dipin-
dahkeun ka kamarna.
"Haah..., coba mun Bapa
uih, bisa dibéréskeun…, di-
anggo Jum’atan Pa, saé.”
Gerentesna.
"Néng, geus salat subuh
can?"
Enéng ngagebeg, "Uhun."
Turugtug turun.
Isukna, Jali can datang
kénéh, Hapéna pareum
sama sakali ayeuna mah
taya nada sambung satiri-
ling-tiriling acan.
Enéng mulang sakola
soré pisan, cenah miluan
ékskul heula.
“Mah, Bapa uih?”
“Acan....” Enéng ngahu-
leng deui, teuteupna mimiti
kosong. “Badé ka mana
cenah, Mah?”
Enya da tara-tara ti
sasari, teu nyarita heula rék
ngéndong atawa rék
sumpang-simpang. “Teu
nyaritakeun,” ceuk indung-
na.
“Télépon deui atuh, Mah,
ieu pulsa Enéng seueur
kénéh.” Bari mencetan
kipéd hapé. Taya nada sam-
bung. “Ka mana nya,
Mah?”
“Keunaé tong diganggu,
keur usaha Bapa mah.”
Ukur na lisan, sedeng
haténa ngaheungheum
kamelang, sangkan ulah
kaeungeuheun ku anakna,
sangkan anakna reugreug.
“Mani teu nyarios atuh,
Mah, teu SMS, teu télépon,
biasana tara kitu,” Enéng
ngeluk, indungna ngahin-
tul. Dititah dahar, Enéng
gideug, “Ké ngantosan
Bapa,” cenah.
Isukna deui, “Neng,
sasarap heula rék sakola
mah.”
Gideug kénéh, “Bapa uih
teu Mah?” muru kamar
kolotna.
“Acan, ké Mamah gé ka
pasar domba rang tanya-
keun ka urang pasar.”
“Ka mana atuh Bapa téh,
Néng pan kedah
ngepaskeun kaméja,
kedahna dinten ieu
dikumpulkeun,” cenah.
“Tingali wé atuh contona,
Néng, tuh na lomari mili-
han nu sering dipaké ku
Bapa, éta nu genaheun.”
“Aaah...” Eneng ngajang-
gilek. Nanjak kana tétécéan
kamarna. Kaméja batik di-
ilikan sakedapan. Sakitu
mah Enéng boga bakat
ngagambar.
"Bapa resep ngingu
hayam Néng, loba hayam
Bapa mah baheula keur
leutik. Aya nu
pangdipikameumeutna ku
Bapa, Si Rendey, sabab
anakna loba. Aya kana lima
belasna. Si Rendey mah
ngarti Néng, kawas jelema.
Mun Bapa balik sakola téh
sok mapagkeun, ditu-
turkeun ku anak-anakna.
Anéhna téh ka Bapa mah
tara ngabintih, padahal
anakna sok dicocoo. Paling
ukur kitu wé taktrak-tuk-
truk. Tah hiji mangsa Bapa
keur di teras ngawadang
mulang sakola. Hawa
panas pisan harita téh,
Bapa gé teu dibaju dahar
téh, nanggeuy piring. Teu
kanyahoan ujug sérépét...,
heulang, Néng, Si Rendey
ngan sakolépat geus di-
ranggeum.
Ciakna gandéng, raéng,
Néng. Mun Enéng mah
meureun mamah-mama-
han. Gegeroan, ‘Mamah
badé ka mana? Mamah
badé ka mana? Mamah
ngiring!’” Cikikik Enéng
seuri basa bapana meta-
keun dirina gegeroan ka in-
dungna. Dongéng éta pisan
nu napel na ingetan Enéng.
Dongéng nu maujud dina
gambar batik kaméja ba-
pana nu can réngsé kénéh.
Kaméja batik jangeun ba-
pana taya kerahan dipaké
nyusut cipanon. Pipi Enéng
lamédong tapak pupulan
batik. Cipanonna ngalém-
béréh teu puguh warna, aya
beureum, aya hideung, aya
kulawu nyurulung mareng
jeung pupulan batik.
“Néng..., Néng, éling!”
ceuk nu maké sorban.
“Bapa, ajaran acuk…,
Bapa ajaran acuk…, Bapa,
acuk kéngéng Enéng, Bapa
kéngéng Enéng…!” bari
hantem ngasong-ngasong
kaméja ka lebah layon nu
geus dibungkus boéh.
Ceuk katerangan pulisi,
Jali kapanggih geus
nyangsaya na babantar
susukan handapeun
tangkal loa. Pakéanana,
dompétna aya dina
dolakna.
Konci kontak ngagagan-
tung kénéh.
Dolakna parkir di dinya
geus aya kana dua peuting-
na, dilaporkeun ka pulisi ku
tukang warung nu kakara
eungeuheun.***
Samoja, Sépt’13
25. 24 Manglé 2442
T
i bubudak ku-
ring resep
kana botol
atawa plés.
Teuing
kumaha mimitina.
Kawasna,mun teu
salah, keur umur
genep taunan, ku nini
dibéré minyak
“kolonyo”. Sohorna
harita mah “air mata
duyung”. Pédah di
dinya aya gambar lauk
duyung nu sirahna
jelema, sukuna lauk.
Mani atoh. Lantaran
seungit. Jeung éta
botolna alus. Hérang
ngagenclang.
Ti harita,asana, sok
ngumpul-ngumpul botol
téh. Botol naon baé. Nu
gedé nu leutik. Kaasup
botol kécap “Cap Pang-
gang Hayam” atawa “Cap
Kingkong” nu aya tulisan
“No.1”.
Bet nuluy nepi ka usum
kuliah. Beuki lega gaul,
beuki réa botol koléksi.
Jeung beuki rupa-rupa,
boh wangunna, boh war-
nana. Lain baé botol
samodel minyak “kolo-
nyo” jaman nini. Tapi
deuih botol-botol minyak
wangi, atawa parfum ka-
mashur. Elizabéth Arden,
Givenchi, Bulgari,Giorgio
Armani, wah…teu kawi-
lang. Kitu deui botol inu-
man keras. Nu lonyod,
nu gepéng, nu buleud.
Réa batur tukang dang-
dan, tukang maké seu-
seungitan. Réa batur
tukang mabok. Beuki réa
koleksi botol nu kapi-
banda.
Dina euweuh nu méré,
meuli. Atawa nukeuran
ku barang naon baé. Asal
botol nu dipikaresep
kapimilik.
Puguh bae diurus. Di-
tatap diusap. Dipernah-
keun dihadé-hadé.
Dibélaan nyieun lomari
husus. Batur mah, lomari
buku. Kuring mah lomari
botol. Dijadikeun bahan
kaagulan ka nu sakur nu
nganjang ka kontrakan.
Malah kungsi aya war-
tawan.Kuring diwawan-
cara. Dimuat dina
suratkabar. Digolong-
keun ka jalma nu boga
hobby anéh. Batur mah
hobby ngoléksi batu ali,
motor gedé, mobil antik.
Kuring mah hobby ngo-
léksi botol.
Sok mindeng, atawa
kungsi, ngalaman kaja-
dian anéh lamun kuring
boga koléksi botol anyar.
Kawas basa karék mimiti
boga botol parfum
“Néfertiti”, sasiki. Nu
wangunna jiga pyramid,
warna biru leleb, ari ak-
sara konéng emas. Najan
geus kosong, barang di-
buka tutupna, aya kénéh
selengseng seungit
angin-anginna.
Tas nyeuseup eta par-
fum, langsung tunduh.
Reup saré, ujug-ujug
ngimpi aya di hiji tempat
hara-haraeun. Kuring
diséréd bari didengkék
ku hiji lalaki jangkung
badag. Dijagragkeun ka
rohangan nu pinuh ku
jalma réa. Tapi tartib.
Hémpak sarila nguriling
di sisi-sisi témbok ro-
hangan lega pisan. Di
tengah-tengah, dina
korsi jangkung tina emas
ditarétés inten permata,
anegléng hiji wanoja.
Geulis kawanti-wanti.
Dangdanan hurung-
hérang.
Lalaki nu nyéréd ku-
ring, ngagorowok :
“Nyembah ka Déwi Ne-
fertiti !”
Brek kabéh sarujud.
Punduk kuring diteueul-
keun tarik pisan. Nepi ka
milu ngudupruk sujud.
Kadéngé sora sahéng.
Muji-muji Déwi Néfertiti.
“Déwi Maha Agung,
Déwi nu ngabagi rejeki !”
Jep deui jempling.
Kuring ditanggahkeun.
Ngadangong handapeun
korsina pisan. Ngong
Déwi Néfertiti cacarita
ditujulkeun ka kuring:
“Sukur anjeun geus aub
kumawula ka kaula ! Pék
tuluykeun.
Urus seuseungitan titit-
nggal kula. Ayeuna an-
jeun geus diaku jadi
balad kaula, nu ngawasa
panonpoé. Kaula semba-
heun manusa !”
Geus kitu mah, kuring
dileupaskeun tina deng-
kékan lalaki jangkung
badag. Malah ditang-
tungkeun. Dituyun sina
nyium ramo déwi nu la-
lencop tur seungit par-
fum nu botolna kuring
geus boga.
Barang lilir, késang
ngagarajag saluar awak.
Rarasaan teu pararuguh.
Kabur pangacian. Rét
kana botol. Beuki mén-
crang biru-konengna.
Mancerkeun cahya
éndah kabina-bina.
Kungsi deuih basa an-
yaran meunang botol
wodka mérek “Siberia”.
Keur dielapan, cocok
kayu gabusna coplok.
Hiek bau inuman keras.
Nepi ka lenglengan.
Kapiuhan. Bet terus
ngimpi. Aya di tempat
pésta ramé pisan. Pabuis
para tamu. Pasuliwer nu
darangsa. Awéwé lalaki
patangkeup-tangkeup.
Musik ngaguruh. Beuki
tarik. Beuki motah.
Pakalangan nu pejejel ku
rupa-rupa jalma jeung
rupa-rupa dangdanan,
ujug-ujug walihweuh.Aya
nu mabok ngamuk.
Minyak Mayit
Ku H.Usep Romli HM
26. Manglé 2442 25
Mubak-mabuk maké
botol inuman keras nu
geus dipeupeuskeun. Siri-
lik ka ditu. Sirilik ka dieu.
Bru, bru, jalma-jalma nu
keuna ku seuseukeut
botol rarubuh. Getih
ngalukrah. Nu perlaya
balatak. Tapi musik teu
eureun. Nu darangsa teu
eureun.
Cakakak, cakakak, ti
juru sora seuri tanding
gelap salesér.
“Hah,hah,hah…….aing
geus hasil ngagubruskeun
manusa. Teu pira ku inu-
man keras. Nepi ka téga
maehan. Nepi ka téga mi-
gawe nirca…..”
“AHaram jadah!”kuring
eling tina katuralengan.
Awak ngadégdég. Reuwas
jeung sieun. Kuduna mah
botol urut inuman keras
kitu, dibabétkeun. Tapi
henteu ieu mah. Malah
tuluy dikeukeuweuk. Tur
isukna gancang néangan
deui. Sugan aya botol
wodka mérek séjén nu
wangun jeung warnana
beda.
Ngurus botol koléksi,
sasat cul naon cul naon.
Cul kana kawajiban
agama. Cul kana gaul
jeung jelema. Ti poé ka
poe, detik,menit, jam,
béak dipaké ngoprek
botol. Ditatap-diusap.
Diteuteup warnana.
Ditingetan wangunna.
Diangseu urut bau jeung
seungitna. Dirarasakeun
fantasi nu datang mare-
ngan atawa nuturkeun
sabot ngaranéh botol-
botol nu geus ngaratus-
ngarebu. Sugema haté,
lantaran geus manggih
kajinekan hirup pikeun
satuhu satia kana koléksi
botol.
Hiji poé , torojol kapie-
mang ti lembur, ngalo-
ngok bari ngirim botol.
Cenah, bawa ti Mekah
basa munggah haji sa-
watara taun ka tukang.
Botol warna bodas ha-
seup. Wangunna persis
pocong. Labelna warna
beureum getih, aksara di-
parungkal paringkel jiga
haseup ngelun. Unina
“Ruh ar Ruh”.
“Emang gé resep kana
ieu botol téh. Ngan keur
nanahaon galutak-gali-
tuk. Ongkoh ibina jeung
barudak di imah, sarie-
uneun. Pajah téh botol
jurig. Rék dijual ka
kokompong lebar. Ras
meulina ti Mekah, mahal
jeung éstu kabeneran.
Hihijina deui. Inget boga
alo resep ngumpulkeun
botol. Tah emang milu
andiI. Sugan wé kapaké.”
“Hatur nuhun, Mang,
tangtos kaanggo pisan,
”kuring atoh.
Geus emang balik,
saperti sasari, tutup botol
dibuka. Diambeuan. Se-
leksek…..hiek……enya we
bau mayit. Baru sirara.
Leng kuring katurale-
ngan, kawas basa tas
ngambeuan botol parfum
“Nefertiti” jeung wodka
“Siberia” téa.
Teuing ngimpi, teuing
naon. Ngan kuring
rarasaan téh maot. Terus
digarugulung. Diman-
dian. Diboéhan.
Dikocrotan minyak “Ruh
ar Ruh” tina botol pamé-
ré emang. Diasupkeun
Nyambung ka kaca 30