2. P
ilihan umum 2014 ukur sababaraha bulan deui.
Masing-masing nu boga karep miang ka Senayan
tatahar, bebekelan. Nu pangpentingna, babawaan
teh ‘pangrojong’ masarakat. Paracalon, boh DPR boh
DPD RI, butuh pangdeudeul masarakat ti tempat
pamianganana.
Karep miang ka Senayan luyu jeung pancénna, ngu-
rus ngatur pamaréntahan sarta bajoang keur kapenti-
ngan masarakat hususna nu diwakilanana umumna
mah Indonesia. Nilik ka dinya, boh DPR boh DPD
ngemban pancen nu lain joré-joré, da lian ti ngemban
pancén nagara téh, ogé deuih mawa harepan masarakat.
Sanggeusna boga wewenang di legislatif sawadina
mampuh ngalaksanakeun amanah. Hartina, nu kapilih
téh misti bener-bener nu panghadéna ti antara calon
nu milu tarung dina pilihan umum. Di dieu mah, nu
dipilih jeung nu milih téh kudu pada-pada maphum
kana masing-masing pancén. Nu hayang dipilih kudu
némbongkeun karep, kamapuhan jeung ketakna nu kai-
jir pantes jadi utusan nu miang ka Senayan. Nu rek
milih deuih misti titén kana pakarepan jeung
kamampuhan paracalon.
Miharep dukungan masarat memang teu gampang.
Komo deui, sora-sora silung ka para wawakil rahayat
teu weléh nongtoréng. Nu kawas kitu téh, bisa jadi
cukang lantaran partisipasi kana pilihan umum gé loba
nu puraga tamba ka dengda!
Kayaan kitu, butuh ajén wawakil rahayat nu lain waé
boga kamampuhan, tapi deui meunang kapercayaan
masarakat. Kapilihna parautusan nu nyumponan
pasaratan kawas kitu, ngan bisa tinekanan upama
rahay at nu boga hak milihna daék milih kalayan
tinimbangan anu asak. Ukuran basajanana mah, bisa
nilik kana tapak lacak lalampahanana. Di dinya bisa
kasaksén pantes henteuna arinyana ngemban harepan
masarakat. ***
Nu Mariang ka Senayan
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. BAHASAN
Parobahan Kalima UUD 1945;
Ti DPD-RI Jawa Barat keur Nguatan
Nagara....................................................... 8
RANCAGÉ
Niténan Alam
Maca Jagat Tatar Sunda .................. 17
PURIDING PURINGKAK
Kuntilanak
Andang S. Argayuda ....................... 24
IMPLIK-IMPLIK
Wisata Alam Mekarkeun Kapunjulan
Lembur............................................. 46
KOLOM
Pemilu 2014, “Menunggu Godot”?
Dede Marian.............................................31
Quran Tarjamah Kemenag RI
Usép Romli HM...................................... 49
SAJAK
Umur 64 Taun
Usép Romli HM .............................. 48
CARITA PONDOK
Anaking jeung Bulan Puasa
Anggi Novia Dewi ............................. 20
Kakawihan
Dede Syafrudin .................................. 22
Jihad
Risnawati ........................................... 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab Munara Cahya ............. 16
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Mangle Rumaja .................................. 32
Katumbiri .......................................... 37
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (169)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (8)
M.A. Salmun
............................................................. 12
SekarManglé
LANY
5
LAPORAN
Capres ti Tatar Sunda
Ngahudangkeun nu keur Tibra
Potret:Reisyan
Enduy cinutrung di juru stasion, niténan
jalma-jalma nu pabaliut ka ditu ka dieu
bari rébo ku sagala rupa babawaan. Di
hareupeun lokét, antayan jalma kacida
panjangna, lir nu keur arulin oray-
orayan. Ari di handap, ngabarak jalma
jeung barang-barang..........
20
Kakawihan
Panata Rias & Raksukan:
Sanggar Ayu Busana (Galery
Rias Pengantin) Komplek
Neglasari Jl. Neglarasa No. 9
Ujungberung – Bandung Telp.
022 – 70432343
HP: 08122395408
4. Pamingpin
N
u kumaha ari pamingpin nu
alus téh? Nu nyaaheun ka
rayatna. Ari ayeuna aya
kénéh pamingpin anu kitu? Ari éta
Pa Béyé kurang kumaha nyaah ka
rayatna. Sagala rupa diaya-ayakeun.
Keur rayatna nu beunghar, hayang
naon baé disampakkeun. Mobil nu
poé ieu kaluar ti pabrikna di Jepang,
bulan hareupna geus aya di Jakarta.
Atuh keur anu mariskin ogé teu
dipopohokeun. Geus sababaraha
kali ngayakeun program nulungan
nu miskin. Nu pangahirna BLSM
téa. Tapi geuning di Bandung Barat
baé aya 5418 kartu BLSM anu dipu-
langkeun deui lantaran salah ala-
mat.
Puguh nyaéta atuh. Kitu tah di
urang mah. Program nu sakumaha
alusna ogé ari dina prak dijalan-
keunana ngaco mah angger wé moal
kaarah mangpaatna. Beuki tétéla
baé, teu cukup ku ayana rencana
anu alus. Angger kudu digarapna
ogé bener deuih. Ari anu kajadian
ayeuna, apan tacan kitu. Nu narima
kartu BLSM gé teu kurang-kurang
anu imahna ngajegir.
Na ku naon atuh bet dina derna
sok kitu jeung kitu baé?
Soal éta tah anu teu anggeus-
anggeus téh. Nu ngaranna Ke-
menterian Penertiban Aparatur
Negara mah geus sababaraha kali
ayana. Tapi hasilna tacan katém-
bong. Padahal pan nya éta nu jadi
tugas utamana téh. Teu bener di-
gawéna kitu? Atawa baredegong?
Sigana mah duanana. Nu
ngaranna birokrasi di urang rudetna
kabina-bina. Geus jadi kacapangan
pan di urang mah. Lamun pagawéan
bisa dihésé-hésé, na ku naon maké
kudu disina gampang? Nyusahkeun
batur téh geus jadi pamaké jeung
pangaresep bangsa urang umumna.
Duka teuing naon sababna pangna
nepi ka kararitu. Padahal boh ceuk
papagon hirup papada manusa,
komo deui lamun dipatalikeun
jeung agama, ngahésékeun batur
téh lain pagawéan anu pantes dipuji.
Komo mun dipatalikeun jeung gan-
jaran mah.
Dina urusan éta pamaréntahan
SBY bisa disebut gagal. Hartina,
sarua waé jeung pamaréntahan nu
saméméhna. Kakara nepi kana
pidatona tacan bari jeung prakna.
Tapi lamun ngabandungan naon
anu keur dihanca ku Jokowi jeung
Ahok di Jakarta, geuning éta bisa?
Maksud téh apan palaturanana mah
nu aya di sakuliah nagara éta-éta
kénéh. Lamun kitu mah atuh lain a-
turanana anu salah téh tapi jelem-
ana.
Tinggal ayeuna mah kumaha
milih jelema anu pantes dijadikeun
pamingpin. Lebah dinya bakal
karasa banggana. Nu hayang loba,
tapi nu pibenereun mah duka.
Naha bener geus hésé kabina-
bina néangan jelema anu bener di
urang téh? Mun rék disebutkeun
kitu, aya benerna. Da buktina, geus
sababaraha kali urang ganti pa-
mingpin boh di tingkat pusat boh di
tingkat daérah, apan ngan misalah
jeung misalah baé. Awalna disangka
enya ari dina derna kalah matak
handeueul.
Karepna mah, lantaran urang nu
bakal milihna, nya tinggal der wé
atuh. Tapi dina prakna mah apan
anu kudu dipilih ku urang téh ngan
kitu jeung kitu baé. Sakalina urang
teu milu milih angger wé anu meu-
nang téh nu dipilih ku batur.
Undang-undang di urang tacan
aya anu netepkeun yén lamun rayat
anu milihna kurang ti 70 persén,
upamana, dianggap teu sah. Tangtu
wé bakal loba nu teu satuju kana
pasaratan nu saperti kitu mah.
Bakal matak capé kana gawé jeung
bakal matak olok kana ongkosna.
Papadaning kitu lain hartina
kudu diantep kumaha saayana baé.
Ka hareupna kudu terus ditarékah-
an yén dina prosés milih pamingpin
téh kudu ditangtayungan ku aturan
hukum anu henteu beurat sabeulah.
Nu aya ayeuna mah pan mang-
meunangkeun pisan parpol. Baku-
karna geus karasa, nu ngaranna
parpol téh mani asa pangbenerna.
Jeung da maranéhanana mah teu
mikir ngeunaan kualitas parpol. Nu
pasti mah hayang jeneng wé. AM
Manglé 2438 3
5. 4 Manglé 2438
Sabada Halal Bihalal
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Kapayunan Ais Pangampih
Manglé, Simkuring seja
ngadugikeun salam silaturahmi.
Ais Pangampih, ieu mah
pédah kaleresan maos Manglé,
jorojoy hoyong nyerat dina ko-
ropak, perkawis kabiasaan
urang nu beuki tumpur. Nya di-
antarana kamulyaan man-
jangkeun silaturahmi. Komo,
sabada boboran siam 1434 H,
tangtos acara pataréma-réma
sok pada ngayakeun. Tah, kabi-
asaan hoyong silihhampura
kawas dina halal bihalal, saé
pisan. Mudah-mudahan ieu
kabiasaan natrat nepi ka jadi
biasa diluar usum lebaran, ogé,
sahanteuna tiasa ngobatan pasi-
patan urang tina sikep sili-
hjongklokeun silihpoyokan, jadi
silihélédan, silihlengkepan, sili-
hwasiatan dina bebeneran
sareng kasobaran.
Komo di nagara urang aye-
una, teu weléh leupas tina
masalah. Balukar seueur
masalah, pasti keur nu nan-
jeurkeun hukum kudu adu
sanghareupan jeung pihak nu
teu hayang diusik-usik sanajan
salah. Tah, nu anéh, sanajan
puguh geus salah, tapi buktina
mah loba nu ngabéla, nu
nanawarkeun jasa sangkan ‘jiga
teu salah!”.
Kabiasaan silihhampura nu
datangna tina ajaran Islam,
hanjakal teu parat ka unggal
jalma, pangpangna ka parapan-
gacara. Naon nu jadi lan-
taranana? Alatan pangacara
kadieunakeun téh, loba nu lain
muslim. Upama kitu, naha halal
bihalal silihhampura, bakal
nguatan silih wasiatan nan-
jeurkeun papada urang?
Mangga waé antosan, kumaha
sikep urang sabada halalbihalal
disaban tempat.
Sakitu waé, sakali deui
hatur nuhun pisan ka Manglé
nu parantos nampi ieu serat.
Wassalam.
Baktos
Murtado- Ciamis
Innalillahi wa inna
ilaihi Roji’uun
Parantos mulih ka jati mu-
lang ka Gusti Alloh nu
Maha Suci
Ambu Tetty Suharti
binti Anuh Suharna
(72 taun)
(Pangasuh Mangle Alit -
Mangle Rumaja manten)
Almarhumah ngantunkeun dinten Senen, 29 Juli 2013
tabuh 03.05 WIB. Almarhumah dikurebkeun
di Dusun Salem Kemuning Karawang.
Allohumagfirlaha warhamha waafihi wa’fuanha.
Allohuma latahrimna ajroha wala taftina
ba’daha wagfirlana walaha.
Sakumna Ais Pangampih Mangle ngiring sungkawa,
mudah-mudahan kulawarga nu dikantunkeun henteu
kaleleban. Du’a nu ihlas, mugi almarhumah ditampi
Iman Islamna dicaangkeun di alam kuburna. Amin.
Bandung, Juli 2013
Pupuhu Mangle
Drs. H. Oedjang Daradjatoen M.
6. K
iwari ramé naker calon-calon
presiden. Geus loba nu nye-
but-nyebut pipresidéneun.
Atuh, spanduk calon presiden gé reu-
teum di tempat-tempat ramé. Ngan,
nya kitu, ti tatar Sunda mah teu sing
ubyag.
Copongna capres asal Sunda, rada
kaubaran ku munculna Jumhur Hi-
dayat, manten aktivis mahasiswa nu
kungsi ngaringkuk di panjara dina
jaman Orde Baru. Karep Jumhur milu
kana konvensi capres ngaliwatan par-
pol, ceuk Heri Kantaprawira ketua
Forum Ki Sunda, pilihan nu merenah,
lantaran Jumhur mah lain pamingpin
partéy pulitik.
Saha Jumhur Hidayat téh? Inyana
pituin Bandung. Ieu teureuh Sunda
téh, satamatna SMA Negeri 3 Ban-
dung, Jumhur asup ka Institut
Teknologi Bandung (ITB), jurusan
Fisika (1986). Ngan ti mimiti jadi ma-
hasiswa gé geus aktip dina aksi-aksi
mahasiswa, boh di kampusna boh di
tempat séjén di Bandung. Salah sahiji
nu dibajuangkeun ku Jumhur jeung
batur-batur harita téh tumali jeung
hak-hak rahayat. Lian ti éta Jumhur
gé nyorakeun dibubarkeunana Orde
Baru, salah sahiji buktina, mingpin
aksi nolak datangna Mendagri Rudini
harita. Lantaran aksina terus diku-
kuntit pihak kaamanan, antukna, di-
tangkep sarta diadili nepi meunang
dipones tilu taun. Upaya hukum terus
dilakukeun, ngan ahirna mah, teu bisa
majar kumaha, ieu teureuh Bandung
téh dibérok di panjara, malah kungsi
ditempatkeun di Nusakambangan.
Sumanget Jumhur teu pareum. Di
panjara gé tetep nguatan jiwana. Di
antarana ku cara loba macaan buku,
kaasup buku-buku perjuangan Inggit
Garnasih, karya Ramadhan KH.
Sanggeus kaluar ti panjara, Jumhur
aktif di sababaraha organisasi, saperti
di Center for Information and Deve-
lopment Studies (CIDES) Gabungan
Serikat Pekerja Merdeka Indonesia
(GASPERMINDO), Konfederasi Seri-
kat Buruh Indonesia (KSBI), Yayasan
Kesejahteraan Pekerja Indonesia
(YKPI), jeung sajabana.
Lian ti ancrub ka rupa-rupa orga-
nisasi, Jumhur gé biasa jadi nara-
sumber disababaraha tempat di
Manglé 2438 5
Nyantek kana pilihan
presiden, loba
ngaran capres nu
jadi bukur catur.
Ngan, galibna, ti
tatar Sunda mah,
arang pisan nu kase-
but. Kumaha dina
pilpres ayeuna? Saha
waé urang Sunda nu
kacatur jadi capres
2014-1019?***
Moh. Jumhur Hidayat (potret Asep GP.)
7. Nusantara, pangpangna dina nan-
jeurkeun martabat jeung jatidiri
bangsa, kaasup remen ngalanglang
mancanagara dina rupa-rupa ka-
giatan, di antarana neuleuman sistem
katatanagaraan di Amerika Serikat,
International Conference on Method-
ological Problems in The Study of Re-
ligions-Montreal Canada, Conference
on Indonesia-South Africa; New Be-
ginnings and Future Relations,
Capetown, South-Africa jeung saja-
bana.
Nya ngaliwatan sababaraha organ-
isasi jeung ancrub kana rupa-rupa ka-
giatan, Jumhur loba ngabélaan
masarakat katideresa nu hak-hakna
karampas ku pihak séjén. Haté Jum-
hur teu tingtrim, upama nyaksian
kaayaan nu méngpar tina kamistian,
najan éta paripolah téh dilakukeun ku
nu nyekel kakawasaan. Matak, najan
ranggeuman kakawasan kacida ku-
atna, Jumhur tara ngarasa sungkan
nepikeun kateupanujuanana. Dirina
remen makalangan, ngaluluguan
pihak-pihak nu boga karep ngaron-
jatkeun ajén jeung karaharjaan
masarakat.
Upama karepna kacida kuatna, da
mémang pangaruh lingkunganana.
Ramana gé, Alm. Mohammad Sobari
Sumartadinata geus ngawawadianan,
mun wani ancrub jadi aktivis, kudu
wani sagala rupana, malah najan nepi
ka nemahan pati!
Kanyaahna Jumhur ka si leutik,
ditémbongkeun kana kanyahna ka
kaum buruh. Ceuk pikirna, buruh téh
kudu dianggap bagian tina ieu bangsa.
Hartina, ulah aya bagian nu
tinggaleun komo nu katideresa mah.
Kanyaahna ka kaum buruh, ahirna
mah loba pihak nu percaya ka Jumhur
bakal leuwih témbrés upama inyana
boga kakawasan nu leuwih batan nu
ayeuna dicangking jadi kepala BNP2
TKI.
Calon Presiden
Jumhur Hidayat, mimiti pada nye-
but calon presiden. Kituna téh, saperti
ceuk para aktivis di organisasi buruh.
Eta organsiasi mah togmol naker nyo-
rakeun ngaran Jumhur jadi calon
presiden téh. Kitu téh, saperti
sawatara waktu ka tukang, dina dék-
larasi capres ‘versi’ kaum buruh nu
lumangsung di Gedung KONI Jawa
Barat sawatara waktu ka tukang. Nu
ngarojong Jumhur mémang saba-
baraha organisasi buruh, saperti
Serikat Pekerja Nasional (SPN),
Gabungan Serikat Pekerja Merdeka
Indonesia (Gaspermindo), Serikat
Pekerja Tekstil Sandang dan Kulit
Serikat Pekerja Seluruh Indonesia (SP
TSK SPSI), Gabungan Organisasi
Buruh Seluruh Indonesia (KSBS),
Serikat Buruh Sejahtera Indonesia
(SBSI) jeung Serikat Pekerja Otomotif
Indonesia (SPOI).
Paraburuh tandes naker, yén
buruh katut kulawargana, nyalonkeun
Jumhur Hidayat, nu kiwari mancén
Kepala BNP2TKI jadi presiden. Kitu
téh, cenah, lantaran Jumhur dianggap
mampuh mingpin ieu nagara kalayan
témbong kanyaahna ka rahayat, pang-
pangna mah ka kaum buruh. Orga-
nisasi mah teu ngan ukur ngambeng
pangdeudeulna semet émbaran, da
saterusna téh ditepikeun ka DPD
Demokrat Jawa Barat. Harita keyeng
aliansi buruh dihaminan ku R.
Heryanto, Bendahara DPD Partey
Demokrat.
Dina éta déklarasi, Ketua Serikat
Pekerja (SPN) Jawa Barat Iwan Kus-
nawan nétélakeun, Deklarasi lumang-
sung di Jawa Barat, lantaran Jumhur
téh asalna ti Jawa Barat. Ngan, cenah,
déklarasi téh moal kateug nepi ka
dinya, da bakal diteruskeun di
daérah-daérah séjénna sakurang-ku-
rangna di salapan tempat, saperti di
Aceh, Sumatera Utara, Sumatera
Barat, Sumatera Selatan, Kepri, Lam-
pung Banten, Jawa Timur, jeung
NTB.
Forum Kesatuan Buruh NTB nu
ngawengku lima orgnaisasi saperti
SPN, GespermindoLembaga Amanah
Gappa Samudra (Lagas), Migran
World Indonesia (MWI), jeung
Forum Petani Tembakau Lombok
Timur (FPTL). Di anatrana eta forum
teh samiuk bajuang keur Jumhur
sangkan eta ketua BNP2TKI jadi pres-
iden mangsa bakti 2014-2019.
Jumhur Hidayat buleud paté-
kadan. Teuneung nétélakeun paka-
repanana jadi calon presiden. Malah,
ketakna kitu téh dibuktikeun ku
miluna kana konvensi capres ti Partey
Demokrat.
Ngahudangkeun nu Tibra
Munculna ngaran Jumhur Hi-
dayat dina pakalangan capres, ceuk
Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.S.,
Guru Besar Universitas Padjadjaran
(Unpad), lir ngageuingkeun nu keur
tibra. Ka dieunakeun, urang Sunda
mah, bangun nu teu kecét-kecét,
atawa arang pisan nu makalangan
dina tingkat nasional. “Munculna
Jumhur Hidayat, lir ngageuingkeun
6 Manglé 2438
Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.S.
8. Manglé 2438 7
urang Sunda nu keur tibra,” pokna.
Ketak jeung kaludeung Jumhur
kawas kitu, gedé mangpaatna keur ka-
giatan pulitik di tatar Sunda mah.
Lantaran ceuk Prof. Asep, kitu téh
bisa jadi panyundut sumanget atawa
nyumangetan deui kaengeuh pulitik
urang Sunda nu salila ieu melempem.
Nilik kana jumlah padumukna,
kaasup nu baroga hak pilih, urang
Jawa Barat téh kacida lobana.
Hartina, ceuk ieu ahli kawijakan pub-
lik Unpad mah, Jumhur nu asalna
teureuh Sunda téh, samistina jadi
‘kakuatan’ nu baris dibalitungkeun ku
pihak séjén.
Ngan, naha majuna putra Sunda
dina pakalangan kapamingpinan na-
sional baris pada ngarojong? Upama
ceuk Indra Prawira, pupuhu Badan
Musyawarah Sunda Jawa Barat mah,
meujeuhna urang Sunda silih rojong!
“Eureunan silih salahkeun, mistina
silih rojong upama saha waé nu boga
karep makalangan jadi pamingpin na-
sional!” pokna sawatara waktu ka
tukang.
Punten Kapayunan!
“Urang Sunda lamun hayang jadi
pamingpin atawa aya dina kamajuan
kudu ngaleungitkeun budaya “Mang-
ga ti payun” diganti ku “Punten ka
payunan”. Sabab kualitas urang
Sunda sarua wé jeung seke-seler
(etnis) liana, malah aya onjoyna lian
ti etnis kadua panglobana di Indone-
sia, urang Sunda ti baheula mula
jujur, gagah, teuneung-ludeung jeung
luhur hargadirina. Sacara historis
urang Sunda (ti jaman karajaan
Salakanagara, Tarumanagara, Galuh,
Pajajaran) teu kajajah ku etnis
liana.Urang Sunda ti baheula mula
kawentar gagah, jujur, teuneung-
ludeung jeung luhur hargadirina dina
ngabéla bebeneran, contona nalika
kajadian Pasunda Bubat (Perang
Bubat), nyata natrat ditulis dina sa-
jarah kumaha gagahna Prabu Lingga
Buana jeung Diah Pitaloka katut
wadyabalad nu ngan saeutik, teu-
neung ludeung ngabéla hargadirina!”
Kitu cek Mohamad Jumhur Hi-
dayat ka wartawan dina sela-sela
“Menolak Lupa 5 Agustus1989 Talk-
stalgia 2013 - Bersama Mohamad
Jumhur Hidayat” nu lumangsung di
GIM (Gedong Indonesia Menggugat)
Jln. Perintis Kemerdekaan Bandung
(5/8). “Lamun urang Sunda taya nu
payus jadi presiden ulah maksakeun,
tapi lamun aya nu pantes jeung
nyubadanan jadi pamingpin nagri,
ulah caricingeun”, kitu pokna nan-
deskeun.
Dina paguneman nu ngaguar deui
kajadian 5 Agustus 1989 (mahasiswa
ITB ngademo Mendagri Rudini nu
rawuh ka kampusna muka panataran
P4- 11 mahasiswa ITB kaasup Jumhur
ditéwak Bakorstranasda laju dibui-
Jumhur bebas 25 Februari 1992)
harita dijejeran ku Prof.H. Ahmad
Mansyur Suryanegara (Sejarawan
Unpad), M. Ridho Eisy (Wartwaan
senior & Penyair alumni ITB), Mas
Radar (mantan aktivis), jeung wa-
likota anyar Ridwan Kamil kaasup
Juhana Sutisna (Joe P Project-mode-
rator) jeung ibuna Jumhur, Bu Ati.
Soal kajadian 5 Agustus harita, cek
Denci (Aden Kecil, nenehanana
Jumhur keur leutik ) memang jadi
perlawanan nyata kana “hapana”
karaharjaan jeung demokrasi mangsa
orba. Kiwari agenda demokrasi /re-
formasi sok sanajan “kabablasan”
jeung perlu dibeberes deui tapi geus
lumangsung di ieu nagri. Tinggal
ngarah kana agenda nu utamana
nyaeta ngabébérés karaharjaan ka-
martabatan jeung kamandirian .Kaja-
dian “Saptu Kulawu” 5 Agustus ge
sabenerna perlawanan kana saniskara
panggusuran tanah nu lumangsung
teu adil jeung nyangsarakeun rayat di
Indonesia (dibayar 30 perak/meter),
saperti kasus Kacapiring, Badega,
Cimacan, Lampung, Kedung Ombo
(Jawa Tengah), jsb, Penggusuran
tanah nu mangrupakeun kolaborasi
kasarakahan antara bupati, gupernur
jeung pangusaha, “Tah kapanan sa-
dayana kapala daérah téh pa-
payungna Mendagri, tah kaleresan
harita aya ka kampus, nya didemo wé,
da anjeunna nu pangtanggelwalerna
mah.”, Cek Denci nyoreang alam ka
tukang dina mangsa perjuangan.
Dina pamustunganana Jumhur
umajak ka batur-batur saperjuan-
ganana baheula, sangkan dimana
geus meunang jabatan/ jadi paming-
pin ulah nepikeun “Rajawali robah
jadi Manuk Nuri” , jadi pamingpin nu
kumaha juragan wae jeung teu mihak
ka rayat, sabab sieun ilang ja-
batanana. Tapi kudu saperti pajuang
nu ku Rendra ditulis dina sajakna,
“sangkar besi jangan merubah Ra-
jawali jadi burung Nuri!” Memang
kiwari loba batur Jumhur nu tala-
jakna kawas nu ditulis dina sajakna “
Jabatan pujapuji, hormat, kaka-
wasaan, fasilitas, sok ngarobah ra-
jawali jadi manuk nuri”,
pokna.***(RH/Asep GP)
Dr. Indra Prawira, pupuhu Bammus Jabar
9. Manglé 2438
P
oko-poko usulan Dewan Perwaki-
lan Daerah (DPD) RI ngeunaan
parobahan kalima UUD 1945, terus
dibéwarakeun. Anggota DPD RI asal
Jawa Barat, Dra. Hj. R. Ella M. Giri Ko-
mala, MM.Pd., nétélakeun, sosialisasi
parobahan kalima UUD 1945 minangka
upaya nguatan bakti DPD-RI keur
nguatan nagara. Kitu diantara biantarana
waktu acara Focus Group Discussion
DPD-RI gawé bareng jeung DMI Wilayah
Jawa Barat, Rebo 24 Juli 2013.
Acara diskusi euyeub pisan. Kitu deui
narasumber jeung pamilonna ti saba-
baraha tokoh penting di Jawa Barat. Di-
antara waé narasumber nu hadir harita,
lian ti Dra. Hj. R. Ella M. Giri Komala,
MM.Pd., ogé aya Prof. Dr. H. Deddy
Mulyasana, M,Pd., Dr. Dedi Djamaludin
Malik, M.Si., Drs. HR. Maulany, SH., Drs.
H. Maman Muhammad Iskandar.
Aya 10 usulan parobahan UUD 1945,
nyaéta : 1. Nguatan sistem presidensial,
2. Nguatan lembaga perwakilan, 3.
Nguatan Otonomi Daerah, 4. Ngeunaan
calon presiden perseorangan, 5. Mis-
ahkeun antara pemilu nasional keung
lokal, 6. Forum previlegiatum, 7. Nguatan
deui peran MK, 8. Nambahan pasal
masalah HAM, 9. Masalah Bab Komisi
Nagara jeung 10. Nguatan ngeunaan bab
atikan jeung ékonomi.
“Tangtos usulan parobahan ieu, éstu-
ning keur nguatan nagara. Lantaran
upama teu aya parobahan, dihari-
wangkeun ayana démokrasi nu katalanju-
ran. Sanajan peran DPD teu sakuat DPR,
tapi upama meunang pangrojong
masarakat, teu mustahil bisa dirobah,”
ceuk Hj. R. Ella M. Giri Komala jinek.
Sababaraha usulan DPD RI memang
pada ngarojong. Malahan sual Otonomi
Daerah, ngarasa panuju kana usulan
DPD-RI sangkan OTDA henteu disaléng-
gorkeun keur ngalemahkeun peran
provinsi. “Peran pamaréntah provinsi
kacida pentingna, tangtu OTDA kudu
nguatan provinsi sanés kabupaten atanapi
kota,” ceuk Drs. HR. Maulany, SH., jinek.
Kumaha ari parobahan calon presiden
perseorangan? Usulan DPD-RI mémang
dianggap logis. Ngan ceuk Dr. Dedi Dja-
maludin Malik, M.Si., keur calon presiden
masarakat masih percaya ka partéy poli-
tik. “Wajar pisan pami masarakat masih
kénéh percaya ka partéy keur nangtukeun
pamingpin bangsa mah,” pokna.
Sedengkeun, nurutkeun Drs. H.
Maman Muhammad Iskandar, staf ahli
anggota DPD-RI, mémang usulan paro-
bahan UU 1945 bakal moal gampang,
pangpangna ti pihak DPR-RI. Tapi sana-
jan kitu, upama nilik kana kapentingan
bangsa nu leuwih hadé mah, Insya Alloh
laun-laun mah bisa tinekanan.
Wakil Jawa Barat
Kudu Leuwih Loba
Nurutkeun undang-undang ayeuna,
wakil masing-masing anggota DPD
(Dewan Perwakilan Daerah) ti saban
provinsi aya opatan. Sanajan jumlah pa-
dumuk antar provinsi ganjor kacida, tapi
angger sarua opatan. Sistem modél kitu,
keur urang Jawa Barat mah kacida rugina.
Lantaran, luyu jeung pungsi DPD tur pad-
umuk Jawa Barat nu sakitu lobana, kaa-
sup henteu adil. Ku kituna, keur Jawa
Barat mah kacida perluna anggota DPD ka
hareup bisa merjuangkeun kuota wakil
DPD nu adil. “Mémang parobahan kitu,
luyu jeung kahayang masarakat pang-
pangna di Jawa Barat. Masalahna, keur
berjuang kitu, kudu aya parobahan deui
masalah kuota anggota DPD tiap provinsi.
Hadéna mah, nu ngawakilan daérah gé
8
Parobahan Kalima UUD 1945;
DPD-RI Jawa Barat Nguatan Nagara
10. Manglé 2438 9
ulah disaruakeun antar provinsi. Piraku,
Jawa Barat nu sakitu loba padumukna,
anggota DPD ngan opat urang, disa-
ruakeun jeung provinsi nu saeutik padu-
mukna. Tangtu parobahan ieu penting
kacida,” kitu nurutkeun Drs. HR.
Maulany, Ketua Dewan Masjid Indonesia
(DMI) Jawa Barat, pokna témbrés.
Sedengkeun nurutkeun Prof. Dr. H.
Deddy Mulyasana, M,Pd., kaayaan politik
kiwari mémang diantarana luyu jeung
kamekaran kacerdasan rakat nu rek
milihna. Hartina, ngawangun sistem poli-
tik nu adil, memang perlu proses nu teu
gampang. “Ngaliwatan DPD-RI saben-
erna sistem politik nagara bisa dibebenah,
ngan hanjakal ngawatesanan téa,” pokna.
Kumaha ceuk politisi Jawa Barat? Nu-
rutkeun Dr. Dedi Djamaludin Malik,
M.Si., nu harita ngahaja hadir, mémang
sistem ayeuna dianggap paling hadé.
Anapon peran DPD-RI dianggap kurang,
diantarana lantaran masarakat can bener-
bener ningal ketak DPD nu sagemlengna.
“Rupina ketak DPD-RI kedah seueur
sosialisasi, dugi ka janten kabutuhan
masarakat. Kanggo pribados mah, atoh nu
aya, mudah-mudahan DPD ka payun tiasa
langkung greget,” cek ieu politisi PDI Per-
juangan Jawa Barat tandes.
Peran lembaga DPD-RI nu leuwih
jinek, memang ahirna bakal mekar luyu
jeung pangabutuh masarakatna. Ku ki-
tuna, Dra. Hj. R. Ella M. Giri Komala,
MM.Pd. deui, ka hareupna moal bosen-
bosen rék nyosialisasikeun peran DPD ka
masarakat nu leuwih maksimal. “Sanajan
kawatesanan pungsi keur ngabebenah sis-
tem ketatanegaraan, mudah-mudahan
masarakat ahirna ngarasa leuwih butuh,
komo keur urang Jawa Barat mah,”
pokna.
Tarékah-tarékah DPD-RI keur
nguatan nagara mémang perlu
dibéwarakeun maneuh ka masarakat,
kaasup di Jawa Barat. Kituna téh, lian ti
sangkan masarakat wanoh kana peran
DPD RI, ogé keur nampung aspirasi
masarakat di daérah. *** (RH)
Para pamilon sosialisasi ngarojong usulan parobahan kalima UUD 1945 DPD-RI.
11. 10 Manglé 2438
Bagian
169
Peuting ka-186
Sajeroning diadu-
renyomkeun, Putri Budur
jeung Komarujaman mah,
teu kagareuwahkeun.
Angger ngagoplek talibra
naker, teu kaganggu ku
sora jin nu omonganana
patarik-tarik.
“Sok atuh guyahkeun
sina hudang!” ceuk jin
nyarankeun.
“Heug!” ceuk jin
awéwéna.
Leng mikir néangan
cara ngahudangkeun nu
keur tibra. Maimunah
mésém, ras kana
kabiasanana nu bisa
malih warni mindah rupa.
Harita gé kapkir, men-
ding ngageuingkeun
ngaliwatan jasad séjén.
Manéhna ngagibegkeun
awakna, les leungit, da
jadi sato leutik, jadi tu-
mila. Kitu téh sangkan
bisa samemena nga-
garayaman kana awak nu
keur ngageubra.
Nu pangheulana di-
hudangkeun téh Komaru-
jaman. Hudang lantaran
aya nu nyoco kana
awakna. Ngan, ari diusap-
usap nu nyioco téh teu
karampan.
Komarijaman nguni-
ang hudang. Cengkat bari
terus rarat-reret. Gebeg
ngagebeg lantaran
gigireunana aya awewe
geulis naker. Ieu
pangeran nu jangji ka di-
rina moal kagoda ku
awewe téh ningali rurupa-
an Putri Budur kitu mah,
teu burung ngageter
hatena. Kapincut ku
rurupaan éta awéwé.
Bari neuteup nu keur
tibra, Komarujaman
mikir. Ras inget kana
purwadaksina. Ceuk
pikirna, mana kitu gé
geus suratan takdir, kudu
papanggih jeung awéwé
nu mampuh ngirut
hatena. Ras inget kana
kajadian ka tukang-
tukang, apan pangna
diberok téh lantaran
nolak laki-rabi.
Teuteup éta pangeran
téh anteb naker. Pipiki-
ranana cus-cos ka mana
karep. Ras ka bapana, boa
éta putri téh nu rék di-
jodokeun ka manéhna.
Mun apal kana pikitueun,
tangtu moal nolak, malah
manéhna sorangan nu
baris leuwih tiheula
ngalamar éta awéwé.
Komarujaman nyoba-
nyoba ngagaramang kana
lebah suku nu keur sare.
Maksudna mah,
ngageuingkeun. Tapi,
Putri Budur teu ka-
ganggu. Malah, ahirna,
najan diguyah-guyah
tetep teu lilir-lilir.
Memang kituna téh
pangaruh tenung tunduh
Dahnasyi nu mangaruhan
kénéh ka éta putri. Apan,
méméh dibawa ka éta
tempat téh disirep heula
sina tunduh. Ku cara kitu,
éta jin bisa mawa putri
kalayan gampang jeung
teu ngagareuwahkeun
pihak séjén.
Peuting ka-187
Syahrazad nerukeun
dongengna.
Najan taya sasaha, da
Komarujaman teu
ningalieun aya jin nu
tiluan, tetep bisa nahan
dirina. Sanggeus éta putri
teu hudang waé, manéhna
ukur nyokot ali nu aya
dina ramo éta awéwé.
Kituna téh, banget ku asih
ka éta putri nepi ka
hayang ngajodo ngawa-
ngun rumah tangga. Geus
kitu mah, éta lalaki téh
ngagoledag deui reup saré
tibra naker.
Ku lantaran putri teu
hudang, Maimunah
hayang ngahudangkeun
Putri Budur. Carana,
saperti nu dilakukeun ka
Komarujaman. Ieu putri
jin téh ngarobah wujud
jadi tumila. Geus kitu
mah, gagarayaman dina
beuteung putri. Celetot
nyoco tarik pisan.
Putri reuwas, ka-
gareuwahkeun ku nu
nyoco. Geus kitu mah,
nya beunta terus rarat-
rérét. Bakating ku lulungu
nyangkana mah aya
kénéh di tempatna, di ka-
putren.
12. Manglé 2438 11
Putri rarat-reret,
horéng éta tempat téh
béda jeung kamarna.
Gebeg manéhna ngagebeg
waktu ngalieuk ka gigir,
horéng aya lalaki nu keur
ngageubra. Barang dilik-
ilik, éta lalaki téh kacida
matak ngirutna. Ku lan-
taran kitu, éta putri téh
teu bisa nahan haténa.
Manéhna gancang hu-
dang, ngaguyahkeun nu
keur tibra.
Komarujaman me-
mang tibra naker. Antuk-
na, najan digeuingkeun
angger teu daék lilir.
Atuh, éta putri téh
ngahuléng. Ret kana
ramo kénca Komaru-
jaman. Manéhna mésem,
da sidik éta lalaki téh
maké ali nu manéhna.
Hartina, Komarujaman
téh neundeun haté ka éta
putri.
Wanci geus ngagayuh
ka subuh. Jin nu tiluan
masih kéneh ngabandu-
ngan kalakuan éta putri.
Atuh, Maimunah téh bu-
ngah kacida lantaran ceuk
pikirna, tétéla nu awéwé
leuwih katajieun ku lalaki
nu dibobotohanana.
“Hartina, andika
éléh!” ceuk Maimunah.
“Teu lepat, nampi sim
kuring asor!” ceuk Dah-
nasyi.
Najan kitu, trét wéh
putri jin téh nyieun
katerangan sakumaha pa-
menta Dahnasyi tiheula
téa. Intina, éta jin lalakina
téh dianggap balad
Maimunah nu teu meu-
nang diganggu ku saha
waé. Da, upama Dahnasyi
diganggu ku jin séjén,
Maimunah baris mantuan
éta jin lalakina téa.
“Sok geura balikkeun
ka tempatna!” ceuk
Maimunah.
Sanggeus Maimunah
ngomong kitu, Dahnasyi
nyirep deui Putri Budur.
Golédag wéh éta putri téh
saré deui, tibra deui.
Regeyeng nu putri nu
keur saré dipangku,
dibawa ngapung ka
awang-awang. Maksudna,
dibalikeun ka nagrina
luyu jeung parentah
Maimunah.
Peuting ka-188
Komarujaman lilir
deui. Langsung ngoréjat
lantaran mémang geus
subuh. Manéhna kacida
reuwasna, lantaran
awéwé nu cikénéh aya di
gigireunana téh teu tem-
bong. Ras ka bapana,
ceuk pikir putri, éta lalaki
geus dibawa deui ka tem-
pat séjén luyu jeung
paréntah raja.
“Hey nu ngajaga! Ka
mana awéwé nu bieu di
dieu!”
Nu ngajaga, nu keur
lulungu asa kagebah.
Korejat hudang terus
nangtung nyampeurkeun
Komarujaman. Manéhna
heran ngadéngé kekeca-
pan dununganana kitu
téh.
“Saha juragan?”
“Bieu téh apan aya
awéwé. Ka mana ayeu-
na?”
“Ih, naha da ti tatadi
gé teu aya sasaha!”
Mémang enya, lanta-
ran pangaruh élmu jin-jin
téa, nu ngajaga gé teu
apaleun aya awéwé jeung
jin ka éta kamar téh. Nu
katempo ti soré kénéh
malah nepi ka peuting
terus ka subuh, taya
sasaha iwal ti Komaru-
jaman. *** (Hanca)
13. 12 Manglé 2438
A
yeuna mah Nyi
Dampi seuri
enyaan, atoh
pitapakna diasupan, ngan
kari ngabésrat tamiangna
baé. Nyi Rapiah moal teu
kajiret. Geus kaured mah,
wah, ti Babah Ringgit
atawa ti Anom Luwih –
Louis— ogé copélna
salawé pérak mah moal
teu ngagolosor.
“Ih, Masmirah, dunu-
ngan Embi, Agan mah bet
kitu, sapertos mu-
rangkalih nyuhunkeun
cau, ari pok ari sok. Nu
kitu mah atuh teu kenging
didadak. Upami yaktos
palay, Agan kedah kersa
rurumpaheun linggih ka
Embi. Upami kaleresan
mah di Embi sok kempel,
Néng Munigar, Néng
Salamah, Néng Sinta,
malah Agan Lilis sareng
Agan Éha gé sirikna teu
lar-bus ka Embi mah.”
“Aéh kutan,” ceuk Nyi
Rapiah bangun kagét.
“Atuh éta mah kabéh gé
batur ngaji kuring, malah
Agan Lilis jeung Néng
Sinta mah hatamanana
ogé bareng. Éta téh diwiri-
dan pamaké téa di Embi,
nya.”
Nyi Dampi pura-pura
ngeunah seuri bari jiga
enya ocon banyol: “Hah,
hah, hah. Éta mah Si Lucu
ana geus nyieun lulucon
sok matak ngabarakat teu-
ing abong enya ka Embi
teu asa-asa miindungm
hah, hah, hah.”
Dibéjér béaskeun mah
panjang teuing pok-pokan
atawa pepetaan Nyi
Dampi “ngaragaji” Nyi
Rapiah nu mémang ropoh
pagerna téh. Cindekna
mah Nyi Piah téh rungkad
wéh!
Saha di palebah dieu
nu kudu disalahkeun?
Naha Nyi Rapiah nu ipis
bendungan? Apan jadina
ipis bendungan mah ngan
ukur akibat!
Akibat kurang urus,
akibat nyeri
dipangnyandungkeun.
Cara nu keur lapar aya nu
méré kadaharan sasongna.
Lain salah Si Lapar, da
lapar mah ukur akibat ku-
rang dahar. Teu lapareun
mah moal enya sasantok-
sasantokna!
Nyi Dampi atuh nu
cara careuh, ngadodoho
hayam balangah. Ih, apan,
careuh mah mémang
kabeukina hayam. Careuh
kahakanan hayam.
Nu salah mah nu boga
hayam. Kurang awur, nepi
ka hayam ngalantrah,
jeung teu rékép lawang
paranjé.
4
Di urang aya paribasa
“kausap sétan”
nuduhkeun ka jalma nu
ingkar tina jalan bener,
nyasab tina ihdinas sirotol
mustaqim, tegesna kasung
kana jalan nu henteu
diridoan ku Alloh Taala.
Cék para arif, mungguh
sétan teurakna ngagoda
téh ngan ka jalma nu
héngkér batinna, bangsa-
ning jalma aral, jalma teu
kuat ku dodoja, jalma nu
jejerih ku kaprihatinan,
jalma anu hayang senang
mumul pusing, jeung
sabangsana. Aya
mendingna lamun jalma
karitu téh, barogaeun
pacabakan anu baku aya
geusan bangbalérna. Ana
ninggang di nu kedul
ditambahan poék pikir
cupet budi, kabisa ngan
lugah-ligeuh atawa huleng
jentul, babari pisan
kausap sétan téh, apan
cenah gé: “Lugah-ligeuh
téh sarua jeung
gégéléhéan dina anggel
sétan.”
Nyi Rapiah ogé jeung
awéwé ngora sabangsana
atawa sapantarana, nya
kitu. Tuman senang di-
wowoy ti bubudak, dahar
kari am, paké kari rap,
pelesir sadaékna, heug di-
tambélarkeun ku salaki,
lugah-ligeuh taya gadag da
teu timu pacabakan... jol
gerejud pantar Nyi Dampi,
beu atuh pérén.
Dua poé sanggeus
diolo digélo ku Nyi
Dampi, isuk-isuk kira
pukul sapuluh, para pa-
gawé mah keur meujeuh-
na di kantor, Nyi Rapiah
aya di imah Nyi Dampi, di
Kebonkalapa, meunang
{ 8 }
Ku M.A. Salmun
14. Manglé 2438 13
ngabadamian, meunang
ngolo, meunang ngalem-
pes, geus leumpeuh lir
jawér kotok meunang
ngadéang, rék digéléng rék
dibébér gé kari kadaék.
Pasangpeta imah Nyi
Dampi téh enya di luar
biasa, pantona gé ti ungal
madhab, sugag-segogna
kamar pantes geusan
susumputan. Di antara
kamar téa aya dua anu
pasangpetana moal éléh
ku kajuaran ménak jaman
harita, garenah bararesih,
raresik, héor-héor seungit
manglé. Di béh tukang,
deukeut dapur aya kamar
mandi jeung jamban anu
moal kurang bareresihna
ti di kabupaten, dina bilik-
na gé aya eunteung gedé
jeung pangradinan
sapuratina, wedakna rupa-
rupa, ti wédak beuas nu
lumayan nepi ka pupur
toko nu mahal jaman
harita. Di juru aya jajam-
baran di eusi cai meunang
ngembangan, siga cai
padusan, ngamandian nu
susuci.
Dina tepas, aya
sawatara rékal, di juru
nyocok gulungan samak,
di luhurna erak tempat
kitab-kitab. Di ténjo ti luar
mah, cék saha lain imah
paranti diajar ngaji, komo
duméh bilikna dipapaés
ku lapad, gambar burak
jeung gambar ka’bah. Da
jeung enyana, ari ti peu-
ting mah, lamun soré
kénéh, di tepas Nyi Dampi
téh réang ku barudak di-
alajar ngaji, diguruan ku
Haji Gombél –kawasna
mah lain haji enyaan, da
béjana leuwih apal kana
balak batan kana manasik;
leuwih nyaho kana lédot
batan tawaf— mun ti beu-
rang, meujeuhna lalaki-
lalaki jarongjon
dipagawéanana atawa
pausahaanana, sok réa
awéwé ngarora jeung
urang asing nu baleung-
har, boh anom-anom ti
kontrakan, boh babah-
babah ti kalangan sudagar
daratang ka imah Nyi
Dampi. Kalan-kalan sok
aya ogé bangsa urang, tapi
rada carang, kawasna
dompétna bangsa urang
mah kurang padet.
Upama pareng aya nu
nanya, rék naon Nyi Anu
atawa Néng Anu ka
imahna, Nyi Dampi aya
baé jawabna, magar téh
nu ménta dipangjualkeun
geulang, nu ménta di-
pangjualkeun samping, nu
ménta asihan, nu diaku
baraya baé jeung jaba ti
éta. Ari anom-anom jeung
babah-babah, magarkeun
téh ngilikan berlian, uru-
san dagangan, néangan
pibabueun jeung jaba ti
éta. Kabéh nu nanya
biasana percaya baé. Ari
tatangga, puguh ku Nyi
Dampi dikanyahokeun
kabutuhna, aya nu dibajel
urusan dapurna, aya nu
diruruba ku lungsuran,
aya nu dipangjeujeuhkeun
kaperluan jeung jaba ti
éta, atuh kabéh gé balem.
Jaba ti di unggal jalan
pangparatan ka imahna
neundeun calo purah
méré isarah mun aya nu
rék ngagaradah téh, di
kalangan pulisi ogé Nyi
Dampi téh masang usung-
ésang. Teu percumah
jurutulis sakaut disamping
weuteuh unggal bulan
atawa ganti baju lena opat
bulan sakali téh, mun lain
panyogok ti Nyi Dampi.
Jaba ari agén-agén mah,
saat kabéh geus ngasaan
bako tampang “Ibu Empi”.
Cindekna pikeun jaman
harita mah “Pausahaan”
Nyi Dampi téh pohara
rikip tur limitna.
Anu jadi jontrotna,
Agan Lilis. Enya ari bapa-
na mah ménak tur puguh
kocoranana malah kungsi
jadi wadana di bawahan
Garut, orokaya indungna,
ronggéng Manglayang nu
jaman harita mah kawen-
tar geulis, ngungkulan
anak-anak priyayi, Nyi
Anis ngaranna. Aom
Dotong bapa Lilis, beuki
ngibing, resep ria-ria,
ditambah piawéwé, mang-
gih ronggéng sakitu
mohmoyna, dibélaan guj-
rud, maksa kawin, boga
anak, “agan” Listariah.
Lantaran agan gé “agan
bulu hiris” lain “agan
candramawat” hirupna
gugulawingan, dibawa ka
luhur teu sundul, cicing di
handap teu napak, komo
barang Aom Dotong geus
sah ti dunya mah, jaba ti
gugulawingan téh bari
kokoléaban, hadéna baé
aya baraya indungna nu
ngaranna Nyi Dampi, daék
rumawat. Satuluyna, ku
saréréa ogé tangtu kaharti,
moal teu ka jarian-
masarakat gubragna.
Nyi Rapiah abusna ka
imah Nyi Dampi téh di-
haja ditéang heula ku
Agan Lilis, batur ngaji
keur budak sabab bisi
éraeun atawa teu luas
didagoan di imah mah.
Harita gé ari haténa
mah Nyi Rapiah téh dag-
dig-dug, leumpang ogé asa
nincak asa henteu, sabab
saumur dumelah kakara
harita “nyaba teu puguh”
téh. Ngan minangka
luangna téh, baheula dii-
wat ku Si Abdullah ti gu-
nung, disumputkeun di
imah gulang-gulang téa.
Jadi ari bakat kana teu uni
mah di Nyi Rapiah téh
mémang geus nyampak,
rayungan ti jaman keur di
panganténkeun kénéh.
(hanca)
15. T
os pada kauninga wireh ayat
Alqur’an anu munggaran
dilungsurkeun dina sasih
Romadhon, hal eta dumasar kana
ayat Alloh surat Al-Baqoroh ayat
185: “Bulan Romadhon teh bulan di-
turunkeunna Alqur’an, mangrupa
pituduh pikeun manusa tur anu
ngajelaskeun ngeunaan pituduh eta,
sangkan ngabedakeun antara hak
jeung batil”
Sanaos teu aya ayat atanapi
hadist shahih anu sacara langsung
nuduhkeun ayat Qur’an anu mung-
garan teh lungsur dina tanggal 17
Romadhon, atawa laelatul qodar teh
tanggal 17, tapi kalolobaan kaum
muslimin mieling lungsurna
Alqur’an saban tanggal 17 Romad-
hon. Tapi oge deuih palebah laelatul
qodar teu aya saurang oge anu
sacara tandes nangtukeun tanggal-
na, padahal sidik dina ayat sanes
dawuhan Alloh: “Saestuna Kami
nurunkeun (Alqur’an) dina hiji
peuting anu mulya (laelatul
Qodar).” (Al-Qodr: 1).
Pedaran ieu lain rek madung-
dengkeun beda pahamna para
ulama ngenaan poe laelatul qodar
jeung nuzulul Qur’an, sabab
bawiraos aya hal langkung penting
batan sakadar mieling atawa
ngarayakeun mangsa nuzulul
Qur’an nu ilahar sok dipieling saban
tanggal 17 Romadhon.
Hal anu langkung penting teh
nyaeta, kumaha eusining Alqur’an
ngawujud jadi pepeling. Momentum
bersejarah lungsurna Alqur’an anu
pasti dina bulan Ramadhan sapertos
anu digambarkeun di luhur, hadena
ngageuing diri pikeun malikkeun
laku kana eusi kandungan ayat
Alqur’an, malar teu kajadian antara
urang jeung Qur’an ibarat cai jeung
minyak, atawa ngaku kana
linuhungna Alqur’an salaku papagon
hirup tapi cul dogdog tinggal igel.
Alqur’an diturunkeun pikeun
jadi panggeuing anu sampurna keur
saban manusa taqwa (Al-Baqoroh
ayat 2), sarta jadi pituduh anu
nuduhkeun jalan titincakan laku
lampah. Allah parantos maparin
jaminan kasampurnaan Alqur’an
geusan ngatur perkara syare’at
jeung prakprakanana (Al-Maidah:
48,50), pon kitu deui orisinilitas
ajaranana (Al-Hijr: 9).
Ngan hanjakal dina emprona,
kacida lobana kaum muslimin teu
pati mirosea kana ayana Alqur’an,
dibaca soteh mun pareng keur tung-
gara, atawa hirup keur katideresa
bari teu apal kana hartina, komo
pimaksudeunana. Rajeun diampi-
han ukur sakadar hiasan, dipusti-
pusti ukur kawatesanan dianggap
karamat, padahal bakal soteh jadi
rohmat lamun daek macana atawa
neuleuman eusina.
Nuzulul Qur’an anu kamari
waktu Romadhon geus sabaraha
kali karandapan ku urang, ari mi-
eling namah meureun geus aya likur
kalina, ngan saumur hirup asa can
kungsi boa tamat macana komo ka-
cangkem eusina. Lamun
kaayaanana sarupa kitu, tangtu ka-
datangan Nuzulul Qur’an taun ieu
lain sakadar di pieling, tapi
sakuduna jadi pepeling. Mana-
horeng hirup teh geus lila nyicingan
dunya, da geuning geus puluhan kali
nyorang Nuzulul Qur’an.
Naha naon sababna urang kudu
ngajadikeun Alqur’an salaku papa-
gon hirup?
Kahiji, lantaran eusina Alqur’an
ngawengku sagala aturan tur jawa-
ban saban pasualan kahirupan
manusa, perkara eta kacida ka-
hartina, sabab kapan Alqur’an teh
dilungsurkeun ku Alloh Ta’ala anu
nyiptakeun sagala rupa kajadian
dina kahirupan, nya tangtuna Man-
ten-Na Maha nguningakeun kana
naon-naon anu parantos diciptaNa
sinareng nangtukeun sagala aturan
pikeun mahluk ciptaanana. Ibaratna
hiji pausahaan anu nyieun laptop,
tangtuna pausahaan eta anu ngaran-
cang, nangtukeun cara operasina,
cara miarana, jeung anu bakal
leuwih apal di mana aya karuksakan,
kalayan leuwih nganyahokeun
kumaha ngomekeunana.
Kadua, Alqur’an minangka juk-
lak kahirupan anu dijamin
orisinalitasna. Salaku papagon
hirup Alqur’an minangka hiji-hijina
kitab anu tahan uji, jeung tahan tina
sagala upaya jalma dzolim anu boga
niat nyelewengkeun atawa
mengkolkeun eusina. Lebah dieu
Alloh parantos jangji pasini geusan
Qur’an Jadi Pépéling
Sangkan Aréling
Ku Juniarso Ridwan
14 Manglé 2438
16. salamina ngariksa kamurnian ayat-
ayat Alqur’an sakumaha dawuhan-
ana:
“Kami geus nurunkeun Alqur’an
jeung ku Kami dijaga salawasna (Al-
Hijr: 9).
Dina ayat sanes:
“...Anu moal datang kana eta
Alqur’an teh kabatilan, boh ti
hareup atawa ti tukang” (Fushilat:
42).
Komitmen Gusti Alloh ngariksa
kamurnian Alqur’an kabuktosan ku
ayana mujizat kaanehan anu jarang
kapirosea ku manusa. Buktina
Alqur’an, babari diapalkeun, gan-
cang kaharti lamun dibaca tur
babari ngamalkeunana. Lamun di
hiji lembur geus ngurangan anu
apal kana Alqur’an, buru-buru
datang generasi anu ngagantina,
barudak TK, TPA paheula-heula
ngapalkeun Alqur’an, jeung beuki
dieu asa beuki loba lembaga pen-
didikan Alqur’an ti mimiti usia dini
tepi ka nini-nini dialajar maraca
quran saban pangajian. Loba pihak,
rek lembaga atawa perorangan anu
nalingakeun kana kamurnian ayat-
ayat Alqur’an, upama aya salah citak
atawa ngahaja diselewengkeun
sanajan saayat, tantu bakal gancang
kanyahoan.
Katilu, Alqur’an minangka hiji-
hijina undang-undang kahirupan
anu paling pas pikeun manusa jeung
alam sakuliahna, lantaran baris nga-
jamin pikeun saha anu ngagemna
salawasna moal sasab. Pidawuh
Alloh Ta’ala:
“Saestuna ieu Alqur’an mere pi-
tuduh kana (jalan) anu lempeng (Al-
Isra: 9).
Rosululloh oge ngadawuh:
“Kuring mere titinggal dua
perkara pikeun aranjeun, lamun seug
aranjeun muntang pageuh kana dua
perkara eta, moal sasab salawasna,
nyaeta Alqur’an jeung Sunah.”
Alqur’an baris bisa mere jawaban
pikeun sakumaha rohakana pasualan
anu pagaliwota dina pikiran manusa.
Min aina..ilaa ainaa...limadza (ti
mana, rek ka mana, jeung keur naon
urang hirup nyicingan dunya) sadaya
patarosan ngeunaan tujuan hirup
manusa, asal-usul sajarahna tur gam-
baran kahirupan anu bakal kasorang,
kajadian-kajadian leutik atawa
badag, naon wae perkara anu
diperlukeun manusa aya jawabanana
dina Alqur’an.
Kautamaan-kautamaan Alqur’an
anu sakedahna dikanyahokeun ku
kaum muslimin malar bisa
ngaronjatkeun kaimanan tur katak-
waan bari micinta Alqur’an di
antawisna:
1. Alqur’an kitab anu pinuh
barokah (mubarok), nyumi-
ratkeun cahaya (nuur), ngabeda-
keun haq jeung batil (furqan),
obat panyakit hate jeung jiwa
(syifa’ul limaa fis-shudur), nga-
jelaskeun sagala pasualan (al-
bayan), pituduh (al-Huda) jeung
rea deui nami-nami Alqur’an
anu luyu jeung fungsina.
2. Pang hade-hadena manusa
nyaeta ahli Qur’an. Pidawuh Ro-
sululloh : Khoerukum man ta’al-
lamal Qur’aana wa ‘allamahu
(Panghadena di antara aranjeun
nyaeta anu neuleuman elmu
Alqur’an jeung ngajarkeunana-
HR. Bukhori).
3. Generasi anu diajar jeung
ngajarkeun Alqur’an disebut
pang hadena generasi. Pidawuh
Alloh Ta’alaa: “Anjeun kudu jadi
generasi rabbani (generasi anu
sampurna) lantaran anjeun
salawasna ngajarkeun Alqur’an
kusabab ajeun teu eureun diajar-
na (Ali-Imron: 79).
Lungsurna Alqur’an (Nuzulul
Qur’an) tiasa disebat kajadian
agreng, margi sanes mung wungkul
pangalaman spiritual aheng anu
kaalaman ku Kanjeung Nabi, tapi
minangka titimangsa gumelarna
papagon hirup manusa anu nga-
jamin kasalametan kahirupan
dunya akherat.
Lamun ditakdirkeun poho iraha,
tanggal sabaraha, jeung wayah
kumaha Alqur’an diturunkeunana,
asana moal leuwih cilaka tibatan
poho kana eusina, poho ngajalan-
keun parentah jeung laranganana,
poho yen Alqur’an teh papagon
hirup anu ngudukeun saban
manusa mutlak ta’atna. Wallo-
hu’alam bissawab. ***
Manglé 2438 15
tina internet
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI Lembaga Pengkajian dan Pengembangan Syiar Islam UNPAS
Sual Qodo jeung Fidyah
Patarosan:
Dina bulan Puasa taun samemehna,
abdi gaduh keneh qodoaneun puasa.
Lantaran teu kabujeng wae ngodoaneun
tea, teu karaos sumping deui puasa. Nu
jadi patarosan, kumaha kedahna supa-
dos abdi tetep kalebet jalmi nu toat kana
agama. Punten, sanaos ayeuna tos sanes
deui sasih puasa, namung mudah-mu-
dahan ku aya waleran mah, abdi janten
hati-hati. Hatur nuhun kana waler-
anana.
Wassalam,
Romadon Syah
Geger Kalong Hilir Bandung
Waleran:
Nu janten prinsip utama, yen puasa
sasih Romadon keur umat Islam,
hukumna wajib, sakumaha nu kaunggel
dina surat al-Baqarah ayat 183. Lan-
taran hukumna wajib, atuh nuhenteu
ngalaksanakeunana hukumna dosa,
anging ka jalma-jalma nu ngagaduhan-
halangan (udzur syar’i). Palebah dieu
mah mangka wajib ngaganti (ngodoan)
puasa anu ditinggalkeunana. Pidawuh
Alloh: “… mangka saupama di antara
aranjeun ngarasa teu damang atawa
dina kaayaan nyanyabaan (safar),
mangka wajib diganti dina poe-poe
lianna…” (QS. al-Baqarah: 184).
Anapon dina hukum qodo, aya nu
kedah diperhatoskeun. Kahiji, ning-
galkeun puasa Romadon ku sabab aya
halangan sacara syar’i (udzur syar’i).
Anu disebat udzur syar’i nyaeta udzur
atawa halangan anu disahkeun ku
hukum Islam, sapertos henteu damang
wales, nyanyabaan (safar), ngalahir-
keun, kedah nyusuan jeung sa-
bangsana. Jumhurul ulama geus sapuk
saupama aya jalma anu ngabogaan
hutang qodo puasa nyaeta puasa Ro-
madon kusabab udzur syar’i, terus
nunda qodona nepi kadatangna bulan
Romadon deui, mangka henteu jadi
dosa ka manehna jeung meunang
diqodoan dina poe-poe anu mungkin
manehna bisa ngalakukeuna sok sana-
jan tos dua atawa tilu kali bulan Ro-
madon anu dialamana.
Contona, saupama aya istri anu
kakandungan di bulan Romadon taun
1433 H., terusanjeunna henteu mam-
puh ngalaksanakeun puasa dina eta
bulan Romadon salila sapuluh poe ala-
tan bisi ngaganggu kana kasehatan
janin atawa indungna anu nuju ngan-
dung, mangka jumhurul ulama mu-
fakat wajib pikeun manehna ngodoan
puasana anu ditinggalkeun dina poe-
poe sabada rengse bulan Romadon eta.
Tapi saupama sabada bulan Romadon
taun eta (1433 H.) teu acan keneh
mampuh ngalaksanakeun qodo
puasana, alatan kedah nyusuan nepi ka
datangna deui bulan Romadon taun
1434 H.,mangka henteu jadi dosa
pikeun manehna jeung meunang
ngodoan puasana dina poe-poe anu
mungkin manehna sanggup ngalak-
sanakeuna sok sanajan dua atawa tilu
kali bulan Romadon anu ditinggalkeu-
nana.
Kadua, kumaha saupami anu nga-
gaduhan tanggungan qodo puasa, boh
alatanngalahirkeun, teu damang parna
atanapi alatan safar, teras henteu
ngalaksanakeun qodoalatan ngamo-
morekeun nepi ka datangna bulan Ro-
madon deui? Pikeun ka jalma anu
saperti kitu mah, leuwih ti heula
manehna wajib tobat, neda pangam-
pura ka Gusti Alloh ku sabab tos namo-
lerkeun kana salasahiji parenta-Na,
kalayan bari ulah ngabogaan niat bade
namolerkeun deui. Saatosna kitu, nu-
mutkeun Jumhurul Ulama ti Madzhab
Maliki, Syafi’i, Hambali, Abu Hurairah,
Ibnu Abbas, Ibnu Umar sareng lianna
sapuk, wajib pikeun manehna mayar
fidyah salila poe-poe anu ditinggal-
keunana bari tetep wajib ngodoan
puasana.
Contona, saupama aya jalma anu
ngagaduhan tanggungan qodo puasa
Romadon taun 1433 H. teras saatos
rengse bulan Romadon taun eta
manehna ngabogaan kasempatan
pikeun ngodoan hutang puasana, tapi
manehna namolerkeun nepi ka-
datangna bulan Romadon taun 1434 H,
mangka pikeun manehna wajib mayar
fidyah hutang puasana bari tetep wajib
ngalaksanakeun qodo. Hartosna, kawa-
jiban qodo tetep dilaksanakeun bari
wajib mayar fidyah, sabab manehna tos
namolerkeun kana mayar qodo
puasana dina eta taun (1433 H.) nepi ka
datangna bulan Romadon taun 1434 H.
Kawajiban mayar qodo jeung fidyah
eta salila poe-poe anu ditingalkeun
atawa poe-poe anu jadi tanggungana.
Saupama jumlah puasa anu wajib
diqodoanana salila tujuh poe, terus
kabayar dina eta taun mung salila dua
poe, mangka anu jadi tanggungan
manehna mung lima poe deui. Jadi anu
wajib dibayar fidyah jumlahna mung
lima poe deui bari tetep wajib qodo
puasa salila lima poe. Anapon fidyah
anu wajib dibayarkeuna lobana nyaeta
1 mud/poe anu wajib dipasihkeun ka
fakir miskin, mangrupa katuanganpoko
di eta tempat. Upama wae di urang mah
beas, nya mayar fidyahna oge ku
beas.Fidyah ieu diwajibkeun pikeun ka
jalma anu henteu mampuh ngalak-
sankeun puasa wajib, ku sabab nga-
gaduhan panyakit atawa ku sabab
yuswa anu tos kacida sepuhna sahingga
henteu mampuh ngalaksanakeun
ibadah saum.
Sakitu, mudah-mudahan waleran
ieu ageung mangpaatna. Wallohu
16 Manglé 2438
18. Niténan Alam
Maca Jagat Tatar Sunda
K
itu di antara kekecapan nu
kabaca dina pangjajap buku
Wanoh ka Lakuning Jagat. Eta
bukut téh yasana Prof. Dr. Ir. H. Adjat
Sudradjat, M.Sc., Guru Besar Geologi
UniversitasPadjadjaran(Unpad),Ban-
dung. Nu jadi bukur catur téh alam,
pangpangna gunung. Ngan, teu saka-
dar nyaritakeun jengléngan alamna da
nyosok jero, kaasup nyaritakeun nu
tumalina jeung kahirupan. Manusa nu
hirup jeung alamana, bisa ngamang-
paatakeunalamsabudeureunanakala-
yan langgeng. Nya, bisana kitu téh,
upama manusana wanoh kana rindat
sarta tanda-tanda alam.
Alam mawa barokah. Gunung-gu-
nung nu parentul di saban tempat,
ngalantarankeun cai ngalir ti girang ka
hilir. Sakur nu kaliliwatan jeung
kasimpangan ku cai pada-pada milu
untung. Ku parentulna gunung deuih
jadi cukang lantaran tumuwuhna
warna-warni tutuwuhan, ogé pangan-
cikan rupa-rupa sasatoan. Ku lantaran
kitu deuih, manusa gé bisa ngalap
mangpaatna tina tutuwuhan jeung
sasatoan nu nyampak sabudeureun-
ana. Gunung mahala-mahayu. Ngan,
gumantung ka manusana! Puncak gu-
nung atawa congcot gunung, bisa dise-
butkeun tandon cai, sabab di dinya
méga téh neumbag congcot. Dibarung
ku hawa tiis, méga téh jadi hujan nu
salawasna maseuhan congcot gunung.
Haseupanungeluntinakawahmawat-
na téh nyedot saab anu ngulibek dina
méga. Ku kituna, dina congcot gunung
méga téh gancang pisan jadi hujan
(kaca 10).
Najan gunung nu nyidem seuneu
bisa waé bitu, tetep loba mangpaatna.
Gunung-gunung nu kungsi bitu,
saterusna mah mawa barokah, lembur
sabudeureunana gé kabagéan cai ha-
neut. Matak, teu sing anéh, di tatar
Sunda mah loba pisan tempat-tempat
cai panas téh.
Mangpaat gunung teu ngan ukur
mayengna cai jeung gas bumi, di tatar
Sunda mah, loba gunung nu mibanda
emas. Nu kawas kitu téh saperti nu
kasaksen di wewengkon banten terus
mapay ka pakidulan tatar Jawa Barat.
Emas gé jadi kauntungan keur nu
ngokolanakeunana.
Di bagéan sejen éta buku (kaca 23),
nyaritakeun rajakaya tatar Sunda.
Naon tea? Nu remen jadi kacapangan
téh panas bumi. Eta téh sumber energi
nu moal orot najan disebdot. Ku lan-
taran kitu, eta ‘tanaga’ panas bumi téh
jadi andelan kiwari jeung mangsa jaga.
Geus bisa dikira-kira, upama beuki lila
minyak beuki langka, ahirna mah nu
jadi andelan téh, di antarana panas
abumi téa.
Buku Wanoh Ka Lakuning Jagat,
nyaritakeun pangaruh alam pisik kana
kahirupan manusa. Rengkak polah
manusa geus pasti luyu jeung kaayaan
alam sakurilingka. Lamun teu kitu, éta
manusa tangtu tumpurna. Hartina,
manusa jeung budayana satékah polah
ngindung ka waktu mibapa ka jaman,
sarta nitenan rindat jeung paripolah
alam.
Nu nulis eta buku buku, ngaduma-
niskeun sawangan geologi jeung bu-
daya. Atuh, dina nyaritakeun alam
tatarSundagéliantimedar pisikalam,
sajarahna, ogé budayana. Gambaran
kitu, muka lolongkran nu maca leuwih
wanoh ka nu kungsi, keur, jeung nu
bakal kaalaman mangsa jaga.
Paripolah alam, memang, teu bisa
dihalang-halangan. Saperti gunung
bitu,lini,jeungtsunami,bisakaalaman
iraha baé. Komo deui nu dumuk di
tatar Sunda, kurang leuwih 60 persen
ayadinawewengkonnu‘nampeu’kana
mamala alam (63). Ngan, ku cara
mikawanoh alam, manusa bisa maca
rindat alam, sarta taki-taki dina
mangsana aya bancang pakweuh nu
dilantarankeungunungbitu,lini,jeung
tsunami. Ku lantaran kitu, ieu buku
payus jadi bacaan balarea sangkan
dina sajeroning ngamangpaatkeun
alam, oge bisa nyegah mamalana. ***
(Ensa)
Manglé 2438 17
Judul Buku: Wanoh ka Lakuning Jagat
Pangarang: Adjat Sudradjat
Panerbit: Galeripribadi – Bandung ( Januari 2013)
Kandelna: 71 kaca
Bituna Gunung Rakata dianggap kila-kila, ciri wanci ning-
gang mangsana ngusir urang Walanda. Soldadu nu keur
meuli bako, ditewak. Asistén Residen Hendrik Gubbles
dibeberik ti tungtung kulon ka tungtung wétan. Bui didobrak,
pangeusina dibudalkeun.
19. 18 Manglé 2438
B
uku-buku biografi para
insan seni galindeng Sunda
tradisi saeutik pisan, hu-
susna tembang Sunda Cian-
juran. Akibatna urang ayeu
na teu uninga kumaha jasa aranjeunna
sareng naon baé karya-karyana nu kan-
tos ngajembaran khazanah seni galin-
deng Sunda.
Nu katiténan dugi ka ayeuna mung aya
tujuh buku biografi nu kantos medal
nyaéta biografi Bakang Abubakar (Aah
Ischak, 1988), Tati Saléh (Aam Amélia,
2001), Nano S. (Hawé Setiawan, 2004),
Tien Rostini (Arthur S. Nalan, 2006),
Apung S. Wiratmadja (nyalira, 1996 &
2006) jeung Hj. Euis Komariah (Aam
Amélia, 2010). Ari nu pangahirna
Nénéng Dinar (HD. Bastaman, 2011).
Tah pangalaman nyusun biografi
Nénéng Dinar nu badé dipedar téh.
Ambisius ari kahoyong mah. Hoyong
nyusun buku biografi, sakirang-kirangna
artikel, para juru galindeng nyongcolang
dina mamaos Cianjuran ti angkatan
kasepuhan nepi ka angkatan ayeuna.
Nanging kandeg jalaranrupi-rupialesan,
utamina kirang data sareng sesah men-
dakanrekamansoantenaranjeunnadina
kasét, cd sareng vcd. Dipaluruh ka nu ka-
gungan soanten… teu nyimpen hiji-hiji
acan.Manjingbabasan“pandaymahtara
bogaeun bedog”. Seuseueurna mah
nyaurkeun “ditarambut nanging pleng
les taya nu ngawangsulkeun”. Atuh sami
baé sareng nambutkeun buku carang nu
keresamulangkeun.Dugikaayababasan
dinabasaasing,kieucenah: “Nganjalma
bodonunginjeumkeunbukukanuséjén.
Tapi leuwih bodo deui mun geus ngin-
jeum dipulangkeun”.
Ku margi langka data téa, utamina
para kasepuhan, kapaksa harita kedah
milih-milih saha nu badé dilalakonkeun.
Saratna: panembang nonoman nu teu
sénior teuing sareng sanés nu yunior,
aktif kénéh dina kagiatan tembang
Sunda, aya album galindengna, prés-
tasina nyongcolan, maparin andil kana
kamekaran seni galindeng Sunda tradisi
tur kualitas galindengna kénging pa-
ngangken ti masyarakat. Pokona mah
Insya Allah perjalanan ngahontal karir
sareng ngawujudkeun karya-karyana
masih panjang waktosna.
Sim kuring cop téh ka sdrk. Nénéng
Dinar Ratna Suminar nu katiténan wak-
tos éta “nyepeng bandéra” di lingkungan
Tembang Sunda. Ditingal tina ngawitan
munculna Nénéng Dinar aya diantawis
para kasepuhan, maéstro sareng sénior-
kahot taun 70 - 80an, nanging saluhur-
eun angkatan béntang harepan taun
2000-an.
Anjeunna panembang generasi nono-
mannumuncultikawittaun1990-antur
tetep nyongcolang dugi ka ayeuna. Kale-
bet panembang nu leubeut préstasi sarta
nampi pangajén ti masyarakat sareng
pemda Jabar. Kualitas galindengna ogé
diangken luhur ku sasama seniman
musik internasional waktos mintonkeun
tembang Bandungan di Gedung Unesco
Paris taun 2006. Malah Prof. Andrew N.
Weintraub ti Universitas Piitsburg mu-
jina téh kieu: “…the tembang Sunda vo-
calist Neneng Dinar, who has one of the
most beautiful voices on the planet….”.
Rada kaleuleuwihi, nanging da leres kitu.
Sajabi ti étaNénéng Dinarngiring aktif
ngarojong gelarna tembang-tembang
wanda anyar di lingkungan tembang
Sunda kiwari nyaéta Katem (Kawih &
Tembang), Sekar Anyar sareng Tembang
Bandungan bari tetep ajeg dina padika
mamaos Cianjuran. Nénéng mibanda
soraistiméwanukalintangluwesna,dugi
ka teu sesah nyoraan motif-motif galin-
deng nu bénten-bénten wandana bari
kualitasna tetep prima. Dina ngagalin-
dengkeun lagu-lagu Tembang Bandun-
gan bakal kauninga kumaha tapisna
Nénéng Dinar ngaworkeun kalayan
mulus téhnik-téhnik mamaos cianjuran
nu linduk, liukan mujawwad nu linghas,
kawih nu hégar sareng téhnik sériosa
sareng operanu anggun.Komolagu-lagu
ayem, agamis tur mélankholis, sapertos
untayan lagu Sunda Islami, kawadahan
pisan ku Nénéng Dinar mah. Malah dina
Kasidah Sundawi mah nuansa “minyak
samin” karaos “gurih”na.
Nu matak curinghak téh horéng dina
kawih kaléran gé Nénéng mahér pisan.
Blég baé sindén pantura nu sénggol-
sénggolna lincah sénsual tapi tetep so-
pan, élitis tur terpelajar. “Sindén nya
kola” jujuluk ti dalang kawentar Dédé
Amung mah. Kitu rupina nu disebat sora
ka bula ka balé téh. Multi-talénta atuh is-
tilah nu payus dilarapkeun ka jinisna
mah.
Nanging waktos gagasan nyusun bi-
ografi ngawitan pisan didugikeun,
Nénéng Dinar sasatna kéképéhan nyau-
rkeun teu rumaos waktos sim kuring
ngébréhkeun sabagian pertimbangan nu
kaunggel di luhur. “Naha Nénéng, sanés
panembang nu sanésna? Apan seueur.
Nénéng mah tetep ngaraos héjo kénéh”
kitu réaksina. Ku pribados diwaler kieu:
“Mending gé tetep ngarasa héjo ambéh
bisa asak. Mun urang geus ngarasa asak
dagoanbaé.....burukna”.Dukakasigeung
dukahenteudikiyasankumanggaharum
manis téh.
Perkawis judul buku “BÉNTANG
TEMBANG: Fragmén Kahirupan Né-
néng Dinar” nu kantos kedah “hoghag”
heula téh. Nénéng Dinar kaabotan ku
kecap “béntang tembang”. Alesanana
“sieun riya” saurna. Nembé ayem tur
Meunang Luang
Pangalaman nyusun buku
“Béntang Tembang”
Ku: H.D. Bastaman
20. Manglé 2438 19
nyaluyuan saparantos disanggeman
kieu: “Yeuh, Néng, jalma riya mah najan
riwayatna teu dibukukeun ogé bakal
tetep resep pamér. Nu riya mah di mana
baé, iraha baé, jeung ka saha baé tetep
kitu, sabab riya mah ayana dina haté
jeung niat. Ari Nénéng kaasup jalma riya
atawa henteu?”. (Rupina di dinya ung-
gulna nu nyerat biografi téh nyaéta tiasa
“ngagebés” béntang tembang).
Luyu sareng judulna, buku téh eusina
rupi-rupi pangalaman sareng ketakna
Nénéng Dinar di lingkungan seni galin-
deng Sunda tradisi di sarakan sareng
mancanagara. Diseratna parondok, én-
téng tur aya unsur humorna. Ngarah teu
bosen maosna maksad téh. Mangga
geura aos contona “Sarua Meunang
Piala”: “…Sajabi ti guru maénpo, Apih
(pun bapa) resep pisan miara domba
adu. Tah, diantawis domba-domba
aduna aya nu istiméwa pisan. Domba téh
awakna dedeg sembada, gagah, macho,
buluna bodas ngeplak, malah tandukna
gé warna gading. Kalebet carang domba
nu wandana kitu mah. Jeung asa can
kantos éléh deuih mun diadukeun téh,
salawasna juara kahiji. Sami sareng
Nénéngsakaémutjuarakahijibaétikelas
hiji SD kénéh unggal ngiring pasanggiri
kawih. Éta domba kawentar pisan sa-
Majalaya, dugi ka seueur nu ngajak
“bébésanan” ka Apih, ti pihak itu
nyayagikeun domba bikangna. Duka
pédah domba buluna bodas tur taya nu
ngéléhkeun atanapi bakating ku
deudeuh, éta domba jalu ku Apih dinga-
ranan….Si DINAR. Nuju budak mah sok
keuheul mun aya nu nyauran “Dinaaar”
ka Nénéng, asa disaruakeun jeung
nyalukan domba. Jeung hariwang deuih,
kumaha mun diwaler “Kaaah”, hég
domba bareng ngabérélé. Lucuna upami
miéling Hari-hari Besar nu direuah-
reuah ku rupi-rupi perlombaan, boh
Nénéng boh Si Dinar wangsul téh sok
sami-sami ngaboyong piala atanapi
medali juara kahiji sareng hadiah-hadi-
ahna. Béntenna Nénéng Dinar mah hasil
paalus-alus sora, ari Si Dinar mah ladang
pateuas-teuas hulu….”
Rada lami ogé prosés “négosiasi” téh
nembé aya kaputusan: Nénéng Dinar
keresa! Kitu gé bari nganggo implik-im-
plik badé nyuhunkeun widi heula ti
ibuna, Hj. R. Ruminda. Malah proposal
penulisanana gé dicandak heula....
umroh sasih Juni 2010. Diistiharohan
atanapi henteuna mah, teu terang.
Buku “Béntang Tembang” téh nu
wedalan PT. Kiblat Buku Utama di-
wuwuhan ku seratan pangbagéa ti Hj.
Euis Komariah (almh) sareng Drs. Ubun
Kubarsah salaku guru-guru Nénéng
Dinar. Dupi sawangan budayana diserat
kuProf.Dr.H.GanjarKurnia,DEA,Rék-
tor Universitas Padjadjaran. Malah
launching-na ogé di Aula Unpad dihi-
jikeun sareng pagelaran-seni “Néng
Dinar Ratna nu Nyuminar” ping 3 Juni
2010. Hanjakal Hj. Euis Komariah teu
kantosnungkulanmedalnabukubiografi
muridkadeuheusjalarankabujengngan-
tun tilu sasih sateuacanna.
Naon baé nu diguar dina buku “Bén-
tang Tembang”? Sadayana pangalaman
pribadi Nénéng Dinar nu unik tur ngan-
dung ajén-inajén kahirupan. Malah
upamimaosnabaridilenyepanmahbréh
baékagambarkarakteristikméntaljuara,
diantawisna:
- Mibanda bakat jeung karesep husus
(upamana ngagalindeng) sarta ti
anggalna boga cita-cita nu jelas hon-
taleun.
- Aya di lingkungan (kulawarga, sakola,
sasama) nu ngarojong mekarna bakat
jeung karesepna tur méré kasempetan
mintonkeun préstasi.
- Boga guru nu geus kabuktian suksés tu-
turkeuneun jeung tuladeun.
- Temen wekel, teu gampang sugemaan,
salawasna daék diajar jeung latihan
terus-terusan pikeun ngaronjatkeun
kualitas pribadi (élmu, kaparigelan
téhnis, penghayatan, sikep profésional
jeung karakter).
- Ngabersihan niat tur jembar haté
nyanghareupan nu béda pamadegan
- Maliré kritik bari teu maliré gossip.
- Béréhan ku rijki jeung élmu, sabab
sadar rijki jeung élmu mah beuki dite-
barkeun beuki nambahan
- Resep ngajak nu séjén babarengan suk-
sés
- Loba batur jeung luwes dina campur
gaul bari tetep waspada kana “piba-
hayaeun”.
- Salawasna ngadunga ka Nu Maha Suci,
satia ka guru tur sumujud ka sepuh,
hususna ka indung.
Pikeun sim kuring pribadi nu nyusun
buku aya hal-hal husus nu nimbulkeun
réspék ka Nénéng Dinar nyaéta kuat ka-
hayang jeung sikepna nu teger tur tang-
goh nyanghareupan kapeurih jeung
tunggara nu pohara bari terus ngudag
préstasi, ngaronjatkeun kualitas pribadi,
nyukupan kulawarga jeung nanjeurkeun
profésonalitas. Picontoeun. Sajaba ti éta
nganteng tali silaturahmi lain baé jeung
nu dilalakonkeun, tapi ogé jeung ku-
lawargana.Asanambahanbaraya!Malah
mun kabeneran nyaksian pagelaran seni
hég harita aya Nénéng Dinar, sok
dikenalkeun ka para inohong. Da leres
atuh jalaran ditepangkeun ku anjeunna
sim kuring tiasa wanoh sareng para
pamirig pakar sapertos: Iwan Mulyana
(suling), Yusdiana, Gan-gan Garmana
(kacapi),GalihGustamijaya(rincik).Kitu
deui sareng para selebriti: Ujang Supri-
atna, Elis Rosliani sareng Héri Hérianto,
kalebet Hj. Euis Komariah. Terangeun
meureun nu nyusun biografina téh rada
“kuper” di komunitas galindeng Sunda
tradisi mah. Sim kuring gaduh pangala-
man batin unggal réngsé maca buku bi-
ografi/otobiografi, kalebet waktos nyu
sun buku ieu. Sok kagambar dina imaji-
nasi “disain” Gusti Nu Maha Suci pikeun
unggal manusa, hususna pribadi nu di-
lalakonkeun. Maksad téh Mantenna
nangtoskeun disain umum nu kalintang
luwesna sarta maparin nugraha luar
biasa ka unggal manusa mangrupi: roh
(ciptaan) Ilahi, watek (bakat, sipat, tem-
peramén), napsu (cita-cita, kahayang),
akal (intéligénsi, wangwangan), haté
(rasa, nurani) miwah daya pikeun
ngarobah nasib. Sadayana mangrupi
poténsi nu kedah diréalisasi ku manusa
sorangan. Mantenna ogé maparin pitun-
jukmangrupiagamamiwahngintunutu-
san pinilih salaku uswatun hasanah,
tuladan idéal: Kangjeng Rosul saw.
Nugraha sanésna ka manusa nyaéta
kabébasan (sanés paksaan) nu kalintang
jembarna pikeun ngokolakeun sareng
ngaréalisasikeun poténsi diri sarta milih
jalan hirup nu madoman kana pitun-
jukNa sangkan salamet dunya ahérat.
Malah nangtoskeun “nasib” mah méh
sagemblengna disérénkeun ka manusa.
“...Saenyana Gusti Alloh moal ngaro-
bah kaayaan salahiji kaom, satungtung
maranéhnahenteungarobahkaayaandi-
rina...” (QS. Al-Ra’ad/13: 11).
Tah, tina biografi bakal kauninga
kumaha ketak hiji pribadi ngaréalisas-
ikeunkalayansadarpoténsidirinasareng
perjoangan ngarobah nasib tina kondisi
kirang saé janten langkung saé. Dina hal
ieu, katiténan Nénéng Dinar kalayan cer-
das tur merenah tiasa milih rupi-rupi
kasempetan sareng lolongkrang-lolong-
krang kahirupan pijalaneun mekarkeun
poténsi sareng ngahontal kualitas hirup
nulangkungcangrapikeundirinamiwah
kulawargana. Atuh galindengna mugi
mibanda ajén ibadah, dina hartos tiasa
ngalemesan rasa miwah budi-pekerti
pikeun dirina sareng sakumna nu
ngadarangukeun tur ngahudang éling ka
Mantenna. Amiin ya Rabb.
Ciputat, 24 Méi 2013
21. 20 Manglé 2438
S
umanget nataku.
Bulan puasa aye-
una, si bungsu
diajar puasa
tamat nepi ka
maghrib. Budak umur
tujuh taun, mani sok watir
ningali pépéréngkélan la-
parna. Komo lamun balik
sasapédahan jeung ba-
turna, ngabeubeurang.
Kadang katingali biwirna
garing. Kajeun anyangan
barbie wé atuh ceuk kuring
téh. Tara ngajawab,
manéhna sok tuluy
ngaléndé bari ménta
diusapan, reup wé saré.
Hudangna téh engké lamun
rék sholat dzuhur, geus
sholat indit sakola TPA.
Sok sanajan direumbeuy
ku paménta itu-ieu puasa-
na téh. Hayang baju leba-
ran dua, hayang hapé,
hayang sapédah anyar téa
mah, keun waé nu penting
daék puasa. Matak sok di-
wowoy gé. Song duitna,
song dahareunana. Sagala
diaya-ayakeun keur anu di-
ajar puasa. Malah sok
nepika ditanyakeun engké
buka atawa saur hayang
dengeun sangu naon.
Lamun rérés sholat
ashar, cakah-cikih milu ri-
weuh di dapur. Natahar-
keun keur buka. Hayang
milu nyiksikan bawang,
hayang milu ngagoréng
témpé. Ngambengkeun da-
hareun dina méja makan gé
hayang ku sorangan. Palaur
tamplok wé kolekna.
Ari sagala geus diam-
bengkeun, manéhna sok
tuluy diuk nanggeuy gado
bari neuteup dahareun.
Kadang sok katohyan di-
ambeuan atawa dicam-
paan, manéhna sok
nyéréngéh garo-garo teu
ateul. Bari pokna téh, énak
meureun nya.
Geus deukeut ka
maghrib, pok deui pok deui
manéhna nanya, naha ka
waktuna maghrib téh
sabaraha menit deui. Tam-
polana ari geus waktuna
buka atawa saur mah, da-
harna téh saeutik. Ku in-
dung bapana kénéh
dibéakkeunana mah.
Mun rék tarawéh, mani
geus saged ti tabuh sate-
ngah tujuh kénéh. Pokona
geus tajil jeung solat
maghrib tuluy manéhna
dangdan. Heug ditiung.
Gundayan-gundeyen
dierok, mawa sajadah jeung
mukena. Sakitu diengké-
engké sina dahar heula ku
kuring téh, éh da teu daék.
Alesanana téh bisi kaburu
béakeun tempat. Engké wé
dahar mah balik tarawéh
cenah. Bapana ngahen-
jigkeun. Kuring gé teu bisa
kumaha.
Méméh indit, budak
ménta duit keur ngéncléng
jeung jajan. Ari keur kuring
mah asal budak daék
tarawéh. Géus bagja haté
téh. Ari geus dibéré duit
téh, celengok nyium leung-
eun mani kuat soraan. Ari
tapakna mani baseuh.
Kayungyun wé nu aya. Ba-
pana mah sok tuluy nyium
tarangna. Bari pokna téh
sing leres tarawéhna nya,
tong heureuy komo nga-
gandéngan ngaganggu ka
batur mah. Teuing kadé-
ngéeun teuing henteu, da
budakna mah kaburu
ngaberebet lumpat nyam-
peurkeun babaturanana nu
geus raéng ngagentraan.
Waktuna janari, sok teu
Carpon Anggi Novia Dewi
Anaking jeung Bulan Puasa
22. Manglé 2438 21
wasa ngahudangkeunana.
Lalaunan bari diusapan.
Diguyahkeun, kakara
dibukakeun simbutna. Mun
teu kitu mah aya bahan
ceurik embung janari. Sok
dititah wudlu heula ku ku-
ring téh sangkan teu tun-
duh teuing. Gék dina korsi,
lelenggutan deui. Tung-
tungna sok dihuapan. Nu
lelenggutan, lelenggutan.
Nu ngahuapan, ngahuapan.
Sholat subuh, hayang jadi
imam. Hayang ngabuk-
tikeun ka kuring cenah, yén
manéhna geus apal bacaan
sholat. Bapana jeung si
cikal nu lalaki mah da
sholat di mesjid. Prak tak-
biratul ihrom mani khusyu,
bacaanna tartil. Ni’mat
kacida sholat diimaman ku
manéhna téh. Rokaat ka
hiji maca surat al-fiil,
rokaat ka dua maca surat
al-falaq. Mani lekoh téh
qolqolahna. Ari geus
sababaraha poé diimaman
sholat subuh ku manéhna
bét hantem éta suratna téh.
“Gentos atuh énjing mah
suratna nya. Pan tos apal
surat nu rada panjang ogé
sanés?” ceuk kuring bari
nilepan mukena. Jawabna
téh keukeuh, “éh, da upami
diajar prakték sholat subuh
di TPA gé, Pa Ustad sok
maca surat éta. Al-fiil
sareng al-falaq.” Kuring
ngan wasa nga”oh”keun
bari unggeuk bati kayung-
yun. Ari si cikal, kawantu
keur meujeuhna begér
bulan puasa ayeuna téh.
Kuring mah api-api teu
nyaho wé, lamun minyak
seungit bapana dipaké téh.
Buuk dirancungkeun maké
minyak buuk bapana, tara
dikopéah mah, sangkilang
bogaeun gé. Baju koko ung-
gal poé hayang salin. Ari
indit tarawéh embung
bareng jeung indung bapa,
manéhna mah sok pan-
deuri. Konci imah mah da
sok diteudeun dina juru pot
kembang.
Hiji waktu mah, ditingali
ti kajauhan ku kuring jeung
bapana téh, manéhna indit
bareng jeung budak awéwé.
Angkanan mah kabogohna.
Siga kalakuan bapana wé
meureun baréto, ceuk ku-
ring. Bapana nyenghél.
Béda deui cara
ngabeubeurangna si cikal
mah. Mimiti mah sok ulin
jeung babaturanana. Tuluy
robah ulin ka warnét. Geus
dihulag ku bapana yén ka
warnét téh keur budak
saumur manéhna mah loba
mudorotna. Naon anu
dibuka tina internet téh
jauh tina mangpaat. Apan
deuih sakola keur peré, jadi
moal aya pancén nu kudu
ditéangan tina internét.
Puguh gé jaman keur
sagala mararahal kieu, nga-
bangkarkeun kolot. Sabab
anggaran keur budak ka
warnét mah taya ancoan-
ana deuih.
Geus kitu, si cikal min-
deng ngonci manéh di
pangkéng. Sugan téh saré,
ari ditingali keur ngomé
hapé. Kadang nepi ka
lalanggiran, untung teu
nepika nonggéng gé.
Kadang seuri sorangan,
kadang kerung siga nu
mikir bari panon jeung
ramo manco kana hapé. Ari
ditanya téh keur chatting
jeung babaturanana.
Mending saré ceuk ku-
ring téh, da nu puasa mah
saréna ogé pahalaan. Dari
pada méakkeun pulsa, atuh
sarua kénéh nurut kana
nafsu, nurut ka syétan da
awuntah kana duit. Jaba
apan balik tarawéh téh
manéhna mah tara lang-
sung ka imah. Kadang nepi
ka tabuh sapuluh peuting
da ulin heula cenah. Geus
balik ka imah téh tara lang-
sung saré, kadang katingali
masih ngomé hapéna. Hésé
dicarék ari budak keur
meujeuhna belekesenteng
kitu.
Teu bisa leupas pisan tina
hapé téh. Geus puguh di
pangkéng, ka cai ogé mawa
hapé da bari ngadéngékeun
lagu. Kadang keur sholat gé
hapé téh diteudeun dina
gigir pangsujudan. Ari wak-
tuna aya sms, sholat nu
tadina anca téh jadi gu-
runggusuh da hayang
geuwat muka eusina. Luak-
lieuk, awéh salam, ceg deui
kana hapé lain dzikir.
Keuheul mah éta ari keur
saur, masih kénéh ngomé
hapé.
Geus puguh hésé dihu-
dangkeun, ari waktuna
dahar léléda pisan, jaba
téréh imsak. Atuh da, am
sangu sahuap, ceg hapé.
Uyuhan teu salah ngasup-
keun sangu gé. Hiji mangsa
mah dikotéktak eusi
hapéna téh. Aduh ieung,
paingan resep nyo’o hapé
da eusina ogé ayang-ayan-
gan jeung kabogohna.
Isukna dipapatahan ku
bapana. Atuh puasa téh,
keur budak saumur
manéhna mah kudu geus
bisa ngundak kualitasna.
Lain ukur bisa nahan diri
tina haus jeung lapar
wungkul siga adina, tapi
ogé kudu bisa ngajaga haté
jeung pikiran katut laku
lampah jeung omongan.
Kaasup bobogohan ngali-
watan hapé. Enya puasana
mah moal batal, tapi ngu-
rangan kana pahalana.
Tungtungna, bapana moal
deui pangngeusiankeun
pulsa.
Sapuk ceuk budak téh,
tapi bérés puasa hayang di-
pangmeulikeun play sta-
tion, atawa netbook,
syukur-syukur motor
cenah.
Kahayang mah tong loba
paménta ari geus gedé
mah. Sing surti kana
kaayaan kolot. Sakitu kolot
téh nyanghareupan bulan
puasa, harga ngararundak,
bayaran sakola, jaba nyang-
hareupan lebaran. Ih, da
lain deui jawab si cikal
mah, ari si dédé rék dipang-
meulikeun sapédah anyar
cenah. Berarti hadiah
lebaran Aa kudu leuwih
alus. Sangkan saluyu jeung
kebutuhan cenah.
Geus dua poé teu geugeut
teuing kana hapé, tapi
sapopoéna téh ngan saré
wé. Kuat hésé dititah sholat
gé. Ngaahir-ahir waktu
sholat, geus téréh béak,
kakara wudlu. Dipapatahan
gé hésé, ngajawabna téh
apan saréna nu puasa mah
pahalaan saur ibu gé cenah.
Alah ieung, naha budak
ayeuna mah mani pinter
upama ngabalik-balikkeun
omongan kolot téh.
Mun waktuna balik
tarawéh téh ayeuna mah
tara elat. Sok langsung
balik ka imah. Ngan bari
mawa petasan jeung kem-
bang api. Heug disundut di
buruan hareupeun imah.
Lain atuh kuring nu rék
saré téh hudang deui. Ba-
pana nya kitu deui gandé-
ngeun. Sok sanajan salah
sahiji pancén bapana téh
ngarajia petasan, ari ka
budak mah keukeuh wé teu
bisa. Si bungsu nurutan
hayang nyundut petasan
jeung kembang api.
Kadéngé galécok jeung
lanceukna. Lain atuh bu-
ruan téh nya bau merecon,
nya kebul ku haseup. Nu
hiji bebeledagan matak
racleng tai ceuli, nu hiji
deui tingbelesat pépérépé-
tan hurung mancawura
maturan tingkaretipna bén-
tang.
Nu nyundutna mah
saleuseurian, suka bungah
ngabagéakeun bulan puasa.
Indung bapana mah nga-
langeu, teu bisa sararé.***
Baitii, 8 Juli 2013
Haturan utun inji nu
karék datang
23. 22 Manglé 2438
E
nduy cinutrung
di juru stasion,
niténan jalma-
jalma nu paba-
liut ka ditu ka
dieu bari rébo ku sagala rupa
babawaan. Di hareupeun
lokét, antayan jalma kacida
panjangna, lir nu keur arulin
oray-orayan. Ari di handap,
ngabarak jalma jeung ba-
rang-barang. Sawaréh gun-
treng ngobrol, sawaréh deui
anteng nongton pilem India
dina tévé anu aya di rohang-
an stasion. Enduy gé biasana
mah sok nagog ngadon lalajo
tévé, bareng jeung jalma-
jalma nu keur ngadagoan
lokét dibuka. Ayeuna mah
perhatianana lain kana tévé,
tapi kana jalma-jalma nu
ngaliud di statsion. Manéhna
banget ku héran, naha bet
sababaraha poé ieu statsion
téh pinuh pisan ku jelema.....
“Deuk ka marana batur
téh, mani ramé kieu? Boa
deuk parindah, da marawa
barang sakitu lobana? Naha
bet réa-réa teuing nu rék pin-
dah...?” haténa norowéco.
“Perhatian! Perhatian!
Jalan tiga dari arah Barat
segera masuk Keréta
Ékonomi tujuan Surabaya....”
Enduy nangtung. Ninggali
kajero, ka tempat rél lintasan
karata nu ngajajar. Ti Kulon,
karéta nu warnana gading
polét bulao maju lalaunan
ngadeukeutan statsion. Di
sisis rél, jalma-jalam pahibut,
teu salabar ngadagoan karéta
nepi. Keamanan statsion
sibuk ngatur jalma-jalma da
loba nu kawas poho kana
kasieun, teu mikir kasalamet-
an diri, pada-pada hayang
nangtung panghareupna
ngarah bisa pangheulana
asup kana gerbong.
Ti jauhna Enduy ningali
Kang Mamat sarta dua urang
baturna milu paciweuh jeung
para calon panumpang.
“Wah ramé kieu
mah pasti Si Kang
Mamat bakal réa
beubeunanganana,
bakal réa duit. Keun
ah engké ku uing rék
dioloan.” gerentesna
deui.
Tacan gé karéta
bener-bener eureun,
loba nu geus
tinggarajleng kana
panto gerbong. Itu
ieu pada-pada
hayang pangheulana
asup. Silih sedek,
silih séréd, silih idek,
katurug-turug bari
barangbawa, atuh
jadina teh metet dina
panto. Macét, teu
bisa asup. Kaamanan
statsion beuki sibuk
ngatur.
“Itu geura, kuat ka
pasedek-pasedek
kitu...,” Enduy molo-
hok.
Karéta téh bener-bener
lébér ku panumpang. Nu teu
kabagéan tempat tingkalacat
kana luhureun gerbong, teu
beunang dicarék. Karéta lir
digembrong ku rébuan
manusa.
Parat nepi ka Isa Enduy
lalajo jalma-jalma di statsion
téh. Manéhna balik, lain
pédah bosen ningali jalma-
jalma nu ngagimbung,tapi
beuteungna geus pupurlitian
ménta dieusian. Manéhna
leumpang mapay-mapay
jalan nu rada sepi, léok
méngkol ka gang. Palebah
gang nu rada poék aya tilu
urang lalaki keur ngariung. Ti
kajauhan ogé Enduy geus
sidik lamun nu ngariung téh
Kang Mamat jeung batur-
baturna keur ngudaran eusi
dompét.
“Anjir loba beubeunang-
anana, bagi euy!” Enduy
satengah ngagorowok.
Nu keur ngariung ting-
rarénjag.
“Saha?!” sora Kang Mamat.
“Uing, Enduy!”
“Goblog, sugan téh saha!
Ngareureuwas waé siah mah,
Senduy!” Si Arab, batur Kang
Mamat, muncereng bari nyoo
gadona nu bala ku bulu.
“Geus ti mana manéh,
Enduy?”
“Ti Statsion....”
“Deuk nanahaon manéh
maké ka statsion sagala?”
Sarkabo, batur Kang Mamat
nu saurang deui, kerung.
“Ningali jelema.”
“Ningali jelema?” beuki
kerung.
“Enya. Mani loba-loba teu-
ing nya nu naék karéta téh,
caba bari marawa barang.
Deuk parindah kitu?”
Nu tiluan téh batan nga-
jawab pananya Enduy mah
kalah tingcakakak.
“Na manéh téh belegug-
belegug teuing, Senduy!” Si
Arab ngadegungkeun sirah Si
Enduy, “Yeuh, tangtu baé di
statsion téh ramé lantaran
réa jalma nu rék mudik,
kapan téréh lebaran. Ari
mudik kudu loba barang
bawa!”
“Ulah sok dugang-degung
kana sirah budak téh, Arab!”
Kang Mamat muncereng.
“Heueuh, nyaho éta téh pi-
anaktéréeun Si Kang
Mamat...,” Sarkabo mairan
bari nyengir.
Dikitukeun teh Kang
Mamat kuram-kireum. Gan-
cang manéhna nyokot duit
sarébu, song diasongkeun ka
Enduy.
“Yeuh, jang jajan manéh,
Enduy. Jig geura balik ka
ditu!”
“Adoooh Si Kang Mamat
ngajajanan anak teréna euy!”
Si Arab jeung Sarkabo
tingcakakak.
***
Wanci janari leutik, tina
spéker masjid mimiti raéng
sora nu ngahudangkeun saur.
Enduy ngulisik, nyah beunta.
Katangen ku manéhna in-
Carpon Dede Syafrudin
Kakawihan
24. Manglé 2438 23
dungna keur nilepan keretas
semén urut.
“Ma...,” Enduy ngomong
lalaunan. Indungna angger
anteng nilepan keretas semén
urut.
“Ma!” leuwih tarik.
Indungna ngarérét, “Geun-
ing geus nyaring....”
Enduy neuteup indungna,
“Ma, ari ema iraha deuk
mudik?”
Indungna ngalieuk.
Kerung, “Manéh téh ngalin-
dur, Enduy?”
Kuniang Enduy hudang.
Gigisik. Terus diuk, nang-
keup tuur.
“Tadi uing ulin di statsion,
Ma. Mani pasedek-sedek nu
deuk naék karéta api téh.
Cenah ceuk Si Kang Arab
mah éta téh nu deuk
marudik. Ema, ari mudik téh
naon sih?” Méméh némbalan
indungna Enduy ngahuleng
heula.
“Mudik téh..., Enduy, balik
ka lembur.... Ngadon lebaran
di lembur...,” pokna.
“Kudu mawa barang anu
loba mudik mah nya, Ma?”
“Enya. Keur bagikeuneun
ka baraya di lembur kapan.”
Oh...,” Enduy garo-garo teu
ateul, “Ari uing naha tara dia-
jak mudik ku Ema? Isuk mah
urang mudik yu, Ma! Uing
mah hayang ngajaran
mudik!”
Indungna Enduy ngabigeu.
Bet laju karasa aya nu nyelek
dina tikorona.
“Ma, uing hayang mudik ka
lembur. Hayang panggih
jeung baraya...!”
Indungna Enduy
ngarahuh. Leungeunna nu
keur nilepan keretas semén
urut téh ngadadak kandeg.
Tina juru-juru matana mere-
bey cipanon.
“Yéh Ema mah kalah
ceurik....”
“Geus sia ah gandéng...!”
cenah, bari nyusutan cipanon
ku dampal leungeunna,
“Geura saré deui kadinyah!”
“Da uing mah geus teu tun-
duh.”
“Dahar atuh jig. Tuh aya
kénéh liwet sésa peuting.”
“Teu lapar deuih. Barina
ogé uing mah lain hayang
dahar atawa saré, uing mah
hayang mudik...!”
“Mudik ka mana,
Enduy...?”
“Nya ka lembur. Kapan
ceuk Ema gé mudik téh balik
ka lembur. Ngadon lebaran
di lembur. Manggihan
baraya....”
Merebey deui cimata in-
dungna Enduy téh.
“Yéh kalah ceurik deui....”
“Urang..., urang mah,
Enduy, geus teu boga lembur
teu boga baraya....”
“Har...?”
“Lembur urang mah geus
jadi lapangan golep. Atuh
dulur-dulur, baraya, kabéh gé
transmigrasi ka Sumatra,
meuntas lautan...,” cenah.
Leungeuna pakupis nyusu-
tan cimata anu teu eureun-
eureun ngalémbéréh
maseuhan pipina.
“Ari Ema naha bet teu milu
transmigrasi?”
“Ema mah kapan nung-
guan bapa manéh, Enduy.”
“Har, na ka mana kitu bapa
uing téh?”
“Di bawa ku aparat basa
ngahalangan buldoser nu rék
ngarugrug imah urang.
Tangtu manéh mah moal
inget da harita téh burey
kénéh pisan....”
“Di bawa ka mana bapa
téh, Ma?”
“Teuing, teu nyaho Ema
ogé....”
Jempling. Duanana taya
deui nu nyarita. Di luar, sora
nu ngahudangkeun saur
beuki raéng....
“Ma...,” Enduy ngangsrod
ngadeukeutan indungna,
“Uing mah hayang mudik....”
“Ari manéh, Senduy, can
ngarti kénéh baé. Mudik teh
mudik ka mana? Kapan tadi
gé geus dicaritakeun urang
mah geus teu boga lembur
teu boga baraya!”
“Nya ka mana wé.... Uing
mah hayang ngajaran
mudik...,” Enduy mimiti
ngarenghik.
“Sok nu lain-lain waé sia
mah!”
“Uing hayang mudik...!
Hayang mudik...!” cenah,
bari ngenegnyang baju in-
dungna.
“Hih ku teu beunang
diomongan bebenyit téh,
sugan kudu ku ieu yeuh!”
peletrak ceuli Si Enduy disin-
treuk.
Enduy ngaleupaskeun
leungeunna tina baju in-
dungna, tuluy ngaringkuk di
juru bari ngadingdiut ceurik.
Indungna Enduy
neruskeun deui hancana
nilepan keretas semén urut.
Cipanonna angger merebey.
“Éha! Éha...!” kapireng
sora nu ngageroan.
Kalayan teu ngadagoan
ditémbalan, nu ngageroan
téh mukakeun panto, tuluy
asup.
“Euh..., Kang Mamat...,”
ceuk indungna Enduy, laju
rikat nyusutan cipanonna.
“Aya naon ieu téh? Ku
naon ceurik?”
“Éta atuh da bebenyit
pikasebeleun, kahayangna
téh nu lain-lain baé...!”
“Hayang naon cenah Si
Enduy téh?”
“Hayang mudik!” Enduy
nu keur ceurik nyelang heula
némbalan.
Kang Mamat kerung
sakedapan, laju ngagakgak
seuri, genah naker.
“Ngarana oge budak atuh,
Éha, dianggap teuing...,” ceuk
Kang Mamat sanggeus
reureuh tina seuri.
“Éta atuh da mani ku
keukeuh-keukeuh teuing
berenyit téh, sakitu geus dije-
laskeun yén kuring mah geus
teu boga lembur, teu boga
baraya. Aya ogé baraya da di
ditu, di Sumatra, teuing di
mana di Sumatrana ogé....”
Kang Mamat unggut-
unggutan, gek diuk gigireun
indungna Enduy, “Nya
lamun Si Enduy hayang
mudik mah, kumaha lamun
urang ka lembur akang baé.
Kieu-kieu gé akan téh boga
kénéh kolot. Atuh baraya aya
hiji-dua baé mah. Sakalian
urang tetep-tumetep di lem-
bur wé, tibatan cicing di dieu
kadungsang-dungsang. Akan
deuk diajar deui tani. Si
Enduy kapan sakeudeung
deui gé kudu disakolakeun
meureun. Uang sakolakeun
di lembur baé....”
Indungna Enduy tungkul,
neuteup tungtung bajuna.
Taya sora nu kaluar tina bi-
wirna....
“Ceuk akang mah....” Kang
Mamat neruskeun deui
omonganana, “Éha teu bisa
salalawasna nungguan Kang
Ujang. Boa aya kénéh diki-
euna boa henteu Kang Ujang
téh. Dina aya kénéh dikieuna
ogé boa di mana ayana, ka-
ngaranan geus mangtaun-
taun téa atuh.... Ayeuna mah
geus mangsana Éha mikir ka
hareup. Mikiran masa depan
Éha jeung Si Enduy...,” nye-
lang heula ngarénghap Kang
Mamat téh, “Kumaha, Éha,
daék milu ka lembur Akang?”
Indungna Enduy unggeuk
lalaunan, laju nyusutan
cimata ku tungtung bajuna....
“Nya sukur atuh ari Éha
geus daék mah.... Engké
pabeubeurang urang balanja
keur bawaeun ka lembur.
Tah isuk, isuk-isuk pisan,
urang ka lembur téh, muru
karéta pangisukna.”
“Geus tong ceurik baé,
Enduy! Isukan urang mudik
tumpak karéta api!” ceuk
Kang Mamat deui.
“Nyaan?” Enduy curing-
hak.
“Enya.”
“Asiiik.”
“Jung ayeuna geura jajan
ka ditu!” Kang Mamat nga-
songkeun duit rébuan dua
lambar ka Enduy. Ngan saki-
lat duit téh geus pindah kana
leungeun Enduy.
Sanggeus Enduy ka luar,
golédag Kang Mamat
ngagolédagkeun sirahna
kana lahunan Indungna
Enduy.
“Yéy...! Nanaonan Kang
Mamat...,téréh imsak kapan
ieu téh!”
“Baé wé da can adan
ieuh....”
Ti luar kapireng sora
Enduy kakawihan:
“Naik keréta api tut tut tut
Siapa mau ikut
Ke Bandung Surabaya....”
***
25. 24 Manglé 2438
P
euting ka janarinakeun
di astana Bulak Lega.
Réhé combrék. Angin tiis
ngahiliwir nembus kulit parat
kana sungsum balung, bulu
punduk ting puringkak, awak
ngadégdég kabulusan. Sakuri-
ling bungking poék mongkléng,
tatangkalan tingbelegbeg hi-
deung matak keueung, sakape-
ung hawar–hawar sora anjing
babaung ti béh anggang, sit un-
cuing disada dina tangkal kiara
nambah kakeueung.
Tempatna haraharaeun, lain
sabaeun jalma borangan. Tong
boro ti peuting, dalah beurang
ogé tempatna anu harieum ca-
neom matak keueung, malah
kabéjakeun di palebah tangkal
rangru nu ngarampidak sisi
jalan, cenah sok aya anu
gagayabagan bodas, sakapeung
nyikikik cicirihilan nyingsieun-
an anu liwat, antukna lamun
reup peuting tara aya anu
wanieun ngulampreng liwat ka
palebah dinya.
Peuting beuki nyecep tiis,
halimun turun mungkus peu-
ting anu jempling, tetempoan
beuki heureut, rarasaan beuki
rus–ras kagagas, sagala
barobéda pikir, kasangsaraan
hirup anu panjang, kasusah
hirup anu lir taya tungtungna,
pabaliut dina juru panon
narémbongan. Hirup lir
dibulen tarucing, rarasaan teu
puguh kamana eunteupna, jiwa
mangprung kumambang
kabawa panglamunan.
Geus kumpul deui panga-
cian, gék sila andekak gigireun
tutunggul, sarung dibeulitkeun
kana beuheung, bisi kakotoran
jang sholat. Gerencem baba-
caan ngadu’akeun bapa nu tos
aya di alam baka, peupeuri-
heun keur jenengna kénéh di
dunya teu kapareng bisa mu-
lang tarima, nya da puguh
hirup katalangsara, boro bisa
méré indung bapa, keur nyum-
ponan beuteung sorangan ogé
lolobana mah puasa nahan
lapar, ayeuna bapa geus kari
tutunggul, ngan cara kieu anu
bisa dijalankeun, susuganan
baé ari mindeng di dungakeun
mah, arwah nu jadi bapa teh
kenging rohmat pangampura ti
gusti anu Maha Kawasa.
Kakara bérés do’a, keur
ngusap beungeut gé can
anggeus, ujug–ujug, gayabag ...
gayabag ... jegug ... luhureun
sirah aya anu gagayabagan,
jaba disada jugag-jegug teuing
nanahaon tah, ngarenjag kagét
liwat saking, bulu punduk
tingpuringkak... prak tanggah...
teu aya nanaon, luak-lieuk...
rarat–rérét ... dapuguh poék
teu katingal nanaon, jempling
deui réhé deui, ibun beuki
ngandelan hawa beuki nirisan.
Kuniang hudang..., jung nang-
tung, bismillah rék neruskeun
lalampahan, geus meujeuhna
sholat tahajud.
Karek ogé ngangkat suku rék
ngaléngkah, beulah kidul sada
aya anu humarurung ménta tu-
lung, sada sora awéwé, halon
naker, lah ririwa..., atawa
dédéngéan meureun piraku aya
jalma wayah kiwari di kuburan,
ngaléngkah rék neruskeun lam-
pah tampolan mah, tapi aya
deui sora anu tadi ménta tu-
lung, sorana tarik ayeuna mah.
“Tuluuung..., tuluuuung...,
hiii.... hiii...”, ditungtungan ku
seuri ngajérélé, ngahihih sada
kunti. Panasaran ditempoan
deui..., bréh... dina handapeun
tangkal nu hieum, aya anu
kokoléaban... bodas, camuk-
muk nangtung sagedé jalma,
disampeurkeun dideukeutan
ngarah jelas, hayang apal kana
rupana, kumawani nyingsieu-
nan kawas nu teu apal baé.
“Tuuluuung, tulung..., tulun-
gan abdi Kang...”
“Saha andika..., kumawani
ngajungjurigan kula kawas nu
teu apal baé, kula mah tara
sieun ku jurig, nyaho!” Rada
kasar nanya téh bakat ku
keuheul.
“Duh ampun paralun
Kang..., abdi teu kumawantun
seja nyingsieunan salira
akang...”, lemes nyaritana téh
aya ku anéh, dibarung ngeluk
tungkul siga nu ceurik, ram-
butna anu ngarumbay panjang
sabagian nutupan kana tak-
takna, ririakan ka anginkeun.
“Tulungan abdi Kang..., tos
puluhan taun kumambang
hirup di alam marakayangan,
siksaan demi siksaan terus
ngudag–ngudag diri, abdi teu
kiat ku lami nandang panyiksa
anu rohaka, abdi hoyong leupas
tina kaayaan anu karandapan
saperti ayeuna, teu daya teu
walakaya, teu bisa leupas tina
siksa anu terus–terusan
nyasaak diri.”
“Beu... deudeuh teuing
Nyai... saha atuh anjeun téh?
Naha tos sabaraha lami anjeun
hirup di alam marakayangan?”
Ngahelas ogé ngabandungan
caritana, jadi panasaran
hayang apal kana lalakon di-
rina.
“Nami abdi... Suharti, abdi
maot dijaman gorombolan...
layon abdi di kubur di tengah
Kuntilanak
Adang S. Argayuda
26. Manglé 2438 25
leuweung.” Luk tungkul... alum
dumareuda... kaén bodasna
ngageleber ka anginkeun, se-
lengseng bau rampé nebak
tungtung irung.
“Di jaman gorombolan...
saumur jeung hirup akang atuh,
naha maké dikubur di leuweung
pédah naon atuh?”
“Abdi diculik, diperkosa...
teras ditandasa... tulungan
kang... abdi teu kiat nandang
panyiksa anu rongkah.” Melas
melis medar lalakon dirina,
pikawatireun, hayang
dipikarunya jigana mah.
“Euleuh kutan kitu Nyai,
sabaraha umur anjeun waktu
harita...?”
“Nuju yuswa dua puluh dala-
pan taun Kang.”
Dua puluh dalapan taun
mah, keur sumedeng mangkak
kembangan, jeung geulis jigana
mah ieu awéwé téh keur di du-
nyana mah, kaciri gurat be-
ungeut anu ngadaun seureuh,
alus tangtung, hadé wanda,
awak lenjang, irung mancung,
pipi konéng, panon cureuleuk
hideung.
“Ke, ieu téh beneran atawa
anjeun keur ngaheureuyan?”
Panasaran bisi ieu teh jurig nyi-
liwuri anu ningkahan.
“Duh... teu pisan–pisan seja
kumawantun ngaheureuyan
salira, abdi lumantung tinu
jauh, kumalayang tinu anggang,
seja nyusul–nyusul haréwos
angin, ngawartosan cenah di ieu
tempat, abdi baris tepung jeung
jalmi anu bisa ngaleupaskeun
diri abdi tina sagala panyiksa.”
Dumareuda ngabéjér béaskeun
pamaksudananna.
“Tos tepung sareng anu dipi-
lari téh, Nyai?”
“Tos lami abdi aya di dieu,
unggal wengi abdi ningali hiji
jalmi anu sok nyumpingan
kuburan sepuhna, ceuk haré-
wos, cenah anu baris nulungan
abdi téh hiji jalmi anu sok
nyumpingan astana sanés
mangsa, jalmina teuneung taya
kasieun, tapi salami ieu sim
abdi teu walakaya, teu tiasa
némbongkeun diri ka salira,
nembé ayeuna jirim téh tiasa
atra katingali ku salira.”
“Ke... naon hubungana an-
tara haréwos angin jeung diri
Akang?”
“Duh... pan salira Akang anu
dipilari ku diri abdi, mung salira
anu tiasa ngabébaskeun diri
abdi.”
“Jadi Nyai tos lami nya... aya
di dieu?”
“Muhun... lami Kang.”
“Jadi anjeun atuh anu kabé-
jakeun sok ngajungjurigan,
gagayabagan dina tangkal ran-
gru nyingsieuna anu ngaliwat
téh?”
“Rumaos... Kang.”
“Naha atuh rék ménta tulung
kalah nyieun ulah, pédah naon
atuh?”
“Iseng éta mah Kang, resep
ngaheureuyan jalma–jalma
héngkér borangan, ting kocéak,
tinggorowok, alawah-eu-
leuweuh kawas anu owah,
ongkohan mung ku jalan kitu
abdi tiasa reureuh tina pa-
nyiksa, janten abdi mendak ka-
suka kabungah.”
“Ke... Nyai... titadi anjeun
nyebut baé panyiksa... panyiksa
modél kumaha atuh?”
“Duh Kang... unggal wengi
abdi teu weléh diudag–udag pa-
nyiksa nu teu aya reureuhna,
aya hiji barang kawas tongkat
beusi, ujungna burahay
beureum kawas meunang
meuleum, éta tongkat nojosan
kana sakur liliangan anu aya
dina badan abdi, teu eureun–
eureun... nyeri ..., panas jeung
peurih nu taya hinggana. Tu-
lungan Kang... abdi sakapeung
ngarasula, aya pikir hayang
balik deui ka alam dunya, tapi
pan waruga tos sirna, nurutan
ngiring jeung batur muru tem-
pat anu tos diatur, teu
walakaya, unggal rék lebet ka
éta tempat, awak téh neumrag
hahalang anu rongkah, antukna
mental deui ka alam
marakayangan.”
“Deudeuh teuing... tapi pan
ceuk katerangan anu kapendak
ku akang dina Al–Qur’an, mun
disundakeun mah kieu, sing
saha jalma anu nyieun ka-
hadéan ka jalma anu lian, maka
éta jalma bakal diganjar jeung
dimulyakeun ku kahadéannana,
tapi sing saha jalma anu nyieun
kajahatan ka jalma anu lian,
maka éta jalma bakal dihukum
jeung dicilakakeun ku kaja-
hatannana.”
“Leres... kahartos Kang....”.
“Dumasar kana éta kateran-
gan, Akang rék tumanya, tapi
ménta jawaban anu jujur!”
“Mangga Kang, badé tumaros
naon?”
“Waktu keur hirup di dunya,
ari anjeun jalma modél
kumaha?”
“Tobaaat... duh... ampun
Kang, rumaos abdi téh jalma
doraka, hirup mamprung
nutur–nutur napsu nu
ngaberung, tunggul dirarud
catang dirumpak, rucah...
awuntah... poho kana ibadah,
sagala paharaman dijalankeun,
dudukun... sagala pamaké dite-
rapkeun, kasuka diumbar teu
dihiding... kaduhung abdi téh
Kang.”
“Beu, paingan teuing atuh
Nyai... kapan ceuk katerangan
cenah sakumaha gedéna dosa
anu dilakukeun ku manusa,
langkung ageung kénéh rohmat
ampunan Gusti Alloh, naha
Nyai teu kungsi tobat?”
“Teu kabujeng Kang, ari
sugan hirup di dunya téh bakal
lila, ari sugan moal ngalaman
tunggara siga ayeuna, reueus ku
pangalem deungeun, majar
abdi téh wanoja lenjang, alus
rupa hadé wanda, geulis lain
pupulasan, éstu geulis bawa
ngajadi. Nu bogoheun paboro–
boro, nu hayang paheula–
heula, teu pilih–pilih lalaki, asal
suka asal senang, asal gedé
pamahugina, dilayanan, diay-
onan, sadaya karesep dianteur
karep.”
“Euh... kalangsu anjeun mah
Nyai.”
“Muhun... rumaos kang, tapi
wayahna abdi tulungan.”
Melas–melis pikawatireun,
ménta di tulungan, hayangeun
bébas tur bisa mulang ka alam
anu sampurna, siga arwah
batur.
“Insya Alloh, tapi anjeun
kudu pasrah.” Dijawab bari
unggeuk, méré pangharepan,
jadi kawajiban salaku mukmin
pikeun nulungan anu keur
manggih tunggara, geus kuduna
ditepungkeun ku anu ngatur
bumi langit, pédah dina diri aya
sampakna.
“Sumangga, abdi sumerah
Kang.” Nyaritana daria naker,
taya tanda–tanda jiga jurig nyi-
liwuri, nu katingali téh jirim
anu keur sumerah pasrah.
“Sok atuh beresan tah ram-
but anu awut–awutan,
katukangkeun.”
Rambutna disisir ku ramo,
dibereskeun ka tukangkeun,
panjang, jaba kandel hideung,
nuruban tonggongna.
“Bissmillah, hassbunnalloh
wannimal wakill, nimam
maulla waniman nassirr, la-
haulla walla quwatta illa bil-
lah...” ngagerendeng babacaan
manjatkeun puji ka Gusti Alloh.
Ceg, rambut gimbal panjang
téh dikeupeul pageuh, terus di-
centok, diuleng sataker kebek
bari babacaan, “Massya allohu
khodirrunn abbadan abbada...”
“Tobaaat... ampuuun...”
kocéak dengék, ngajerit
maratan langit ngocéak
maratan jagat, rumpuyuk éta
jirim téh ambruk kana lemah.
Teu daya teu walakaya, sot ram-
butna dileupaskeun, wusss...
jirim tadi robah jadi haseup
bodas. Les... éta haseup téh
sirna ka anginkeun. Peuting
réhé deui, jempling deui, tapi
hawar–hawar ti kaanggangan
aya sora meulah simpena peu-
ting.
“Wilujeng kantun Kang...
hatur nuhun...”
“Allhamdullillah... jung di ja-
japkeun ku pangdu’a, muga an-
jeun kenging pangampura...”
Peuting beuki simpé, rét ka
awang–awang, langit nu tadi
reueuk angkeub kahalangan
méga hideung, ayeuna geus
cangra deui, béntang ting
kariceup baranang, bulan nu
kari sapasi ngagelenyu imut,
kawas anu surti. Suku
diléngkahkeun rék neruskeun
lalampahan, ngalieuk heula ka
palebah tadi urut haseup ngiles,
bet jiga aya anu ngolenyay semu
konéng, panasaran balik deui
diilikan, bréh aya anu konéng
sagedé jarum, di cokot di teges–
teges, beu geuning susuk emas,
ieu jigana mah anu terus–teru-
san ngudag–ngudag arwah tadi
téh. Ngoréhkeun taneuh saeu-
tik, terus éta susuk téh
dikuburkeun di éta tempat.
Tuturubun ka lebakkeun,
terus meuntas walungan Ciban-
tar, hanjat ka darat seseleket
mapay–mapay galeng sawah nu
paréna keur sumedeng
bareukah, teu lila anjog ka tajug
nu aya di tengah pasawahan
luhureun balong, ucul–ucul, ge-
brus mandi ngerelepkeun
manéh kana cai balong nu
hérang ngagenclang, gado
noroktok awak ngahodhod ka-
bulusan bakat ku tiris, beres
wudu, cat hanjat ka tajug nu aya
di luhur balong. Tiis tingtrim,
haté sumelende, teu aya ge-
uneuk maleukmeuk, balung-
bang timur caang bulan opat
welas, jalan gedé sasapuan.
Kiceup jeung renghap, jantung
jeung endagna, diri jeung tang-
tungannana, sumerah pas-
rah.***
Désa Patakaharja -
Rancah, Ciamis
27. 26 Manglé 2438
J
elegur sora bom
dina tivi. Lenyap
haté ngalenyap.
Asa urug angen.
Awak ngadadak
tingsariak. Gambar dina tivi
beuki kerep waé némbong-
keun tingbelesatna rudal Is-
rael anu ditujukeun ka Jalur
Gaza. Diselang ku sora ré-
porter geulis nyaritakeun
kajadian anu keur lumang-
sung di Timur Tengah an-
tara Israel jeung Palestina.
Tapi palias teu kaharti
sakecap-kecap acan. Atuda
réporter geulis téh nyaritana
ku basa Arab. Najan hatam
Qur’an ti leuleutik malah
geus teu kaitung sabaraha
balikan, tapi kana hartina
mah palias teu mantra-
mantra acan. Ari lain Al-
Fatihah jeung susuratan
dina Juz Amma mah. Kitu
ogé ngan sawaréh, teu apal
kabéh.
Sok ngahaja lalajo téh
dina chanel Al-Jazeera. Lain
ku ngarti, ngan lantaran
kuring yakin beritana ngeu-
naan kajadian anu lumang-
sung di Jalur Gaza leuwih
up-date batan di tivi na-
sional. Ngan nya kitu, ukur
bisa nempoan gambarna
wungkul, kana eusi beritana
mah palias. Tapi kétah da
bisa dibabadé, dipapantes
jeung gambar nu keur di-
tayangkeun.
Nu sidik, haté teu weléh
lelenyapan. Unggal jelegur
bom, jajantung asa didudut.
Pikiran ngalayang ka
jauhna, ka Kang Faridz, nu
ayeuna keur aya dina
puncerna sasaran bom Is-
rael di jalur Gaza.
“Akang teu tiasa ukur
nangkeup harigu bari lalajo
dulur urang di Palestina
dibasmi ku bangsa biadab.
Asa éra paradah, ari Akang
di dieu unggal poé ngan nge-
dukan duit ti pasén, ari ba-
baturan Akang nu sanésna
di ditu dihujanan bom,”
ceuk Kang Faridz sataun ka
tukang.
“Maksad Akang?” panon
mencrong manéhna, nepi
ka poho ngiceup.
“Akang badé ngiring dap-
tar janten rélawan MER-C.
Akang hayang ngabaktikeun
élmu Akang ka dulur-dulur
muslim anu ayeuna keur
katideresa. MER-C nuju
ngadamel rumah sakit In-
donésia di Palestina, tangtu
ngabutuhkeun rélawan nu
leuwih loba,” pokna tatag.
Piomongeun ngadadak
ngiles tina tikoro. Jadi
rélawan? Ka Paléstina?
Ninggalkeun kuring jeung
budak nu kakara umur dua
taun? Gustiiiii.......
“Wayahna Eulis kedah
rido. Sanubari Akang teu
tingtrim lamun ukur lalajo
bari jeung teu aya hojah
pisan. Kamari Kang Ilyas
tos nelepon deui naroskeun
kasadiaan Akang,” pokna
deui bari melong anteb
pisan. Pasti nu dimaksud
Kang Ilyas téh dr. Ilyasa
Pratama, ahli bedah nu geus
moyan, babaturan gawéna
di rumah sakit swasta
panggedéna di Bandung.
dr. Ilyas mah geus indit ti
heula. Pagawéan jeung
klinik pribadina diting-
galkeun. Cenah diurus ku
adina nu sarua dokter.
Kuring masih ngabigeu
hareugeueun. Lain teu
nyangka, da ti keur maha-
siswa kénéh ogé Kang
Faridz mah aktivis kampus
nu sok tandang pangha-
reupna mun aya démo
atawa protés-protés keur
ngabéla kapentingan
umum. Rasa “kepedulian
sosial” jeung tanggung-
jawabna gedé pisan. Meu-
jeuhna, da jabatanana
salaku presiden BEM,
meredih aktivitas anu total
ti Kang faridz. Tapi pan éta
mah keur mahasiswa,
hirupna masih bébas, dibia-
yaan ku kolot sarta skup ak-
tivitasna masih ukur sa
kuliah Indonesia. Paling
jauh jadi rélawan ka
Ambon. Tapi ayeuna?
Sabada boga tanggung
jawab anak pamajikan, nya
sipatna kuring jeung budak
nu kakara sasiki, rék miang
ka Paléstina?
“”Akang percaya Eulis
mampuh ngokolakeun
klinik anu urang. Moal
ripuh teuing da ayeuna mah
pan menejmenna tos jalan.
Akang terang Eulis téh dok-
ter anu pinter, anu sahaté
tur satujuan jeung Akang
dina konsép ngamalkeun
élmu anu ku urang dipimi-
lik. Akang yakin, Eulis ngar-
tos kana naon anu marudah
dina haté Akang ayeuna.
Dalah mun urang can gaduh
turunan mah, Akang yakin
Eulis tangtu palay ngiring
sareng Akang, bajoang di
Paléstina ngabélaan dulur
urang sasama muslim di
ditu,” sora Kang Faridz
hawar-hawar nembus batas
kasadaran kuring.
Asa taya gunana nyarita.
Kuring apal pisan kana pasi-
patan jeung tujuan hirup
Kang Faridz. Mun manéhna
geus yakin kana hiji putu-
san, nu salawasan éta putu-
san téh mihak kana bebene
ran jeung kayakinan
hirupna, moal aya nu bisa
mondah. Éta sababna ku-
ring bisa jadi kabogohna
salila tilu taun basa jadi ma-
Carpon Risnawati